Isuk isuk , uwa ker luntang lantung di lembur , ningali si amang keur mabok , tuluy di sampeurkeun
ku si uwa.
Uwa : Keur mabok nya sia mang ? eeeehhh , mabok naon eta siah?
Uwa : eeeyyyy Sia mah entong mabok atuh haram , teu baleg
Amang : Atuh da palarusing loba pikiran, jangar , ari maneh keur palarusing teu eta pikiran ?
Der didinya Aa jeung Dede mabok dua an , saberes minuman Aa jeung dede beak , maraneh na
lempang dua an , di jalan Aa jeung Dede nyimpang heula dina teras hareupeun imah batur , majar
teh istirahat da lieur lelmpangan wae , pas dina teras :
Uwa : Gusti meni indah eta bulan nya , buleud kitu caang .
Amang : Nahaon bulan timana sia mah , mabok sugan , matahari eta mah ,
Uwa : Mabok sia mah , geus peting ieu teh , bulan eta mah
Amang : Berang ieu teh lain peting steh , geus puguh matahari tempo atuh ,
Amang : Matahari
Uwa : Bulan
Amang : Matahari , ah heuras sia mah , tuh sok teu percaya mah tanya tah ka si eceu nu liwat ,
Eceu : Naon ?
Uwa : Dieu heula eceu , Cik itu pang nempokeun , ceuk eceu eta bulan apa matahari tuh ,
Eceu : Nahaon eta mah bohlam , Gelo marabok maraneh mah , ( Aa jeung dede di takol ku eceu )
Eceu : Hassssseuummm
Tamat ---------------------------------------------------------------------------------------------
Bangsat Amatir
Hiji waktu uwa panggih jeung amang ,
Amang : Aduh sia mah isuk – isuk geus menta udud , meli atuh
Uwa : Heeh ke geus boga duit mah meuli , sa pak ulah kagok.
Uwa : Heeh hese gawe teh pan ayeuna mah mang , kudu aya orang dalem wae,
Amang jeung uwa geus make topeng , maraneh na sing arajleng na pageur ek asup ka hiji imah ,
tuluy susulumputan ningali situasi ,
Amang : Sok buru sia asup , cokot teangan barang berharga , urang didieu ngamankeun situasi
Diluar amang ngadagoan bari waspada luak lieuk ningali situasi , teu lila Uwa kaluar mawa gemolan
jeung galon ,
Amang : piomongeun , heeh buru angkat eta kana tak tak eun , urg pangul (set di pangul)
Uwa : eh keheula , ieu pang ngangkat keun heula urg paangul kadieu (set di pangul)
Amang : Hor tong waka init ieu heula bantuan urang pangul (set di pangul)
Kitu tuluy bulak balik amang jeung uwa teu indit – indit , teu lila kaburu datang si eceu nu boga imah
di takol weh amang jeung uwa tepika nga goler ,
( Bari ngagoler )
Amang : sia da piompomgeum der mawa galon jadi kaburu kaburu kanyahoan ,, aaahhh haseum !!
Hiji waktu amang ningali uwa keur hulang huleng di pos , sorangan katingali uwa jiga keur palarusing
nyabakan sirah .
Uwa : Heeh pusing mang euy , urang di usir ku pamajikan , euh aing mah
Uwa : Urang tilu poe teu balik ka imah geus ulin jeung babaturan ,
Amang : nya pantes atuh di usir sia mah , meni tilu poe teu balik, ulin naon eta meni 3 poe
Amang : Aduh wa dangukeun nya , urang mah lain sing rek nga guruan , tapi dangukeun wa , urang
ari hirup geus rumah tangga mah tong sok di saruakeun jeung keur lengoh , urang teh kudu
boga tanggung jawab nga nafkahan anak pamjikan , kawajiban eta teh , arek naon atuh
urang ngawin anak batur ari ku urang teu di nafkahan sing bener mah karunya wa karunya ,
da pamajikan ge sarua jelema , boga perasaan boga hate , tong kitu – kitu deui kade nya wa
, sing setia ka pamajikan mah , balik ungal poe ka imah tingali pamajikan jeung budak , ulah
kamalinaan kana ulin teh da lain budak deui urang teh ,,, ( Reuwas ) , heeh sakitu heula nya
wa , rek aya perlu heula penting sakedap , hayu ah
Uwa : bieu mah init kaitu ek aya perlu cenah , nya aya naon kitu ceu ?
Eceu : belegug jelema teh , geus samingu teu balik – balik hayoh we nguseup pagawean na teh , di
usir siah mun balik , tempo keun
Nasihat kehidupan
Isuk – isuk Amang geus juet lieur pikiran na rudet panas otak na , ampir ampiran stress mikiran
ekonomi nu makin morosot ,
Amang : Gusti , atuh kudu kumaha deui abdi teh , kieu salah kitu salah , sing karunya ka abdi gusti ,
abdi alim ari kudu nekat ngalakukeun dosa ageung mah gusti , tulungan abdi ,
tangtayungan abdi gusti , kedah ka saha deui abdi nyuhungkeun tulung , kedah kumaha
deui abdi kapayuna gusti , paparinan abdi petunjuk gusti .
Teu lila aya jelema nyampeurkeun ka amang , bari mawa bungkusan , tuluy eta bungkusan di
asongkeun ka amang , di lieuk eta jelema senyum ka amang ,
Jelema : Iya iya , tong pusing kang nanggapi kahirupan mah , tong bingung , da pitulung mah pasti
aya wae , kade ulah putus asa ,
Amang : Tos pusing pisan abdi mah ku masalah ekonomi ieu teh , tos ampir gelo , stres abdi mah ,
duka kumaha abdi bieu mun si akang teu dongkap kadieu.
Jelema : Sabar , ulah sok mengikuti hawa nafsu , sing lapang hate na , ulah di tutup eta pikiran
buka keun , ameh urang bisa terbuka narima keun kana nasib urang , ameh urg bisa saetik
– saetik ngarubah kana nasib urang , teu ku urang mah di rubah na kusaha deui kang ,
Tuluy amang muka bungkusan anu tadi di bikeun , ternyata eusi na koran
Amang : Ceuk aing teh jelema bener , aing di papatahan ku nu gelo aaaaahhh haseum.