Anda di halaman 1dari 2

ULANGAN TENGAH SEMESTER

SDN 2 HANDAPHERANG

MATA PELAJARAN : BAHASA SUNDA


KELAS : IV (Empat)
HARI, TANGGAL :

NAMA : Nilai :

Buah Tina Tawekal

“Bongan, pak, ngerakeun si Tita Teh ! Moal enya, disakolaan alus kieu make dagang uras, bala-bala,
jeung gorengan ? kampungan pisan ! Ceuk Banu ka bapana. Omongan. Banu di enyakeun ku Dodo, Ria
jeung Reni.
“Terus di kumahakeun dagangan Tita teh? Bapana Banu nanya ka banu, kolot-kolotna Dodo, Ria,
jeung Reni mah caricing bae.”
“Disepak, pak ku Banu !” ceuk Banu bangun reueus : ngan sakilat, Banu sukuna dibabuk ku Bapana
make jidar panjang, Banu ceurik gagauran. Buru-buru Bapana Banu dilelerkeun ku kapala sakola.
“Hapunten, Bapa kapala, abdi kalepasan,” ceuk Bapana Banu bari gk diuk”, Banu, Bapana leuwih
reueus boga anak jiga Tita, tibatan boga anak, jiga banu. Tita teh budak yatim, tapi tawekal, daek
ngabantuan usaha emana. Teu ogoan, teu sombong jiga Banu,” ceuk bapana Banu ka Banu. Nu araya di
dinya saregep ngadengekeun omongan Bapana banu.
Poe eta keneh bubar sakola bapana Banu nganteurkeun Tita tepi ka imahna.
Bapana Banu menta di hampura ka emana Tita tina kalakuan Banu anu gede hulu jeung kaleuleuwihi.
Sanggeus bulak balik tungtungna emana Tita leah Tita, rek dibiayaan sakolana ku bapana Banu. Tapi
aya saratna:
Tita tetep cicing diimah emana. Bapana Banu satujeun. Tita jadi anak angkat Bapana Banu. Ari dagang
uras, bala-bala jeung gorengan mah terus wae di pajuku Tita teh. Da keur mantuan biaya hirup emana.

Tina Pustaka Basa

I. Jawab pananya-pananya di handap!


1. Saha ngaran budak nu ngomong jeung bapana teh?
2. Dikumaha suku Banu ku Bapana?
3. Bapana Banu leuwih reueus lamun anakna siga saha?
4. Ku saha akhirna biaya Tita di bayarna ?
5. Naon di sebutna nu boga hate goreng ?

II. Berilah tanda silang (X) pada huruf a, b, c dan d pada jawaban yang paling benar!

1. Buku pikeun di ajar boh di sakola atawa di imah ngaranna buku ….


   a. bacaan     c. carita
   b. gambar    d. pangajaran

2. Beja atawa katerangan disebut oge ….


   a. lelepon     c. informasi
   b. internet    d. computer

3. Nu mingpin hiji sakola nyaeta ….


   a. Guru            c. guru kelas
   b. Dosen         d. kepala sakola

4. Andi nuju … kaligrafi


   a. Gambar       c. ngagambarkeun
   b. Digambar    d. ngagambar
5. Saha … ibu teh ?
   a. Jeneng              c. jenengan
   b. Dijenengkeun   d. jenenganan

6. Nu disebut Dosen mah ngajarna teh di ….


   a. Paguron luhur    c. SD
   b. SMP                d. TK

7. Nu wajib diajar ku pamarentah urang nyaeta ….


   a. Mahasiswa                       c. sakabeh murid
   b. Murid TK tepika SD       d. murid SD tepika SMP

8. “Upami bade … buku mah ka Yani we atuh!


     a. Tambut          c. nambut
     b. Nambutan     d. nambutkeun

9. Buku bahasa sunda keagungan Arif tadi … di rorompok.


    a. Ngantun          c. kakantun
    b. kantun            d. dikantunkeun

10. Namung saleresna mah barudak teh henteu barodo da ….


      a. Ameng                     c. arameng
      b. Ameng-amengan     d. amengan

III. Eusian titik-titik di handap ieu!


1. Panyakit maag, akibat tina telat ….
2. Sangkan budak teu kaserang polio kudu ….
3. Akibat tina kurang sare jeung kurang barang dahar awak teh karasa bakal ….
4. Kumargi seueur tatangkalan hawa di bumi Aki teh janten ….
5. Rantang dijieun tina kaleng atawa aluminium paranti ….
6. Tetenong dijieun tina anyaman awi paranti ….
7. Mang Udin ngabogaan japati sa jodo, anak japati ngaranna ….
8. Pa Dadan ngabogaan hayam, anak hayam ngaranna ….
9. Dihareupeun imah Bi Nani aya kembang jambu aer, kembang jambu aer ngaranna ….
10. Mang Mirta tukang nyieun parabot atawa perhiasan tina emas atawa perak ngaranna ….

IV. Uraikeun pananya-pananya di handap ieu!

1. Mang Ujang ngalenggut dina korsi, hartina ngalenggut nyaeta ….

2. Teh Nina meni melong wae, melong hartina nyaeta ….

3. Dihareupeun imah Mang Juju keur garuneman catur, guneman catur hartina nyaeta ….

4. Bi Mamah sarena mani tibra bari garo maling, garo maling hartina nyaeta ….

5. Mang Saman parena mani loba diasupkeun kana leuit, leuit hartina nyaeta ….

Anda mungkin juga menyukai