Anda di halaman 1dari 3

KHUTBAH JUM'AH

NOMOR TAUN
Dikaluarkeun ku :
10 Seksi Bimas Islam 2023
Kantor Kementerian Agama Kota Banjar
TAWAKAL KA GUSTI ALLOH

ِ ِ ِ ِ ِ ِ
,‫ﻚ اﻟْ َﺤ ﱡﻖ اﻟْ ُﻤﺒِْﻴ ُﻦ‬ ُ ‫ اَ ْﺷ َﻬ ُﺪ اَ ْن ﻻﱠاﻟَﻪَ اﻻﱠ اﻟﻠﻪُ اﻟْ َﻤﻠ‬.‫ب اﻟْ ُﻤ ْﺆِﻣﻨِْﻴ َﻦ ﺑِﻨُـ ْﻮِر اﻟْ ِﻬ َﺪاﻳَِﺔ َواﻟْﻴَﻘْﻴ ِﻦ‬
َ ‫اَﻟْ َﺤ ْﻤ ُﺪ ﻟﻠﻪ اﻟﱠﺬى ﻧَـ ﱠﻮَر ﻗُـﻠُ ْﻮ‬
‫ﺼﻠِّﻰ َو َﺳﻠِّ ْﻢ َﻋﻠَﻰ َﺳﻴِّ ِﺪﻧَﺎ ُﻣ َﺤ ﱠﻤ ٍﺪ َﺳﻴِّ ِﺪ اْﻻَﻧْﺒِﻴَ ِﺎء‬ ِ ِ
َ َ‫ اَﻟﻠّ ُﻬ ﱠﻢ ﻓ‬.‫ﺻﺎد ُق اﻟْ َﻮ ْﻋﺪ اْﻻَﻣْﻴ ُﻦ‬
ِ ‫واً ْﺷﻬ ُﺪ اَ ﱠن ﻣﺤ ﱠﻤ ًﺪا ﻋﺒ ُﺪﻩ ورﺳﻮﻟُﻪ‬
َ ُ ْ ُ َ َ ُ َْ َ ُ َ َ
.‫اِﺗﱠـ ُﻘﻮاااﻟﻠﻪ َ◌ َﺣ ﱠﻖ ﺗُـ َﻘﺎﺗِِﻪ َوﻻَ ﺗَ ُﻤ ْﻮﺗُ ﱠﻦ اِﻻﱠ َواَﻧْـﺘُ ْﻢ ُﻣ ْﺴﻠِ ُﻤ ْﻮ َن‬,‫ﱠﺎس‬ ِ ِ ِ ‫واﻟْﻤﺮﺳﻠِﻴﻦ وﻋﻠَﻰ اَﻟِِﻪ و‬
ُ ‫ ﻓَـﻴَﺎاَﻳـﱡ َﻬﺎاﻟﻨ‬.‫ﺻ ْﺤﺒﻪ اَ ْﺟ َﻤﻌْﻴ َﻦ‬ََ َ َ َ ْ َ ُْ َ
ِ ِ ِ ِ ِِ
َ ‫ ﻓَِﺈذَا َﻋَﺰْﻣ‬,‫ﺑِ ْﺴ ِﻢ اﻟﻠﻪ اﻟﱠﺮ ْﺣﻤ ِﻦ اﻟﱠﺮﺣْﻴ ِﻢ‬,‫اَ ُﻋ ْﻮذُﺑِﺎاﻟﻠﻪ ﻣ َﻦ اﻟﺸْﱠﻴﻄَﺎن اﻟﱠﺮﺟْﻴ ِﻢ‬
‫ﻴﻦ‬ ِِ ‫ﺖ ﻓَـﺘَـ َﻮﱠﻛ ْﻞ َﻋﻠَﻰ ٱﻟﻠﱠ ِﻪ ۚ إِ ﱠن ٱﻟﻠﱠﻪَ ﻳُ ِﺤ ﱡ‬
َ ‫ﺐ ٱﻟْ ُﻤﺘَـ َﻮّﻛﻠ‬
.
Para hadirin jamaah jum’ah rohimakumulloh!
Dina enggoning ngajalankeun usaha pikeun nyumponan pangabutuh atawa nyingkahan sadaya anu
henteu dipikaresep ku urang, sakapeung mah sok ngalaman kagagalan. Di mana eta usaha teh
ngahasilkeun kauntungan, sapalihna jalma sok hilap kana purwadaksina, jadi sapalihna jalmi sok dugi ka
aral subaha, malah sok aya anu tega nelasan maneh atawa sakurang-sakurang matak gering
ngalanglayung. Tah eta peta kitu teh akibat tina sabab batinna kosong tina tauhid (eling ka Alloh), jeung
tawekal ka Gusti Alloh. Ku margi kitu sangkan sadaya usaha urang bisa sukses, tinekanan cita-cita urang
henteu matak hilap kana purwadaksina, henteu matak jadi kumulungkung, nya kitu deui upami usaha
urang henteu tinekanan henteu matak aral subaha, taya lian jalan kajabi ti kedah ngagaduhan hate anu
tawekal ka Gusti Alloh.

