Anda di halaman 1dari 2

NAMA : NUR KHOPIPAH HADIANSYAH

KELAS : XI MIPA 1

PANCEN BASA SUNDA “ INFORMASI FAKTUAL “

MOBIL TUTURUBUN KA SAWAH

Disangka tunduh,mobil sedan flat nomer E 1390 YC warna beureum anu di supiran ku
Rizik santri asal Lengkong,Kabupaten Kuningan tuturubun ka sawah anu aya di pinggir jalan
Taraju,blok manis Rt.05 Rw.01 Desa Babakanreuma,Kecamatan Sindangagung,Kabupaten
Kuningan keur Salasa 24 Januari 2017.

Kajadian sakitar jam 02.30 eta ngakibatkeun jalan jadi macet,kusabab loba masarakat
nu tumplek kadinya pikeun nempo kajadian eta.Salian ti masarakat anu nonton didinya,teu
katinggaleun oge polisi loba nu daratang kadinya pikeun ngamankeun eta kajadian.

Untung na dina kajadian eta teu aya korban jiwa,supir jeung hiji panumpang na salamet
ngan ukur lalecet saeutik.Tapi eta mobil na teh sampe ka ruksak parah,teu lian oge jeung
sawah milik desa dipolah ku mang endos anu kakara di pelakkan teh milu ruksak parah.

Nurutkeun saksi anu ker kajadian eta aya di tempat,mobil anu kakara balik ti Cirebon teh
mimiti na ngaleser heula di jalan,tuluy tuturubun ka sawah nepi ka tibalik kitu.
Teu lila saanggeus mobil murag ka sawah,panumpang na langsung kaluar tina eta mobil,anu
kaayaan na pinuh ku leutak ti mimiti hulu nepi ka suku na.

“Abdi teh ngaraos tunduh pisan,nembe mulih ti Cirebon.Saking Abdi teu tiasa ngatur
konsentrasi Abdi kanggo nyupiran mobil abdi ngageleser di jalan tuluy tuturubun ka sawah.Di
kajadian eta oge Abdi teu pati sadar” ceuk Rizik

Polisi anu aya didinya langsung ngamankeun kaayan di tempat kajadian.Warga anu aya
di sakitar tempat kajadian oge ngabantuan pikeun nenangkeun eta korban.Mobil derek pikeun
nyokot eta mobil datang jam 16.40.Mobil bisa di cokot sekitar jam 17.00.

Anda mungkin juga menyukai