Anda di halaman 1dari 88

KATA PENGANTAR

Mulai tahun pelajaran 2016/2017 SMA Negeri 1 Kota Sukabumi menyelenggarakan

program pembelajaran dengan menggunakan Sistem Kredit Semester (SKS), pada tahun
pelajaran 2017/2018 sesuai dengan terbitnya peraturan baru yang mengatur tentang
penyelenggaraan SKS di SMA maka SMAN 1 Kota Sukabumi menyesuaikan pola SKS dari
SKS pola lama menjadi SKS pola baru yang di dalamnya terdapat pola pembelajaran
menggunakan unit kegiatan belajar mandiri (UKBM).
UKBM sebagai perangkat belajar bagi peserta didik untuk mencapai kompetensi
pengetahuan dan keterampilan pada pembelajaran dengan menggunakan Sistem Kredit
Semester (SKS) sekaligus sebagai wahana peserta didik untuk menumbuhkan kecakapan
hidup Abad 21 seperti berpikir kritis, bertindak kreatif, bekerjasama, dan berkomunikasi,
serta tumbuhnya budaya literasi dan Penguatan Pendidikan Karakter (PPK). Melalui UKBM
kita juga dapat mengembangkan strategi pembelajaran mandiri yang membantu peserta
didik mencapai ketuntasan belajar. Untuk itu, UKBM sangat penting untuk dikembangkan
oleh guru mata pelajaran pada sekolah penyelenggara SKS.
Mengingat hal tersebut, Tim Pengembang Kurikulum (TPK) SMAN 1 Kota Sukabumi
telah selesai membuat Unit Kegiatan Belajar Mandiri yang dikhususkan untuk kalangan
sendiri di lingkungan SMAN 1 Sukabumi untuk Kelas XII Semester Ganjil Tahun Pelajaran
2019/2020 dengan harapan dapat membantu terlaksananya penyelenggaraan
pembelajaran SKS di SMAN 1 Kota Sukabumi.
Kami ucapkan banyak terimakasih kepada semua pihak yang telah membantu
dalam suksesnya pembuatan UKBM ini. Kami menyadari banyak kekurangan dalam
penyusunan UKBM ini, oleh karena itu saran dan masukan sangat kami harapkan demi
sempurnanya UKBM yang kami buat ini.

Sukabumi, Juni 2019

Tim Penyusun

i
Daftar Isi
Tradisi Sunda
1. Identitas ................................................................................................................ 2
2. Peta Konsep ........................................................................................................ 2
3. Kegiatan Pembelajaran .................................................................................... 3
a. Petunjuk Umum Penggunaan UKBM ........................................................ 3
b. Pendahuluan ................................................................................................ 3
c. Kegiatan Inti .................................................................................................. 5
Kagiatan Pangajaran Ka-1 ......................................................................... 5
Kagiatan Pangajaran Ka-2 ......................................................................... 10
Kagiatan Pangajaran Ka-3 ......................................................................... 12
Kagiatan Pangajaran Ka-4 ......................................................................... 26
Kagiatan Pangajaran Ka-5 ......................................................................... 32
Kagiatan Pangajaran Ka-6 ......................................................................... 33
d. Panutup ......................................................................................................... 34

Carita Wayang
1. Identitas ................................................................................................................ 37
2. Peta Konsep ........................................................................................................ 37
3. Kegiatan Pembelajaran ..................................................................................... 38
a. Petunjuk Umum Penggunaan UKBM .......................................................... 38
b. Pendahuluan ................................................................................................ 38
c. Kegiatan Inti .................................................................................................. 40
Kagiatan Pangajaran Ka-1 ......................................................................... 40
Kagiatan Pangajaran Ka-2 ......................................................................... 42
Kagiatan Pangajaran Ka-3 ......................................................................... 48
Kagiatan Pangajaran Ka-4 ......................................................................... 52
Kagiatan Pangajaran Ka-5 ......................................................................... 60
Kagiatan Pangajaran Ka-6 ......................................................................... 61
d. Panutup ......................................................................................................... 62

Résénsi Pilem
1. Identitas ................................................................................................................ 65
2. Peta Konsep ........................................................................................................ 65
3. Kegiatan Pembelajaran ..................................................................................... 66
a. Petunjuk Umum Penggunaan UKBM .......................................................... 66
b. Pendahuluan ................................................................................................ 66
c. Kegiatan Inti .................................................................................................. 68
Kagiatan Pangajaran Ka-1 ......................................................................... 68
Kagiatan Pangajaran Ka-2 ......................................................................... 72
Kagiatan Pangajaran Ka-3 ......................................................................... 74
Kagiatan Pangajaran Ka-4 ......................................................................... 77
Kagiatan Pangajaran Ka-5 ......................................................................... 78
Kagiatan Pangajaran Ka-6 ......................................................................... 80
d. Panutup ......................................................................................................... 81
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Tradisi Sunda

1
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

BSUN-3.1/4.1/5/1.1

TRADISI SUNDA

1. IDENTITAS
A. Nama Mata Peajaran : Bahasa Sunda
B. Semester :5
C. KD :
3.1 Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda
4.1 Menyajikan bahasan tradisi setempat melalui berbagai media (seperti
mading, pameran fotografi, film dokumenter) dengan memperhatikan kaidah
bahasa Sunda.
D. Materi Pokok : Teks Bahasan Tradisi Sunda
E. Alokasi Waktu : 12 JP
F. Tujuan Pembelajaran :
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya
konsep, berdiskusi atas fakta dan konsep, menginterpreatasi, mengasosiasi, dan
mengkomunikasikan, peserta didik dapat : membaca dan memahami teks
bahasan tradisi sunda, menganalisis struktur dan unsur bahasan tradisi sunda,
menyusun bahasan tradisi sunda mengenai tradisi sunda di sekitarnya, dan
menyajikan teks bahasan tradisi sunda di sekitarnya melalui media yang ada.
G. Materi Pembelajaran :
1. wangenan
2. tradisi nguruk orok
3. tradisi nyundatan
4. tradisi nikahan
5. tradisi tingkeban

2. PETA KONSEP

milih salah
maham eusi sahiji nyieun film
materi materi dokumenter

2
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

3. KEGIATAN PEMBELAJARAN
a. Petunjuk Umum Penggunaan UKBM
1. Baca BTP (Buku Téks Pembelajaran) Basa Sunda anu dipiboga ku hidep,
atawa buku Basa Sunda nu aya di perpustakaan, sing gemet.
2. Sabada maham jeung neuleuman eusi matéri, pikeun nambahan
pangalaman diajar. Pék tambahan pangaweruh hidep ngaliwatan pancén
atawa kagiatan diajar ka 1,2, jeung 3, 4, 5, 6 boh digawéan kusorangan
atawa babarengan jeung babaturan sakelompok saluyu paréntah ti guru.
3. Pigawé pancén dibuku gawé atawa lembar portopolio anu geus
disayagikeun dina UKBM
4. Saupama hidep yakin geus paham jeung mampuh migawé pancén-
pancén dina kagiatan diajar ka 1,2,3, 4, 5, jeung 6, hidep bisa sorangan
atawa ngajakan babaturan nu sakelas nu geus sayaga pikeun ngiluan tés
formatif sangkan hidep bisa diajar kana UKBM satuluyna (saupama acan
minuhan KKM, hidep kudu diajar deui ieu matéri, tuluy tés dibalikan deui nepi
minuhan KKM)
5. Tong poho, ngaliwatan ieu pangajaran, hidep kudu miboga motivasi pikeun
ngamumule adat tradisi sunda.

b. Pendahuluan

Wangenan Adat
Adat nyaéta aturan anu ilahar dituturkeun atawa dipigawé ti jaman baheula.
Kecap adat ieu diturunkeun tina basa Arab nu jamak, nyaéta tina “Adah”, nu hartina "jalan",
"adat" anu hartina kira-kira sarua jeung kabiasaan atawa cara. Di Indonésia, kecap
"pribumi" karék dimangpaatkeun dina ahir abad ka-19. Saméméhna ngeunaan
kecap adat téh ukur dipikawanoh ku masarakat Malayu sanggeus pasamoan jeung budaya
agama Islam di ahir abad ka-16. Hal ieu bisa dibaca dina "Hukum Propinsi Melayu".
Aturan adat nyaéta aturan anu dibentuk ku kasapukan (kesepakatan) hiji masarakat
adat. Unggal masarakat boga aturan jeung tata cara anu béda ti kelompok masarakat
séjénna. Kritéria paling nangtukeun pikeun kasapukan tradisi téh nyaéta boga tradisi nu dijieun
tina tindakan jeung paripolah jalma ngaliwatan pikiran jeung imajinasi maranéhanana anu
diturunkeun ti hiji generasi ka generasi saterusna.
Adat ngandung opat unsur nyaéta :
1. Ajén budaya,
2. Norma sistem,
3. Sistem hukum
4. Aturan nu tangtu.
Ajén budaya mangrupa gagasan ngeunaan hal anu dianggap boga ajén
pangpunjulna ku masarakat. Pikeun conto: sauyunan jeung silih, rasa hormat ka kolot, gawé
bareng jeung sajabana. Adat geus langgeng sarta mibanda kakuatan gedé, ku kituna
anggota masarakat anu ngalanggar éta adat bakal narima hukuman. Sangsi bisa mangrupa
sangsi formal jeung informal. Sangsi formal salawasna ngalibetkeun pajabat aparat hukum
saperti pamingpin tradisional, inohong masarakat, pulisi, jeung sajabana.

3
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Wangenan Tradisi

Tradisi Sunda nyaéta kabiasaan nu geus biasa atawa lumrah sarta maneuh nu
dilakukeun ku masarakat anu aya di wewengkon Sunda. Tradisi Sunda ogé sarua hartina jeung
adat istiadat Sunda.
Kabiasaan atawa tradisi anu geus lumrah atawa biasa sarta maneuh anu dilakukeun ku
masarakat di hiji wewengkon, saperti wewengkon Sunda, bisa kapangaruhan oge ku
kabiasaan atawa tradisi ti luar. Saperti tradisi Sunda oge geus kapangaruhan, saperti ku tradisi
Jawa atawa tradisi daerah nagara lianna, saperti Arab.

4
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

c. Kegiatan Inti

KAGIATAN PANGAJARAN KA-1

TRADISI
NGURUS OROK

Adat tradisi ngurus orok

Ilaharna dipigawé ku paraji salila 40 poé. Sabada utun atawa inji kaluar tina beuteung
indungna, tuluy éta orok anu posisi asalna nangkub, ditangkarakeun. Sanggeus kitu orok téh di
teundeun dina nyiru tuluy di tutupan ku samping (tina beuheung nepi ka sukuna). Tuluy paraji
tatahar ngurus indung éta orok (ngurus indung orok disebut ogé Adat Ngaraksa Nu Ngajuru).
Di tuluykeun kana ngurus orok, samping anu tadi di paké nutupan téh dibuka, tuluy
paraji ngaracek bali jeung ngurut éta tali ari-ari. Sabeulah diurut kana arah beuteung orok
jeung sabeulah deui kana arah bali. Sanggeus kitu éta ari-ari téh di talian ku benang tilu kali
beungkeutan.
Beungkeutan kahiji jarakna 2 ramo tina beuteung orok, beungkeutan kadua jarakna 2
ramo tina beungkeutan nu kahiji, beungkeutan katilu, 3 ramo tina beungkeutan nu kadua.
Sanggeus kitu maké dadasar konéng temen jeung duit récéh di handapna. Tali ari-ari nu tadi,
di teukteuk ku hinis. Bagéan anu di teukteuk nyaéta antara bagéan anu kadua jeung nu katilu.
Duit anu dijadikeun dadasar nyaéta duit ringgit atawa duit emas. Éta dadasar miboga udagan
sangkan éta orok kahareupna bakal jadi budak gedé milik jeung séhat.
Sabada tali ari-ari diteukteuk, éta orok dimandian ku cai haneut kuku. Sanggeus bérés,
orok di teundeun dina palupuh, tuluy diténjrag. Diténjrag nyaéta suku paraji téh
diteumbragkeun tilu kali di luhur palupuh. Mimiti di belah luhur pas mastaka, kadua di belah
katuhu, katilu di belah kénca. Lamun imahna lain panggung biasana lain di tenjrag tapi
digebrag. Carana nutukeun palu kana pangrih lobana tilu kali.
5
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Najan béda carana, tapi tujuana mah

sarua, sangkan orok téh teu jadi budak anu
reuwasan. Saencan ditenjrag atawa digebrag,
paraji macakeun runtuyan poé, tapi anu mimiti
disebut poé kalahiran éta orok tuluy ngurut tina
poé kalahiran orok contona orok téh lahir poé
Ahad jadi paraji macakeuna Ahad, Sénén,
Salasa, Rebo, Kemis, Juma‟ah, Sabtu anu di
barengan ku jampé.
Sanggeus kitu orok dibalur
ku konéng anu geus di réndos, tujuana
sangkan orok kulitna lemes. Tuluy orok
diteundeun deui dina nyiru bari di simbutan.
Saenggeus kitu, orok di adanan di Beulah
katuhu jeung qomat di Beulah kénca ceulina.
sabada diadanan, paraji mawa orok ka
hareupeun hawu, bari nyokot wadah tarasi,
tuluy orok diparancahan ku kekecapan siga
kieu “Utun (lamun lalaki) Inji (lamun awéwé) mangka ati-ati!, ceuli ulah sadéngé-déngéna ari
lain déngéunana, panon ulah sok saténjo-ténjona, ari lain ténjoeunana, irung ulah saambu-
ambeuna ari lain ambueunana, biwir ulah saomong-omongna ari lain omongkeunana, suku
ulah satincak-tincakeunana ari lain tincakeunana, leungeun ulah sok sacokot-cokotna ari lain
cokoteunana.”
Tuluy leungeun orok diasupkeun kana wadah tarasi, sanggeus paraji macakeun deui
jajampéan, tuluy halis orok di balur ku bawang bodas sasihung. Maksudna sangkan halisna alus
melengkung lir bawang bodas. Dina biwirna
ditémpélan gula bodas atawa dibalur ku madu,
sangkan orok amis budi. Sanggeus kitu biwirna di balur
ku bawang beureum sangkan alus seurina,
panungungna biwir orok dirapetkeun ku tapok jambé
atawa cupat jambé maksudna sangkan biwirna teu
jebéw.
Sanggeus kitu beuteung orok dipakékeun
tameuh atawa gurita, sabada tali puser diolésan ku
konéng tuluy dibedong jeung mastakana di tiungan
ku daun taleus hideung sangkan mastakana teu
bénjol. laju orok di sarékeun deukeut indungna. luhur
mastakana disimpenan aseupan butut nu di
tonggéngkeun jeung di corétan ku apu seupah,
sedengkeun dina unggal sisi orok ditendeunan dua
bebegig anu dijieun tina sapu, anu hiji disebut Aki
Maranak jeung hiji deui disebut Nini Maranak. Tuluy dina piring aya puncak manik, endog
hayam hiji, uyah guluntungan, cabé. Tuluy aya kanjut kundang, baréra, kisi, jeung péso. Dina
tunjangeun suku orok di teundeunan damar.
Unggal poé, isuk-isuk jeung soré, orok dimandian ku cai haneut, tuluy dibalur ku konéng
anu geus di réndos nepika lemes. Sedengkeun bujalna dibalur ku méhong sangkan sésa tali ari-
ari anu masih rapet téréh garing. Lamun tali ari-ari éta leupas, mangka diayakeun salametan
anu disebut puput puser, ilaharna mah di antara opat atawa lima poé ti mimiti lahir. Tapi aya
oge nu nepi ka lima belas poé.
Nalika katujuh poéna diayakeun salametan anu disebut nurunkeun, nyaéta mawa orok
ka luar imah ku upacara buruan. Dina sapuluh atawa lima belas poé, orok dimandian ku cai
anu ditendeunan talawengkar anu dibeuleum saméméhna jeung daun bacang, sarta kalakay
daun cangkring, maksudna sangkan ngaleungitkeun bulu hiang orok anu jadi ti mimit lahir.

6
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Pék téangan jeung tulis

harti istilah-istlah di handap ieu !!!!

1. Paraji :.......................................................................................................................
2. Utun :.......................................................................................................................
3. Inji :.......................................................................................................................
4. Samping :.......................................................................................................................
5. Tatahar :.......................................................................................................................
6. Tali ari-ari :.......................................................................................................................
7. Di urut :.......................................................................................................................
8. Konéng temen :.......................................................................................................................
9. Di teukteuk :.......................................................................................................................
10. Udagan :.......................................................................................................................
11. Sabada :.......................................................................................................................
12. Haneut kuku :.......................................................................................................................
13. Diténjrag :.......................................................................................................................
14. Diteumbrag :.......................................................................................................................
15. Palupuh :.......................................................................................................................
16. Kénca :.......................................................................................................................
17. Katuhu :.......................................................................................................................
18. Diréndos :.......................................................................................................................
19. Hawu :.......................................................................................................................
20. Nyiru :.......................................................................................................................
21. Diparancahan :.......................................................................................................................
22. Tameuh :.......................................................................................................................
23. Aseupan :.......................................................................................................................
24. Puncak manik :.......................................................................................................................
25. Baréra :.......................................................................................................................
26. Kisi :.......................................................................................................................
27. Damar :.......................................................................................................................
28. Puput puseur :.......................................................................................................................
29. Talawengkar :.......................................................................................................................
30. Bulu hiang :.......................................................................................................................

Tulis kecap-kecap nu teu kaharti dina bahasan tradisi ngurus orok,

laju téangan hartina dina kamus basa sunda !!!
...............................................................................................................................................................

