( RPP )
A. Standar Kompetensi
Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi wacana lisan jenis pidato.khotbah, lirik (rumpaka)
lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pencek (carita pondok).
B. Kompetensi Dasar
Menyimak pidato khotbah (hutbah)
C. Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat menemukan, menyimpulkan dan menanggapi hal-hal penting dalam pidoto, khotbah
Indikator
Dapat menemukan hal-hal penting dalam pidoto, khotbah
Dapat menyimpulkan pesan pidato, khotbah, atau ceramah dengan kalimat sederhana
Dapat menanggapi pesan pidato khutbah atau ceramah dengan bahasa yang santun.
D. Materi Pokok
Hutbah/Ceramah
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1 Pendahuluan 10
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Kegiatan Inti 60
Salah seorang siswa membacakan wacana hutbah /memutar kaset
rekaman
Bersama-sama menyimak wacana hutbah yang
dibacakan/diperdengarkan
Bertanya jawab tentang topik hutbah yang disimak
Bertanya jawab tentang isi hutbah
Dengan bimbingan guru menafsirkan kalimat-kalimat kunci dan
maksud hutbah
Penutup 10
Bersama guru, siswa menyimpulkan isi wacana hutbah
Siswa ditugaskan untuk membaca wacana hutbah serta menelaah
isinya
FADILAH ELMU
HUTBAH KAHIJI
Hotib maca hamdalah, sholawat jeung wasiat taqwa.
Parahadirin Kaum Muslimin !
Saparantos muji ka hadirat illahi robbi, solawat sareng salam mugia ginulur ka jungjunan urang
sadaya nyatana Nabi Muhammad SAW. Katut kulawargana, sahabatna, paratabi-in dugi ka yaumiddin.
Salajengna, hotib wasiat hususna ka diri pribadi umumna ka hadirin rohimakumulloh, sumangga
urang ronjatkeun kataqwaan ka Alloh swt, margi mung ku taqwa urang tiasa ngahontal kasalametan di
dunya sareng aherat.
Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh.
Manusa aya hargana lamun miboga élmu sanajan miskin. Kitu deui manusa jadi terhormat lantaran
boga élmu. Lamun teu boga élmu, naon hargana hirup urang, sabab henteu aya bédana jeung sato.
Imam Syafi’i ngadawuh : “Hirup manusa atawa hiji pamuda, nyaéta ku elmu jeung taqwa.”
Lamun élmu jeung taqwa teu aya dina diri manusa, mangka hirupna moal aya hartina. Kukituna
hayu urang tungtut élmu. Sing getol hadir di majlis élmu.
Seueur pisan ganjaranana pikeun jalmi nu resep nungtut élmu. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi
Muhammad SAW. Dina haditsna:
“Diukna anjeun dina majlis élmu sanajan sakeudeung, sanajan teu nyabak kalam-kalam acan,
sanajan teu nulis sahurup-hurup acan, maka éta geus leuwih hadé tibatan ngamedikakeun sarébu budak
beulian.”
Anjeunna ogé ngadawuh, hiji jalma disebut sial upama dina éta poé teu nambahan élmuna.
“Lamun datang ka kaula hiji poé anu teu nambah élmu, mangka kaula nganggap éta poé-poé sial,
henteu aya berekahna.”
Urang sering miceunan waktu , dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha bisana
urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran soson-soson néangan élmu. Saperti
Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan
élmu. Nabi Muhammad SAW tos wasiat ka urang sadaya anu unggelna : “Aranjeun kedah diajar élmu,
sabab upama tambah élmu, maka bakal tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat.
Jeungna deui ari tolab élmu téh kaasup ibadah.”
Nyakitu deui lamun urang ngajarkeun élmu maka saolah-olah sidekah. Kauntungan séjénna pikeun
jalma nu boga élmu nyaéta sakumaha dawuhan Nabi Muhammad SAW. :
”Kitu deui unggal barang anu aya di alam dunya ieu, tina barang anu garing jeung anu baseuh
mangméntakeun hampura ka jalma anu boga élmu.”
Dugi ka sato nu aya di darat jeung di laut ti nu panggedéna nepi ka nu pangleutikna, nu galak jeung
nu lindeuk, nya kitu deui sakabéh mahluk langit mangméntakeun hampura keur jalma-jalma nu tolab
élmu.
Ku sabab kitu, hayu urang soson-soson diajar élmu satungtung masih kénéh aya kasempetan, aya
keneh para-Ustad, para-Kiyai, para-Guru nu ikhlas ngajarkeun elmu.
Mugia urang dipasihan hidayah, taufiq sareng kasumanget enggoning nyiar élmu. Amin.
HUTBAH KADUA, Hotib maca hamdalah, sholawat, wasit taqwa diteraskeun ku du’a.
Pedaran kecap
Dina hutbah di luhur loba kecap nu asalna tina basa Arab.
Hamdalah : ngucapkeun Alhamdulillahirobbil’alamin
Sholawat : ngucapkeun Allohummasholli’ala muhammad jst.
Wasiat : nepikeun ajakan kana jalan kataqwaan
Taqwa : ngalaksanakeun paréntah Alloh sarta ninggalkeun anu dilarang-Na
Salam : kasalametan
Dunya : marcapada tempat hirup urang ayeuna
Aherat : alam kalanggengan sabada maot
Kaum : bangsa, umat
Rohimakumulloh : nu dipikaasih ku Alloh
ma’siat : pagawéan nu dilarang ku Alloh
elmu : kanyaho
tolab : néangan, nyiar élmu
Ustad : guru
Ikhlas : nu miharep balesan
PEDARAN
Hidep tangtu sering ngaregepkeun cermah atawa hutbah. Komo pikeun lalaki mah da wajib
ngalaksanakeun ibadah Jumaah. Salah sahiji bagian tina ibadah Jumaah nyaéta hutbah. Hutbah téh nyaéta
pidato atawa biantara anu ditepikeun ku hotib di hareupeun jamaah. Tangtuna urang kudu ngabédakeun
antara hutbah jeung biantara. Hutbah mibanda ciri khusus boh ditilik tina eusina, tempatna jeung waktuna.
Ditilik tina eusina, hutbah mah husus medar ngeunaan ajakan kana kasalametan dunya jeung ahérat,
ngajak éling ka Alloh swt, ogé ngageuing sangkan teu ngagugu kana pangajak syétan. Sarta dipungkas ku
du’a atawa paménta ka Alloh sangkan nyumponan sagala kabutuh manusa.
Lamun ditilik tina waktuna, hutbah dilaksanakeun dina waktu-waktu nu tangtu, saperti Jumaah, Idul
Fitri, Idul Adha, Sanggeus sholat khusuf/khusuf (gerhana), jeung sabada sholat Istisqo (ménta hujan).
Husus pikeun jamaah nu ngaregepkeun hutbah, aya larangan nyarita atawa nyarék nyarita ka nu
séjén. Ieu hal nu ngabedakeun antara hutbah jeung biantara.
Hal séjénna nu ngabédakeunana nyaéta dina hal-hal nu kudu ditepikeun ku hotib (struktur hutbah).
(Tengetan tabél di handap ! )
HUTBAH BIANTARA
HUTBAH KAHIJI Teu dibagi 2 babak
- Ngucapkeun salam (diselang ku adzan) - Ngucapkeun salam (teu diselang ku adzan)
- Ngucapkeun hamdalah, sholawat, wasiat taqwa, - Ngucapkeun hamdalah, sholawat
ayat Qur’an (Basa Arab) - Medar eusi
- Medar eusi - Panutup
- Panutup hutbah (Basa Arab)
HUTBAH KADUA
Bari ngaregepkeun hutbah atawa ceramah, catet ku hidep hal-hal penting tina eusina, jieun
kacindekanana. Hal ieu bisa nambah élmu pangaweruh pikeun pibekeleun hidep enggoning hirup di alam
dunya sangkan salamet di ahérat.
Materi Pangdeudeul
KECAP SEREPAN
Dina hutbah kapanggih kecap-kecap hadirat, illahi, robbi, solawat jeung sohabat. Eta kecap tehe asal
muasalna tina basa Arab. Sakur kecap dina basa Sunda nu asalna tina basa deungeun disebut kecap
serepan. Lantaran geus dipaké dina kahirupan sapopoé ku urang Sunda, nya urang aku baé jadi milik
urang Sunda. Urang paké dina kahirupan sapopoé sarta urang mumulé minangka milik budaya bangsa tur
pikeun kabeungharan kecap dina basa Sunda.
Sajaba ti serepan tina basa Arab, loba kecap-kecap din basa Sunda nu asalna tina basa séjénna.
Geura titénan contona!
1. Asalna tina basa Arab
Contona : ahad, hakim, hukum, hayat, elmu, hak, darajat, imam, waktu, jilid
2. Asalna tina basa Cina
Contona : tauco, taogé, loténg, locéng, kelenténg, capcay, mie, cengkéh, panggung
3. Asalna tina basa Walanda
Contona : semir, selip, emur, baki, béngkél, kartu, kopi, bor, duit, pelesir, selop
4. Asalna tina basa Perancis
Contona : presiden, stasion, stadion, halteu
5. Asalna tina basa Potugis
Contona : armada, bandéra, lantéra, jandéla, kaméja, ronda, kamer
6. Asalna tina basa Inggris
Contona : botol, kiper, suksés, gelas, meter, heden, aut, gul, aktif
7. Asalna tina basa Malayu
Contona : korék api, karéta api, méja makan, lomari makan, rumah sakit, korsi goyang
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI
Sabada hutbah, jawab pananya ieu di handap !
