Hidep anaking puputon jimat awaking, pek geura regepkeun ku hidep sakabeh, jiad
pangdu’a ti ibu bapa guru hidep, nu dipalar hidep hirup hurip ka hareup. Pek geura
patri dina acining padaringan ati sanubari. Cangreud pageuh dina galeuh-galeuh manah
anu maneuh. Tungkus dina tungtung kalbu anu saestu. Geura cangcang dina tulang-
tulang kahayang nu bakal datang
Anak :
Bapa, ibu, hapunten abdi rumaos teu acan tiasa mulangkeun kadeudeuh, abdi teu acan
tiasa nepakeun kanyaah, anu aya ngan geugeuleuh jeung kariweuh. Abdi neda halal ti
ibu kalih ti bapa tina sagala rupina, lantaran abdi teu acan tiasa mulang tarima. Mung
abdi sadaya neda panuhun kanu Maha Agung mugi-mugi guru abdi sadaya apanjang-
apunjung salamina.
Ibu :
Duh, anaking, kolot mah lautan hampura, rido jeung iklas, ibu reueus reugreug pageuh
awor jeung kabungah, lamun hidep sarerea bisa ngojayan pangalaman atikan nu leuwih
luhur tur lega. Tapi sawalerna ibu teu ridlo, bapa teu rela, lamun mah hidep kokoleaban
na seuneu naraka alatan nyieun dosa na mangsa rumaja. Moal rela lamun hidep joledar
tambelar kana tetekon ti anu Maha Linuhung, ibu humandeuar hariwang sieun
karandapan. Omat geulis, kasep, sing bisa nyiar elmu pangaweruh nu leuwih luhur ajen
inajenna manan ti Sakola Kajuruan.
Anak :
Duh, bapa, sakitu seueurna kesang anu parantos ngucur dina enggoning ngatik
ngadidik abdi sadaya, poho kacape, poho kasieun. Bade kumaha abdi mulang tarima?
Nu pareng musingkeun, mungpang, ngabandel pikahariwangeun. Matak hese matak
cape. Bapa, hapunten abdi Hapuntennnnnn.........hapunten abdi bapa.
Bapa :
Duh … Anaking, geulis jeung kasep, wanci ieu harepan geus narembongan, nu
ngagupay ka hidep sarerea. Bral geura miang tandang udag kahayang, bapa
nyerangkeun ti kaanggangan. Diandung pangestu ti ibu dijajap pangdu’a ti bapa.
Bismillah tawakalna anu diseja
Pileuleuyan hidep pileuleuyan …