Anda di halaman 1dari 10

1|DANGIANG SUNDA Vol.

4 No 1, JULI 2017

ULIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN MORAL


DINA KUMPULAN CARPON DUA WANOJA
KARYA CHYÉ RETTY ISNÉNDÉS
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP
Agung Cahya Nugraha1, Ruhaliah2, Ruswendi Permana3
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia
agung.cahyanugraha78@gmail.com, ruhaliah@upi.edu, ruswendi.permana@upi.edu

ABSTRAK

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun struktur carita, ajén moral,
jeung bahan pangajaran maca di SMP. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode
déskriptif analitik, sedengkeun pikeun ngumpulkeun data ngagunakeun téknik studi
pustaka jeung analisis data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta 15 carpon
karya Chye Retty Isnendes dina buku kumpulan carpon Dua Wanoja. Ieu hasil
panalungtikan di antarana: Kahiji struktur carita, téma anu nyangkaruk dina unggal
carpon diantarana pendidikan, agama, sosial, politik, jeung perjuangan; galur anu
digunakeun lolobana galur mérélé, tokoh anu dianalisis nya éta tokoh utama jeung
tokoh tambahan; latar anu kapanggih nya éta: latar tempat general jeung latar tempat
parsial, latar waktu absolut jeung latar waktu parsial; jeung latar sosial anu
ngawengku latar sosial kaum cacah, santana, jeung ménak; amanat: unggal carpon
miboga amanat anu bisa dijadikeun eunteung pikeun kahirupan. Kadua ajén moral,
aya 4 carpon anu indikatorna moral manusa ka pangéran, 6 carpon anu indikatorna
moral manusa ka dirina sorangan, 7 carpon anu indikatorna moral manusa ka papada
jalma, 1 carpon anu indikatorna moral manusa ka alam, 1 carpon anu indikatorna
moral manusa ka waktu, jeung 1 carpon anu indikatorna moral manusa dina ngudag
kapuasan lahiriah jeung batiniah. Katilu bahan pangajaran, saenggeus dipaluruh
struktur carita jeung ajén moral, aya 1 carpon anu luyu jeung kritéria bahan ajar ogé
bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca carpon di SMP kelas VIII. Ieu hasil
panalungtikan pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan aprésiasi karya sastra
hususna carpon, salaku salah sahiji karya sastra Sunda modern.

Kecap galeuh: struktur, ajén moral, kumpulan carpon Dua Wanoja, bahan pangajaran
maca.

1
Penulis Utama
2
Penulis Penanggung Jawab 1
3
Penulis Penanggung Jawab 2
AGUNG CAHYA NUGRAHA: ULIKAN STRUKTUR ... |2

ANALISIS STRUKTUR DAN NILAI MORAL


DALAM KUMPULAN CERPEN DUA WANOJA
KARYA CHYE RETTY ISNENDES
UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA DI SMP

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan: struktur cerita, nilai moral, dan
bahan pembelajaran membaca di SMP. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif
analitik, sedangkan untuk mengumpulkan data menggunakan teknik studi pustaka, dan
analisis data. Sumber data dalam penelitian ini yaitu 15 cerpen karya Chye Retty
Isnendes dalam buku kumpulan cerpen Dua Wanoja. Hasil penelitian ini di
antaranya: Pertama struktur cerita, tema yang ada dalam setiap cerpen diantaranya
tema pendidikan, agama, sosial, politik, dan perjuangan; alur yang banyak digunakan
yaitu alur maju, tokoh yang dianalisis yaitu tokoh utama dan tokoh tambahan; latar
yang ditemukan yaitu: latar tempat general dan latar tempat parsial, latar waktu
absolut dan latar waktu parsial, dan latar sosial yang mencakup kalangan bawah,
menengah, dan atas; amanat: setiap cerpen mempunyai amanat yang bisa dijadikan
cerminan kehidupan. Kedua nilai moral, ada 4 cerpen yang indikatornya moral
manusia dengan tuhan, 6 cerpen yang indikatornya manusia dengan dirinya sendiri, 7
cerpen yang indikatornya manusia dengan masyarakat, 1 cerpen yang indikatornya
manusia dengan alam, 1 cerpen yang indikatornya manusia dengan waktu, dan 1
cerpen yang indikatornya manusia dalam mengejar kepuasan lahiriah dan batiniah.
Ketiga bahan pembelajaran, setelah ditemukan struktur cerita dan nilai moral, ada 1
cerpen yang selaras dengan kriteria bahan pembelajaran dan bisa dipakai sebagai
bahan pembelajaran membaca cerpen di SMP kelas VIII. Hasil penelitian ini untuk
menambah ilmu pengetahuan mengenai apresiasi karya sastra khususnya cerpen,
sebagai salah satu karya sastra Sunda modern.

Kata Kunci: nilai moral, struktur, kumpulan cerpen Dua Wanoja, bahan
pembelajaran membaca.

THE ANALYSIS OF STRUCTURE AND MORAL


VALUES IN SHORT STORY COLLECTION: DUA
WANOJA BY CHYE RETTY ISNENDES FOR LEARNING
MATERIALS OF READING IN JUNIOR HIGH SCHOOL

ABSTRACT

The research aims to describe: the structure of stories, moral values, and learning
materials of reading in junior high school. The method used in this study was
descriptive analytic, while the data were collected by using literature review, and data
analysis. The sources of the data in this study were 15 short stories by Chye Retty
3|DANGIANG SUNDA Vol. 4 No 1, JULI 2017

Isnendes in the book of short story collection: Dua Wanoja. The results of this study,
those are: First structure of story, the themes existed in each short story were such as
education, religious, social, political, and struggle of hero; The plot mostly used were
progressive plot, the analyzed character were main character and additional
characters; The setting of the book found were: the setting of general and partial , the
setting of time were absolute and partial, and the social setting were lower, middle,
and upper classes; the message: every short stories have a message which can be a
reflection of life. Second moral values, there were 4 short stories which the indicator
reflect the connection between human and God, 6 short stories which the indicator
reflect the connection between human with himself or herself, 7 short stories which the
indicator reflect the connection between human with the society, 1 short story which
the indicator reflect the connection between human with nature, 1 short story which
indicator reflect the connection between human with time, and 1 short story which the
indicator tells about human to follow external satisfaction with inner satisfaction.
Third learning materials, once found the structure of stories and moral values, there
was 1 story which appropriate with the criteria of learning materials and it can be
used as learning material of reading in Junior High School in 7th grade. The results
were to enrich knowledge in appreciation of literary works, especially short stories, as
one of the works of modern Sundanese literature.

Keywords: moral value, structure, collection of Two Wanoja short stories, reading
learning materials.

Sastra téh hiji karya anu miboga ajén atawa nu sok disebut carpon nya éta
éstétika, sarta di jerona nyangkaruk ajaran- wangun karangan prosa naratif jeung fiktif
ajaran ngeunaan kahirupan. Wellek jeung anu caritana mundel jeung langsung kana
Warren (dina Kurniawan, 2012, kc. 1) tujuan. Cindekna, carpon nya éta karya
nyebutkeun yén sastra téh minangka karya sastra anu umumna pondok, méré
imajinatif anu mediana basa, sarta miboga gambaran nu tajam jeung jelas sarta
ajén éstétika anu dominan. Imajinasi jeung ngahontal efek tunggal ogé ka nu maca.
éstétika mangrupa konsép dasar tina seni Minangka karya prosa fiksi anu
anu sipatna personal, sedengkeun basa pondok, carpon miboga struktur carita nu
mangrupa média dina karya sastra pikeun tangtu, lian ti éta minangka gambaran tina
nepikeunana. Lantaran ngagunakeun basa kahirupan. Dina salah sahiji kumpulan
salaku médiana, karya sastra béda jeung carpon, nya éta kumpulan carpon Dua
karya-karya seni séjénna. Wanoja karya Chyé Rétty Isnéndés anu di
Karya sastra téh miboga tilu wangun, jerona nyampak ajén-inajén kahirupan di
nya éta prosa, puisi, jeung drama. Carpon antarana waé, ajén moral. struktur jeung
kaasup kana karya sastra wangun prosa. ajén moral dina carpon moal kapanggih
Dina carpon jumlah kajadian caritana lamun teu diguar atawa ditalungtik. Ku
henteu réa; museur kana hiji kajadian jeung kituna, panalungtikan kana carpon nu
palakuna ukur dua atawa tilu urang. ngaguar ngeunaan struktur jeung ajén
Sumardjo jeung Saini K.M (1988, kc. 31) moral masih perlu dilaksanakeun.
nyebutkeun yén ciri hakiki carpon nya éta Panalungtikan ngeunaan ajén moral
untuk memberikan gambaran yang tajam dina karya sastra, kungsi dilaksanakeun
dan jelas, dalam bentuk yang tunggal, utuh, diantarana “Ajén Moral dina Kumpulan
dan mencapai efek tunggal pula pada Carpon Paguneman Jeung Fir’aon Karya
pembaca. Nurutkeun Nuraliawati (2014, Usép Romli H. M. pikeun Bahan
kc. 63) nu nétélakeun yén carita pondok Pangajaran Maca Carpon di SMP Kelas
AGUNG CAHYA NUGRAHA: ULIKAN STRUKTUR ... |4

