Anda di halaman 1dari 60

'LWHUELWNDQROHK

%,'$1*3(0%,1$$16(.2/$+0(1(1*$+$7$6
',1$63(1',',.$13529,16,-$:$%$5$7
-DODQ'U5DGMLPDQ1R7HOS  )D[  
:LVVHHOERUG  
%DQGXQJ
3HQJDUDK

'U,U+$KPDG+DGDGL06L
.HSDOD'LQDV3HQGLGLNDQ3URYLQVL-DZD%DUDW

3HQDQJJXQJ-DZDE

,U+<HVD6DUZHGL+DPLVHQR03G
.HSDOD%LGDQJ3HPELQDDQ6HNRODK0HQHQJDK$WDV
.RRUGLQDWRU3HQJHPEDQJ0RGXO

'UV'HGHQ6DHIXO+LGD\DW03G
.HSDOD.&':LOD\DK9,
$DQ1XJUDKD63G
6WDI%LGDQJ3HPELQDDQ6HNRODK0HQHQJDK$WDV
'LDQ5RFKGLDQD67
6WDI%LGDQJ3HPELQDDQ6HNRODK0HQHQJDK$WDV

.RRUGLQDWRU3HODNVDQD

.XVWLPL03G
6WDI%LGDQJ3HPELQDDQ6HNRODK0HQHQJDK$WDV'LVGLN3URYLQVL-DZD%DUDW
7LP6($02/(&
6XDPLQ63G
Tim Teknis Bidang Pembinaan Sekolah Menengah Atas Disdik Provinsi Jawa Barat.
'UV+-XPGLDW0DU]XNL00
Tim Teknis Bidang Pembinaan Sekolah Menengah Atas Disdik Provinsi Jawa Barat.
'U6XQGDUL03G
Tim Teknis Bidang Pembinaan Sekolah Menengah Atas Disdik Provinsi Jawa Barat.
'UD'HGHK6XDWLQL03G
Kepala SMA Negeri 2 Padalarang Kab. Bandung.
Aip Syarif Hasan Effendi, M.Pd.
Guru SMA Negeri 2 Padalarang Kab. Bandung.

3HQXOLV0RGXO

Darpan, M.Pd.
Ari Andriansyah, S.Pd.
Arif Ali Abdillah, M.Pd.
Ranu Sudarmansyah, S.Pd.
I Wahyudi Sofyan, S.Pd.
Abhurizal M Yusuf, S.Pd.
Rudi Hartanto, S.Pd.
Antun Hikmawati E, S.Pd
(GLWRU

'UV5(U\DQWR03G 7LP7HNQLV%LGDQJ3HPELQDDQ6HNRODK0HQHQJDK$WDV
'LVGLN3URYLQVL-DZD%DUDW 
Darpan, M.Pd͘

/D\RXW

7LP7HNQLV%LGDQJ3HPELQDDQ6HNRODK0HQHJDK$WDV'LVGLN3URYLQVL-DZD%DUDW 

Dicetak oleh:
PT SARANA PANCAKARYA NUSA
Jl. Terusan Kopo No. 633-641 KM. 13,4 Katapang, Bandung 40971
Telp. (62-22) 5893371 Fax. (62-22) 5891558
Email: office@spkn.co.id - www.spkn.co.id
Isi di luar tanggung jawab percetakan
KATA PENGANTAR

Pemerintah Daerah Provinsi Jawa Barat dalam rangka meningkatkan APK Sekolah
Menengah telah menetapkan sebuah strategi yang inovatif yaitu dengan melalui
penyelenggaraan Sekolah Menengah Atas Terbuka atau SMA Terbuka, yang tersebar di
seluruh kabupaten kota yang ada di Jawa Barat.

Keberadaan SMA Terbuka tentunya disamping dalam rangka untuk meningkatkan


layanan akses daya tampung tetapi perlu pula didampingi dengan adanya peningkatan mutu
pendidikan dari SMA Terbuka itu sendiri. Dalam rangka meningkatkan mutu pendidikan di
SMA Terbuka tentunya sangat dipengaruhi dengan adanya proses belajar dan bahan ajar
yang digunakan oleh peserta didik yang ada di SMA Terbuka. Dengan adanya proses
belajar dan bahan ajar yang tepat diharapkan mutu pendidikan SMA Terbuka dapat
disejajarkan dengan mutu pendidikan yang ada di sekolah reguler.

Modul merupakan bahan ajar yang tepat untuk SMA Terbuka karena proses belajar
di SMA Terbuka sebagian besar menggunakan pola belajar mandiri. Dengan adanya bahan
ajar modul SMA Terbuka yang sudah disusun dan mengacu kepada Standar Kompetensi
dan Kompetensi Dasar yang sesuai dengan Kurikulum yang berlaku, diharapkan proses
belajar SMA Terbuka lebih efektif dan dapat berjalan dengan lancar. Untuk itulah maka
Dinas Pendidikan Pemerintah Provinsi Jawa Barat mengadakan bahan ajar modul untuk
SMA Terbuka pada Tahun 2018.

Kepada semua pihak yang telah membantu terhadap kelancaran dalam proses
pengadaan modul SMA Terbuka ini, Kepala Dinas Pendidikan Pemerintah Daerah Provinsi
Jawa Barat mengucapkan terima kasih semoga kebaikan saudara mendapat imbalan dari
Allah SWT, Aamiin.

Bandung, 24 April 2018.


Kepala Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat

Dr. Ir H. Ahmad Hadadi, M.Si


Pembina Utama Madya
NIP. 19611231 198703 1 042

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 iii


PANGJAJAP

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Alloh Swt. Kalawan rohmat sinareng


barokah-Na, ieu Modul Pangajaran Bahasa Sunda Kelas XI Program SMA Terbuka
Provinsi Jawa Barat tiasa réngsé disusun dina waktosna.
Ieu modul disusun kalayan nimbang-nimbang kondisi, kamampuh, sinareng
kabutuhan siswa SMA Terbuka di Jawa Barat. Eusi modul ngahaja disusun kalayan
sistematis, ringkes, mundel, tur pikaresepeun. Lian ti éta, ieu modul dikonsép sangkan
siswa bisa diajar mandiri, tur diaping ku guru kalayan inténsif.
Ieu modul dilengkepan ku téks bacaan nu loyog tur ngirut. Eusi matéri gampang
dipikaharti, sarta dipungkas ku “Kandaga Kecap” minangka kamus alit nu medar kecap-
kecap nu dianggap kurang dipikaharti ku siswa. Dipedar hartina dina basa Sunda jeung
basa Indonésia.
Tangtuna, kahontalna tujuan pangajaran téh dirojong ku bahan ajar nu mundel,
salasahijina nyaéta modul pangajaran. Ieu modul dipiharep, bisa ngadeudeul siswa dina
mikapaham matéri basa Sunda di Kelas XI.
Pamungkas, simkuring saparakanca seja ngahaturkeun réwu nuhun ka sadaya
pihak nu parantos ngarojong medalna ieu modul. Mugia tiasa ngabantos pancén guru
dina ngahirup-huripkeun basa Sunda. Tangtos baé seueur kénéh kakiranganana. Ku
kituna, pangdeudeul, kritik, sinareng saran kalintang diantos-antos pisan. Urang
sarungsum bari maju baé, pikeun bahan révisi tur ngahasilkeun modul nu langkung
mundel.

Bandung, April 2018

Panyusun

iv MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


DAPTAR EUSI



.$7$3(1*$17$5Lii
3$1*-$-$3iv
'$37$5(86, Y
BUBUKA
Déskripsi
Prasyarat
Papagon Diajar
Tujuan Ahir
Uji Balik
BIANTARA
Tujuan Pangajaran
Pedaran Matéri
eYDOXDVL3DQJDMDUDQ
Lajuning Laku
Référénsi
Kandaga Kecap
SISINDIRAN
Tujuan Pangajaranϴ
3HGDUDQ0DWpUL
eYDOXDVL3DQJDMDUDQ
Lajuning Laku
Référénsi
Kandaga Kecap
3$180%8&$785
Tujuan Pangajaran
3HGDUDQ0DWpUL
eYDOXDVL3DQJDMDUDQ
Lajuning Laku
Référénsi
Kandaga Kecap
&$5,7$321'2.
Tujuan Pangajaran
Pedaran Matéri
Évaluasi Pangajaran
Lajuning Laku
Référénsi
Kandaga Kecap

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 v


vi MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1
BUBUKA

Déskripsi
Ieu modul bahan ajar téh minangka pangdeudeul buku ajar basa Sunda Kelas XI,
sarta disusun dumasar kana tujuan jeung kompeténsi nu kudu dihontal. Harepanana
sangkan siswa bisa mikaweruh sarta nyangkem matéri-matéri nu dipidangkeun dina ieu
modul.
Ieu modul nyadiakeun informasi, padoman, soal latihan nu dilengkepan ku
papagon ngaréngsékeunana, uji kompeténsi, tés sumatif, ringkesan matéri, jeung
kandaga kecap (glosarium).
Pangajaran basa Sunda nu dipidangkeun, minangka bahan ajar nu penting tur
méré kamampuh dasar basa Sunda kalawan pikaresepeun tur komunikatif. Lantaran
matéri nu dipidangkeunana ngarojong siswa sangkan gampang maham basa Sunda.
Pidangan matéri-matéri nu aya dina ieu modul dimimitian ku ngawanohkeun
pasualan-pasualan nyata, pikeun manggihan konsép. Saterusna, siswa dipiharep bisa
ngawasa éta konsép ngaliwatan latihan soal, mekarkeun pikiran, jeung ngalarapkeun
dina kahirupan sapopoé.
Ieu modul téh kacida pikaresepeunana. Geus tangtu eusina gé matak resep
macana. Aya pangajaran biantara, sisindiran, panumbu catur, carita pondok (carpon),
jeung paélmuan séjénna.
Dina ieu modul gé henteu ngan sawates diajar basa jeung sastra Sunda wungkul,
tapi loba anu ngait kana rupa-rupa hal dina hirup kumbuh. Urang bakal diajar ngeunaan
tatakrama, rupa-rupa tradisi Sunda warisan karuhun nu mangpaat dina kahirupan, jeung
mikawanoh kabudayaan nu napak dina kakiwarian, contona téknologi.
Tujuanana pikeun mekelan sangkan siswa bisa nempatkeun diri dina jaman
kiwari, sarta mapag jaman nu bakal datang. Kapan matak sarakola téh di antarana
pikeun ngahontal cita-cita nu luhur.
Diajar basa Sunda téh babari. Asal urangna ulah sieun tur horéam saméméh prak.
Nu penting mah kudu aya kadaék. Najan lain urang Sunda pituin gé ari aya kadaék diajar
basa Sunda mah pasti bakal bisa. Hadéna dirojong ku rajin maca buku, koran, atawa
majalah Sunda. Rajin ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda,
atawa rajin lalajo pagelaran kasenian Sunda. Tong poho, dina ngagunakeun internét
pikeun komunikasina gé ngagunakeun basa Sunda nu merenah.

Prasyarat
Matéri nu dipidangkeun dina ieu modul téh sawaréh geus diajarkeun di SMP,
sawaréhna deui minangka matéri anyar. Matéri basa Sunda SMA Kelas XI Seméster 1
nyaéta Biantara, Sisindiran, Panumbu Catur, jeung Carita Pondok. Éta matéri téh bakal
dipedar kalawan jembar luyu jeung pamaredih kompeténsi di jenjang SMA.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 1


Lain baé pangaweruhna, tapi ogé urang bakal diajar prakték nu matak
pikaresepeun. Urang bakal diajar biantara, nyieun sisindiran, jadi panumbu catur, jeung
ngulik carita pondok.

