Anda di halaman 1dari 8

RENCANA PELAKSANAAN

PEMBELAJARAN
TAHUN AJARAN 2017/2018

OLEH:
JAJANG SUTISNA, S.Pd
NUPTK : 5938752654200042
KELAS XII/1

SMA LABORATORIUM UPI


KOTA BANDUNG PROVINSI JAWA BARAT
RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
(RPP)

Sekolah : SMAS Laboratorium UPI Bandung


Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : XII / 1
Materi Pokok : Carita Wayang
Alokasi Waktu : 1 x 45 menit (1x pertemuan)

A. Tujuan Pembelajaran
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya konsep,
berdiskusi atas fakta dan konsep, menginterprestasi mengasosiasi dan
mengomunikasikan, peserta didik dapat:
1. Membaca, menyimak dan memahami teks carita wayang
2. Menceritakan kembali carita wayang

B. Kompetensi Dasar dan Indikator

Kompetensi Dasar Indikator Pencapaian Kompetensi


3.2 Menganalisis isi, struktur 3.2.1 Menjelaskan isi, struktur dan aspek-aspek
dan unsur kebahasaan kebahasaan petikan carita wayang sesuai
petikan carita wayang. dengan kaidah-kaidahnya
3.2.2 Membaca téks carita wayang

C. Materi Pembelajaran
1. Fakta:
Berbagai contoh teks carita wayang dari berbagai sumber

2. Konsep:
1) Ciri-ciri, pengertian, perbedaan jenis, tema, dan tujuan carita wayang
2) Struktur carita wayang

3. Prinsip:
1) Karakteristik carita wayang
2) Istilah-istilah dalam pagelaran wayang

4. Prosedur:
Langkah-langkah penyusunan teks carita wayang

D. Metode Pembelajaran
1) Pendekatan Pembelajaran: Saintifik
2) Model Pembelajaran: Model Pembelajaran Inkuiri
3) Teknik Pembelajaran: Ceramah, Diskusi

E. Media, Alat, dan Sumber Pembelajaran


1) Media: Audio-Visual (video, gambar ilustrasi,)
2) Alat/Bahan: Laptop dan LCD
F. Sumber Pembelajaran:
Cahara Basa, kaca 20-22
Durahman, Duduh. 1984. Catetan Prosa Sunda. Bandung: Medal Agung.

G. Langkah-Langkah Kegiatan Pembelajaran


Pertemuan 1
Alokasi
Kegiatan Deskripsi
waktu
Pendahuluan  Guru memberi salam, berdoa bersama, 5 menit
kemudian bertegur sapa dengan peserta didik;
Bagaimana kabar kalian hari ini? sudah
siapkah belajar? Siapa saja yang tidak bisa
hadir dalam pembelajaran hari ini?
 Guru melakukan pengkondisian KBM;
mengecek kebersihan kelas minimal di sekitar
meja dan kursi tempat duduk peserta didik
 Guru memberikan informasi tentang materi
pembelajaran yang akan dilaksanakan (carita
wayang)

Inti  Peserta didik mengamati isi, struktur dan 35 menit


aspek-aspek kebahasaan petikan carita
wayang
 Peserta didik mengamati dan memahami ciri-
ciri carita wayang dengan santun
 Peserta didik saling mengkonfirmasi dan
bertanya tentang analisa isi, jenis dan tema
teks carita wayang masing-masing untuk
dibahas jika ada perbedaan temuan dengan
santun
 Siswa bisa membacakan kmbali isi carita
wayang dengan santun
Penutup  Bersama peserta didik menyimpulkan 5. menit
karakteristik teorikal wayang (konsep, isi,
jenis, tema, struktur, sistematika dan kaidah-
kaidah).
 Melaksanakan tes untuk evaluasi pemahaman
(contoh tes ada pada poin penilaian)
 Mengakhiri KBM dengan doa dan salam
H. Penilaian

Tes tulis bentuk uraian


Indikator Bentuk Instrumen
Pencapaian Penilaian
Kompetensi
 Membaca dan Tes 1. Naon anu disebut carita wayang teh?
mengamati Uraian 2. Naon judul carita wayang diluhur teh?
beberapa contoh
teks carita
3. Naon anu jadi babon carita wayang golek teh? Ti
wayang. mana deui asal carita wayang teh?
 Mengamati dan 4. Di daerah mana mimitina sumebar carita wayang
memahami ciri- teh
ciri carita
wayang.
 Menganalsis
perkembangan
pagelaran
wayang dalam
sastra Sunda

Mengetahui, Bandung, 24 Oktober 2017


Kepala Sekolah Guru Mata Pelajaran

Dr. Deni Kadarsah .M.Pd Jajang Sutisna S.Pd.


