Anda di halaman 1dari 1

Teknologi Informasi

Contoh artikel dalam basa sunda tentang Teknologi Informasi - Teknologi informasi
dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan
masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang
bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta
teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu
beuki maju.
Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh
goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae Han Phon jeung komputer, di lingkungan
barudak sakola eta dua ngaran geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi
kaulinan anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun
barudah sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu
ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajarna.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seug
dibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur
surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan
teknologi anu salah ngalarapkeunanana
Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut
baris nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas
pikeun nu can ngabogaan komputer atawa leptop sorangan.
Teu saeutik balukar anu goreng alatan teknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja,
geus loba kajadian anu kaalaman ku rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar,
runtagna ahlak alatan lalajo pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram
jeung sajabana.
Kahariwang kolot, alatan eta teknologi geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna
sangkan teu jadi korban pangaruh gorengna, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun
kamajuan sagala widang.
Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa
ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana
pikeun ngungkulan jaman jeung ngjawab tangtangan kahirupan.

Anda mungkin juga menyukai