Papagon Diajar
Matéri basa Sunda SMA Kelas XI Seméster 1 nu kudu dikawasa luyu jeung
Kompeténsi Dasar, diwincik di handap:
KD IPK
3.1 Menganalisis isi, struktur, dan 3.1.1. Siswa bisa mikapaham eusi téks
aspek kebahasaan teks biantara biantara
3.1.2. Siswa bisa nganalisis struktur téks
biantara
4.1 Mendemonstrasikan biantara 4.1.2. Siswa bisa nepikeun biantara kalawan
dengan memperhatikan ngéstokeun kaédah basa nu merenah
kesantunan dan penggunaan
kaidah bahasa
3.2 Menganalisis isi, struktur, dan 3.2.1. Siswa bisa mikapaham eusi sisindiran
aspek kebahasaan sisindiran 3.2.2. Siswa bisa ngajelaskeun watek
sisindiran
4.2 Menyusun dan menampilkan 4.2.1. Siswa bisa nyieun sisindiran kalawan
sisindiran secara lisan/tulisan ngéstokeun kontéks jeung fungsi
sesuai dengan konteks dan sosialna
fungsi sosialnya
3.3 Menganalisis isi, struktur dan 3.5.1 Siswa bisa mikapaham eusi téks
aspek kebahasaan teks panumbu panumbu catur
catur dalam kegiatan diskusi, 3.5.2 Siswa bisa ngaanalisis struktur téks
debat, dan sejenisnya panumbu catur
4.3 Mendemontrasikan panumbu 4.3.1 Siswa bisa nyusun téks panumbu catur
catur dalam kegiatan diskusi, luyu jeung kaédah-kaédahna
debat, dan sejenisnya yang sesuai
dengan konteks penggunaan
bahasa
3.4 Menganalisis isi, struktur dan 3.4.1 Siswa bisa mikapaham eusi carita
aspek kebahasaan carita pondok pondok
3.4.2 Siswa bisa ngaanalisis struktur carita
pondok
4.4 Menulis carita pondok sederhana 4.4.1 Siswa bisa nyusun rangkay karangan
dengan memperhatikan struktur carita pondok luyu jeung struktur
dan kaidah kebahasaan carita pondok

2 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Éta materi-materi téh dipiharep bisa kahontal. Sangkan siswa nyangking
kompeténsi pangaweruh, kaparigelan, sarta sikep nu raket patalina jeung
ngaréngsékeun pasualan ngagunakeun prinsip jeung papagon basa Sunda luyu jeung
Kurikulum 2013.
Ieu di handap diwincik peta konsép ngeunaan kompeténsi nu kudu dicangking
dina unggal matéri:

3.1. Menganalisis isi, 3.2. Menganalisi isi, 3.3. Menganalisis isi, 3.4. Menganalisis isi,
struktur, dan aspek struktur, dan aspek struktur, dan aspek struktur, dan aspek
kebahasaan teks kebahasaan sisindiran kebahasaan teks kebahasaan carita pondok
biantara . panumbu catur dalam

PANGAWERUH

Ieu modul téh diancokeun pikeun


mekelan parasiswa patali jeung
materi biantara, sisindiran,
panumbu catur, jeung carita
pondok

KAPARIGELAN

4.1. Medemontrasikan 4.2. Menyusun dan 4.3. Mendemontrasikan 4.4. Menulis carita pondok
biantara dengan menampilkan sisindiran panumbu catur dalam sederhana dengan
memperhatikan secara lisan/tulisan kegiatan diskusi, debat, memperhatikan struktur
kesantunan dan sesuai dengan konteks dana sejenisnya yang dan kaidah kebahasaan
penggunaan kaidah dan fungsi sosialnya sesuai dengan konteks
bahasa penggunaan bahasa

Unggal kagiatan diajar, boh diajar mandiri boh lawungan (tatap muka), bakal
diajén pikeun unggal aspékna, anapon rubrik évaluasi dina unggal Kompetensi Dasar
nyaéta:

Uji
Pancén Pancén Diksusi
Aspék Kompeténsi
Mandiri Kelompok (Forum)
Dasar
Pangaweruh 30% 40% 30% 60%

Kaparigelan 50% 30% 20% 40%

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 3


Dipiharep siswa aktif dina unggal kagiatan pangajaran, boh diskusi jeung
lawungan (tatap muka), boh pangajaran jarak jauh jeung pancén kagiatan évaluasi.
Siswa ogé dipiharep bisa ngajawab évaluasi ahir Seméster 1.
Prak geura diajar sing soson-soson tur bisa ngawasa unggal matéri. Mugia ieu
modul bisa ngarojong dina ngaronjatkeun pangaweruh jeung kaparigelan basa Sunda
kelas XI SMA Semester 1. Luyu jeung anu geus ditetepkeun dina Kurikulum 2013.

Tujuan Ahir
Sanggeus diajar matéri basa Sunda kelas XI SMA Semester 1, siswa dipiharep
maham, mampuh nganalisis, parigel dina unggal Kompeténsi Dasar, jeung boga sikep nu
hadé dina ngalarapkeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé.
Siswa ogé dipiharep bisa ngajawab tés sumatif dina unggal Kompéténsi Dasar
(KD). Upama siswa geus ngawasa hiji KD, kakara bisa maju ka KD satuluyna. Sedengkeun
upama siswa tacan ngawas hiji KD, dipiharep maham heula KD nu tacan dikawasa.

Uji Balik
Waktu sakola di SMP, naha hidep geus pernah diajar ngeunaan narjamahkeun,
dongéng, laporan kagiatan, jeung kawih? Tangtuna geus pernah diajar. Pék eusian ieu
kolom di handap!

Pananya Jawaban
Naon ari biantara téh?
Sebutkeun sisindiran nu dipikaresep?
Naon pancén panumbu catur téh?
Sebutkeun judul carpon nu dipikaresep?

4 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


KOMPETENSI DASAR 3.1
BIANTARA

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 5


5
Kompetensi Dasar
3.1 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks biantara
4.1 Mendemonstrasikan biantara dengan memperhatikan kesantunan dan
pengunaan kaidah bahasa

BIANTARA

(Diagram 1. Peta Konsép Matéri Biantara)

Tujuan Pangajaran
1. Siswa bisa mikapaham eusi téks biantara
2. Siswa bisa nganaalisis struktur téks biantara
3. Siswa bisa nepikeun biantara kalawan ngéstokeun kaédah basa nu merenah

6 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Pedaran Matéri
Bapa Camat nu
ku simkuring
dipikahormat.

A. Maca Téks Biantara


Pék baca ieu téks biantara di handap!
Maca heula
yuu…!!!

MIÉLING POÉ KAMERDÉKAAN 17 AGUSTUS


(Biantara Kadés Leuwidaun)

Asallamu’alaikum. Wr.Wb.
Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na
udzubillahi min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdzillahu fala
mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.
Langkung ti payun, puji sareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Ku
rahmat sareng hidayah-Na urang sadaya tiasa ngempel di ieu tempat dina kaayaan séhat
wal’afiat.
Sholawat sareng salam mugia tetep ngocor ngagolotor ka jungjunan urang
sadaya, Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, para sohabatna, tabi’in
tabi’atna, tur ka urang sadaya salaku umatna. Aamiin.
Bapa Camat, para Kadés sa-Kecamatan Bojong Salak, ogé teu hilap ka sadaya
warga Desa Leuwidaun anu ku sim kuring dipikahormat sareng dipikareueus.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 7


Sateuacanna simkuring ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos
masihan waktos sareng kasempetan ka sim kuring, kanggo ngadugikeun biantara dina
raraga miéling poé Kamerdékaan RI ka-73.
Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat, dina dinten ieu urang terang yén kaping
17 Agustus 1945 nagara urang merdéka tina penjajahan. Para pajoang urang kapungkur
tos ngorbankeun sagalana pikeun kamerdékaan nagara Indonésia. Dugi ka ayeuna urang
tiasa ngararasakeun nikmatna hirup minangka hasil tina kamerdékaan.
Saupami dilenyepan, urang kedah muji sukur ka Gusti, yén ayeuna hirup dina
kaayaan anu merenah tur tumaninah, jauh tina kahariwang. Tangtuna urang moal tiasa
nandingan para pahlawan nu tos bajoang pikeun kamerdékaan. Tapi, saleresna ayeuna
urang kudu terus bajong pikeun ngeusian kamerdékaan, contona ku cara ngajaga
kaberesihan lingkungan sabudeureun, ngaraketkeun silaturahmi, sareng némbongkeun
sikep anu hadé dina kahirupan sapopoé.
Hadirin, sim kuring salaku Kadés Leuwidaun umajak ka para warga kanggo
ngareuah-reuah ieu acara miéling poé Kamerdékaan RI nu ka-73. Ieu kagiatan téh
maksadna sangkan masarakat tiasa langkung ngaraketkeun silaturahmi. Nya kagiatan
sapertos kieu anu tiasa dijantenkeun usaha pikeun bajoang di jaman kiwari, bénten
sareng para pahlawan urang kapungkur. Hayu urang du’akeun para pahlawan anu
parantos bajoang pikeun kamerdékaan. Omat ka sadaya anu sarumping, salami ieu acara
lumangsung kedah tiasa ngajagi kaberesihan sareng katartiban.
Rupina cekap sakitu pamapag ti simkuring, bilih aya langkung saur bahé carék,
bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, mugi jembar pangampura.
Mugia nagara urang salawasna nanjeur tur aya dina panangtayungan Gusti Nu
Maha Suci. Aamiin.
Wassalamu’alaikum .Wr.Wb.

B. Medar Biantara
Biantara atawa pidato téh nyarita di hareupeun balaréa, bari aya maksud jeung
tujuan anu hayang ditepikeun. Biantara biasana ditepikeun dina sababaraha jenis
kagiatan. Basa anu digunakeunana ogé biasana diluyukeun jeung situasi sarta kondisi di
sabudeureun. Ngan ilaharna dina biantara mah ngagunakeun basa lemes, lantaran
ngahargaan jeung ngahormat ka para hadirin.
Dumasar téks biantara di luhur, Pa Kadés téh umajak ka para hadirin pikeun miéling
poé Kamerdékaan, ku cara leuwih ngaraketkeun silaturahmi di antara warga Désa
Leuwidaun.
Biantara di luhur téh kaasup kana biantara resmi, lantaran nepikeunana dina
kagiatan anu resmi nyaéta miéling Kamerdékaan RI. Nu kaasup kana biantara resmi
contona biantara dina sidang, rapat, ngaresmikeun sakola, jeung réa-réa deui.
Sedengkeun biantara teu resmi contona biantara ulang taun, riungan babaturan,
hiburan, jeung sajabana.

8 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Métodeu/Tehnik Nepikeun Biantara
Métodeu atawa téknik biantara nu biasa digunakeun dina nepikeun hibiantara, di
antarana:

• Nepikeun biantara ku cara ngapalkeun téks biantara.


Ngapalkeun

• Nepikeun biantara ku cara maca téks sacara gembleng.


Maca

• Nepikeun biantara ku cara nyieun catetan-catetan nu dianggap


Ekstémporan penting pikeun ditepikeun.

• Nepikeun biantara sacara langsung henteu ngagunakeun téks.


Impromtu Biasana digunakeun ku jalma nu geus ahli nepikeun biantara.
(langsung)

Bagan 2.2 Téhnik Nepikeun Biantara

Struktur Biantara
Biantara ngabogaan struktur nu geus tangtu, nyaéta diwangun ku bagian bubuka,
eusi, jeung panutup. Dina bagian bubuka ngawengku salam bubuka, mukadimah, salam
panghormat ka para hadirin, jeung ngahaturkeun nuhun ka panata acara nu geus méré
kesempetan pikeun nyarita.
Bagian eusina ngajelaskeun eusi, maksud, jeung tujuan biantara. Sedengkeun
bagian panutup ngawengku nganuhunkeun ka para hadirin, sanduk-sanduk, du’a, jeung
salam panutup.

