Anda di halaman 1dari 4

Wasta: Nur Fadila Maulidina

Kelas: XI MIPA 1

Pancen Ngadamel Carpon

Reueus Jadi Jawara

Wanci Harita kuring lulus Sd taun 2017, kuring milih sakola pikeun
nuluykeun ka jenjang nu lewih luhur, kuring milih sakola SMP nu deket imah
we supaya bisa di jugjug ku leumpang teu kudu ongkosan nyaeta SMPN 1
SUKARATU. Cag kuring asup SMP poe 1 carita na MPLS nyaeta Masa
Pengenalan Lingkungan Sekolah tea. MPLS teh gening rame pisan bisa
miboga babaturan loba tiditu tidieu aya nu ti daerah Galunggung, Sinagar,
Ciburuy , Sukaratu jeung sajabana, kuring kenalan jeung babaturan anu
sakelompok jeung kuring , kuring miheulaan nanya " Hallo, nama kamu
siapa?", tembal manehna " Hai, Namaku Dhea". Tah gening ayeuna mah
apal ngaranna teh Dhea, pangna kuring nanya make basa Indonesia teh
kusabab Dhea teh pindahan ti Jakarta can biasaeun ngomong basa Sunda,
Dhea ayeuna cicingna di Galunggung. Poe ka 1 MPLS kuring geus menang
babaturan anyar, kuring atoh pisan lantaran aya batur pikeun ngobrol jeung
sharing jang MPLS poe kahareupna kabeneran MPLS th di laksanakeunna
salila saminggu. Poe Kadua na dina acara MPLS teh aya pentas seni pikeun
ngembangkeun bakat-bakat para calon siswa anyar, kuring miluan we jeung
dhea teh duaan nyaeta nampilkeun nyanyi duet mawakeun lagu na nisa
sabyan nu keur viral tea, sok sanajan kuring sora na pas-pasan ge kuring
teh pd we pikeun ngaramekeun acara ieu. Poe Katiluna nyaeta Penjelajahan
nu di pimpin ku kaka kelas anu mariluan Pramuka, ngajalajah ka sisi
walungan tuluy ngurilingan sakola SMP nepika kampung Negla, sakitu
ramena eta menjelajah teh babaseuhan , leledokan jeung urang kudu
manggihan pos 1 nepi ka pos 4 pikeun di uji ku kaka kelas Pramuka eta teh
sok sanajan cape ge da ari lobaan mah jadi rame. Teu karasa waktu teh
nyerelek geus saminggu MPLS diayakeun eta nu ngaranna demonstrasi
ekskul atawa pengenalan ekstrakulikuler nu aya di SMPN 1 SUKARATU.
Geningan ekskul di smp th loba pisan aya pencak silat, pramuka, pmr,
basket, taekwondo, jeung sajabana. Pas waktu nampilkeun demonstrasi
ekskul pramuka kuring didinya asa katarik minat jang miluan kana ekskul
pramuka eta. Kuring teh miluan we ekskul pramuka dhea oge sarua miluan
pramuka.

Asup tah kuring kana ekskul pramuka, pramuka teh bisa ngabantu
ngajadikeun diri urang sangkan lewih hade, pramuka ngajarkeun sagala
rupa utamana disiplin waktu , salian ti disiplin waktu pramuka oge
ngajarkeun urang sangkan bisa mandiri dina sagala rupa tur di ajarkeun
urang sangkan kudu kompak. Dina pramuka aya materi anu di ajarkeun
nyaeta pionhering, lkbb atawa baris berbaris, smaphore, tur morse.

Unggal poe jumaah di ayakeun kumpulan wajib jeung latihan kabeh


materi nu baris di ajarkeun. Alhamdulillah gening kuring teh kapanggih
bakat dina lkbb atawa baris berbaris eta, kuring kapilih jadi danton atawa
komando, bungah pisan hate kuring bisa jadi danton.