1. Tuliskeun deui bubuka hutbah kalawan lengkep !
---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------

----------------------------------------------
2. Naon kauntungan pikeun jalma nu boga élmu ?

3. Sebutkeun kauntungan pikeun jalma nu diuk di majlis élmu !

4. Sebutkeun kauntungan pikeun jalma nu ngamalkeun élmu !

5. Sebutkeun bédana antara hutbah jeung biantara atawa ceramah biasa !

6. Tuliskeun ringkesan eusi hutbah ku basa hidep sorangan !

7. Tuliskeun léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku hotib ti mimiti nepi ka ahir hutbah !
---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
----------------------------------------------
UJI KOMPETENSI
1. Tuliskeun kecap-kecap basa Arab séjénna nu aya dina naskah hutbah !

2. Jéntrékeun maksud tina éta kecap-kecap nu ku hidep ditulis dina nomer 1 !

3. Jieun kalimah maké kecap-kecap ieu di handap !
a. élmu : _____________________________________________________________
b. imam : _____________________________________________________________
c. sholat : _____________________________________________________________
d. ibadah : _____________________________________________________________
e. salamet : _____________________________________________________________
f. wasiat : _____________________________________________________________
g. takwa : _____________________________________________________________
h. salam : _____________________________________________________________
i. dunya : _____________________________________________________________
j. ahérat : _____________________________________________________________
4. Teangan harti/maksud kecap-kecap ieu di handap dina kamus!
a. darajat : _________________________________________________________
b. pelesir : _________________________________________________________
c. kelenténg : _________________________________________________________
d. halteu : _________________________________________________________
e. armada : _________________________________________________________
f. korsi goyang : _________________________________________________________
g. aktif : _________________________________________________________
h. skénner : _________________________________________________________
i. selip : _________________________________________________________
j. ajaib : _________________________________________________________
5. Jieun kalimah tina kecap-kecap ieu di handap !
a. darajat : _________________________________________________________
b. pelesir : _________________________________________________________
c. kelenténg : _________________________________________________________
d. halteu : _________________________________________________________
e. armada : _________________________________________________________
f. korsi goyang : _________________________________________________________
g. aktif : _________________________________________________________
h. selip : _________________________________________________________
i. ajaib : _________________________________________________________
PANCEN
Regepkeun ceramah tina radio/kasét/TV.
a. Judul cermah/hutbah : ___________________________________________________
b. Nu ceramah : ___________________________________________________
c. Tingkesan eusi ceramah :
__________________________________________________________________________________

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
( RPP )
A. Standar Kompetensi
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk menulis surat,
teks pidato, hasil wawancara, menulis berita dan karangan ilmiah.
B. Kompetensi Dasar
Menulis Surat
C. Tujuan Pembelajaran
Dapat menulis surat dengan bahasa yang santun.
Indikator
Dapat mengidentifikasi struktur surat resmi.
Dapat menulis salam surat dengan baik.
Dapat menulis pembukaan surat dengan baik.
Dapat mengutarakan maksud dengan jelas, singkat, dan tepat.
Dapat menulis bagian penutup surat dengan baik.
Dapat menulis surat dengan bahasa yang santun.
Dapat memperbaiki atau menyempurnakan naskah surat.
D. Materi Pokok
Surat
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1 Pendahuluan 10
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Kegiatan Inti 60
Secara seksama siswa meneliti contoh-contoh surat resmi
Bersama-sama menyimak penjelasan guru tentang surat resmi
Bertanya jawab tentang topik yang dipelajari
Bertanya jawab tentang teknik penulisan surat resmi
Berlatih menulis sebuah surat resmi
Penutup 10
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi
Postes
Siswa ditugaskan untuk melanjutkan penulisan surat resmi
H. Penilaian
Kunci
Tujuan Pembelajaran Teknik Bentuk Instrumen
Jawaban
Dapat mengidentifikasi Lisan/ Uraian Sebutkeun babagian tina wangun eta Dina
struktur surat resmi. tulisan surat! lampiran
materi
Dapat menulis salam surat Tulisan Unjuk Tulis ku hidep bagian salam tina surat! Gumantung
dengan baik. Kerja siswa
Dapat menulis pembukaan Tulisan Unjuk Tulis ku hidep bagian bubuka tina Gumantung
surat dengan baik. Kerja surat! siswa
Dapat mengutarakan Tulisan Unjuk Tulis ku hidep bagian eusi/maksud tina Gumantung
maksud dengan jelas, Kerja surat! siswa
singkat, dan tepat.
Dapat menulis bagian Tulisan Unjuk Tulis ku hidep bagian panutup tina Gumantung
penutup surat dengan baik. Kerja surat! siswa
Dapat menulis surat Tulisan Unjuk Tulis ku hidep hiji surat anu lengkep Gumantung
dengan bahasa yang Kerja kalawan hade! siswa
santun.
Dapat memperbaiki atau Tulisan Unjuk Benerkeun ku hidep surat nu geus Gumantung
menyempurnakan naskah Kerja ditulis! siswa
surat.
Titimangsa
Pameungpeuk, 10 Juli 2006
Nomer : 025/OSIS/U/2006
Lampiran :-
Perkawis : ULEMAN GEMPUNGAN
Bubuka
Kahatur
Pangurus OSIS SMPN 1 Pameungpeuk
Di Pameungpeuk
Sinareng hormat.
Mayunan taun ajaran 2006/2007 seueur pisan perkawis nu kedah dibadantenkeun ku
sadaya pangurus OSIS utamina patali sareng tatahar kanggo ngalaksanakeun Masa
Oriantasi Siswa (MOS). Gempungan bade dilaksanakeun :
Dinten : Jumaah Eusi
Kaping : 14 Juli 2006
Waktos : tabuh 08.00 dugi ka 10.00 WIB
Tempat : Kampus SMP Negeri 1 Pameungpeuk
Ku kituna sim kuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan eta gempungan.
Kana samukawis perhatosanana sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun.
Hormatna,
Pupuhu, Sekretaris,
Disaluyuan ku
Panutup
Pembina OSIS
Tembusan :
Kepala SMP Negeri 2 Pameungpeuk
PEDARAN
Hidep kungsi maca surat dines? Tangtu baé kungsi, sabab dina kahirupan sapopoé boh di sakola,
di RT/RW, sok ngayakeun rapat. Conto di luhur téh kaasup kana surat dines. Surat dines sok disebut oge
surat resmi nyaéta surat anu eusina patali jeung masalah anu dines atawa resmi boh anu dikaluarkeun
instansi pamarentah boh ku instansi sejenna. Malah surat anu ditulis ku hiji jalma bisa digolongkeun kana
surat dines upama eusina ngeunaan hal anu dines.
Ciri dines henteuna hiji surat teu ngan ditangtukeun ku eusina wungkul, tapi ditangtukeun oge ku
wangun surat.
Struktur surat dines di luhur téh dibagi jadi sababaraha bagian, nyaéta :
(a) hulu surat, disebut ogé kop surat anu ngawengku lambang, ngaran organisasi, alamat, nomer
telepon, nomor kotak pos, nomer faksimile (mun aya);
(b) bubuka, anu ngawengku nomer surat, tanggal, lampiran, hal, alamat, jeung salam bubuka;
Nomer : 025/OSIS/U/2006
Lampiran :-
Perkawis : ULEMAN GEMPUNGAN
Kahatur
Pangurus OSIS SMPN 1 Pameungpeuk
Di Pameungpeuk
Sinareng hormat.
(c) eusi;
1) Bubuka
Mayunan taun ajaran 2006/2007 seueur pisan perkawis nu kedah dibadantenkeun ku sadaya
pangurus OSIS utamina patali sareng tatahar kanggo ngalaksanakeun Masa Oriantasi Siswa
(MOS).
2) Eusi
Gempungan bade dilaksanakeun :
Dinten : Jumaah
Kaping : 14 Juli 2006
Waktos : tabuh 08.00 dugi ka 10.00 WIB
Tempat : Kampus SMP Negeri 1 Pameungpeuk
Ku kituna sim kuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan eta gempungan.
3) Panutup
Kana samukawis perhatosanana sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun.
(d) panutup, anu ngawengku salam panutup, tanda tangan, ngaran nu nanda tangan surat,
kalungguhan, tembusan, jeung inisial.
Hormatna,
Pupuhu, Sekretaris,
Tembusan :
Kepala SMP Negeri 2 Pameungpeuk
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1
Sabada niténan conto-conto surat dines di luhur, prak hidep nulis hiji surat dines/resmi anu eusina
mangrupa ondangan rapat Pramuka dina raraga tatahar kagiatan Perjusami. Hidep salaku ketua Déwan
Kerja Penggalang (DKP).
...........................................................................................................................................................

