Anda di halaman 1dari 7

PORTOPOLIO

BAHASA SUNDA
Dikintunkeun Pikeun Minuhan Skor Tés
Sakola 2020/2021 Taun Ajaran.

Diatur ku
NAMA: SOVI NOTIANA
KELAS: IX A
UPTD SMP NEGERI 1 CIBATU
Jl.Desa.Cipancur Kec. Cibatu Kap. Purwakarta
PANGANTEUR
Puji syukur urang panjatkeun ka Allah SWT. Éta
masihan kami kurnia sareng kurnia-Na pikeun
urang sadayana sahingga kuring tiasa
ngalengkepan tugas portopolio ieu. Salam sareng
sholawat sok dituangkeun ka nabi urang
Muhammad Saw. Kalayan kulawargana sareng
urang salaku umatna dugi ka akhir jaman.
Kami sadar yén tugas portopolio ieu jauh tina
sampurna. Ieu kusabab kamampuan sareng
pangalaman kuring masih terbatas. Pikeun ieu,
kuring ngalakukeun tugas online.
Akhirna, kuring ngucap sukur, mugia Allah SWT.
Salawasna ngaberkahan sadaya usaha urang.
Amin ...
DAFTAR ISI
Kata Pengantar..............................................................1
Daftar isi........................................................................2
Portofolio Nilai rapot.....................................................3
Pancen 1........................................................................4
Pancen 2........................................................................5
Novel..............................................................................6
Drama............................................................................7
Biantara.........................................................................8
Panutup.........................................................................9
Pangalaman Abdi Ngiring Kagiatan Pramuka di
Sakola

Di SD abdi tiheula dina saban dinten senen


ngayakeun upacara sakola ti kelas 1 dugi ka kelas
6. Nanging, abdi tacan pernah jadi patugas
upacara hususna ti pengibaran bendera sabab
abdi ngarasa isin sarta tacan tiasa.
Saatos ngalajeungken atikan ka SMP Abdi ngiring
kagiatan Pramuka. Mimitina abdi kirang boga niat
kanggo kagiatan ieu, sabab ceuk abdi mah panas,
lalungse sarta kirang cihuyy!
Nanging kanyataan nyarios sanes. Abdi dipaksa ku
sababaraha rerencangan katut guru kanggo
ngiring aktip dina kagiatan pramuka. Ahirna Abdi
nyerah sareng ngiring sadaya kagiatan pramuka
anu aya di SMP abdi kasebat.
Abdi latihan jeung latihan terus! Saatos sa-sasih,
dua sasih, ahirna Abdi tiasa mingpin baris berbaris
sanaos aya rasa isin sareng sok rada-rada lepat
sakedik, ah tapi ceuk abdi mah wajar weh, da
ngarana ge diajar keneh, bener teu?!
Dina wanci eta abdi dititah ku guru sareng dipaksa
kanggo jadi patugas upacara hususna pengibaran
bendera merah putih di sakolaan, yen harita teh
dinten kemis sareng engkin dinten senen na abdi
di titah tugas ngibarkeun bandera pas upacara.
Ahirna Abdi sareng dua rerencangan abdi dina
wanci eta keneh latihan mung aya 2 dinten
kanggo latihan nyaeta kamis jeung juma’ah, sabab
dinten sabtuna pas pisan sareng tanggal bereum.
Singkat carita, sarta dugi ahirna di dinten senen
ahirna abdi sareng kadua rerencangan abdi
berhasil ngibarkeun bandera dugi teu aya
kalepatan sakedik oge, alhamdulillah!
Tah, ti dinya abdi rumaos robah ti diri abdi anu
mimitina jalmi nu sok isinan dugi tiasa janten jalmi
anu percanten diri sarta aktif di unggal kagiatan di
sakolaan dugi ayeuna.
Sadaya anu dicarioskeun ka abdi ngeunaan
kagiatan pramuka ieu tetela saleresna leres.
Pramuka tiasa midamel urang jadi seueur
rerencangan, pramuka tiasa ngalatih urang mikin
tanggung jawab, pramuka ngarobah urang jadi
kaayaan pribadi anu disiplin.
Sarta tinangtu saniskanten kagiatan pramuka oge
tiasa midamel urang langkung percanten diri,
henteu borangan sarta henteu gampil isin lamun
kedah pahareup-hareup kalawan rahayat atawa
jalmi seueur.
Leres naon anu disebutkeun ku guru abdi di SMP
yen pramuka eta leres tiasa ngarobah diri abdi.
Kiwari abdi sok isinan. Abdi henteu deui kaku
isinan lamun aya di payun kelas dina nepikeun hiji
hal.
Kiwari abdi tiasa langkung tanggung jawab,
langkung disiplin sarta henteu borangan atanapi
cemen!
Panutup
Janten, kanggo tugas portopolio ieu, kuring
nyungkeun hapunten upami aya kalepatan,
kusabab kawatesanan kuring, hatur nuhun ...

Anda mungkin juga menyukai