Anda di halaman 1dari 13

DOKUMEN SEKOLAH

SANGAT RAHASIA

KEMENTERIAN PENDIDIKAN
DAN KEBUDAYAAN

UJIAN SEKOLAH
SMA PGRI SINDANGBARANG
TAHUN PELAJARAN 2019/2020

BAHASA SUNDA

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT


2020
US 2019/2020 1
MATA PELAJARAN
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Jenjang : SMA
Program : IPS

WAKTU PELAKSANAAN
Hari/Tanggal : Jum’at, 20 Maret 2020
Jam : 15.00 – 17.00

PETUNJUK UMUM

1. Periksalah naskah soal yang anda terima sebelum mengerjakan soal yang meliputi :
a. Kelengkapan jumlah halaman atau urutannya.
b. Kelengkapan dan urutan nomor soal.
c. Kesesuaian nama mata uji dan progran studi/peminatan yang tertera pada kanan atas naskah soal dengan Lembar
Jawaban Ujian Sekolah (LJUS).
2. Laporkan kepada pengawasruang ujian apabila terdapat lembar soal, nomor soal yang tidak lengkap atau tidak urut,
serta LJUS yang rusak atau robek untuk mendapat gantinya.
3. Isilah pada LJUS Anda dengan :
a. Nama peserta pada kotak yang disediakan, lalu hitamkan bulatan di bawahnya sesuai dengan huruf di atasnya.
b. Nomor peserta dan tanggal lahir pada kolom yang disediakan, lalu hitamkan bulatan di bawahnya sesuai dengan
huruf/angka di atasnya.
c. Nama sekolah, tanggal ujian, dan bubuhkan tanda tangan Anda pada kotak yang disediakan
4. Tersedia waktu 120 menit untuk mengerjakan naskah soal tersebut.
5. Jumlah soal pilihan ganda (PG) sebanyak 40 butir dan soal uraian ( essay) sebanyak 5 butir.
6. Tidak diizinkan menggunakan kalkulator, HP, tabel matematika atau alat bantu hitung lainnya.
7. Periksalah pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ruang ujian.
8. Lembar soal dan halaman kosong boleh dicoret-coret, sedangkan LJUS tidak boleh dicoret-coret.

SELAMAT MENGERJAKAN
Kerjakan dengan jujur, karena kejujuran adalah cermin kepribadian

US 2019/2020 2
Pilihan Ganda

1. “........tidak ada jalan alternatif di sekitar lokasi sehingga kendaraan terjebak berjam-jam.”

Tarjamahan basa Sunda nu merenah tina kalimah di luhur nyaéta.....

a.“.....henteu aya jalan alternatip di sakitar lokasi sahingga kandaraan kajebak sababaraha jam.”
b.“.....teu aya jalan panakulan di sabudeureun éta tempat anu antukna kandaraan kapahung mang jam-jam.”
c.“....henteu aya jalan séjénna di éta tempat sahingga kandaraan téh teu bisaeun kamana-mana kajebak
sababaraha jam.”
d. “....moal aya deui jalan di éta tempat nepi ka mobil moal bisa jalan salilana.”
e. “....hésé pisan jalan di éta tempat mah, mobil moal bisa jalan mangjam-jam.”
2. Bangsa Indonesia akan melaksanakan pesta demokrasi pada tanggal 17 april 2019 yang akan datang secara
LUBER (Langsung, Umum, Bebas, dan Rahasia). Untuk itu, sebagai warga negara yang baik dan taat hukum
marilah kita salurkan aspirasi kita dengan datang ke TPS. Jangan sampai Golput karena suara kita akan
menentukan nasib bangsa untuk kedepannya.
Kecap kedepannya dina kalimah di luhur ditarjamahkeun jadi….
a. Salajengna
b. Kahareupna
c. Saterasna
d. Di hareup
e. Maksimal
3. Anita : “Urang rék ngenalkeun babaturan nu ti kota ka manéh.”
Damar : “Hég atuh. Saha ngaranna?”
Kecap ngenalkeun leuwih merenah upama dirobah jadi….
a. Mikawanoh
b. Ngawanohkeun
c. Diwauhkeun
d. Wanoh
e. diwanohkeun
4. Titénan kalimah di handap!