BAGIAN BUBUKA
Salam Bubuka Assalamu’alaikum wr.wb.
Mukadimah Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu
wa na udzubillahi min syururi anfusina wa min sayyiati
a’malina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala
hadiyalah.
Langkung ti payun, puji sareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu
Maha Suci. Ku rahmat sareng hidayah-Na urang sadaya tiasa
ngempel di ieu tempat dina kaayaan séhat wal’afiat.
Sholawat miwah salam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang
sadaya, Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana,
parasohabatna, tabi’in tabi’atna, tur ka urang sadaya sadaya
salaku umatna.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 9


Salam Panghormat Bapa Camat, para Kadés sa-Kecamatan Bojong Salak, ogé teu
hilap ka sadaya warga Désa Leuwidaun anu ku sim kuring
dipikahormat sareng dipikareueus.
Ngahaturkeun nuhun Sateuacanna sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panata acara
ka panata acara anu parantos masihan waktos sareng kasempetan kanggo
ngadugikeun biantara.
BAGIAN EUSI
Maksud jeung Tujuan Sim kuring ngadeg di ieu panggung téh kanggo ngadugikeun
pangbagéa ka sadaya dina raraga miéling poé Kamerdékaan RI
ka-73.
Eusi Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat, dina dinten ieu urang
terang yén kaping 17 Agustus 1945 nagara urang merdéka tina
penjajahan. Para pajoang urang kapungkur tos ngorbankeun
sagala-galana pikeun kamerdékaan nagara Indonésia. Dugi ka
ayeuna urang sadaya tiasa ngararaoskeun nikmatna hirup
minangka hasil tina kamerdékaan.
BAGIAN PANUTUP
Ngahaturkeun nuhun Sim kuring ngahatur nuhun ka Pa Camat, Pa Kadés anu
ka hadirin parantos ngersakeun sumping, ogé teu hilap ka sadaya warga
Désa Leuwidaun. Mugia Gusti masihan ganjaran kasaéan.
Aamiin.
Sanduk-sanduk bilih Rupina cekap sakitu pamapag ti sim kuring, bilih aya langkung
aya kalepatan saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu
kasuhun, mugi jembar pangampura.
Dunga Mugia nagara urang salawasna nanjeur tur aya dina
panangtayungan Gusti Nu Maha Suci. Aamiin.

Salam Panutup Wassalamu’alaikum .Wr.Wb

Sangkan urang babari dina nyusun téks biantara, leuwih hadé jieun heula rangka
tulisanana. Ieu di handap léngkah-léngkah dina nyusun téks biantara:
1. Téma atawa topikna kudu aktual
Téma kudu diluyukeun jeung kaayaan atawa pasualan anu keur haneut atawa jadi
bahan obrolan jalma réa.
2. Jieun rangka karanganana
Jieun rangka karangan biantara dina wangun kalimah-kalimah anu diluyukeun jeung
situasi sarta kondisi di mana ditepikeunana éta biantara, anu strukturna: bubuka,
eusi, jeung panutup.
3. Eusina pepel jeung mundel
Biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba mangpaatna.
4. Gunakeun basa nu hadé
Basa nu digunakeun dina biantara téh kudu hadé, sopan, jeung matak pikaresepeun.

10 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


D. Nepikeun Biantara
Sangkan dina nepikeun biantara téh hadé jeung tartib, aya sawatara hal anu kudu
diperhatikeun ku urang, di antara nyaéta:
1) Sora (artikulasi) kudu jelas tur kadéngé ku balaréa.
2) Lentong (intonasi) kudu merenah, ulah nepi ka biantara dina basa Sunda ari
lentongna basa Indonésia.
3) Ngatur gancang henteuna atawa tarik halona omongan.
4) Pasemon (éksprési) kudu luyu jeung eusi biantara.
5) Gerak awak (géstur) kudu merenah, henteu kaleuleuwihi.

E. Ringkesan

1. Biantara atawa pidato téh nyaéta nyarita di hareupeun balaréa, bari aya maksud
jeung tujuan nu hayang ditepikeun.
2. Jenis biantara aya dua nyaéta biantara resmi jeung biantara teu resmi. Biantara
resmi contona biantara dina rapat dinas. Biantara teu resmi contona biantara
dina acara ulang taun.
3. Métodeu/téhnik nepikeun biantara aya opat nyaéta: ku cara diapalkeun, maca
téks, ékstémporan (nyatet hal-hal penting), jeung impromtu (spontan/langsung
teu maké téks).
4. Struktur biantara nu geus tangtu nyaéta: bubuka, eusi, jeung panutup.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 11


Évaluasi Pangajaran

I. Soal Pilihan Ganda


Cakra (X) dina pilihan jawaban A, B, C, D atawa E anu ku hidep dianggap bener!
1. Biantara téh nyaéta nyarita di hareupeun ….
A. kulawarga
B. kepala sekolah
C. babaturan
D. guru
E. balaréa

2. Dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung teu resmi, ieu di handap mana nu
kaasup kana biantara teu resmi ….
A. biantara ngaresmikeun sakola anyar
B. biantara dina rapat DPR
C. biantara sukuran boga imah anyar
D. biantara kapala sakola jeung kolot siswa
E. biantara dina upacara

3. Métodeu/téknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin-poin nu dianggap


penting nyaéta….
A. ngapalkeun biantarana
B. impromtu
C. ékstémporan
D. persuasif
E. maca naskah biantara

4. Sadaya puji kagungan Gusti Nu Maha Suci. Solawat sinareng salam mugi tetep
ngocor ngagolontor ka Jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad Saw.
Kalimah di luhur mangrupa bagian tina ….
A. salam bubuka
B. mukadimah
C. ngahaturkeun nuhun
D. eusi biantara
E. sanduk-sanduk

12 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


5. Bagian dina struktur biantara anu eusina ménta pangampura bisi aya kasalahan dina
nyarita nyaéta ....
A. salam bubuka
B. mukadimah
C. ngahaturkeun nuhun
D. eusi biantara
E. sanduk-sanduk

6. Dina nyusun téks biantara eusina kudu mundel, naon harti tina kecap mundel téh….
A. loba mangpaat jeung loba pulunganeunana
B. luyu jeung aturan nyieun téks biantara
C. kudu loba maké kecap anu éndah dina biantara
D. merhatikeun kaédah-kaédah biantara
E. dumasar kana struktur biantara

7. Dina nyusun téks biantara, urang kudu bisa ngagunakeun jejer anu aktual. Naon ari
nu dimaksud aktual téh? ....
A. eusina kudu bener-bener nyata
B. teu meunang ngarang ku sorangan
C. strukturna kudu bener
D. jejerna kudu luyu jeung situasi sarta kondisi kiwari
E. basa nu digunakeunna kudu kaharti

8. Dina nepikeun biantara urang kudu merhatikeun sora anu bedas sangkan kadéngé ku
balaréa. Béntés dina nepikeun kecap jeung kalimah dina biantara, ulah loba
ngarandeg dina nyarita. Éta pedaran téh kaasup kana ....
A. lentong (intonasi)
B. sora (artikulasi)
C. pasang peta
D. wirahma
E. nada

9. Basa anu digunakeun dina biantara biasana diluyukeun jeung situasi jeung kondisi
sabudeureun. Anu teu kaasup kana situasi jeung kondisi anu kudu diperhatikeun dina
biantara téh nyaéta ….
A. saha anu ngahadiran éta acara
B. jenis acara anu dilaksanakeun
C. kalungguhan nu haladir
D. jumlah hadirin anu aya
E. kapentingan acara

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 13


10. Rupina cekap sakitu pamapag ti sim kuring, bilih aya langkung saur bahé carék,
bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, mugi jembar pangampura.
Paribasa bobo sapanon carang sapakan ngandung harti ….
A. aya nu dipikangéwa ku hadirin
B. sauyunan babarengan jeung baraya
C. teu puguh undak-usukna, teu puguh éntép seureuhna
D. dijéntrékeun maksud jeung tujuanna
E. hayoh mamatahan batur ari ka sorangan henteu

Soal Uraian
1. Sebutkeun dua conto biantara resmi jeung teu resmi nu sok kapanggih dina
kahirupan sapopoé!
2. Jieun hiji sempalan panutup biantara kalawan ngagunakeun basa anu merenah!
3. Jéntrékeun métodeu/téhnik nu sok dipaké dina nepikeun biantara di
hareupeun balaréa!
4. Tuliskeun tilu conto jejer biantara anu aktual jaman kiwari!
5. Jéntrékaun naon waé anu kudu diperhatikeun saupama urang rék nyusun téks
biantara!

Konci Jawaban
1. Pilihan Ganda
1. E 6. A
2. C 7. B
3. C 8. B
4. B 9. D
5. E 10. C

2. Uraian
1. Conto biantara resmi: biantara rapat DPR jeung biantara dina upacara
bendéra.
Conto biantara teu resmi : biantara ulang taun, biantara sukuran boga imah
anyar.
2. Rupina mung sakitu anu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hatur nuhun kana
perhatosanana tur kasumpinganana. Hapunten anu kasuhun bilih aya
kalepatan, bobo sapanon carang sapakan jembar panghampura anu diteda.
Mugia urang sadaya salawasna aya dina panangtayungan Gusti Nu Maha
Suci.
Wassallamu’alaikum wr.wb.
3. Métodeu/téknik nepikeun biantara aya opat nyaéta:
a. ku cara ngapalkeun naskah (ditalar)
b. maca téks
c. ékstémporan (nyatet hal-hal nu dianggap pentingna wungkul)
d. impromtu (spontan/langsung teu maké teks). Biasana sok digunakeun
ku jalma nu geus parigel biantara.

14 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


4. Eusina gumantung kana situasi jeung kaayaan
5. Saupama urang rék nyusun hiji biantara urang kudu merhatikeun
sababaraha sarat diantarana waé:
a. nangtukeun jejer anu aktual, disaluyukeun kana kaayaan jeung situasi
anu panganyarna nu keur loba diomongkeun ku jalma réa;
b. jieun rangkay biantarana dumasar kana struktur biantara;
c. jieun eusi biantara anu munel singget, eusina teu kudu panjang-panjang
tapi singget tur loba pulunganeunana;
d. gunakeun basa anu hadé tur éndah, alus upama ditambahan ku kecap-
kecap anu éndah saperti paribasa jeung purwakanti.

Lajuning Laku
Sabada hidep neuleuman matéri biantara, sarta pikeun
ngajembaran jeung nambahan pangaweruh urang patali jeung éta
matéri, pék paluruh informasi séjénna dina buku, sumber séjén, atawa di
internét.
Dina kagiatan kaparigelan (prakték), omat kudu dilaksanakeun keur ngasah
kamampuh hidep dina kaparigelan biantara. Upama aya kasempetan pikeun nyarita di
hareupeun balaréa, dipiharep hidep wani keur nepikeun biantara. Upamana baé dina
rapat OSIS, biantara KM kelas, jrrd. Ku ngabiasakeun nyarita di hareupeun jalma réa,
tangtu bakal nambahan kapercayaan diri hidep.

Référénsi
Danadibrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun
Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas X. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat.
Faturohman, Taufik, Spk. 2017. Cahara Basa Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid
SMA/SMK/MA Kelas XI. Bandung : Geger Sunten.
Hendrayana, Dian. Spk. 2017. Rancagé Diajar Basa Sunda pikeun Murid
SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI. Bandung : Pustaka Jaya
http://sumberbelajar.seamolec.org/product.php?id=NTllNmZmODM4NjVlYWM0OT
MwZTZhZWQy (diaksés ping 29/3/2018)
https://encryptedtbn0.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcRafOWNMvAKBZHaEdSXSx
7_eQCgOqPNeDBLlRkKHecAeBrU_wbFRww (diaksés ping 19/4/2018)

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 15


Kandaga Kecap

bajoang, ngalakukeun perjoangan; Ind. berjuang.


sabudeureun, asalna tina kecap budeur, sakuliring tempat; Ind. sekitar.
salawasna, salilana; Ind. selamanya.
sangkan, supaya, ambéh; Ind. supaya, agar.
panangtayungan, panyalindungan; Ind. perlindungan.

16 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


KOMPETENSI DASAR 3.2
SISINDIRAN

B2
MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 17
18
Kompetensi Dasar
3.2 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan sisindiran
4.2 Menyusun dan menampilkan sisindiran secara lisan/tulisan sesuai
dengan konteks dan fungsi sosialnya

SISINDIRAN

SISINDIRAN

MACA TÉKS CIRI-CIRI


MEDAR SISINDIRAN
SISINDIRAN SISINDIRAN

(Diagram 1. Peta Konsép Matéri Dongéng)

Tujuan Pangajaran
1. Siswa bisa paham kana eusi sisindiran.
2. Siswa bisa ngabédakeun wangun-wangun sisindiran.
3. Siswa bisa nyieun/ngarang sisindiran.

18 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Pedaran Matéri

A. Maca Téks Sisindiran


Pék baca ieu sababaraha conto sisindiran!

Rarakitan
1. Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol néangan élmu,
nu guna dunya ahérat

2. Ti batan ka Rajagaluh,
mending gé ka Sukahaji.
Ti batan ulin teu puguh,
mending gé diajar ngaji

Paparikan
3. Aya listrik di masigit,
caangna ka pabrik Cina.
Itu istri jangkung alit,
Aya karang na pipina.

