Anda di halaman 1dari 5

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Takbir 9x

‫َاهلل َّأْك َبْر َكِبْيَرا َواْلَحْم ُد ِللِه َكِثْيًر ا َوُس ْب َح اَن هللا ُبْك َرًة َوَأِص ْي اًل اَل إَلَه إاَّل الُلُه َوْح َدُه َصَد َق َوْع َدُه َوَنَصَر َع ْب َدُه‬
‫َوَأَع َّز ُج ْنَدُه‬
‫َوَه َزَم اَأْلْح َزْاَب َوْح َدُه‬

‫َاْلَحْم ُد ِللِه َر ِّب اْلَع اَلِم ْيَن َواْلَع ا ِقَبُة ِلْلُمَّتِق ْيَن َواَل ُع ْد َوْاَن ِإاَّل َع َلى اْلَّظاِلِم ْيَن َأْش َه ُد َأْن ِاَل اَلَه ِإاَّل ُهللا َاْلَم ِلُك‬
‫اْلَح ُّق اْلُم ِبْيَن َوَأْش َه ُد َأَّن ُمَحَّم ًد ا َع ْبُد ُه َوَرُس ْو ُلُه َصاِدُق‬
‫اْلَوْع ِد اَأْل ِم ْيَن َالَّلُهَّم َصِّل َع َلى َس ِّيِدَنا ُمَحَّم ٍد َوَع َلى َأِلِه َوَصْح ِبِه َأْج َم ِع ْيَن َاَّم ا َبْع ُد‬

‫َفَياَأُّيَه ا اْلَح اِض ُر ْو َن ُأْو ِص ْي ُك ْم َوِإَّياَي ِبَتْق َوى ِهللا َفَق ْد َف اَزاْلُمَّتُق ْو َن َق اَل ُهللا َتَع َلى ِفْى اْلُق ْر َأِن اْلَكِرْيِم َأُع ْو ُذ ِباِهلل‬
‫ِم َن الَّش ْيَطاِن الَّرِج ْي ِم‬
‫ِبْس ِم ِهللا الَّرْح َم ِن الَّرِح ْي ِم‬

‫َف َأِقْم َوْج َهَك ِللِّد يِن َح ِنيًفا ِفْطَرَت ِهللا اَّلِتي َفَطَر الَّن اَس َع َلْيَه ا َالَتْب ِد يَل ِلَخ ْلِق ِهللا َذِلَك الِّد يُن اْلَق ِّيُم َوَلِكَّن‬
‫َأْك َثَر الَّن اِس َالَيْع َلُم وَن‬

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!


Hadirin Sidang ied Rahimakumullah!

Sugrining puji anu sampruna, sareng pangalem sagemlengna, eta tetep kagungan Allah Swt., anu
mikawelas ka abdi-abdina anu ngaluhurkeun darajat jalma anu bakti ka Anjeuna.

Shalawat kalih salam anu utami, muga tetep ka pang afdhal-afdhalna jalmi, Nabi terakhir Rasul
panutup, anu kaceluk ka awun-awun kakocap ka janabria, Nabi Muhammad Saw., ka
kulawargina, ka sahabatna, katut ka sadaya umatna anu taat tumut kana ajaran mantena.

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh!

Muji Syukur kanu Maha Agung, Alhamdulillâh urang tiasa tepang deui sareng Idul Fitri tahun
ieu, sab’ada nagalaksanakeun shaum kalih ibadah-ibadah sanesna dina sasasih lamina. Pamugi
sanes kanten ibadah urang kenging ganjaran anu berlipat ganda mungguhing Allah Swt..

Naon atuh ari Idul Fitri teh?

Îd hartosna balik Fitri hartosna kasucian. Janten, Idul Fitri hartosna balik kana kasucian.
Kasucian anu mana? Kasucian anu sifatna azaliyah. Sabab, sadaya jalma anu kumelenang di
alam dunya asalna suci. Allah Swt. kantos naros ka urang di zaman azali; “Alastu birobbikum;
Naha ari Kaula teh lain pangeran aranjeun?”. Urang sadaya ngajawab: “Balâ Syahidnâ;
Kantenan, abdi sadaya nyaksi, Gusti teh Pangeran Abdi”.
Singketna, Idul Fitri teh balik kana fithrah azali, madep ka Allah. Henteu lanca-linci luncat
mulang udar tina tali gadang. Naon margina? Sabab Allah marentahkeun supaya urang istiqomah
madep kalayan balik ka Allah Swt. Dawuhan Alloh dina Surat Ar-Rûm [30] ayat 30:

‫ّٰل‬ ‫ّٰل‬
‫َفَاِقْم َوْج َهَك ِللِّد ْيِن َح ِنْي ًف ۗا ِفْطَرَت ال ِه اَّلِتْي َفَطَر الَّن اَس َع َلْيَه ۗا اَل َتْب ِد ْيَل ِلَخ ْلِق ال ِه ٰۗذ ِلَك الِّد ْيُن اْلَق ِّيُۙم َوٰل ِكَّن‬
‫َاْك َثَر الَّن اِس اَل َيْع َلُم ْو َۙن‬

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh!