Hiji mangsa aya event Bina Sakti Hiking, Event Bina Sakti Hiking teh di
laksanakeun di sakola SMK Bina Putera Nusantara, ieu event teh di
laksanakeun sataun sakali. Alhamdulillah gening kuring kabagean bisa
miluan event eta, kuring miluan lomba LKBB. Kuring miluan lomba LKBB nu
pasti na henteu sorangan piraku wae LKBB sorangan mah nya. Kuring
miboga hiji pasukan ngaranna Kopassus 45 , dimana dina hiji pasukan
eta teh aya 9 jalma. Event Bina Sakti Hiking dilaksanakeun tanggal 26
januari 2020. Ti sabulan samemeh na kuring geus latihan wae nyiapkn jang
lomba lkbb eta tea. Unggal poe teu kaliwat latihan di geder tuluy, ti waktu
istirahat sakola kuring mah boro-boro bisa jajan da waktuna di pake latihan,
latihan LKBB di tengah lapang di tonton ku sakabeh angkatan di smp teh
nguji mental pisan, urang kudu nahan era kudu nahan panas tapi teu
nanaon eta teh bisa ngajadikeun urang sangkan percaya diri. Unggal balik
sakola ge tuluy latihan nepi ka jam 5 sore. Cag balik ka imah mamah teh
nanya "naha mulang teh meni sore-sore teuing, tos timana heula?". Tembal
kuring " Latihan heula LKBB mah, sabab abdi ngiringan lomba LKBB di BPN
kanggo kaping 26 januari". Kadieu-kadieuna mah mamah teh geus ngarti
kuring balik sore wae ge teu nanya deui.

Teu karasa waktu teh nyerelek geus nepi deui kana tanggal 26 dimana
poe ieu kuring rek lomba. Waktu nunjukeun jam 4 subuh kuring hudang
tuluy mandi langsung solat, beres solat kuring persiapan jang lomba kuring
make baju Pramuka lengkap bari ngaca teh kuring bari ngereteg " Alah siah
ieu meni gagah kieu gusti nu agung", kuring bari mesem-mesem sorangan.
Beres di baju beres sarapan kuring indit ka sakola SMP da babaturan geus
ngadaragoan. Jam 7 kuring mangkat ka SMK BPN bareng jeung barudak ,
kuring indit kaditu make angkot. Samemeh indit kuring ngajakan heula
barudak pikeun ngadu'a babarengan sangkan urang diditu di pasihan
kalancaran tur kasalametan.

Cag nepi ka BPN kuring ka meja panitia pikeun mawa nomor urut lomba,
kuring kabagean nomor 30. Kuring asup we ka barak nu geus di siapkeun
tiap pangkalan masing-masing, eta geus asup barak kuring teu ngeunah
cicing asa teu puguh rarasaan. Kuring di tenangkeun ku A Zulfa, "Santai Dil,
sok sing tenang ngadu'a ka gusti mugi-mugi dilancarkeun dina prakna
tampil". " Muhun A, hatur nuhun", tembal kuring.

Akhirna kuring jeung pasukan geus di panggil ku panitia, ayeuna kuring


bagean tampil. Kuring jeung pasukan turun ka lapang, kuring tampil salila 7
menit. Alhamdulillah tampil geus kalaksanakeun lancar, tinggal nungguan
pengumuman kejuaraan. Beres tampil kuring asup deui ka barak pikeun
istirahat bari nungguan pengumuman.

Waktu nunjukeun jam 4 sore, ieu waktu nu di dago-dago teh


pengumuman kejuaraan. Hate dag dig dug teu puguh rasa teu poho
babacaan tuluy mudah-mudahan urang bisa menang.
Alhamdulillahrobbilalamin kuring menang lomba LKBB sanajan juara ka 3
kuring bungah pisan , kuring reueus bisa mawa balik piala. Alhamdulillah
teu eureun-eureun syukuran ka gusti pangna geus mere kasempetan kuring
jang menang dina lomba ieu, gening usaha kuring teh teu sia-sia, kacape
kuring teh kabayar. Proses mah moal mengkhianati hasil , bener ceuk
paribasa sunda " Lamun keyeng tangtu pareng". Tah gening ieu kabuktian.

Anda mungkin juga menyukai