NIP. 196312061990031004 NUPTK. 5938752654200042
Lampiran :

1. RINGKESAN CARITA GATOTGACA PERLAYA

Perang Batarayuda tangbah rangot. Korban ti dua pihakanana, boh ti pihak


kurawa, boh ti pihak pandawa pirang-pirang. Beuki dieu, beuki katara, pihak
Pandawa rada unggul. Utamana sabada Arjuna mingpin langsung peperangan. Ahirna
Suyudana, Raja Astina, miwarang dipati Karna majeng ka medan laga.
“Arjuna lain antepeun. Unggal poe rebuan prajurit Astina jadi korban panah
Arjuna. Kula mihareup salira. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,” cenah
“Arjuna nu diantos-antos,” tembal Dipati Karnabangun bungah. “ ti ka
pungkur akang panasaran, hoyong ngajajal kasakten Putra Penengah Pandawa,”
pokna deui, maksudna ka Arjuna.
Dipati Karna, raja Awangga, kasaktianana henteu eleh ku Arjuna. Lian ti ahli
mentang jamparing, pinter maen gada jeung tombak. Anjeunna putra Batara Surya.
Ibuna Dewi Kunti, sami sareng Yudistira, Bima katut Arjuna. Namung, iwal Surya,
Kunti sareng Kresna, teu aya anu terang, eta satria anu opat teh saleresna mah
saindung. Ari Yudistira, Bima, jeung Arjuna, bapana Dewanata.
Pangna Kresna uninga, lantaran katitisan Dewa Wisnu. Naon bae kajantenan
di alam dunya, pasti anjeunna uninga.
Ku Batar Surya Karna dipaparinan tumbak sakti, ngarana Konta. Upama eta
tumbak dilempagkeun, ulah bangsa manusa, sanajan dewa pasti perlaya. Ngan
hanjakal henteu bisa dipake sakahayangna. Saumur hirup ukur bisa digunakeun
sakali.saterusna Konta bakal balik deui ka sawarga. Mulang ka nu bogana, nyaeta
Batara Surya.
Ku pinterna mata-mata Pandawa, beja Dipati Karna bakal jadi pamanggul
jutir, bocor ka pihak musuh. Batara Kresna enggal ngempelkeun. Pandawa lima;
Yusdistira, Bima, Arjuna, Nakula, sadewa.
Genepan teras baranten, kedah kumaha saena mayunan peperangan dinten
enjing? Utamina saha anu kedah nandingan Dipati Karna, naha bade tetep ku Arjuna,
atawa ngajengkeun nu sanes.
Hasil babantenan, saluyu sareng usulan Batara Kresna, Raden Gatotkaca anu
kedah majeng.
“Naha Gatotgaca?” cek Arjuna
Saur Kresna, sakumaha saktina Arjuna, moat kiat mayunan pakarang Konta.
Ku kituna kapaksa ngorbankeun Gatotgaca, sedengkeun tanaga Arjuna, masih keneh
diperlukeun, ku sabab perang moal rengse cenah tereh-tereh.
“Sabada Konta mulang deui ka nu bogana, nembe Karna mayunan ku salira.”
Saur Kresna ka Arjuna.
Sanajan kacida teu tegana, sarerea ahirna narima usulan Kresna kaasup Bima,
ramana Raden Gatotgaca. Nya kitu deui Gatotgaca
Waktu ditunjuk janten pamimpin perang, sarta resikona bakaljadi tumbal
Konta anjeuna langsung nampi. Demi kaunggulan Pandawa, Gatotgaca iklas
ngorbankeun jiwaragana.
Enjingna Gatotgaca majeng mimpin paraprajuritna maju maju ka medan
perang. Kawantu sarua gagahna jeung sakti, perang antara Karna jeung Gatotgaca
kacida ragotna. Nepika tengah poe, can katara saha anu abakal unggul, saha anu bakal
eleh. Lila-lila ku sababa ngarasa ka desek, karna kapaksa ngaluarkeun Kota.
Tumbak Konta ngabelesat ka luhur, gudag Gatotgaca, nu keur kakalayangan
di awang-awang, teu kungsi lila ngadenge sora nu ngararasakeun kanyeri. Titis tulis ti
Hyang Widi, Gatotgaca perlaya dadana katiir pakarang Konta.
Dinten enjingna, giliran Karna kasambu umur, eleh adu ulin panah ngalawan
Putra Panengah Pandawa Arjuna.