VIII” ku Angga Kusumah Sudrajat (2016). unsur-unsur nu ngawangun karya sastra


Bédana ieu panalungtikan jeung téh aya tilu, nya éta téma carita, fakta
panalungtikan saacanna nya éta dina tiori carita; plot jeung pengeplotan, tokoh jeung
anu digunakeun pikeun nganalisis ajén penokohan, setting atawa kasang tukang,
moral. Dina panalungtikanna, Angga jeung sarana carita; judul, tilikan
Kusumah Sudrajat nganalisis ajén moral pangarang/ point of view, gaya carita/style,
ngagunakeun tiori nu ditétélakeun ku jeung humor, tiori ajén moral anu
Suséno (dina Budiningsih, 2013, kc. 24) ditétélakeun ku Warnaen spk. (dina
kecap moral nyoko kana hade-goréngna hiji Sudaryat, 2015, kc. 126) yén moral téh
jalma minangka manusa, ku kituna widang kabagi jadi genep bagian, nu ngawengku:
moral téh minangka widang kahirupan (1) moral manusa ka pangéran (MP), (2)
manusa ditilik tina kahadéanana salaku moral manusa ka dirina sorangan (MMDS),
manusa. Norma-norma moral dijadikeun (3) moral manusa ka papada jalma
tinimbangan nu dipaké ku masarakat (MMPJ), (4) moral manusa ka alam
pikeun ngukur kahadéan hiji jalma. (MMA), (5) moral manusa ka waktu
Sedengkeun dina ieu panalungtikan, (MMW), jeung (6) moral manusa dina
panalungtik ngagunakeun tiori ajén moral ngudag kapuasan lahiriah jeung batiniah
nu ditétélakeun ku Warnaen spk. (dina (MMLB) jeung tiori pangajaran maca maké
Sudaryat, 2015, kc. 126) yén moral téh tiori anu ditétélakeun ku Nasution (dina
kabagi jadi genep bagian, nu ngawengku: Haerudin & Kosim Kardana, 2013, kc. 77)
(1) moral manusa ka pangéran (MP), (2) cara milih bahan téh pohara diperlukeunana
moral manusa ka dirina sorangan (MMDS), lantaran pangajaran nu saéstuna moal bisa
(3) moral manusa ka papada jalma kalaksanakeun kalawan hadé lamun
(MMPJ), (4) moral manusa ka alam sakabéh bahan nu diajarkeun téh tanpa
(MMA), (5) moral manusa ka waktu wates wangen. Ku kituna, guru kudu milih
(MMW), jeung (6) moral manusa dina bahan, mana bahan nu perlu diajarkeun
ngudag kapuasan lahiriah jeung batiniah jeung mana nu teu perlu diajarkeun luyu
(MMLB). jeung tujuan nu hayang kahontal. Bahan
Dumasar kasang tukang, ieu kudu dipilih dumasar kana lima hal, nya éta
panalungtikan dipuseurkeun kana ulikan (1) tujuan anu hayang kahontal, (2)
struktur jeung ajén moral dina kumpulan dianggap miboga ajén pikeun kahirupan
carpon Dua Wanoja karya Chyé Rétty manusa, (3) dianggap miboga ajén
Isnéndés dina struktur caritana. Ieu minangka warisan entragan saméméhna,
panalungtikan bisa dijadikeun salah sahiji (4) aya gunana pikeun ngawasa hiji
alternatif pikeun milih bahan pangajaran paélmuan, jeung (5) luyu jeung kabutuhan
maca di sakola. Dumasar pedaran di luhur katut minat murid, jeung nurutkeun,
ieu panalungtikan dirumuskeun dina judul: Rohmanto (dina Gusmayanti, 2012, kc. 36)
“Ulikan Struktur jeung Ajén Moral dina nétélakeun aspék-aspék anu kudu
Kumpulan Carpon Dua Wanoja Karya diperhatikeun dina milih bahan pangajaran
Chyé Rétty Isnéndés pikeun Bahan sastra nya éta 1) basa, 2) psikologi, jeung
Pangajaran Maca di SMP”. 3) kasang tukang budaya.
Panalungtikan ngeunaan ulikan Tiori-tiori éta anu ku panalungtik
struktur jeung ajén moral pikeun bahan dijadikeun péso dina ieu panalungtikan
pangajaran maca di SMP anu ngagunakeun sangkan bisa medar hasil ngeunaan ulikan
buku kumpulan carpon Dua Wanoja struktur jeung ajén moral dina buku
minangka objék panalungtikanana acan kumpulan carpon Dua Wanoja karya Chyé
aya. Tiori nu dipaké dina ieu panalungtikan Rétty Isnéndés pikeun bahan pangajaran
nya éta tiori struktur anu ditétélakeun ku maca di SMP.
Stanton (dina Isnendes, 2010, kc. 9) yén
5|DANGIANG SUNDA Vol. 4 No 1, JULI 2017

