Anda di halaman 1dari 1

Assalamualaikum

Kumaha daramang sadayana?


Nya damang atuh, pami teu damang mah moal aya didieu
abdi gaduh sababaraha carita yeuh

Hiji, Aya budak ditanya pas ulang taun ku mamangna.


“Deni selamat ulang tahun nya”
“muhun mang”
“sabaraha taun ayeuna teh?”
“13 taun mang”
“Naha tos 13 taun wae”
“apan taun kamari 6 taun ayeuna 7 taun, jadi 13 taun mang”

Nu kadua, Aya hiji murid bantongor, naros ka guru na


“Pak cik lamun lilin ditutupan mangkok, eta apina pareum. Nu kitu the ngabuktikeun naon?”
“teu aya hawa dina gelas”
“salah pa”
“naha salah”
“ngabuktikeun yen urang kirang padamelan”

Teras aya bapak guru naros ka barudak di kelas,


“barudak cung nu hoyong lebet ka surga”
“ cuunnggggggg”
“ cik nu hoyong ka surga ngadeg” “rahmat kunaon teu ngadeg, saurna hoyong ka surga”
“emang bade angkat ayeuna pa?”

Sok bingung ka jelma jaman ayeuna abdi mah, sagala di update dina status
“sholat jumatan dulu”, “ngaji dulu ah”
Emang teh malaikat bakal komen “mantap bosku”

Tah pas beres solat si dudi jeung si udin ngobrol


“urang teh kudu loba ibadah din, lain kamesjid teh malah nyolong sendal”
“sok sembarang maneh mah ari ngomong dud”
“nya hampura atuh din, terus eta kunaon sendal di jingjing?”
“ rek ditukeur, nu kamari leutik teuing euy”

Bapak ibu , cuang tatarucingan yuuuu…


 Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?... apal teu?
Tah jawabanna tukang maok

Deui yeuhh…
 Naon sababna ban mobil tina karet?
Nya Mun tina coklat pasti digembrong sireum

Anda mungkin juga menyukai