IYENBLOG.COM
Kumpulan Contoh Babasan jeung Paribasa Basa Sunda Beserta Artinya. Selamat malam babaturan.
Wilujeung wengi. Aduh pada bingung yah tadi siang di sekolah beberapa menit bel pulang kalian
dikasih tugas sama guru basa sunda buat nyari babasan dan paribasa basa sunda beserta artinya. Hm,
ya namanya juga guru pasti tiap hari ada tugas yang harus dikerjakan oleh kalian. Tapi tenang saja, di
IyenBlog ini kalian akan menemukan kumpulan babasan dan paribasa basa sunda yang dilengkapi
dengan artinya sehingga kalian bisa mengerjakan tugas kalian.
Namun sebelum kalian mencatat contoh babasan dan paribasa basa sunda, kalian harus tahu dulu
apa itu babasan dan apa itu paribasa. Di sini IyenBlog akan berikan penjelasan dengan basa sunda
supaya kalian bisa langsung faham dan bisa dicatat dalam buku catatan kalian.
Babasan teh nyaeta pakeman basa anu ungkarana jeung hartina geus matok. Babasan ungkarana
parondok, umumna ngan diwangun ku dua kecap sarta ngandung harti siloka (kiasan). Babasan
lolobana ngagambarkeun pasipatan jalma.
Ada beberapa contoh babasan basa sunda yang biasa digunakan dalam kehidupan sehari-hari. Nah,
untuk contoh babasan basa sunda silahkan kalian baca contoh dibawah ini.
Amis Budi = Hade budi, teu weleh seuri ka batur, (Baik budi atau selalu berperilaku baik, murah
senyum).
Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok. (Mudah terkena penyakit kulit
seperti terkena borok atau Panu dan lain sebagainya).
Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.(Jarang main kerumah orang
atau ketempat-tempat lainnya, jarang berwisata, sukanya diem aja dirumah).
Ayeum Tengtrem = Senang hate, teu boga kasieun atawa kahariwang. (Perasaan yang tenang, tidak
ada rasa khawatir sama sekali, damai).
Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan, (menyadari kesalahan).
Beak Dengkak = Geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil. (Sudah berusaha semaksimal mungkin tapi
masih belum hasil, sabar ya).
Bengkok Tikoro = Teu kabagean dahareun lantaran telat datang, (Gak kebagian makanan karena
datangnya telat, kasian sekali).
Beurat Birit = Kedul, hese dititah, (Pemalas, kalau disuruh gak mau, pokoknya nyebelin).
Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya, (Bodoh, banyak gak tahu tapi dia gak segan bertanya).
Buntut Kasiran = Pedit, koret, hese mere ka batur, (pelit banget lah nih orang, gak mau ngasih
sedikitpun).
Elmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener, (Suka ngasih tahu orang lain, memberikan
saran, suka bilangin orang lain tapi dirinya aka gak bener).
Epes Meer = Babari ceurik, babari peunggas harepan, (mudah nangis, di marahin dikit nangis,
digertak dikit takut).
Gantung Denge = teu anggeus anu didengekeun, (gak selesai apa yang didengarkan, jadi baru
setengahnya aja).
Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran kadaharanna kurang. (kurang kenyang
kali, kagok karena makanannya sedikit)
Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum. (mudah menuduh dan menghukum orang lain)
Gurat Batu = Mawa karep sorangan.(gak mau diarahkan, gak mau diurus, gimana maunya sendiri
saja)
Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.(gampang disuruh, baik banget lah)
Handap Lanyap = Ngomongna hade padahal maksudna ngahina.(bicaranya sih halus, bagus, tapi
sebenarnya menghina)
Harewos Bojong = Ngaharewos tapi kadenge ku batur.(Bisik bisik tapi kedengeran sama orang lain,
sengaja ya nyindir)
Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.(Sedikit yang dia miliki, kismin kali ya).
Kawas Gaang Katincak = jempe, teu ngomong.(Diem aja gak ngomong sama sekali)
Kawas beueuk beunang mabuk = jempe/ ngeheruk teu ngomong. (Sama diem aja gak ngomong)
Kawas Anjing tutung buntut = Teu daek cicing.(Tidak suka diem, pengennya gerak aja)
Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin diburuan.(anak yang lagi seneng main
dihalaman rumah)
Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.(Meniru apa yang dikatakan orang tua
termasuk kelakukan, sok udah tua kali ya)
Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepika teu nyaho nanaon.(Jarang keluar rumah sampe gak tau apa-
apa, manusia purba kali ya)
Lesang Kuras = Geus teu boga nanaon.(Udah gak punya apa-apa, trus apa dong?)