“Katumbiri Nutug Leuwi”, carpon “Rakéan


Sumur Tangtu Mandala Timur”, carpon
MÉTODE PANALUNGTIKAN “Isukan Rék Diwisuda”, carpon “Néng
Métode panalungtikan anu dipaké ku Adang, Brigade Citarum Bayangan”,
nu nalungtik nya éta cara, léngkah-léngkah carpon “Ilsa Siéta”, carpon “Nu Unggut
sistematis anu digunakeun pikeun Kalinduan”, carpon “Percaya ka Kembang
ngumpulkeun data, nganalisis data, Bungur”, jeung carpon “Asih Kembang
napsirkeun jeung nyindekkeun hasil Jambu”.
panalungtikan. Métode anu digunakeun nya Pikeun ngajawab pasualan dina data di
éta métode déskriptif analitik. Métode luhur, ieu di handap dipedar ngeunaan
déskriptif analitik dilakukeun ku cara struktur, ajén moral, jeung bahan ajar.
ngadéskripsikeun fakta-fakta atawa data-
data anu satuluyna dianalisis (Ratna, 2013, Struktur
kc. 53). Tujuan tina ieu métode nya éta Dina nganalisis struktur ieu carpon
ngadéskripsikeun jeung ngajelaskeun panalungtik nyoko kana cara nuliskeun
gambaran sistematis ngeunaan sumber data analisis tiori Stanton (dina Isnendes, 2010
anu ditalungtik ku nu nalungtik. Éta hal kc. 9) nétélakeun yén unsur-unsur nu
dipedar dina desain panalungtikan nu ngawangun karya sastra téh aya tilu, nya
hartina gambaran umum ngeunaan éta téma carita, fakta carita; plot jeung
panalungtikan nu mangrupa prosés dina pengeplotan, tokoh jeung penokohan,
ngalaksanakeun panalungtikan. Saperti, setting atawa kasang tukang, jeung sarana
ngarumuskeun masalah, ngumpulkeun data, carita; judul, tilikan pangarang/ point of
ngolah data hasil panalungtikan, nyieun view, gaya carita/style, jeung humor.
kacindekan, jeung nyusun laporan. Dumasar data anu ditalungtik,
Dina ngumpulkeun data ieu kapaluruh strukturna aya lima, nya éta
panalungtikan, nu nalungtik ngagunakeun téma, galur, tokoh jeung panokohan, latar,
téknik studi pustaka. Téknik studi pustaka jeung amanat.
digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu
rék dianalisis ku cara nalaah sababaraha Téma
pustaka sangkan bisa neuleuman tiori-tiori Tina 15 carpon nu ditalungtik, kabéh
nu aya pakaitanna jeung garapan miboga téma anu béda-béda. Téma anu
panalungtikan. Objék dina ieu digunakeun nya éta pendidikan, agama,
panalungtikan nya éta buku kumpulan sosial, politik jeung perjuangan. Rata-rata
carpon Dua Wanoja karya Chyé Rétty téma dina unggal carpon nya éta mangrupa
Isnéndés. Data nu rék dikumpulkeun téma sosial. Téma pendidikan nyangkaruk
mangrupa data nu saluyu jeung tujuan nu dina carpon “Katumbiri Nutug leuwi”,
hayang dihontal. “Isukan Rék Diwisuda” jeung “Ilsa Siéta”.
Téma agama nyangkaruk dina carpon
HASIL JEUNG PEDARAN “Malaikat jeung Spongbob”, “Nu Unggut
Kumpulan carpon Dua Wanoja karya Kalinduan” jeung “Percaya ka Kembang
Chyé Rétty Isnéndés kabéhanna aya 15 Bungur”. Téma sosial nyangkaruk dina
judul carpon, 15 judul carpon éta carpon “Dua Wanoja”, “Dongéng Démo di
kabéhanna dianalisis. Judul-judul carponna Hiji Pabrik”, “Kembang Eurih Stasion
nya éta carpon “Dua Wanoja”, carpon Gombong”, “Ambara Tresna”, “Kukupu
“Dongéng Démo di Hiji Pabrik”, carpon Hiber dina Beus”, “Rakéan Sumur Tangtu
“Indung”, carpon “Kembang Eurih Stasion Mandala Timur”, “Isukan Rék Diwisuda”
Gombong”, carpon “Malaikat jeung jeung “Asih Kembang Jambu”. Téma
Spongbob”, carpon “Ambara Tresna”, politik nyangkaruk dina carpon “Indung”.
carpon “Kukupu Hiber dina Beus”, carpon Téma perjuangan nyangkaruk dina carpon
AGUNG CAHYA NUGRAHA: ULIKAN STRUKTUR ... |6

