Anda di halaman 1dari 2

Nomor : 134

Jumat Ka 3, Agustus 2023


NGUATAN KAMERDEKAAN KU IMAN SARENG TAQWA

‫َد اَل َش ِر َك َل اْل َنـَّز ِن اِجْل ِم َّيِة اِجْل ِة‬ ‫ِن‬ ‫ِلّٰل ِه ِل ِك‬
‫ْي ُه ُم ُه َع ْس َو َه‬ ‫ َأْش َه ُد َأْن اَّل ِإلََه ِإاَّل اُهلل َو ْح ُه‬، ‫اَلَْحْم ُد اْلَم ال َّد َّيا‬
‫ِذ‬ ‫ِن‬ ‫ِن‬
‫ َو َأْش َه ُد َأَّن َس ِّيَدَنا َحُمَّم ًد ا َعْب ُد ُه َو َرُس ْو ُلُه اَّل ْي َك اَن ُخ ُلُق ُه اْلُق ْر آَن َو الَّص اَل ُة َو الَّس اَل ُم‬، ‫َو الَّز َم ا َو اْلَم َك ا‬
‫َفَي ا ِعَب اَد اِهلل َف إيِّن‬: ‫ َأَّم ا َبْع ُد‬. ‫ َو َعَلى آِلِه َو َص ْح ِبِه َو َتاِبِعْي ِه َعَلى َم ِّر الَّز َم اِن‬، ‫َعَلى َحُمَّم ٍد َس ِّيِد َو َل ِد َع ْدَناَن‬
‫ِن ِج ِا ِذ‬ ‫ِب ِهلل ِم‬ ‫ِهلل ِن ِئ ِك ِبِه ِن‬ ‫ِس ِب‬ ‫ِص‬
‫ َّن اَّل ْي‬: ‫ اْلَق ا ِل يِف َتا اْلُق ْر آ َاُع ْو ُذ ا َن الَّش ْس َطا ال َّر ْيِم‬، ‫ُأْو ْيُك ْم َو َنْف ي َتْق َو ى ا اَملَّنا‬
– ‫َفَر َض َعَلْي َك اْلُق ْر آَن َل َر اُّدَك ِاىَل َمَع اٍد قلى ُق ْل َّر ْيِّب َاْع َلُم َمْن َج اَء ِباُهْلَد ى َو َمْن ُه َو ْيِف َض اَل ٍل ُّم ِبٍنْي‬
85 : ‫َاْلَق َصُص‬
Jamaah Jum’at Rahikumullah !.
Puji sinareng sukur kagungan Gusti Allah SWT, anu parantos maparin ni’mat Islam,
iman, kasehatan sareng kasempetan sahingga dugika danget ayeuna urang masih dipasihan
yuswa panjang sareng tiasa ngalaksanakeun ibadah kalayan tenang. Henteu sadaya jalmi
umat Islam, tiasa ngalaksanakeun ibadah kalayan tengtrem kumargi kondisi sareng kaayaan
lingkungan anu henteu ngadukung kanggo ngalaksanakeun tugas utami manusa di dunya.
Supados kualitas ibadah anu ku urang dilaksanakeun tiasa sukses sacara maksimal,
tangtos katentreman sareng kaamanan dina ibadah janten faktor anu penting.
Ngalaksanakeun ibadah ka Allah SWT, teu cekap ku iman wungkul. Iman anu kuat kedah
dirojong ku kaayaan kaamanan lingkungan supados ibadah tiasa dilaksanakeun sacara
khusyu sareng tuma`ninah. Alhamdulillah, Walhamdulillah, Tsumma Alhamdulillah, Urang,
Bangsa Indonesia tiasa ngaraoskeun kumaha usaha-usaha kanggo teras-terasan ningkatkeun
kaimanan sareng kataqwaan ka Allah SWT jalaran dirojong ku lingkungan sareng nagara anu
aman, tebih tina konflik anu ngaganggu ngalaksanakeun ibadah.
Ieu sadaya, kedah disyukuran sareng kedah teras dipertahankeun. Ulah dugika
nyapirakeun ngalalaworakeun anugrah anu akhirna kanikmatan dicabut ku Allah sahingga
ibadah urang dikungkung ku kasieun sarta kariweuhan. Ku tetep syukur sareng ngajaga
kaamanan sareng katengtreman, Ing Syaa Allah urang sadaya kalebet kana golongan jalmi-
jalmi pinter syukur sarta kanikmatanna bakal teras ditambih ku Gusti Allah SWT. Pidawuh
Mantenna Anu Maha Suci:
‫ِا‬ ‫ِا‬
‫َو ْذ َتَاَّذَن َر ُّبُك ْم َلِٕى ْن َش َك ْر ْمُت َاَلِز ْيَد َّنُك ْم َو َلِٕى ْن َك َف ْر ْمُت َّن َعَذ اْيِب َلَش ِد ْيٌد‬
Hartosna: “ Jeung {sing inget} nalika Pangeran aranjeun cumeluk: ‘ Satemenna lamun
aranjeun muji syukur, tangtu Kami bakal nambahan {kurnia} ka aranjeun, jeung lamun
aranjeun kufur {nikmat Kami}, nya satemenna siksaan Kami kacida peurihna”. {QS.
Ibrahim: 7}.
Jamaah Jum'ah, Rahikumullah !.
Tangtangan kanggo ngajaga katengtreman sareng kaamanan tangtosna henteu
gampang. Utamana dina jaman kamajuan teknologi anu nyababkeun gancangna arus
informasi kiwari. Salian ti mangpaat pikeun hal-hal anu positip, gampangna nyebarkeun
informasi dina jaman digital oge rawan diselewengkeun pikeun mangaruhan pamahaman
masarakat dina ngagem agama sareng kabangsaan. Teu ngagunakeun pakarang jeung
kakuatan fisik dina narajang jeung ngagerakkeun jalmi pikeun dipangaruhan, tapi
propaganda, adu domba, ngalangkungan internet, utamina media sosial, terus dilakukeukeun
kanggo nebihkeun masyarakat tina pola hirup agama jeung nagara anu tos diwariskeun ku
para pendiri bangsa.
Sumanget cinta ka ibu pertiwi kedah teras digedurkeun di alam nyata sareng di alam
maya. Cariosan hikmah:

