Anda di halaman 1dari 2

Nomor : 139

Jumat Ka 5, September 2023


HIKMAH MIEMUT KALAHIRAN KANJENG NABI MUHAMMAD SAW

‫ِا ِا‬ ‫ِن ِة ِاْل ِن ِاْل‬ ‫ِل ِه ِذ‬


‫ َاْش َه ُد َاْن اَّل َلَه اَّل اُهلل َو ْح َد ُه اَل َش ِر ْيَك َلُه‬. ‫َاَحْلْم ُد َّل اَّل ْي َاْنَعَم َعَلْيَنا ِب ْع َم ا َمْيا َو ا ْس َالِم‬
‫ِد‬ ‫ِد‬ ‫ِل‬
‫ َالَّلُه َّم َص ِّل‬. ‫اْلَم ُك اَحْلُّق اْلُم ِبُنْي َو َاْش َه ُد َاَّن َس ِّيَدَنا َو َنِبَّيَنا َحُمَّم ًد ا َعْبُد ُه َو َرُسْو ُلُه َص ا ُق اْلَو ْع اَأْلِم ُنْي‬
‫ َاَّما َبْع ُد َفَيا ِعَباَد اِهلل ِاَّتُقْو ا اَهلل َح َّق ُتَق اِتِه َو اَل‬. ‫َو َس ِّلْم َعَلى َس ِّيِد َنا َحُمَّم ٍد َو َعَلى آِلِه َو َاْص َح اِبِه َاَمْجِعَنْي‬
‫ِل‬ ‫ٍد‬ ‫ِن ِج‬ ‫ِب ِهلل ِم‬ ‫ِل‬ ‫ِا‬
‫ َم ا َك اَن َحُمَّم ٌد َاَبا َاَح ِّم ْن ِّر َج ا ُك ْم َو‬:‫ َاُعْو ُذ ا َن الَّش ْيَطا الَّر ْيم‬. ‫ُمَتْو ُتَّن اَّل َو َاْنُتْم ُمْس ُمْو ن‬
‫اَل ِكْن َّر ُسْو َل اِهلل َو َخ اَمَت الَّنِبِّيَنْي قلى َو َك اَن اُهلل ِبُك ِّل َش ْيٍئ َعِلْيًم ا‬
Hartosna :" Ari Muhammad teh lain bapana salahsaurang lalaki ti antara aranjeun, tapi
Rasulullah jeung pamungkasna Nabi-nabi, jeung Allah salawasna uninga kana sagala
perkara". { QS. Al- Ahzab, ayat 40 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Taat sareng mikacinta ka Rasulullah SAW teh wajib hukumna. Taat kana parentah di
dieu, sanes wae wajib ngalakonan mangrupi piwarangan, tapi oge anu mangrupi panyegah
Mantenna, dina hartos nebihan naon rupi anu dilarang.
Rupi-rupi kagiatan Kaislaman dina raraga miemut dibabarkeunana Jungjunan Alam
Kangjeng Nabi Muhammad SAW s kasakseni sareng kabandungan di saban tempat. Mudah-
mudahan ieu kagiatan jadi wasilah tiasa mageuhan tatali batin urang kanggo istiqomah,
pengkuh dina kapancegan tauhid ka Gusti Allah sareng panceg dina galur papagon nu
dicandak ku Kangjeng Rasulullah SAW. Mieling kalahiran Kangjeng Rasul, tangtos seueur
hikmahna, di antarana, urang salaku muslim memang sawadina terus diajar tur manut sarta
mikacinta ka Mantenna. Margi, upami tos ngancik dina hate rasa cinta tangtos ajaran-ajaran
Islam nu jadi papagon hirup urang kumelendang di alam dunya, bakal jadi turus
pisalameteun.
Kanjeng Nabi SAW nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad, Mantenna ngadawuh :
‫ِاَمَّنا ِعْث ُاِلِّمَت َك اِر اَاْل َالِق‬
‫ُب ُت َم َم َم ْخ‬
“ Saestuna kawula diutus pikeun nyampurnakeun akhlak anu mulya “.{ HR. Ahmad sareng
Baehaqi}.
Ngalangkungan sifat-sifat akhlak Rasul anu siddiq, amanah, fatonah sareng tabligh,
sagemlengna kadah jadi papagon hirup. Ku kituna, Ahlak Rasulullah teu kawatesan mung
jadi conto pikeun kaum muslimin wungkul, tapi oge pikeun manusa di sakuliah dunya.