................................................................................................................................................

7
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

NGAYUN
Di daérah Karawang, dina prak-praka ngurus orok, aya tradisi “Ngayun”. Tradisi
Ngayun mangrupa tradisi nu dilaksanakeun sabada orok lahir, ieu tradisi téh luyu pisan jeung
ajaran agama Islam. Tujuanna lain baé miboga tujuan pikeun méré ngaran budak, tapi Tradisi
Ngayun ogé miboga tujuan anu leuwih lega. Tradisi Ngayun miboga tujuan pikeun
ngébréhkeun rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci kana lahirna orok jeung kasalametan orok sarta
indungna. Lian ti éta Tradisi Ngayun ogé miboga tujuan pikeun ngadu‟akeun sangkan orokna
mulus rahayu berkah salamet, bageur, soléh jeung soléhah, ulah sacokot-cokotna, ulah
sadeuleu-deuleuna, sapénta-péntana, lancar rejekina, pinter tur cerdas. Salian tii éta, tradisi
ngayun ogé miboga fungsi pikeun ngamumulé warisan budaya karuhun. Palaku utama dina
Tradisi Ngayun nya éta paraji jeung kulawarga orok.
Sedengkeun pakakas utamana nya éta ayunan.
Pikeun lewih jelasna deui, pék scan barcode
digigir ieu, tur bandungan videona!!!

Sabada hidep ngabandungan jeung

nengetan video prosési “Ngayun”,
ayeuna, pék tulis prak-prakan ngayun
dina kolom dihandap ieu !!

............................................................................................................................................

...........................................................................................................................................

8
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Di wewengkon Pasundaan, aya ogé istilah "Ngabubur beureum jeung ngabubur bodas"
anu mangrupa adat istiadat nu masih dimumulé ku masarakat Sunda minangkana mah tradisi.
Ieu bubur téh mangrupa bubur béas anu diwadahan kana pisin nu dipasikeun, nu sapasi
deuina pikeun ngawadahan bubur beureum. Jadi sapisin téh ngawadahan dua rupa bubur.

Naon atuh bubur

beureum jeung
bubur bodas téh??

Bubur beureum bubur bodas bisa kapanggih dina acara-acara tinangtu, kayaning dina
acara méré ngaran orok atawa ngaganti ngaran hiji jalma. Ku kituna, nyangkaruk patanyaan
dina hirup kumbuh urang Sunda "Geus ngabubur beureum ngabubur acan?" ieu patanyaan
téh umumna mah bijil nalika nanyakeun ngaran budak nu kakara bral ka alam dunya nu
umurna kakara sababaraha poé atawa dikedalkeun ka jalma nu ngaganti ngaranna.
Kulawarga si orok, umumna mah kolotna, ngabagikeun ieu bubur pikeun némbongkeun
yén orok téh geus dibéré ngaran.
Nyangkaruk makna simbolis kana ayana ieu bubur. Duanana ngalambangkeun
wawanén jeung kasucian, Beureum minangkana mah simbul tina wawanén jeung bodas
minangkana mah simbul kasucian. Dina tradisi méré ngaran, ieu bubur téh mangrupa simbul
tina harepan kulawarga sangkan jaganing géto si orok téh mibanda kasaimbangan antara
watek wanén jeung suci nu hartina mihak kana kawani.

Ayeuna, pék tulis ngaran lengkep hidep

jeung naon hartina !!

......................................................................................................................

..........

9
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

KAGIATAN PANGAJARAN KA-2

Nyunatan/
nyepitan

Di tatar Sunda, nyunatan téh hiji tradisi kabudayaan anu geus ilahar diayakeun di
saban wewengkon. Upamana aya kulawarga anu boga anak lalaki sarta umurna geus
genep taun, sok teu genah cicing. Hayang geura nyunatan anakna.
Budak lalaki anu umurna geus manjing kudu disunatan, lantaran wajib hukumna
mungguh ceuk agama Islam. Ilaharna budak anu disunatan teh umurna antara genep nepi
ka dalapan taun.
Istilah nyunatan atawa sok aya ogé nu nyebut nyundatan asalna tina kecap sudat,
hartina „turih‟. Pangna aya kecap kitu lantaran baheula mah prak-prakan nyunatan téh ku
cara nurih kokocop. Carana, kulit kokocop rarangan budak ditarik tuluy diasupan babango
(pakakas kawas patlot).
Sanggeus dicapit, éta kulit kokocop téh tuluy diturih, tapi dikeureut nepi ka beresih.
Jalma tukang nyunatan téh baheula mah disebutna bengkong, ayeuna mah paraji sunat
atawa mantri sunat.
Prak-prakan hajat nyunatan bisa jadi teu aya bedana jeung di wewengkon sején di
tatar sunda. Upama aya kulawarga anu rek nyunatan, ilaharna sok ngayakeun babadamian
kulawarga heula. Nangtukeun waktuna, saha paraji sunatna, kumaha kariaanana, jeung
sajabana.

10
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Dina waktuna, budak sunat téh sok direuah-reuah heula diraramekeun. Keur anu
mampuh mah, sapoé saméméhna budak sunat téh sok aya nu diarak tumpak kuda, mapay-
mapay jalan bari dipirig ku tatabeuhan kendang penca.
Baheula mah, saméméh disunatan, budak sunat téh sok dibawa ka balong atawa
walungan, sina ngeueum heula. Maksudna ngarah raranganana baal lamun engké
dikeureut. Geus kitu tuluy dilahun dina korsi, pada nyarekelan sarta panonna
dipeungpeunan, kakara disunatan.
Sanggeus brél dikeureut, kolot-kolot nu ngariung nyaraksian sok rampak nyarita :
“Salamet! Salamet! Béla! Sok bélana geura peuncit!” Béla nyaéta hayam anu dipeuncit
sanggeus budak brél disunat.
Ayeuna mah henteu kitu. Budak anu rék disunatan téh henteu kudu sina ngeueum
heula di balong. Subuh kénéh téh sok langsung waé dibawa ka mantri sunat. Henteu
dibaalan heula, brél waé tuluy dikeureut.
Réngsé dikeureut, harita kénéh ka budak sunat sok pada nyecep, pada méré duit
minangka panyombo ngarah henteu ceurik. Ngarah bungaheun sarta bisa mopohokeun
kanyeri.

Salian sok pada nyecep, biasana pikeun ngareuah-reuah,

budak sunat sok ditaékeun kana sisingaan (singa dépok), atawa
kuda rénggong.
Pikeun nambahan pangaweruh hidep, pék scan barcode
dihandap ieu, laju tengetan tur bandungan !!

budy cici[rn; bNs

11
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

KAGIATAN PANGAJARAN KA-3

Ngawinkeun

Urang Sunda mah tara poho kana adat kabiasaan kabudayaana. Tata-titi jeung
paripolah téh salawasna didasaran ku adat anu geus maneuh. Kapan aya paribasana,
urang Sunda mah tara lali ka purwadaksi, maksudna tara poho kana tali paranti atawa
kabiasaan anu geus diwariskeun ku karuhun.
Salah sahiji tradisi budaya anu dipiara nepi ka ayeuna nyaéta dina cara ngawinkeun.
Upama urang Sunda aya nu rék ngawinkeun anakna, tara padu gapruk kitu baé. Aya prak-
prakanana luyu jeung kailaharan. Jauh saméméh der upacara kawinan, sok aya acara
ngalamar heula, ti dinya tuluy seserahan, sarta dipungkas ku akad nikah.
Ngalamar nyaéta nanyaan awéwé daék-henteuna dikawin ku lalaki nu mikarepna.
Ilaharna pihak lalaki anu ngalamar téh tara sorangan, tapi dibarengan ku kolot lalaki jeung
kulawargana. Kitu deui pihak awéwé anu ditanyaan, rempeg jeung kulawargana. Dina
acara ngalamar, sanggeus paheut jinisna (awéwéna) daékeun, sok dituluykeun ku
nangtukeun waktuna acara akadna, poé naon, tanggal sabaraha, jsb.
Dina waktu anu geus paheut ditangtukeun téa, pihak kulawarga calon pangantén
lalaki datang ka kulawarga calon pangantén awéwé. Datangna bari barangbawa, mawa
barang keur maskawin jeung pakéan kayaning baju, samping, koémétik, jsb. Keur calon
pangantén awewe.
Calon pangantén lalaki tuluy disérénkeun ku kolotna atawa ku nu ngawakilanana ka
pihak kulawarga calon pangantén awéwé sina ditikahkeun. Éta sababna ieu acara téh
disebutna seserahan, nyaéta nyerahkeun atawa nyérénkeun calon pangantén lalaki téa.
Réngsé seserahan, kakara calon pangantén téh ditikahkeun ku kolot calon pangantén
awéwé di hareupeun naib jeung para saksi. Ieu acara disebutna akad nikah.

12
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Rengse akad nikah sok dituluykeun ku sungkem. Pangantén duanana sungkem ka ibu
ramana, minangka tanda hormat ka indung bapa. Geus kitu pangantén sok didiukkeun di
panyawéran (di buruan), tuluy disawér ku béas, konéng, duit kencring, peremén jsb.
Diawur-awurkeun ka lebah pangantén. Saméméhna didiukkeun dina korsi pangantén,
sok diayakeun heula acara buka pintu. Aya nu ngahariringkeun kidung, minangka
perlambang, pangantén lalaki menta idin rek asup ka kamar panganten awéwé. Réngsé
buka pintu, kakara pangantén sajodo didiukkeun dina korsi, pikeun narima pangwilujeng ti nu
araya.

Pikeun nambahan pangaweruh hidep, pék tengetan video dina

Barcode di handap ieu !!

Runtuyan prosési kawinan adat

sunda :
1. Neundeun Omong
Saupama hiji lalaki atawa kolot ti pihak lalaki boga maksud pikeun ngawin atawa
mulung minantu ka hiji wanoja, ku kituna éta wanoja kudu ditalungtik heula kaayaanna, naha
masih léléngohan atawa geus aya nu ngalamar. Hal ieu dilakukeun ku pihak kulawarga lalaki,
boh éta ngawakilkeun boh éta langsung datang tanpa perantara, ka imah éta wanoja.
Satuluyna upama éta wanoja masih kénéh lalagasan, hartina masih kénéh léléngohan,
obrolan bakal dituluykeun kanu leuwih jero. Sanggeus aya kasapukan ti dua beulah pihak,
kakara calonna dibéjaan. Boh awéwéna atawa lalakina. Ieu hal lantaran baheula mah
lolobana jodo téh dipilih ku kolotna. Ku kituna teu saeutik, calon pangantén anu can silih
wanoh. Béda deui jeung mangsa kiwari, nangtukeun jodo téh ku masing-masing baé. Ku
kituna, perkara ngabéjaan ka dua beulah pihak calon mah geus jarang dilakukeun. Lantaran
sagalarupa na ogé dilaksanakeun dumasar babadamian antara anak jeung kolot.

2. Nanyaan / Ngalamar (Nyeureuhan)

Nanyaan atawa ngalamar nyaéta lajuning laku tina neundeun omong. Dina
nganjangna anu ka dua ieu, saméméhna geus ditangtukeun jeung disapukan ku dua beulah
pihak kolotna. Ku kituna kadatangan kulawarga calon pangantén lalaki sok dibarengan ku
jalma anu dipikolot, pikeun ngajejeran ieu kagiatan.
13
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Babawaan anu dibawa ku kulawarga calon pangantén lalaki nyaéta lamareun

sapuratina, biasana baju awéwé sapangadeg, salaku pameungket. Jaman kiwari mah sok ku
perhiasan tina emas. Hartina wanoja ieu geus katalian, teu bisa narima deui tawaran ti lalaki
séjén.
Dina adat Sunda mah, ngalamar téh disebutna nyeureuhan, dicirian ku mawa seureuh
lemareun salengkepna. Ngandung palsapah yén dipiharep dua beulah pihakna bisa ngahiji
kalawan ngadatangkeun kabagjaan jeung kani‟matan babarengan. Ibarat ngalemar,
saupama bungbu-bungbuna saimbang bakal ni‟mat sarta jadi ubar nu mujarab.
Ngeunaan duit anu dibawa, adat di Pasundan mah gedéna teu ditangtukeun. Ngan
biasana, jumlah duit anu dibawa nalika nanyaan bakal jadi ukuran jumlah duit nu bakal
dibawa dina seserahan, biasana gedéna dikali sapuluh kali lipet. Dina waktu ngalamar aya
ogé anu mawakeun ali meneng atawa bilah hoé. Tapi aya ogé anu mawa alina nalika poé
akad. Ieu hal dilantarankeun jaman baheula mah euweuh istilah tunangan. Ali meneng téh
ngagambarkeun kabuleudan tékad anu teu bisa leupas jeung buleudna kanyaah anu taya
tungtungna.
Tunangan atawa tukeur cingcin téh sabenerna mah budaya Barat tapi kiwari mah loba
dilakukeun ku bangsa urang. Tata cara asli jaman baheula mah, salaku ciri tunangan téh
nyaéta ku cara patukeur tameuh. nyaéta pamasrahan beubeur anu dijieun tina kaén polos
warna héjo jeung konéng emas ka kulawarga pihak awéwé. Biasana sanggeus ngalamar
ditangtukeun ogé waktu pikeun akad, biasana lamun aya ali, ali éta dipaké dina poéan akad.

3. Seserahan / Mawakeun
Seserahan atawa mawakeun
nyaéta masrahkeun calon pangantén
lalaki sarta mawa parabot atawa alat-alat
kawinan. Salaku lajuning laku tina acara
nanyaan, kolot pihak lalaki geus kudu
nyiapkeun sagala rupa nu kudu dibawa
jeung dipasrahkeun ka pihak awéwé. Di
antarana duit 10 kali lipet, pakéan,
parabot rumah tangga, parabot dapur,
dahareun, jeung sajabana. Kitu ogé pihak
calon awéwé masrahkeun pamulang di
antarana pakéan lalaki, jeung sajabana.
Biasana ngan saukur sarat, bukti
pamulang. Ieu kagiatan téh disebutna seserahan. Biasana dibawakeun ogé alat-alat pikeun
ngeuyeuk seureuh anu bakal dilaksanakeun sapeuting saacan akad nikah.
Saméméh mangkat seserahan, biasana di imah pihak pangantén lalaki diayakeun
heula salametan (ngarasulkeun), jeung barang-barang anu rék dibawa, duit anu rék
dipasrahkeun téh dibentuk heula jadi hiasan-hiasan anu aralus.
Dina waktu anu geus ditangtukeun ku dua beulah pihakanana, calon pangantén lalaki
maké pakéan satengah resmi bari mawa babawaan anu geus disiapkeun saméméhna.
Mangkat ka imah pihak awéwé dianteur ku kolot jeung kulawargana. Satepina ka imah calon
pangantén awéwé, tuluy dilaksanakeun tanya jawab antara wawakil atawa utusan calon
pangantén lalaki jeung calon pangantén awéwé. Biasana dilakukeun ku pujangga atawa ahli
sastra. Ieu hal ngan saukur basa-basi wungkul. Da sabenerna mah dua beulah pihakna ogé
geus papada apal maksud jeung tujuanna.
Seserehan biasana dilaksanakeun sapoé, tilu poé atawa saminggu saacan akad. Beuki
ka dieunakeun umum dilaksanakeun nalika rék dilaksanakeun ngeuyeuk seureuh. Saupama
teu diayakeun ngeuyeuk seureuh, acara seserahan téh dilaksanakeun nalika akad nikah.

4. Siraman
SIraman hartina ngamandian calon pangantén awéwé. Maksud jeung tujuanna nyaéta
ménta du‟a restu ti indung bapana ogé kolot-kolot anu geus leuwih tiheula suksés ngambah
14
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

rumah tangga. Tujuanna sangkan pangaruh-pangaruh hadéna bisa larap dina rumah
tanggana. Sajaba ti éta tujuanna nyaéta pikeun ngaberesihan jiwa raga calon pangantén
anu bakal rumah tangga, sangkan cita-citana bisa ngawujud kalawan lungsur-langsar.
Anapon alat-alat anu kudu disiapkeun nyaéta :
 Cai
 Kembang tujuh rupa
 Dua lambar kaén sarung
 Salambar karémbong batik
 Anduk
 Parukuyan
 Baju kabaya
 Payung gedé
 Lilin

Upacara siraman biasana dimimitian

ku pangajian anu lilana kira-kira sajam,
kalayan nu ngajiana copélna (sakurang-
kurangna) tujuh urang. Katagtuan waktuna
nyaéta ieu di handap:
 Saupama pangajian dilaksanakeun jam
12.30, dilanjutkeun ngebakan jam 13.30, ti jam 14.00 nepi jam 16.00 digunakeun pikeun
ngagaringkeun buuk, ngerik, maké up, sanggul, jeung pakéan. Sanggeus réngse jam 16.00
dilakukeun seserahan jeung ngeuyeuk seureuh.
 Saupama ngeuyeuk seureuh baris dilaksanakeun peuting, hadéna waktu diatur saperti
kieu: pangajian jam 15.00, ngibakan jam 16.00, dituluykeun kana seserahan jam 18.30.

Anu ngamandianna téh tujuh urang kolot, kaasup indung bapana calon pangantén
awéwé. Anu kahiji ngamandian nyaéta bapana dituturkeun ku indungna, saterusna aki-ninina
jeung sesepuh séjénna, nepi ka tujuh urang. Réngsé dimandian calon pangantén dilulur ku juru
rias sarta buukna digaringkeun maké ratus. Saterusna nyiapkeun pikeun ngeningan.