4. Dagang seureuh papatungan,


cangkaléng laku sasiki.
Euleuh itu popotongan,
dikaléng ku aki-aki.

Wawangsalan
5. Tokyo ibukotana,
tos tepang teras paanggang.

6. Manila ibukotana,
abdi isin diapilain.
(Dicutat tina rupa-rupa sumber)

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 19


B. Medar Sisindiran
Sisindiran téh asalna tina kecap “sindir”, hartina omongan anu dibalibirkeun,
henteu langsung kana pamaksudan atawa henteu togmol. Jadi, sisindiran téh nyaéta
karya sastra wangun puisi nu diwangun ku cangkang jeung eusi, diwengku ku pada (bait)
jeung padalisan (baris), sarta unggal padalisan umumna 8 engang (suku kata).
Dina sisindiran mah eusi atawa maksud nu rék ditepikeun téh dibungkus ku
cangkang, sangkan omongan téh katarimana henteu matak nyinggung atawa matak
nyeri haté. Ari wangun sisindiran kabagi jadi tilu rupa, nyaéta rarakitan, paparikan, jeung
wawangsalan.

Rarakitan
Rarakitan téh sisindiran nu diwangun ku dua padalisan cangkang jeung dua
padalisan eusi. Ari asal kecapna tina ‘rakit’ atawa ‘sarakit’, anu hartina sapasang. Pangna
disebut rarakitan lantaran aya kecap anu ‘sarakit’ atawa sapasang, maksudna nyaéta aya
kecap anu dibalikan deui dina cangkang jeung eusi, utamana kecap mimitina.
Geura tingali contona di handap:

Sing getol nginum jajamu, Æ padalisan ka-1


nu guna nguatkeun urat. Æ padalisan ka-2
Sing getol néangan élmu, Æ padalisan ka-3
nu guna dunya ahérat. Æ padalisan ka-4

Tina sisindiran di luhur, katingali aya kecap ‘sing getol’ dina padalisan kahiji, anu
dibalikan deui dina padalisan katilu. Kitu ogé kecap ‘nu guna’ dina padalisan kadua,
dibalikan deui dina padalisan kaopat.

Paparikan
Paparikan téh asal kecapna tina ‘parik’, hartina parek atawa deukeut. Disebut
paparikan téh lantaran sora kecap nu aya dina cangkang padeukeut jeung sora kecap nu
aya dina eusi.
Geura tingali contona di handap:

Kelewih jeung siki sentul, Æ padalisan ka-1


campedak dikaparakeun. Æ padalisan ka-2
Tebah-tebih abdi nyusul, Æ padalisan ka-3
tos pendak disapirakeun. Æ padalisan ka-4

Tina sisindiran di luhur, katingali sora kecap ‘kelewih’ dina padalisan kahiji,
padeukeut jeung sora kecap ‘tebih-tebih’ dina padalisan kadua. Kitu deui sora kecap
‘campedak’ dina padalisan kadua, padeukeut jeung sora kecap ‘tos pendak’ dina
padalisan katilu.

20 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Wawangsalan
Wawangsalan mah diwangun ku dua padalisan, sajajar cangkang, sajajar eusi. Dina
wangun wawangsalan mah dina padalisan cangkang téh ngandung tatarucingan
(tetebakan), ari dina padalisan eusi ngandung ‘wangsal’ nu kudu dijawab. Wangsal téh
kecap nu sorana murwakanti (deukeut) jeung eusi tatarucingan téa.
Geura tingali contona di handap:

Tokyo ibu kotana, Æ kalimah cangkang (tatarucingan)


tos tepang teras paanggang. Æ kalimah eusi, wangsalna Jepang

Tangtu wé urang bisa neguh/nebak yén nagara anu ibu kotana Tokyo téh nyaéta
‘Jepang’. Ngan baé kecap ‘Jepang’ téh teu kapanggih kitu waé, tapi disumputkeun dina
kecap ‘tepang’ nu aya dina kalimah eusi. Kecap ‘tepang’ sorana padeukeut jeung sora
kecap ‘Jepang’.

Eusi Sisindiran
Ditilik tina eusina, sisindiran téh kabagi jadi tilu, nyaéta aya anu eusina piwuruk
(papatah atawa naséhat), silih asih (cinta), jeung sésébréd (lulucon atawa heureuy).
Geura urang tingali contona:

1. Piwuruk
Salila milu ka dinya,
Téangan roda padati.
Salila hirup di dunya,
Téangan élmu pangarti.

2. Silih asih
Silanglang ngojay silanglang,
ngojayna ka Cipaganti.
Kapalang abdi kapalang,
mélaan cinta ka Nyai.

3. Sésébréd
Ti Cikajang ka Ciamis,
mapay tegal ka Cimindi.
Aya mojang mani geulis,
ngan hanjakal tara mandi.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 21


D. Ringkesan

1. Sisindiran téh nyaéta karya sastra wangun puisi nu diwangun ku cangkang jeung
eusi, diwengku ku pada (bait) jeung padalisan (baris), sarta unggal padalisan
umumna 8 engang (suku kata).
2. Nurutkeun wangunna, sisindiran téh kabagi jadi tilu nyaéta rarakitan, paparikan,
jeung wawangsalan.
3. Nurutkeun eusina, sisindiran téh kabagi jadi tilu nyaéta piwuruk (papatah atawa
naséhat), siih asih (cinta), jeung sésébréd (lulucon atawa heureuy).

Évaluasi Pangajaran

I. Soal Pilihan Ganda


Cakra (X) dina pilihan jawaban A, B, C, D atawa E anu ku hidep dianggap bener!
1. Karya sastra wangun puisi anu diwangun ku cangkang jeung eusi disebut ....
A. sisindiran
B. guguritan
C. wawacan
D. pupuh
E. sajak

2. Sisindiran anu kecap-kecap awal padalisan cangkangna dipaké atawa dibalikan deui
dina padalisan eusi nepi ka siga masang atawa ngarakit disebut ….
A. paparikan
B. rarakitan
C. wawangsalan
D. sésébréd
E. piwuruk

3. Cangkang dina sisindiran aya dina padalisan….


A. kahiji, katilu
B. kahiji, kadua
C. kadua, katilu
D. kadua, kaopat
E. katilu, kaopat

22 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


4. Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun ….
A. rarakitan
B. paparikan
C. wawangsalan
D. tatarucingan
E. piwuruk

5. Sisindiran anu diwangun ku dua padalisan sarta ngandung unsur tatarucingan


disebut ….
A. rarakitan
B. paparikan
C. wawangsalan
D. guguritan
E. wawacan

6. Tokyo ibu kotana,


tos tepang teras paanggang.

Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ….


A. Beijing
B. Cina
C. India
D. Jepang
E. Thailand

7. Tas Juli méméh Séptémber,


putus gé teu panasaran.

Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ….


A. Juni
B. Juli
C. Agustus
D. Séptémber
E. Oktober

8. Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaéta….


A. sapadana diwangun ku opat padalisan
B. unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
C. padalisan kahiji jeung kadua disebutna cangkang
D. padalisan katilu jeung kaopat disebutna eusi
E. padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 23


9. Nilik kana eusina sisindiran téh kabagi jadi tilu bagian, nyaéta….
A. piwuruk, piwejang, naséhat
B. piwuruk, naséhat, silih asih
C. piwuruk, naséhat, sésébréd
D. piwuruk, silih asih, sésébréd
E. silih asih, asmara, sésébréd

10. (1) Sing getol nginum jajamu,


nu guna nguatkeun urat.
Sing getol néangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
(2) Daun kélor dan ganas,
kuciat jeung pacar keling.
Hutang motor tacan lunas,
sakilat aya nu maling.
(3) Los ka kulah los ka talun,
rék néangan bongborosan.
Insya Allah taun payun,
nepangan badé narosan.
(4) Aya lumut dina batu,
aya kuya di muara.
Sing tumut kana waktu,
di dunya ukur ngumbara.

Sisindiran anu eusina ngandung piwuruk aya dina nomer ….


A. (1) jeung (2)
B. (1) jeung (3)
C. (2) jeung (3)
D. (2) jeung (4)
E. (1) jeung (4)

II. Soal Uraian


1. Naon nu dimaksud sisindiran téh?
2. Ditilik tina wangunna sisindiran téh dibagi jadi sabaraha bagian? Sebutkeun!
3. Sebutkeun naon waé ciri-ciri sisindiran téh?
4. Ditilik tina eusina sisindiran dibagi jadi sabaraha bagian? Sebutkeun!
5. Naon eusi tina wawangsalan ieu di handap!
(A) Kairo ibu kotana,
atoh diajak pelesir.
(B) Bulan cikal awal taun,
tara-tara ti sasari.

24 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Konci Jawaban
1. Pilihan Ganda (PG)

1. A 6. D
2. B 7. C
3. B 8. E
4. B 9. D
5. C 10. E

2. Soal Uraian
1. Sisindiran téh nyaéta karya sastra wangun puisi nu diwangun ku cangkang jeung
eusi, diwengku ku pada (bait) jeung padalisan (baris), sarta unggal padalisan
umumna 8 engang (suku kata).
2. Tilu bagian: rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan.
3. - Sapadana diwangun ku opat padalisan;
- unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang;
- padalisan kahiji jeung kadua disebutna cangkang; sarta
- padalisan katilu jeung kaopat disebutna eusi.
4. Tilu, nyaéta piwuruk, silih asih, jeung sésébréd.
5. (A) Mesir (B) Januari.

Lajuning Laku
Sanggeus hidep neuleuman matéri sisindiran, sangkan leuwih paham
jeung ngawasa éta matéri, pék baca buku anu patali jeung sisindiran, di
antarana baé ku ngaderes référénsi nu diruntuykeun ieu di handap.
Dina kagiatan kaparigelan (prakték), omat kudu dilaksanakeun, ku cara
nyieun sisindiran wangun rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan
masing-masing dua pada. Satuluyna hasilna dikumpulkeun ka guru/tutor. Upama aya nu
kurang dipikaharti, boh matéri pangajaranana boh pituduh dina ngarang sisindiran,
tanyakeun sarta diskusikeun (konsultasi) jeung guru bina.

Référénsi

Danadibrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Héndrayana, Dian. 2016. Rancagé Diajar Basa Sunda (Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK
Kelas XI). Bandung: Pustaka Jaya.
Windyagiri, Dédy. 2011. Sisindiran jeung Wawangsalan Anyar. Bandung: Kiblat Buku
Utama.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 25


Kandaga Kecap

kapalang, kagok; Ind. terlanjur.


paanggang, pajauh; Ind. berjauhan jarak.
tepang, lemesna tina panggih; Ind. bertemu.
popotongan, urut kabogoh atawa salaki/pamajikan; Ind. mantan.
tumut, turut atawa nurut; Ind. taat.

26 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


KOMPETENSI DASAR 3.3
PANUMBU CATUR

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 27


28
Kompetensi Dasar
3.3 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks panumbu catur dalam
kegiatan diskusi, debat, dan sejenisnya
4.3 Mendemontrasikan panumbu catur dalam kegiatan diskusi, debat, dan sejenisnya
yang sesuai dengan konteks penggunaan bahasa

PANUMBU CATUR

(Diagram 1. Peta Konsép Matéri Panumbu Catur)

Tujuan Pangajaran
1. Siswa bisa mikapaham eusi téks panumbu catur.
2. Siswa bisa ngaanalisis téks panumbu catur kalawan bener.
3. Siswa bisa nyusun téks panumbu catur luyu jeung kaédah-kaédahna.
4. Siswa bisa molahkeun/metakeun jadi panumbu catur dina hiji acara

28 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Pedaran Matéri

A. Maca Téks Panumbu Catur


Pék baca ieu téks diskusi di handap!

Panumbu Catur dina Kagiatan Diskusi “Pentingna Kaberesihan Lingkungan”

Panumbu Catur: Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang


sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos
masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék
panata acara anu tos masihan kasempetan ka simkuring kanggo
janten panumbu catur dina ieu kagiatan.

Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh


dilaksanakeun lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan
lingkungan urang anu beuki dieu beuki ruksak. Di antarana ku
sabab loba anu miceun runtan di mana waé, antukna
ngalantarankeun caah atawa banjir. Ku kituna, ieu diskusi téh
boga tujuan sangkan urang bisa ngajaga lingkungan sangkan
beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun musibah.