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk menulis
surat, teks pidato, hasil wawancara, menulis berita dan karangan ilmiah.
B. Kompetensi Dasar
Menyimak lirik-lirik (rumpaka) lagu-lagu jenis tembang
C. Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat memahami ciri-ciri rumpaka tembang dan dapat menganalisis serta menembangkan
lirik rumpaka tembang.
Indikator
Dapat memahami ciri-ciri rumpaka tembang.
Dapat menganalisis lirik rumpaka tembang.
Dapat menembangkan lirik rumpaka tembang.
Dapat menceritakan isi rumpaka dalam parafrase.
Dapat menanggapi rumpaka lagu dari berbagai aspek.
D. Materi Pokok
Tembang
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1-2 Pendahuluan 10
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Pretes
Kegiatan Inti 60
Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang tembang
Secara seksama siswa menyimak tembang yang dilantunkan
Bersama-sama menyimak penuturan temannya tentang tembang yang
didengarnya
Dengan bimbingan guru, siswa melantunkan sebuah tembang
Dengan bimbingan guru, siswa bertanya jawab sekitar rumpaka
tembang
Penutup 10
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
Postes
Siswa ditugaskan menghafalkan sebuah tembang untuk dilantunkan di
depan temannya
SINDANGKASIH
Wewengkon nu subur ma’mur 8–u
Nagri raharja tur mukti 8–i
Nu dagang padasarenang 8–a
Parapatani sarugih 8–i
Pajabatna suka bungah 8–a
Harepan pangeusi nagri 8–i
Sepi paling hasud suwung
Towong rampog taya julig
Ais pangampih sarenang
Rahayat henang ngahening
Tiis ceuli hérang mata
Tibra saré tingtrim ati
Sindang Kasih dipicatur
Majalengka sugih mukti
Ngudag harepan kabagjan
Na mangsa nu bakal dugi
Sadayana pada taqwa
Ka Gusti Nu Maha Héman
PEDARAN
Mikawanoh Tembang Sunda
Nurutkeun Haji Hasan Mustapa, istilah tembang sabenerna lain istilah asli Sunda. Istilah nu aya di
Sunda mah nyaéta kawih. Ieu dumasar kana katerangan dina naskah Sunda Siksakanda ng Karesian taun
1518.
Istilah tembang téh gelar taun 1962, tina ucapan pujangga Sunda nu jenengan M.A. Salmun. Dina
musyawarah Tembang Sunda taun 1962, ngahaja éta istilah téh ditepikeun pikeun kapentingan para-
penyiar Bandung sangkan teu nyieun ngaran sora Sunda nu sakahayang hatena dina mangsa siaran.
Dina éta musyawarah oge diputuskeun, yén istilah pikeun seni mamaos nyaéta Cianjuran,
sedengkeun istilah pikeun seni sora nu sarupa jeung mamaos nu asalna ti daerah sejen saperti Sumedang,
Cirebon, Garut, Ciawi jeung nu séjénna disebut Tembang Sunda.
Tapi dina kahirupan sapopoé, istilah tembang Sunda téh ngan dipaké pikeun Cianjuran Wungkul.
Ieu hal lantaran Cianjuran leuwih produktif tur leuwih dipikawanoh ku masyarakat.
Sacara umum aya ciri mandiri dina tembang nyaéta teu miboga birama/metrum/ketukan anu tangtu.
Tatang Suryana nétélakeun yen kaendahan jeung irama dina tembang gumantung ka nu
nembangkeunanana, boh éksprési, léotan, panjang pondokna randegan boh eur-eurna. Pon kitu mélodi
disusun dina wangun improvisasi.
Dina dunya tembang, boh di Jawa Tengah, boh di Bali pon kitu di Sunda, nepi ka kiwari masih tuhu
kana patokan pupuh. Lamun juru mamaos nganggit teu maké patokan pupuh disebut minculak bisa ogé
disebut teu nyaho kana aturan. Di Jawa tengah pupuh nu dipaké patokan lobana aya 51 pola.
R. Satjadibrata ngajéntrékeun yén tembang Sunda teh nyaéta ngalagu nurutkeun aturan pupuh
Dumasar kana éta wangenan bisa dicindekkeun yén ciri utama tembang nyaéta ngalagu maké rumpaka
pupuh. Opat pola pupuh nu sok digunakeun dina rumpaka tembang, nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana,
jeung Dangdanggula sok disingget KSAD atawa sering disebut istilah sekar ageung.
1. Nu maké patokan pupuh Kinanti
Contona : Kidung, Payo, Kunosari, Ceurik Rahwana, jsb.
2. Nu maké patokan pupuh Sinom
Contona : Liwung, Cirebonan, jsb.
3. Nu maké patokan pupuh Asmarandana
Contona : Wani-wani, Papalayon, Udan Liris, jsb.
4. Nu maké patokan pupuh Dangdanggula
Contona : Pancaniti, Bayubud, jsb.
Pupuh lianna nu jarang digunakeun dina rumpaka tembang, nyaéta Balakbak, Juru Demung, Durma,
Gambuh, Gurisa, Lambang, Maskumambang, Mijil, Ladrang, Pangkur, Pucung, Wirangrong, jeung
Magatru. Pupuh nu 13 ieu disebut sekar alit.
Watek pupuh nu diberendelkeun di luhur nyaéta :
Asmarandana, watekna silih asih, silih pikacinta, birahi
Balakbak, watekna humor, banyol, pikaseurieun
Dangdanggula, watekna ngagambarkeun kaéndahan, suasana nu pikaresepeun
Durma, watekna ngagmbarkeun rasa ambek, perang, pabentar
Gambuh, watekna tambuh laku, samar polah, bingung teu nyaho nu kudu dipilampah
Gurisa, watekna ngagambarkeun pikaseurieun, banyol, humor, lulucon, heuheureuyan
Juru Demung, watekna ngagambarkeun rasa kaduhung, hanjakal, ngarasa dosa
Kinanti, watekna ngagambarkeun kaayaan prihatin, nalangsa, harepan, nganti-nganti
Lambang, watekna humor ( saperti Gurisa/Balakbak)
Magatru, watekna mangrupa lulucon pikeun selingan dina suasana sedih
Maskumambang, watekna ngagambarkeun suasana sedih, prihatin, cilaka, jempling, kanyeri,
sasambat, nalangsa
Mijil, watekna susah, sedih, ( saperti Maskumambang)
Pangkur, watekna ngagambarkeun nu aya diperjalanan, napsu, siap perang
Pucung, watekna méré atikan, bewara, kagét
Sinom, watekna ngagambarkeun suasana gumbira
Wirangrong, watekna ngagambarkeun wiwirang, naas, rugi
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI
Sabada ngaregepkeun tur nembangkeun rumpaka tembang, eusian ieu patalékan !
1. Kumaha watek rumpaka tembang nu kahiji ?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
2. Eusina nétélakeun naon ? Jéntrékeun !

3. Watek rumpaka nu kadua kumaha ?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
4. Jéntrékeun, eusina nétélakeun ngeunaan naon ?

5. Tembangkeun hiji rumpaka pupuh nu ku hidep kacangking !
RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
( RPP )
A. Standar Kompetensi
Mampu membaca, memahami, dan menanggapi wacana tulis bentuk atau jenis cerita drama, karangan
bahasan, puisi, dan artikel.
B. Kompetensi Dasar
Membaca puisi karangan sendiri
C. Tujuan Pembelajaran
Dapat membaca puisi dengan lafal, volume suara, intonasi, dan mimik yang baik serta dapat
berimprovisasi dengan wajar.
Indikator
Dapat membaca puisi dengan lafal, volume suara, intonasi, dan mimik yang baik.
Dapat berimprovisasi dengan wajar.
Dapat menceritakan proses kreatif penulisan puisi.
Dapat menyempurnakan pembacaan.
D. Materi Pokok
Puisi
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1-2 Pendahuluan 10
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Kegiatan Inti 60
Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik
membaca puisi
Dengan bimbingan guru, siswa membacakan puisi karangan sendiri
dengan baik
Dengan bimbingan guru, siswa menyampaikan latar belakang ditulisnya
puisi tersebut
Dengan bijak siswa menyampaikan tanggapan tentang puisi temannya
Penutup 10
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
Postes
Siswa ditugaskan untuk memperbaiki puisi yang telah ditulis sesuai
dengan saran dan kritik dari temannya
H. Penilaian
1. AL-QUR’AN
Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta hayang méré gambaran ka sakabéh umat Islam sangkan yakin
kana eusi tur kaagungan Al-Qur’an. Harepan tumuwuh kareueus jeung karesep kana maca sarta
ngamalkeun eusina.
2. GURU
Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta ngagambarkeun rasa rumasa hiji murid nu geus diatik dididik
ku guruna kalawan tanpa pamrih.
3. BULAN
Duh, bulan
Matak waas disawangna
Sinar anjeun hurung mancur
Nyaangan jagat buana
Duh, bulan
Anjeun éndah tanpa tanding
Mapaes ngéntépna béntang
Nu baganti ting kariceup tingkaretip
( Susi Novia, kelas VIII A SMPN 1 Pameungpeuk )
Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta ngagambarkeun pangalamanana dina mangsa peuting keur
meujeuhna caang ku bulan purnama.
4. PANASNA DUNYA
Nu ngarang ieu sajak hayang ngébréhkeun balukar tina dunya. Mun manusa geus kalimpudan ku hawa
dunya hirupna pasti sangsara. Dunya kudu disiar, tapi hirup ulah katungkul ku dunya.
PEDARAN
Di kelas VII atawa VIII hidep oge kungsi diajar ngarang sajak. Geura ilikan deui éta sajak karya
hidep téh. Sanggeus kapaham eusina, baca ku hidep di hareupeun babaturan. Pasti reueus geura.
Maca sajak tangtu béda jeung maca karangan wangun lancaran (prosa) atawa maca karangan
wangun drama. Tapi, sacara umum mah sarua, nyaéta kudu bener ngucapkeunnana, jéntré henteuna sora
nu dikedalkeun, kendor tarikna sora (lentong), jeung robahna paroman. Sajaba ti éta, sangkan leuwih alus
dina maca puisi bisa improvisasi (ditambah ku kréatifitas sorangan, upamana maké gaya, gerak, jeung
sajabana).
MATERI PANGDEUDEUL
GAYA BASA
Dua conto kalimah di luhur téh kaasup kana kalimah nu ditulis ngagunakeun gaya basa Mijalma
(personifikasi). Naon sababna? Pangna disebut kitu lantaran dina éta kalimah nu migawe pagawéan (
némbongan jeung nyingraykeun ) téh lain jalma, tapi bulan jeung panonpoé. Sakur barang anu
pagawéanana diibaratkeun kana pagawéan jalma disebut mijalma.
Conto séjénna upamana baé : daun kalapa gugupay, sora suling ngabangingik, jeung sajabana.
Dina omongan atawa obrolan sapopoé sering kapanggih nu ngagunakeun gaya basa. Di antarana baé aya
nu ngagunakeun gaya basa rarahulan, rautan, ngasor, sindir, jeung réa-réa deui.
1. Gaya basa rarahulan, nyaéta gayabasa anu eusi kalimahna rahul, gedebul, kaleuleuwihi. Padahal
kajadian nu sabenerna mah teu kitu-kitu teuing.
Contona :
a. Saantéro eusi jagat bakal surti.
b. Manéhna ngajerit maratan langit basa bapana maot.
2. Gaya basa rautan, nyaéta gaya basa nu eusi kalimahna miboga tujuan sangkan nu diajak nyarita
teu ngarasa nyeri haté, lantaran kecapna dina éta kalimah geus diraut.
Contona :
a. Hapunten, putra ibu téh kirang dina matematika téh.
b. Punten, pangnungtunkeun Pun Aki, tos kirang titingalanana.
3. Gaya basa ngasor, nyaéta gaya basa anu eusina ngalaipkeun diri, handap asor, dépé-dépé.
Ucapanana teu adigung asa aing uyah kidul. Cindekna teu némbongkeun yén dirina leuwih alus,
leuwih beunghar, leuwih pinter, leuwih sagalana batan nu séjén.
Contona :
a. Ah, saung abdi mah ukur saageung pelok.
b. Abdi mah ngaos téh masih diajar alip-alipan kénéh.
4. Gaya basa sindir, nyaéta gaya basa nu eusina nepikeun hiji perkara tapi malibir teu togmol. Cukup
ku mangrupa sindir ogé jalma nu diajak nyarita bakal terus rasa, surti kana maksudna.
Contona :
a. Pantes rék dipikangéwa oge da manéh mah gedé hulu.
b. Paingan loba kukupu, sihoreng di dieu téh aya malati nu sumedeng mekar..
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1
1. Tuliskeun deui ku hidep sajak nu kungsi dijieun !
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
2. Caritakeun, naon nu jadi kasang tukang / sababna / alesanana pangna hidep nulis éta sajak?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
3. Cing baca di hareup éta sajak karangan hidep téh kalawan hadé !
Tina sajak 2
Tina sajak 3
Tina sajak 4
A. Standar Kompetensi
Mampu membaca, memahami, dan menanggapi wacana tulis bentuk atau jenis cerita drama,
karangan bahasan, puisi, dan artikel.
B. Kompetensi Dasar
Membaca wacana dialog cerita drama
C. Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat membaca cerita drama dengan lafal, volume suara, dan intonasi berdialog (antartokoh)
dengan baik.
Indikator
Dapat membaca cerita drama dengan lafal, volume suara, dan intonasi berdialog (antartokoh)
dengan baik.
Dapat menampilkan pembacaan dengan baik.
Dapat berimprovisasi dalam pembacaan
Dapat menanggapi berbagai aspek cerita drama.
Dapat menyempurnakan pembacaan.
D. Materi Pokok
Drama
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1-2 Pendahuluan 10
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Kegiatan Inti 60
Siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik membaca naskah
drama
Tiga orang siswa membacakan penggalan naskah drama yang
disediakan oleh guru
Bersama-sama menyimak penggalan drama yang
dibacakan/diperdengarkan
Bertanya jawab tentang topik drama yang disimak
Bertanya jawab tentang isi dan unsur-unsur drama
Penutup 10
Bersama guru, siswa menyimpulkan isi drama
Siswa ditugaskan untuk membuat kelompok sebanyak 4 orang,
kemudian selama satu minggu menulis sebuah drama sederhana untuk
dibacakan pada pertemuan selanjutnya.
Baca sempalan drama komédi (bobodoran) di handap kalawan bener lentongna, luyu jeung pituduh guru !
HAJAT
Isuk-isuk Juragan pameget sareng juragan istri karalang-kuriling, teu daék cicing bangun bingung.
Juragan Istri : “ Tah… meungpeung teu acan aya tamu, meungpeung rineh, ibu hoyong
sasanggem ka Apa!”
Juragan pameget : “ Nyarita naon? Rék naon ? Aya naon, Bu? Naon ieu teh, naon ?”
Juragan Istri : “ Ké..ké ..ké..Bapa, tenang heula..tenang! Yeuh Bapa urang téh pan nuju hajat, Cik
atuh, Pa.. sing gumbira, sing cénghar! Ieu mah ditingali-tingali ku Ibu ti tatadi
ngan baeu..d baé ambek-ambekan! Ku naon, Pa, cik.. ku naon? Aya naon ? Naon
atuh”
Juragan pameget : “ Tenang atuh, Bu! Rék teu ambek-ambekan kumaha, geus pugur rék hajat, der,
suku kacugak ku paku. ?”
Juragan Istri : “ Teu kedah ambek-ambekan atuh, Pa,kedahna mah Bapa téh ngaraos syukur
kacugakna téh ku paku, cobi upami kacugakna ku linggis, badé kumaha ?!”
Juragan pameget : “ Eu.. kamana wae Ibu mah nyarita téh!”
Juragan Istri : “ Atuda lepat, Apa mah, tos terang badé hajat, der ieu mah riweuh ngoprék kandang
domba! Pakuna pabalatak, pan janten kacugak!”
Juragan pameget : “ Ngoméan kandang domba sotéh , pedah panto kandangna rék lésot! Teu
dioméan mah paur atuh, Bu, kuma lamun keur parasmanan domba laleupas! Pan riweuh, atuh!
Mangkaning domba adu wungkul, kuma lamun domba diadu jeung sémah?”
Juragan Istri : “ Bapa mah upami diajak nyarios téh sok teu puguh, Ibu mah lieur!”
Juragan pameget : “ Atuda enya, eu..keur mah suku kacugak, jol deui piambekeun séjén!”
Juragan Istri : “ A..ya naon deui, Bapa..?”
Juragan pameget : “ Tingal ku Ibu!… (némbongkeun surat ondangan) Tah, surat ondangan! Gara-gara
si Kudin, jelema atah adol, di sadunya gé moal aya jelema ceuleupeung siga si
Kudin, ka mana deui ayeuna jelemana? Udin!…Udin!.. Udin..!” (ngagorowok
tarik)
Juragan Istri : “ Pa, teu kedah gogorowokan nyauran Si Udin mah! Lalaunan wé! Udin !
(lalaunan)”
Udin : “ Kulan ! (tarik)
Juragan Istri : “ Nya, saur abdi ogé!”
Udin : “ Badé aya naon, Juragan?
Juragan pameget : “ Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku déwék, di mana silaing nyieun
ondangan ieu ? ”
Udin : “ Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi.”
Juragan pameget : “ Terus nanaonan, di..na surat ondangan, ngaran déwék tukangna maké ésha (SH)?
Pan silaing gé nyaho, déwék mah lain sarjana hukum! Era ..deuleu ku batur!”
Udin : “ Emm…Ieu mah kieu, Gan, basa abdi ka Si Tek An, di ditu tos aya jalmi duaan,
sami badé ngadaramel serat uleman, tah duanana ogé, anu garaduh hajatna gé
ngaranggo SH, kitu! .. Kitu, Gan!.. Tah..eu.. abdi gé nurutan wé! Jenengan
Juragan dipengkerna nganggo SH, da émutan abdi mah, SH téh pasti singketan
tina Sohibul Hajat!
Juragan pameget : “ Nya…! Si éta mah kitu da, dasar jelema celeupeung Si Kudin mah!”