1. Sumebarna sacara lisan

2. Caritana pamohalan

3. Wangun prosa

4. Anonim

5. Dikarang maké patokan pupuh

6. Wangun ugeran

Dina kalimah di luhur mana nu kaasup kana ciri-ciri dongéng?

a. 1,2,4
b. 1,2,5
c. 2,4,5
d. 3,4,6
e. 4,5,6

US 2019/2020 3
Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding nu kacida
beungharna. Sakali mangsa tatanggana téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondanganana kacida lobana, boh
ti nu jauh atawa ti nu deukeut. Salembur éta diondang kabéh, iwal Si Kabayan.

Si kabayan jeung Nyi Iteung bati nalangsana, tuluy waé si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir
imah nu boga hajat, rék ngadeupaan lincar.

Sémah reuwaseun nempo kalakuan si Kabayan kitu, pribumi ogé norojol, gancang kaluar. Ari rét ka si
Kabayan.

“Ku naon Kabayaan manéh téh ngadeupaan Lincar? jeung éta bet teu dibaju kitu, kawas budak waé.”

Témbal Si Kabayan, “wah, mun kolot gé diondang.”

Nu boga hajat pohara éraeuna, rumasa ngabéda-béda jelema.

5. Dongéng di luhur nyaritakeun ngeunaan.....


a. Jalma nu pikarunyaeun
b. Jalma boloho
c. Kahirupan pilemburan
d. Jalma miskin
e. Adat istiadat

Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa
mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan
hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang
loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul
anu pinuh ku lémbér.

6. Tina sempalan dongéng di luhur, kalimah mana nu nuduhkeun salasahiji ciri dongéng….
a. Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar.
b. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé.
c. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula.
d. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa.
e. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli.
7. K k c ijdi sleuwi kdrt jdi slogk
Harti paribahasa di luhur nyaeta.....
a. Agul ku turunan
b. Sauyunan/akur
c. Sok ngagoréngkeun batur
d. Kalakuan anu hésé di robah
e. Béréhan
Di handap ieu mangrupa sistematika nulis laporan kagiatan.
1. Waragad
2. Pamilon
3. Bubuka
4. Waktu jeung tempat kagiatan
5. Panutup
6. Kagiatan jeung hasilna
8. Susunan laporan kagiatan nu bener nyaéta....
a. 1,3,4,2,5,6
b. 1,2,3,4,5,6
c. 3,4,2,1,6,5
d. 3,4,1,2,6,5
US 2019/2020 4
e. 3,4,2,1,5,6

Bisa jadi nu séjén kurang kataji, da buktina aya nu keukeuh nyebutkeun yén nu disebut karyawisata mah kudu
ngadongdon tempat-tempat wisata nu sohor, kayaning Yogyakarta atawa Bali.
9. Sasaruaan harti kecap ngadongdon nyaéta….
a. Indit
b. Ngendong
c. Ngadatangan
d. Pindah
e. Pelesir
Siswa : Assalamualaikum
Narasumber : Wa’alaikum salam
Siswa : Manawi teu ngawagel, sim kuring badé ngawawancara bapa.
Narasumber : …………………………………………………………………
Siswa : Hatur nuhun pisan sateuacanna.

10. Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nyaeta....


a. Bade naon anu ditaroskeunna?
b. Sumuhun, mangga.
c. Aya masalah naon kitu?
d. Kumaha kitu?
e. Perkawis naon?