Dina ieu kasempetan parantos hadir narasumber urang, nyaéta


kersana Bapa Udin Supidin. Anjeunna ahli dina widang kaséhatan
lingkungan, anu dina kasempetan ayeuna badé ngabahas matéri
‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’. Sangkan ieu

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 29


acara lumangsung kalawan lancar, sim kuring Asép Soléhudin,
badé ngamoderatoran ieu acara atanapi anu badé janten
panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin, sumangga
dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.

Narasumber: Hatur nuhun ka panumbu catur anu tos masihan waktos ka sim
kuring kanggo ngabahas matéri perkawis kaberesihan jeung
kaséhatan lingkungan. Ayana caah atawa banjir di urang téh
lantaran urang teu ngajaga lingkungan. Miceun runtah di mana
waé, tara meresihan solokan atawa jalan cai, tatangkalan
ditaluaran, jeung sajabana.

Caah téh bisa ngalantarankeun ruksakna lingkungan, nyebarna


rupa-rupa panyakit, jeung kagiatan urang sapopoé kaganggu. Ku
kituna, urang ulah cicingeun ningali kaayaan kitu. Kudu gawé
bareng ngajaga kaberesihan, di antarana miceun runtah teu di
mana waé, komo ulah pisan miceun runtah ka walungan. Upama
jalan cai kapendet, akibatna nimbulkeun caah. Keur nyegahna
urang kudu melak tatangkalan keur nyerep cai, henteu
ngawangun imah atawa bangunan naon waé di tempat anu hadé
keur nyerep cai. Masarakat kudu babarengan ngajaga kaberesihan
lingkungan. Lamun lingkunganana beresih, masarakatna ogé pasti
séhat.

Panumbu catur: Tah, sakitu anu didugikeun ku Bapa Udin ngeunaan ngajaga
kaberesihan jeung kaséhatan lingkungan. Sim kuring yakin éta
pedaran nu didugikeun téh bakal mangpaat jeung méré sumanget
ka urang sangkan ngajaga lingkungan.

Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can
paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan
lingkungaan, dipasihan waktos kanggo ngadugikeun pertanyaan
ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti mana asal.

Nu nanya 1: Assalamualaikum. Abdi Déwi ti RW 02, badé naros ka Bapa


Narasumber. Kumaha cara ngajaga lingkungan di kota? Katingalna
kota langkung kotor upami dibandingkeun sareng di kampung.

Panumbu catur: Hatur nuhun ka sadérék Déwi. Pertanyaanana tos dicatet. Mangga
bilih aya nu badé naros deui.

Nu nanya 2: Sampurasun. Abdi Agus ti wawakil ti Karang Taruna Désa Baros.


Abdi badé naros ka narasumber, aya henteu téknologi ramah
lingkungan pikeun nyegah ayana caah?

30 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Panumbu catur: Hatur nuhun ka sadérék Agus. Pertanyaanana tos dicatet. Aya dua
pertanyaan ti pamilon anu bakal dijawab ku Bapa narasumber.
Mangga nyanggakeun ka Bapa Udin Supidin.

Narasumber: Hatur nuhun ka sadérék Déwi sareng Agus kana pertanyaanana.


Ngajaga kaberesihan kota sami waé sareng ngajaga kaberesihan di
lembur. Ngan di kota mah kudu leuwih rajin, sabab tempat
nyerepna cai téh geus réa katutup ku wawangunan. Solusina mah
bisa ku sababaraha cara, nyaéta: ngajak warga ngayakeun
kagiatan rutin beberesih, ngayakeun kampanyeu miceun runtah
kana tempatna, ngawewegan tanggul-tanggul walungan, jeung
rutin ngeruk runtah ti walungan. Sedengkeun téknologi keur
nyegah caah, bisa ngagunakeun téknologi biopori, nyaéta ku cara
nyieun lombang keur nyerepna cai. Éta lombang bakal kaeusian
cai anu tuluy nyerep ka jero taneuh.

Panumbu catur: Tah geuning, tos jelas ayeuna mah. Pertanyaan ti sadérék Déwi
sareng Agus tos kajawab. Hatur nuhun ka narasumber, Bapa Udin
Supidin.

Alhamdulillahi, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga


mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga
lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Mangga
nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.

B. Medar Panumbu Catur


Panumbu catur atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur lumangsungna
kagiatan diskusi atawa rapat. Tugasna béda jeung panata acara atawa MC (Master of
ceremony). MC mah tugasna mingpin sakabéh runtuyan acara. Ari tugas utama
panumbu catur mah minangka panengah atawa wasit dina kagiatan diskusi. Nya
panumbu catur pisan anu ngatur diskusi ngeunaan hiji masalah.
Dina lumangsungna kagiatan diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral
atawa teu mihak ka salasahiji pihak. Lamun aya konflik dina lumangsungna kagiatan,
kudu bisa merenahkeun diri jadi panengah.
Saméméh ngalaksanakeun tugas jadi panumbu catur, aya sawatara hal anu perlu
dilakonan, di antarana:
1. Ngawasa masalah anu luyu jeung téma kagiatan. Hadéna mah urang geus maca
heula makalah atawa matéri unggal narasumber.
2. Mikanyaho kaayaan pamilon nu hadir dina kagiatan diskusi. Moderator kudu bisa
ngatur pamilon sangkan sumanget dina miluan kagiatan diskusi.
3. Mikanyaho riwayat hirup jeung kalungguhan/pagawéan narasumber, sangkan teu
salah nyebut ngaran atawa pagawéan narasumber.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 31


4. Mikanyaho runtuyan acara, lilana waktu anu disadiakeun pikeun unggal
narasumber, tanya-jawab, istirahat, jeung bisa ngatur suasana diskusi.
5. Nyiapkeun buku catetan pikeun nyatet poko-poko penting nu ditepikeun ku
narasumber jeung pertanyaan anu diajukeun ku hadirin.
6. Nyiapkeun papakéan anu sopan luyu jeung téma kagiatan, sarta alat panuduh
waktu sangkan acara bisa lumangsung luyu jeung jadwal nu geus ditangtukeun.
Sedengkeun anu kudu dilakonan ku panumbu catur dina lumangsungna kagiatan
diskusi, nyaéta:
1. Datang leuwih ti heula ti batan pamilon.
2. Mariksa sagalarupa hal nu ngadukung lumangsungna diskusi: sound system
(mikrofon), buku catetan, ngatur hadirin sangkan tartib, jeung sajabana.
3. Ngawanohkeun diri ka narasumber saméméh dimimitian acara, sangkan urang
leuwih akrab dina lumangsungna diskusi.
4. Maca heula biodata unggal narasumber kalawan bener.
5. Ngatur diskusi, ngatur nu nanya, jeung bisa jadi panengah upama aya konflik
jeung bébédaan pamadegan atawa pamahaman.
6. Nyindekkeun hasil diskusi.

C. Molahkeun Jadi Panumbu Catur


Sakumaha téks diskusi nu geus dibaca di luhur, dina prak-prakan jadi panumbu
catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka
pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik
diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka
pamilon, jeung panutup.
Sangkan leuwih tétéla, ieu di handap dijelaskeun pancén atawa tugas panumbu
catur dina ngatur lumangsungna hiji kagiatan diskusi. Engké pék ku hidep praktékkeun
jeung babaturan.
1. Bubuka.
Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng
sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur
nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring
kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
2. Ngawilujengkeun ka pamilon jeung nepikeun pedaran singget kagiatan diskusi.
Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh dilaksanakeun
lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh beuki
ruksak, di antarana dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé, nu antukna
nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan
urang bisa ngajaga lingkungan sangkan beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun
musibah.
3. Ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi.
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang
kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan
jeung Kaséhatan Lingkungan’.

32 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


4. Méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri.
Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin,
badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa
Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.
5. Méré kasempetan nanya ka pamilon
Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa
panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu kanggo
ngadugikeun pertanyaan ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti
mana asal.
6. Panutup
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat sareng
jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala
kalepatan. Mangga nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum
wr.wb.

D. Ringkesan

1. Panumbu catur atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur lumangsung
kagiatan diskusi atawa rapat.
2. Tugas utama panumbu catur téh nyaéta minangka panengah atawa wasit dina
diskusi.
3. Struktur omongan panumbu catur téh ngawengku bubuka, ngawilujengkeun ka
pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber
jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri, méré
kasempetan nanya ka pamilon, jeung panutup.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 33


Évaluasi Pangajaran

I. Soal Pilihan Ganda


Béré tanda cakra (X) kana pilihan A, B, C, D, atawa E pikeun jawaban nu bener!
1. Istilah séjén tina panumbu catur téh nyaéta ....
A. panata acara
B. moderator
C. narasumber
D. sekretaris
E. pamilon

2. Tugas utama panumbu catur dina diskusi téh minangka ....


A. panglengkep
B. panengah
C. pamilon
D. pananya
E. pamaca

3. Dina kagiatan naon panumbu catur ngalaksanakeun tugasna?


A. ulang taun
B. kasenian
C. diskusi
D. pemilu
E. olahraga

4. Salasahiji tugas panumbu catur saméméh lumangsungna diskusi nyaéta ....


A. ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
B. teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
C. henteu jadi panengah lamun aya konflik
D. teu méré kasempetan ka pamilon pikeun nanya
E. teu kudu ngatur lumangsungna diskusi

5. Panumbu catur téh kudu nyaho kana waktu nu disadiakeun pikeun diskusi,
sangkan ....
A. diskusi lila waktuna
B. diskusi réa konflikna
C. diskusi réa nu nanya
D. diskusi bérés dina waktuna
E. diskusi teu saluyu jeung téma

34 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


6. Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. Muga-muga mangpaat sareng
jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala
kalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup

7. Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng


sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur
nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring
kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongn panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup

8. Tugas panata acara mah béda jeung panumbu catur, sabab panata acara mah ....
A. mingpin sakabéh runtuyan acara
B. ngatur lumangsungna diskusi
C. jadi panengah dina diskusi
D. méré kasempetan nanya ka pamilon
E. méré pedaran singget kagiatan diskusi

9. Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang
kaséhatan lingkungan, badé ngabahas matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan
jeung Kaséhatan Lingkungan’.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 35


11. Tah, ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran
kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, mangga dipasihan waktu kanggo
ngadugikeun pertanyaan ka narasumber.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup

II. Soal Uraian


1. Naon anu disebut panumbu catur téh?
2. Sebutkeun tugas utama panumbu catur!
3. Naon waé tugas panumbu catur saméméh lumangsungna diskusi?
4. Naon waé tugas panumbu catur dina lumangsungna diskusi?
5. Tuliskeun struktur omongan panumbu catur dina lumangsungna diskusi!

Konci Jawaban
1. Pilihan Ganda
1. B 6. E
2. B 7. A
3. C 8. B
4. A 9. B
5. D 10. C
2. Jawaban Uraian
1. Panumbu catur atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur lumangsung
kagiatan diskusi atawa rapat.
2. Tugas utama panumbu catur téh minangka panengah atawa wasit dina kagiatan
diskusi.
3. Tugas panumbu catur saméméh lumangsungna diskusi nyaéta:
a. ngawasa masalah;
b. mikanyaho kaayaan pamilon;
c. mikanyaho biodata jeung pagawéan narasumber;
d. nyiapkeun buku catetan pikeun nyatet poko-poko penting dina diskusi; sarta
e. nyiapkeun pakéan anu sopan.
4. Tugas panumbu catur dina lumangsungna diskusi nyaéta:
a. datang leuwih awal ti batan pamilon;
b. mariksa sagalarupa hal nu ngadukung lumangsungna diskusi;
c. ngawanohkeun diri ka narasumber saméméh dimimitian acara;
d. maca heula biodata unggal narasumber kalawan bener;
e. ngatur jalanna diskusi, ngatur nu nanya, jeung bisa jadi panengah upama aya
konflik; sarta
f. bisa nyindekkeun hasil diskusi.

36 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


5. Struktur omongan panumbu catur téh ngawengku bubuka, ngawilujengkeun ka
pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber
jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri, méré
kasempetan nanya ka pamilon, jeung panutup.