Leuleus Awak = Resep barang gawe.(Suka mengerjakan apapun, yang penting baik dan halal)
Leumpeuh Yuni = Teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.(Gak kuat lihat yang lucu-lucu,
pengennya ketawa terusm dikit-dikit ketawa).
Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan. (Gak punya nyali, penakut, cemen lah)
Lungguh Tutut = Katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.(Kelihatannya sih pendiem,
baik, padahal aslinya enggak)
Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse.(Tidak ada ujungnya)
Ngeplek Jawer = Teu boga kawani, sieunan, elehan.(Penakut, tidak punya nyali, cemen)
Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.(Niru-niru atau ngikut-ngikut orang tapi
gak tau maksudnya apa)
Era Paradah = Era ku kalakuan batur.(Malu sama kelakukan orang lain, orang lain yang berbuat kamu
jadi kebawa malunya)
Geulis Gunung = Katingali ti jauhan alus tapi beh dekeut goreng.(Kelihatan dari jauh cakep tapi pas
deket eh jelek)
Ada 54 babasan dan artinya dari IyenBlog ini. Selebihnya biasa kalian dengar dari orang tua kalian
atau orang lain. Dan lanjut ke pembahasan berikutnya yaitu paribasa dan artinya. Sebelum ke contoh
paribasa basa sunda, kalian harus tahu dulu apa itu paribasa.
Paribasa nyaeta pakeman basa sunda anu ungkarana leuwih panjang tibatan babasan. Paribasa
umumna ngandung harti anu leuwih jero, aya anu eusina pangjurung laku jeung aya oge anu
mangrupa pieunteungeun. Ini beberapa contoh dari paribasa basa sunda dan artinya.
1. Adat kakurung ku iga = Adat atawa kalakuan goreng sok hese dirobahna.(Kelakukan buruk atau
jelek yang sudah dirubahnya)
2. Adean ku kuda beureum = Agul/ ginding ku pakean meunang nginjeum.(Sombong sama pakaian
yang padahal hasil minjem)
3. Agul ku payung butut = Agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.(Sombong karena melihat
keluarga sendiri, misal sombong karena bapak menteri atau presiden dll)
4. Asa mabok manggih gorowong = Boga kahayang ari pek aya nu nyumponan atawa aya nu mere
jalan bari teu disangka-sangka.(Punya kemauan dan ternyata terlaksana dengan cara yang tidak
disangka-sangka)
5. Aya cukang komo meuntas = Aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.(ada jalan sampai
terlaksana apa yang diinginkan)
6. Banda tatalang raga = Harta teh pikeun nulungan raga (awak).(Harta itu sebagai penolong jasad
atau badan saja)
7. Batok bulu eusi madu = Katenjo luarna (awakna) siga nu goreng padahal jerona (hatena) alus.(Dari
luar sih kelihatan jelek, bandel, nakal tapi padahal mah dari dalam baik bener)
8. Bengkung bekas nyalahan = Robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goreng.(Tingkah
laku yang berubah, sejak masih kecil baik eh sudah besar malah jelek)
9. Bentik curuk balas nunjuk = Resep nitah ka batur.(Sukanya nyuruh aja sama orang lain)
10. Buruk-buruk papan jati = Najan gede dosana ari dulur mah sok hayang nulungan.(Walaupun
dosanya banyak kalau kerabat mah pasti pengen nolong)
11. Caina herang laukna beunang = Ngarengsekeun perkara ku cara anu hade teu matak
tugenah.(Suka dengan perkara yang baik-baik saja)
12. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = Lamun tuluy dipigawe tangtu bakal karasa hasilna.