“Néng Adang, Brigade Citarum waktu ogé dibédakeun jadi dua nya éta
Bayangan”. waktu durasi (lilana) jeung waktu
Galur titimangsa. Latar sosial unggal carpon
Galur anu digunakeun aya tilu nya éta lolobana nuduhkeun bébédaan antara kaum
galur mérélé, mobok tengah jeung mundur cacah (handap), kaum Santana (menengah)
(flashback). Carpon anu ngahunakeun galur jeung kaum ménak. Dina ieu panalungtikan
mérélé nya éta “Dua Wanoja”, “Malaikat ogé dipedar ngeunaan hubungan antar
jeung Spongbob”, “Katumbiri Nutug unsur dina carita. Hubungan antar unsur
Leuwi”, “Néng Adang, Brigade Citarum anu dipedar dina unggal carpon nya éta
Bayangan”, “Nu Unggut Kalinduan” jeung hubungan: (1) téma jeung galur, (2) téma
“Percaya ka Kembang Bungur”. Carpon jeung tokoh jeung penokohan, (3) téma
anu ngagunakeun galur mobok tengah nya jeung latar, (4) galur jeung tokoh jeung
éta “Dongéng Démo Hiji Pabrik”, penokohan, (5) galur jeung latar, (6) tokoh
“Indung”, “Kembang Eurih Stasion jeung penokohan jeung latar. Tina runtuyan
Gombong”, “Ambara Tresna” jeung anu panjang jeung analitis, bisa
“Kukupu Hiber dina Beus”. Carpon anu dicindekkeun yén hubungan antar unsur
ngagunakeun galur mundur (flashback) nya dina unggal carita raket patalina, sarta
éta “Rakéan Sumur Tangtu Mandala mangrupa (hubungan sebab akibat).
Timur”, “Isukan Rék Diwisuda”, “Ilsa Sakabéh carpon dina buku kumpulan
Siéta" jeung “Asih Kembang Jambu”. carpon Dua Wanoja mangrupa carpon anu
medar sakabéh aspék kahirupan anu
Tokoh jeung Panokohan universal luyu jeung kaayaan jaman.
Dina ieu carpon katitén aya 63 tokoh,
16 salaku tokoh utama jeung 47 tokoh Amanat
salaku tokoh tambahan boh anu ngalalakon Amanat anu nyangkaruk dina carpon
boh anu kacaritakeun ku tokohna atawa “Dua Wanoja” nya éta urang jeung
kacaritakeun saliwat. Dina unggal carpon babaturan kudu silih tulungan, ulah
rata-rata kacaritakeun aya sababaraha tokoh mindeng paséa, sabab dina hubungan
anu miboga pangkat atawa jalma nu babaturan téh kudu rukun. Amanat anu
miboga wibawa, saperti tokoh Indung dina nyangkaruk dina carpon “Dongéng Démo
carpon “Indung”, jeung Néng Adang dina di Hiji Pabrik” nya éta nagara urang téh
carpon “Néng Adang’ Brigade Citarum ngiblat kana landasan dasar pancasila jeung
Bayangan”. Watek tokoh anu kagambar lambang garuda nu ngajungjung Bhineka
dina unggal carpon kapanggih kucara Tunggal Ika, sakabéh suku kudu
niténan tingkah laku jeung karakterna dina disaruakeun teu bisa dibéda-béda, malah
carita kahirupanana. mah miboga Ham anu sarua. Amanat anu
nyangkaruk dina carpon “Indung” nya éta
Latar dina nyokot kaputusan urang ulah asal
Saenggeus dianalisis latar anu gancang-gancang kudu dipikiran heula alus
kapanggih dina unggal carpon nya éta latar atawa goréngna éta kaputusan, kudu nepi
tempat, latar waktu jeung latar sosial. Latar ka asak méh teu hanjakal nalika geus
disaluyukeun jeung téma tur galur dina nyokot kaputusanna. Amanat anu
unggal caritana. Latar tempat general dina nyangkaruk dina carpon “Kembang Eurih
unggal carpon rata-rata aya di perkotaan, Stasion Gombong” nya éta urang kudu
sedengkeun latar parsial béda-béda. Latar sumanget dina néangan rejeki ulah ningali
waktu anu aya dina unggal carpon ogé aya saeutik atawa gedé éta penghasilan, kudu
anu nuduhkeun latar waktu anu tangtu sukuran, jeung nu penting bisa nyukupan
(absolute) aya ogé anu nuduhkeun latar pikeun kahirupan. Amanat anu nyangkaruk
waktu nu teu tangtu (parsial) jeung latar dina carpon “Malaikat jeung Spongbob”
7|DANGIANG SUNDA Vol. 4 No 1, JULI 2017