Siswa : “Aya wartos lebet Museum Konferensi Asia Afrika (KAA) mah bénten sareng ka museum-
museum atanapi tempat wisata liana. Naon béntenna téh Pa?
Narasumber : ”Leres, Wisata sajarah ka KAA mah teu dipulut biaya nanaon. Ngan sok sanajan haratis, tetep
baé masarakat mah bangun nu haroréameun. Masarakat mah mending milih ulin ka mol, diskotik, atawa
outlet manan ka museum.
Siswa : “Naha nya Pa, naon margina sapertos kitu?
Narasumber : “Kawasna mah masarakat teu acan pada arapaleun kana pentingna titinggal sajarah. Padahal
sajarah téh mangrupa eunteung. Salian ti kitu, anggapan masarakat kana wangunan museum gé masih kénéh
héngkér.
11. Tina wawancara di luhur bisa dicindekkeun yén....
a. Asup ka museum mah kudu mayar.
b. Loba masarakat nu kataji pikeun asup ka museum.
c. Masarakat geus pada apal kana pentingna titinggal sajarah.
d. Anggapan masarakat kana wangunan museum masih kénéh héngkér.
e. Loba masarakat nu ngahaja ulin ka museum.
12. Kecap bénten dina téks wawancara di luhur kaasup kana ragam basa....
a. Loma
b. Kasar
c. Hormat
d. Gaul
e. Formal
DOA
(Haturan pa otto Iskandar dinata)
Apip mustopa
Jungjunan….
Pangnangkeupkeun éta nyawa
Nu indit taya nu nanya
Taya tapakna di dunya

Angin……….
Pangusikkeun pangeusi buana
Yén aya sinatria nu perlaya
Di wewengkon langit Sunda

US 2019/2020 5
Bulan…
Baturan éta nyawa nu ditundung
Di tempat baktina taya nu daék ngajungjung

Hé panonpoé
Geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala
Sangkan ieu dada
Sakumna nyawa Sunda
Nyaho boga pahlawan digjaya

13. Kecap perlaya dina sajak di luhur ngandung harti….


a. Ancur
b. Perang
c. Ambruk
d. Maot
e. nyawa
14. Ungkara nu nuduhkeun unsur rasa dina sajak di luhur nyaéta....
a. Jungjunan
b. Pangusikkeun eusi buana
c. Perlaya
d. Teu aya tapakna
e. Panon poé
15. Eusi tina sajak Doa nyaéta...
a. Jalma nu indit taya nu nanya
b. Aya pahlawan anu sakitu digjayana
c. Jalma nu maot teu aya nu nyaho saurang-urang acan
d. Pahlawan Sunda nu maot di bangsana sorangan tapi teu dihalargaan
e. Pahlawan nu maot di nagarana sorangan tapi teu aya nu nyaho

