Anda di halaman 1dari 2

Pancen Kelompok

Anggota :

1. Alifah Nurfauziyah
2. Nabila Risya F.
3. Luis Ananda
4. Alfin Fallah Maghfiroh
5. Valentino
6. Maulana Amarul Haq Minnurroby

Wawancara Tukang Warung

Alifah : Assalamu'alaikum, mang.

Mang Aep : Iya Wa'alaikumsalam

Alifah : Hapunteun nya mang sateuacanna bilih kaanggo waktosna sakedap. Abdi ti SMA 1 Majalengka,
nami abdi Alifah.

Valentino : Nami abdi Valentino

Alifah : Abdi teh dipasihan pancen basa sunda dipiwarang ngawawancara salah saurang padagang
warung, mang.

Mang Aep : Oh muhun.

Alifah : Mun tiasa abdi sareng rerencangan bade ngajadikeun mang sebagai narasumberna. Tiasa abdi
ngawawancara mang sakedap?

Mang Aep : Tiasa

Alifah : Pikeun ngabantosan abdi pikeun pancen abdi ti sakolaan, ieu pertanyaanna mang.

Alifah : Tos sabaraha lami mang teh icalan di dieu teh?

Mang Aep : Nembe tilu bulan pami di Majalengka

Alifah : Kumaha awalna si mang teh ngamimitian dagang di warung teh?


Mang Aep : Kawitna teh damel. Damelna teh sami di warung cuma di kaka di wargi lah damel, damel teh
tos dua taun cuma nya hoyong gaduh usaha nyalira kitu nya aya modal sa nya ntos muka usaha nyalira,
muka warung nyalira. Jadi tos teu jadi pegawai deui

Alifah : Sabaraha pikeun modal awalna mang kanggo muka usaha warung teh?

Mang Aep : Kapungkur modal awal teh tilu puluh jutaan.

Alifah : Naon wae anu diical di warung teh mang?

Mang Aep : Paling sembako, minuman, rokok, kopi, cemilan.

Alifah : Kunaon mang milih ngabuka usaha warung katimbang usaha nu sanesna?

Mang Aep : Ya mun warung nya santai kitu teu cape lah, teu ngaluarkeun banyak tanaga. Gampil lah
istilahnamah usaha warung mah.

Alifah: Saha bae mang anu ngabantosan si mang teh pikeun icalan di warung teh?

Mang Aep : Paling orang tua sareng raka sareng aya wargi, teh

Alifah : Oh muhun

Alifah : Dimana mang meser bahan bahanna pikeun kaperluan diwarung?

Mang Aep : Pami balanja di Cigasong kadang pasar balong kitu

Alifah : Naon bae mang suka dukana janten usaha dagang diwarung teh?

Mang Aep : Kalau sukanya ya kalau pas lagi rame gitu, kalau sedihnya kalau pas lagi sepi, ga laku jualan
tuh

Alifah : Sabaraha mang omset kakengingan sapopoe tina usaha ngawarung teh?

Mang Aep : Paling penghasilan, ya hasil kotorna sehari tiasa 2 juta 3 juta. Kalau diambil bersihnya 200 -
300 sehari lah.

Alifah : Mulai ti tabuh sabaraha icalan teh sareng tutupna tabuh sabaraha?

Mang Aep: Bukana tabuh 6 atanapi tabuh 7. Pami tutupna kadang tabuh 12 kadang 11 wengi.

Alifah : Naon bae kiat pikeun barudak ngora nu hoyong ngajalankeun bisnis usaha ngawarung, mang?

Mang Aep : Palingnya kangge nu bade ngabuka usaha warung, nu utamina mah kiat mental sareng
istilahna tong kedul lah nu kieu mah, kedah rajin.

Alifah : Hatur nuhun mang kana waktosna. Punten mang bilih abdi aya kasalahan dina cariosan nya.
Assalamu'alaikum.

Anda mungkin juga menyukai