5. Ngeningan
Ngeningan nyaéta ngerik, jeung ngaleungitkeun sakabéh bulu-bulu lemes (bulu kalong)
anu aya dia beungeut, punduk, ngabentuk amis cau/sinom, nyieun godég jeung nyieun
kembang turi. Alat-alat anu kudu disadiakeun nyaéta:[1]
 Péso cukur atawa péso lipet
 Sisir
 Gunting rambut
 Pinset
 Cai kembang (dicokot tina cai ngibakan)
 Palita/lilin
 Parupuyan
 Kaén bodas

6. Ngeuyeuk Seureuh
Pangeuyeuk (palaksana) biasana méré
heula penjelasan ngeunaan maksud jeung
tujuan ngeuyeuk seureuh. Tujuanna téh nyaéta:
 Méré kasempetan pikeun calon pangantén
pikeun ménta doa restu ka dua belah pihak
kolotna, disaksian ku dulur-dulurna jeung
kulawargana.
 Sangkan disaksian ku kulawarga ti dua
15
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

beulah pihak, yén pernikahan téh taya unsur paksaan.

 Méré wejangan ka calon pangantén ngaliwatan lambang jeung barang-barang anu aya
dina alat pangeuyeuk.

Upacara Waktu Akad

7. Mapag Calon Pangantén Pangantén Lalaki

Mapag calon pangantén lalaki dilaksanakeun ku utusan ti pihak calon pangantén
awéwé. Sanggeus siap sagalarupana, luyu jeung
waktu anu geus dibadamikeun jeung ditantukeun
saméméhna, ku kituna pihak calon awéwé
ngirimkeun utusan pikeun mapagkeun calon
pangantén lalaki.

8. Ngabagéakeun
Sadatangna calon pangantén lalaki jeung
rombonganna di imah calon pangantén awéwé,
tuluy diayakeun pamapag ku cara ngalungkeun
kembang ka calon pangantén lalaki ku indung ti
calon pangantén awéwé, satuluyna calon
pangantén lalaki dibawa ka tempat anu geus
ditangtukeun pikeun ngalaksanakeun akad nikah.
Calon pangantén lalaki di diukeun dibeulah katuhu
korsi anu bakal didiukan ku calon pangantén awéwé.
Anapon lambang-lambang anu nyangkaruk dina ieu kagiatan nyaéta; Pangalungan
kembang ku manglé malati atawa sedep malem téh ngalambangkeun yén pihak awéwé
ngabagéakeun kadatangan calon pangantén lalaki ku haté nu suci bersih.

9. Akad Nikah
Sanggeus naib/ lebé atawa patugas ti KUA
jeung para saksi diuk di tempat anu geus
disadaiakeun, ku kituna calon pangantén awéwé
dibawa ti kamar ku kolotna kalayan di diukkeun
gigireun calon pangantén lalaki.
Saméméh ijab kabul dimimitian, ka-dua
calon pangantén ditiungan ku karémbong warna
bodas. Ieu hal ngalambangkeun ngahijikeunna
dua insan anu masih murni, boh lahir boh batinna.
Tiung dibuka saupama ka-dua pangantén bakal
nanda tangan buku nikah.
Sanggeus réngsé akad nikah, ka-dua
pangantén nangtung pikeun serah tarima mas
kawin jeung narima buku nikah séwang-séwangan. Pangantén lalaki macakeun talak-talik,
kalayan satuluyna masangkeun cingcin kawin, anu dipakékeun dina jarirji katuhu.

10. Sungkeman
Acara stauluyna nyaéta munjungan ka dua beulah pihak kolot pangantén. Dimimitian
ka kolot pangantén awéwé satuluyna ka kolot pangantén lalaki. Tujuanna ménta doa sangkan
rumah tanggana bagja.
16
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

11. Wejangan
Réngsé acara sembah sungkem
biasana aya acara wejangan ku bapa
atawa kokolot anu dipercaya pikeun
ngabekelan ka-dua pangantén anu bakal
ngambah hirup rumah tangga.

12. Sawéran
Upacara sawér nyaéta upacara méré
papatah atawa wejangan pernikahan, jeung
dilakukeun di panyawéran. Dilakukeun di
panyawéran téh lantaran jaman baheula mah
akad nikah téh dilaksanakeun di masjid. Réngsé
akad nikah, tuluy balik ka imah pangantén
awéwé. Saméméh asup ka imah, disawér heula di
panyawéran. Pangantén didiukeun dina korsi anu
geus disadiakeun, tuluy dipayungan diaping ku
dulur-dulurna. Sanggeus sagala rupana siap,
upacara nyawér dimimitian ku ngagalindengkeun
kidung, anu diwakilan ku kolot ti pihak pangantén awéwé. Eusi tina kidung éta nyaéta
papatah jeung doa-doa, diselang-selang ku ngawur-ngawurkeun béas jeung konéng luhureun
payung.
Réngsé ngidung, éta béas, konéng, gula atawa peremén jeung duit récéh diawurkeun
ku kolot pangantén ka sakabéh jalma anu hadir, kalayan ramé-ramé hadirin marulungan
peremén jeung duit récéh. Ieu hal ngalambangkeun yén pangantén ulah asa-asa méré harta
kakayaan ka dulur atawa tatangga nalika keur ngabutuhkeun.

Alat-alat anu disiapkeun nalika sawéran nyaéta:

 Payung
 Bokor anu eusina: Béas jeung konéng dikeureutan, Gula atawa peremén, Tékték/lepit (3,5
atawa 7 siki), duit kencring
 Endog hayam sasiki
 Élékan (awi tamiang)
 Tujangangan/ baréra (papan ukuran 30 x 20 x 2 cm)
(élékan jeung papan tunjangan nyaéta salaku bagian tina perkara alat ninun)
 Kendi leutik dieusi cai
 Kaén bodas jang mungkus papan
 Palita/lilin jeung korék
 Harupat
 Cowét taneuh
 Lap leutik/anduk

17
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

13. Meuleum Harupat jeung Nincak Endog

Réngsé sawér, diteruskeun kana upacara
meuleum harupat jeung nincak endog. Pangantén
awéwé dibawa kana tétécéan hareupeun panto
(dihareupeun imah) sedengkeun pangantén lalaki
hereupeunnana sarta juru sawér nangtung dina
émpér imah.
Endog ditunda din luhureun cowét, jeung
élékan dihijikeun, tuluy diheumpikan ku tunjangan
anu geus dibungkus ku kaén
bodas. Harupat dicekel ku pangantén lalaki,
dibeuleum ku pangantén awéwé maké lilin nepi ka
hurung. Tuluy pangantén awéwé nganclomkeun
harupat anu hurung tadi kana kendi anu geus
dieusian cai. Saterusna pangantén lalaki
motongkeun harupat langsung dipiceun ka tukang.
Rénggsé éta, pangantén lalaki kudu nincak endog
satarikna. Lantaran endog jeung élékan kudu
peupeus babarengan. Sanggeus endog peupeus,
pangantén awéwé kudu meresihan suku
pangantén lalaki, dikumbah, sarta digaringkeun
maké anduk.
Waktu pangantén awéwé jongko meresihan
suku pangantén lalaki, indung leungeun
pangantén lalaki ditémpélkeun dina embun-
embunan pangantén awéwé. Sanggeus réngsé,
kendi anu tadi dibantingkeun ku pangantén
awéwé nepi ka peupeus.
Sanggeus réngsé upacara nincak endog,
pangantén awéwé dibawa ka jero imah, kalayan
di diukuen. Sedengkeun pangantén lalaki masih
nangtung di luar pikeun ngalaksanakeun upacara
buka pintu.
14. Upacara Buka Pintu
Upacara dimimitian ku pangantén lalaki anu ngetrok panto tilu kali, sarta pangantén
awéwé nanya saha anu keketrok. Satuluyna aya tanya jawab anu dilakukeun ku sisindiran. Anu
ahirna mah pangantén awéwé ménta sangkan pangantén lalaki maca sahadat, saupama
manéhna enya-enya salakina. Sanggeus maca sahadat, panto dibuka, pangantén lalaki asup
sarta dipapag ku pangantén awéwé anu munjungan. Satuluyna leumpang pagandéng-
gandéng muru kana tempat upacara huap lingkung.
Anapon maksud jeung tujuan tina ieu upacara nyaéta pikeun ngayakinkeun yén
salakina téh bener-bener ngagem agama Islam, anu dicirian ku paménta pamajikanna
macakeun dua kalimah sahadat saméméh muka panto.

15. Upacara Huap Lingkung

Upacara huap lingkung dilakukeun dua tahap, nyaéta:
1. Upacara huap lingkung dilakukeun ku cara diuk di handap/ luhureun samak atawa
karpét. Tapi kiwari mah lolobanana dilaksanakeun dina korsi. Pangantén lalaki jeung
pangantén awéwé diuk ngaréndéng diapit ku kolotna masing-masing sarta
kulawargana.
2. Luhuruen méja hareupeun pangantén geus sayaga sangu punar dina dua piring, dua
cangkir entéh, dua tempat ngumbah leungeun, dua elap leungeun jeung bakakak
hayam. Juru rias nyieun 7 keupeulan leutik sangu punar sarta ditunda dina salah sahiji
piring, sedengkeun piring anu hiji deui dieusi ku dapalan keupeul sangu punar.
18
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Huap lingkung hartina silih huapan ku cara dilingkung, disaksian ku kulawargana. Anu
mimiti ngahuapan nyaéta kolot awéwé ka minantu jeung ka anakna. Satuluyna kolot lalaki ka
minantu jeung ka anakana. Sangu dicokot tina piring anu eusuna dalapan. Hartina yén kolot
sarua nyaahna, boh ka minantu boh ka anakna, adil teu dibéda-bédakeun. Sarta
ngalambangkeun yén ieu huapan terahir ti kolot-kolotna, anu satuluyna dipihareup anak-
anakna bisa berdikari bisa mandiri dina hirupna.
Satuluyna pangantén pahuap-huap saloba 3 kali. Carana meulitkeun leungeun ka
lawanna; pangantén awéwé meulitkeun leungeun katuhu pikeun ngahuapan sangu kana
baham salakina, jeung pangantén lalaki meulitkeun leungeun kéncana pikeun ngahuapan ka
pamajikanna.
Naon sababna kitu, maksud jeung
tujuanna nyaéta pikeun méré kasempetan ka
dua pangantén sangkan bisa paadek jeung
akrab. Sabab jaman baheula mah calon
pangantén awéwé jeung calon pangantén
lalaki téh can papada wawuh, sabab saacan
akad mah tara pisan paadek lantaran pamali.
Sangu anu dipaké silih huapan
pangantén nyaéta tina piring anu eusina tujuh
keupeul. Saggeus tilu kali pahuap-huap, sésa
sangu anu hiji diparebutkeun ku pangantén.
Saha anu meunang panggedéna, kudu dibagi
jadi dua. Tuluy nu hiji dihuapkeun ku sorangan,
hiji deui dihuapkeun ka pasanganna, ieu hal
ngalambangkeun yén réjeki anu kapanggih dina rumah tangga bakal dibagi rata ku duaan.
Satuluyna pangantén silih inuman. Carana diuk pahareup-hareup kalawan tartib, ieu hal
ngalambangkeun yén dina rumah tangga kudu aya kaharmonisan.
Satuluyna pabetot-betot bakakak, carana duanana nyekel pingping hayam, sanggeus
dibéré aba-aba masing-masing kudu silih betot. Anu meunang panggedéna dianggap
meunang, jeung manéhna anu bakal mawa rejeki dina rumah tangga. Bagian anu leutik kudu
digégél babarengan. Ieu hal ngaambangkeun yén rejeki anu katarima, kudu didahar
babarengan.

16. Narima Doa Restu

Réngsé acara huap lingkung, ku kituna acara diteruskeun ku acara méré kasempetan
ka pangantén pikeun narima doa restu ti kulawarga jeung tatanggana. Pangantén lalaki diuk
beulah kénca pangantén awéwé jeung sabalikna kolot pangantén awéwé nangtung beulah
kénca panganten lalaki.
Dina waktu upacara adat pangantén Sunda, pangantén awéwé diuk dbeulah katuhu
pangantén lalaki. Sarta kolot diuk gigireunna masing-masing minantuna. Ieu hal dilakukeun
sanggeus sakabéh upacara adat, nyaéta nalika rék ngalaksanakeun résépsi. Satuluyna tamu
sasalaman ngawilujengkeun.

Grik;s ttli prn;ti

19
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

NASKAH SAWÉR PANGANTÉN

1. Bismillah damel wiwitan 11. Salamina saréng dulur

Mugi Gusti nangtayungan Eulis kudu bisa akur
Eulis- Asép nu réndéngan Akuran ka unggal lembur
Mugia kasalametan Sangkan jadi buah catur

2. Salamet nu panganténan 12. Mun catur sing seueur bukur

Ulah aya kakirangan Ulah ngan kalah ka saur
Sing tiasa sasarengan Napsuna ulah takabur
Sangkan jadi kasenangan Hirup resep loba batur

3. Sing senang laki rabina 13. Sareng batur kudu jujur

Nu diwuruk pangpayunna Layeut reujeung nu sakasur
Nyaéta badé istrina Runtut raut salelembur
Masing dugi ka hartina Nagara gé subur ma‟mur

4. Hartikeun eulis ayeuna 14. Subur ma‟mur sauyunan

Lebetkeun kana manahna Mun aya tamu payunan
Manawi aya gunana Tapi ulah timburuan
Nu dipamrih mangpaatna Boh bilih silih benduan

5. Mangpaatna lahir batin 15. Ngabenduan ka carogé

Eulis téh masing prihatin Ngan ulah paséa baé
Ayeuna aya nu mingpin Énggal atuh geura hadé
Ka carogé masing tigin Ambéh geugeut saban poé

6. Tigin eulis kumawula 16. Saban poé ulah lali

Ka raka ulah bahula Titik rintih suci ati
Bisi raka meunang bahla Témbongkeun sing béar budi
Kudu bisa silih béla Ciri nyaah ka salaki

7. Silih béla jeung carogé 17. Lalaki mun sok nyandung

Ulah ngan pelesir baé Omat ulah waka pundung
Mending ogé boga gawé Komo lamun bari bingung
Ngarah rapih unggal poé Keun antep sina ngaberung

8. Répéh rapih nu saimah 18. Ngaberung tong dihalangan

Rumah tangga tumaninah Asal cukup sandang pangan
Tapi lamun loba salah Sina lilir ku sorangan
Laki rabi moal genah Sangkan panggih kasenangan

9. Bisi teu genah ku raka 19. Senangkeun eulis pikiran

Prak baé wakca balaka Pikiran didadasaran
Lamun raka goréng sangka Tukuh muntang ka Pangéran
Buru bawa suka-suka Supaya meunang ganjaran

10. Suka-suka ti ayeuna 20. Ganjaran ti Maha Suci

Da eulis atos laksana Énggal atuh geura tampi
Ngajodo anu sampurna Ayeuna eulis ngahiji
Ngahiji salalamina Sakapeurih sakanyeri

20
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

21. Sakanyeri jeung salaki 31. Titis tulis bagja diri

Mun eulis seueur rejeki Patokan nu ti ajali
Poma ulah sok kumaki Kajeun siga widadari
Masing tumut ka salaki Da moal beunang dibeuli

22. Tumutkeun eulis ayeuna 32. Dibeuli ku harta banda

Ayeuna tos laksana Da moal bisa kajaga
Laksana datang jodona Nu tangtu bakal ngaduda
Haté bangblas lalugina Nyicingan di alam baka

23. Lugina dunya ahérat 33. Alam baka kalanggengan

Gusti maparinan rahmat Langgeng rasa ka Pangéran
Kana waktu ulah telat Supaya ulah rayungan
Disarengan silih hormat Ngabogaan papacangan

24. Silih hormat ka sasama 34. Boga rasa kudu ngarti

Sing nyaah ka ibu rama Tata titi surti arti
Lakonan paréntah agama Kudu silih beuli ati
Tangtuna hirup sugema Pikiran dadamelan Gusti

25. Sugema hirup di dunya 35. Gusti Allah nu kawasa

Nyaéta kudu tatanya Ngayakeun dunya tiasa
Rék nanya pék kanu enya Pepek eusi dunya rosa
Badanna buru ditanya Sayagi pikeun manusa

26. Tanya baé ku haténa 36. Manusia mahluk punjulna

Tah éta pikeun saksina Palinter pangabisana
Saksi diri pribadina Ngakalan eusi dunyana
Nu tara jalir jangjina Nu kantun tumarimana

27. Mun jangji nu ngajadi 37. Tumarima ka Pangéran

Éta jangji anu pasti Tumutkeun kana dawuhan
Pasti jodo ti ajali Qur‟an hadis tuduh jalan
Pikiran céngéng ka Gusti Ti para Nabi panutan

28. Gusti mah teu weleh nyaksi 38. Panutan urang sadaya
Nyaksi gerentesna ati Poma ulah rék cangcaya
Ucap lampahna kasaksi Sadaya kudu percaya
Satincak-tincakna ngarti Ka Gusti Allah nu Mulya

29. Hartikeun masing karaos 39. Mulyana nu Maha Agung

Ulah luas-luis léos Sing saha baé ditulung
Sumawonna poporongos Ku bumi alam dijungjung
Pilari jalan nu raos Nyaahna kaliwat langkung

30. Raoskeun jaga ku eulis 40. Nyaah baé nu Kawasa

Eulis ulah sok gumeulis Ka masing-masing manusa
Najan geulis baris ledis Ulah dir gagah perkosa
Ninggang mangsa titis tulis Bisi urang loba dosa