Lajuning Laku
Sanggeus hidep neuleuman matéri panumbu catur, tur sangkan
leuwih paham jeung ngawasa éta matéri, pék baca buku-buku nu patalina
jeung panumbu catur nu dibéréndélkeun dina référénsi ieu di handap.
Dina kagiatan kaparigelan (prakték), omat laksanakeun, sarta
dipiharep hidep ngalaksanakeunana téh babarengan jeung babaturan sakelompok. Pék
polahkeun jadi panumbu catur jeung babaturan. Upama aya nu teu dipikaharti, boh
patali jeung matéri pangajaran boh patali jeung pituduh dina molahkeun jadi panumbu
catur, tanyakeun sarta diskusikeun (konsultasi) jeung guru bina.

Référénsi
Danadibrata, R.A. 2015. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Héndrayana, Dian, spk., 2017. Rancagé Diajar Basa Sunda pikeun Murid
SMA/SMK/MA/MAK Kelas X. Bandung: Pustaka Jaya.
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI. 2010. Palanggeran Éjahan Basa Sunda.
Bandung: Rosda Karya.

Kandaga Kecap
nyindekkeun, asal kecap tina ‘cindek’, nepikeun hasil poko kagiatan; Ind. menyimpulkan.
mikanyaho, asalna tina kecap ‘nyaho’, apal; Ind.mengetahui.
ngawanohkeun, asalna tina kecap ‘wanoh’, kenal/ngenalkeun; Ind. memperkenalkan
diri.
panuduh, asalna tina kecap ‘tuduh’, pitunjuk; Ind. petunjuk.
ngawilujengkeun, ngabagéakeun; Ind. mempersilahkan.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 37


KOMPETENSI DASAR 3.4

CARITA PONDOK

38 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1

40
Kompetensi Dasar
3.4 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan cerita pendek
4.4 Menulis cerita pendek dengan memperhatikan struktur dan aspek kebahasaan

CARITA PONDOK

(Diagram 1. Peta Konsép Carita Pondok)

Tujuan Pangajaran
1. Siswa bisa maham eusi carpon kalawan bener.
2. Siswa bisa ngaanalisis struktur carpon kalawan bener.
3. Siswa bisa nyaritakeun deui eusi carita pondok nu dibacana maké basa
sorangan.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 39


Pedaran Matéri

A. Maca Téks Carpon


Pék baca sing gemet conto carpon ieu di handap!

Suling Si Ujang
Karya Budi Rahayu Tamsyah

Reg Si Ujang ngarandeg hareupeun kios Mang Udin,


hareupeun Terminal Wanayasa. Capa-cipi kana
tonggongna. Ceg nyokot suling anu diselapkeun kana
awakna. Tulat-tulit niup suling nyusurup wirahma. Gelik
ngalagu. Karunya, aduh-aduh karunya, hayang ngapung
ngawang-ngawang teu boga jangjang. Nu ngadéngékeun
milu nuturkeun dina jero haténa.
"Salagu deui, Jang!" ceuk Si Darto, supir mobil Budi Rahayu Tamsyah, doc.
Sagalahérang. Internet
Teu talangké Si Ujang niup deui sulingna. Somse Enéng mani somse, sombong
sekali. Nu nalangkring di téras kios Mang Udin saregep ngadéngékeun. Malah nu tadina
jauh ogé, nyalampeurkeun, lolobana supir jeung kenék. Réngsé lagu "Somse".
"Deui Jang, tapi lagu dangdut," ceuk Si Édén, lembing di dinya. Tulit-tulit. Di dalam
buku harian, tut-tut tulit-tut. Nu nanggap mimiti édég. Si Ujang anteng niup suling,
laguna "Dada Asmara". Si Édén nyokot sapu nyéré ti pipir kios Mang Udin, dikeprak-
keprak. Si Darto nakolan dreum sapotong wadah runtah. Si Uyo nabeuh tabeng mobil
Sagalahérang nu keur ngetém hareupeun kios. Réngsé lagu "Dada Asmara".
"Teruskeun, Jang!" ceuk Si Uyo ngagorowok. "Keun lah ku aing ditambahan capé."
Si Ujang niup deui sulingna. Gelik lagu "Hitam di Atas Putih". Mimiti aya nu jogéd.
Ditéma ku lagu "Saputangan Merah". Beuki maraceuh, aréak-éakan, galumbira. Nu milu
aub beuki loba. Hiburan murah meriah. Naék deui kana lagu "RT 5 RW 3".
Lagu can tutug, kapegat prus-pris. Sungsong ngeupeulan Si Ujang. Saratus-saratus,
aya kana lima ratusna. Breg hujan, buriak nu keur ngadangdut téh bubar.

***
Kiciprit-kiciprit aya nu kikicipritan ka kios Mang Udin, karék turun tina mobil nu ti
Purwakarta.
"Mulih ti mana, Néng? Mani huhujanan atuh," Mang Udin nanya ka nu anyar
datang.
"Wangsul ti Purwakarta, Mang," témbalna. "Puguh hilap teu ngabantun payung."
Si Ujang nu keur ngiuhan di téras kios, neges-neges sora awéwé nu anyar datang.
Saha? Asa kungsi ngadéngé, tapi poho deui.

40 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


"Di lebet atuh!"
"Mangga."
"Hujan di Lebak Néng?"
"Rupina mah, da tadi téh tos angkeub. Abdi mah kahujanan téh di Rancadarah."
Si Ujang ngadedempés, nangkeup harigu bari ngadédéngékeun nu gunem catur.
Saha nya?
"Bilih badé mulih mah, anggé wé atuh payung nu Emang."
"Muhun atuh upami teu dianggo mah."
"Lah, na dianggo naon. Da aya dua ieuh di dieu mah," ceuk Mang Udin bari
ngaléos ka tukang, rék nyokot payung.
Ké, asa-asa ieu téh, Si Ujang panasaran.
"Éh, geuning aya Kang Ujang? Nuju naon di dieu?"
Lakadalah, geuning wawuheun ka aing, nyebut Akang deuih. Si Ujang kagét.
"Ah, henteu, Néng," témbalna ukur kitu. Ngaenéngkeun nurutan Mang Udin.
"Mangga ieu Néng," ceuk Mang Udin, nyodorkeun payung.
"Aduh, kalah ngarérépot wé nya ieu téh."
"Ah, henteu Néng, ngarérépot naon barina gé," ceuk Mang Udin. "Geuning ayeuna
mah katingalna téh aya baé di dieu, nuju libur?"
"Ari Emang, apan abdi téh tos ngalih ayeuna mah, ngajar di Purwakarta." Bray
muka payung.
"Baruk Néng Tatin téh tos ngalih?"
"Muhun, tos badé saminggu."
"Nuhun wé atuh, nyaketan sepuh ayeuna mah panginten nya. Cép Iwan mah di
Bandung waé nya?"
"Muhun, sareng Kang Hérman."
Néng Tatin? Cép Iwan? Kang Hérman? Néng Tatin lanceukna Cép Iwan adina Cép
Hérman? Moal salah putra Pa Kohar. Néng Tatin putrana Pa Kohar. Enya, apan baréto
téh sakola di Bandung, cekel gawé di Bandung. Ayeuna mah geus pindah ka Purwakarta
cenah gawéna téh. Tapi na bet kakara panggih? Pikiran Si Ujang norowéco sorangan.
"Mangga atuh, Mang, wios engké panginten miwarang barudak ngawangsulkeun
pajengna."
"Mangga Néng énjing deui gé teu sawios-wios atuh."
Kukucuprukan nincak cileuncang. Karék gé tilu léngkah Néng Tatin ngarandeg
hareupeun Si Ujang.
"Kang Ujang badé mulih ayeuna? Urang sareng wé yu sareng abdi!"
Lenyap téh, haté Si Ujang ngalenyap. Kakara gé nyieuhkeun kahayangna, hayang
diajak balik bareng, da imah Si Ujang téh kaliwatan ku Néng Tatin. Teu nyangka bakal
jadi kanyataan.
"Ah, wios Néng, mangga wé ti payun!"
"Lain wios-wios Sujang, meungpeung aya batur, apan sok laleueur jalan ka kalér
téh ari hujan mah," ceuk Mang Udin. "Dasar bodo manéh mah Sujang. Batur mah
parebut hayang sapayung jeung nu geulis téh!"

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 41


***
Poé pasar, teu wudu mucekil ogé beubeunangan ngamén téh. Si Ujang diuk dina
téras warung Mang Udin. Ngelepus Udud, sulingna ditunda dina lahunan.
"Jang, urang ngadangdut deui, ah!"
"Capé ayeuna mah, isuk deui wé lah."
"Béda euy ari boga Néng Tatin mah, poho kana nyuling téh. Tong sieun Jang,
dibayar ku aing gé!" ceuk Si Darto
"Lain kitu, To, capé urang téh, geus nyuling di pasar, teuing sabaraha puluh lagu
atuh."
Si Ujang pada ngagonjak pédah kamari sapayung jeung Nég Tatin. Si Ujang cungar-
cengir, jajauheun kana ambek. Nepi ka balikna. Si Ujangna deuih, kawas ngahaja nu
ngajalanan sangkan terus digonjak.
Si Ujang balik. Leumpangna utag-atog. Jalan jeung barang-barang ukur katémbong
belegbegna. Maké tongkat, sapatu botna semu digusur. Suling nogél dina tonggongna,
diselapkeun kana bagian tukang calanana.
Di jalan mudun lebah imah Pa Lili, Si Ujang mapay sisi. Leumpang bari muntang
kana pager, sieun labuh. Jalanna leueur, tadi gé isuk-isuk, lebah dieu téh ditungtun ku
Mang Andi nu rék ka pasar.
"Kang Ujang, kadé geubis, laleueur!"
Gebeg. Néng Tatin. Si Ujang seuri, ngalieuk ka lebah datangna sora, ngabelegbeg
jangkung leutik. Gep leungeun Si Ujang dicekel ku Néng Tatin, terus ditungtun.
Leumpangna ati-ati.
"Mulih ti mana Kang Ujang téh?"
"Éhéh, ti pasar."
"Na da abdi gé lirén téh di pasar, geuning teu pendak?"
"Éhéh, da tadi."
Jep deui. Si Ujang norowéco sorangan na jero haténa. Bongan hayang galécok
ngobrol hésé kedal. Hayang ngadéngékeun halimpuna sora Néng Tatin. Nu kamari gé
masih kénéh dédéngéeun, da terus ngagalindeng dina haténa. Nu kamari gé masih
kénéh karasa haneutna dampal leungeun Néng Tatin, da terus nyimbutan haténa. Nu
kamari gé masih kénéh karasa lemesna kulit Néng Tatin, da terus nyayang dina haténa.
Nu kamari gé masih kénéh kaambeu seungitna awak Néng Tatin, da terus nyaliara dina
haténa. Ayeuna dipindo deui.
***
”Katénjona téh balik bareng jeung Néng Tatin, Ujang?” indungna nanya.
”Enya panggih di hareupeun imah Pa Lili.”
”Néng Tatin mah kayungyun, keur geulis téh daréhdéh deuih. Soméah. Ka saha-
saha téh teu weléh imut jeung sopan. Tara gudad-gadeud cakueum haseum. Abong
berpendidikan nya, Ujang.”
”Enya.”
Indungna, terus muji-muji Néng Tatin. Si Ujang anteng neruskeun hanca
sapeupeuting, nginget-nginget beungeut Néng Tatin. Geulis cenah, bodas cenah. Ngala
ka indung? Da teu bodas Bu Kohar mah.