‫ُّب اْل َطِن ِم اِإْل َمْياِن‬


‫َن‬ ‫ُح َو‬
Hartosna : “ Ari Cinta ka ibu pertiwi teh sabagian tina iman ”.
Urang kedah mikacinta tanah air {lemah cai} sakumaha conto ti Rosul anu ngemutan
urang sadaya kanggo salawasna cinta nagara nyalira. Nalika kanjeng Nabi SAW hijrah ti
Mekah ka Madinah, sadugina di Juhfah Mantenna sanget mikasono miharep tiasa mulih deui
ka Mekah, lemah cai, kampung halaman Mantenna. Nya Gusti Allah ngalungsurkeun Ayat
85 dina QS Al-Qosos anu pihartoseunna: “ Saestuna Pangeran anu ngawajibkeun ka
Anjeun{nyiarkeun} Qur`an teh tangtu bakal mulangkeun Anjeun ka tempat
pangbalikan{ nyaeta Mekah } “. Ieu minangka janji Allah ka Kanjeng Nabi SAW yen
mantenna bakal mulih deui ka Mekah.{ Tafsir Al-Jalalen-Fi Asbabinnuzul, Juz 2, halaman
31-32 }.
Kumaha bae oge, lemah cai teh mangrupikeun tempat anu teu pernah hilap dina
kahirupan hiji jalmi. Babagi usaha dilaksanakeun ku jalmi-jalmi anu tos ngumbara tebih
miharep tiasa mulih deui lemah cai. Lemah cai mangrupi tempat anu paling dipikasono, ku
kituna peryogi dijaga kaamanan sareng kamerdikaanna margi seueur kenangan endah anu teu
miharep janten rusak ku perkara-perkara anu teu sae. Kumargi kitu urang kedah ngeusian
kamerdikaan ieu ku hal-hal anu positif luyu sareng jabatan kadudukan sareng profesi urang
masing-masing.
Urang teu kenging janten jalmi anu teu terang bahasa “ NGANUHUNKEUN” sareng
janten jalmi anu hilap kana sajarah kumaha ieu bangsa diadegkeun. Ulah dugi ka urang jadi
jalmi anu malah ngaruksak kadamaian sareng katengtreman ieu. Urang, bangsa Indonesia
kedah nguatan tekad sangkan ulah jadi jalmi anu kaduhung kumargi ceroboh dina miara
sareng mempertahankeun kamerdekaan sareng kaamanan nagara. Urang tiasa diajar tina
kasus nagara-nagara sanes, sapertos di Timur Tengah, anu ayeuna masih katarajang ku
seueur konflik sareng perang sahingga ibadah oge sesah.
Mudah-mudahan kamerdekaan anu parantos dihontal ku bangsa Indonesia ieu ku
urang tiasa dipertahankeun dilestarikeun sahingga kaamanan teras-terasan tiasa karaoskeun
anu ngabuahkeun ningkatna iman sareng taqwa ka Allah SWT. Aamiin!

