Anda di halaman 1dari 2

BAB I

NGAREGEPKEUN BIANTRA/HUTBAH

A. PEDARAN
a. Perkara Biantara
Biantara atau pidato teh sok disebut oge ORASI, nya eta nyarita di harepeun jalma
rea nu miboga tujuan atawa maksud nu geus tangtu. Jalma nu sok biantara atawa nu geus
ahli the disebutna ORATOR.
b. Perkara Hutbah
Hutbah ilaharna disebut biantara atau pidato, nyaeta nyarita di harepeun jalma rea.
Eusi hutbah biasana mangrupa nasehat, anjuran, wejangan keur jalma rea. Biasana hutbah
the ditepikeun samemeh solat jumaah atawa sabada solat lebaran.

B. Padika Nepikeun Biantara/Hutbah


1. Kudu parigel muka biantara.
2. Eces atawa jelas nepikeun eusi biantara
3. Ngentep seureuhna atawa sistematikana.
4. Pasemon (mimik)
5. Parigel panutup.

C. Struktur Teks Biantara/Hutbah


1. Bubuka
Dimimitian ku salam, laju muji ka Allah SWT, Aya oge nu sok ngadugikeun
solawat salam ka kanjeng Nabi Muhamaf SAW, lamun perlu dibejakeun jejer
atawa tema nu rek ditepikeun na.
2. Eusi
Ngeuanaan maksud atawa informasi naon anu rek ditepikeun na. sipatna mere
beja, ngageuing, mere pituduh.
3. Panutup
Pamungkas biantara anu eusina minangka kacindekan jeung saran-saran.
Satuluyna dipungkas ku panutup.
D. Tatakrama Basa Dina Biantara
1. Bahasa Kasar (Loma)
Nyaeta Bahasa kasar atawa loma anu umumna dipake dina situasi biasas atawa
digunakeun ka babaturan anu geus loma.
Contona :
“kuring rek balik heula, keun isukan datang deui”
“sare mah bisa di babaturan atawa di lanceuk kuring”
2. Basa Lemes (Hormat)
Nyaeta ragam basa anu umumna dipake nyarita ka saluhureun atawa ka nu
tacan wawuh ekpresi ragama lemes (hormat).
Contona :
“abdi bade wangsul heula, wios Enjing Dongkap deui.”
“ Mondok mah tiasa di rerencangan atanapi di pun lanceuk”

Latihan Soal !
1. Naon ari Biantara jeung Hutbah the ?
2. Kumaha Padika Biantara/Hutbah the ?
3. Kumaha sturuktur Biantara the ?
4. Naon bedana basa loma jeung basa lemes ? sareng pasihan contona !

Anda mungkin juga menyukai