Juragan Istri : “ Na.. ari maneh..atuh Kudin…aya-aya..waé!”
Juragan pameget : “ Terus nanaonan, ieu, ngaran dewek suminta, kunaon euy di hareupna teu maké
R.. Raden Suminta kituh!”
Juragan Istri : “ Lah..atuh, Pa, sawios teu nganggo R ogé, teu aya sahurup mah moal aya
pangaruhna!”
Juragan pameget : (langsung nempas)“Is..ceuk saha? Bu, ceuk saha euweuh pangaruhna? Leungit
sahurup gé béda harti atuh ! Geura wé..ucing, leungitkeun hurup G- na, jadi ucin!
Jelas beda atuh! Ari ucing mah sato, ari si Ucin mah tukang cukur! Maenya aya
Ucin dahar beurit? Teu kira-kira, dimana aya tukang cukur dahar beurit? ”
Udin : “ Teras, Bandung Gan, teu aya hurup G-na, janten Bandun, Bandun kota kemban,
pan ngalaguna ge hoyong seuri, Gan!”
Juragan pameget : “ Montong ngabodor, siah! Lieur ka aingna gé!”
Juragan Istri : “ Geura..wé, ucing, upami teu aya hurup G-na janten ucin!”
Juragan pameget : (némpas) “Eta mah bodoran Bapa, bieu! Asa lalieur aing mah!”
Drama dina istilah sunda sok disebut sandiwara atawa pintonan anu ngawengku adegan-adegan
jeung obrolan antara pamaénna. Ulikan dina pangajaran basa jeung sastra Sunda ngeunaan drama teu
ngutamakeun ngeunaan naskah wungkul, tapi ogé ngulik kumaha prakprakan mintonkeun drama luyu
jeung naskah nu aya.
Upama niténan naskah drama, ku hidep bakal kapanggih aya sababaraha hal nu patali jeung eta eusi
naskah.
1. Aya nu disebut prolog, nyaéta gambaran ti pangarang naskah ngeunaan kaayaan atawa paripolah
palaku. Tujuanana sangkan nu maca atawa nu rék merankeun éta drama bisa neuleuman maksudna.
Contona:
1) Isuk-isuk Juragan pameget sareng juragan istri karalang-kuriling, teu daék cicing bangun
bingung.
2) Di tengah imah Si Sabar jeung indungna keur uplek ngobrol ngalér ngidul bari
nyanghareupan cai entéh nu masih kénéh ngebul. Lalawuhna kulub sampeu anu kakara meunang nyait
tina aseupan. Si Sabar diuk bangun ajrih nyanghareupan indungna anu ngagelendut baé mapatahan ka
manehna.
2. Aya nu disebut dialog, nyaéta obrolan antara hiji palaku jeung palaku séjénna.
3. Aya nu disebut epilog, nyaéta panutup catur ti pangarang.
Contona: Lantaran Si Sabar budak nu soléh tur taat kana piwuruk indung, nya ti harita manehna
jeung indungna tetep renggenek di karajaan. Indungna dipercaya pikeun mingpin
paraemban, atuh Si Sabar diangkat darajatna jadi minantu raja.
Maca naskah drama béda jeung maca karya sastra séjénna saperti sajak, carpon atawa dongéng.
Saméméh maca drama kalawan bedas, hidep kudu maca jero haté heula. Gunana pikeun nangtukeun
lentong jeung gaya dina maca. Sajaba ti éta ogé pikeun niténan bisi aya kecap anyar nu can nyaho hartina.
Lentong dina maca naskah drama kacida lengkepna. Upamana baé aya lentong kalimah pananya, lentong
kalimah panyeluk, jeung lentong kalimah wawaran.
Dina sempalan naskah drama di luhur aya sababaraha conto kalimah wawaran, kalimah panyeluk
jeung kalimah pananya. Titénan ku hidep tuluy pok baca sing bedas kalawan bener lentongna !
1. “ Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku déwék, di mana silaing nyieun ondangan ieu ? ”
2. “ Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi.”
3. “ Terus nanaonan, di..na surat ondangan, ngaran déwék tukangna maké ésha (SH)?
Pan silaing gé nyaho, déwék mah lain sarjana hukum! Era ..deuleu ku batur!”
4. “ Na.. ari manéh..atuh Kudin…aya-aya..waé!”
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
1. .....................................................................................................................................................
2. .....................................................................................................................................................
3. .....................................................................................................................................................
4. .....................................................................................................................................................
5. .....................................................................................................................................................
6. .....................................................................................................................................................
7. .....................................................................................................................................................
8. .....................................................................................................................................................
9. ....................................................................................................................................................
10. .....................................................................................................................................................
RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
( RPP )
A. Standar Kompetensi
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara lisan dalam bentuk mengemukakan
kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, bercerita tentang cerita pendek, musikalisasi puisi.
B. Kompetensi Dasar
Bermain peran berdasarkan naskah drama
C. Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat mengucapkan kalimat-kalimat dialog dengan lafal, volume suara, dan intonasi yang
tepat sesuai dengan perwatakan tokoh dan situasinya.disertai peragaan gerak, mimik, dan
improvisasi yang tepat.
Indikator
Dapat mengucapkan kalimat-kalimat dialog dengan lafal, volume suara, dan intonasi yang tepat
sesuai dengan perwatakan tokoh dan situasinya.
Dapat mengucapkan kalimat-kalimat dialog disertai peragaan gerak, mimik, dan improvisasi yang
tepat.
Dapat memperbaiki dan menyempurnakan permainan peran.
D. Materi Pokok
Drama
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
Pendahuluan 10
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Pretes
Kegiatan Inti 60
Secara bergantian siswa bermain peran berdasarkan naskah drama yang
telah disusunnya secara kelompok
Bersama-sama menyimak dengan seksama drama yang sedang
diperankan
Menanggapi penampilan tiap kelompok
Bertanya jawab tentang teknik bermain peran yang baik setelah
memperhatikan penampilan tiap kelompok.
Penutup 10
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
Siswa ditugaskan untuk menyimak sinetron / drama pada TV, atau
media elektronik serta memperhatikan teknik penjiwaan dalam bermain
peran.
KONGKORONG WASIAT
BABAK 1
Peuting ngagayuh ka subuh. Di jero kamar, Sari keur gulinggasahan. Torojol bapana datang bari
ngahudangkeun Sari. Lampu jeung sora kacapi suling pamirig bubuka mawa Sari ka alam impian.
Sakabéh kajadian dina babak kahiji aya dina alam impian Sari.
Drama sok dipentaskeun di luhur panggung. Drama aya nu pondok aya ogé nu panjang. Nu pondok
cukup dijieun sababak, sedengkeun nu panjang mah dibagi jadi sababaraha babak.
Ditilik tina warnana, drama aya sababaraha rupa.
1. Drama Tragédi, galur caritana ngagambarkeun katunggaraan, kasedih, kaprihatinan palaku.
2. Drama Komédi, midangkeun lalakon pinuh ku kagumbiraan, karasa hégar, pinuh ku banyol.
Upamana baé : Karnadi Bandar Bangkong, Si Kabayan, Ciung Wanara, jeung sajabana.
3. Drama Tragedi Komédi, galur caritana teu ngan wungkul pikasediheun, tapi direumbeuy ku
komédi. Upamana baé: lalakon Nyai Dasimah, Lutung Kasarung, jeung sajabana.
Ieu di handap aya sempalan drama “Kongkorong Wasiat”. Ayeuna hidep nyieun kelompok, lobana
tiluan. Bagi pancén, masing-masing maca omongan palaku. Tuluy baca jero haté, geus paham kana eusina,
bacakeun ku hidep tiluan dumasar kana pancén masing-masing.
MATERI PANGDEUDEUL
Kecap Rundayan
Titenan deui naskah drama di luhur! Dina éta naskah aya kecap ngagayuh, pamirig, digegero, jeung
sajabana. Kecap ngagayuh asalna tina kecap gayuh maké rarangkén hareup nga-, kecap pamiring asalna
tina kecap pirig maké rarangkén hareup pa-, kecap digegero asalna tina kecap gegero maké rarangkén
hareup di-. Sakur kecap nu geus nu geus dirobah ku cara ngararangkénan disebut kecap rundayan.
Bisi hidep poho, dumasar kana cara ngalarapkeunana, rarangkén dibagi jadi sababarah rupa, nyaeta:
1. Rarangkén hareup (B.Ind.: awalan/prefiks) : di-, ka-, sa-, si-, ti-, ting-, ba-, jsbté.
2. Rarangkén tengah (B.Ind.: sisipan/infiks) : -um-, -ar-, -in-, -al-
3. Rarangkén tukang (B.Ind.: akhiran/sufiks) : -an, -eun, -keun, -na
4. Rarangkén barung (B.Ind.: gabung/konfiks) : di-keun, Nasal – keun, jsbté.
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI
Sangkan leuwih paham kana eusi naskah drama di luhur, jawab sakur pananya di handap!
1. Saha baé palaku dina naskah drama “Kongkorong wasiat”?
__________________________________________________________________________
2. Tataan latar tempat anu kacarita dina éta naskah drama?
__________________________________________________________________________
3. Wayah kumaha lumangsungna éta kajadian?
__________________________________________________________________________
4. Dibéré naon, Sari ku bapana?
__________________________________________________________________________
5. Naon hasiat éta kalung wasiat?
__________________________________________________________________________
6. Naon sababna Sari percaya pisan kana hasiat éta kalung wasiat?
__________________________________________________________________________
7. Amanat naon nu ditepikeun ku bapana Sari?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
8. Naon amanat anu hayang ditepikeun ku pangarang naskah éta drama?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
9. Kumaha pamanggih hidep kana kajadian ngeunaan bapana Sari nu geus maot bisa nepungan sarta
ngobrol jeung nu hirup kénéh?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
10. Kumaha ceuk hukum agama lamun hiji jalma barangpénta ka salian ti Alloh?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
Titénan sakur kecap nu aya dina naskah drama Kongkorong Wasiat! Tuluy cirian nu kaasup kana kecap
rundayan. Prak ku hidep tuliskeun dina tabél ieu di handap! Dina kolom nu teu aya contona dina naskah,
eusian ku hidep ku conto meunang mikir hidep!
No. Rarangken Kecap rundayan Kecap Asal
_____________________________ ________________________
1. nga- _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
2. ny- _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
3. di- _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
4. ka- _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
5. pi- _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
6. -an _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
7. -keun _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
8. di – keun _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
9. nasal - keun _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
10. -ar- _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
11. -al- _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
12. -um- _____________________________ ________________________
_____________________________ ________________________
13. -in- _____________________________ ________________________
A. Standar Kompetensi
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara lisan dalam bentuk mengemukakan
kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, bercerita tentang cerita pendek, musikalisasi puisi.
B. Kompetensi Dasar
Mengkritik berbagai karya ( seni atau produk)
C. Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat mengemukakan tanggapan (respon) spontan, kelebihan-kelebihan kualitas sebuah karya
seni serta dapat mengemukakan kritik dengan bahasa dan cara-cara yang santun.
Indikator
Dapat mengemukakan tanggapan (respon) spontan atas karya seni.
Dapat mengemukakan kelebihan-kelebihan kualitas sebuah karya seni dengan pertimbangan.
Dapat mengemukakan kritik dengan bahasa dan cara-cara yang santun.
Dapat memperbaiki atau menyempurnakan kritik/pendapat dalam diskusi.
D. Materi Pokok
Kritik
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1-2 Pendahuluan 10
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Pretes
Kegiatan Inti 60
Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik dan
tatakrama menyampaikan kritik
Secara seksama siswa memperhatikan sebuat karya seni
Secara bergantian siswa menyampaikan tanggapan/kritik pada karya
seni dengan bahasa yang baik dan santun
Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan
kesalahan dalam menyampaikan kritik
Penutup 10
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
Siswa ditugaskan untuk berani mengemukakan berbagai hal dengan
baik dan santun
PEDARAN
Sacara étimologi (asal-usul kecapna), kritik asalna tina kecap krinein (basa Yunani) anu hartina
méré putusan hukum, ngabandingkeun, méré tinimbangan hadé-goréng, tinimbangan bener-salah. Kecap
krinéin jadi poko asal muasal kecap krintérion anu hartina dasar tinimbangan, méré putusan. Jalma nu
gawéna méré tinimbangan jeung méré putusan disebut krites anu hartina hakim. Tina kecap krites nu jadi
dadasar kecap kritik nu dipaké ku urang ayeuna.
Kecap kritik ku urang Sunda sok dipaké dina kahirupan sapopoé pikeun nyempad, nyawad jeung
memener hiji hal nu teu merenah sangkan merenah luyu jeung kakuduanana. Geuning sok aya jalma nu
nyarita kieu “Da éta silaing mah kabisana téh ngan ngritik jeung ngritik baé. Cik atuh prak sorangan
kadinyah!” Dina ieu hal, kecap kritik bisa disaruakeun jeung nyawad, nyempad, meunteun, méré pangajén
(criticism).
Prak-prakan ngritik atawa méré pangajén kudu maké tatacara anu merenah. Hadéna mah pangajén
téh ulang ngadedetkeun, tapi dumasar kana rarambu ieu di handap.
1. Kudu obyéktif, nyaéta kritik kudu didadasaran ku bukti atawa pakta-pakta anu oténtik (nyata). Teu
meunang disumput salindung, ditambah atawa dikurangan. Mun beureum sebutkeun beureum,
konéng sebutkeun konéng. Kitu deui pétotna menyonna hiji perkara sebutkeun kumaha
kanyataanana.
2. Kudu konstruktif, nyaéta kritik kudu méré kasempetan kanu nyieun karya sangkan terus
némbongkeun kamampuhna pikeun ngahasilkeun karya nu leuwih hadé. Cindekna méré jalan ka
nu ngarora sangkan terus némbongkeun tur ngahasilkeun karya.
3. Kudu zaklek, nyaéta kritik nu rada peureus ulah nepi ka ngaruag atawa ngabongkar nepi ka akar-
akarna, tapi kudu bisa ngadegkeun deui wangunan anyar anu leuwih weweg, leuwih pantes,
leuwih kewes.
4. Kudu positif, nyaéta nembrakeun hadé-goréngna, punjul-héngkérna hiji hal. Tujuanana sangkan
apal kana ajén inéjen anu hakiki.
Lamun hidep ningali kana hiji karya seni nu lian dina widang seni, sastra, atawa karya seni sejenna
tangtu bakal méré koméntar. Lamun éta karya téh alus sebutkeun alus kalawan tepikeun alesanana, pon
kitu deui upama goréng tepikeun kakuranganana bari dibarengan ku alesan. Ngan kadé, ngritik lain
ngajejeléh tapi méré pamadegan anu dibarengan ku alesan, malah leuwih alus lamun bari méré jalan
kaluarna sangkan éta karya bisa leuwih alus.
Sangkan leuwih jéntré, tengetan conto ieu di handap!
1. ( ningali gambar pamandangan karya babaturan hidep ) “Man, gambar pamandangan téh geus
alus, tapi ceuk pamanggih kuring mah bakal leuwih alus deui lamun gambar tangkal téh teu
lalempeng kabéh. Beulah kénca gambar hiji tangkal anu condong, atawa dahanna ngaroyom
saeutik kana sisi balong!”
2. ( ningali pintonan drama kelompok babaturan) “Ceuk pamanggih kuring aya nu kurang dina
prakna minton téh. Kahiji, sora kurang tarik, alusna mah rada tarik sabab teu maké sound system;
kadua, lamun keur nyarita ulah nukangan panongton, alusna nyanghareup ka tengah bari rada
nyérong ka panongton; katilu blokingna ulah satempat baé tapi kudu nyebar sangkan aya pariasi.”
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1
Cing ku hidep titénan sababaraha lukisan/gambar, tuluy tepikeun pangajén hidep kalawan dibarengan ku
alesan-alesan anu positif.
Koméntar kana gambar 1
_____________________________________________________________________________________

_____________________________________
UJI KOMPETENSI 2
Téangan dua rupa gambar karya seni lukis, boh tina koran, majalah atawa tabloid. Gambarna nu
maké warna ulah nu hitam putih. Gunting tuluy témpélkeun dina kolom ieu di handap! Satuluyna pék éta
gambar téh béré ajén (peunteun ) sarta béré koméntar ku cara ngajawab pananya nu geus disadiakeun!
GAMBAR 1 GAMBAR 2
A. Standar Kompetensi
Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi wacana lisan jenis pidato. khotbah, lirik (rumpaka)
lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pencek (carita pondok).
B. Kompetensi Dasar
Menyimak pembacaan cerita pendek
C. Tujuan Pembelajaran
Siswan dapat memahami dan dapat menceritakan kembali isi cerita pendek dengan singkat (tingkesan)
serta dapat menanggapi berbagai aspek cerita pendek/carpon
Indikator
Dapat memahami isi cerita pendek
Dapat menceritakan kembali isi cerita pendek dengan singkat (tingkesan)
Dapat menanggapi berbagai aspek cerita pendek/carpon
D. Materi Pokok
Cerpen/Carpon
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1 Pendahuluan 10
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Kegiatan Inti 60
Dengan cermat siswa menyimak carpon yang dibaca oleh guru atau
salah seorang siswa
Dengan bimbingan guru siswa menanggapi tentang carpon yang telah
dibaca
Secara seksama, siswa memperhatikan penjelasan guru tentang unsur-
unsur carpon
Secara seksama, siswa membaca dalam hati sebuah carpon
Dengan bimbingan guru, siswa menanggapi berbagai hal tentang carpon
(isi, unsur)
Penutup 10
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
Siswa ditugaskan untuk mencari sebuah carpon untuk dianalisis
DOMPET
Oman umurna kakara tilu welas taun. Unggal balik sakola manéhna sok dagang és, ngider ka saban
tempat.
Keur mah ngeunah ésna téh, murah deuih, atuh loba jalma boh kolot boh barudak padameuli és Si
Oman. Atuh ésna béak-béak baé saban poéna téh.
Harita ogé Oman semu rusuh balik ti sakola téh. Hayang geura nepi ka imah. Hayang geura
ngiderkeun és deui.