Assalamualaikum,wr,wb
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Puji anu maranti urang sanggakeun ka Nu Maha Suci, puja minangka bubuka carita urang sanggakeun ka
Alloh Nu Maha Uninga. Solawat sinareng salam mugia salawasna ngocor ngagolontor, langgeng
ngagelenggeng ka jungjunan urang sadaya ya’ni Kangjeng Rosul Muhammad SAW. Alhamdulilah dina danget
ieu urang tiasa riung mungpulung paamprok jonghok, patepung lawung, pataréma panangan dina ieu
patempatan kalayan séhat wal’afiat.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun, réh tos dipasihan kasempetan kanggo
ngadugikeun biantara di payuneun Bapa miwah Ibu, ogé sadérék sadayana. Dupi anu badé didugikeun dina
biantara sim kuring téh nyaéta perkara “Pamuda Hébat Anti Narkoba”. Nonoman, atanapi pamuda téh sok
disebat generasi
emas. Naon pangna disebat kitu? Margi nya pamuda anu bakal nuluykeun kahirupan ka payun, ngagentos
generasi sepuh. Mangga émutan, saupama para pamudana ruksak, bakal kumaha bangsa urang
pikahareupeunana? Namung hanjakalna, kanyataanana seueur nonoman urang anu geus ruksak méméh
anjeunna jadi déwasa. Lir kembang muguran saméméh mekar. Di antara anu jadi sababna, aranjeunna kajiret
kana narkoba!
16. Eusi tina teks biantara di luhur nyaeta…..
a. Pamuda mangrupa tihangna agama jeung bangsa.
b. Pamuda mangrupa generasi panerus bangsa.
c. Loba pamuda nu suksés di ieu bangsa alatan ngajauhan narkoba.
d. Generasi emas téh nyaéta generasi kajiret narkoba.
e. Pamuda lir kembang muguran saméméh mekar.
17. Struktur biantara anu nyampak dina biantara di luhur nyaéta ...
a. Sanduk-sanduk
b. Do’a
c. Salam Panutup
d. Bubuka
e. Kacindekan
US 2019/2020 6
18. Métodeu biantara ku cara nyiapkeun matéri kalayan taliti, saterusna dijadikeun catetan leutik anu eusina poko-
poko matéri anu rék ditepikeun dina biantara disebut….
a. Impromptu
b. Naskah
c. Ngapalkeun
d. Éktémporan
e. Nalar
19. Purwakanti dina kecap ngocor ngagolontor nyaéta dina...
a. Sora o
b. Sora r
c. Sora ng
d. Sora g
e. Sora m
20. Salah sahiji pancén panumbu catur,nyaéta…
a. Nepikeun masalah
b. Ngajawab pananya tina pamilon
c. Mantuan nulis
d. Ngawanohkeun dirina
e. Ngawanohkeun pangjéjér

Titénan ungkara di handap!


(1) Ngahaturanan pamilon nepikeun kamandang
(2) Bubuka
(3) Ngawanohkeun pangjejer
(4) Panutup
(5) Ngahaturanan nyarita ka pangjejer
(6) Nepikeun pamaksudan
21. Susunan runtuyan acara nu bener nyaéta....
a. (2), (1), (3), (5), (6), (4)
b. (2), (3), (6), (1), (5), (4)
c. (2), (6), (3), (1), (5), (4)
d. (2), (3), (6), (5), (1), (4)
e. (2), (6), (3), (5), (1), (4)

para pangjejer sareng pamilon anu ku sim kuring dipihormat

Sateuacan nincak kana acara nu salajengna supados teu disaha-saha, sim kuring seja nepangkeun para
pangjejer nu badé ngadugikeun kamandangna.

        Pangjejer nu kahiji nyaéta Drs. Arif Rahman Hakim, M.M., M.Pd. anu asalna ti Ciamis, bobor kaping 29
Fébruari 1956 mantenna mangrupikeun pangamat pendidikan ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Wilujeng énjing Bapa, hatur nuhun kana kasumpingana.

Anu kadua nyaéta Ibu Drs. Hj. Ayyi Arrasyid M.Pd.  anu asalna ti Lembang, Kabupaten Bandung Barat
boborna kaping 24 Désémber 1968 mantenna mangrupikeun guru anu kawilang sénior anu tangtuna parantos
ngaraoskeun parobihan-parobihan dina sistem pendidikan salila ieu. Wilujeng énjing Ibu, hatur nuhun kana
kasumpingannana

22. Sempalan téks panumbu catur di luhur mangrupa....


a. Nangtukeun waktu jeung aturan diskusi
b. Ngawanohkeun pangjejer jeung kasang tukangna
c. Méré waktu ka pangjejer pikeun medar matérina

US 2019/2020 7
d. Panuhun ka pangjejer jeung pamiarsa
e. Ngahaturanan pamilon pikeun nanya
23. Kumaha sadérék Angga puas kana waleran ti pangjejer?
Kecap puas di luhur kurang merenah, kecap nu merenah pikeun ngaganti kecap puas nyaéta...
a. Sugema
b. Wareg
c. Mupuas
d. Luyu
e. Merenah