‫ِم ِع اْل ِلِم اْل ِل اِت ِاَّن اْلَغُف الَّر ِح‬


‫ُم‬ ‫ْي‬ ‫ُه ُه َو ْو ُر‬ ‫َباَر َك اُهلل ْيِل َو َلُك ْم َو َجِل ْي ُمْس َنْي َو ُمْس َم‬
Khutbah II
‫ِق‬ ‫ِبِه‬ ‫ِه‬ ‫ٍد‬ ‫ِد‬ ‫ِل ِه‬
‫ َو َعَلى آلِ َو َأْص َح ا َأْه ِل الِّص ْد َو‬.‫اْلُم ْص َطَف ى‬. ‫ َو ُأَص ِّلْي َو ُأَس ِّلُم َعَلى َس ِّي َنا َحُمَّم‬. ‫َاَحْلْم ُد َّل َو َك َف ى‬
‫ َأَّم ا َبْع ُد َفَي ا‬. ‫ َأْش َه ُد َأْن اَّل إلََه ِإاَّل اُهلل َو ْح َد ُه اَل َش ِر ْيَك َلُه َو َأْش َه ُد َأَّن َس ِّيَدَنا َحُمَّم ًد ا َعْبُد ُه َو َرُسْو ُلُه‬. ‫اْلَو َفاِء‬
‫ َالَّل َّم اْغ ِف ِلْل ِلِم اْل ِل اِت‬. ‫َأُّي ا اْل ِل َن ُأ ِص ُك ْف ِس ِب ْق ى اِهلل اْل ِل اْل ِظ ِم‬
‫ْر ُمْس َنْي َو ُمْس َم‬ ‫ُه‬ ‫َع ِّي َع ْي‬ ‫َه ُمْس ُمْو ْو ْي ْم َو َن ْي َت َو‬
‫ِت‬ ‫ِء ِم‬ ‫ِم ِت‬ ‫ِمِن‬
‫ َالَّلُه َّم اْد َف ْع َعَّن ا اْلَباَل َء َو اْلَغاَل َء َو اْلَو َب اَء َو اْلَف ْح َش اَء‬. ‫واْلُم ْؤ َنْي َو اْلُم ْؤ َن ا اَأْلْح َي ا ْنُه ْم َو اَأْلْم َو ا‬
‫َو اْلُم ْنَك َر َو اْلَبْغَي َو الُّس ُيْو َف اْلُم ْخ َتِلَف َة َو الَّش َد اِئَد َو اْلِم َح َن َم ا َظَه َر ِم ْنَه ا َو َم ا َبَطَن ِم ْن َبَل ِد َنا َه َذ ا َخ اَّص ًة‬
‫ِم ِب‬ ‫ٍء ِد‬ ‫ِإ‬ ‫ِلِم‬ ‫ِن‬ ‫ِم‬
‫ َر َّبَن ا اْفَتْح َبْيَنَن ا َو َبَنْي َقْو َن ا ْاَحلقِّ َو َأْنَت َخ ْيُر‬. ‫َو ْن ُبْل َد ا اْلُمْس َنْي َعاَّم ًة َّنَك َعَلى ُك ِّل َش ْي َق ْيٌر‬
‫ َر َّبَن ا آِتَن ا يِف ال ُّد ْنَيا َح َنًة يِف ْاآلِخ ِة َح َنًة ِقَن ا َع َذ اَب الَّن اِر َاْد ِخ ْلَن ا اَجْلَّن َة َم َع اَأْلْب اِر‬. ‫ْالَف اِحِت َنْي‬
‫َر‬ ‫َو‬ ‫َر َس َو‬ ‫َس َو‬
‫ِم‬ ‫ِل ِه‬ ‫ِمِح‬ ‫ِت‬
‫ِبَر َمْح َك َيا َاْر َح َم الَر ا َنْي َو اَحْلْم ُد َّل َر ِّب اْلَعاَل َنْي‬

Anda mungkin juga menyukai