Anda di halaman 1dari 2

 Icih,aing rek ngabeca.bisi ay nu nanykeun,bejakeun we ker dines.

kade ati2 di imah


 Nya heueuh atuh,geus meunang duit mah aing ge balik.kumaha milik ue.
 Heueuh da kamari mah muatan na ge euweuh.Ti isuk jedur aing nunguan muatan euweuh
saurang-urang acan.aya eta ge saurang.Teu di tarik ku aing mah.jelema na teu gableg
pikiran.piraku ukur rek mere dua puluh rebu.
 Lin olo-olo.jauh deuleu,ka Surabaya.bisa uae ku aing di tarik,ngan balik ngabeca,meuereun suku
aing tinggal sajeungkal..
 Teu ngarti aing mah,ti mimiti ku aing di kawin nepi ka ayeuna angger we sia mah butuh ku
duit,dasar teu insap-insap..
 Alus loba hutang mah,cirri na loba nu mercaya..
 Alus ge kandeul kulit beungeut mah,Tibatan kulit beungeut ipis,di sibeungeutan dua kali ge beak
beungeut aing tinggal rorongkong…
 Aing nu tobat mah,unggal rek indit nambangan kudu weh riweuh ku urusan nagih
hutang…(NGAHAREWOS NGELET SINIS),ari di tagih teu daek..?
 Heueuh engges atuh.nguruskn wae nu nagih2.da aing mah nagih soteh teu hayang di tagih.jeung
jelema na weka bina2,jaba nganjukeun,jaba nagih,teu gableug ka era pisan,…
 Tu da enya asa ka bina bina.unggal rek nambangan kudu we ribut ku urusan nagih hutang,balik
nambangan,geus di papagkeun ku ku nu nagih hutang,jadi lieur ka aing na ge,saha wae nu nagih
hutang teh,..?
 Geus kieu weatuh.sakur nu nagih hutang datangan ku sia kabeh,bejaan,isukan pa beubeurangku
aing di dagoan di dieu..
 Lain aing rek ngamuk.Yeuh icih,saksian ku sia.aing rek berjuang,di rempug ku nu naragih
hutang.tempokeun ku sia,aing nu gugur,atawa nu naragih hutang nu ngagoler..
 Heueuh apan ieu teh aing the tadi teh indit usaha rek usaha.ngadon di ajakan pasea..
 Oo,,jadi aing the kudu banting tulang.Heug,ku sia kumpulkeun tulang-taleng sing loba,ku aing
rek di buntang banting.Tempokeun,suapaya kadeuleu enya2 aing the banting tulang.
 Tu da enya keuheul aing mah…
 Lah make bingung –bingung teuing. Yeuh,urusan mayar hutang mah ulah di pikiran.Tuh si
omod,kakarak ngajual motor payu opat juta satengah..
 Har make kumaha?,antep we,motor2 maneh na,di jual ku maneh na.yeuh,urang mah ulah
pipilueun.era, deuleu.sing mikir stuh..
 Geus ah,aing rek indit nambangan..(KEMED NGALEOS)
 KEMED ASUP…Icih,nyaan ieu mah dodoja the,icih.lamun kurang kurang aing teu kuat iman,bisa
gelo ngadadak aing teh..
 Ngabeca-ngabeca bebengok maneh.kumaha rek ngabeca,sadel beca aya nu ngalaan,siah.saha
mangkluk na nu teu boga rarasaan teh…
 Si uju..?
 Tobat gusti,batur ge seer ka tukang beca nu gaduh bojo.tapi teu aya nu weureu siga pun
bojo.mugi2 di pasihan ka kiatan.Cik atuh,sia the eling teu?Nanaonan make titah ngalaan sadel
beca?ayeuna di kamna keun.?
 Lima rebu siah eta mah..
 AStagpirullah.asa kabina-bina teuing…

Anda mungkin juga menyukai