nya éta urang kudu mikayaah kanu ngarana geus dianut jeung ngabalukarkeun urang
budak, sabab budak téh titipan ti Alloh, dimusuhan ku batur. Amanat anu
terus kudu mapatahan bebeneran ka budak nyangkaruk dina carpon “Percaya ka
ulah mapatahan nu teu bener. Tur kudu Kembang Bungur” nya éta urang kudu
dipapagahan ngeunaan élmu agamana. wanoh kana pasangan urang ulah nepi ka
Amanat anu nyangkaruk dina carpon kabawa atawa kajerumuskeun kana
“Ambara Tresna” nya éta urang kudu pergaulan anu negatif pasangan urang.
mikanyaah ka ngarana awéwé, sabab Amanat anu nyangkaruk dina carpon “Asih
awéwé téh bakal jadi indung ti budak- Kembang Jambu” nya éta dina ngabina hiji
budak urang jeung sorga gé ayana di keluarga urang ngarana jodo moal kamana
handap suku kolot awéwé. Amanat anu sanajan umur geus tengah tuwuh nu
nyangkaruk dina carpon “Kukupu Hiber ngarana jodo mah bakal nyampeurkeun.
dina Beus” nya éta nu ngarana kolot ulah
ngekang kahayang budak sabab budak téh Ajén Moral
titipan. Jadi, kudu di pikanyaah ulah Ajén moral anu nyangkaruk dina ieu
dikekang kahayangna sabab bakal kumpulan carpon bisa dilarapkeun pikeun
ngalawan. Amanat anu nyangkaruk dina bahan pangajaran, kitu ogé carpon-
carpon “Katumbiri Nutug leuwi” nya éta carponna aya sababaraha nu bisa
ulah nginget-nginget pangalaman nu geus dilarapkeun aya ogé nu teu bisa, ku sabab
kaliwat sabab bisa ngaganggu kana aya kekecapan dina carpon anu teu saluyu
kahirupan tur moal bisa fokus kana jang tingkatan siswa jeung siswi
kahirupan sorangan. Can tantu anu ku SMP/MTs. Dina nganalisis ajén moral
urang diinget-inget bakal miboga rasa nu panalungtik ngagunakeun tiori Warnaen
sarua. Amanat anu nyangkaruk dina carpon spk, (dina Sudaryat, 2015, kc. 126)
“Rakéan Sumur Tangtu Mandala Timur” nétélakeun yén moral téh kabagi jadi genep
nya éta kudu bisa ngabédakeun atawa bagian, nu ngawengku: (1) moral manusa
ngajaga hubungan sosial antara ka salaki ka pangéran (MP), (2) moral manusa ka
jeung ka batur, najan deukeut tapi tong nepi dirina sorangan (MMDS), (3) moral
ka ngarugikeun diri sorangan. Amanat anu manusa ka papada jalma (MMPJ), (4)
nyangkaruk dina carpon “Isukan Rék moral manusa ka alam (MMA), (5) moral
Diwisuda” nya éta sanajan geus manusa ka waktu (MMW), jeung (6) moral
nguciwakeun jeung teu dipercaya ku nu manusa dina ngudag kapuasan lahiriah
ngarana kolot sabisa bisa urang kudu bisa jeung batiniah (MMLB). Carpon “Dua
malikeun deui kapercayaan kolot ku cara Wanoja” kaasup kana ajén moral manusa
ngabuktikeun urang téh bisa ngalakukeun ka dirina sorangan jeung moral manusa ka
hiji hal nu nyieun kolot bungah. Amanat papada jalma. Carpon “Dongéng Démo di
anu nyangkaruk dina carpon “Néng Adang, Hiji Pabrik” kaasup kana ajén moral
Brigade Citarum Bayangan” nya éta urang manusa ka papada jalma. Carpon “Indung”
kudu mageuhkeun haté ulah jadi jalma nu kaasup kana ajén moral manusa ka dirina
hianat kabatur, kudu bisa ogé neguhkeun sorangan. Carpon “Kembang Eurih Station
pamadegan. Amanat anu nyangkaruk dina Gombong” kaasup kana ajén moral manusa
carpon “Ilsa Siéta” nya éta kudu milah- ka papada jalma jeung moral manusa dina
milah ajén inajén nu bisa di terap keun dina ngudag kapuasan lahiriah jeung batiniah.
kahirupan urang sangkan luyu jeung situasi Carpon “Malaikat jeung Spongbob” kaasup
atawa kondisi moral jeung budaya kana ajén moral manusa ka pangéran.
masarakat. Amanat anu nyangkaruk dina Carpon “Ambara Tresna” kaasup kana ajén
carpon “Nu Unggut Kalinduan” nya éta moral manusa ka dirina sorangan. Carpon
ulah kapoékan ku urusan duniawi nepi ka “Kukupu Hiber dina Beus” kaasup kana
kudu kaluar kana kayakinan nu ku urag ajén moral manusa ka dirina sorangan.
AGUNG CAHYA NUGRAHA: ULIKAN STRUKTUR ... |8

Carpon “Katumbiri Nutug Leuwi” kaasup basa, 2) psikologi, jeung 3) kasang tukang
kana ajén moral manusa ka papada jalma budaya.
jeung moral manusa ka alam. Carpon Tina limabelas carpon aya hiji anu
“Rakéan Sumur Tangtu Mandala Timur” kapilih pikeun bahan pangajaran nya éta
kaasup kana ajén moral manusa ka carpon “Malaikat jeung Spongbob”,
pangéran jeung moral manusa ka dirina sangkan bisa dilarapkeun kana bahan
sorangan. Carpon “Isukan Rék Diwisuda” pangajaran ku kituna aya sababaraha
kaasup kana ajén moral manusa ka léngkah nu kudu dihontal ku siswa, éta
pangéran. Carpon “Néng Adang, Brigade léngkah téh saluyu jeung Kompetensi
Citarum Bayangan” kaasup kana ajén Dasar (KD) pikeun pangajaran di SMP ogé
moral manusa ka pangéran jeung moral sarua jeung Rencana Pelaksanaan
manusa ka papada jalma. Carpon “Ilsa Pembelajaran (RPP) saperti ieu di handap.
Siéta” kaasup kana ajén moral manusa ka
dirina sorangan. Carpon “Nu Unggut
Kalinduan” kaasup kana ajén moral manusa KOMPETENSI DASAR
ka papada jalma. Carpon “Percaya ka 8.1.1 Menghargai, menghayati dan mensyukuri
Kembang Bungur” kaasup kana ajén moral
moral manusa ka waktu. Carpon “Asih bahasa Sunda sebagai anugrah Tuhan Yang
Kembang Jambu” kaasup kana ajén moral Maha Esa sebagai sarana komunikasi melalui
manusa ka papada jalma. rumpaka kawih, guguritan, sisindiran,

Bahan Pangajaran bahasan, carpon, surat, warta dan biantara.


Carpon anu bisa dilarapkeun kana 8.2.1 Menunjukan prilaku jujur, tanggung jawab,
bahan pangajaran kudu miboga
percaya diri, peduli, dan santun dalam
karakteristik nu saluyu jeung merenah
pikeun siswa jeung siswi di SMP saperti menggunakan bahasa Sunda untuk memahami
dina panalungtikan Haerudin 2011, luyu rumpaka kawih, guguritan, sisindiran dan
dina hal basa jeung caritana. Nurutkeun
Nasution (dina Haerudin & Kosim carpon.
Kardana, 2013, kc. 77) cara milih bahan téh
8.3.8 Mengidentifikasi dan menganalisis carpon
pohara diperlukeunana lantaran pangajaran
sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
nu saéstuna moal bisa kalaksanakeun
kalawan hadé lamun sakabéh bahan nu 8.4.8 Menanggapi dan menyusun teks carpon
diajarkeun téh tanpa wates wangen. Ku dengan memperhatikan kaidah-kaidahnya.
kituna, guru kudu milih bahan, mana bahan
nu perlu diajarkeun jeung mana nu teu
perlu diajarkeun luyu jeung tujuan nu
hayang kahontal. Bahan kudu dipilih Hasil panalungtikan ngeunaan hal-hal
dumasar kana lima hal, nya éta (1) tujuan anu kudu dilakukeun dina milih bahan
anu hayang kahontal, (2) dianggap miboga pangajaran di luhur, saluyu jeung hasil
ajén pikeun kahirupan manusa, (3) panalungtikan Fazrini (2015, hal. 4) nu
dianggap miboga ajén minangka warisan nétélakeun hal-hal anu kudu diperhatikeun
entragan saméméhna, (4) aya gunana dina nyusun bahan ajar nu saluyu jeung
pikeun ngawasa hiji paélmuan, jeung (5) tuntutan kompetensi anu kudu dihontal ku
luyu jeung kabutuhan katut minat murid, siswa nya éta saperti ieu di handap.
jeung nurutkeun, Rohmanto (dina 1. Analisis KIKD
Gusmayanti, 2012, kc. 36) nétélakeun Hartina, dilakukeun pikeun nangtukeun
aspék-aspék anu kudu diperhatikeun dina kompetensi-kompetensi naon waé anu
milih bahan pangajaran sastra nya éta 1) dibutuhkeun bahan ajar. Tina hasil analisis
9|DANGIANG SUNDA Vol. 4 No 1, JULI 2017