21
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

41. Dosa mah ti pada jalmi 51. Diri pangasih Gustina

Welas asih ka sasami Gusti mah moal nyiksana
Micinta ka lemah cai Moal badé ngaganjarna
Layeut jeung batur sabumi Kumaha waé amalna

42. Sing layeut laki rabina 52. Amal hadé tangtu genah
Ulah aya kuciwana Laki rabi tumaninah
Silih anteur kahayangna Lamun amal anu salah
Akur reujeung barayanna Jaga baris nyorang susah

43. Mun akur ka sadayana 53. Susah lamun teu ngarobah

Témbongkeun budi basana Nu ngajak ngarah ngarinah
Nu bener tingkah polahna Napsu nu mawa sarakah
Supaya hirup sampurna Pék atuh paké ibadah

44. Sampurna euis ayeuna 54. Mun ibadah anu tangtu

Yap ka dieu pamegetna Bagikeun kanu pihatu
Bapa badé ngawurukna Mikeuna tong ragu ragu
Diregepkeun ku asépna Bilih istri janten bendu

45. Regepkeun téh ku haténa 55. Bendu istri asép bingung

Bapa mépélinganana Ulah waka sok ditundung
Tadina asép ngaduda Lamun istri terus pundung
Ayeuna mah gaduh garwa Pangmésérkeun geulang kalung

46. Sareng garwa kedah layeut 56. Geulang kalung serba saé
Sing rapet sacara leugeut Énggal atuh geura anggé
Poma ulah pikir heureut Dianggéna saban poé
Sangkan silih pikameumeut Nu kantun pelesir baé

47. Mikameumeut sareng bojo 57. Pelesir eulis ka kota

Laksana asép ngajodo Tah bawa duit sajuta
Tapi lamun ngabobodo Mun aya kahayang ménta
Bojo moal mikasono Tatapi ulah lahuta

48. Mun sono asép ka istri 58. Lahuta aya kahayang

Sing pageuh saperti patri Nyariosna ngagorolang
Campur gaul sareng santri Nu bakal moal kasorang
Kalayan ati nu suci Pikir anu mawa Bingbang

49. Nu suci pasti beresih 59. Bingbang bongan sok sulaya

Tara aya nu dipamrih Mikahayang anu teu aya
Ka bojo teu weléh asih Ahirna pakia-kia
Sagala sareng pamilih Ngajauhan ka baraya

50. Pilih ku asép ayeuna 60. Baraya lamun ngahiji

Nya pék tanya ku haténa Éta nu langkung utami
Nu goréng jeung nu hadéna Hubungan anu sajati
Sing karasa ku dirina Ngariung sapara wargi

22
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

61. Wargi asép sadayana 71. Ngobral barang kawalahan

Sakitu mikadeudeuhna Harta banda dijualan
Barungah dina manahna Di imah awut-awutan
Nu janten ibu ramana Lebur ancur bébéakan

62. Ibu rama ngiring dunga 72. Béak duit dipikiran

Asép ngagaduhan garwa Éléh maén kawalahan
Istrina lamun satia Tapi keukeuh panasaran
Hiji baé tong ngadua Napsu teu beunang ditahan

63. Ngadua gaduh istrina 73. Ditahan henteu katahan

Moal bérés salamina Dipikir terus-terusan
Pakucrut rumah tanggana Datang napsu panasbaran
Mun teu cocog jeung agama Sétan iblis ngadeukeutan

64. Éra atuh ku tatangga 74. Sétan nu ngajak jarambah

Sapopoé ngan paséa Nu mawa kana sarakah
Ku istri dipikangéwa Dipaké kana awuntah
Ku tatangga diléléwa Disorang napsu nu runcah

65. Lamun boga harta banda 75. Rucahna antep-antepan

Sing kuat nahan gogoda Teu ngarérét réréncangan
Bisi kagoda ku randa Cicing dina palacuran
Pikir heula jero dada Teu inget ka pamajikan

66. Pikir asép sing waspada 76. Pamajikan teu dirérét

Supaya teu ngarasula Duit metet dina dompét
Mun keukeuh pikir midua Tapi méré kékéréhét
Akibat jadi paséa Ku tarik-tarikna pélét

67. Paséa jeung pamajikan 77. Kapélét ku pamakéna

Napsu sétan barangasan Pabeulit pikiranana
Teu ngajadi kauntungan Teu karasa ku dirina
Tetep dina karugian Diumbar waé napsuna

68. Rugi lamun ngumbar napsu 78. Napsuna mangprung ngaberung

Napsu pangajak nu palsu Teu aya anu dirarung
Ngaranjing ngajadi asu Miboga rasa adigung
Nu tangtu badan kalangsu Tungtungna ripuh jeung bingung

69. Kalangsu bongan sorangan 79. Bingung bongan osok salah

Osok daék ririungan Teu bisa nahan amarah
Mimitina heuheureuyan Jangji ka batur sok gaplah
Dina tempat pamaénan Teu inget kana papatah

70. Maén dadu maén kartu 80. Papatah ti para sepuh

Éléh meunang tacan tangtu Ulah boga rasa angkuh
Mun meunang udud surutu Mun jangji kudu sing tukuh
Mun éléh ngobral sapatu Ucap lampah masing ampuh

23
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

81. Masing ampuh ti ayeuna

Sing bisa mawa hirupna 91. Béla pati jiwa raga
Jauhkeun napsu goréngna Dunya katut ahératna
Deukeutkeun napsu hadéna Ku asép kudu dijaga
Sangkan eulis gumbirana

82. Deudeuh teuing putra ibu 92. Gumbira nu panganténan

Omat tong ngalajur napsu Papatah tamba lumayan
Ulah maén lacur ngadu Ku eulis asép lenyepan
Mun bener nyaah ka ibu Nyawérna téréh wekasan

83. Nyaah deudeuh mikasono 93. Nyawér téh turun tumurun

Ciri pola kanggo conto Tuturunan ti karuhun
Mangka hadé ulah poho Pamugi ulah dikantun
Bojo téh bawa lalajo Sawér turun hatur nuhun

84. Lalajo bari pelesir 94. Sawér hartina panggeuing

Tingali sisi basisir Papatah geura nyararing
Sugan awas tina pasir Dangding bari ngahariring
Alam dunya geura taksir Pépéling masing aréling

85. Geura taksir pangaturan 95. Aréling urang sadaya

Dadamelanna Pangéran Ka Gusti Allah nu Mulya
Aya gedong matak héran Ulah aya panca bahya
Luhur pageuh nanakéran Sadaya mugi waluya

86. Teu ngaruag teu ngariek 96. Waluya para wargina

Sakitu eusina uyek Rawuh para panganténna
Pirang-pirang nu ngaleyek Gumuruh rasa batinna
Tapi hanteu ngarempeyek Caang haté ka gustina

87. Ya Allah anu ngayuga 97. Gusti abdi muji nuhun

Ieu alam ngan nyalira Ngumbara mangtaun-taun
Bumi langit gé tohaga Ku bumi alam dilahun
Eusina mani pohara Nimat kateda kasuhun

88. Eusi dunya warna-warna 98. Duh Gusti nu langkung héman

Cahaya panon poéna Mugi sadaya sing iman
Sato tatangkalanana Nya netepan kaislaman
Cawisan keur manusana Mugi maot mawa iman

89. Manusa maruji sukur 99. Bapa nyawér téh parantos

Ka Gusti Allah nu ngatur Mung kantun badé wawartos
Pangantén sing subur mamur Ka ondangan nu ngarantos
Kalayan hirupna jujur Mugi sami pada ngartos

90. Masing jujur sahaluan 100. Pada ngartos sadayana

Ayeuna asép duaan Nu dicarioskeunana
Ulah aya pacéngkadan Lebetkeun kana manahna
Sing bisa silih bélaan Naropong jalan sampurna

24
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Sabada hidep maca jeung nengetan naskah sawér di luhur, pék jelaskeun naon ma’na
nu kawengku dina éta naskah. Tulis dina kolom di handap ieu !!

........................................................................................................................

......................................................

25
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

KAGIATAN PANGAJARAN KA-4

TINGKEBAN

Tingkeban asalna tina

kecap “tingkeb” hartina tutup,
maksudna awéwé anu keur
ngandeg tujuh bulan teu
meunang sapatemon
jeung salakina nepi ka opat
puluh poé sanggeus ngajuru,
sarta ulah digawé anu beurat
sabab kandunganna geus gedé.
Anapon aturan sedekah
tingkeban, mimitina nangtukeun
waktuna. Biasana nu alusna mah
bulan Hijriyah, tanggalna anu
aya angka tujuhan, saperti
tanggal 7, tanggal 17, jeung
tanggal 27. Sanggeus netepkeun
waktuna, tuluy ditataharkeun. Éta
hal dilaksanakeun sangkan orok
anu aya di jero kandungan jeung anu ngababarkeunna salamet.
Maksud upacara tingkeban nyaéta sodakoh panutup atawa paméakan. Anapon
istilahna nyaéta:

 "tebus wateng" nu asal kecapna tebus watengan, asalna tina kecap tebus anu hartina
mayar, sedengkeun wateng hartina utun-inji anu aya dina jero kakandungan. Jadi

26
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

maksudna tebus watengan téh mayar atawa sodakoh pikeun nyalametkeun lantaran anu
dijero kandungan téh geus mangrupa manusa, jadi intina rasa syukur ka Gusti Alloh.
 ''babarik'' nu asal kecapna tina barik nu hartina babarengan jeung utun inji anu aya di jero
kandungan, nepi ka éta budak téh geus jadi jalma ku sabab nurutkeun pamadegan kolot-
kolot jaman baheula mah éta budak téh geus sampurna kaayaanana.

Waktu jeung tempat

Waktu lumangsungna upacara 7 bulan atawa tingkeban biasana kudu diayakeun dina
bulan ka 7 tanggal 7, 17 atawa 27 jeung dina jam 07.00 atawa 19.00. Tempat lumangsungna
upacara 7 bulan atawa tingkeban dilaksanakeun di jero jeung diluar imah nyaéta di buruan
atawa di pipir imah. Di jero imah ngariung tatangga jeung dulur-dulur nu diondang,
sedengkeun nu kakandungan dimandikeun di buruan atawa di tukangeun imah. Di buruan, nu
kakandungan nu geus dimandikeun éta ngajual (méré) rujak kanistrén ka barudak jeung ka
tatanggana

Siloka
Dina upacara tingkeban loba pakakas nu kudu
disadiakeun salaku kalengkepan upacara. Pakakas-
pakakas éta mibanda lambang:

1. Kembang jambé (mayang) anu ngandung harti

“hayang” nyaéta “hayang hadé”, saperti
seungitna kembang éta.

2. Kembang Tujuh Rupa ngalambangkeun 7 hal

nyaéta hirup, hurip, kakuatan, panempo,
pangrungu, omongan jeung kahayang.

3. Ayakan dijieun tina awi ngandung ma‟na yén

élmu anu dipiboga ku urang, kudu bisa dipilah-
pilah mana nu hadé nu mibanda mangpaat
pikeun dunya jeung ahérat sarta mana nu teu
hadé.

27
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

4. Kalapa gading (kalapa ngora) anu digambaran

tokoh wayang, Srikandi jeung Arjuna ngandung
ma‟na mudah-mudahan anakna nurut, alus rupa
jeung kulitna saperti kulit kalapa gading nyaéta
konéng langsat.

5. Belut nu diasupkeun ti beulah luhur sinjang nalika

ngalaksanakeun upacara mandi kembang
ngalambangkeun sangkan engké dina waktu
ngalahirkeun lancar, saperti belut kaluar tina liangna.

6. Rujak Kanistren nu dijual ka barudak ngandung

lambang yén ti mimiti harita geus béak mangsa ulin
sawaktu budak jeung satuluyna jadi indung. Rujak
kanistrén rasana pait, kesed, haseum jeung sajabana
ngalambangkeun sangkan sagala kasusah jeung patina
hirup diajarkeun ka anakna. Kitu ogé lamun rujak rasana
lada ngalambangkeun yén engké orok anu dilahirkeun
téh lalaki, jeung lamun teu lada orok anu dilahirkeun téh
berarti awéwé.

7. Tujuh rupa kadaharan, nyaéta beubeutian saperti

sampeu, hui, boléd, suuk, kacang taneuh, ganyol
jeung sagu.

8. Sinjang panjang tujuh lambar.

9. jambaran,
tempat cai jeung kendil anu eusina belut. Belutna 7,
lamun euweuh cukup ku 1 belut pikeun sarat.

28
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Prak-prakan prosési tingkeban

Dina prak-prakanana ieu upacara sok diayakeun pengajian babarengan sarta biasana
maca ayat-ayat Al-quran nyaéta surat Yusuf, surat Lukman sarta surat Maryam minangka surat
surat anu dianggap mulya. Lian ti éta ditataharkeun ogé parabot pikeun upacara
ngamandian nu keur kakandungan, sarta anu utama nyaéta rujak kanistren anu diwangun ti 7
rupa bungbuahan. Nu keur kakandungan dimandian ku tujuh urang anggota kulawarga
deukeut anu dipingpin ku saurang paraji sacara bagilir kalayan ngagunakeun 7 lembar
lawon samping batik anu dipaké gunta-ganti unggal guyuran sarta dimandian ku cai
kembang tujuh rupa. Sanggeus kitu acara dituluykeun kana siram ibu hamil anu dipingpin ku
indung beurang.
Nu kakandungan dibawa ku paraji ka hareupeun imah. Anu saméméhna geus
ditataharkeun aya jajambaran anu eusina duit, jumlah duitna numutkeun kana wedal salaki
jeung pamajikan anu ditambahkeun anu geus dicampuran kembang tujuh rupa. Mimitina
indung beurang ngebut-ngebutkeun kembang mayang ka awak nu kakandungan, tuluy boh
gadis boh ibu-ibu tatangga jeung dulur-dulur awéwé nyalampeurkeun, lantaran ceuk sahaol
mah bakal téréh boga anak. Sanggeus kitu indung paraji mawa kalapa gading anu geus
digambaran bari ngadu‟a, doana nyaéta: .
Bismilahirohmanirohim
Macakeun Qomat,
Surat Al Fthihah, Al Falaq, Al Fathihah,
Pangéran anu kawasa muga-muga babar sing mulus rahayu berkah salamet, sing lungsur
langsar, mun istri sing geulis mun pameget sing kasép, sing soléh manahna, sing pinter néangan
élmuna, Bismilahirohmanirohim
Macakeun Sahadat,
Surat Al Kautsar,
Sabulan ngahérang, dua bulan ngalengang, tilu bulan gumulung, opat bulan mangrupa, lima
usik, genep malik, tujuh kolot, 8 ngora, salapan medal ka dunya, borosot héor.
Dina guyuran katujuh diasupkeun belut nepi ka beunang kana beuteung nu keur
kakandungan, ieu hal dipimaksud sangkan lancar dina prosés babaran. Bareng jeung
muragna belut, kalapa gading anu geus digambaran ku tokoh wayang ku salakina dibeulah
maké bedog. Ieu hal dipimaksud sangkan orok anu dikandung sarta kolotna miboga laku
lampah anu hadé. Sanggeus réngsé dimandian biasana nu keur kakandungan didangdanan
tuluy dibawa ka tempat rujak kanistrén anu geus disiapkeun.
Tuluy anu keur kakandungan ngajual éta rujak ka barudak sarta ka para sémah anu
hadir dina éta upacara, dibeulina ngagunakeun talawengkar, nyaéta kenténg anu geus
dijieun buleud kawas duit kencring. Nalika nu keur kakandungan ngajual rujak, salakina mah
miceun sésa parabot mandi kawas cai sésa dina jajambaran, belut, kembang, jsb. Kabéh
unak-anikna kudu dipiceun di jalan simpang opat atawa simpang lima, sanggeus rujak
kanistren béak dijual, runtuyan upacara adat tingkeban réngsé dilaksanakeun.

29
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Sangkan leuwih jéntré, pék scan

barcode dihandap ieu, laju
bandungan eusi video na !!!

Dihandap ieu mangrupa kecap-kecap anu hurupna diacak. Pék susun jadi kecap nu
eusina istilah-istilah dina adat tradisi !!