(kalau terus dikerjakan pasti akan mendapatkan hasilnya)
13. Clik putih clak herang, caang bulan opat belas = beresih hate, ikhlas, teu aya rasa keheul atawa
tugenah. (Hatinya bersih, ikhlas tidak ada rasa benci dan amarah)
14. Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawean anu baku.(melihat pekerjaan yang sesuai)
15. Gindi pikir belang bayah = Goreng sangka atawa goreng hate ka batur.(Jelek penilaian kepada
orang lain)
17. Hade gogog hade tagog = hade omongan jeung tingkah laku.(Baik perkataan dan juga tingkah
lakunya)
18. Hade tata hade basa = Hade tingkah laku jeung hade omongan.(Baik tingkah lakunya dan juga
perkataannya)
19. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = Kahadean anu loba leungit ku kagorengan anu
saeutik.(Kebaikan yang segunung hilang karena kejelekan yang sedikit, makanya hati-hati)
20. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat = Indung jeung bapa teh sumber kasenangan.(Ibu
dan ayah adalah sumber kesenangan)
21. Jati kasilih ku junti = Anu hade kasilih ku nu goreng.(yang baik ketutup sama yang jelek)
22. Ka cai jadi saleuwi ka darajat jadi salebak = Babarengan, akur sauyunan.(Bersama-sama, baik
selamanya)
23. Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa ku batur anu nyieun kasalahan.(terbawa sama orang lain
yang berbuat kesalahan)
24. Kalapa bijil ti cungap = Rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunnana.(Diceritakan sama orang yang
melakukannya)
25. Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa ngatur rezeki najan saeutik tapi mahi.(Harus bisa
mengatur rejeki sekalipun sedikit tapi cukup)
26. Lamun keyeng tangtu pareng = Lamun digawe enya-enya tangtu bakal aya hasilna.(Kalau
dikerjakan dengan sepenuh hati pasti akan ada hasilnya)
27. Bandung kandungan laer aisan = jembar pikiran atawa wijaksana dina nyanghareupan
pasualan.(Bijaksana dalam menghadapi segala masalah)
28. Lauk buruk milu mijah = Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur.(Terbawa
arus pergaulan sehingga melakukan hal-hal yang kurang baik)
29. Leuleus jeujeur liat tali = Wijaksana dina mutuskeun sagala rupa perkara.(Bijaksana dalam
memutuskan segala perkara atau masalah)
30. Lodong kosong sok ngalentrung = Jalma anu loba omong elmuna saeutik.(Manusia yang banyak
bicara ilmunya sedikit)
31. Marebutkeun paisan kosong = masinikeun pasualan anu teu aya hartina.(Ngapain ngurusin
masalah yang tidak berarti sama sekali)
32. Mindingan beungeut ku saweuy = Ngewa ka hiji jelema, tapi api-api resep.(Benci sama satu orang
tapi berpura-pura suka)
33. Mipit kudu amit ngala kudu menta = Lamun rek barangcokot atawa barangala kudu bebeja heula
kanu bogana.(Kalau ingin ngambil sesuatu sebaiknya bilang dulu sama yang punyanya)
34. Moro julang ngaleupaskeun peusing = Pagawean anu geus puguh ditinggalkeun ari nu can puguh
diudag-udag.(Pekerjaan yang sudah pasti dikerjakan malah ditinggalkan demi ngejar-ngejar yang
tidak pasti)
35. Mun teu ngakal moal ngakeul = Lamun teu barang gawe moal dahar.(Kalau tidak bekerja tidak
akan makan)
36. Nete taraje nincak hambalan = Migawe satahap-satahap, henteu rusuh hayang anggeus
sakaligus.(Mengerjakan pekerjaan secara bertahap agar cepat selesai)
37. Neukteuk curuk dina pingping = Nyilakakeun dulur sorangan.(Mencelakakan kerabat sendiri)
38. Ngadek sacekna nilas saplasna = Sahinasna boh ucap boh paripolah, henteu bohong atawa
ngaleuleuwihkeun.(mengatakan apa adanya tidak bohong dan melebih-lebihkan)
40. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = batur dipikanyaah ari dulur sorangan diantep.(orang lain
disayang tapi kerabat sendiri malah enggak)
41. Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman = Nyaluyukeun maneh jeung kaayaan jaman.