Para hadirin sadaya!


Ari jalma anu tawekal teh, nyaeta jalma anu usaha bari dumasar kana hasil pamikiran anu sampurna
(sacara logis) sarta prak metakeunana kalawan sakumaha tanagana, bari terus pasrah ka Alloh dina hasil
atawa henteuna, margi ngagaduhan kayakinan, kapercantenan, yen Gusti Alloh uningaeun kana
pibalukareunana, pimaslahateun atawa henteuna. Cara kieu teh dumasar kana pidawuh Alloh dina Al-
quran:
ِِ ‫ﺖ ﻓَـﺘَـ َﻮﱠﻛ ْﻞ َﻋﻠَﻰ ٱﻟﻠﱠ ِﻪ ۚ إِ ﱠن ٱﻟﻠﱠﻪَ ﻳُ ِﺤ ﱡ‬
‫ﻴﻦ‬
َ ‫ﺐ ٱﻟْ ُﻤﺘَـ َﻮّﻛﻠ‬ َ ‫ﻓَِﺈ َذا َﻋَﺰْﻣ‬
Hartosna: “Di mana aranjeun ngamaksud migawe hiji perkara, maka kudu tawekal ka Gusti Alloh,
saestuna Alloh mikacinta ka jalma-jalma anu tarawekal.” (Ali Imron ayat 159)

Para hadirin sadaya!


Ieu ayat diturunkeun ku Alloh nalika Kangjeng Nabi Muhammad S.a.w., sareng para sahabat kagungan
maksad bade ngayakeun serangan ka pihak musuh saba’da mantenna sareng para sahabat ngayakeun
persiapan sarta musyawarah dina ngatur siasatna.

Ieu ayat teh ngandung hartos, yen tawekal teh sanes cicing wae henteu usaha atawa ikhtiar sakumaha
anggapan jalma-jalma anu barodo, lamun kitu tinangtu patukang-tonggong jeung parentah musyawarah
anu didawuhkeun ku Alloh samemeh ieu ayat, tapi ari tawekal teh nyaeta jalma kudu ngayakeun usaha
atawa ikhtiar anu nyata, tegesna rasional sarta hatena henteu umangkeuh kana eta usahana, tapi kudu
umangkeuh kana katangtuan Gusti Alloh, Dzat Anu Maha uninga kana pimaslahateun jeung
pimafsadateunana.”
Kasauran ulama: “Ari tawekal teh nyaeta henteu umangkeuh atawa tatagenan kana kakuatan atawa
kasanggupan salian ti Alloh (tegesna ka mahluk-Na).”

Para hadirin sadaya!


Dumasar kana dalil-dalil sareng katerangan nembe, nyaeta ringkesna kieu: Urang sadaya kedah
ngagaduhan dua kawajiban, kahiji kawajiban ikhtiar ngagunakeun akal pikiran katut jiwa raga urang,
kaduana hate urang kedah umangkeuh atawa tatagenan kana kakawasaan Alloh wungkul. Sakumaha
cariosan ulama: “Jalma teh kawajibanana usaha, Alloh anu nangtukeun hasilna.”
Tah kitu cepengan sakur jalma nu Iman ka Alloh SWT, beda jeung jalma kafir. Jalma kafir mah
tatagenanana kana usahana sorangan.

Para hadirin sadaya anu sami mulya!