Pituduh : tradisi ngurus orok

No Acak hurup Eusina
1 ENNGIKBAT
2 LRAGWKNEATA
3 AJRAIP
4 URU_PESPPUUT
5 AKUNKC_PAMNI
6 ANACG_GRKUNIND
7 UBH_ALNGIU
8 L_AIRI-AIATR
9 NISHI
10 NU_IITUJN

Pituduh : tradisi ngawinkeun

No Acak hurup Eusina
1 MRIAASN
2 UHURUENEYUK_EGES
3 NAGAUABG_BÉÉEASNNK
4 SAEHSRENA
5 _NGAÉAPNGPANMTA
6 NESUMGKNA
7 NASÉWRA
8 AAA_DNKHKI
9 RNUANUEEHY
10 UNNNENEUOOMDG_

30
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Pituduh : prosési kawinan

No Acak huruf Eusina
1 ABÉS
2 NHY_AMODEAG
3 RÉNPEEM
4 EIDKN
5 UGLA
6 KOROB
7 NLLII
8 NA_TIAAIGWM
9 NAYPGU
10 NGOKNÉ
11 TARUPHA
12 OL_KTÉCUTEI

Pituduh : tradisi Tingkeban

No Acak hurup Eusina
1 RKS_RUÉTANNAKIJ
2 KUBNJUA_RMTAUEPHG_
3 BEITUBNEAU
4 IANTBGNEK
5 AANHT_EACNGUK
6 _WESEEUNGTTB
7 GKLG_AANDIPAA
8 PSAUEM
9 NNJIAGS
10 ABIRBAK
11 DOBÉL
12 MAGJBNÉBKE_MA
13 IUH
14 ROOKB
15 NMAAYG
16 UBLTE
17 PROAAAGK_LAN
18 NAOYGL
19 YKNAAA

m]li cU k blgn;dQ
jln k jti sur
hyu UrN si NsldQ
Gmumu[l budy sun;d
31
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

KAGIATAN PANGAJARAN KA-5

S
akumaha anu baris dipedar dina
pangajaran 1, 2, 3, jeung 4, ayeuna
hidep geus mikaweruh yén, ti mimiti
dina jero kandungan, urang Sunda geus
dianteur ku mangrupa-rupa kabiasaan para
karuhun.
Hal ieu lumangsung ti bihari tug dugi ka
kiwari. Sanajan unggal daérah di tatar sunda
miboga adat anu béda, tapi gurat badagna
mah sarua. Kitu ogé di kota jeung kabupatén
sukabumi. Salah sahiji nu ngalantaraneun
bédana adat tradisi nyaéta bisa kulantaran
faktor géografis, ogé bisa kulantaran loba
masarakat pendatang ti wilayah séjén.

Dina pangajaran ka-5 ieu, hidep

dipiharep bisa midangkeun hiji prosési adat tradisi sunda nu aya di wewengkon Sukabumi.
Ayeuna, pék badami jeung batur sakelas, kira-kira rék midangkeun tradisi naon? Jieun
skenariona, tangtukeun saha waé palakuna, sarta kumaha alur caritana.

Kagiatan prakték ieu dipidangkeun di kelas dina

pangajaran ka-6

32
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

KAGIATAN PANGAJARAN KA-6

Dina pangajaran ka-5, hidep baris

badami jeung babaturan sakelas pikeun
midangkeun hiji pintonan prosési adat tradisi
kasundaan. Dina pangajaran ka-6 ieu, pék
praktékeun di kelas anu geus di setting saluyu
jeung téma kagiatan anu rék dipidangkeun,
kalayan dirojong ku properti nu samistina.

Salian midangkeun hiji prosési adat

tradisi kasundaan, pék jieun video dokuménterna pikeun picontoeun adi kelas
hidep taun hareup.

Pék pigawé sing

daria !!!
n

33
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

a. Penutup

PANUTUP

Sabada hidep diajar matéri Tradisi Sunda ngaliwatan UKBM ieu, pék eusian kolom
dihandap pikeun ngukur kamampu jeung pangaweruh hidep ngeunaan matéri nu geus
dicangkem. Jawab sajujurna dumasar kamampuan séwang-séwangan !!!

Kolom réfléksi diri dina nyangkem matéri

..............................................................................................................................

...................................................................
Saumpama masih aya matéri anu can kacangkem ku hidep, pék diajar deui éta matéri
nepi kacangkem ku hidep. Jeung saumpamana aya nu masih kurang jelas, pék hidep pénta
penjelasan ti guru Basa Sunda ngeunaan éta matéri.
Teu meunang getas harupateun.
Saumpama hidep geus maham kabéh matéri dina Tradisi Sunda, pék teruskeun kana
kagiatan UKBM satuluyna

Dimana posisi hidep ayeuna ????

Ukur kamampuan hidep dina nyangkem matéri Tradisi Sunda dina rentang nilai 10-100,
tulis dina kotak nu geus di sayagikeun !!

34
BSUN-3.1/4.1/5/1.1

Ieu mangrupa pamungkas dina UKBM matéri

Tradisi Sunda, pék pénta tés formatif ka guru
Basa Sunda saacan nuluykeun UKBM satuluyna.

sbd hidep; di[b[r

[ts; foQmtif; ku guru, yu
UrN tuluy;k]n; kn
Uk;b;m; stuluy;n !!!

35
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Carita Wayang

36
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

BSUN-3.2/4.2/5/2.2

carita wayang

1. IDENTITAS
A. Nama Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
B. Semester :5
C. KD :
3.2 Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasan petikan cerita wayang
4.2 Mengkreasikan petikan cerita wayang secara lisan/ tulisan kedalam bentuk
lain (seperti drama, cerita pendek, puisi) dengan memperhatikan struktur dan
kaidah kebahasaan.
D. Materi Pokok : Carita Wayang
E. Alokasi Waktu : 12 JP
F. Tujuan Pembelajaran :
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya
konsep, berdiskusi atas fakta dan konsep, menginterpretasi, mengasosiasi, dan
mengkomunikasikan, peserta didik dapat : membaca, menyimak, dan
memahami teks cerita wayang. Menjelaskan isi cerita wayang. Menjelaskan isi
cerita wayang, mengamati kaidah-kaidah cerita wayang, dan menceritakan
kembali cerita wayang.
G. Materi Pembelajaran :
a. Wangenan
b. Istilah dina pawayangan
c. Carita wayang purwa
d. Rundayang pawayangan
e. Tokoh wayang

2. PETA KONSEP
Carita
Wayang

Maham wangenan
Nyaritakeun deui eusi jeung istilah dina
carita wayang pawayangan

Ngabandungan
Ngaanalisis panokohan
tayangan carita
dina carita wayang
wayang

37
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

3. KEGIATAN PEMBELAJARAN
a. Petunjuk Umum Penggunaan UKBM
1. Baca BTP (Buku Téks Pembelajaran) Basa Sunda anu dipiboga ku hidep,
atawa buku Basa Sunda nu aya di perpustakaan, sing gemet.
2. Sabada maham jeung neuleuman eusi matéri, pikeun nambahan
pangalaman diajar. Pék tambahan pangaweruh hidep ngaliwatan pancén
atawa kagiatan diajar ka 1,2, jeung 3, 4, 5, 6 boh digawéan kusorangan
atawa babarengan jeung babaturan sakelompok saluyu paréntah ti guru.
3. Pigawé pancén dibuku gawé atawa lembar portopolio anu geus
disayagikeun dina UKBM
4. Saupama hidep yakin geus paham jeung mampuh migawé pancén-pancén
dina kagiatan diajar ka 1,2,3, 4, 5, jeung 6, hidep bisa sorangan atawa
ngajakan babaturan nu sakelas nu geus sayaga pikeun ngiluan tés formatif
sangkan hidep bisa nuluykeun diajar kana UKBM satuluyna (saupama acan
minuhan KKM, hidep kudu diajar deui ieu matéri, tuluy tés dibalikan deui nepi
minuhan KKM)
5. Tong poho, ngaliwatan ieu pangajaran, hidep kudu miboga motivasi pikeun
ngamumule kasenian ti tatar Sunda

b. Pendahuluan

WAYANG
Réa jalma sok makaitkeun kecap wayang jeung bayang atawa kalangkang, sabab
dina pagelaran wayang kulit digunakeun layar anu warnana bodas jadi jalma anu dilalajoan
téh kalangkang di tukangeunana. Tapi, aya ogé nu boga pamadegan yén ku urang lalajo
wayang saenyana mah jalma keur nalingakeun kalangkang hirup manusa nu ka gambar dina
lalakon wayang. Di Jawa Barat wayang aya anu ngagunakeun bonéka (tina kulit jeung tina
kai) jeung aya ogé nu dipaénkeun ku manusa (wayang orang). Anu maké bonéka tina kulit
disebut wayang kulit sedengkeun anu maké tina kai disebut wayang golék

Wayang golék aya dua rupa, nyaéta Wayang Golék Purwa di daérah Sunda
ngagunakeun basa Sunda anu dipirig ku gamelan Sunda, jeung Wayang Golék Papak atawa
wayang golék cepak nu ngagunakeun basa Cirebon dipirig ku gamelan Cirebon.[

Wayang Golék
Kecap Golék mangrupakeun istilah tina basa sunda, nyaéta ugal-égol, ulak-élok
(gerakan saperti ngigel/tari). Wayang golék mangrupakeun bonéka imitasi tina rupa manusa.
Dijieun tina kai, dibentuk pikeun hiji pagelaran, wayang di “hirupkeun “ ku dalang, anu
sakaligus miboga peran sabagé sutradara dina méré watek jeung éksprési palaku wayang
golék ngaliwatan antawacana. Umumna, kai nu dijadikeun bahan pikeun nyieun wayang
golék nyaéta kai “lamé” atawa jeungjing (albasiah), tuding jeung sampurit biasana dijieun tina
awi.

Bagéan sirah mangrupakeun unsur poko dina wayang golék. Sirah dibentuk jeung di
rias. Hiasan sirah diukir ku péso raut jeung di warnaan. Sirah jeung leungeun golék kaabus sirah
mangrupakeun bagéan anu bisa di igelkeun (digerakeun). Pakéan nu dipakékeun dina
wayang golék dijiueun tina bahan kaén, nutupan bagéan awak anu euweuh sukuan.
Sampurit atawa gapit digunakeun pikeun cepengan dalang nalika maénkeun wayang golék
sarta pikeun nancebkeun wayang golék kana gebog cau.
38
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Dina harti nu séjén, kecap golék dina basa jawa miboga harti néangan. Nu dimaksud
néangan nyaéta, sangkan sabada lalakon carita wayang lekasan (bérés), panongton bisa
néangan inti pangajaran hirup anu kawengku dina éta pagelaran.

ISTILAH-ISTILAH
DINA PAWAYANGAN

1. Dalang, nyaéta lalaki anu ngalakukeun panokohan pawayangan ku lentong sora

nyaluyukeun jeung karakter wayang

2. Sindén, nyaéta juru kawih dina pintonan kasenian

3. Antawacana, nyaéta dialog wayang nu dilakukeun ku dalang

4. Kakawén, nyaéta lagu anu dihaleuangkeun ku dalang. Asal “kakawén” tina “kawi”
nyaéta basa nu dipaké dina lagu nu dihaleuangkeun (dilagukeun) ku dalang

5. Wayang golék, nyaéta wayang nu dijieun tina awi nu dipahat ngabentuk siga jelema,
disaruakeun raut paromanna jeung bentukna saluyu jeung karakterna

6. Wayang kulit, nyaéta wayang anu dijieunna tina kulit sato jeung sipatna leuwih ka dua
dimensi

7. Janturan, nyaéta wayang anu ditunda ngajajar di sisi kenca jeung katuhu dina luhur
gebog cau

8. Tuding, nyaéta gagang tina awi leutik paranti ngigelkeun leungeun kenca-katuhu
wayang

9. Campurit, nyaéta gagang wayang paranti dicekelan ku leungeun kenca dalang

10. Campala, nyaéta panakol tina kai paranti dalang keketrok jeung tatakolan

11. Bagedor, nyaéta tempat cicingna wayang

12. Gugunungan, nyaéta benda nu bentuknya siga

gunung (segitilu) aya motifna pikeun
ngaisarahkeun ganti téma atawa jeda caritaan

13. Nayaga, nyaéta juru tabeuh gamelan

14. Sabetan, nyaéta sebutan pikeun gerak-gerik wayang

15. Tutup lawang sigotaka, nyaéta panutup pawayangan

39
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

c. Kegiatan Inti

KAGIATAN PANGAJARAN KA-1

S
abada hidep neuleuman wangenan wayang golék jeung istilah-istilahna, pék
ayeuna hidep eusian tarucing cakra di handap ieu !!!

4 5

6 7

10 11

12

13

EclipseCrossword.com

40
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Kagigir
3. Tempat cicingna wayang
5. Juru kawih dina pintonan kasenian, biasana aya dina celah-celah
pawayangan (ngawitan, panengah, atawa akhir)
6. Bonéka imitasi tina rupa manusa. Dijieun tina kai, dibentuk pikeun hiji
pagelaran, wayang di "hirupkeun " ku dalang
8. Gagang wayang paranti dicekelan ku leungeun kenca dalang
10. Dialog wayang nu dilakukeun ku dalang
11. Panakol tina kai paranti dalang keketrok jeung tatakolan
12. Juru tabeuh gamelan
13. Sebutan jang gerak-gerik wayang

Kahandap
1. Wayang anu ngajajar di sisi kenca jeung katuhu
2. Tutup lawang sigotaka
4. Benda nu bentuknya siga gunung (segitilu) aya motifna pikeun ngaisarahkeun
ganti tema atawa jeda caritaan
7. Lagu anu dihaleuangkeun ku dalang. Asal "kakawén" nyaéta tina "kawi", basa
nu dipake dina lagu nu dihaluangkeun ku dalang
9. Lalaki anu ngalakukeun panokohan pawayangan ku lentong sora
nyaluyukeun jeung karakter wayang

41
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

KAGIATAN PANGAJARAN KA-2

P
ék baca carita wayang dihandap ieu, lenyepan naon eusina !!!

CARITA
WAYANG PURWA
Déwi Kuntinalibrata mangrupakeun hiji putri ti Prabu Kuntiboja anu geulis, pinter, jeung
ulet pisan dina diajar. Dina umur anu ngora kénéh, Déwi Kuntinalibrata berhasil nyangkem loba
élmu pangaweruh, salah sahijina mantra pagarad pikeun nggentraan para déwa ka
Marcapada lamun keur dibutuhkeun. Éta mantra meunang paméré ti Resi Druwisa.

Resi Druwasa geus ngawanti-wanti tong sakali-

kali nyacapkeun éta mantra lamun euweuh maksud
nanaon iwal mun kapépéd. Di dieu sipat jail jeung
hayang nyaho Déwi Kuntinalibrata kaluar. Hiji mangsa
waktu panon poé keur aya di embun-embunan, Déwi
Kuntinalibrata ngarasa panasaran hayang nyobaan
mantra sakti nu dibikeun ku Resi Druwasa téa. Sabari
nyacapkeun mantra, manéhna sabari ningali kana
panon poé, nu kabayang ku manéhna nyaéta batara
surya nu ngawasaan panon poé.

Teu lila saenggeus éta, jol Batara Surya kaluar

dibarengan ku cahaya anu nyerabkeun panon.
Sakabéh tempat dipinuhan ku cahaya nu ting burisat.
Déwi Kuntinalibrata kagémbang ku kasépna Batara
Surya. Basa Batara Surya nanyakeun naon maksud
Déwi Kuntinalibrata ngagentraan manéhna, Déwi
Kuntinalibrata ngan ngajawab sakadar hayang
nyobaan nyacapkeun mantra sakti ti guruna. Tina éta
panglawungan, teu bisa disingkahan deui aya
hubungan nu dicaram anu sakuduna teu meunang
dilakukeun

42
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Saenggeus sababaraha lila, Déwi Kuntinalibrata ngandeg. Ti harita geunjleung saeusi

istana. Hal éta ngalantarankeun Prabu Kuntiboja bendu pisan. Nalika ditanyakeun langsung ka
Déwi Kuntiboja, dijawab yén bapa si utun anu keur dikandungna téh mangrupa anak ti Batara
Surya, dilantarankeun kajailan dina nyacapkeun mantra pangarad ti Resi Druwasa. Ngadangu
caritana kitu, Prabu Kuntiboja ngan bisa ngaheruk sarta ménta bongbolongan ti para sesepuh
sangkan bisa nyingkahan aéb anu gedé pisan. Ngarasa boga tanggung jawab tina éta
masalah Resi Druwisa nyanggupan jeung bakal ménta pertanggungjawaban ti Batara Surya,
jeung ngusahakeun kalahiran si utun. Tapi lain kalahiran anu samistina, tapi lahir tina ceuli
katuhu Déwi Kuntinalibrata. Ngadangu kitu, Prabu Kuntiboja nyapukan hal éta. Satuluyna sang
Resi ngagentraan Batara Surya pikeun dipéntaan tanggung jawab. Batara Surya nitah
saenggeus anakna lahir sangkan dilarung ka wahangan Gangga.

Saacan prosés kalahiran, Batara Surya abus kana kandungan Déwi Kuntinalibrata, tuluy
méré pakéan ksatria anu disebut kré waja ka si utun, sangkan dina waktu lahir si utun geus
maké baju beusi anu kebal ku senjata jeung maké ranté tina inten. kusabab dilahirkeun tina
ceuli, si utun di béré ngaran Karna (hartina ceuli). Éta kré waja némpél terus dina kulit Karna
sarta terus robah ukuranana saluyu jeung pertumbuhan awak Karna.

Sabada lumangsung éta kajadian, Déwi Kuntinalibrata éstuning handeueul jeung

embung gagabah deui dina nyokot tindakan, manéhna beuki loba diajar jeung
ngadeukeutkeun diri ka nu maha kawasa. nepi ka ahirna manéhna dijadikeun pamajikan ku
Prabu Pandu Déwanata putra Begawan Abiyasa anu jadi putra mahkota Nagara Astinapura.
Tina pernikahanana, maranéhna boga anak 3, nu dibéré ngaran Yudistira, Bima, jeung Arjuna
sarta boga anak kembar nu dingaranan Nakula jeung Sadewa ti maru na (Déwi Madrim). Lima
putra Prabu Pandu Déwanata disebut Panca Pandawa atawa Pandawa Lima.

Satilarna Prabu Pandu Déwanata, Déwi Madrim ngilu labuh geni/mati geni (ngaduruk
manéh) bareng jeung mayit Prabu Pandu Déwanata. Ti dinya katinggali kanyaah jeung
kaadilan Déwi Kuntinlibrata ka para putrana, manéhna teu pernah ngabéda-béda anak
sanajan dua putrana lain anak tegesna. Para putrana meunang perlakuan, kanyaah, jeung
atikan anu sarua.