Cahara Basa kaca.20-22

2. MIKAWANOH WAYANG

Wayang nya éta sarupa jejelemaan tina kulit atawa tina kai nu diibaratkeun
anu dilalakonkeunana dina carita Mahabarata, Ramayana, jsté. Dina pagelaran
wayang, Ki Dalang biasana sok dipirig ku gamelan jeung sindén (KUBS, 1995: 561).
Wayang nya éta hiji wangun seni pagelaran dina wangun drama nu has, nu
ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni musik, seni tutur, seni lukis jeung réa-
réa deui (Pasha, 2011: 17). Pranowo nétélakeun; “wayang nya éta salasahiji wangun
téater tradisional nu pangbuhunna” (2011: 1). Sedeng numutkeun Ruhaliah, wayang
téh asal kecapna tina wa jeung hyang. Wa nya éta wadah, hyang nya éta déwa (2002:
52).
Dina abad ka-4, jalma-jalma nu ngagem agama Hindu datang ka Indonésia,
utamana para padagang. Dina éta kasempetan urang Hindu mawa ajaran kitab Wéda
jeung carita épos/épic India nya éta Mahabarata jeung Ramayana dina basa Sanskrit
(Sanskerta). Abad ka 9, muncul carita dina basa Jawa kuna dina wangun kakawén nu
nyindek kana carita Mahabarata atawa Ramayana. Contona Arjunawiwaha karangan
Empu Kanwa, Bharatayuda karangan Empu Sédah jeung Empu Panuluh, Kresnayana
karangan Empu Triguna, Gatotkaca Sraya karangan Empu Panuluh, jrrd (Pranowo,
2011: 4)
Wayang nu aya di Pasundan téh asalna ti Jawa. Salmun (1942: 1) sapamadegan
jeung Hazeu, yén wayang jeung ngawayang teh asli Jawa. Carita anu dilalakonkeunana
mah mémang nyokot tina carita Mahabarata jeung Ramayana nu aya di India. Cirina
upamana nyebutkeun lalampahan di nagara Astina, Wirata, Madura, Amarta, jsté. Lian
ti éta, mébérna kelir, hurungna balincong, ngabaralangna dalang, haleuangna Nyi Juru
sekar/sindén, agemna tatabeuhan, jeung ngigelkeunana wayang.
Salasahiji tempat mimiti mekarna seni wayang Golék di Pasundan nya éta
Cirebon dina mangsa Sunan Gunung Jati (1479-1568) nyekel kakawasaan
pamaréntahan. Wayang nu mekar di Cirebon harita nya éta wayang Golék Papak/Cepak
nu dimangpaatkeun pikeun da’wah Islam. Cenah baheula minangka mayarna téh nya
éta maca dua kalimah syahadat. Carita nu dilalakonkeunana nya éta Amir Hamzah
(Suryana, 2002: 74-75).
Wayang Golék ti Cirebon beuki lila beuki jauh asupna ka Priangan atawa tatar
Pasundan. Nu bisa ngadalang beuki réa lantaran kajurung ku resep. Ti harita wayang
Golék mimiti punjul dipikaresep ku urang Sunda, lantaran jaba ti beunang ditanggap
nya ti beurang, nya ti peuting téh. Bangunna ogé leuwih mijalma, lantaran sasatna awak
sakujur teu béda ti jelema maké kedok, nu teu témbong téh ngan ti semet cangkéng ka
handap, tapi lantaran disampingan, jadi asa aya baé awak bagian ka handapna téh
(Salmun, 1942: 9).
Salian ti wayang Golék, wayang di Pasundan nu kungsi aya téh nya éta wayang
Lilingong, kitu gé ayeuna mah pohara arangna. Baheula kungsi aya wayang Lilingong
téh di Pacet (Cianjur), taun 1932. Wayang Lilingong téh arék cara wayang Golék baé,
tapi pohara daraponna kawas anu sakadaék baé ngarékana. Ngaran-ngaranna ogé béda
jeung wayang Purwa. Tatabeuhanana pohara basajanna, upama dibandingkeun jeung
tatabeuhan (saléndro) dina Golék, nepi ka jiga anu dapon araya soraan baé dina
pagelaranana téh. Lalakonna di antarana Mupu Kembang jeung Jambatan Beusi.
Waleran tina patalekan.essei
1. Wangenan wayang nya eta carita anu dilalakonkeun dina pagelaran wayang
2. Nu jadi babon carita wayang teh aya dua. Kahiji Ramayana jeung carita kadua
Mahabarata. Carita wayang asalna ti India
3. Gatotgaca Perlaya
4. Salah sahiji tempat mimiti mekarna carita wayang golek di tatar parahyangan
nyaeta di daerah Cirebon
.

Anda mungkin juga menyukai