Keur jongjon leumpang, ari pék manéhna nénjo dompét ngagolér di sisi jalan. Oman ngarandeg,
luak-lieuk.
“Hah, dompét saha ieu ? “ ceuk Oman. “Padu baé miceun dompét téh geuning. Boa murag kétah !”
Oman nyokot éta dompét bari teu weléh luak-lieuk baé bisi aya nu nempoeun. Dompét diasupkeun
kana pésakna. Geus kitu Oman rurusuhan balik ka imahna.
Tepi ka imah, dompét téh diasupkeun ku Oman di handapeun kasur.
“Oman, aya naon siga nu tas manggih kareuwas ?”
“Ah, teu...ma, teu aya nanaon !” témbal Oman.
“Sok atuh geura dahar heula, lain rék ngider deui ?”
“Muhun, Ma !” témbal Oman.
“Ma, ieu sayur naon ?” Oman nanya ka indungna.
“Eta téh sayur bayem !” témbal indungna pondok.
“Ma, és teh seueur kénéh ?”
“Loba, tuh dina kulkas. Aya naon kitu ?”
“Teu ah, teu aya nanaon.” témbal Oman bari nuluykeun daharna.
Isukna sanggeus dahar Oman dagang és deui.
Béda ti sasari, poé harita mah Oman téh teu pati jongjon dagangna. Manéhna bingung tur hariwang
mikiran dompét panimu. Kumaha mun aya jalma nu nyerangkeun basa manéhna nyokot éta dompét ?
Kuma mun aya nu nyusulan ka imahna ?
Basa mulang tas ngiderkeun és, Oman pohara ngagebegna barang nénjo indungna ngasongkeun éta
dompét bari mencrong.
Ceuk indungna : “ Man, ari ieu téh dompet saha bet aya téoheun kasur ?”
Témbal Oman : “Du...duka, Ma !” Oman némbal kitu bari ngeleper bakat ku reuwas jeung sieun
indungna nanya kitu téh.
“Eta mah dompét Oman, Ma!”
“Ari Oman boga dompét ti mana? Ema mah can pernah nénjo Oman sok mamawa dompét ! Geus
ayeuna mah mending jujur baé ka Ema, ti mana éta dompét téh ?”
Ahirna Oman daék ngaku ka indungna.
“Aduh gagabah geuning, kumaha mun éta téh dompét anu nyulurkeun ! komo deui ieu dompét
duitna loba pisan aya dua ratus rébuna ! Omat isukan mah pulangkeun, ari aya alamat nu bogana mah !”
Peutingna, Oman anteng ngalamun.
Eta dompét téh kudu dipulangkeun kanu bogana. Oman ngagerentes, “Ceuk Ema mah duit nu aya
dina éta dompét téh tepi ka dua ratus rébu. Beu, lamun boga duit sakitu, Kuring jeung Ema bisa meuli
barang jeung bahan-bahan és sangkan leuwih loba atawa Ema bisa muka wawarungan.”
“Keur naon Man, siga nu anteng kitu ngalamun téh ?” teu kanyahoan bapana nanya bari neuteup ka
Oman.
“Ieu Pa, saur Ema dompét téh énjing kedah dipasihkeun, abdi téh bingung kumaha engké mun tos
tepang sareng nu kagunganana ?”
“Ayeuna mah kieu baé atuh, isukan bareng jeung Bapa urang anteurkeun. Alamatna aya ?”
“Aya, Pa dina KTP-na.” Témbal Oman.
Isukna, Oman dianteur ku bapana nyusul jalma nu boga dompét luyu jeung alamat nu aya di dinya.
Teu lila éta alamat téh kapanggih. Sanggeus nepi ka hareupeun panto imahna, Oman ngetrokan panto bari
uluk salam.
Kulutrak kadéngé aya nu ngalaan konci. Bray panto muka.
“Aéh saha téa, nya? Sareng badé ka saha ?”
“Abdi pun Oman sareng ieu pun Bapa. Badé nepangan ka Bapa!”
“Mangga atuh lalinggih ! Ké...ké... asa rareuwas, aya pikeresaeun naon ieu téh ?”
“Ieu Pa, manawi leres, dupi Bapa kantos kaicalan dompét ?” Bapana Oman mangjawabkeun.
“Oh..sumuhun, na kumaha kitu ?”
“Abdi kamari waktos icalan mendak ieu dompét!” ceuk Oman bari ngasongkeun dompét.
“Alhamdulillahirobbil’alamin. Aduh.... hatur nuhun pisan Kasép. Leres ieu téh dompét Bapa!” ceuk
nu boga imah bungaheun pisan.
Geus puguh kitu mah Oman jeung bapana amitan. Nu boga dompét nganuhunkeun bari ngeupeulan
duit ka Oman. Sanajan kéképéhan ogé ahirna mah ditarima da nu boga dompét téh maksa. Oman jeung
bapana marulang bari haté bungah lantaran geus bisa mikeun dompét ka nu bogana.
( Dicutat tina Gapura Basa, disarungsum ku Indri Astuti, kelas VIII A SMPN 1 Pameungpeuk )
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1
UJI KOMPETENSI 2
Téangan, baca hiji carita pondok boh tina buku kumpulan carpon, tina majalah atawa koran!
1. Tulis naon judul éta carpon;
2. Saha pangarangna;
3. Tina buku atawa majalah naon, terbitan iraha, kaca (halaman) sabaraha;
4. Saha palakuna;
5. Di mana kajadianana;
6. Kumaha watek/pasipatan éta palaku nu aya dina carpon;
7. Tulis ringkesan eusi carpon luyu jeung galur caritana.
RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
( RPP )
A. Standar Kompetensi
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara lisan dalam bentuk mengemukakan
kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, bercerita tentang cerita pendek, musikalisasi puisi.
B. Kompetensi Dasar
Menceritakan isi novel
C. Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat memahami dan dapat menceritakan kembali isi novel dengan singkat (tingkesan) serta
dapat menanggapi berbagai aspek novel
Indikator
Dapat memahami isi novel
Dapat menceritakan kembali isi novel dengan singkat (tingkesan)
Dapat menanggapi berbagai aspek novel
D. Materi Pokok
Novel
E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas
F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1 Pendahuluan 10
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi
Pretes
Kegiatan Inti 60
Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang novel
Secara seksama, siswa menyimak penggalan novel yang dibaca guru
Bersama-sama menaggapi / menganalisis novel yang dibaca ( isi,
unsurnya )
Bertanya jawab tentang novel
Penutup 10
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
Siswa ditugaskan membaca sebuah novel, kemudian menuliskan isi
serta unsur-unsurnya !
H. Penilaian
Tujuan Pembelajaran Teknik Bentuk Instrumen Kunci Jawaban
Dapat memahami isi novel Lisan/ Uraian 1. Saha baé palaku nu Pada lampiran materi
Tulisan disebutkeun dina sempalan
éta novel “Perang Bantarjati
?
2. Lembur naon baé nu
disebut-sebut dina éta
sempalan novel?
3. Naon sababna éta tempat
disebut Jatitujuh?
4. Naon sabna urang Jatitujuh
jeung sabudeureunana
ngalawan ka Sultan
Cirebon?
5. Naon sababna éta karaman
téh maraké baju bodas?
Dapat menceritakan Lisan/ Uraian Cing caritakeun deui eta eusi Tergantung jawaban
kembali isi novel dengan Tulisan novel kalawan ringkes! siswa
singkat (tingkesan)
Dapat menanggapi berbagai 1. Sebut bedana antara carpon Pada lampiran materi
aspek novel jeung novel !
2. Tuliskeun unsur-unsur nu
aya dina eta novel !
3. Baca hiji novel, tuluy tulis
judulna, pangarangna, jieun
tingkesanana !
PERANG BANTARJATI
Kira-kira sapuluh pal jauhna ti pakemitan distrik Jatiwangi, bawahan Kabupatén Majalengka, di sisi
walungan Cimanuk aya hiji tempat ngaranna Jatitujuh. Nu matak disebut kitu katelah ku jati anu ngariung,
lobana tujuh tangkal, ayana di tengah alun-alun. Ayeuna mah duka aya sabaraha hiji deui ngan anu jelas
éta tangkal jati téh geus henteu tujuh deui jumlahna téh.
Nuturkeun galuring catur, papayan carita, éta tempat diadegkeunana ku nu mimiti ngababakan di
dinya, disebutna Embah Demang, malah tangkal jati anu tujuh téa ogé, pelak anjeunna. Palataranana rata,
wantuning tanah handap. Panasna munggah néréptép, sabab deukeut kana rawa anu kacida legana.
Sanajan kaayaan éta tempat ayeuna kacida turag-taregna, aya kaanéhanana, lantaran ku kaheubeulanana.
Buktina tangkal jati anu ngariung tujuh di alun-alun téa, taya anu nyaho iraha dipelakna, malah kolot anu
umurna geus leuwih ti genep puluh taun ogé, nerangkeun yén ti sainget manehna, éta tangkal jati geus aya
sarta gedéna geus sagedé kitu.