Naon anu dimaksad Fithrah dina ayat eta? Allah dina ayat eta keneh ngajelaskeun, ‫ذلك الدين‬
‫ القيم‬dzâlikad dînul qayyimu; hartosna agama anu ajeg, agama anu lurus. Janten atuh simpulna,
Idul Fitri teh hakekatna balik kana aturan agama Allah Swt. Jadi naon wae urang, pakasaban
naon wae nu digarap ku urang, sadayana luyu akur sareng aturan agama Allah. Agama anu
diwangun ku tilu rukun; nyaeta Imân, Islâm, kalih Ihsân. Atuh lamun kitu mah, Idul Fitri nuntut
ka urang sadaya supaya janten jalmi Mu’min, Muslim, kalih Muhsin.

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh!

Sapalih ulama Tashowwuf ngamaknaan Idul Fitri janten tilu makna. Hiji, i’âdatul jasad min al-
ma’shiyyati ilâ ath-thâ’ati. Balikna jasad urang tina maksiat kana thoat. Naon ari maksiat? Secara
bahasa, maksiat hartosna al-khurûju ‘anith tho’ati wa mukhâlafatul amri. Kaluar tina thoat sareng
sulaya tina parentah.

Numutkeun Dr. Ali Jum’ah, ulama ahli Ushul Fikih, maksiat teh timbul tina sifat dasar anu aya
di manusa. Sabab, saur mantena, aya opat sifat dasar dina diri manusa. Kahiji, sifat Rubûbiyyah
nyaeta sifat kapangeranan. Misalna sifat takabbur, kumuluhur, tafakhur, sareng anu sanesna. Anu
sakedahna dipimilik ku Allah, tapi dipilampah ku manusa.

Kadua, sifat Syaithâniyyah nyaeta sifat anu dipimilk ku syetan. Contona sifat ngewa ka sasama
[al-bughdu], dendam ka butur [al-hiqdu], sareng nifaq. Simpulna, manusa milampah sifat-sifat
anu padahal eta teh sifat asli syetan.

Katilu, sifat Bahîmiyyah nyaeta sifat-sifat sato anu lindeuk. Saperti maling, zina, sareng anu
sanesna. Kaopat, sifat Sabû’iyyah nyaeta sifat sato galak atanapi binatang buas. Cirina, resep
nganiaya ka batur, bungah lamun bisa ngarogahala sasama, sareng sajabina. Tah biasana, maksiat
teh muncul tina sifat Bahimîyyah, terus jadi sifat Sabû’iyyah. Upami dua eta sifat tos kumpul,
lahir sisat Sayithoniyyah anu akhirna kana sifat Rubûbiyyah. Upami maksiat tos jadi kabiasaan
manusa, biasa jadi manusa nganggap dirina lir ibarat Pangeran.

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh!
Makna Idul Fitri anu kadua, i’âdatul qalbi min al-ghaflati ilâ dzikrillâh. Balikna manah urang
tina ghoflah kana dzikrullah. Tina poho kana eling. Naon Ari Ghoflah? Dina Kitab Fadhâilus
Syuhûr Li Thalabi al-Ridlâ Rabbi al-Ghafûr halaman 13 disebatkeun:

‫َأْلَغ ْف َلُة ِه َي ُم َت ْاَبَعُة الَّنْف ِس َع َلى َم ا َتْش َتِه ْي ِه َوُم َت ْاَبَعُة الَّش ْيَطاِن َأِلَّنُه َيْج ِرْي َع َلى الَّن اِس َمْج َرى الَّد ِم‬

Hartosna: “Ghoflah teh nuturkeun kahayang nafsu jeung nuturkeun syetan anu bergerak
nuturkeun aliran getih manusa”.

Naon ari bahaya ghoflah? ‫ َأْلَغ ْف َلُة ُتْو ِرُث اْلَق ْس َوُة‬ghoflah teh nyababkeun TEUAS HATE.
Upami hate tos teuas, maka jalmi bakal hirup sasar sasasar-sasarna. Dawuhan Allah dina Surat
Az-Zumar [39] ayat 22:

‫ّٰل‬ ‫ّٰل‬
‫َاَفَمْن َش َرَح ال ُه َصْد َر ٗه ِلِاْل ْس اَل ِم َف ُه َو َع ٰل ى ُنْو ٍر ِّم ْن َّرِّبٖه َۗفَوْيٌل ِّلْلٰق ِس َيِة ُقُلْو ُبُه ْم ِّم ْن ِذ ْك ِر ال ِه ۗ ُاوٰۤل ِٕىَك ِفْي‬
‫َضٰل ٍل ُّم ِبْي ٍن‬

Hartosna: “Cilaka pikeun jalm-jalma anu Teus Hate, sabab teu eling ka Allah. Maranehna aya
dina kasasaran anu nyata”.

