Anda di halaman 1dari 3

Ngajenan Guru

Dina hiji dinten di SMAN 1 Bangsa, siswa-siswi kelas XII IPS 7 bade diarajar palajaran
Bahasa Sunda. Sadaya siswa jeung siswi kelas XII IPS 7 teh katingal tunduh sarta kedul ngiring
ieu palajaran. Teu kungsi lila, Pak Rahman lebet, nyaeta kanggo ngajar palajaran Bahasa Sunda.
Pak Rahmat teh nyaeta guru Bahasa Sunda, sakaligus Wali Kelas XII IPS 7. Pangajaran teh
dimulai.
Pak Rahman : “Assalamualaikum wr.wb. Wilujeng enjing sadayana.”
Siswa-siswa XII IPS 7 : “Waalaikumsalam wr.wb. Wilujeng enjing pak.”
Aldi : “Hoammm (Heuay), tunduh pisan.”
Pak Rahman : “Aldi, lamun tunduh geura tamas heula.”
Aldi : “Wios lah Pak, engke oge tunduh deui kusabab diajar ku Bapak.”
Pak Rahman : “Nya atos lamun kitu, lamun Aldi janten hoyong tamas, Bapak tos ngizinan.”
Bari ngarasa sedih kusabab omongan Aldi.
Aldi : “Muhun Pak. Hoammm... (Heuay deui).”
Pak Rahman : “Sateuacan diajar, sadayana atos ngerjakeun pancen ti Bapak anu minggu
kamari?”
Doni : “Pancen nu mana Pak? Bapa henteu mikeun pancen nanaon oge minggu
kamari.”
Salwa : “ Muhun Pak, teu aya pancen.”
Pak Rahman : “Rarasaan, Bapak atos masihan pancen, sami sepertos kelas nu
lain.”
Doni : “Teu aya Pak, manawi Bapak hilap.”
Pak Rahman : “Nya atos lamun kitu, pancen na ku Bapak bikeun ayeuna teras
dikumpulkeun minggu payun. Ayeuna arurang bade diajar ngeunaan Drama Sunda”...
Teu karasa atos jam 10.00 WIB, waktuna istirahat. Pak Rahmat akhirna mios ti kelas XII
IPS 2 ka Ruang Guru.
Di Ruang Guru, Pak Rahmat nyarita sarta ngajelaskeun ka Ibu Nurul yen dirina tos teu
tiasa jadi Wali Kelas XII IPS 7 lantaran ngarasa teu dihargaan ku siswa jeung siswina.
Pak Rahmat : “Ibu, abdi henteu tahan kalawan siswa kelas XII IPS 7. Abdi
hoyong ngundurkeun diri jadi Wali Kelas XII IPS 7.
Ibu Nurul : “Tapi teu aya guru anu sanggem kanggo jadi pangganti Wali
Kelas XII IPS 7. Abdi harap, Bapak tiasa leuwih sabar ngahadapan siswa jeung siswi kelas XII
IPS 7.”
Pak Rahmat : “Lamun kitu kaayanna, abdi bakalan tarima sarta teras
ngajalankeun pancen abdi. Hatur nuhun Ibu.”
Teu sadar, di wanci Pak Rahmat sareng Ibu Nurul nuju ngarobrol, salah sahiji murid
kelas XII IPS 2 nyaeta Doni teu kahaja ngadangu obrolan maranehna. Teras, Doni teh
ngajelaskeun ka sadaya siswa-siswi kelas XII IPS 7 lamun Pak Rahmat hoyong ngundurkeun diri
jadi wali kelas lantaran teu tahan kalawan sifat murid-murid na sorangan.
Doni : “Sadayana, Abdi bieu nembe ti ruang guru sarta teu kahaja
ngadangukeun obrolan Pak Rahmat sareng Ibu Nurul.”
Aldi : “Ngarobrolkeun naon emangna?”
Doni : “Pak Rahmat ngajelaskeun hoyong ngundurkeun diri jadi wali
kelas arurang, kusabab sifat arurang nu hese diatur sarta ngalawan wae.”
Aldi : “Abdi jadi rumasa salah, kusabab geus nyieu masalah.”
Salwa : “Tos, tong dipikiran Aldi, ayeunamah urang sasarengan ngenta
hampura ka Pak Rahmat sarta janji ka Pak Rahmat lamun arurang bakalan ngarobah sikap
bangor arurang sadayana.”
Doni : “Abdi satuju. Lamun kitu, mendingan ayeuna arurang ka Pak
Rahmat menta hampura.”
Aldi : “Hayuk, urang ka Pak Rahmat.”
Saparantos eta, maranehna mios ka Pak Rahmat kanggo ngenta hampura.
Salwa : “ Assalamualaikum wr.wb. Pak”
Pak Rahmat : “Waalaikumsalam wr.wb. Aya kaperluan naon dongkap kadieu?”
Aldi : “Kieu Pak, abdi sareng rerencangan kadieu bade ngungkeun
hampura atas kasalahan arurang ka Bapak.”
Doni : “Muhun Pak, abdi oge gaduh salah ka Bapak.”
Salwa : “Muhun Pak, abdi oge ngungken hampura. Abdi sadayana janji
moal ngulang deui kasalahan, sarta bakalan leuwih ngahargaan Bapak nu tos jadi guru, anu
gaduh jasa nu gede kanggo arurang sadayana.”
Pak Rahmat : “Alhamdulillah lamun aranjeun atos sadar ka kasalahan aranjeun.
Bapak atos ngahampurakeun kasalahan aranjeun, Bapak harap aranjeun moal ngulang deui
kasalahan nu sami sarta bisa leuwih ngahargaan deui guru.”
Aldi : “Muhun Pak, hatur nuhun Pak.”
Salwa : “Mun kitu, abdi sasarengan bade ka kelas deui pak.
Wassalamualaikum wr.wb.”
Pak Rahmat : “Waalaikumsalam wr.wb”

Anda mungkin juga menyukai