42.Ngukur ka kujur nimbang ka badan = Ngukur kana kamapuh atawa kaayaan diri
sorangan.(mengukur kemampuan diri sendiri)
44. Pacikrak ngalawan merak = nu leutik/ miskin ngalawan nu gede/ beunghar.(yang kecil miskin
melawan yang besar atau kaya)
45. Pagiri-giri caik pagirang-girang tampian = Paluhur-luhur jeung batur, henteu hayang akur
sauyunan.(Ingin paling tinggi gak mau tersaingi)
47. Pupulur memeh mantun = Barang dahar samemeh digawe.(Makan sebelum bekerja)
48. Silih jenggut jeung nu dugul = Menta tulung ka jalma anu sarua keur ripuh.(minta tolong ke orang
yang sama-sama tengah memiliki masalah)
49. Teng manuk teng anak merak kukuncungan = Sipat atawa kalakuan indung bapa nu sok nurun ka
anakna.(Sifat atau kelakuan orang tua yang turun ke anaknya)
50. Tiis ceuli herang mata = Tengtrem, teu aya gangguan.(tentram, aman damai tidak ada gangguan)
51. Tinggul dirurud catang dirumpak = Sagala ikhtiar sanajan nyusahkeun batur sangkan hasil nu di
maksud.(Semua dikerjakan, berusaha sekalipun menyusahkan orang lain asalkan maksudnya
tercapai)
52. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan = Ngukur kana kaayaan diri sorangan.(Mengukur keadaan
dan kemampuan diri sendiri)
53. Uyah tara tees ka luhur = Sipat atawa kalauan indung bapa sok nurun ka anakna.(Sifat dan
kelakukan orang tua suka nurun keanaknya)
54. Wiwirang di kolong catang = Meunang wiwirang turta kanyahoan ku batur.(Malu karena
ketahuan sama orang lain)
Beberapa contoh babasan dan paribasa basa sunda dengan artinya di atas bisa kalian tulis dibuku
tugas kalian. Mau pilih yang mana aja boleh. Semoga bermanfaat ya guys. Salam dari IyenBlog.
Bagikan di Facebook ()
Related Posts
16 Ucapan Kata Baik Untuk Anak Usia Dini Agar Berperilaku Baik
Trending
Editor's Pick
100 Lomba Populer dan Unik 17 Agutusan Meramaikan Hari Kemerdekaan Indonesia
100 Lomba Populer dan Unik 17 Agutusan Meramaikan Hari Kemerdekaan Indonesia
Tata Cara Dzikir dan Bacaan Doa Setelah Shalat Wajib 5 Waktu
Tata Cara Dzikir dan Bacaan Doa Setelah Shalat Wajib 5 Waktu
17 Pilihan Kado Ulang Tahun yang Romantis dan Spesial untuk Pacar
17 Pilihan Kado Ulang Tahun yang Romantis dan Spesial untuk Pacar
Beranda
© 2016 IyenBlog.com
close
Paribasa Sunda | 7
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna. Hartina : Naon baé anu méré hasil ka urang kudu diurus
bener-bener.
Asa rawing daun ceuli. Hartina : Teu ngeunah haté ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan
batur anu matak teu ngeunah.
Awak sampayaneun. Hartina : Maké pakéan nu kumaha ogé lucu baé, pantes baé.
Aya di sihung maung. Hartina : Ku lantaran loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa
kaperluan anu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.
Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah. Hartina : Ari laku-lampahna mah kawas santri, tapi
sok daék cukat-cokot (ceceremed).
Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung. Hartina : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa
ditipu ku batur.
Carang takol. Hartina : Saeutik caritana. Nu diomongkeun téh dicokot perluna bae.
Deukeut-deukeut anak taleus. Hartina : Ari imah mah puguh oge padeukeut, ngan hanjakal henteu
nyaho ti baréto, yen éta téh baraya.
Diguley ku taina. Hartina : Duit anu dijalankeun téh, beuki lila beuki gedé, lain ku lantaran modalna
ditambahan, tapi ngagedéanana téh ku lantaran loba kauntunganana.
Endog sasayang remek hiji, remek kabéh. Hartina : Kajeun cilaka babarengan ti batan ngan saurang
anu salamet, ari nu séjénna mah carilaka kabéh.
Gedé gunung pananggeuhan. Hartina : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi
gegedén. Dina urang aya kare-repet atawa butuh ku pitulung, éta jelema bisa nulungan ka urang ku
kabeungharan atawa kakawasaanana.
Gusti Allah tara nanggeuy di bongkokna. Hartina : Gusti Allah tara nangtayungan ka mahlukna anu
salah atawa boga dosa ka papada kawula.
Hurung nangtung siang leumpang. Hartina : Eukeur mah beunghar, loba pakéan anu aralus, turug-
turug resep ngaginding deuih.
