Anda di halaman 1dari 2

Kabersihan Sabagean Tina Iman

Assalàmu’alaikum Wr. Wb.

Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.

Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantaràn ni’mat
sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng salàm
mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW. Kà para kulawargina,
ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin.

Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng rerencangàn sadaya anu
dipikacintà ku sim kuring. Teu hilap simkuring ngahaturkeun nuhun ka Panata Acara nu parantos
masihan waktos kangge simkuring ngadugikeun Biantara di payuneun para wargi sadaya.

Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “Kabersihan sabagean ti
iman“.

Tos pada uninga sadayana yen kabersihan teh sabagian tina iman. Lamun urang teu bisa ngajaga kana
kabersihan, pantes teu urang disebut jalma anu iman?

Iman urang kudu dipertanyakeun lamun masih wani miceun sampah ka walungan atanapi miceun
sampah di tempat umum sapertos contohna atos tuang permen sampahna teh sok kamana wae, muhun
emang sampahna alit tapi kan aya paribasa saalit demi saalit lami lami jadi bukit.

Dina salah sahiji hadis diterangkeun:


ْ َ َ َّ
‫النظافة ِم َن ا ِإل ْي َمان‬

Nu hartosna kabersihan teh sabagian tina iman.

Ngajaga kabersihan teh mangrupa salah sahiji parentah Allah pikeun manusa di alam dunya. Kumargi
kitu pikeun jalma anu sok ngajaga kabersihan insya Allah kenging pahala ti Gusti Allah SWT.

Ulah waka jauh-jauh, ngajaga kabersihan mah gampang kacida. Timimiti ngajaga kabersihan awak
sorangan, kabersihan di lingkungan kulawarga, nepika ngariksa kabersihan lingkungan balarea.

Ulah miceun sampah sakadaek komo ka walungan mah. Salain ngaruksak ekosistem cai walungan,
sampah oge ngadatangkeun balai. Ari mangsana banjir mah pan nyusahkeun sarerea. Palebah dinya
urang kudu ngajaga kabersihan teh da manfaatna pikeun urang keneh.

Ku kituna hayu urang sami-sami ngajaga kana kabersihan diri sareng lingkungan. Urang pada-pada silih
emutan pikeun kamaslahatan balarea.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat, Mung sakitu biantara anu tiasa ku simkuring di dugikeun.
Hapunteun bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi
kersa ngahapunten.

Pamungkas, Pamugi sadaya rerencangan tiasa ngajagi kabersihan ieu sakola supados lingkungan sakola
urang mareunah.

Ti Surabaya ka Jakarta,

Balik ka bumi sareng oleh-oleh kalapa,

Hirup bersih kedah dijaga,

Hhususna sapertos ayeuna usum corona.

Wassalamu'alaikum Wr. Wb

Anda mungkin juga menyukai