Anda di halaman 1dari 3

BARANG PUSAKA DIJARUALAN

Aya bewara dina koran Pikiran Rakyat (PR), poe Senen tanggal 3 Agustus 2008
halaman hiji nu netelakeun yen barang kuno kayaning 500 naskah kuno jeung barang pusaka
saperti keris, kujang asal Cirebon dilelang rek dijual ku nu bogana nyeta Nyimas. Cenah geus
ditawar ku urang Malaysia harga hijina Rp300.000,- Ningal dina jumlahna duit nu bakal
katarima tangtu mani gede naker. Kurang leuwih kana Rp150. juta. Lain duit leutik-leutik.
Hal ieu diuningakeun ku bapa Tedi Permadi, salah saurang filolog ti UPI (Universitas
Pendidikan Indonesia) ka koran PR dina sela-sela mayunan “Simposium Internasional
Pernaskahan Kuna Nusantara XII” nu bade diayakeun di Bandung. Bewara ieu, tangtos tiasa
nimbulkeun kaprihatinan warga Jawa Barat, utamana para inohong kudawet urang Sunda nu
hayang jeung tetep micinta sareng ngamumule titinggal karuhunna.

Sababaraha waktos kapengker kantos pribados nyerat dina koran PR, oge koran basa
Sunda Galura, nu netelakeun kirangna perhatosan pamarentahan satempat kana barang-barang
karuhun kalebet candi-candi titinggal karajaan buhun Pajajaran. Diantawisna patilasan karajaan
di Kawali, situs Cimende di Bandung, situs di Bogor, Garut, Cirebon, Subang sareng sajabina.
Malahan pribados ge kantos ngintunkeun bewara sarupi kitu teh kana Internet. Seueur nu
masihan komentar, pajar cenah kunaon atuh nya bet kirang perhatosan ti pamarentah. Benten
sareng propinsi lain. Naha uga Sunda pajah ”Pajajaran Tinggal Ngaran” teh tos ngawitan
katangar?. Sakumaha nu tos dihaleuangkeun ku Nenden Dewi Kania, juara pasanggiri tembang
sunda Cianjuran.

Pribados emut ka sababaraha warsih kapengker, wartosna di Jogyakarta, aya inohong


kadaton nu tos wantun ngical barang-barang antik arca kuno sareng paparabotan antik kayaning
keris sareng sajabina. Atuh mani pahibut reaksi ti para inohong karaton. Seuseueurna reaksi
protes supados eta barang titinggal karuhun teh diuihkeun deui ka asalna. Malahan aya usulan,
palakuna ge kedah di peratunkeun.

Di Jawa Barat, kantos aya kajadian maksad jujualan barang antik sapertos kitu. Maestro
Tari Topeng ti Indramayu nu wastana tos kasohor salaku panari topeng moyan nyeta Mimi
Rasinah, maksad ngical topeng buhunna. Alatan taya waragad kanggo ngalandongan panyawat
strokna, dugi ka bade ikhlas ngical topeng kameumeutna. Eta bewara teh kaangseu ku para
inohong Sunda Jawa Barat. Atuh mani pahibut deui wae pada-pada hoyong ngabela Mimi
Rasinah, utamina kanggo waragad mayar lalandong ka rumah sakit Hasan Sadikin di Bandung.
Sajabi ti nyumbang dana teh, oge mani euyeub lumungsur ngalongok Mimi Rasinah di Rumah
Sakit. Kiwari tos damang deui, sanaos mantenna teu weleh nganggo korsi roda.
Tahun 80-an pribados kantos nganjang ka salah sawios ibu kasepuhan di Talaga. Mantenna teh
wartosna mah masih keneh sesekeler nu baheula ngageugeuh karajaan Talaga. Di bumina,
diruangan payun, kasampak aya sababaraha barang antik kayaning gamelan buhun, barang-
barang pusaka sapertos tumbak, keris, kujang sareng sajabina. Saurna mah, eta sadaya barang
antik teh titinggal ti para sepuh eyang-eyangna nu kantos ngageugeuh karajaan Talaga.
Kaleresan, miosna pribados kadinya teh maksad nyarengan mahasiswi pariwisata ti ABA Yapari
Bandung, nu bade nalungtik karajaan Talaga, kanggo ngarengsekeun tugas akhirna. Atuh obrolan
sinareng ibu sepuh teh mani uplek teu pikaboseneun. Teu karaos tos nyangkolong waktos dugi
ka 3 jamna.

Dina pamungkas obrolan, pribados kantos tumaros ka mantenna, naha ieu paparabotan
kuno titinggal karuhun buhun teh bade saterasna disimpen di ieu bumi, atanapi bade diserenkeun
bae ka pamarentah supados dimumule di musium? Margi katingalna mah kirang piara, pinuh ku
kebul. Turubna ge mani tos belel saroeh orowodol. Ditaros kitu teh ibu sepuh mung ukur
ngalimba, socana carinakdak. Walerannana teh pondok pisan: ”Parantos diuningakeun mah,
mung saur marantenna teh, hapunten taya waragadna,”. Kiwari eta barang antik teh duka aya
keneh duka tos teu aya. Sangkian pribados mah ibu sepuhna ge tos tilar dunya, margi waktos
harita pribados nepangan mantenna teh yuswana parantos 80 tahun langkung. Mudah-mudahan
we barang-barang pusaka karajaan Talaga teh araya keneh.

Sababaraha waktos kapengker, dina patengahan sasih Juli 2008, Drs.H.I. Budhiana, MS.
Kapala Dinas Kabudayaan & Pariwisata (Disbudpar) Jabar ka wartawan koran Sunda Galura,
ngadadarkeun sagala rupi nu aya patalina sareng pariwisata di Jawa Barat. Pisaur mantenna:
”Pangwangunan pariwisata jeung budaya teh, teu bisa ditangtukeun ku hiji kelompok, teu bisa
ditangtukeun ku pamarentah wungkul, tapi kudu dumasar kana hasil gempungan. Pamarentah
mah ukur nyieun wadah, ngapasilitasi, sangkan pariwisata jeung budaya maju. Anu ngeusianana,
anu ngokolakeunana mah masyarakat”. (Galura, edisi III Juli 2008).
Kasauran kitu teh leres pisan. Nanging peryogi pisan follow up nu saestu, utamina
ngeunaan koordinasi sinareng motivasi nu leres-leres kedah diupayakeun ku pamarentah supados
produk wisata sinareng hal-hal anu aya patula-patalina sareng kapariwisataan tiasa kabina
lumintu ngawujud kapiara. Contona wae barang-barang pusaka, artifak nu kiwari masih
paburencay ka teler-teler, ulah dugi ka diaricalan ka nagri deungeun. Kalebet sababaraha situs-
situs karajaan Sunda buhun. Kalihna ti eta tiasa kauninga saha-sahana golongan masyarakat nu
langkung tanggel waler ngokolakeunana. Upami saur basa legeg Osborne mah cenah
diswastakeun (privatisasi). Pamungkas catur, taya sanes mugia we propinsi Jawa Barat tiasa
nanjung manggung janten idola para wisatawan! Amin.

Anda mungkin juga menyukai