Anda di halaman 1dari 4

Wawancara bahasa Sunda tentang pedagang sembako

Biodata Narasumber :
Nama Lengkap : Iis Kursilah
Nama Panggilan : Iis
Profesi : Pedagang + Ibu rumah tangga
Tempat Tanggal Lahir : Sumedang 24 juli 1977
Umur : 41
Alamat : Komp.Bumi langgeng Blok 35 no 10
Motivasi : Ulah gampil nyerah, Jeung usaha mah kudu dibarengan ku ngado'a

Daftar Pertanyaan :
1. Naon baé profesi mamah ayena téh?
2. Tos sabaraha lami Mah jadi pedagang sembako?
3. Teras naha Mah milih jadi pedagang sembako?
4. Iraha waktos buka sareng nutupna ?
5. Saha wae nu meserna?
6. Ari penghasilan Mamah sabaraha?
7. Mamah pernah teu ngarasa rugi kitu, salami icalan ?
8. Naon Mah prinsip kanggo Mamah supados sumanget tina icalana?
9. Dimana wae Mamah icalan?
10.Biasana Mamah meser bahan bahanna ka mana mah?

Daftar Jawaban :
1. Pedagang sembako a
2. tos lami, kirang langkung tos aya 10 taun a
3. Sabab modal mimitina teu kedah ageung
4. Ti tabuh 5 enjing, dugi ka tabuh 12 wengi a
5. Nya tatanggi komplek nu aya didaerah komplek
6. Alhamdulillah ayaweh jang jajan maneh mah
7. Pernah a pas ngamimitian icalan, asa sepi pisan harita téh
8. Nya ulah gampil nyerah a, lamun usaha mah sareng rajin ngado'a
9. Nya dirorompok ieu wé hungkul
10. Mamah biasana meser bahan- bahan ka pasar- pasar

Hasil Wawancara :
Pewawancara :
“Assalamualaikum, Punteun sateuacana Mah, ieu simabdi dipasihan pancén
basa sunda ti sakolaan saurna kedah ngadamel laporan wawancara ka
pedagang, tiasa abdi ngawawancara Mamah sakedap?”
Narasumber :
“oh, tiasa a, sok mangga.”

Pewawancara :
“Hatur nuhun Mah, langsung waé nya dikawitan wawancarana?”

Narasumber :
“Muhun, mangga a"

Pewawancara :
“Naon baé profesi mamah ayena téh?”

Narasumber :
“Pedagang sembako a.”

Pewawancara :
“Tos sabaraha lami Mah jadi pedagang sembako?”

Narasumber :
“tos lami, kirang langkung tos aya 10 taun a.”

Pewawancara :
“Oh.. Teras naha Mah milih jadi pedagang sembako?”

Narasumber :
“Sabab modal mimitina teu kedah ageung.”

Pewawancara :
“Iraha waktos buka sareng nutupna ?”

Narasumber :
“Ti tabuh 5 enjing, dugi ka tabuh 12 wengi a. ”

Pewawancara :
“Saha waé nu mésérna?”
Narasumber :
“Nya tatanggi komplek nu aya didaérah komplek.”

Pewawancara :
“Ari penghasilan Mamah sabaraha?”

Narasumber :
“Alhamdulillah ayawéh jang jajan manéh mah.”

Pewawancara :
“Mamah pernah teu ngarasa rugi kitu, salami icalan ?”

Narasumber :
“Pernah a pas ngamimitian icalan, asa sepi pisan harita téh.”

Pewawancara :
“Naon Mah prinsip kanggo Mamah supados sumanget tina icalana?"

Narasumber :
“Nya ulah gampil nyerah a, lamun usaha mah sareng rajin ngado'a.”

Pewawancara :
“Oh.. Mamah icalan dimana wae mah?”

Narasumber :
“Nya dirorompok ieu wé hungkul.”

Pewawancara :
“Biasana Mamah meser bahan- bahanna ka mana mah?”

Narasumber :
“Mamah biasana meser bahan- bahan ka pasar- pasar.”

Pewawancara :
“Oh, kitu nya. Sakitu waé Mah patarosan ti simabdi, hatur nuhun pisan kana
waktosna.”
Narasumber :
“Nuhun, sami-sami a.”

Pewawancara :
“Assalamualaikum Wr. Wb. ”

Narasumber :
“Wa'alaikum salam.”

Anda mungkin juga menyukai