42 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Apal Néng Tatin téh baréto, keur leutik. Si Ujang sok ulin bareng jeung lanceukna,
Cép Hérman, da sakelas. Harita manéhna ogé masih kénéh belejag. Masih kénéh bisa
ningali, panonna masih kénéh normal. Saméméh gering panas mulan-malén, saméméh
diopnameu di Bayu Asih. Cenah manéhna kungsi dibawa ka kamar mati sagala, da geus
taya harepan. Tapi bisa cageur. Ngan panonna teu nempo, aya lamad anu ngahalangan.
Ti harita, sakolana gé karék kelas tilu SD, Si Ujang ukur bisa nénjo belegbegna hiji barang.
Sakolana teu laju. Ayeuna kudu nginget-nginget deui beungeut awéwé nu harita budak
kénéh, sakola gé acan. Poék.
Indungna masih kénéh nyaritakeun kaalusan Néng Tatin.
”Ma!”
”Naon, Jang?”
”Ah, henteu kétang.”
”Teu puguh manéh mah!”
***
Isukna, Si Ujang ngadangdut deui jeung barudak terminal di hareupeun kios Mang
Udin. Tadi isuk, Néng Tatin ka Bandung cenah ceuk si Édén mah. Rék ka lanceukna
meureun, aya uruseun, pikir Si Ujang. Nu ngadangdut ramé, aréak-éakan. Teuing
sabaraha lagu, Si Ujang teu katémbong capé niup sulingna. Lagu dangdut, lagu Sunda.
Bari nyuling, bari ngadangdut, bari aya nu didagoan. Tapi weléh, nepi ka balikna, nu
dianti-anti téh teu datang. Meuting meureun di Bandungna.
Isukna deui, Si Ujang geus mangkal di hareupeun kios Mang Udin. Ngadangdut
deui. Beuki ramé. Da ayeuna mah dibarung ku hitar jeug tamtam. Si Ujang sumanget
nyulingna. Nu ménta lagu naon baé ogé, asal dangdut jeung Sunda, teu dipersabenan.
Bari ngadagoan nu kamari teu datang.
Keur meujeuhna ngadangdut, celengkeung Si Darto.
”Jang, Néng Tatin!”
Plong haténa asa ngemplong.
”Jeung saha nya?” Ceuk Si Darto deui.
”Kabogohna, urang Purwakarta. Nu matak pindah ogé gawéna, cenah mah rék
ditanyaan pagéto,” ceuk Mang Udin.
Gedug aya nu neumbrag kana haté Si Ujang. Baruk kabogohna? Baruk rék
ditanyaan? Baruk....? Néng Tatin, teungteuingeun....
”Nu balég atuh Jang nyulingna!” Si Adé Koas nu ngahitaran ngagebés.
”Heueuh lah sok ayeuna mah.” Jung Si Ujang Nangtung. Gelik nyuling, laguna
”Pagar Makan Tanaman”. Genjréng hitar, dang-dang-dut kendang. Si Ujang jogéd. Nu
ngadangdut, nu narempokeun, kabawa sumanget. Beuki lila Si Ujang beuki mijah. Teu
nolih ka nu narempokeun, teu nolih kana itu-ieu. Néng Tatin jeung kabogohna, ukur
melong. Mésem. Duaan pagégéyé ka kalérkeun. Ukur katémbong belegbegna. Si Ujang
beuki motah, beuki motah, beuki motah, beuki mijah. Lagu demi lagu ngagelik tina
sulingna.
Keur ramé-ramé, ujug-ujug reg Si Ujang eureun.
”Ku naon, Jang?”
Teu némbal. Galéong-galéong, bru rubuh.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 43


”Mijah teuing atuda!”
Pahibut Si Ujang padamayang ka imahna.
***
Geus dua poé Si Ujang nombrona. Ukur asup cai.
”Ujang geura cageur atuh. Lah, aing mah ku aya-aya baé. Bapa manéh deuih geus
dua minggu teu balik-balik,” ceuk indungna.
Ras Si Ujang inget ka bapana anu keur kuli némbok di Jakarta. Nepi ka kudu kitu.
Cenah béak naon béak naonna téh basa manéhna gering. Sawah, tanah, harta banda
séjénna taya nu nyésa, dipaké waragad tatamba manéhna. Can kagantian nepi ka
ayeuna.
”Geus Ujang, ceuk Ema gé ulah ngamén deui. Da najan manéh teu kitu ogé, moal
burung kaparaban ku Ema jeung Bapa téh.”
Si Ujang teu némbal. Enya, kolotna mah nyaram manéhna ngamén téh. Tapi,
manéhna keukeuh. Embung hirup ngan jadi kabeungbeurat kolot baé. Hayang bisa
usaha sorangan. Bisana ngan ukur nyuling. Da suling apan sobatna anu satia téh, satia
marengan dina kaayaan kumaha baé.
”Ari suling mana, Ma?”
”Aya suling mah, diteundeun na lomari ku Ema. Dahar heula Jang ambéh téréh
cageur. Tah, aya pangirim ti Pa Kohar.”
”Pa Kohar?”
”Enya, apan Néng Tatin téh aya nu nanyaan, bieu. Lah, Ujang, resep Pa Kohar mah
boga minantuna téh. Keur kasép téh jeneng deuih. Nurub cupu jeung Néng Tatin mah.
Éta wé Ujang, karék nanyaan ogé mani geus bro-broan.”
Si Ujang ngabetem.
”Sok geura dahar heula, Jang,” ceuk indungna bari ka dapur.
Si Ujang ngaheneng, panona beueus. Sangu jeung rupa-rupa deungeunna pangirim
ti Pa Kohar di gigireunana. Si Ujang ngahuleng, leng-leng ngahuleng.
”Ma!”
”Naon, Jang?” ceuk indungna, norojol ti dapur
”Iraha cenah kawinna téh?”
”Saha? Néng Tatin?”
”Enya.” Manéhna teu wasa nyebut ngaranna gé.
”Bulan hareup. Naon kitu?”
”Ah, henteu, hayang mangnyulingkeun wé,” omong Si Ujang dareuda.

(Dicutat tina buku kumpulan carpon Katalimbeng Angen-angen, Geger Sunten,


2009, kc. 49-57)

B. Medar Carita Pondok


Carita anu dibaca ku hidep di luhur téh disebutna carita pondok (carpon). Disebut
carita pondok téh lantaran wangun caritana anu kaitung pondok sarta mangrupa carita
rékaan (fiksi) dina wangun lancaran (naratif). Umumna mah panjang caritana téh 4-10

44 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


kaca. Palakuna henteu réa, galur caritana ogé basajan lantaran jumlah kajadian caritana
henteu réa, jeung museur kana kajadian utama.
Carpon téh karya sastra sampeuran. Disebut sampeuran téh lantaran pangaruh ti
sastra Éropah, pangpangna mah ti bangsa Walanda. Harita mah istilah carpon téh acan
jelas, malah sok disaruakeun jeung dongéng. Tapi, béda jeung dongéng unsurna
pamohalan, taya pangarangna, jeung nyebarna sacara lisan. Ari carpon mah diolah tina
kajadian nyata kawas nu enya-enya kajadian, aya pangarangna, jeung nyebarna sacara
tinulis.
Buku kumpulan carpon anu munggaran dina basa Sunda téh judulna ”Dogdog
Pangréwong” karangan G.S., terbit taun 1930. Ari carpon anu munggaran ditulis mah
béda deui. Ceuk catetan Darpan mah (Sundalana, 2012) carpon anu mimiti ditulis téh
judulna "Hibat" jeung "Santri Gagal" karya Moehamad Moesa.
Sanajan geus ti baheula aya, tapi harita mah kaitung jarang nu nulis carpon téh.
Kakara sanggeus merdéka, nu narulis carpon téh beuki réa, malah réa nu dibukukeun
sagala, di antarana ”Papacangan” (1960) karya Rusman Sutiasumarga; “Hujan
Munggaran” (1960) karya Ayatrohaédi; “Dongéng Énténg ti Pasantrén” (1961) karya
R.A.F; “Néangan” (1962) karya Caraka; jeung réa-réa deui. Nepi ka kiwari nu narulis
carpon téh teu ngurangan, malah nambahan.

C. Ngaanalisis Struktur Carita Pondok


Carita pondok téh kaasup karangan lancaran (naratif). Ari karangan lancaran
umumna téh boga struktur carita atawa sok disebut ogé unsur intrinsik. Anu kaasup
unsur intrinsik dina carpon téh, nyaéta téma, alur, palaku, jeung latar.

1. Téma téh sarua jeung inti carita, biasana téma minangka talatah atawa kereteg
anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca.
2. Galur atawa plot téh runtuyan peristiwa-peristiwa anu nyambung, nepi ka
ngawangun runtuyan carita anu gembleng. Alur téh sok dibagi kana tilu jenis,
nyéta alur maju, alur mundur, jeung alur campuran.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 45


3. Palaku atawa tokoh téh nu ngalalakon dina carita, palaku téh biasana patali
jeung pasipatan atawa karakterna.
4. Latar téh tempat lumangsungna peristiwa dina carita. Latar téh kabagi kana tilu
bagian, nyaéta latar tepat, latar waktu, jeung latar sosial.
Tah, sabada maca carita pondok nu judulna ”Suling Si Ujang” jeung ngaanalisis
strukturna, pék caritakeun deui eusi caritana ngagunakeun basa hidep sorangan dina
wangun tulisan!

Sabada hidep maca jeung ngaanalisis carpon “Suling Si Ujang” muga-muga hidep jadi
paham naon anu disebut carpon. Tah, ayeuna pék baca carpon séjénna ieu di handap
sing gemet!

Kasurupan
Karya Ahmad Bakri

”Susulan Bapa... Enal, geuwat! Mulih kitu buru-buru!”


”Tong nitah budak, bisi teu bener nyaritana,” cék Wa
Haji Karim, ”ku nyanéh waé, Uri, jig ka dituh!”
Ki Uri ngojéngkang turun, berebet lumpat bari nyingsat,
da gejed ku sarung. Dideuleu-deuleu téh bleg waéh Mama
Léngsér rurusuhan sieun tinggaleun séba.
”Kahuruan...! Kahuruan...!” cék nu tingrariung
hareupeun warung Santawi.
”Sabaraha imah Uri?”
”Dua..., katilu saung lisung!” témbal Ki Uri ngalayanan
nu ngaheureuyan.
”Sing bener siah, Uri ngomong téh..! rék ka mendi
bangun rusuh? Moro rejeki..? Uing milu!”
”Rejeki ti jarat hideung! Rék nyusulan Jurutulis Jakat,
deuleu!”
”Ari kitu..? Aya nu rék kawin rusuh?”
”Boa heueuh,” cék baturna, ”da peuting téh aya hayam kongkorongok lain usum.”
”Wah, ari ngomong téh!”
”Itu eu... Jang Ili... eu... nyao ah, deuleu waé ka ditu!” cék Ki Uri ngagidig deui
rurusuhan.
Panasaran... bring waéh maruru ka imah Jurutulis Jakat. Nyampak geus ngagimbung,
di tepas, di dapur, geus puguh di tengah imah mah.
”Aya naon?” cék saurang ngaharéwos ka nu nyampak.
”Itu Jang Ili, eu... kacalikan.”
”Kacalikan ku saha...?”
”Nyao, da ngocomang waé ti tadi. Déngékeun geura!”

46 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Kurutak Jurutulis Jakat datang méh bareng jeung Wa Alkasan, beunang ngahaja
néang.
”Aya naon ieu téh?” cék Jurutulis Jakat bangun reuwas kabina-bina.
”Éta tuang putra ngadak-ngadak kitu, kawas kabawa ku sakaba-kaba,” cék Wa Haji
Karim, ”Tah geuning Wa Kasan sumping. Mangga nyanggakeun, da kuring mah teu apal.”
”Haduh halah... teu suka, deuleu teu suka, incu kakasih kami dimomorékeun!” cék
Jang Ili bari édég-édégan sila tumpang, sorana jero, panon molotot giras, ”geténan,
deuleu, geténan, pipanganténeun éta téh...! Ati-ati, siah, haduh halah, ati-ati!”
Srog Wa Alkasan ka hareup. Nu rék kaliwatan daréngdék méréan pijalaneun. Gék sila
mendeko hareupeun nu keur ngocomang. Geus ngahuleng sakeudeung, ngarérét ka
lawang dapur.
”Ménta parukuyan!” cenah.
”Néangan parukuyan, barudak!”
”Mana, parukuyan, Aceuk?” cék saurang nanya ka pribumi awéwé.
”Lah puguh gé teu boga,” cék bojona Jurutulis Jakat.
”Naon waé atuh, cowét gé hadé.”
”Tuh cowét dina téténong!”
Gura-giru saurang muka téténong. ”Aya sambelan, weuteuh kénéh... Nyayagikeun
Kang Ulis meureun.”
”Piceun waé sambelna mah... Agé seuneuan, bawa kadieu!”
”Tong dipiceun!” cék nu di tepas, ”rék ditambul ku Si Édo!”
Nu ngagelek lebah dinya narungkup sungut nahan piseurieun. Kilang kitu teu burung
bedah.
”Ssssst... ssssst...! Tong caliweura, isin, deuleu, ku nu sumping!” cék Ki Alhani ti
tengah imah.
Parukuyan geus ngelun beunang ngamenyanan. Wa Alkasan tungkul menekung bari
peureum, tarangna didogong ku leungeun duanana. Kunyam-kunyem mapatkeun
parancah. Heuleut sajongjongan bray beunta, cengkat neuteup kanu kasurupan. ”Saha
Embah téh, nu ti mana?”
”Haduh halah... kami eu... ngaing-ngaing ti Cigencoy. Ngalongok incu kami, béjana
dimomorékan... Awas, deuleu, tong lalawora!”
”Moal, Embah, moal dilalaworakeun... Mangga geura mulih tong melang-melang.
Sagala kahoyongna badé ditumutkeun.”
”Sukur-sukur-sukur... hahahahah... hihihihih... hohohohoh...”
”Geura mulih, Embah, bilih siang teuing!”
”Haduh halah, teu kaduga leumpangna hayang nyatu heula!”
”Nyayagikeun congo congcot jeung kulub endog sasiki... Caina cai hérang,” cék Wa
Alkasan ka nu di dapur.
”Sangeuk, deuleu, ngaing mah teu beuki congcot... Endogna tujuh, dikulub sawaréh
digoréng sawaréh. Kéjona sing gedé, sambel deui, haduh halah...!”
”Teu aya sambel mah, Embah, da cowétna dianggo parukuyan,” cék nu di dapur.
”Haduh halah, kécap waé dicéngékan... Caina cikopi di... disusuan!”