Jati kasilih ku junti. Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing, upamana : dina perkara nyiar
kipayah.
Jauh tanah ka langit. Hartina : Pohara bédana, ngeunaan kakayaan atawa martabatna. Kahayang anu
luhur teuing, pimohaleun kahontal.
Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran. Hartina : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah, moal
aya kamajuanana, boh ngeunaan pangkatna, boh ngeunaan rejekina.
Karawu kapangku. Hartina : Teu matak kitu kieu, sabab panarimaan geus bisa nutup pangaluaran.
Susah-payahna jeung pait-peuheurna geus kalakonan, di turunan mah muga-muga ngan kari
ngeunahna baé.
Kawas cai dina daun taleus. Hartina : Ngaléak-léak baé béak, teu aya pisan ngarina. Ngeunaan rejeki.
Kawas hayam panyambungan. Hartina : Tacan nyaho di kalér-kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta
tempat.
Kawas ka budak rodék hulu. Hartina : Teu ngupama (ngajénan, ngahargaan) pisan.
Kawas nanggeuy endog beubeureumna. Hartina : Nyaah teu aya wates-wangenna. Balukarna : paur
baé nu aya téh, bisi jelema anu dipikanyaahna téa papanggih jeung kasusahan.
Kawas nu mulangkeun panyiraman. Hartina : Sok nu lain-lain jeung hésé ngayakeunana anu
dipikahayang ku jelema anu téréh ajal mah, kahayangna téh sabisa-bisa mah kudu dicumponan baé,
sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina.
Kawas supa jadi. Hartina : Gancang pisan jadina jeung ngalobaanana. Upamana : ngeunaan koperasi
dina jaman kiwari.
Langkung saur, bahe carék. Hartina : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.
Medal sila. Hartina : Ninggalkeun pasamoan tacan waktuna, lantaran ambek nyedek atawa meunang
wiwirang anu gedé.
Nété semplék, nincak semplak. Hartina : Ninggang dina salah jeung rugi baé, turug-turug kasusah
nambahan deuih.
Ngaliarkeun taleus ateul. Hartina : Ngucah-ngacéhkeun perkara atawa rasiah batur anu matak ribut
jeung teu ngeunah ka saréréa.
Ngarawu ku siku. Hartina : Loba teuing anu disanghareupan ku lantaran hayang meunang
kauntungan anu gedé, temahna teu meunang kauntungan naon-naon, sabab ieu teu kacabak, itu teu
kapigawé.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang. Hartina : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu
mulia.
Nu titeuleum disimbeuhan = Nu borok dirorojok. Hartina : Nu keur nandangan lara jeung susah, heug
ditambahan kanyenyerianana deuih.
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah. Hartina : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka nu
geus beunghar.
Nyair hurang meunang kancra. Hartina : Sugan teh arék meunang kauntungan; kamuliaan atawa
bagja anu leutik, manahoréng meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu gedé.
Nyaliksik ka buuk leutik. Hartina : Nyusahkeun, peperedihan atawa pépéntaan ka jelema anu
sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
Nyalindung di caangna. Hartina : Ngahaja meres rahayat supaya meunang kauntungan anu leuwih
gedé ku jalan ngajual ngaran pamaréntah, pangagung atawa dunungan.
Nyalindung ka gelung. Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana. Nu dipalar milu hirup
senang, teu karana hésé jeung capé.
Nyeungeut damar di suhunan. Hartina : Ku lantaran pupujieun, ari ka deu-ngeun mah daréhdéh
jeung méré mawéh, tapi ari ka baraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung
korét deuih.
Nyeungseurikeun upih ragrag. Hartina : Akey-akeyan nyeungseurikeun batur, duméh buuk geus
bodas, huntu geus ompong, tonggong geus bengkung, turtaning ieu téh kahareup mah ku urang
saréréa bakal kasorang.
Nyiuk cai ku ayakan. Hartina : Pagawéan anu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon.
Nyuhun, nanggung, ngélék, ngégél. Hartina : Rébo pisan, loba naker babawaanana.
Pada rubak sisi samping. Hartina : Sarua bae pada loba- luangna, pada loba pangalamanana.
Pindah cai, pindah tampian. Hartina : Robah tempat matuh, robah adat jeung kabiasaan.