Dewi Kuntinalibrata bisa digolongkan minangka saurang awéwé anu sakti

mandaraguna. Numutkeun kidalang manéhna saurang anu saciduh metu saucap nyata anu
hartina naon anu dikedalkeun pasti bakal kajadian. Kawas waktu Arimbi anu murag asih ka
Bima tapi Bima nampik alatan wujud Arimbi anu saurang Denawa / Buta sarta adi ti satruna.
Ngan waé Dewi Kunti nempo katulusan sarta kasucian dihaté Arimbi, manéhna ngomong ka
Bima yén sabenerna Arimbi éta téh putri geulis, henteu éléh geulis kalayan putri-putri karajaan
séjén. Sanggeus Dewi Kunti ngomong kitu sasabot éta ogé Arimbi robah ti wujud Denawa jadi
saurang putri anu geulis kawanti-wanti.

43
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Pék téangan dina kamus basa sunda

harti istilah dihandap ieu !!

1. Jampé Pangarad : ...................................................................................................

2. Pangaweruh : ...................................................................................................
3. Marcapada : ...................................................................................................
4. Nyacapkeun : ...................................................................................................
5. Kapépéd : ...................................................................................................
6. Kagémbang : ...................................................................................................
7. Ngaheruk : ...................................................................................................
8. Bongbolongan : ...................................................................................................
9. Ngandeg : ...................................................................................................
10. Panglawungan : ...................................................................................................
11. Geunjleung : ...................................................................................................
12. Bendu : ...................................................................................................
13. Nalika : ...................................................................................................
14. Kénca-katuhu : ...................................................................................................
15. Sapuk : ...................................................................................................
16. Dilarung : ...................................................................................................
17. Wahangan : ...................................................................................................
18. Saluyu : ...................................................................................................
19. Estuning : ...................................................................................................
20. Maru : ...................................................................................................

44
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

PANDAWA LIMA
Kecap pandawa asalna tina
basa Sansekerta, anu miboga harti
anak Pandu (Déwanagri), nyaéta salah
sahiji ti raja Hastinapura dina Wiracarita
Mahabrata. Ku kituna, maranéhna
mangrupakeun putra mahkota ti éta
karajaan.

Para pandawa mangrupa lima

pangeran, nyaéta Yudistira, Bima,
Arjuna, Nakula, jeung sadéwa.
Yudistira, Bima, jeung Arjuna
mangupakeun anak kandung ti Prabu
Pandu Déwanata jeung istrina nyaéta
Dewi Kuntiboja. Ari Nakula jeung sadéwa mah anak Prabu Pandu Déwanata jeung selirna,
nyaéta Dewi Madrim. Jadi, Yusdistira, Bima, Arjuna jeung Nakula-Sadéwa mah sa bapa, tapi
béda indung.

Pék jieun rundayan Pandawa lima dina kolom di handap ieu !!

45
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

S
abada hidep maca carita wayang diluhur, ayeuna pék eusian tabél dihandap ieu !!

ANALISIS UNSUR INTRINSIK

CARITA WAYANG PANDAWA LIMA

Palaku jeung Amanat

Watekna

Téma

Latar Tempat Latar Waktu

46
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Ringkesan
Carita Wayang Purwa

............................................................................................................................

.....

47
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

KAGIATAN PANGAJARAN KA-3

D
ina pangajaran ka tilu, pék ayeuna analisis silsilah kulawarga pandawa lima. Tulis
jawaban na dina tabél nu geus sayagikeun !!

48
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Tabél Rundayan
Batara Guru
No Saha Ka saha Nyebutna....

49
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Pancakaki
Nyaéta hiji sistem nu ngagambarkeun hubungan kulawarga. Bangsa-bangsa di dunya
atawa nu basana béda bisa waé mibanda pola-pola nu ampir sarua. Upami kitu,
narjamahkeun hiji istilah ka basa séjén minangka pagawéan nu teu susah. Ngan sakapeung,
panarjamah héséeun narjamahkeun istilah-istilah pancakaki ti bangsa nu sistemna béda.

Urang Sunda boga kabiasaan pikeun néangan hubungan kakulawargaan jeung jalma
nu kakara dipikawanoh ngaliwatan pancakaki. Lamun euweuh hubungan kulawarga, masih
ditéangan kénéh hubungan nu séjén, misalnya lantaran aya kawawuhan anu kungsi
babarengan di sakola atawa di tempat gawé. Dina adat istiadat urang Sunda, pancakaki téh
mibanda dua harti. Kahiji, pancakaki téh hartina pernahna jelema ka jelema deui anu
sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana baé, kumaha pancakakina si
Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak, incu, buyut. alo,
suan, jsté. Kadua, pancakaki téh hartina mapay perenahna kabarayaan.

 Ka handap:
1. anak: turunan kahiji
2. incu: turunan kadua, anak ti anak
3. buyut: turunan katilu, anak ti incu
4. bao: turunan kaopat, anak ti buyut

 Ka luhur:
1. bapa: kolot lalaki
2. indung: kolot awéwé
3. aki: kolotna lalaki ti bapa atawa indung
4. nini: kolot awéwé ti bapa atawa indung
5. uyut: bapa atawa indung ti aki atawa nini
6. bao: bapa atawa indung ti uyut
7. janggawaréng: bapa atawa indung ti bao
8. udeg-udeg: bapa atawa indung ti janggawaréng
9. kakait siwur: bapa atawa indung ti udeg-udeg
10. karuhun: jujutan kanu leuwih luhur anu geus tilar dunya
11. sesepuh: jujutan kanu leuwih luhur nu masih hirup kénéh

 Ka gigir:
1. lanceuk: dulur sagetih lalaki atawa awéwé anu leuwih kolot
2. adi: dulur sagetih lalaki atawa awéwé anu leuwih ngora
3. uwa: lanceukna bapa atawa indung
4. paman/emang: adi lalaki ti bapa atawa indung
5. bibi: adi awéwé ti bapa atawa indung
6. alo: anakna lanceuk
7. suan: anakna adi
8. aki ti gigir: lanceuk lalaki ti aki atawa nini
9. nini ti gigir: lanceuk awéwé ti aki atawa nini
10. kapilanceuk: lanceuk/ anak ua
11. kapiadi: adi/ anak mamang atawa bibi
12. incu ti gigir: incuna adi
13. emang ti gigir: anakna adi aki/nini (lalaki)
14. bibi ti gigir: anakna adi aki/nini (awéwé)
50
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

 Perkawinan:
1. salaki: carogé, lalaki anu ngawin pamajikan
2. pamajikan: istri, awéwé anu dikawin ku salaki
3. mitoha: kolot lalaki atawa awéwé ti pamajikan atawa salaki
4. minantu: lalaki atawa awéwé anu dikawin ku anakna mitoha
5. lanceuk beuteung: lanceuk ti salaki atawa pamajikan/ lanceuk ipar
6. adi beuteung: adi ti salaki atawa pamajikan/ adi ipar

 Anak:
1. tunggal: anak hiji-hijina
2. cikal: anak anu munggaran
3. panengah: anak tengah, anak anu gumelar di tengah-tengah (biasana mah
pikeun jumlah anak anu ganjil)
4. pangais bungsu: laneuk deukeut ti anak bungsu, kadua ti handap
5. bungsu: anak bungsu, anak anu gumelar panungtung

 Istilah Séjén:
1. lanceuk sabrayna: lanceuk misan anu masih sarundayan ti aki atawa nini
2. adi sabrayna: adi misan anu masih sarundayan ti aki atawa nini
3. dulur pet ku hinis: dulur kandung, dulur saibu sarama
4. dulur sabaraya:dulur pisan, anakna mamang atawa bibi ogé ua
5. dulur teges: dulur enya saindung sabapa
6. indung téré: pamajikan Bapa lain tapi lain anu ngalahirkeun
7. bapa téré: salaki indung tapi lain anu ngalantarankeun lahir
8. anak téré : anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
9. dulur patétéréan: anak indung atawa bapa téré
10. baraya laér: baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh
11. teu hir teu walahir: teu baraya saeutik-eutik acan
12. bau-bau sinduk: baraya kénéh sanajan geus laér
13. baraya: sakur anu aya pancakakina
14. bésan: indung/bapana minantu
15. dahuan: salaki atawa pamajikanna lanceuk

51
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

KAGIATAN PANGAJARAN KA-4

PANOKOHAN
DINA CARITA WAYANG
1. Prabu Pandu Dewanata
Pandu Déwanata nyaéta raja ti nagara Astina. Anjeunna putra Abiyasa jeung
Déwi Ambika. Sanajan Prabu Pandu kaasup raja, anjeunna henteu ngagaduhan umur
panjang. Pandu pupus ngora kénéh

2. Dewi Kuntinalibrata
Dewi Kunti mangrupakeun putra Prabu Kintiboja ti nagara Mandura. Dewi kunti
nikah jeung Pandu Déwatana. Anjeuna ngagaduhan budak tilu, nyaeta Yudhistira,
Bima, sareng Arjuna

3. Dewi Madrim
Déwi Madrim nyaéta putri Déwi Setyawati. Anjeuna rai Prabu Salya (Narasoma).
Nikah jeung Pandu Déwanata janten pamajikan kadua. Anjeunna ngababarkeun dua
putra kembar, nyaéta Pandawa Nakula jeung Sadéwa

4. Yudistira
Ngaran lainna Puntadéwa, Samiaji,
Darmakusuma, jeung Gunatalikrama.
Watekna jujur, sabar, jeung wijaksana.
Pakarangna Ajian Jamus Kalimasada.

Yudistira mangrupakeun putra nu

munggaran di Pandawa. Manéhna raja
Amarta anu miboga alam nu wijaksana,
welas asih jeung murni jantung. Yudistira teu
kungsi bohong, anjeunna ngabogaan sipat
jujur

52
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

5. Bima
Ngaran lain btaraséna, Werkudara,
Abilawa. Watekna tegas, kuat, jujur, wanian,
taat, jeung cicingeun. Pakarang gada
Rujakpala, kuku pancanaka.
Bima mangrupakeun putra kadua ti
Prabu Pandu Déwanata jeung Déwi
Kuntiboja. Awak Bima kuat pisan, leungeuna
panjang, awakna jangkung, jeung
beungeutna sangar. Sanajan kitu, anjeuna
bageur. Bima ngagaduhan putra nyaéta
Gatotkaca, Antareja, jeung Antasena.
Kaistimewaan Bima nyaéta ngagaduhan
tulang nu kaluar dina jempolna nu kuat jeung
heuras. Éta tulang bisa manjangan,
sapanjang leungeun jalma déwasa, nu ngarana kuku Pancanaka. Salian éta Bima
gaduh gada nu ngarana Rujakpala.

6. Arjuna
Ngaran lain na Jalantran Janaka, jeung
Permadi. Watekna pinter, tenang, pepek, sopan
santun jeung kawas ngajaga lemah. Pakarangna
gondéwa. Arjuna putra katilu ti pandawa jeung
kunti, anjeuna mineng disebut jenaka jeung
Permadi lantaran kawéntar loba istrina, nyaéta
Déwi Subadra, Déwi Wilutama, Dewi larasati, Déwi
ulupi (Palupi), Déwi srikandi, Dewi jimambang, Dewi
ratri, Déwi drésnala, Déwi ulupi (Palupi), Déwi
srikandi, Déwi jimambang, Déwi ratri, Déwi
wilutama, Dewi retno kasimpar, Déwi
juwitaningrat, jeung Déwi dyah sarimaya. Arjuna
ngagaduhan lima belas putra, ogé ngabogaan sipat nu pinter, tenang, pepek, sopan
santun, jeung welas asih.

7. Nakula
Ngaran lainna Pinten, watekna jujur, satia, taat, jeung bisa ngajaga rusiah.
Pakarangna nyaéta : gondéwa (panah), tirtamanik, ajian pranawajati. Nakula
mangrupakeun putra pandu déwanata jeung
Déwi Madrim. Pakarangna Tumbak. Anjeunna
titisan ti Déwa kembar nyaéta Aswan jeung Aswin
atawa Déwa Pangobatan.

8. Sadéwa
Ngaran lainna Tantipala jeung Tangsen,
watekna wijaksana. Manéhna mangrupa anak
bungsu di Pandawa, sanajan Sadéwa msnéhna
anak bungsu, tapi dianggap sarua jeung nu
lain. Sadéwa jago kana ilmu astronomi sarta bisa
nangtukeun kajadian nu bakal datang. Sadéwa
ngabogaan sipat wijaksana, jeung bisa ngajaga
rusiah.

53
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

9. Gatot Kaca
Ngaran Paméré ti Batara Guru di sawarga
maniloka. Pas tilu taun Jabang Tutuka diutus ku Batara
Guru pikeun ngawalan Naga Pencona. Hanjakal,
Tutuka paeh di lengeun Naga Percona sanggeus
najong mata Naga Percona dugi ka buta
sabeulah. Tutuka dicetak ulang ngaganti wujud janten
Gatotkaca

10. Bambang Kaca

Bambang Kaca téh putra Gatotkaca.

11. Batara Guru

Barata Guru nyaéta putera Sanghyang Tunggal.
Anjeunna ngawasa jeung mingpin tilu alam nyaéta
Alam Marcapada, Madyapada alam, jeung alam Mayapada

12. Batara Bayu

Bayu nyaéta angin. Barata Bayu nyaéta déwa nu ngawasa. Anjeunna cicing di
Kahyangan Pangwalung. Ramana Batara Guru, Indungna Déwi Uma. Istrina Déwi Sumi.
Anjeunna ngagaduhan murid, nyaéta Hanoman, jeung Bima

13. Hanoman (Anoman)

Anoman Perbancana Suta, atawa Hanoman.
Monyet nu buluna bodas putera Batara Guru ti Dewi
Anjani. Anjeunna pernah ngajabat janteun senapati
karajaan Mahespati, ngabdi ka Batara Rama dina kisah
Ramayana. Eta tina Pustaka Rajah Purwa Ramayana, nu
beda jeung versi Ramayana ti Indit

14. Semar Badranaya

Semar Badranaya nyaéta penjelmaan dewa
Batara Ismaya. Istrina nyaéta Sutiragen putera Raja
ti Sekarnumbe. Anakna Cépot, Déwala, jeung
Garéng. Di Sawarga Maniloka anjeunna gaduh
budak nyaéta Batara Surya. Anjeunna tokoh
wayang nu pang saktina

15. Cépot
Asrajingga alias Cépot nyaéta anak kahiji ti
Semar Badranaya jeung Sutiragén. Watakna
humoris, sok banyol, ngabodor, teu paduli ka sasaha

54
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

najan ksatria, raja, jeung déwa. Sanajan banyol, anjeunna tetep sok méré papagah
jeung kritik.

16. Déwala
Dawala nyaéta kadua ti tilu anak ti pasangan
Semar Badranaya sarta Sutiragén. Anjeunna satia
pisan ka lanceukna, nyaéta Cépot.

17. Garéng
Garéng nyaéta anak ka tilu ti Semar Badranaya jeung
Sutiragén. Garéng biasana sok cicing di imah waé. Anjeunna
di imah sok ngabantuan indungna, nyaéta Sutiragén
ngabantuan sagala pagawéan imah.

18. Batara Kresna

Batara Kresna nyaéta raja ti Karajaan jeung titisan Hyang Tunggal, anjeunna
netep sangkan ngabereskeun sagala rupa masalah anu lumangsung di bumi. Anjeunna
boga pakarang nu bisa nempo kaayaan dina sagala bagéan dunya.

19. Barata Rama

Barata Rama atawa Sri Rama atawa Ramawijaya nyaéta raja ti karajaan
Ayondhya Prabu Siliwangi putra Dasaratha. Istrina nyaéta Déwi Shinta.

20. Bambang Sumantri

Bambang Sumantri nyaéta wayang nu kasep. Anjeunna boga lanceuk nu
ngaranna Sokrasana. Anjeunna kungsi dihukum ku Arjuna alatan hayang nikah jeung
pamajikanna. Sumantri pupus ku Sokrasana nu sok disalin rupana janten buaya upama
Sumantri tarung jeung Rahwana

21. Déwi Drupadi

Déwi Drupadi nyaéta pamajikan Prabu Yudistira atawa Darmakusuma, raja
Amarta. Ngagaduhan hiji putra nu ngaranna Pancawala. Dina masa Pandawa dihukum
salila 12 taun ditambah sataun ku kurawa diparentahkeun keur nyamar, Déwi Drupadi
nyamar jadi palayan di karajaan Wirata Malini.

22. Dénawa Acung

Dénawa biasa disebut bangsa buta. Maksudna nyaéta buta dina agama,
atawa buta haté. Kalakuan bangsa dénawa biasana maok, maéhan, jeung
ngalakukeun kalakuan goréng nu lianna. Dénawa acung mangrupa wayang anu
awakna leutik sarta sorana ge leutik. Biasana digambarkeun ku karakter nu gampang
ngambek

55
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

23. Dénawa Calangap

Dingaranan Dénawa calangap lantaran karakter wayang ieu bahamna
calangap. Biasana digambarkeun ku karakter nu ngan bisa ngedalkeun vokal “A”
hungkul, contona: "aa hayang dahar ba’da ashar sangkan mantap"

Dina panokohan carita wayang aya hiji tokoh wayang

nu ngarana Semar Badranaya.

Saha atuh ari Semar

Badranaya ?

