Anda di halaman 1dari 8

LAPORAN HASIL WAWANCARA

Diajukan Untuk Memenuhi Salah Satu Tugas Pada Mata Pelajaran Bahasa Sunda
BAB I
PENDAHULUAN

Kagiatan wawancara ieu mangrupakeun salah sahiji tugas dina mata pelajaran
Basa Sunda nu bertujuan ngaperoleh informasi ngenaan ruang lingkup seputar
kader,sareung narasumberna nyaeta Ibu Rohaeti.
Tur dina wawancara ieu gaduh maksud sareng tujuan na nyaeta :
1. Memenuhi salah sahiji tugas basa sunda
2. Ngajalin kerja sama nu sae antara anggota kelompok
3. Nambihan pamahaman ngeunaan kagiatan wawancara
4. Menangkeun informasi ngenaan ruang lingkup kagiatan wawancara
seputar kader
BAB II
HASIL WAWANCARA

A. Topik Wawancara
Topik wawancara ieu ngeunaan seputar kader.

B. Waktu Sareng Tempat Kagiatan


Wawancara dilaksanakeun dina:
Dinten/tanggal : Kamis, 02 Februari 2023
Tabuh : 14.00 WIB
Tempat : Bumi Ibu Rohaeti

Laporan Hasil Wawancara :


Narasumber : Ibu Rohaeti
Pewawancara : Yulianti
Juru Foto : Dela Anggita
Juru Video : Ai Ayu Sri Anggraeni
Juru Rekam : Nisa Aulia Sugiarti
C. Hasil Wawancara
Pewawancara : Assalamu’alaikum wr.wb.
Narasumber : Wa’alaikum salam wr.wb.
Sateacana hapunten bilih abdi ngawagel waktosna sakedap,
nepangkeun nami abdi Yulianti sareung rerencangan abdi.
Abdi sareng rerencangan dipancenan tugas ku guru basa
Sunda dipiwarang ngawawancara. Sim abdi sareng
rerencangan bade ngajadikeun ibu janten narasumberna,
teras ibu kersa atanapi henteu lamun diwawancara ku sim
abdi?
Muhun, wios.
Hatur nuhun ibu, tiasa abdi ngamimitian wawancara?
Muhun, mangga.
Sateacanna, nami ibu saha?
Ibu Rohaeti.
Pami hoyong terang, ti iraha ibu janten kader?
Tos 10 taun lamina.
Naha kunaon ibu janten kader?
Hoyong ngamajukeun daerah supados teu katinggalkeun
ku daerah sanes, upami aya nanaon teh janten terang.
Pami padamelan janten kader teh naon wae?
Padamelana kedah ngajak ibu-ibu anu ngagaduhan bayi
atanapi balita, ibu hamil, dipiwarang ka posyandu diparios,
bayina ditimbang, dipasihan vitamin, dipasihan obat
cacing, di imunisasi, teras nyatet nami-namina, teras tiap
sasih dilaporkeun ka ibu bidan.
Pami perasaan ibu janten kader teh kumaha?
Perasaanna senang, niatna ibadah.
Suka dukana janten kader teh kumaha ibu?
Sukana tiasa kempel sareng ibu-ibu nu sanes, tiasa kenal
sareng murangkalih sareng ngajalin silaturahmi. Dukana
upami ngajak ibu-ibu teh sok aya anu bandel.
Sateuacana wawancara ieu ditutup, kumaha ibu aya nu
bade didugikeun kanggo abdi sareng rerencangan?
Kanggo murangkalih semangat belajarna, semangat ngejar
cita-citana sing janten murangkalih anu sholeh sholehah,
hormat ka orangtua sareng guru-guru.
Hatur nuhun ibu margi atos tiasa ku sim abdi diwawancara,
hatur nuhun kana waktosna. Wasalamu’alaikum wr.wb.
Wa’alaikum salam wr.wb.
BAB III
PANUTUP

A. Kasimpulan

Anda mungkin juga menyukai