Anda di halaman 1dari 12

Kelompok 2

Arvie Samhana Humairah

Arya Fathul Rahman

Depinkan Zalfa Faliha

Ferdiansyah

Ilham Ardian Dahlarizandy


• Carita pantun atawa ngan disebut pantun téh nyaéta hiji seni
pintonan carita pitutur/lisan sastra sunda kuno bari ditembangkeun
sarta dipiring ku kacapi
Struktur Carita Pantun
Eusi atawa struktur carita pantun dibagi jadi genep bagian, nyaeta :
• bagian rajah
• bagian narasi
• bagian deskripsi
• bagian dialog
• bagian monolog
• bagian rajah panutup
Bagian Rajah Bubuka
Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh
mangkat carita.
Conto rajah pamuka pantun:
Nyukcruk catur juru pantun
Ngaguar carita buhun
Nu di teundeun urang sampeur
Nu di teundeun urang sampeur
Nu di tunda urang ala
Masing rambay caritana
Héjo lembok caritana
Ahuung
Bagian Narasi
Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun
nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna.
Bagian deskripsi
• Deskripsi Pantun
• Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah
tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, lengser lumpat,
satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana
Bagian dialog
• Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara
parapalakuna. Sakumaha umuna dina karya sastra lainna, dialog teh
di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku,
ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.
Bagian monolog
• Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate.
Bagian rajah panutup
• Pengertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pengertian rajah
dilihur.
Pun sapun ka sang rumuhun
Pun sapun ka maha agung
Paralun ka para karuhun
Nu bihari mangka widi
Ka bujangga hampurana
Bisi gantar kakaitan
Bisi tali ruruhitan
Nempuh rucuk nyorang cugak
Pangnyinglarkeun
Pangmusnahkeun
Lastari anu di pamrih
Cag tepi ka dieu

Anda mungkin juga menyukai