SENDAL

Wanci subuh kuring rurusuhan, rada lumpat muru ka masigit. Heueuh wé solat subuh téh geus réngsé. Nya
kuring peuting teuing saréna, ngerjakeun pancén Basa Inggris jeung Matematika heula, jadi bisa saré téh jam
12.00. Bongan kuring talangké ngerjakeun pancén . Sakuduna mah geus réngsé ti minggu kamari. Ngan kuring
keur resep maén putsal jadi poho kana pancén sakola. Padahal wanci janari téh Ema geus ngaguguyah, tapi
kuring kalah ngaringkuk disimbut deui.
“Hén, énjing mah ulah kasiangan subuh nya.” Ceuk Apa bari asup ka jero imah. ”Muhun,Pa!” Ceuk kuring
halon. Isuk kénéh kuring indit ka sakola da sok leumpang ka sakola téh, sanajan motor aya, mobil aya, ngan apa
mah nyaram, “Can 17 taun ulah waka maké kendaraan, kudu boga SIM heula.” Kuring gé teu maksa hayang
mawa motor da sieun dirajia ku pulisi. Angger nu riweuh mah tangtu kolot sorangan mun enya karajia téh.
Di satengahing jalan, kuring ngarandeg aya budak lalaki, hideung, jangkung tapi leutik awakna mah, mun
sakola kira-kira kelas opat SD mamanggul karung asup ka imah pa RT . Teu kapikir rék nuturkeun éta budak,
da sieun kabeurangan sakola.
24. Kacindekan tina sempalan novel di luhur nyaéta....
a. Tokoh kuring kabeurangan ka masigit gara-gara resep maén putsal.
b. Tokoh kuring nempo budak lalaki.
c. Gara-gara resep maén games, tokoh kuring jadi kabeurangan.
d. Tokoh kuring embung dirajia pulisi.
e. Tokoh kuring boga kandaraan.
25. Palaku utama dina sempalan carpon di luhur nyaéta...
a. RT
b. Budak hideung
c. Kuring
d. Hendi
e. Mang haji
26. Carita pondok jeung novẻl kaasup kana sastra karya modẻrn nu niboga ciri wangunna lancaran (prosa), sifatna
naratif jeung fiktif, sarta eusina kaharti ku akal atawa rẻalistis. Najan kitu, carita pondok jeung novẻl tẻh miboga
pangbẻda nyaẻta….
a. Carita pondok mah leuwih komplẻks
b. Novẻl mah sẻtingna tunggal
c. Tokoh dina carita pondok mah kawatesan
d. Jangka waktu dina novẻl mah leuwih singget
e. Novẻl mah leuwih museurkeun panitẻnna dina hiji kajadian
Tengetan ungkara di handap!
(1) Ngaran lengkepna

(2) Tempat, tanggal, bulan jeung taun lahirna

(3) Kacindekan

(4) Kulawargana

(5) Bubuka

27. Nu kaasup kana unsur-unsur biografi nyaéta...


a. (1), (2), (3)
b. (1), (2), (4)
US 2019/2020 8
c. (1), (2), (5)
d. (2), (3), (4)
e. (2), (4), (5)

