BUDAYA
DR 440
2 SKS/Genap
SUNDA
Drs. Dédé Kosasih, M.Si.
WANGENAN
BUDAYA/KABUDAYAAN
K. Kupper
Kabudayaan mangrupa sistem gagasan nu
dijadikeun padoman/pituduh pikeun manusa dina sikep
jeung sarengkak saparipolah, boh sacara individu boh
kelompok.
William H. Haviland
Kabudayaan nya Ѐta sakabЀh tata aturan
sarta norma nu dipiboga ku anggota masarakat, lamun
dilaksanakeun ku anggotana bakal ngalahirkeun
perilaku nu hade jeung bisa ditarima ku sakabЀh
anggota masarakat.
Ki Hajar Dewantara
Kabudayaan ngabogaan harti minangka buah budi
manusa nya Ѐta hasil perjuangan manusa ngeunaan dua
pangaruh kuat, antara jaman jeung alam minangka bukti
kajayaan hirup manusa pikeun ngarengsekeun rupa-rupa
pasualan hirup dina raraga ngahontal kasalametan jeung
kabagjaan nu sifatna tartib jeung damЀy.
Francis Merill
Paripolah nu dihasilkeun ku ayana interaksi sosial,
sakabЀh kalakuan jeung sakabЀh produk nu
dihasilkeun ku hiji jalma salaku anggota masarakat
ngaliwatan interaksi simbolis.
Bounded et.al
Kabudayaan nya Ѐta hiji hal nu diwangun ku kamekaran
jeung transmisi tina kapercayaan manusa ngaliwatan simbol-
simbol nu tangtu, upamana simbol basa salaku runtuyan
simbol nu dipakЀ pikeun mindahkeun kapercayaan budaya
dina anggota masarakat. Pesan simbolik ngeunaan
kabudayaan baris katitena tina mЀdia, pamarЀntahan, intitusi
agama, sistem pendidikan.
Robert H Lowie
Kabudayaan nya Ѐta sagala hal nu dimeunangkeun ku
unggal individu di masarakat, ngawengku kapercayaan, adat
istiadat, norma-norma artistik, kabiasaan dahar, kaahlian nu
kacangking lain tina krЀatifitasna sorangan tapi minangka
warisan tina mangsa nu geus kaliwat boh ngaliwatan pendidikan
formal atawa informal.
Arkeolog R. Seokmono
Kabudayaan nya Ѐta sakabЀh hasil usaha manusa,
boh mangrupa barang atawa mangrupa ide dina
kahirupanana.
Kacindekan
Tina sababaraha hiji pamadegan di luhur, bisa dicindekeun
yЀn kabudayaan nya Ѐta sistem pangaweruh nu ngawengku
sistem ide/gagasan nu aya dina pikiran manusa, nepi ka dina
kahirupan sapopoЀ kabudayaan Ѐta ngabogaan sipat nu
abstrak. Sedengkeun wujud kabudayaan nu kongkrit nya Ѐta
barang-barang nu diciptakeun ku manusa salaku mahluk nu
ngabogaan budaya, hasil tina tata laku atawa paripolah,
upamana, basa, pakakas, organisasi sosial, seni jstЀ, nu
sakabЀhna ditujukeun pikeun kapentingan manusa dina
ngajalankeun kahirupan di masarakat.
Wujud Kabudayaan
Gagasan (Wujud ideal)
Wujud ideal kabudayaan nyaéta kabudayaan anu ngawujud kumpulan ide-
ide, gagasan, ajen-inajen, norma-norma, peraturan, jsb anu sipatna abstrak.
Ieu wujud kabudayaan téh ayana dina jero pamikiran warga masarakat.
Saupama éta masarakat nétélakeun gagasannana dina wangun tulisan,
lokasi tempat éta kabudayaan ideal bakal aya dina karangan jeung buku-
buku hasil karya panulis warga masarakat anu ngagem éta kabudayaan.
Aktivitas (tindakan)
Aktivitas nyaéta wujud kabudayaan salaku hiji tindakan anu miboga pola nu
dilakukeun ku manusa dina éta masarakat. Ieu wujud ogé sok disebut sistem
sosial. Sistem sosial téh diwangun ku aktivitas-aktivitas manusa anu
berinteraksi jeung papada manusa, ngayakeun kontak, sarta campur gaul
jeung manusa séjén nurutkeun pola-pola nu tangtu nurutkeun adat tata
kalakuan. Sipatna konkret, kajadian dina kahirupan sapopoé, jeung bisa
ditalungtik tur didokumentasikeun.
Artefak (karya)
Artefak nyaéta wujud kabudayaan fisik anu mangrupa hasil
(karya) tina aktivitas, kalakuan, jeung pamikiran sakabéh
manusa dina masarakat nu mangrupa barang atawa hal-hal
nu bisa dicabak, ditingali, jeung didokumentasikeun.
Sifatna anu pangkonkret-kongkretna lamun dibandingkeun
jeung wujud kabudayaan nu séjén.
Unsur-unsur Kabudayaan
Melville J. Herskovits nétélakeun yén kabudayaan miboga 4 unsur
pokok, nyaéta:
• alat-alat teknologi,
• sistem ekonomi,
• keluarga,
• kekuasaan politik
Kabudayaan material
Kabudayaan material ngacu kana sakabéh ciptaan
masarakat nu nyata, konkret. Kaasup di jerona penemuan
anu dihasilkeun tina penggalian arkeologi: mangkok
taneuh, sanjata, jst. Kabudayaan material ogЀ ngawengku
barang-barang, jiga TV, kapal, stadion olahraga, gedung,
baju, jeung barang-barang nu séjén.
Kabudayaan nonmaterial
Kabudayaan nonmaterial nyaéta ciciptan anu abstrak nu
diwariskeun ti generasi ka generasi, misalna mangrupa
dongeng, carita rakyat, sarta lagu atawa tarian
tradisional.
Hubungan antara unsur-
unsur kabudayaan
4) Basa.
Basa mangrupa pakakas pikeun ngawujudkeun budaya nu
digunakeun ku manusa pikeun komunikasi, boh sacara tulisan,
lisan, atawa gerak, nu miboga tujuan pikeun nepikeun maksud
atawa kahayang panyatur ka pangregepna. Tur ku ngaliwatan
basa éta, manusa bisa ngaluyukeun dirina jeung adat istiadat,
paripolah, tatakrama masarakat, tur ngagampangkeun manusa
campur gaul jeung papadana.
5) Kasenian.
Sacara gurat badag kasenian kabagi kana dua bagian, nyaéta:
seni visual, nyaéta kasenian nu bisa dirasakeun ku indra
panempo, saperti seni patung, seni relief, seni lukis jeung
gambar, seni rias, seni tari, jeung seni drama.
2. seni audio nyaéta kasenian nu bisa dirasakeun ku indra
pangrengeu, saperti seni vokal, seni instrumén, seni sastra
(prosa jeung puisi), jeung seni drama.
6) Sistem pakasaban.
Sistem pakasban mangrupa kacapangan manusa
pikeun nohonan pangabutuhna sacara materi.