Anda di halaman 1dari 1

Balik gawe

Balik gawe kuring kapeutingan. Ti kantor kuring kaluar sakitar jam 2 subuhan. Dijalan the
meni tiiseun eweuh motor atau mobil nu ngalewat hiji-hiji acan. Kuring geus ngajanteung
dina handapeun lampu jalan aya kana 15 menitan mah. Tiris jaba tunduh sagala karasa
pokona mah.
“Jalan ni tiiseun kieu, naon welah nu aya ngaliwat kuring rek naek teu kuat hayang balik! “
ucap kuring sangeunahna.
Teu lila kuring ngadenge sora krincing-krincing siga sora delman. Kuring nu keur tunduh the
langsung cenghar neang eta sora. Culang cileung kuring neangan, ti kajauhan ka ciri aya kuda
nu keur narik delman.
“ Naha aya delman wayah kieu? “ ucap kuring dina jero hate panasaran.
Ku kuring digupaian eta delman the. Delman eureun hareupeun kuring. Ditempat panumpang
eweuh sasaha pisan. Teu pikir panjang kuring langsung naek kana eta delman. Sapanjang
perjalanan kusir the teu ngomong-ngomong teu nanya-nanya acan ka kuring. Hawa tiis beuki
karasa kana awak kuring tapi anehna kuring henteu tunduh . Kuring culang cileung ningalian
ieu delman bari ngasupkeun lengen kana saku jeket.
Kuring pindah diukna ka deukeut kusir. Kukuring diperhatikeun eta kusir. Bajuna the serba
harideung jeung make topi gede-gede teuing siga topi jang pensulap.
“pak..” kuring nyobaan ngageroan eta kusir tapi teu ngalieuk-lieuk acan ka kuring.
“pak! “ kukuring dicobaan digeroan beuki tarik tapi angger teu ngalieuk wae.
Ku kuring dicobaan ditepak pundukna. Tapi kusir the malah tuluy ngajalankeun kuda teu
ngalieuk ka kuring. Ku kuring dicobaan topi na dikenyang, teu disangka-sangka ari pek the
kusirna eweuh sirahan. Kuring soak, ku kuring dibetot eta tali kuda ambeh eren. Delman the
eren, kuring langsung ngajleng tina eta delman ngaberebet lumpat ngajauhan.
Kuring lumpat balik deui ka kantor. Untung na can jauh teuing tikantor. Sapanjang kuring
lumpat, kuring tuluy ngadenge sora krincing eta delman . Kuring teu wani ngalieuk katukang,
kuring tuluy lumpat bari ceurik jeung babacaan.
Sateupina dikantor kuring nyobaan mukakeun panto tapi teu bisa. Panto kantor geus dikonci,
ku kuring digedor-gedor sugan aya satpam nu muka keun. Ti tukang kadenge siga aya jalma
nu ker lempang nyamperkeun kuring. Sora lempang na the meni kadenge jelas pisan dina
celi. Kuring tuluy babacaan bari jeung ngagedor-gedor panto. Kuring ngaderegdeg sa awak-
awak. Eta nu lempang the beuki deukeut kuring teu wani ngalieuk katukang.
“pak? “ ucap eta jalma bari nepak punggung kuring. Kuring ngajorowok satarikna akibat ku
soak tea. Dilieuk the gening nu nepak the nyaeta pak satpam. Tidinya kuring langsung
ngagolepak teu sadarkeun diri.

Anda mungkin juga menyukai