Si Jalak Harupat

Upama urang ulin di puseur kota Bandung, urang tangtu bakal manggihan jalan Otto Iskandardinata. Éta
jalan kebat ti mimiti gupernuran (Gedung Pakuan, imah dines gupernur) beulah kalér nepikeun ka hareupeun
lapang Tegalega, beulah kidul. Éta ngaran jalan téh pikeun pangéling-éling kana jasa-jasa Pa Otto
Iskandardinata dina masa jumenengna.
Otto Iskandardinata téh dilahirkeun di Bojongsoang, Dayeuh Kolot, tanggal 31 Maret 1897. Teureuh ménak
putra bangsawan ieu téh kasohor lébér wawanénna, teuneung ludeung dina nyanghareupan rupa-rupa perkara,
pangpangna pikeun ngabéla nasib rahayat.
Lalaki lalanang jagat ceuk babasan téa mah pipanteseun nyebut ka dirina téh. Malah dina mangsa bajoang
harita, Otto meunang julukan Si Jalak Harupat, kiwari éta jujuluk téh dipaké ngaran stadion méngbal kabubaten
Bandung. sugan waé ku dipakena éta ngaran, atlit anu tandang makalangan di éta stadion, pangpangna atlit
jawa Barat lébér wawanén jeung gesit dina nyanghareupan lawan-lawanna.
28. Sempalan biografi di luhur téh eusina ngeunaan….
a. Riwayat atikan Otto Iskandardinata
b. Riwayat kulawarga Otto Iskandardinata
c. Riwayat gumelar jeung jujulukna Otto Iskandardinata
d. Riwayat Kagaggahan Otto Iskandardinata
e. Riwayat Karya Otto Iskandardinata
Léngkah-léngkah nulis karangan pedaran di antarana:
1. Nyieun rangkay karangan
2. Mekarkeun karangan ku cara ngamekarkeun karangan ku cara ngamekarkeun rangkay anu geus ditulis
3. Ngumpulkeun bahan tuliseun
4. Nangtukeun téma
5. Nangtukeun tujuan tina tulisan
29. Susunan léngkah-léngkah ngarang pedaran nu bener nyaẻta….
a. 4,5,3,1,2
b. 2,3,4,5,1
c. 1,2,3,4,5
d. 4,5,1,2,3
e. 2,3,4,5,1
Sanggeus boga bekel bahan, tuluy éta bahan téh dipasing-pasing. Pilih mana nu penting, mana nu kudu ditulis
leuwih ti heula jeung mana nu dipandeurikeun. Ngan ulah poho, cokot bahan-bahan anu luyu jeung téma
karangan nu geus ditangtukeun.
30. Dumasar pedaran di luhur, éta ungkara téh kaasup kana léngkah...
a. Nangtukeun téma
b. Ngumpulkeun bahan
c. Nyieun rangkay karangan
d. Milah-milah bahan
e. Mekarkeun karangan

Tengetan pedaran di handap!

Ari ngurus orok jaman behula tangtu bakal béda jeung ayeuna nu sarwa lengkep jeung modéren.
Baheula mah éstu pakakasna gé sarwa basajan, boh pakakasna jeung cara ngurusna. Baheula mah réréana
nu ngalahirkeun diurusna ku paraji. Ayeuna mah ilaharna ku bidan atawa dokter, komo mun di rumah sakit
mah pakakasna gé meni sagala aya.
31. Kecap jeung dina sempalan pedaran di luhur mangrupa kecap panyambung. Kecap jeung leuwih merenah
saupama diganti ku kecap....
a. Tapi
b. Najan
c. Ku kituna
d. Sabab
e. Boh

US 2019/2020 9
Loba buku anu medar ngeunaan guru jeung hal-hal nu pakuat-kaitna jeung guru tapi ieu buku mah béda aya
sensasi anyar nu disuguhkeun ka pamaca nyaéta kolaborasi antara ngritik kaayaan pendidikan di Indonesia
jeung solusina nyaéta ngaliwatan guru-guru kreatif jeung inovatif. Paradigma anyar nu kudu dirobah nyaéta
nalika ngajar lain ngeusian ember kosong tapi ngahurungkeun seuneu nu geus nyampak dina diri siswa.
32. Sempalan résénsi di luhur mangrupa....
a. Idéntitas buku
b. Pamedal
c. Kahéngkéran buku
d. Kaonjoyan buku
e. Ihtisar buku
33. Drama tradisional Sunda anu pagunemana ditembangkeun disebut….
a. Longsér
b. Gending karesmén
c. Opera
d. Banjet
e. Téater

Demonstran
(Buruan kantor kacamatan, jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu tingkulunu, urang lembur bari
ting kecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna). Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya
ogé anu ngan dicalana sontog bari nyoréndang sarung, kawas nu teu kaburu disalin heula)
Alan : (Ngaharéwos) “Adit, komandoan!”
Adit : (luak-lieuk ngaharéwos) “Ngomandoan naon?”
Alan : “Na nya ari manéh! Ngomandoan ngagorowok! Pokona sagala anu kudu dikomandoan,
komandoan ku manéh!”
Adit : “Naon nu rék digorowokeunana?”
Adul : “Kieu wé atuh: Camaat, kaluar! Tah,kumaha mun kitu?” (Sarerea unggut –unggutan tanda
satuju. Adit maju ka hareup bari singkil)
Adit : “Hiji…..dua …..”
Alan : (Nempas) “Ulah gancang teuing, bisi teu bareng. Kumaha mun aya anu ngagorowok tiheula
kate
mpuhan?”
kemed : “Ah loba teuing aturan! Geura sok-sok kadinya, Dit!”
Adit : “Hijiiii….duaaaaaa…..tiluuuuuuuuuuuu”
34. Latar tempat dina sempalan drama di luhur nyaéta....
a. Di jero kantor kacamatan
b. Di kacamatan
c. Di imah camat
d. Di buruan kantor kacamatan
e. Di kantor
35. Watek Adit dina sempalan drama di luhur nyaéta….
a. Pinter
b. Bodo
c. Béréhan
d. Cur-cir
e. Éraan
36. Numutkeun strukturna, kalimah nu kaasup kana pituduh dina sempalan drama di luhur nyaéta…..
a. (luak-lieuk ngaharéwos)
b. “Ah loba teuing aturan! Geura sok-sok kadinya, Dit!”
c. “Kieu wé atuh: Camaat, kaluar! Tah,kumaha mun kitu?”
d. “Adit, komandoan!”
e. Ulah gancang teuing, bisi teu bareng.

US 2019/2020 10
37. Dumasar diagram di luhur, Déstara ka Kunti pernahna....
a. Adi lanceuk
b. Kapi lanceuk
c. Suan
d. Alo
e. Adi beuteung

Tengetan ungkara di handap!


(1) Nyieun rangkay karangan
(2) Nangtukeun téma
(3) Ngamekarkeun rangkay
(4) Éditing
(5) Ngumpulkeun bahan
38. Susunan léngkah-léngkah nulis artikel nu bener dumasar ungkara di luhur nyaéta...
a. (2), (5), (1), (3), (4)
b. (2), (1), (3), (5), (4)
c. (5), (2), (1), (3), (4)
d. (5), (1), (3), (2), (4)
e. (1), (3), (2), (5), (4)

Tengetan kalimah di handap!


1. Geus kawentar nagara urang mah ti baheula gé kaasup daérah agraris.
2. Tatar Jawa Barat gẻ kaasup daerah nu wargana ngandelkeun hasil bumi.
3. Pakasaban warga anu sapopoẻna ngandelkeun tina hasil bumi, sabangsaning paré, palawija, sayur-
sayuran,bungbuahan, jeung sajabana.
4. Baheula mah karawang kaasup lumbung padi.
39. Susunan nu merenah supaya jadi paragraf nu bener nyaéta...
a. 1,3,2,4
b. 2,3,4,5
c. 5,3,2,1
d. 1,3,2,4
e. 4,3,2,1

Bul kukus mendung ka manggung


Ka manggung neda papayung,
Ka déwata néda suka,
Ka pohaci neda suci,
Kuring rék di ajar ngidung,
Nya ngidung carita pantun,
Ngahudang carita wayang,
Nyilokakeun nyucruk laku,
US 2019/2020 11
Nyucruk laku anu bayu,
Mapay lampah anu baheula,

