Anda di halaman 1dari 2

[Type text]

Assalamulaikum Wr. Wb. Sampurasun Anu Dipihormat rrngan girang pangajn, rngrngan para pamilon, sadrk saparakanca, anu rawuh dina ieu pasamoan. Hatur nuhun kana kasumpinganana. Wilujeng njing wilujeng tepang sareng simkuring. Nepangkeun wasta simkuring Hamzah wawakil pamilon ti SMAN 1 Garut. Widian simkurung ngadugikeun hiji dongng anu judulna IRTASAN MEUNANG KUNTUL. Tahkieu Pamiarsa cariosna. Sok regepkeun sing daria. Sanajan rada dglo , Irtasan teu burung bisa hirup rumah tangga. Layeut, runtut raut jeung pamajikanana, Ngaran pamajikana nyata Nyi Ikok. Pakasaban matuh Irtasan nyata kuli ari. Buburuh macul disawah, atawa buburuh dikebon. Kitu og nyi Ikok manhna tara ngan cicing di imah wungkul, manh na sok getol mantuan salaki pikeun ny iar kipayah, saperti ngaderep, buburuh tandur atawa buburuh ngarambt. Selang-selang dina gaw, biasana pasosor, Irtasan sok rajeun nguseupan kuntul. Carana teu bda jeung nguseup lauk ba. Mak jeujeur, mak kenur jeung usep. Ngan jeujeurna pondok. Dicecebkeun pageuh dina galengan. Dieupanan ku anak lauk. Cul ba tara didekul ditungguan, cukup diawaskeun ba ti kaanggangan. Dina hiji po, useup Irtasan disanggut ku Kuntul anu badag. Teu kirakira Irtasan bungaheunana. Saumur dumelah masang useup, kark ayeuna kabiruyungan hasil. Gancang diboro. Suku Kuntul di parkos. Usepna dilaan. Barang Useup lsot, kuntul disada, Kok! Irtasan ngarnjag. Kuntul di perong sajongjongan. Geuning manh nyaho ka pamajikan kami? . Omongna semu hran. Kuntul disada deui, Kok! Kabeneran! Irtasan ngarnghap panjang.

[Type text]

Kami ayeuna masih knh boga kaperluan. Naheunkeun posong di lebak. Pasti nepi kaburit. Lamun manh dibabawa tangtu matak ridu. Tah, lantaran manh geus apal ka pamajikan kami, wayahna balik sorangan kaditu, nya! Itu tuh, imah kami th, beulah kidul, deukdeut randu kurung. Ieu pso sakalian bawa, pakeun pamajikan kami meuncit manh. Ambh engk kami datang, geus nyampak semur daging Kuntul! . Sanggeus digantlan pso tikel, geleber Kuntul dihiberkeun . Kad tong sumpang-simpang heula ka mamana! Irtasan ngagorowok ka kuntul anu geus kikiplik, mumbul kaluhur. Mimitina mah enya, katmbong kuntul hiberna maju ka kidul. Tapi teu lila jol ngorlng ka beulah Wtan. Lok ka kalr. Saterusna kebat ka kulon. Gero-gero eta Irtasan ti handap. di beulah kidul imah kami mah, kuntul! Di beulah kidul! . Kuntul teu nolih. Malah laju ngawang -ngawang nepi ka lesna teu katmbong. Irtasan ngarahuh. Emh, lebar ku pso tikel ba. Hanas dibahankeun! Sugan th enya apal ka imah kami. Ari tadi nanahaonan atuh, mak nyambat-nyambat ngaran si Nyi Ikok sagala rupa? Irtasan kukulutusbari teu eureun -eureun ggtrt. Manhna keukeuh teu ngartieun, naon sababna kuntul nyahoeun ngaran Nyi Ikok. Bapak miwah Ibu girang pangajn. Sadrk saparakanca anu rawuh dina ieu pasamoan jalaran waktos anu teu nyekapan. Rupina Dongng anu tiasa dipidangkeun kusimkuring mung di cekapkeun dugi kadieu wa. Sakali deui hapunteun anu kasuhun. Simkuring seja amit mundur. Caag , Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tang di hanjuang siang. Pamungkas sanggem. Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai