Anda di halaman 1dari 2

PANUMBU CATUR

Sawala Siswa

Nataharkeun Kagiatan Sakola

Laura : sababaraha urang pangurus OSIS SMAN 1 CARIU keur ngayaken sawala,para pamilon
sawla kacida daria.

Ari materi anu disawalakeunanan nyaeta ngeunaan kagiatan PORSAK (pekan olahraga dan seni
antarb Kelas) anu sakeudeng deui baris dilaksanakeun, Diana nu kapeto panumbu catur,pok
ngamimitian nyarita.

Rosdiana :"luyu rarancang awal poe ieu urang sawalakeun ngeunaan materi naon wae nu bakal
di pasanggirikeun dina kagiatan PORSAK (pekan olahraga dan seni antar
kelas) semester ayeuna saha nu rek nepikeun kamandang?"

Amel : " Materi olahraga mah geus we pertandingan futsal.mun materi seni,kumaha lamun
pasanggiri nembamgkeun pupuh."

Lia : " Sigana mun futsal mah leuwih cocok keur barudak lalaki,ari barudak awewe ma
kumaha?"

Amel : Yeuh,lalaki awewe ge bisa.Geura engke mun geus prungna,bakal leuwih rame nempo
barudak awewe.

Lia. : " Ahhh,urang mah teu satuju.Kumaha mun barudak awewe mah geus we pertandingan
voli ?"

Imas : " Muhun,Mel sigana alus keneh voli keur awewe mah."

Rosdiana:"kumaha,mel,cenah keur barudak awewe mah voli.sapuk hentei?"

Amel :" heug atuh,kitu hade urang mah sapuk,ari hayangna kitu mah."

Rosdiana:" Tah kitu lia,imas,amel ge sapuk mun keur barudak awewe mah pertandingan voli
wae.mun lalakina mah geus we futsal nya?"

Imas+lastri:"muhun,geus we lalaki mah futsal.ongkoh ayeuna teh loba pisan nu resep futsal
teh."

Rosdiana:" kumaha ari materi senina,naha setuju mun pasanggiri nembang pupuh cik,sugan
lastri boga ide.asa can mairan
Lastri : Teu pati apal tuda kana olahraga mah. Mun kana materi seni mah siap. Sigana ulah
pasanggiri nembangkeun pupuh bisi euweuh nu daptar.

Imas:"euweuh nu daftar kumaha ari lastri,apan unggal kelas wajib ngirimkeun wawakilna?"

Lastri : "Yéh ari imas, siga teu apal wae, apan teu unggal aya siswa nu bisa nembangkeun
pupuh. Apal ieuh nu bisa nembang pupuh teh keur ukur barudak nu aktif di ektrakurikuler LISES
wungkul. Tinimbang loba kelas nu teu ngirimkeun wawakilna, leuwih hade keur materi seni
mah pasanggiri ngadongeng we. Kumaha, sapuk henteu?"

Rosdiana:"cik kumaha tah mel,lia,imas,sapuk henteu mun materi seni mah pasanggiri
ngadongeng?"

Lia:mel "sapuk,lah!"

Amel:"muhun,komo urang mah teu bisa mupuh.sok silung wae.ngadongeng mah bisa
we,hahaha...

Rosdiana:"kumaha,imas setuju teu?"

Imas:"nya,teu nanaon atuh rek pasanggiri ngadongeng ge.nu penting mah materi seni teh kudu
diniatan ngamumule seni sunda."

Lastri: "ih, nya geus puguh atuh eta mah. Pan ieu gè pasanggiri ngadon- geng basa Sunda. Lain
lombar bercerita tusa indonésia atawa story telling basa Inggris Teu lila, Celengkeung Aris
nyarita. Nyindekkeun hasil salawa.

Rosdiana:" mun kitu mah urang cindekkeun we,yen dina acara PORSAK semester ayeuna mah
urang ngayakeun pertandingan futsal jeung pasanggiri ngadongeng."

Saenggeus sawala dianggap rengse,rosdiana nutup acara

Laura:kacindekan tina sawala nyaeta yen dina kagiatan PORSAK teh bakal diayakeun
pertandingan futsal jeung pasanggiri ngedongeng basa sunda.

Anda mungkin juga menyukai