Rejeki maungeun. Hartina : Rejeki anu gede anu datangna bleg sakalian, ngan hanjakalna rejeki anu
bleg-blegan kitu mah langka pisan kapanggihna.
Rujak sentul. Hartina : Jelema nu teu ngartieun kana maksud omongan atawa carita batur.
Rusuh luput = Gancang pincang. Hartina : Migawé naon bae anu rurusuhan, temahna matak
kaduhung, sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
Sangsara di geusan betah. Hartina : Teuing ku miskin, teu boga naon-naon pisan ku lantaran geus
embung digawé nyiar kipayah. Anéhna téh, ari hirup mah hayang kénéh.
Sareundeuk saigel = Sabobot sapihanéan = Sabata sarimbagan. Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya
pacéngkadan.
Sari gunung. Hartina : Ngeunaan ka jelema anu ti kajauhan mah katémbongna teh kasép atawa
geulis, tapi ari geus deukeut bréh baé yén rupana teh goréng patut.
Sawan geureuh. Hartina : Teu tulus rék kawinna, boro geus loba nu nyarahoeun jeung nyaritakeun.
Sawan goléah. Hartina : Mondok teu milih heula tempat anu pantes; abong-abong geus tunduh, di
mana baé dugna. Di dinya tunduh, di dinya goléah.
Sawan kuya. Ari naékna mah bisa jeung gampang, ngan turun-na teu bisa jeung hésé deuih. Gampang
ari meunangna pagawéan mah, ngan hésé béléké pikeun kaluarna.
Sereg di buana, logor di liang jarum. Hartina : Ku lantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing
di nu ramé, sabab sieun; karesepna teh di nu suni, nu euweuh jelema.
Seukeut tambang manan gobang. Hartina : Sakumaha gagahna, wanina jeung ngalawanna ogé, jalma
jahat mah awal-ahir tangtu katangkepna ku pulisi.
Seuneu hurung, cai caah. Hartina : Keur amarah, keur ambek, keur napsu.
Sieun bahé tuluy tamplok. Hartina : Sieun rugi saeutik, jadina rugi gedé pisan.
Sieuran. Hartina : Sapaliwat mah siga goréng rupana, tapi lamun diawas-awas bet tegep tur manis.
Sireum ateulan. Hartina : Teu rata gedéna, atawa teu rata leutikna; gedé sawaréh.
Sireum ogé katincak-tincak teuing mah tangtu ngégél. Hartina : Nu leutik, tur hina ogé, ari dikaya-
kaya teuing mah tangtu ngalawan ngabéla diri.
Sirung ngaliwatan tunggul. Hartina : Darajat atawa milik anak, ngaluhuran bapa. Anak ninggalkeun
paéh ka indung atawa ka bapana.
Situ kaliung ku taman. Hartina : Anu heubeul, éta nu kawentar atawa kamashur. Anu anyar mah
henteu. Upamana : Ngeunaan imah jst.
Sosoroh ngadon kojor. Hartina : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan, tapi boro-boro meunang
kauntungan, kalah ka meunang wiwirang jeung karugian.
Suku dljieun hulu, hulu dijieun suku. Hartina : Digawé nyiar kipayah, kalawan méakkeun tanaga jeung
pikiran.
Taman kaliung ku situ. Hartina : Nu anyar anu kawentar, lain nu heubeul. Ngeunaan barang,
upamana : imah.
Tamiang meulit ka bitis. Hartina : Meunang wirang ku lantaran ngucah-ngacéhkeun rasiah batur.
Tanggung rénténg. Hartina : Nginjeum duit ka Bank Ra'yat babarengan, nu jadi borehna lain imah,
atawa tanah, tapi anu ngarinjeum téa silih borehan.
Taya dunya kinasihan. Hartina : Ka saha baé ogé anu dipikaasih ku urang mah, euweuh hiji barang
anu dikorétkeun.
Teu dipiceun sasieur. Hartina : Sarua pisan teu aya bédana saeutik-eutik acan.
Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan. Hartina : Junun nyanghareupan pagawéan anu nuju
dilampahkeun, teu kaganggu ku naon-naon.
Uncal tara ridu ku tanduk. Hartina : Jelema mah tara pusing atawa kaganggu ku élmuna anu loba.
Berbagi
Posting Komentar
‹
›
Beranda
Saya :
Foto saya
akang canszz