Hadirin, Rahimakumullah !.
Dugika jaman ayeuna, masih seueur golongan nu masih cangcaya ka Nabi
Muhammad SAW salaku khotamin nabiyyiin, panutup para Nabi sareng Rasul Allah. Masih
aya wae jalmi anu ngaku-ngaku jadi Nabi Allah oge seueur jalmi-jalmi anu mercayana.
Margi kitu, cocog pisan, upama dina sasih ieu maheutkeun deui gerakan da’wah nu
dipatalikeun sareng kamulyaan Kangjeng Rasulullah SAW, Anjeunna panutup sadaya Nabi
sareng Rasul Allah. Naon margina seueur para ulama kapungkur, ngawariskeun acara
muludan. Singhoreng, bakal seueur jalmi dina jaman ka payun nu bakal teu percaya kana jati
diri Kanjeng Rasul SAW salaku Nabi Allah anu panutup, nu nyandak pituduh kanggo hirup
dialam dunya, malah dugika aya jalmi-jalmi anu wantun ngaku-ngaku jadi Nabi saotos
Kanjeng Nabi SAW.
Mudah-mudahan ku ayana miemut paringetan maulid Nabi SAW maoskeun sajarah
kahirupan Mantenna tiasa dijadikeun pamiangan deui, kanggo ngarengsekeun masalah-
masalah nu aya patalina sareng pamahaman ajaran agama.
Diantawis sikep Kanjeng Rasulullah Muhamma SAW anu kedah jadi conto atanapi
panutan sakumna manusa, khususna ummat Islam nyaeta: Kahiji, dina cariosanana.
Rasulullah SAW tara nyarios dina perkara nu teu perlu. Cariosan Rasulullah SAW gampil
kahartos. Nu kadua, dina padamelanana. Cariosan jeung padamelanana tara patojaiah. Teu
wungkul pinter dina nyarios capetang dina basa, tapi oge leres-leres dilaksanakeun. Nalika
Rasul nganjurkeun sangkan manusa kedah sae kapapada manusa, Rasulullah masihan conto
ti payun. Kitu deui upami Rasul nyarek kana anu dilarang, Rasul maparin conto ku jalan teu
ngalakonan naon-naon anu dicaram. Katilu, dina akhlak sareng tingkah lakuna. Ku mulya-
mulyana Akhlak Rasululloh SAW, Mantenna kenging pujian ti Gusti Allah SWT, sakumaha
dina surat Al-Qolam ayat 4 dina bubuka khutbah tadi diluhur.
Ku kituna, dina mayunan mangsa kiwari saparantosna mieling lahirna Kanjeng
Rasulullah SAW, masing jadi eunteung kanggo kaum muslimin, yen Rasulullah salaku
pamingpin dunya dugika akherat tos sakedahna jadi papagon sangkan urang mampuh
ngalampahkeun hirup anu jujur, amanah, fatonah sareng wantun tableg nyaeta ngadugikeun
naon nu leres naon nu lepat numutkeun syareat Islam. Pasipatan jalmi-jalmi nu tetep dina
jalan haq bakal dipiharep ku kaum nu ariman. Sabalikna jalmi-jalmi bakal bendu ka jalmi nu
ngagaduhan sifat beungeut nyanghareup ati mungkir, tukang bohong sareng nipu. Mudah-
mudahan urang sadaya salawasna kenging hidayah sareng pitulung Allah SWT. kanggo
panceg ngamulyakeun sareng ngalaksanakeun sadaya aturan agama Islam nu dicandak ku
Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Aamiin
‫ِم ِل‬ ‫ِل ِت ِا‬ ‫ِلِم‬ ‫ِم‬
‫َباَر َك اُهلل ْيِل َو َلُك ْم َو َجِل ْيِع اْلُمْس َنْي َو اْلُمْس َم ا َّنُه ُه َو الَّس ْيُع اْلَع ْيُم‬
KHUTBAH KA DUA

‫ِا ِا‬ ‫ِك ِال ِل‬ ‫ِل‬ ‫ِل ِه‬


‫ َاْش َه ُد َاْن اَّل َلَه اَّل اُهلل َو ْح َد ُه اَل َش ِر ْيَك َلُه‬. ‫ َاْلُم َنَّز ِه َعِن الِّش ِر َو ْا ْم َثا‬. ‫َاَحْلْم ُد ّل اْلَك ِبرْي اْلُم َتَعا‬
. ‫ َو َاْش َه ُد َاَّن َس ِّيَدَنا َو َنِبَّيَنا َحُمَّم ًد ا َعْبُد ُه َو َرُسْو ُلُه‬. ‫َش َه اَدًة ُتْص ِلُح اْلَق ْلَب َو الِّلَس اَن ِم ْن َفَس اِد ْاَألْع َم اِل‬
‫ َاَّلِذْي َطَّه َر اُهلل َظاِه ًر ا َّو َباِط ًنا‬. ‫ َالَّلُه َّم َص ِّل َو َس ِّلْم َعَلى َس ِّيِد َنا َحُمَّم ٍد‬. ‫َاَّلِذ ْي َبَنَّي ُاِلَّم ِتِه اَحْلَر اَم َو اَحْلَالَل‬
‫ َاَّما َبْع ُد َفَيا ِعَباَد اِهلل ِاَّتُقْو ا اَهلل َو َز ِّيُنْو ا‬. ‫ َو َعَلى آِلِه َو َصْح ِبِه ِباْلُغُد ِّو َو ْاَآلَص اِل‬. ‫َّو ْص َف َه َفْو َق َم ا ُيَق اُل‬
‫ َالَّل َّم اْغ ِف ِلْل ِلِم اْل ِل اِت اْل ْؤ ِمِن اْل ْؤ ِم َناِت ْاَأل اِء ِم‬. ‫َا ُف ُك َمِب اِس ِن ْاَأل اِل‬
‫ْم‬ ‫ُه‬‫ْن‬ ‫ْح َي‬ ‫ُه ْر ُمْس َنْي َو ُمْس َم َو ُم َنْي َو ُم‬ ‫ْح َو‬ ‫ْن َس ْم َح‬
‫ِم‬ ‫ِم ِا‬ ‫ِغ‬ ‫ِا‬ ‫ِت‬
‫ َر َّبَنا َتَق َّبْل َّنا َّنَك َاْنَت الَّس ْيُع‬. ‫ َالّلُه َّم َّنا َنْس َئُلَك اُهْلَد ى َو الُّتَق ى َو اْلَعَف اَف َو اْل ىَن‬. ‫َو ْاَألْم َو ا‬
‫ِق‬ ‫ِخ‬ ‫ِت‬ ‫ِح‬ ‫ِا‬ ‫ِل‬
‫اْلَع ْيُم َو ُتْب َعَلْيَنا َّنَك َاْنَت الَّتَّو اُب الَّر ْيُم َر َّبَنا آ َنا ىِف الُّد ْنَيا َح َس َنًة َّو ىِف ْاآل َر ِة َح َس َنًة َّو َنا َعَذ اَب‬
‫ َو َاْد ِخ ْلَنا اَجْلَّنَة َمَع اَأْلْبَر اِر ِبَر َمْحِتَك َيا َاْر َح َم الَر اِمِح َنْي َو اَحْلْم ُد ِلَّلِه َر ِّب‬. ‫الَناِر‬

Anda mungkin juga menyukai