40. Sempalan rumpaka carita pantun di luhur kaasup kana bagéan....


a. Rajah pamuka
b. Rajah panutup
c. Narasi
d. Deskripsi
e. Papatunan

Uraian

1. Pék tarjamahkeun kalimah di handap!


Desi ingin pergi berwisata,tetapi ia harus belajar untuk ujian minggu depan.
Assàlamu’alaikumnWr.Wb
Bismillàhirohmaanirrohin
Bapak kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn anu ku simkuring
dimulyàkeun.
Puji sinàreng syukur uràng sanggahkeun kà gusti Allah nu mahà suci, màrgi urang sadayà tiasà kempel
dinà ieu acarà. Sholawat sinàreng salàm mugià dilimpahkeun kà junjungan àlam kànjeng Nabi Muhammàd
SAW. Mudàh-mudahàn dugi kà para sohabatnà, para tabii’n tug dugi kà urang sadayanà anu nganut kà
mantennà.
Bapak Ibu sàreng rerencangàn sadayanà perkawis kabersihàn ngarupakeun hiji hàl anu peryogi ku uràng
diperhàtoskeun, naon marginà? Kabersihàn ieu ngarupikeun hiji konci kahirupàn uràng di alam dunyà. Dimanà
urang bisà ngarawat kabersihan lingkungàn sakola atanapi lingkungàn rumah tanggi hartosnà urang tos
ngalaksanàkeun tina sabagian imàn. lamun dina hadistnà nyaeta: Anu hartinà: kabersihàn teh mangrupà bagean
tinà kaimanan.
Ku kitunà kawajiban urang salàku siswa kedah ngalàksanakeun kabersihan sakola. Lingkungàn sakola
bisa beresih làmun urang bisa ngajaganà. Ku kituna kabersihàn sakola kudu dipiarà kalawan sae. insyaalloh
uràng sadayana anu nempatàn ieu tempat bakàl sehat, tebih tinà panyakit anu datàng tina kotorna lingkungàn.
Sakitu wàe ti simkuring mugià aya manfaatna khususnà kà simkuring umumna kà urang sadayà. hapunten bilih
ayà kalepatàn sareng kakirangàn.

wabillàhi taufik wàl hidayah

2. Tuliskeun opat ciri nu nuduhkeun yén éta téks téh kaasup kana biantara!
3. Sisindiran di handap téh kaasup kana wangun naon?
a. Ka toko rék meuli kasét
Hanjakal meunang piriwit
Ka toko jeung nu kasép
Hanjakal teu boga duit
b. Samangka melak di tonggoh
Melak pala di nu bala
Tong waka boga kabogoh
Sakola tamatkeun heula

Dina adat Sunda nalika nikahkeun aya sababaraha adat nu dilaksanakeun boh ti saméméh prung nepi ka
réngséna dina poé nu geus ditangtukeun. Anapon runtuyaanana nyaéta neundeung omong atawa ngalagat,
narosan atawa ngalamar, seureuh euleus, seserahan, akad nikah, sungkem, nyawér, buka panto, huap
lingkung, munjungan, ngunduh mantu, jeung numbas.

US 2019/2020 12
4. Dumasar pedaran di luhur pék jelaskeun salasahiji runtuyan adat nikah nu ku hidep dipikanyaho!

RINGKESAN CARITA MAHABARATA


Prabu Pandu Dewanata téh hiji raja ti karajaan Astina. Anjeuna boga putra lima sadulur anu baris
katelah Pandawa Lima, anu dilahirkeun ti dua istrina nya eta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim. Éta Pandawa
Lima ti nu panggedéna nepi ka pangleutikna téh nya éta; Yudistira, Bima, Arjuna,
Nakula jeung Sadéwa. Yudistira boga ngaran kanyaah atawa ngaran leutikna nya
éta Puntadewa, Bima ngaran leutikna nya éta Séna, Arjunangaran leutikna téh Permadi, dilahirkeun ti
ibu Déwi Kunti. Sedeng Nakula nu boga ngaran leutik Punten,  jeung Sadéwa nu boga ngaran
leutikna Tangsen dilahirkeun ti ibu Déwi Madrim.
5. Pẻk ku hidep jieun silsilahna keluarga carita mahabarata dina wangun diagram !

US 2019/2020 13

Anda mungkin juga menyukai