Anda di halaman 1dari 3

Jang

Cipt. Oon : Nembang Pasundan


Jang
hirup teh teu gampang
teu cukup kudipikiran
bari kudu dilakonan

Jang
Jalan kahirupan
henteu salawasna datar
aya pudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang


Ulah nepak dada beunghar
Eling kanu maha agung

Jang
hidep sing ngajalma
nurut parentah agama
ulah jauh ti ulama
nyobat sareng ahli tobat
Dalit sareng para kiyai
Sangkan aya nu ngageuing
Mangsa lengkah ninggang salah

Jaga ucap langkah


Sifat jeung tabeat
Sangkan pinanggih bagja
Salamet dunya akherat
Langit masih caang jalan masih panjang
Hirup teu kudu neuleum kabagjaan pasti datang
Jang
Jang…ng…
Ulah hariwang

----------------------------Music----------------------------
Jang
hirup teh teu gampang
teu cukup kudipikiran
bari kudu dilakonan

Jang
hidep sing ngajalma
nurut parentah agama
ulah jauh ti ulama

Jang
hidep sing ngajalma
nurut parentah agama
ulah jauh ti ulama
Mangsa lengkah ninggang salah

Jaga ucap langkah


Sifat jeung tabeat
Sangkan pinanggih bagja
Salamet dunya akherat
Langit masih caang jalan masih panjang
Hirup teu kudu neuleum kabagjaan pasti datang

Jang
Jang…ng…
Ulah hariwang

Anda mungkin juga menyukai