Numawi, nagalangkungan Idul Fitri, hayu urang balikkeun manah urang tina ghoflah kana
dzikrullah. Upami manah urang tos leleb anteb dina dzikrullah, Numutkeun Syaikh Junaid Al-
Baghdadi hasilna SHOFAUL QOLBI atanapi BERSIH ATI CAANG MANAH.

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah!

Pertarosanana, kumaha carana supaya urang kagungan SHOFAUL QOLBI, bersih ati-caang
manah? Urang kedah terang alat ngaberesihan manah urang. Dawuh kangjeng Rasul:

‫ِلُك ِّل َش ْي ٍئ ِثَق ْاَلٌة َوِثَق ْاَلُة اْلُق ُلْو ِب ِذ ْك ُر ِهللا‬

Hartosna: “Sagala perkara aya alat meresihanana, ari alat meresihan manah/hate nyaeta
dzikrullah”.

Jalmi anu ngabalieur, menghindar tina dzikrullah diancam ku Allah Swt., dina Surat Thaha ayat
124 dugi ka126:

‫) َق اَل َر ِّب ِلَم َحَش ْر َتِني‬124( ‫َوَمْن َأْع َرَض َع ْن ِذ ْك ِري َف ِإَّن َلُه َم ِع يَش ًة َضْن ًك ا َوَنْح ُش ُر ُه َيْوَم اْلِق َياَم ِة َأْع َم ى‬
)126( ‫) َق اَل َكَذِلَك َأَتْتَك آَياُتَن ا َفَنِس يَتَه ا َوَكَذِلَك اْلَيْوَم ُتْنَس ى‬125( ‫َأْع َم ى َوَق ْد ُك ْنُت َبِص يًر ا‬

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah!
Makna Idul Fitri anu katilu, i’âdatus Sirri min asy-syirki ilâ at-tawhîd. Balikna Sirr kayakinan
urang tina syirik kana tauhid. Balik tina midua Allah kana kayakinan tauhid, yen Allah tempat
sagala pamundut urang, tempat nyalindung urang. Sanes nyalindung ka gunung, sanes muja ka
sagara. Estuning Allah dasar kayakinan sareng tujuan amal perjuangan.
Salajengna, hayu urang nitenan ayat 7 Surat Al-Insyirah:

‫َف ِاَذا َفَرۡغ َت َف اۡن َصۙۡب‬

Ayat ieu singket tapi padet. Allah ngajarkeun ka urang supaya saenggalna nagalaksanakeun
kegiatan anu sanes, upami rengse tina hiji kegiatan. Numawi, saparantos shaum dugika ayeuna
Idul fitri, hayu urang teraskeun sumanget Ramadhan. Sumanget Tadarus, berjamaah, shodaqoh,
sareng anu sanesna. Ulah dugika, rengse Ramadhan tepang Idul Fitri, rengse sagala-galana.
Margi di antawis ciri jalmi anu rugi, di mana Ramdahan tos rengse, sagala-galana rengse, anu
akhirna teu kenging pangampura Allah Swt.. Dawuhan Kangjeng Rasul:

‫َوَرِغ َم َأْنُف َرُج ٍل َدَخ َل َع َلْي ِه َرَم َضاُن ُثَّم اْنَس َلَخ َقْب َل َأْن ُيْغ َف َر َلُه‬

Hartosna: “Kalintang Rugi sareng hina hiji jalmi, di mana Ramadhan datang ka manehna, sabada
Ramadhan rengse, dosana teu dihampura ku Alloh”. (H.R. Tirmidzi).

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah!

Hayu urang ngadua ka Allah, mudah-mudahan ku sumpingna Idul Fitri, jasad urang balik tina
maksiat kana thoat, manah urang balik tina ghoflah kana dzikrullah, kayakinan urang balik tina
Syirik kana tauhid. Amin ya Rabbal ‘alamin.