Sajabana ti kahot, éta tempat aya sajarahna, sabab geus leuwih ti saratus taun lilana nepi ka ayeuna,
di alun-alun nu ayeuna sok diparaké barudak ulin, atawa diparaké ngangon embé, di handapeun tangkal
jati anu ngariung téa, mangpuluh-puluh jalma anu ditugel sirahna, nyaéta anu teu daék milu ngaraman,
ngalawan ka Sultan Cirebon, atawa ngahukum musuh anu katangkep di pangperangan. Sabab jalma jaman
harita, nu nyicingan éta tempat, geus leungit ingetanana jeung bebeneranana, lantaran kacida teu
sarenangeunana ku sabab hirup loba aturan anu ngajadikeun kasangsaraan ka maranéhna.
Jatitujuh dina kira-kira taun 1800 M, masih kénéh loba leuweungna, babakuna haur gereng anu jadi
dina ranca. Lemburna teu acan gegek cara ayeuna. Minangka pangraména, kajaba ti Jatitujuh, nyaéta
lembur Bayawak, Pilangsari, jeung pangkidulna Bantarjati, sisi Cimanuk, deukeut ka wates Sumedang.
Poé Jumaah kira-kira wanci pecat sawed. Jalma-jalma ngabrul nuju ka masigit, malah tara-tara ti
sasari urang Bayawak jeung bantarjati ogé daratang. Rék saralat Jumaah? Nya rék naon deui atuh saréréa
pada arasup ka masigit, nepi ka teu kaasupkeun, loba nu saralat di buruan.
Nu munajat geus ngelak ti isuk kénéh, sorana matak ketir, sada nu sasambat ménta dibélaan tina
kaprihatinan.
Dur! Bedug lohor disada, ngong sora adan. Ieu ogé beuki nambahan ngerik kana haté nu ngadéngé.
Jelema di jero masigit anu mangratus-ratus lobana cong sarolat, kacida husuna, sabab sajabana nedunan
kawajiban agama téh, ongkoh aya nu disuhunkeun ka Nu Agung, nya éta berkah salametna dina
ngajalankeun tugas anu geus lila dipiangen-angen ku maranéhna.
Sabubarna salat Jumaah, sasarina sok garagancangan marulang, harita mah dariuk baé, kawas aya
nu didagoan. Teu lila hiji jalma nu katelah Bagus Rangin, nangtung deukeut paimbaran tuluy nyarita,
pokna, “Hé batur-batur, pamaksudan urang anu geus lila dikandung dina haté, ayeuna geus ninggang kana
mangsana dilampahkeun. Bieu waktu salat, dina keur huisuna kaula ngadéngé sora tan katingal, ari pokna,
Insya Alloh maksud maranéh saréréa bakal hasil!” Tuluy kaula peureum, ari bray nénjo cahaya nyorot ka
ieu masigit sarta kabéh anu aya di dieu kahibaran. Ku sabab éta henteu cangcaya deui, tangtu éta téh
pituduh anu nitah kana ngajalankeun maksud urang téa. Anu teu acan nyaho bener kana pakarepan urang
saréréa, gancang nya ka kokolotna, lamun geus gilig tangtu kaula méré tanggara!”
“Insya Alloh!” ceuk nu ngadaréngé, tuluy bubaran. Ngan nu teu arindit teh jalma limaan, nya éta
Bagus Rangin, Ki Wasa (Bagus Wasa), Ki Léja, jeung Ki Daésa, urang kampung Bayawak, kitu deui Ki
Kondur urang Pilangsari.
Ceuk Bagus Rangin, “Ayeuna geus teu bisa mundur deui, lantaran geus ninggang kana mangsana
urang kudu tutumpuran téh, sabab ti batan hirup urang kieu salawasna, pinuh ku kasangsaraan, leuwih
hadé paéh baé!”
“Puguh pikiran kuring ogé kitu pisan.” Ceuk Ki Bagus Wasa. “Keur naon hirup di dunya ogé ari rék
dijieun cara budak beulian saumur-umur mah? Ti baréto ogé geus gilig, malah geus sadia boéh, kitu deui
pakarang geus lengkep.”
“Kuring mah komo,” ceuk Ki Kondur, “Ngan aya kahanjakal téh, teu aya nu boga bedil di lembur
kuring mah.”
“Hih, gampang nu kitu mah,” ceuk Bagus rangin, “sabab Ki Mirasa pamanggulna di Lobener, geus
indit ka Cirebon nyokot pakarang, urang mah kari ngadago kiriman baé. Engké téh mimiti nu rék
digempur téh dayeuh Dermayu. Lamun geus aya béjana di ditu geus prung, urang kudu ngaheulakeun
ngaributkeun di Amis, di dinya nu jadi gegedugna Ki Raita. Tangtu para kapala ti Kadongdong muru ka
dinya, tapi tangtuna oge kaburu kapegat manten ku urang Palimanan sarta tangtu pulisi di dinya caremna.”
“Kumaha ari pulisi di dieu?” ceuk Ki Bagus Wasa. “Kasieun kuring kaburu nyahoeun!”
“Ah, teu kudu risi, sabab ayeuna ogé saenyana mah geus nyarahoeun, nu matak kami wani nyarita di
masigit ogé. Tapi moal bisa kumaha, sabab kabéh somahan geus samiuk baris ngaraman.”
“Kumaha lamun Kumpeni mantuan?”
“Eta ogé teu matak salempang, sabab moal aya nu bisa muru ka dieu, wantuning di ditu di dieu geus
pada sadia.”
. . .
isukna subuh-subuh, balad para bupati geus tarapti, leugeudeut meuntas walungan Cilutung, muru
ka Karangsambung. Lembur-lembur nu kasorang geus saruwung, lantaran jelemana geus marubus ka
bawahan Majalengka, malah aya oge anu nyingkur di bawahan Tomo.
Ti kajauhan katénjo meleketektek haseup, tétéla tempatna karaman téa. Tuan Komisaris maréntah
ka gulang-gulang supaya sadia, kitu deui kabéh pamatang nu marawa tumbak geus ditatakeun. Sanggeus
ngaso sakeudeng, bring arindit deui nyorang tegal eurih jeung kaso. Barang kira-kira aya dua ratus tumbak
deui anggangna ka tempat karaman téa, reg deui ngarandeg. Tuan Komisaris ngagorowok, maréntah
supaya bedil dieusian. Sanggeus tarapti, gorowok deui maréntah nyampeuk ka hareup moro tempatna
barandal téa. Barang geus deukeut, kakara bedil dibekaskeun, dur-dor teu puguh déngékeuneunana,
haseup geus mulek, bau obat nyambuang ka mana-mana.
Ana breg téh ti nu bala, mani kawas nyiruan dibalédog tina sayangna, karaman téh barijil tina
panyumputanana, pakéanana sing sarwa bodas, nandakeun geus iklas miceun pati, narajang lir banténg
bayangan, taya kasieun taya kagimir.
Tuan Komisaris jeung parabupati maréntah ka tamtama-tamtama jeung pamatang, supaya muru ka
musuh nu geus ngangseg. Dina rek brengna maju, kacida ributna, kuda pating alajrét, jelema pabaliut. Nu
gédé wawanénna maju ti heula ka hareup, nu leutik haténa rada raga-rogo bari pupuringisan, sawaréh mah
aya nu meungpeun, paur nénjo gurilapna pedang musuh nu geus diabar-abar, bari sarosoak. Ari rék
mundur teu bisa, kahalangan ku batur, tur ti tukang dijaga ku kapalana, bari ngamang-ngamang gobang
meunang ngalugas. Ti dinya mah ger baé perang campuh, silih kadék, silih tumbak, ramé tarungna musuh
jeung lawan. Nu raheut jeung nu maraot blag-bulg pating jarungkel. Dédéngéan kacida matak ketirna, aya
nu gerang-gerung baé, ngarasakeun kanyeri.
Sanajan aya anu ngabarogaan bedil ogé, tapi ari diangseg kitu mah éta gagaman téh taya gunana,
sabab taya témpo pikeun ngeusianana. Sabot keur neteg bedil ogé karaman geus deukeut mantén, kapaksa
bedil téh dipaké paneunggeul. Bawaning ku tohtohan karaman narajangna, wadya balad mundur, ngarah
aya waktu keur ngeusian bedilna. Kitu deui balad nu séjénna henteu kuat nahan panarajang karaman anu
sakitu hébatna, ongkoh karaman mah leuwih ti opat kalieun lobana sarta geus pada iklas ngabuang nyawa.
(Tina Novel Pangéran Kornél : R. Méméd sastrahadiprawira)
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1
Jawab sakur pananya di handap masing tétéla!
1. Saha baé palaku nu disebutkeun dina sempalan éta novel?
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________
2. Lembur naon baé nu disebut-sebut dina éta sempalan novel?
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________
UJI KOMPETENSI 2
UJI KOMPETENSI 3
Baca ku hidep hiji novel, tuluy jawab sakur pananya ieu di handap!
1. Naon judul éta novel?
__________________________________________________________________________
2. Saha pangarangna ?
__________________________________________________________________________
3. Saha baé palaku nu disebutkeun dina éta novel? Kumaha pasipatanana?
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________
4. Sebutkeun ngaran tempat nu dipaké latar dina éta novel?
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________________
__________________________________________________________
5. Tulis ringkesan eusi éta novel!