Anda di halaman 1dari 4

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


SMP/MTs. : MTs Nurul Hidayah
Kelas/Semester : IX / 1
Alokasi Waktu : 2 x Pertemuan

A. Standar Kompetensi
Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi wacana lisan jenis pidato.khotbah, lirik (rumpaka)
lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pencek (carita pondok).

B. Kompetensi Dasar
Menyimak pidato khotbah (hutbah)

C. Tujuan Pembelajaran
 Peserta didik mampu menemukan hal-hal penting dalam pidato, khotbah
 Peserta didik menyimpulkan pesan pidato, khotbah, atau ceramah dengan kalimat sederhana
 Peserta didik menanggapi pesan pidato khutbah atau ceramah dengan bahasa yang santun
D. Materi Pokok
Hutbah/Ceramah

E. Metode Pembelajaran
1. Ceramah
2. Diskusi
3. Penugasan

F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1-2 Pendahuluan 10
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 Motivasi

Kegiatan Inti 60
 Salah seorang siswa membacakan wacana hutbah /memutar kaset
rekaman
 Bersama-sama menyimak wacana hutbah yang
dibacakan/diperdengarkan
 Bertanya jawab tentang topik hutbah yang disimak
 Bertanya jawab tentang isi hutbah
 Dengan bimbingan guru menafsirkan kalimat-kalimat kunci dan
maksud hutbah

Penutup 10
 Bersama guru, siswa menyimpulkan isi wacana hutbah
 Siswa ditugaskan untuk membaca wacana hutbah serta menelaah
isinya

G. Sumber Belajar
 Sumber: Nur Ruhiyati, Lilis. 2008. Wasita Basa Sunda Pikeun Siswa Sakola SMP
Kelas IX. Bandung: CV Wahana IPTEK Bandung
 Media: Wacana hutbah
H. Penilaian
Indikator Teknik Bentuk Instrumen Kunci Jawaban
Dapat menemukan hal-hal Lisan/ Uraian Sebutkeun hal-hal penting
penting dalam pidoto, Tulisan nu ku hidep kacangkem tina
khotbah hutbah “Istigfar Jeung
Lawang Tobat” !
Dapat menyimpulkan pesan Lisan/ Uraian Sebutkeun amanat nu ku
pidato, khotbah, atau Tulisan hidep kacangkem tina
ceramah dengan kalimat hutbah“Istigfar Jeung
sederhana Lawang Tobat”!
Dapat menanggapi pesan Lisan/ Uraian Jentrekeun, kumaha
pidato khutbah atau Tulisan pamadegan hidep kana eta
ceramah dengan bahasa eusi hutbah“Istigfar Jeung
yang santun. Lawang Tobat”?

Mengetahui, Padalarang, … ……….. 20…


Kepala Madrasah Guru Mata Pelajaran

H.Yusuf Sugiana, S.Ag. M.M.Pd Irwan Ridwansah


NIP: 196805252000031003
BAHAN AJAR

PEDARAN
Hidep tangtu sering ngaregepkeun cermah atawa hutbah. Komo pikeun lalaki mah da wajib
ngalaksanakeun ibadah Jumaah. Salah sahiji bagian tina ibadah Jumaah nyaéta hutbah. Hutbah
téh nyaéta pidato atawa biantara anu ditepikeun ku hotib di hareupeun jamaah. Tangtuna urang
kudu ngabédakeun antara hutbah jeung biantara. Hutbah mibanda ciri khusus boh ditilik tina
eusina, tempatna jeung waktuna.
Ditilik tina eusina, hutbah mah husus medar ngeunaan ajakan kana kasalametan dunya
jeung ahérat, ngajak éling ka Alloh swt, ogé ngageuing sangkan teu ngagugu kana pangajak
syétan. Sarta dipungkas ku du’a atawa paménta ka Alloh sangkan nyumponan sagala kabutuh
manusa.
Lamun ditilik tina waktuna, hutbah dilaksanakeun dina waktu-waktu nu tangtu, saperti
Jumaah, Idul Fitri, Idul Adha, Sanggeus sholat khusuf/khusuf (gerhana), jeung sabada sholat
Istisqo (ménta hujan).
Husus pikeun jamaah nu ngaregepkeun hutbah, aya larangan nyarita atawa nyarék nyarita
ka nu séjén. Ieu hal nu ngabedakeun antara hutbah jeung biantara.
Hal séjénna nu ngabédakeunana nyaéta dina hal-hal nu kudu ditepikeun ku hotib (struktur
hutbah). (Tengetan tabél di handap ! )
HUTBAH BIANTARA
HUTBAH KAHIJI Teu dibagi 2 babak
- Ngucapkeun salam (diselang ku adzan) - Ngucapkeun salam (teu diselang ku
- Ngucapkeun hamdalah, sholawat, wasiat adzan)
taqwa, ayat Qur’an (Basa Arab) - Ngucapkeun hamdalah, sholawat
- Medar eusi - Medar eusi
- Panutup hutbah (Basa Arab) - Panutup
HUTBAH KADUA
Bari ngaregepkeun hutbah atawa ceramah, catet ku hidep hal-hal penting tina eusina, jieun
kacindekanana. Hal ieu bisa nambah élmu pangaweruh pikeun pibekeleun hidep enggoning hirup
di alam dunya sangkan salamet di ahérat.

Materi Pangdeudeul

KECAP SEREPAN
Dina hutbah kapanggih kecap-kecap hadirat, illahi, robbi, solawat jeung sohabat. Eta kecap
tehe asal muasalna tina basa Arab. Sakur kecap dina basa Sunda nu asalna tina basa deungeun
disebut kecap serepan. Lantaran geus dipaké dina kahirupan sapopoé ku urang Sunda, nya urang
aku baé jadi milik urang Sunda. Urang paké dina kahirupan sapopoé sarta urang mumulé
minangka milik budaya bangsa tur pikeun kabeungharan kecap dina basa Sunda.
Sajaba ti serepan tina basa Arab, loba kecap-kecap din basa Sunda nu asalna tina basa
séjénna.
Geura titénan contona!
1. Asalna tina basa Arab
Contona : ahad, hakim, hukum, hayat, elmu, hak, darajat, imam, waktu, jilid
2. Asalna tina basa Cina
Contona : tauco, taogé, loténg, locéng, kelenténg, capcay, mie, cengkéh, panggung
3. Asalna tina basa Walanda
Contona : semir, selip, emur, baki, béngkél, kartu, kopi, bor, duit, pelesir, selop
4. Asalna tina basa Perancis
Contona : presiden, stasion, stadion, halteu
5. Asalna tina basa Potugis
Contona : armada, bandéra, lantéra, jandéla, kaméja, ronda, kamer
6. Asalna tina basa Inggris
Contona : botol, kiper, suksés, gelas, meter, heden, aut, gul, aktif
7. Asalna tina basa Malayu
Contona : korék api, karéta api, méja makan, lomari makan, rumah sakit, korsi goyang

PANCEN
Regepkeun ceramah tina radio/kasét/TV.
a. Judul cermah/hutbah : ___________________________________________________
b. Nu ceramah : ___________________________________________________
c. Tingkesan eusi ceramah :
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________

Anda mungkin juga menyukai