Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum Wr.

Wb

Wasta abdi eneng komariah, abdi lahir di Bandung dinten salasa kaping
9 Januari 2001 anak kahiji ti dua sadulur ti kulawarga Bapa udin sajudin
sareng Ibu kokom komariah. Abdi gaduh rai hiji nu nembe 5 taun.

Pangalaman nyuprih elmu, pendidikan formal di kawitan ti taun 2005


abdi lebet ka TK Al-Fattah anu caket ti bumi abdi. Teras abdi neraskeun
sakola ka SDN Rancaloa ti taun 2007 dugi ka taun 2013, teras abdi lebet ka
SMPN 14 Bandung ti taun 2013 dugi ka taun 2016, abdi lebet ka SMA taun
2016 dugi ka ayeuna abdi masih diajar di SMAN 22 Bandung leresna di kelas
X jurusan IPA.

Pangalaman abdi salami di SD, abdi ngiringan lomba ngagambar. Eta


acara teh dilaksanakeun di SD Sabang. Abdi ngarasa bingah pisan lantaran
tiasa ngiringan lomba ieu. Alhamdulillah abdi lebet 10 besar .

Pangalaman ekstrakulikuler abdi di SMP nyaeta ngiringan pramuka


sareng kesenian anu namina EKSEN. Di SMA, abdi oge ngalanjutkeun
ngiringan kasenian musik anu namina PERCUTWO. Sasarengan sareng
percutwo, abdi ngiringan pembukaan PON XIX. Sanes sareng percutwo bae
ngan sareng perkusi ti SMA sejenna.

Karesep abdi di widang olahraga. Abdi resep lari atawa jogging. Abdi ge
resep pisan nongton sepak bola komo deui mun persib meunang, abdi
bungah pisan. Duka kunaon abdi janten resep pisan kana bola.

Sakitu otobiografi ti abdi hapunten bilih aya kalepatan ti diri abdi da


mung sakituna anu tiasa didugikeun, sakali deui hapunten nu kasuhun, hatur
nuhun.

Wassalamualaikum Wr. Wb

Eneng komariah

X MIA 3

Anda mungkin juga menyukai