‫َباَرَك ُهللا ِلْي َوَلُك ْم‬

Calik antara dua Khutbah


Dilajengkeun kana Khutbah Kadua
Takbir 7x

‫َاهلل َّأْك َبْر َكِبْيَرا َواْلَحْم ُد ِللِه َكِثْيًر ا َوُس ْب َح اَن هللا ُبْك َرًة َوَأِص ْي اًل اَل إَلَه إاَّل الُلُه َوْح َدُه َصَد َق َوْع َدُه َوَنَصَر َع ْب َدُه‬
‫َوَأَع َّز ُج ْنَدُه َوَه َزَم اَأْلْح َزْاَب َوْح َدُه‬

‫َاْلَحْم ُد ِللِه َر ِّب اْلَع اَلِم ْيَن َواْلَع ا ِقَبُة ِلْلُمَّتِق ْيَن َواَل ُع ْد َوْاَن ِإاَّل َع َلى اْلَّظاِلِم ْيَن َأْش َه ُد َأْن ِاَل اَلَه ِإاَّل ُهللا َاْلَم ِلُك‬
‫اْلَح ُّق اْلُم ِبْيَن َوَأْش َه ُد َأَّن ُمَحَّم ًد ا َع ْبُد ُه َوَرُس ْو ُلُه َص اِدُق اْلَوْع ِد اَأْل ِم ْيَن َالَّلُهَّم َصِّل َع َلى َس ِّيِدَنا ُمَحَّم ٍد‬
‫َوَع َلى َأِلِه َوَصْح ِبِه َأْج َم ِع ْيَن َأَّم َبْع ُد‬
‫َفَياَأُّيَه ا اْلَح اِض ُر ْو َن ُأْو ِص ْي ُك ْم َوِإَّياَي ِبَتْق َوى ِهللا َفَق ْد َف اَز اَلُمَّتُق ْو َن َق اَل ُهللا َتَع َلى ِفْى اْلُق ْر َأِن اْلَكِرْيِم َأُع ْو ُذ ِباِهلل‬
‫ِم َن الَّش ْيَطاِن الَّرِج ْي ِم ِبْس ِم ِهللا الَّرْح َم ِن الَّرِح ْي ِم‬

‫ِإَّن َهللا َوَم َالِئَكَتُه ُيَصُّلوَن َع َلى الَّنِبِّي َيآَأُّيَه ا اَّلِذ يَن َء اَم ُن وا َصُّلوا َع َلْي ِه َوَس ِّلُم وا َتْس ِليًم ا‬

‫َألَّلُهَّم َأِم ْي ن َيا َرَّب اْلَع اَلِم ْيَن‬


‫َألَّلُهَّم اْغ ِف ْر ِلْلُم ْس ِلِم ْيَن َواْلُم ْس ِلَم اِت َواْلُم ْؤِمِنْيَن َواْلُم ْؤِم َن اِت َاَأْلْح َياِء ِم ْن ُه ْم َواَأْلْمَواِت ِإَّنَك َس ِم ْيٌع َقِرْيٌب‬
‫ُم ِجْيُب الَّد ْع َواِت ِبَرْح َم ِتَك َياَأْر َحَم الَّرْاِحِم ْيَن‬
‫َألَّلُهَّم َتَق َّبْل ِم َّن ا َصاَل َتَن ا َوِص َياَمَن ا َوِقَياَمَن ا َوُر ُك ْو َع َن ا َوُس ُج ْوَدَنا َوَتْس ِبْيَحَن ا َوَتْح ِم ْيَد َنا َوَتْح ِلْي َلَن ا َوَتْك ِبْيَرَنا َوَتَعُّبَد َنا‬
‫َوَتَخ ُّش َع َنا َوَتَض ُّرَع َنا‬
‫َوَتِّم ْم َتْقِص ْيَرَنا َياِإَلَه اْلَع اَلِم ْيَن‬
‫َألَّلُهَّم اْج َع ْلَن ا ِم َن اْلَع ا ِئِد ْيَن َواْلفاِئِزْيَن َوَصَّلى ُهللا َع َلى َس ِّيِدَنا ُمَحَّم ٍد َوَع َلى َأِلَه َوَصْح ِبِه َأْج َم ِع ْيَن‬

‫َر َّبَن ا َأِتَن ا ِفي الُّد ْنَيا َحَس َنًة َوِفي اَأْلِخ َرِة َحَس َنًة َوِقَنا َع َذ ْاَب الَّن ار‬
‫َواْلَحْم ُد ِللِه َر ِّب اْلَع اَلِم ْيَن‬

‫‪Wilujeng boboran shiyam, Wilujeng Idul Fitri 1443 H, Hapunten Lahir Bathin. Minal ‘Aidin wal‬‬
‫‪Faizin. Amin Ya Rabbal ‘Alamin.‬‬

‫‪Wassalamu’alaikum Wr.Wb.‬‬

‫‪Ku: H. Ucup Pathudin Almaarif, Wakil Ketua LD PWNU Jawa Barat‬‬

Anda mungkin juga menyukai