Anda di halaman 1dari 3

Assalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabarokatuh…

Sampurasun… (Rampes) hah Tongpes? Atuh sami jeung SIM kuring.. Rampes
(haturnuhun)
maklum BBM naek guys jajan oge kuduna naek eh malah dikurangan nasib-
nasib… tapi SIM A . SIM B jeung SIM C mah malah naik nya… ceuk Bapa SIM
Kuring..
Eh Tapi ketang urang ka sakola teh arek belajar nya lain rek jajan… tapi ketang
jajan lancar belajar ge lancar atuh nya… Ah sing lalancar we nya… Aaamiin
Jiga Koropak masjid lancar bebas hambatan.. kunaon ? Pan BBM naik…
Siga tadi … urang sunda pan makanna sangu sagala rupa pasti di sanguan tah
urang ge kitu caritana mendukung program orang tua anu keur lieur… ku naon?
Pan BBM naik… pernah indung urang ngomong kieu Andre … eh…
Rayhan jajan teh anu ngawaregkeun atuh sanguan … meli baso sanguan, meli
kurupuk sanguan… pas tadi isuk mah Indung urang meli bubur ah ku urang teh
di sanguan we.. eh kalah dicarekan… kunaon disanguan ceuk indung urang? Pan
BBM naik…
Jigana supaya ngirit eta Tukang bubur ge nyieun buburna di sanguan….
Pernah harita Kuring jeung si Beno balik sakola ningali Tukang Es..
Si Beno… Andre… eh Reyhan eta Teh Es Rumput Laut nya..?
Huuh ceuk kuring, maneh hayang? Arek meuli…
Moal… Kunaon ceuk kuring ? aya nu teurang … Pan BBM Naik
Lain Urang boga ide ceuk si Beno, Ide naon Tah?
Dagang Es Rumput Jepang pan Loba lin dihareupeun imah maneh… pasti teu
kudu loba modal…
Huuh ceuk urang teh komo mu disanguan…

Sakitu wenya moal Panjang lebar… kunaon??? Pan BBM Naek

Haturnuhun Kuring Reyhan


Wassalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabarakatuh…. Kade ulah di sanguan…
Naha??? Pan BBM Naek
Assalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabarokatuh…

Sampurasun … ( Rampes)
Neupangkeun Nami Abdi Indriani … halow sadayana kumaha daramang? Nuhun
Pami damang Mah… mugia salawasna sehat jeung hahagia.. Aamiin
eh teurang teu? Indri mah rajin, ka sakola teh, enjing-enjing… ameh tiasa
ngerjain PR di sakola… janten tiasa bari diskusi jawaban na… singkatna Niron..
hehehe
ayeuna mah jaman digital.. PR ge kadang ngiring digital, online tea, tah abi ge
kadang sok diskusi digital jeung Pak Google.. Pinter pisan Pak Google mah.. coba
taroskeun naon wae pasti dijawab.. asal ulah naros enjing pere heunteu?
Soalna Pak Google mah tara absen …
Ngomong-ngomong digital abi ieu di upload moal ka Youtube … kan biar Viral?
Jiga peragaan busana ning nu viral terang teu ? … tah eta “ Citayeum Fashion
Show”
Pernah Abi ge nyobian bolak balik mentas jalan bari ngibring-ngibring androk..
Ameh jadi “ Caringin Fashion Show”… eh malah ditaros ku ibu2.. Neng kunaon?
Aya Sirem ngegel… ?! ah Ibu mah teu Update saur Abdi..
Si Ibu ngawaler eh Ibu ge Update atuh Neng.. Update status.. masak update
status, nyeseh update status tika balanja di warung Update status kieu Bahasa
na “ belanja naon nya poe ieu ?” padahalmah bingung eta teh teu aya artos na…
Ngan kade Bu ulah upload dina Media Sok Sial bisi Rugi…
Kuliner ge tos digital .. hoyong masakan barat, masakan sunda, masakan
nusantara dugi cilok jeung bala-bala tiasa dipesen online… jigana ke mah uang
jajan ge online ke mah.. Umi jajanan mana? Ke di transfer Ku Umi saldona… gaya
lah.. ” ngan tong hilap Subrek, komen jeung Like ceuk Umi”… hadeuh
Pernah ku abi di komen “ Umi ning sakieu jajan teh’? Pan BBM naek… eh jadi
kana BBM nya…
Sakitu wae ti Abdi … Tong Hilap Like, Komen and Sare… eh Share ..
Haturnuhun…

Anda mungkin juga menyukai