Anda di halaman 1dari 11

Pribahasa sunda

Hubungan Dengan Sesama Mahluk Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya). Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent). Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada) Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun). Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya ) Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi). Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga) Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu, memfitnah). Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama) Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense) Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah). Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu). Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar). Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan). Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri). Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata) Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).

Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri). Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan). Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur). Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain). Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth). Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat). Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur). Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work). Hubungan Dengan Tuhan (Yang Maha Kuasa) Mulih kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya). Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya). Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat ) Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya). Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive). Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain) Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan). Hubungan Dengan Alam

Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan harus serasi dengan alam.). Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini). Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).

1. 2. 3.

Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan Neangan luang tipapada urang Ulah nyaliksik ku buuk leutik

4. Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina 5. 6. 7. Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Bengkung ngariung bongkok ngaronyok Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang

8. Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina 9. 10. Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran. Miindung ka waktu, mibapa ka zaman Ditampiling cicing, ditajong morongkol,

11. Sabar teh lain digebug murungkut.

12. Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan. 13. Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa. 14. Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan. 15. Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah? 16. Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna. 17. Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang 18. Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh 19. Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina 20. Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati 21. Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan 22. anu Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip,

ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa 23. Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea 24. Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung. 25. Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti ka

26. Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung 27. Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa 28. Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na Kun fayakun, Jleg

29. Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang. 30. Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya. 31. Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang 32. Jelema kalalepatan. dipake mah tungkul tumpuk Samenit ganti sajam kalalaputan, tanggah tempat robah, sore janji isuk teu

33. Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat 34. Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan 35. Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur 36. Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada 37. Ditarima ku panangan ditampi ku ati sanubari dua, disuhun dinu embun-embunan,

38. Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel 39. Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan 40. Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna

41. Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub 42. ibu 43. Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah

44. Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati 45. Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung. 46. Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut 47. Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal anggih jeung balitungan 48. Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan 49. Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah 50. Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah

Banda tatalang raga Kakayaanmah pikeun ngabagjakeun awak, kusabab kitu leuwih hade ngorbankeun banda tibatan cilaka awak. Bentik curuk balas nunjuk nganbisa marentah atawa nitah hungkul , heunteu prak di pigawe kusorangan. Murag bulu bitis teu resep cicing di imah , hayang nyanyabaan atawa udar ider bae. Sabobot sapihanean sabata sarimbangan Hirup akur , runtut- raut , sakasuka sakaduka. Di Babuk lalay di perekpek kupanenggel , diteunggelan Hambur bacot , Murah Congcot Babari nyarekan , tapi berehan Aya Bagja teu daulat Rek menang bagja teu tulus

Unggah ka bale Watangan Katarik perkara Caang bulan dadamaran Migawe hal anu teu di perlukeun deui Cicing dina sihung maung Hirup atawa kumawula ka gegeden , sok milu kaajenan batur Nyium bari ngegel Muji bari ngarah pamere Cadu mungkuk haram dempak Minangka sumpah moal daek ngelehan maneh Gurat cai Teupuguh janjina , sokrobah tangtungan Ciri sabumi cara sa desa adat kabiasaan di unggal nagara atawa daerah beda - beda Geus turun amis Cau Geus tembong kawanitaannana , geus mangkat beger. Nyengeut damar di suhunan nembongkeun kabengharan ku mere maweh ka dengeun-dengeun ngarah pamuji , ari ka keluarga sorangan koret . Di bere sabuku menta sajeungkal , di bere sajeungkal menta sadeupa Kusabab di bere hate ,ngadadak loba pamenta Hate jelema sanajan deet moal kakobet kacida hesena sangkan nganyahokeun kaayaan hate atawa kahayang hiji jalma Pait daging pahang tulang Cageur, teukeuna ku panyakit naon bae. Ngadago-dago dawuh Tereh maot, ngadagoan panyaur pangeran Jual dedet Ngajual barang satengah maksa

Beak dengkak Geus beak tarekah Kawas hayam keur endogan teu daek cicing lantaran hate kawer atawa geus teu sabar ngadagoan anu di arep-arep Elmu tumbila Nuboba imah ngarugikeun ka tamu Cara embe embung mandi , sabab sieun ku cai Nyieun pucuk ti girang nyiun jalan pipaseaeun Mobok manggih gorowong Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju Goong nabeh maneh Muji atawa ngagulkeun diri sorangan Nyoo Gado Ngaheureuykeun jalma nu pantes dihormat Galak timburu Babari timburuan Leutik-leutik ngagalatik Jelema leutik tapi wanian Halodo sataun lantis ku hujan sakali Kahadean nu sakitu lilana lengit ku kagorengan sakali Herang caina beunang laukna Hasil maksud kalawan teu ngaganggu ka batur Hampang birit Daekan di titah Handap asor daek ngahormat kabatur Harewos Bojong ngomong nu diharewoskeun tapi kadenge ku nu deukeut ka nu di harewoskeun

Haseum budi leuwih loba baed jeung cemberut tibatan seuri atawa marahmay. Indung lembu bapak banteng Turunan gagah beunghar , turunan menak ti indung ti bapak Ipis biwir epes meer , babari ceurik Jadi sabiwir hiji jadi omong ( carita ) sarerea. Kaciwit kulit kabawa daging kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah Kajeun panas tonggong , asal tiis beuteung kajeun teuing cape digawe , asal bisa dahar kalawan cukup

1. Ulah Nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? tina diri sorangan. cirina satangtung diri. pek geura panggihan diri manehteh, ku maneh weh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula diri sorangan. 2. Sing Daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun. 3. Sing Waspada permana tinggal. 4. Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa.

Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula kaalaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat)

Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul. Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun

Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang) Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada) Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah. Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar. Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur. Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa. Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok. Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang. Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati. Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana? Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena. Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama. Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah. Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng. Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan Neangan luang tipapada urang Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Bengkung ngariung bongkok ngaronyok Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang

Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran. Miindung ka waktu, mibapa ka zaman

Anda mungkin juga menyukai