Saterasna dawuhan Alloh ngeunaan hikmah tawekal, nyaeta:

‫َوَﻣﻦ ﻳَـﺘَـ َﻮﱠﻛ ْﻞ َﻋﻠَﻰ ٱﻟﻠﱠ ِﻪ ﻓَـ ُﻬ َﻮ َﺣ ْﺴﺒُٓﻪُۥ ۚ إِ ﱠن ٱﻟﻠﱠ َﻪ ﺑَٰﻠِ ُﻎ أ َْﻣ ِﺮﻩِۦ ۚ ﻗَ ْﺪ َﺟ َﻌ َﻞ ٱﻟﻠﱠﻪُ ﻟِ ُﻜ ِّﻞ َﺷ ْﻰ ٍء ﻗَ ْﺪ ًرا‬
Hartosna: “Sing saha jalma anu tawekal ka Alloh tinangtu Alloh nyukupan pangabutuhna. Saestuna Gusti
Alloh ngalaksanakeun kana urusana-Na. Satemenna Gusti Alloh parantos ngadamel katangtuan kana
sagala perkara.” (Ath Tholaq ayat 3)
Ieu ayat ngandung hartos anu rupi-rupi, diantawisna, nyaeta sakumaha anu diterangkeun dina tafsir Ruhul
Bayan juz 10 kaca 33 maksudna kieu:
1. Ciri jalma tawekal, nyaeta tenang hatena nalika sagala aya sareng nalika sagala teu aya, margi
kumandel kana takdir ku loba dzikir sahingga kenging rohmat (kamurahan Alloh).
2. Alloh bakal nyukupan kana pangabutuh jalma nu tawekal di dunya jeung akheratna.
3. Ayana tawekal teh saba’da usaha atawa ikhtiar dina urusan kahirupan, saperti tawekalna patani
saba’da nancebkeun atawa melakkeun pepelakan dina taneuh.
4. Sing saha anu tawekal saba’da ngayakeun usaha, Alloh bakal ngalebur kana dosana sareng maparin
ganjaran anu agung jaga di akheratna.

Dina hiji riwayat Kangjeng Rosul kantos sasauran ka sahabat Auf bin Malik Al‘Asyja’i nalika putrana ditawan
ku musuh, kawuwuh teu aya jalan kanggo ngabelana, kieu dawuhanana teh: “Anjeun kudu takwa ka Gusti
Alloh, kudu sabar, jeung kaula marentah ka anjeun ka pamajikan anjeun kudu ngalobakeun maca:
“Laahaula walaa quwwata illaa Billaah”, sing loba pisan. Hasilna, henteu sabaraha lami ti harita anak Auf
bin Malik tiasa wangsul kalawan salamet, tiasa lolos tina tawanan.”