Semar badranaya
Semar, ngaran lengkepna Semar Badranaya, salah saurang tokoh dina carita
Mahabarata, nyaéta salah saurang badéga nu ngawulaan para Pandawa. Semar sok ogé
disebut Lurah Semar Kudapawana.
Nurutkeun caritana, Semar tadina boga dedeg pangadeg kasép ngalémpéréng
konéng, terah déwa anu sakti pilitanding, ngaranna Batara Ismaya atawa Sang Hyang
Munget, putra Sang Hyang Wenang, nu hirup di Kalampit Sireng, Kahyangan.
Diusir ti Kahyangan.
Dina hiji waktu, Semar kabita ku jimat Layang Jamus
Kalimusada nu dipimilik ku adina, Sang Hyang Rancasan. Bakat ku
kabongroy ku éta pusaka, manéhna jeung adina, Sanghyang Antaga,
nelasan Sanghyang Rancasan nepi ka tiwasna. Malah bugangna
didalahar ku duaan, sedengkeun pusakana leungit taya tapakna.
Sanggeus kitu, Semar jeung adina ngadadak saralin jinis, robah jadi
dedegan jalma nu pikahinaeun. Maranéhna dialusir ku ramana,
Sanghyang Wenang, dipiceun Marcapada : Sanghyang Ismaya jadi
Semar, sedengkeun Sanghyang Antaga jadi Togog.
Semar kacida ngarasa kaduhung ku hiji ku dua, tina gagah
gandang sampulur, dedeganana robah jadi goréng patut :
Beuteung bucitreuk, beungeut pias, pakulitan hideung, sirah
kukuncungan, jadi hina diusir ti Kahyangan. Tapi najan kitu, manéhna
sadar nu ahirna bisa nampa kalawan sadrah ka Pangéran, rumasa tina kasalahannana
sorangan.
Pikeun nebus kasalahannana, Semar kumawula ka manusa turunan Batara Wisnu Saka
nu sarakti atawa ka nu ngagem jimat Jamus Layang Kalimusada, kajeun diri lara balangsak.
Pikeun tamba keueung, Semar nyiptakeun tilu putra : Astrajingga/Cépot, Udél/Dawala,
jeung Garéng. Tilu putrana éta ogé mibanda rupa nu teu parayus, tapi saparipolahna :
pikalucueun.
Ki Semar migarwa Déwi Sutiragén, putra raja Sekar Rumumbé, nu salawasna satia satuhu
ka anjeunna.

56
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

cépot
Si Cépot mangrupa hiji tangtungan wayang nu pinuh ku 'seléra humor' jeung kiwari geus
jadi 'ikon / icon' dina pagelaran wayang golék. Malah nepi ka aya nu nyebut, "Lain urang
Sunda kasebutna ari teu apal ka Si Cépot mah".
Sanyongcolang kumaha si Cépot téh nepi ka jadi 'icon'
pawayangan di tatar Sunda?
Si Cépot, atawa nu dina pawayangan mah dibéré
ngaran Astrajingga, mangrupa salah sahiji inohong nu aya
dina pawayangan, khususna mah dina seni wayang golék.
Manéhna mibanda beungeut nu warnana beureum jeung
huntu handapna nu gedé tur nonjol ka luhur. Warna
beungeut nu beureum téh di'tafsir'keun ku kitab
pawayangan mangrupa gambaran tina pasipatan nu
goréng. Si Cépot ieu boga ciri sok resep ngabodor.
Cépot mangrupa anak ka hiji tina tilu sadudulur ti
pasangan Semar Badranaya jeung Sutiragén. Tapi nu saenyana mah Si Cépot téh mangrupa
anak angkatna Sanghyang Ismaya (semar) nu diciptakeun tina bayangannana sorangan
pikeun maturan Semar nalika dipiwarangan ku Sanghyang Tunggal pikeun ngabdi ka Trah
Witaradya (Ksatria). Ari adi-adina nyaéta Dawala nu irungna panjang jeung Garéng nu
irungna buleud.
Ngaran Astrajingga sorangan asalna tina dua kecap, nyaéta Astra nu hartina beungeut
jeung Jingga nu hartina beureum nu ngalambangkeun kalakuan goréng téa. Jadi Astrajingga
mangrupa kalangkang tina pasipatan kalakuan nu goréng. Sanajan Si Cépot pikakeuheuleun
jeung loba pamolah, ayana diri manéhna dina unggal pagelaran pawayangan teu weléh
diarep arep. ku sabab lucu pamolahna Si Cépot dumasar kana pikukuh, norma, jeung
papagon hirup, nu matak ngabodorna téh bisa katarima ku kabéh golongan. Heureuyna gé
sok ngeunaan hirup sapopoé. Manéhna boga watek satia satuhu, ka mana waé bapana indit
teu weléh nunutur. Leuwih ti éta manéhna satia satuhu ka nagarana, nu dibuktikeun /
ditémbongkeun ku kawani ngalawan buta héjo, wadia balad Kurawa, nalika mélaan
nagarana.
Ku sabab watekna nu resep heureuy, loba nu mikaresep ka inohong nu hiji ieu, nu
ngajadikeun Si Cépot jadi kakoncara ka mana-mana. Mun geus datang heureuyna manéhna
mah tara tumpa-tumpa. Nyanghareupan sasaha gé sok kaluar heureuyna, boh
nyanghareupan Sinatria nu Maha Sakti, boh nyanghareupan Raja, malah nepi ka
nyanghareupan Déwa ti langit waé gé ngan heureuy wé pamolahna téh. Ngan di
satukangeun heureuyna téh sok diselapan ku piwuruk, papatah, jeung pituahna. Teu jarang
manéhna méré kritikan ka pamaréntah. Paripolah tur ucapannana téh sok pirajeunan umajak
pikeun urang paheuyeuk heuyek leungeun paantay-antay panangan, umajak satia satuhu,
umajak cangéhgar, jeung umajak béla kana bebeneran. Kumatak kitu, Dalang biasa
maénkeun Si Cépot pikeun nepikeun peupeujeuh, samisal kiritik ka pamaréntah, atawa
nepikeun pituah ku cara sindir sampir nu nyamuni dina sajeroning heureuyna, améh bisa
katarima ku sararéa.
Si Cépot, Bapana, reujeung adi adina dina pawayangan kaasup golongan
Panakawan, nyaéta golongan nu ngabdi jeung boga pancén méré piwejang atawa méré
pituah wijak ka para Pandawa. Dina hiji pagelaran Wayang Golék, Panakawan ieu biasana

57
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

sok dipintonkeun di tengah tengah carita pawayangan nu keur diguar, nya maksudna mah
méh nu nongton tiasa rinéh jeung bisa gumujeng, teu anteb teuing.
Kadang Si Cépot sok kabandungan maturan para sinatria, utamana mah Arjuna jeung
Madukara. Milu makalangan lir sinatria, gagamannana paling diandelkeun ku manéhna
mangrupa pakarang Bedog. Memang mahiwal inohong wayang nu hiji ieu, loba perkara nu
hadé dipikaconto ti manéhna. Aya peupeujeuh di satukangeun tangtungan manéhna, yén Si
Cépot mangrupa gambaran ti rakyat jalata nu lantip, satia satuhu, beuki heureuy, ogé wani
dina lebah mélaan bebeneran

Sabada hidep neuleman materi di luhur,

pék jieun kelompok. Masing-masing
kelompok ngawengku 5-6 urang.
Sabada miboga kelompok, pék ngariung
jeung kelompok séwang-séwangan, laju
jieun hiji tarucing cakra nu eusina
ngaran-ngaran panokohan dina carita
pawayangan.
Jieun Tarucing cakrana dina UKBM
séwang-séwangan (lembar dina kaca
satuluyna)

58
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Jieun Tarucing Cakra hasil

gawé kelompok hidep dina
kolom di handap ieu !

59
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

KAGIATAN PANGAJARAN KA-5

Dina pangajaran ka-5 ieu, pék

scan barcode di handap ieu !!
Bandungan jeung lenyepan eusi
caritana !!!

60
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

KAGIATAN PANGAJARAN KA-6

Sabada hidep ngaregepkeun carita wayag nu jejerna Budak buncir, ayeuna pék
jieun tingkesan caritana. Tulis dina kolom dihandap ieu !!

Tingkesan Carita Wayang

Budak Buncir

................................................................................................................................................
................................................................................................................................................
................................................................................................................................................
................................................................................................................................................
................................................................................................................................................
................................................................................................................................................
................................................................................................................................................
a. Panutup

.............................

61
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

d. Penutup

PANUTUP

Sabada hidep diajar matéri Carita Wayang ngaliwatan UKBM ieu, pék eusian kolom
dihandap pikeun ngukur kamampu jeung pangaweruh hidep ngeunaan matéri nu geus
dicangkem. Jawab sajujurna dumasar kamampuan séwang-séwangan !!!

Kolom réfléksi diri dina nyangkem matéri

..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

Saumpama masih aya matéri anu can kacangkem ku hidep, pék diajar deui éta matéri
nepi kacangkem ku hidep. Jeung saumpamana aya nu masih kurang jelas, pék hidep pénta
penjelasan ti guru Basa Sunda ngeunaan éta matéri.
Teu meunaNg getas harupateun.
Saumpama hidep geus maham kabéh matéri dina Carita Wayang, pék teruskeun kana
kagiatan UKBM satuluyna

Dimana posisi hidep ayeuna ????

Ukur kamampuan hidep dina nyangkem matéri Carita Wayang maké rentang ajén 10-
100, tulis dina kotak nu geus di sadiakeun !!

62
BSUN-3.2/4.2/5/2.2

Ieu mangrupa pamungkas dina UKBM matéri

Carita wayang, pék pénta tés formatif ka guru
Basa Sunda saacan nuluykeun UKBM satuluyna.

sbd hidep; di[b[r [ts;

foQmtif; ku guru, yu UrN
tuluy;k]n; kn Uk;b;m;
stuluy;n !!!

63
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

Résénsi
Pilem

64
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

BSUN-3.3/4.3/5/3.3

Résénsi Pilem

1. IDENTITAS
A. Nama Mata Peajaran : Bahasa Sunda
B. Semester :5
C. KD :
3.3. Menganalisis isi, struktur dan unsur kebahasaan teks resensi (buku, film,
musik, pertunjukan)
4.3. Menulis resensi (buku, film, musik, pertunjukan) dengan memperhatikan
struktur dan kaidah kebahasaan.
D. Materi Pokok : Resensi Film
E. Alokasi Waktu : 12 JP
F. Tujuan Pembelajara :
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya konsep,
berdiskusi atas fakta dan konsep, menginterpreatasi, mengasosiasi, dan
mengkomunikasikan, peserta didik dapat : Menganalisis isi, struktur dan unsur
kebahasaan teks resensi (buku, film, musik, pertunjukan) dengan
memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan.
G. Materi Pembelajaran :
1. Wangenan
2. Ngaanalisis eusi Pilem
3. Ngaresensi Pilem

2. PETA KONSEP

Ngaanalisis Eusi Nulis Résénsi

Nongton Pilem Pilem Pilem

65
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

3. KEGIATAN PEMBELAJARAN
a. Petunjuk Umum Penggunaan UKBM
1. Baca BTP (Buku Téks Pembelajaran) Basa Sunda anu dipiboga ku hidep,
atawa buku Basa Sunda nu aya di perpustakaan, sing gemet.
2. Sabada maham jeung neuleuman eusi matéri, pikeun nambahan
pangalaman diajar. Pék tambahan pangaweruh hidep ngaliwatan
pancén atawa kagiatan diajarka 1,2, jeung 3, 4, 5, 6 boh digawéan
kusorangan atawa babarengan jeung babaturan sakelompok saluyu
paréntah ti guru.
3. Pigawé pancén dibuku gawé atawa lembar portopolio anu geus
disayagikeun dina UKBM
4. Saupama hidep yakin geus paham jeung mampuh migawé pancén-
pancén dina kagiatan diajar ka 1,2,3, 4, 5, jeung 6, hidep bisa sorangan
atawa ngajakan babaturan nu sakelas nu geus sayaga pikeun ngiluan tés
formatif sangkan hidep bisa diajar kana UKBM satuluyna (saupama acan
minuhan KKM, hidep kudu diajar deui ieu matéri, tuluy tés dibalikan deui
nepi minuhan KKM)
5. Tong poho, ngaliwatan ieu pangajaran, hidep kudu miboga motivasi
pikeun ngamumule basa sunda dina sagala média, kaasup dina résénsi
pilem

b. Pendahuluan
WANGENAN
Kecap Résénsi dicokot tina basa Latén, nyaéta “Revidere” atawa “Recencere”, anu
miboga harti ningali deui, nimbang, atawa ngajén. Dina basa Walanda dipikawanoh dina
istilah “Recensie”. Sedengkeun dina basa Inggris kawéntar ku istilah “Review”.
Kecap résénsi, ilaharna digunakeun pikeun ngabahas karya-karya inteléktual anu geus
disiarkeun ku média. Umpamana karya tulis buku, koran, majalah, atawa wébsite. Karya pilem
di bioskop, telepisi, atawa dina internét, karya téater dina pagelaran luhur panggung.
Pilem nyaéta “serangkaian” gambar “bergerak” nu dipintonkeun dina layar. Pikeun
skala leutik, pilem bisa ditingali ngaliwatan layar telepisi. Pikeun skala gedé, nu jumlah
panongtonna loba, pilem bisa di tingali ngaliwatan layar bioskop. Pikeun nepikeun talatah
(pesen), pilem ngagunakeun basa gambar sagédéngeun sora nu eusina adegan-adegan,
konflik-konflik, jeung peristiwa-peristiwa kajadian.
Ku cara méré pangajén pikeun pilem, hartia urang geus méré aprésiasi pikeun éta
karya. Tapi, pangajénan nu dilakukeun kudu saluyu keung léngkah-léngkah nu bener ku cara
merhatikeun unsur-unsur anu kawengku dina pilm anu rék dirésénsi.
Cindekna, Résénsi pilem nyaéta hiji karya tulis anu eusina méré tinimbangan ngeunaan
hadé goréngna kualitas hiji pilem. Ku kituna nu nulis résénsi pilem merlukeun pangaweruh anu
jembar sarta mikanyaho kasastraan ngeunaan tata cara atawa léngkah-léngkah dina nulis
résénsi, unsur-unsur pilem, sarta kritéria dina ngajénna.

TUJUAN RÉSÉNSI
Tujuan panulisan résénsi nyaéta nulungan pamaca atawa pamiarsa dina nangtukeun
perlu henteuna nongton hiji pilem anu dimaksud. Ku kecap lain, résénsi miboga pungsi pikeun
méré ulasan singget jeung koméntar sabagé acuan pamaca atawa pamiarsa saacan milih
pilem nu rék ditongton. Dina hal ieu, perlu ogé pikeun maham maksud jeung tujuan produser
jeung sutradara dina ngarancang pilem nu dimaksud.

66
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

Tinimangan-tinimangan ieu téh anu jadi dasar kaciptana hiji résénsi. Ku kituna,
diperlukeun pamahaman unsur-unsur poko pilem ngawengku : panulis skenario, sutradara,
jeung panata artistik.

KRITERIA PENILAIAN PILEM

Dina ngajén hiji pilem, dibutuhkeun kritéria anu ngawengku skenario, sutradara, éditing,
ékting, pamilihan peran/ panokohan (casting), jeung sinématografi. Saumpama kabéh unsur
geus saluyu sakumaha mistina, ku kituna, pilem bakal dibagéakeun ku masarakat nu resep
kana pilem. Satuluyna, pikeun nulis hiji résénsi pilem, pék perhatikeun tata runtuyan atawa
sistematika panulisan résénsi dihandap ieu :
1. Idéntitas Pilem
Dina bagéan ieu ngagambarkeun gambaran umum ngeunaan eusi résénsi sakabéh
bagéan pilem. Eusi idéntitas pilem nyaéta :
a. Judul pilem
b. Ngaran sutradara
c. Ngaran produser
d. Ngaran panulis skenario
e. Ngaran palaku jeung ngaran panokohan

2. Eusi résénsi
Eusi résénsi ngawengku alur carita, ngabahas karakter aktor jeung aktrisna ku
ngaliwatan rancangan pilem anu disayagikeun, basa nu digunakeun dina dialog, cara
nyayagikeun konflik, ajén didikan nu rék ditepikeun, lilana prosés éditing, cara sutradara
narjamahkeun skenario ku gambar nu ngirut (memikat), sinématografi jeung
panyuntingan gambar, tata artistik, sarta téma pilem anu dipiharep saluyu jeung
kamajuan jaman.

3. Panutup
Dina bagéan panutup résénsi pilem dicindekeun ngeunaan kaunggulan jeung
kahéngkéran (kakurangan) sakabeh bagéan pilem. Salian éta, dina panutup ogé
dituliskeun koméntar panulis kana pilem anu di résénsi. Naon waé ogé anu ditepikeun
bakal méré pangaruh kana panongton pilem anu maca éta résénsi.

67
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

c. Kegiatan Inti

KAGIATAN PANGAJARAN KA-1

Résénsi Pilem UP

Carl Frediksen nyaéta budak nu cicingeun. Sosobatan jeung budak awéwé tomboy
ngarana Ellie anu sarua mikaresep Carles Muntz, saurang penjelajah. Sabada sawawa, Carl
jeung Ellie kawin sarta ngawangun rumah tangga. Kahirupanana dipinuhan ku rasa bagja.
Obsési duanana nyaéta miharep ngabogaan anak. Kabéh geus disayagikeun keur calon
anakna. Tapi kanyataanna robah nalika Ellie divonis ku dokter yén manéhna teu bisa ngandeg
(ngandung).