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 47


”Ih, ning rampus pisan Embah téh!” cék saurang ngaharéwos.
”Ssssst... tong haliwu bisi kadangueun... Turunan jegud meureun ti aweuhanana, teu
ditumanan kana cangcat-congcot!”
Geus sadia sor idangan ka tengah imah. Belewek Embah tuang, buktina mah nu
kadeuleu Jang Ili ngahimel bangun ponyo kabina-bina. Endog tujuh pérén, kéjo opat kali
ngeduk. Leguk nginum kopi susu. ”Haduh halah... hangah-héngéh...!” cenah bari
ngarempod. Ditungtut dicicikeun kana pisin ngarah rada tiis.
Eureuleu-eureuleu teurab, golédag nangkarak bengkang bari ngusapan beuteung,
reup peureum. Nu ngagimbung bubar bari tingséréngéh.
Isukna Jang Ili ngaruhit ménta duit. Bro dibéré sapaméntana, kereles ka pangulinan,
tilu poé teu balik-balik, da geus mimiti resep ngabogél ronggéng.
Kaopat-poéna datang ngadon ménta deui duit. Ku indungna dipogogan, da taya
bikeuneunana. Der deui kasurupan cara kamari ieu. Leuwih motah malah, cara munding
beunang meuncit. Breg deui tatangga téh. Néang Wa Alkasan nyampak suwung, keur
nyaba.
”Kumaha ari geus kieu?” cék Wa Haji Karim bingung.
”Kieu waé atuh, Wa Haji,” cék Dén Ma’mun, ”kantos mendak nu kieu téh kapungkur
di Bojong. Nya kitu kambuh deui-kambuh deui. Nanging saparantos ditarékahan mah
berekah, teras saé.”
”Kumaha tarékahna téh?”
”Diwewelan endog kacingcalang sareng dicabut kuku indungsukuna.”
”Geuleuh atuh kacingcalang mah, pan sok bau bangké!”
”Teu sawios, pan ambéh cageur... Jedud waéh deui kukuna dicabut ku gégép.”
”Ieung... mana teuing nyerina,” cék saurang.
”Teu nanaon ari matak cageur mah,” cék nu séjén.
”Langka atuh kacingcalang mah!”
”Di abdi aya... Sasayang kacingcalang sadaya. Kaendagkeun lini sugan,” cék Astarip
bari muru ka pipir imahna.
”Haduh halah... ngaing-ngaing hembung kancingcalang,” cék nu kasurupan.
”Raos, Embah, asa bangké humandeuleum,” cék Dén Ma’mun, ”néangan gégép,
urang cabut kukuna...! Turih heula kacapurina ku péso ambéh teu liat teuing!”
”Haduh halah... ngaing-ngaing hembung habut huku, huhuhuhuh... hembung habut
huku...!”
”Mana kacingcalang téh...” Sok kadinyah wewel-wewelkeun!”
”Haduh halah... heumbung kancing syalang ... hembung habut huku...! Kajeun hék
halik haé...! Golédag nangkarak, reup peureum, émpés-émpés waéh.
Pada ninggalkeun téh tuluy héés, nyegrék kérék.
Ti harita tara katerap deui.

(Dicutat tina Kumpulan Carpon ”Nadran”)

48 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Pikeun diajar ngaanalisis carpon, prak ku hidep analisis carpon "Kasurupan" karya
Ahmad Bakri dumasar kana struktur caritana!

Téma

Alur

Latar

Palaku

A. Ringkesan

1. Carpon téh wangun carita anu kaitung pondok sarta mangrupa carita rékaan
(fiksi) dina wangun lancara (naratif). Umumna mah panjang caritana téh 4-10
kaca. Palakuna henteu réa, ukur hiji-dua. Alur caritana ogé basajan lantaran
jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana kajadian utama.
2. Buku kumpulan carpon anu munggaran dina basa Sunda téh judulna “Dogdog
Pangréwong” karangan G.S., terbit taun 1930. Ari carpon anu munggaran ditulis
judulna "Hibat" jeung "Santri Gagal" karya Moehamad Moesa.
3. Struktur carita téh sok disebut ogé unsur intrinsik. Ari anu kaasup unsur intrinsik
carpon téh, nyaéta: téma, alur, palaku, jeung latar.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 49


Évaluasi Pangajaran

I. Soal Pilihan Ganda


Béré tanda cakra (X) kana pilihan A, B, C, D, atawa E pikeun jawaban nu bener!

1. Sabada maca carpon di luhur, peristiwa naon saenyana anu kajadian téh?
A. kahuruan
B. kamalingan
C. kasurupan
D. karusuhan
E. kamerekaan

2. Srog Wa Alkasan ka hareup. Nu rék kaliwatan daréngdék méréan pijalaneun.


Gék sila mendeko hareupeun nu keur ngocomang. Geus ngahuleng sakeudeung,
ngarérét ka lawang dapur.

Dina téks di luhur, aya kecap ngocomang, anu hartina nyaéta ....
A. ngomong sorangan
B. teu daék cicing
C. ngalamun waé
D. rewog dahar
E. ulin waé

3. Dina carpon "Kasurupan" aya sawatara tokoh anu ngalalakon, nurutkeun hidep
saha ngaran tokoh nu kasurupan téh?
A. Wa Haji Karim
B. Jang Enal
C. Jang Ili
D. Ki Uri
E. Kang Ulis

4. Istilah carita pondok atawa sok disingget carpon téh karya sastra sampeuran.
Disebut sampeuran téh lantaran ....
A. pangaruh ti sastra Éropah.
B. geus aya ti baheula
C. kakara aya sabada merdéka
D. pangaruh ti sastra Amérika
E. sumebarna tinulis

50 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


6. Dina carita pangarang téh miboga kereteg nu hayang ditepikeun ka nu maca. Éta
hal téh biasana sok disebut ....
A. téma
B. alur
C. latar
D. puseur sawangan
E. palaku

7. Salian ti sumebar sacara tinulis, carpon ogé miboga ciri ....


A. anonim
B. unsurna réalis atawa enya-enya bisa kajadian
C. faktual
D. galurna ngarancabang
E. tokohna réa

8. Alur atawa plot téh runtuyan peristiwa-peristiwa anu silih sinambung, nepi ka
ngawangun runtuyan carita anu gembleng. Umumna alur téh dibagi kana tilu
jenis, di antaran nyaéta ....
A. konflik
B. klimaks
C. antiklimak
D. maju
E. alur waktu

9. Carpon jeung dongéng téh béda. Salah sahiji unsur pangbéda antara carpon
jeung dongéng téh nyaéta ....
A. dongéng mah aya pangarangna, ari carpon mah euweuh
B. dongéng mah réalis, ari carpon pamohalan
C. carpon mah réalis, ari dongéng mah pamohalan
D. dongéng mah leuwih panjang batan carpon
E. carpon mah palakuna réa, dongéng mah palakuna saeutik

10. Carpon munggaran anu ditulis dina sastra Sunda téh judulna ....
A. "Dogdog Pangréwong"
B. "Hibat"
C. "Hujan Munggaran"
D. "Néangan"
E. "Dongéng Énténg ti Pasantrén"

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 51


11. Kumpulan carita pondok anu munggaran téh judulna Dogdog Pangréwong. Éta
buku téh dikarang ku ....
A. Ayatrohaédi
B. Tjaraka
C. R.A.F
D. G.S
E. Tini Kartini

II. Soal Uraian


1. Nurutkeun hidep naon anu disebut carita pondok téh?
2. Naon anu ngabédakeun antara carita pondok jeung dongéng?
3. Prak sebutan ku hidep unsur-unsur intrinsik dina carpon!
4. Carita pondok téh karya sastra sampeuran. Naon maksudna?
5. Prak caritakeun deui dina wangun tulisan salah sahiji carpon dina matéri ajar di
luhur, maké basa Sunda hidep sorangan!

52 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1


Konci Jawaban
1. Pilihan Ganda

1. C 6. B
2. B 7. D
3. C 8. C
4. A 9. B
5. A 10. D

2. Soal Uraian
1. Carpon téh carita anu kaitung pondok sarta kagolong kana carita rékaan (fiksi)
nu ditulis dina basa lancara (naratif). Umumna panjang caritana téh 4-10 kaca.
Palakuna henteu réa, ukur hiji-dua. Alur caritana ogé basajan lantaran jumlah
kajadian caritana henteu réa, museur kana kajadian utama.
2. Dongéng mah ngandung unsur pamohalan, taya pangarangna, jeung sumebar
sacara lisan. Ari carpon mah réalis atawa lalakonna enya-enya bisa kajadian, aya
pangarangna, jeung sumebar sacara tinulis.
3. Anu kaasup unsur intrinsik dina carpon téh nyaéta téma, alur, palaku, jeung
latar.
4. Istilah carita pondok atawa sok disingget carpon téh karya sastra sampeuran.
Disebut sampeuran téh lantaran pangaruh ti sastra Éropah, pangpangna mah ku
bangsa Walanda.
5. Gumantung kaparigelan siswa.

Lajuning Laku
Sanggeus hidep neuleuman matéri carita pondok di luhur,
sangkan leuwih paham jeung ngawasa éta matéri, pék baca buku nu
patalina jeung carita pondok dina buku référénsi nu dibéréréndélkeun ieu
di handap.
Dina kagiatan kaparigelan (prakték), pék laksanakeun. Dipiharep hidep
ngalaksanakeunana téh bisa babarengan jeung babaturan sakelompok. Satuluyna hasil
hidep nyaritakeun deui eusi carita pondok dina tulisan téh pék kumpulkeun ka
guru/tutor. Upama aya nu kurang dipikaharti, boh patali jeung matéri pangajaran boh
patali jeung pituduh dina nganalisis carita pondok, tanyakeun sarta diskusikeun
(konsultasi) jeung guru bina.

MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1 53


Référénsi
Bakri, Ahmad. 2015. Nadran. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Danadibrata, R.A. 2015. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Darpan. 2012. Sajarah Carita Pondok dimuat dina Seri Sundalana No.11 Aspek Visual
Budaya Sunda. Bandung: Pusat Studi Sunda.
Faturohman, Taufik. 1982. Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.
Héndrayana, Dian, spk., 2017. Rancagé Diajar Basa Sunda pikeun Murid
SMA/SMK/MA/MAK Kelas X. Bandung: Pustaka Jaya.
Iskandarwassid. 1996. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda.
Bandung: Geger Sunten.
Stanton, Robert. 2012. Struktur Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Rahayu, Budi Tamsyah. (2009). Katalimbeng Angen-angen. Bandung: Geger Sunten.

Kandaga Kecap

basajan, sederhana; Ind. sederhana.


norowéco, ngomong sorangan; Ind. bergumam.
belejag, jagjag; Ind. séhat jasmani.
geténan, asalna tina kecap getén, getol; Ind. rajin.
rampus, rewog; Ind. lahap.

54 MODUL Basa Sunda Kelas XI Semester 1

Anda mungkin juga menyukai