‫ﺎت اِﻧﱠﻪُ ُﻫ َﻮاﻟْﻐَ ُﻔ ْﻮُراﻟﱠﺮِﺣْﻴ ُﻢ‬


ِ ‫ﺑﺎرَك اﻟﻠﻪ ﻟِﻰ وﻟَ ُﻜﻢ وﻟِﺠ ِﻤﻴ ِﻊ اﻟْﻤﺴﻠِ ِﻤﻴﻦ واﻟْﻤﺴﻠِﻤ‬
َ ْ ُ َ َْ ْ ُ ْ َ َ ْ َ ُ ََ
= KHUTBAH KADUA =
ِ ِ ِ ِ ِ ِ ‫اﻟﻠﻪ و‬ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ
ُ‫ اَ ْﺷ َﻬ ُﺪ اَ ْن ﻻﱠاﻟَﻪَ اﻻﱠ اﻟﻠﻪُ َو ْﺣ َﺪﻩ‬.‫اﺟﺘﻨَﺎب ﻧـَ َﻮاﻫْﻴﻪ‬ ْ َ ‫اَﻟْ َﺤ ْﻤ ُﺪ ﻟﻠﻪ اﻟﱠﺬ ْى اََﻣَﺮﻧَﺎﺑِ َﻜﺜْـَﺮةِ ذ ْﻛ ِﺮ اﻟﻠﻪ َو ْاﻣﺘﺜَﺎل اََواﻣ ِﺮ‬
‫ﻚ َﺳﻴِّ ِﺪﻧَﺎ‬ ِ ِ ِ
َ ‫ اَﻟﻠّ ُﻬ ﱠﻢ‬,ُ‫واَ ْﺷ َﻬ ُﺪ اَ ﱠن َﺳﻴِّ َﺪﻧَﺎ ُﻣ َﺤ ﱠﻤ ًﺪا َﻋْﺒ ُﺪﻩُ َوَر ُﺳ ْﻮﻟُﻪ‬,
َ ‫ﺻ ِّﻞ َو َﺳﻠّ ْﻢ َوﺑَﺎ ِرْك َﻋﻠَﻰ َﻋْﺒﺪ َك َوَر ُﺳ ْﻮﻟ‬ َ ْ‫ﻻَ َﺷ ِﺮﻳ‬
َ ُ‫ﻚ ﻟَﻪ‬
ِ ‫ اِﺗﱠـ ُﻘﻮا ااﻟﻠﻪَ ﺣ ﱠﻖ ﺗَـ ْﻘﻮاﻩ واَﺣﺜﱡ ُﻜﻢ واِﻳﱠﺎي ﻋﻠَﻰ ﻃَﻌ ِﺔ‬,‫اﻟﻠﻪ‬
‫اﻟﻠﻪ‬ ِ ‫ ﻓَـﻴﺎ ﻋِﺒﺎد‬:‫ اَﱠﻣﺎ ﺑـﻌ ُﺪ‬.‫ﻣﺤ ﱠﻤ ٍﺪ ﱠوﻋﻠَﻰ اَﻟِِﻪ واَﺻﺤﺎﺑِِﻪ‬
َ َ َ َ ْ ُ َ َُ َ َ َ َ َْ ََ َ َ َُ
ِ ‫ﺎت واﻟْﻤﺴﻠِ ِﻤﻴﻦ واﻟْﻤﺴﻠِﻤ‬ ِ ِ ِِ ِ ِ ِ ‫ٍ ﱠ‬ ِ ِِ ِ
‫ﺎت‬ َ ْ ُ َ َ ْ ْ ُ َ َ‫ اَﻟﻠّ ُﻬ ﱠﻢ ا ْﻏﻔْﺮ ﻟْﻠ ُﻤ ْﺆﻣﻨْﻴ َﻦ َواﻟْ ُﻤ ْﺆﻣﻨ‬.‫َوﻃَ َﻌﺔ َر ُﺳ ْﻮﻟﻪ ﻓ ْﻰ ُﻛ ِّﻞ َوﻗْﺖ ﻟ َﻌﻠﱠ ُﻜ ْﻢ ﺗُـ ْﻔﻠ ُﺤ ْﻮ َن‬
ّ َ ۡ َ ِ ۡ َ َ ۡ َ ‫ َر َّ َ ٱ ۡ َ ۡ َ ۡ َ َ َو‬.‫ رﺑـﻨﺎ أَﻧ ِﺰﻟﻨﺎ ﻣﻨـﺰﻻ ﻣﺒﺎرﻛﺎ وأَﻧﺖ ﺧﻴـﺮ اﻟﻤﻨ ِﺰﻟِﻴﻦ‬.‫ات‬ ِ ‫اَْﻻَﺣﻴ ِﺎء ِﻣْﻨـﻬﻢ واْﻻَﻣﻮ‬
ِ ِ ْ
َ ُ ُ ْ ْ ْ َ َ ْ ً
َ َ َُ ُ ً َ ْ َْ ْ َ‫ﱠ‬ َ َ ْ َ ْ ُ َْ
‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫َ‬ ‫ٰ‬ ‫ََ َ َ ُۡ َۡ‬
‫ﻚ ﻳَﺎاَْر َﺣ َﻢ اﻟﱠﺮاﺣﻤْﻴ َﻦ‬
‫ﺎﻋ َﺬاﺑَﺎﻟﻨﱠﺎر‪ .‬ﺑَﺮ ْﺣ َﻤﺘ َ‬ ‫ِ‬
‫ٱ ِ ِ ‪َ ،‬رﺑـﱠﻨَﺎ اَﺗﻨَﺎ ﻓﻰ اﻟﺪﱡﻧﻴَﺎ َﺣ َﺴﻨَﺔً ﱠوﻓﻰ اْﻻَﺧَﺮة َﺣ َﺴﻨَﺔً ﱠوﻗﻨَ َ‬ ‫وأ‬
‫ِ ِ‬
‫ب اﻟْ َﻌﺎﻟَ ِﻤْﻴ َﻦ ‪.‬‬
‫َواﻟْ َﺤ ْﻤ ُﺪ ﻟﻠﻪ َر ّ‬
‫‪Disusun ku: Jamal Shidiq, S.Pd.I‬‬

Anda mungkin juga menyukai