Di SD abdi tiheula dina saban dinten senen ngayakeun upacara sakola ti kelas 1
dugi ka kelas 6. Nanging, abdi tacan pernah jadi patugas upacara hususna ti
pengibaran bendera sabab abdi ngarasa isin sarta tacan tiasa.
Abdi latihan jeung latihan terus! Saatos sa-sasih, dua sasih, ahirna Abdi tiasa
mingpin baris berbaris sanaos aya rasa isin sareng sok rada-rada lepat sakedik,
ah tapi ceuk abdi mah wajar weh, da ngarana ge diajar keneh, bener teu?!
Dina wanci eta abdi dititah ku guru sareng dipaksa kanggo jadi patugas upacara
hususna pengibaran bendera merah putih di sakolaan, yen harita teh dinten
kemis sareng engkin dinten senen na abdi di titah tugas ngibarkeun bandera
pas upacara.
Ahirna Abdi sareng dua rerencangan abdi dina wanci eta keneh latihan mung
aya 2 dinten kanggo latihan nyaeta kamis jeung juma’ah, sabab dinten sabtuna
pas pisan sareng tanggal bereum.
Singkat carita, sarta dugi ahirna di dinten senen ahirna abdi sareng kadua
rerencangan abdi berhasil ngibarkeun bandera dugi teu aya kalepatan sakedik
oge, alhamdulillah!
Tah, ti dinya abdi rumaos robah ti diri abdi anu mimitina jalmi nu sok isinan
dugi tiasa janten jalmi anu percanten diri sarta aktif di unggal kagiatan di
sakolaan dugi ayeuna.
Leres naon anu disebutkeun ku guru abdi di SMP yen pramuka eta leres tiasa
ngarobah diri abdi. Kiwari abdi sok isinan. Abdi henteu deui kaku isinan lamun
aya di payun kelas dina nepikeun hiji hal.
Kiwari abdi tiasa langkung tanggung jawab, langkung disiplin sarta henteu
borangan atanapi cemen!