Sabada mikanyaho éta kanyataan, pikeun ngahontal kahayangna, Carl jeung Ellie
mereketkeun nabung sangkan bisa indit ka Paradis Falls, tempat Muntz tukang penjelajah. Tapi

68
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

teu weléh aya hahalang nu antukna maranéhna maké duit tabungan nu disayagikeun pikeun
ka Paradis Falls, nepi ahirna, umur ngolotan, tapi kahayang teu jol laksana.

Kulantaran obsésina can kahontal wae, Carl meuli tikét kapal udara tujuan ka Amérika
bagéan wétan (Selatan), jeung mobiga kahayang méré kejutan keur Ellie. Tapi saacan
kahayangna kalaksana, Ellie miheulaan tilar dunya. Tilarna Ellie ngaleungitkeun sumanget hirup
Carl. Carl jadi jalma nu teu hayang wawuh kasasaha.

Dina hiji poé saperti biasana, Carl hudang isuk-isuk, ngajalankeun aktifitasna.
Manehéhna kaluar ti imahna, diuk di korsi nu aya dina téras imahna. Horéng imah na téh aya
di tengah-tengah pagawéan konstruksi, méré isarat yén imahna rék digusur. Manéhna
leumpang ka hareupeun imahna, rék mariksa kotak surat sarta ngobrol heula jeung salah
saurang pagawé konstruksi.

Sabada ngobrol jeung salah saurang pagawé kontruksi, Carl abus deui ka imahna, laju
nongton Tipi. Basa keur anteng nongton tipi, aya nu keketrok kana panto imahna, nalika panto
dibuka, bréh aya budak pramuka, ngarana Russel anu sayaga ngabantu Carl dina sagala hal.

Singget carita, imah Carl rék di gusur, kulantaran ambek, manéhna neunggeul patugas
ti pihak penggusur anu ngalantarankeun Carl abus ka pengadilan. Ahirna, hak imah Carl jeung
tanahna ragrag ka pihak bos konstruksi. Sabada kajadian éta, manéhna meunang iber yén
isukna rék dijemput ku panti jompo.

Isukna, patugas panti jompo geus sayaga di hareupeun imah Carl, rék ngajemput Carl.
Carl menta waktu pikeun pamitan heula ka imahna. Nalika patugas leumpang ka arah
mobilna, horéng imah Carl geus di pasangan sapuluh réwu balon gas helium, anu tekanan
balonna kuat pisan, ngabalukarkeun rengat di sakabéh bagéan handap imahna, laju
ngapungkeun imahna.

Carl bungah kacida, lantaran bisa mindahkeun imahna sarta bisa ngapung ka Paradis
Falls. Nalika keur rinéh dijero imahna, manéhna reuwas kacida, lantaran ngadéngé aya nu
ngetrok panto. Awalna diantep, tapi lantaran panasaran, da asa teu mungkin saumpama
aya jelema di téras imahna, sedengkeun harita imahna keur diapungkeun ku balon hélium.
Nalika panto di buka, horéng nu ngetrok panto téh Russel. Ti dinya dimimitian lalampahan
Russel jeung Carl.

Pangeusi sora

1. Edward Asner sabagé Carl Fredricksen

2. Christopher Plummer sabagé Charles Muntz
3. Jordan Nagai sabagé Russell
4. Bob Peterson sabagé Dug, Alpha
5. Delroy Lindo sabagé Béta
6. Jerome Ranft sabagé Gamma
7. John Ratzenberger sabagé Construction Foreman Tom
8. David Kaye sabagé Newsreel Announcer
9. Elie Docter sabagé Young Ellie
10. Jeremy Leary sabagé Young Carl

69
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

11. Mickie McGowan sabagé Polisi Edith

12. Danny Mann sabagé pagawé konstruksi
13. Steve Donald Fullilove sabagé perawat
14. George Jess Harnell sabagé perawat
15. AJ Josh Cooley sabagé Omega

 Sutradara : Pete Docter

 Co-Director : Bob Peterson
 Produser : Jonas Rivera
 Eéecutive Producers : John Lasseter, Andrew Stanton
 Penulis Skenario : Bob Peterson, Pete Docter
 Penulis Cerita : Pete Docter, Bob Peterson, Thomas McCarthy
 Pemeran : Edward Asner Christopher Plummer Jordan Nagai
 Musik : Michael Giacchino
 Distributor : Walt Disney Pictures
 Tanggal rilis : 29 Mei 2009 (Amerika Serikat)
29 Juli 2009 (Indonesia)
 Durasi : 96 menit

70
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

S
abada hidep maca résénsi pilem diluhur, ayeuna pék eusian tabél dihandap ieu !!

ANALISIS UNSUR INTRINSIK

CARITA FILM UP

Téma

Galur Amanat

Latar tempat & waktu Tokoh & watek

71
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

KAGIATAN PANGAJARAN KA-2

D ina pangajaran ka-1, hidep

tangtuna geus mikaweruh harti
résénsi jeung paham kumaha
cara ngarésénsi pilem. Dina pangajaran
ka-2 ieu, pék tongton pilem Coraline, laju
tulis koméntar hidep ngeunaan ieu pilem.
Pigawé dina lembar anu geus di
sayagikeun !

Scan ieu

barcode !!

72
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

Sabada hidep nongton pilem

Coraline, pék tulis koméntar
hidep ngeunaan pilem sacara
sagemblengna, pigawé dina
kolom dihandap ieu !!!

Kumaha kamandang hidep ngeunaan pilem Coraline??

.................................................................................................................................

.........

73
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

KAGIATAN PANGAJARAN KA-3

D
ina pangajaran ka-2, hidep baris nongton pilem Coraline. Tah, dina pangajaran ka-3 ieu,
pék jieun résénsi pilemna. Pikeun nambahan référénsi, hidep bisa néangan informasi
ngeunaan ieu pilem tina internet. Pék pigawé dina kolom-kolom di handap ieu !!!

Pangeusi Sora :

..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
................

 Sutradara :...........................................

 Co-Director : .......................................

 Produser : ............................................

 Executive Producers : ........................

 Penulis Skenario : ................................

 Penulis Cerita : ....................................

 Pemeran : ............................................

 Panata Musik : ....................................

 Distributor : ..........................................

 Tanggal rilis : ........................................

 Durasi : .................................................

74
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

Sinopsis Pilem Coraline

.............................................................................................................

......................................

75
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

Sabada hidep ngarésénsi pilem Coraline, ayeuna pék eusian tabél analisis
dihandap ieu :

téma

Latar tempat &

Galur Panokohan&Watek Waktu

Amanah

76
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

KAGIATAN PANGAJARAN KA-4

D
ina pangajaran ka-4 ieu, pék téangan pilem
The lorax vérsi Dr.Seuss dina Youtube.
Lantaran pilem The Lorax mah aya
sababaraha vérsi, pék scan barcode di gigir ieu
pikeun nongton trailerna :

[r[sn;si
pilem;

77
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

KAGIATAN PANGAJARAN KA-5

U
nggal pilem tangtuna miboga hiji amanat anu hayang ditepikeun boh ku panulis, boh ku
sutradara. Kitu ogé dina pilem The Lorax Vérsi Dr.Seuss anu geus ditongton ku hidep
saacanna. Dina pangajaran ka-5 ieu, pék ku hidep ébréhkeun, kumaha rarasaan hidep sabada
nongton, ngabandungan jeung neuleuman eusi éta pilem? tulis dina kolom dihandap ieu !!

Sabada nongton pilem Lorax, kuring ngarasa :

...........................................................................................................................

..............................................

78
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

S
abada hidep ngébréhkeun rarasaan hidep kana pilem Thé Lorax Vérsi
Dr.Seuss, ayeuna pék jieun Résénsina. Pigawé dina kolom di handap ieu !!

Pangeusi sora Idéntitas Pilem

Sinopsis
.............................................................................................................................................

.................
79
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

KAGIATAN PANGAJARAN KA-6

D
ina kagiatan ka 6 ieu, pék tongton hiji pilem, tuluy jieun résénsina dina média karton.
Sangkan pidanganana leuwih alus, pék tambahan gambar-gambar nu ngarojong
résénsi pilemna. Pidangkeun hasil résénsi hidep di hareupeun babaturan sakelas pikeun
di ajén.

Téma pilemna pilih :

1. Kulawarga
2. Sosobatan
3. Lalampahan

80
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

a. Penutup

PANUTUP

Sabada hidep diajar matéri Résénsi Pilem ngaliwatan UKBM ieu, pék eusian kolom
dihandap pikeun ngukur kamampu jeung pangaweruh hidep ngeunaan matéri nu geus
dicangkem. Jawab sajujurna dumasar kamampuan séwang-séwangan !!!

Kolom réfléksi diri dina nyangkem matéri

..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
.........................................................................................................

Saumpama masih aya matéri anu can kacangkem ku hidep, pék diajar deui éta matéri
nepi kacangkem ku hidep. Jeung saumpamana aya nu masih kurang jelas, pék hidep pénta
penjelasan ti guru Basa Sunda ngeunaan éta matéri.
Teu meunang getas harupateun.
Saumpama hidep geus maham kabéh matéri dina Résénsi Pilem, hartina hidep geus
nyangkem kabéh matéri di semester 5 ieu.

Dimana posisi hidep ayeuna ????

Ukur kamampuan hidep dina nyangkem matéri Résénsi Pilem dina rentang nilai 10-100,
tulis dina kotak nu geus di sadiakeun !!

81
BSUN-3.3/4.3/5/3.3

Ieu mangrupa pamungkas UKBM matéri

Résénsi Pilem sarta matéri pamungkas
dina seméster 5, pék pénta tés formatif
ka guru Basa Sunda.

Sabada hidep diajar sakabéh matéri nu aya dina ieu UKBM,

tataharkeun diri pikeun nyanghareupan Ujian Ahir Seméster 5.

Ttet;e p; geduQkn] ; sumGet; diajQ Bas,

Sss;tR, Ak;sr j] Nseni sun;d

Pendak deui dina

Pangajaran Basa
Sunda seméster 6

82
DAFAR PUSTAKA
1. https://www.wikiwand.com/su/Wayang
2. https://web.facebook.com/notes/wayang-nusantara-indonesian-shadow-puppets/wayang-golek-purwa-
1/336747296109/?_rdc=1&_rdr
3. https://www.slideshare.net/sutopu9/wayang-29462931
4. https://caritawayang.blogspot.com/2015/06/pandawa-lima-bahasa-sunda-wayang-golek.html
5. https://www.deviantart.com/thenerdyogre/art/Pandawa-Lima-158370111
6. http://kudunku.blogspot.com/2016/01/panokohan-wayang-golek.html
7. http://efa-belajarbagiilmu.blogspot.com/2012/03/wayang-golek.html
8. https://wayangku.files.wordpress.com/2008/06/silsilah-tembahan.jpg
9. https://pasberita.com/kisah-dan-karakter-pandawa-lima/
10. http://naufalfauzy.blogspot.com/2014/08/pengertian-resensi-film_23.html
11. https://www.inirumahpintar.com/2016/11/pengertian-tujuan-kriteria-penilaian-contoh-resensi-film.html
12. https://deagestano.blogspot.com/2011/03/resensi-film-up.html
13. https://brainly.co.id/tugas/11396153
14. https://basasunda.com/1-adat-kawinan-urang-sunda/
15. https://su.wikipedia.org/wiki/Adat_ngurus_orok
16. https://basasunda.com/nyunatan-di-tatar-sunda-pangajaran-1/
17. https://su.wikipedia.org/wiki/Tingkeban
18. https://su.wikipedia.org/wiki/Adat
19. https://www.vecteezy.com/vector-art/192158-gunungan-wayang
20. http://wanderingindonesia.blogspot.com/2011/04/puppet-show-wayang-golek.html
21. http://akingblo.blogspot.com/2013/06/gatotkaca-wayang-golek.html
22. http://cisitoe.blogspot.com/2009/12/dewala.html
23. https://www.imgrum.pw/tag/wayanggolekGH3P
24. https://wayang.wordpress.com/2010/03/12/nala-gareng/
25. https://su.wikipedia.org/wiki/Semar
26. https://su.wikipedia.org/wiki/C%C3%A9pot
27. https://picclick.com/JAVA-Wayang-Golek-HANOMAN-Monkey-Rod-Puppet-Intricate-
401578382039.html#&gid=1&pid=1
28. https://pngimage.net/cepot-png/
29. http://104.248.120.9/camera-cartoon-icon.html
30. https://dribbble.com/shots/2686755-Gunungan-Roundel
31. https://su.wikipedia.org/wiki/Pancakaki
32. https://www.youtube.com/watch?v=zPE2rmOENhA
33. https://www.youtube.com/watch?v=Yd5FoyPb8Vc
34. https://www.youtube.com/watch?v=k1FmSorSeFc
35. https://www.youtube.com/watch?v=nA-q9AGcbvQ
36. kumparan.com/@kumparanfood/bubur-merah-putih-wujud-syukur-atas-kelahiran-anak-dalam-tradisi-
jawa-27431110790535646
37. https://www.hipwee.com/young-mom/6-tradisi-adat-jawa-untuk-menyambut-bayi-yang-baru-lahir-
beberapa-di-antaranya-sudah-nggak-populer-lagi/
38. https://gramfollo.net/tag/selapanan
39. http://repository.upi.edu/16662/5/T_PBBS_1201239_Chapter5.pdf
40. http://picdeer.com/here__nowhere
41. https://su.wikipedia.org/wiki/Bubur_b%C3%A9as
42. https://www.twgram.me/tag/gamelantradisional/
43. http://www.nu.or.id/post/read/85834/tembang-sawer-sunda-dan-nilai-nilai-islam
44. https://yasinyasintha.com/sawer-penganten-budaya-pernikahan-kaya-makna/
45. https://www.wisatabdg.com/2016/11/rangkaian-prosesi-upacara-pernikahan.html
46. https://su.wikipedia.org/wiki/Pangant%C3%A9nan_Sunda
47. https://authgram.com/natansagari
48. http://ginanjarkawilujengan.blogspot.com/2012/06/hadirin-anu-sami-sami-ngaluuhan-ieu.html
49. http://tirasenna.blogspot.com/2015/01/upacara-adat-pernikahan-sunda-1.html
50. https://twitter.com/studiooportrait
51. https://www.wajibbaca.com/2018/08/akad-nikah-bahasa-arab.html
52. https://twitter.com/cakrawala_wo/status/991171342060814337
53. http://periaspengantindimagelang.blogspot.com/2016/01/
54. http://www.g-excess.com/11-prosesi-pernikahan-adat-jawa-ini-dinilai-ribet-padahal-punya-makna-yang-
indah-lho.html
55. http://digitalinta.com/hashtag/elevenbentertainment
56. https://www.weddingku.com/blog/yuk-disimak-sebelum-kamu-seserahan
57. https://imgom.com/instagram/saritiw/photo/1720171640296678854_547295334
58. http://mahligai-indonesia.com/pernikahan-nusantara/prosesi-adat/simak-tradisi-7-bulanan-tingkepan-
yang-mulai-tergerus-zaman-4638
59. https://www.tokopedia.com/cyamyk-printing/bunga-pinang-utk-keperluan-kembar-mayang
60. https://budayajawa.id/makna-kembang-tujuh-rupa-di-jawa/
61. http://imahleutik.blogspot.com/2011/11/ayakan.html
62. http://anik-salon.blogspot.com/p/blog-page_803.html
63. https://merahputih.com/post/read/resep-rujak-serut-khas-7-bulanan
64. http://www.ragamseni.com/prosesi-pra-pernikahan-dan-pernikahan-adat-sunda/
65. https://instogram.pro/user/neng_jide
66. https://www.vectorstock.com/royalty-free-vector/sukabumi-indonesia-west-java-city-region-economy-
vector-23003760
67. https://www.pinterest.com/pin/864268984717078513/
68. https://www.instazu.com/tag/uborampe
69. https://rumahpintarid.com/buat-sendiri-acak-kata/
70. http://sundaneseethniccanszz.blogspot.com/2012/12/conto-teks-sawer-panganten.html
71. https://www.youtube.com/watch?v=6YJWqRtx9u4
72. https://www.youtube.com/watch?v=r0eg-ieT77g
73. http://risamariska.com/perusahaan-butuh-pemikiran-wanita-ini-hasil-survei/
74. https://www.kompasiana.com/mita/5500db1ba33311bb7451241d/wayang-golek-the-western-jawa-
puppets
75. https://su.wikipedia.org/wiki/Semar
76. https://it.kisspng.com/kisspng-pdyzxs/preview.html
77. https://downloadapk.net/AR-Gamelan.html
DAFTAR RIWAYAT HIDUP PENULIS

Ima Lisnawati, S.Pd. Pengajar mata pelajaran Bahasa Sunda. Lahir

di Bandung, 12 November 1985, dari seorang ayah bernama D.Tanekar
dan dari seorang ibu bernama
A.Julaeha. Pernah bersekolah di
SDN Caringin III Bandung, SMPN 23
Bandung, dan SMA PGRI 1 Bandung.
Taun 2004-2008 menempuh
pendidikan S-1 di Jurusan
Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS –
UPI Bandung. Pada Semester ke-7,
disela-sela menyusun skripsi juga
mengajar di MTs Ibnu Jabal,
Cicalengka Kabupaten Bandung.
Selepas lulus pendidikan S-1,
diteruskan mengajar sebagai guru
honorer di SMKN 15 Bandung. 10
bulan kemudian mengikuti Tes
CPNSD Kota Bandung dan lulus serta ditempatkan di SMKN 15 Bandung.
PadaTahun 2015, mutasi ke SMAN 1 Kota Sukabumi hingga sekarang.

Anda mungkin juga menyukai