bisa kapanggih bahan ajar naon waé anu jeung kaum ménak; 6) amanat, unggal
kudu ditataharkeun salila sasemester. carpon nu aya dina kumpulan carpon Dua
2. Analisis Sumber Ajar Wanoja nyangkaruk manat anu bisa
Hartina, ayana kasaluyuan jeung dijadikeun eunteung atawa gambaran
gampangna dina ngamangpaatkeun ku cara pikeun kahirupan di masarakat.
ngainventaris sumber ajar nu aya patalina Ajén moral anu nyangkaruk dina
jeung kabutuhan. kumpulan carpon Dua Wanoja anu
3. Milih jeung Nangtukeun Bahan Ajar kapaluruh nya éta aya 4 carpon anu
Maksudna, pikeun nyumponan salah indikatorna moral manusa ka pangéran
sahiji kritéria yén bahan ajar kudu bisa (MP), 6 carpon anu indikatorna moral
ngirut siswa dina diajarna, bisa mecahkeun manusa ka dirina sorangan (MMDS), 7
masalah siswa dina ngahontal kompetensi. carpon anu indikatorna moral manusa ka
Akhirna bahan ajar dijieun saluyu jeung papada jalma (MMPJ), 1 carpon anu
kebutuh ogé pikeun nyaluyukeun jeung KD indikatorna moral manusa ka alam (MMA),
nu bakal dihontal ku siswa. 1 carpon anu indikatorna moral manusa ka
waktu (MMW), jeung 1 carpon anu
KACINDEKAN indikatorna moral manusa dina ngudag
Ieu panalungtikan miboga tujuan kapuasan lahiriah jeung batiniah (MMLB).
pikeun medar ngeunaan sakabéh eusi anu Sanggeus 15 judul carpon dina
aya dina kumpulan carpon Dua Wanoja kumpulan carpon Dua Wanoja ditalungtik,
karya Chyé Rétty Isnéndés, ku cara nilik kana struktur jeung ajén moral, ngan
ngadéskripsikeun ngaliwatan ulikan aya 1 carpon nya éta carpon “Malaikat
struktural jeung ajén moral, kalayan jeung Spongbob” anu luyu jeung bisa
dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca dipaké bahan pangajaran maca carpon di
di SMP kelas VIII. SMP kelas VIII, lantaran nyumponan kana
Carpon anu dianalisis téh nya éta 15 kritéria bahan pangajaran.
judul carpon. Struktur carpon anu
kapaluruh nya éta 1) téma, kapaluruh PUSTAKA
témana nya éta pendidikan, agama, sosial, Budiningsih, C. A. (2013). Pembelajaran
politik jeung perjuangan; 2) Galur, Moral. Jakarta: PT Rineka Cipta.
kapaluruh galurna nya éta galur mérélé, Fazrini, D. L. (2015). Bahan Ajar Pidato
mobok tengah jeung mundur (flashback); dalam Buku Teks Bahasa Sunda
3) tokoh jeung panokohan, kapaluruh aya (Analisis Gradasi Materi Ajar serta
63 tokoh, 16 salaku tokoh utama jeung 47 Relevansinya dalam Kurikulum
tokoh salaku tokoh tambahan boh anu 2013) (Jurnal Lokabasa Vol. 6, No.
ngalalakon boh anu kacaritakeun ku 2). Bandung: DPBD FPBS UPI.
tokohna atawa kacaritakeun saliwat; 5) Gusmayanti, Y. (2012). “Ajén Moral dina
latar, kapaluruh latar dina ieu carpon nya Dongéng-Dongéng Pakidulan
éta latar tempat, latar waktu jeung latar Garut pikeun Bahan Pangajaran di
sosial. Latar tempatna aya nu nuduhkeun Sakola (Ulikan Struktur-Sémiotik)”.
latar tempat general jeung parsial. Latar Skripsi Sarjana FPBS UPI
waktu aya anu nuduhkeun latar waktu anu Bandung: Universitas Pendidikan
tangtu (absolute) aya ogé anu nuduhkeun Indonesia.
latar waktu nu teu tangtu (parsial) jeung Haerudin, D & Kardana, K. (2013).
latar waktu ogé dibédakeun jadi dua nya éta Panganteur Talaah Buku Ajar.
waktu durasi (lilana) jeung waktu Bandung: Jurusan Pendidikan
titimangsa. Latar sosial unggal carpon Bahasa Daerah FPBS UPI.
lolobana nuduhkeun bébédaan antara kaum
cacah (handap), kaum Santana (menengah)
A G U N G C A H Y A N U G R A H A : U L I K A N S T R U K T U R . . . | 10

Isnendes, R. (2010). Teori Sastra. Sudaryat, Y. (2015). Wawasan Kasundaan.


Bandung: Jurusan Pendidikan Bandung: FKIP-UPI.
Bahasa Daerah FPBS UPI. Sudrajat, A. K. (2016). “Ajén Moral dina
Kurniawan, H. (2012). Teori, metode, dan Kumpulan Carpon Paguneman
aplikasi sosiologi sastra. jeung Fir’aon Karya Usép Romli
Yogyakarta: Graha Ilmu. H.M. pikeun Bahan Pangajaran
Nuraliawati. (2014). Kepribadian Manusia Maca di SMP Kelas VIII”. Skripsi
Sunda dalam Kumpulan Cerita Sarjana FPBS UPI Bandung:
Pendek Tahun 1950-an sampai Universitas Pendidikan Indonesia.
Tahun 2000-an (Jurnal Lokabasa Sumardjo, J. & Saini K.M. (1988).
Vol. 5, No. 1). Bandung: DPBD Apresiasi Kesusastraan. Jakarta:
FPBS UPI. PT. Gramedia.
Ratna, N. K. (2013). Teori, Metode, dan
Teknik Penelitian Sastra.
Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Anda mungkin juga menyukai