Anda di halaman 1dari 2

-Fotografi-

Teu seuer jalma Indonesia anu gaduh kamera baheula teh, Namun aya babaraha anu gaduh kamera,
tapi seerna anu ngagaduhan kamera nyaeta Anu ngurusken damelna sareng jalma beunghar. Dina hiji
poe, Daru nuju istirahat sareng dinas saterasna. Pas nuju aya jalma anu motret.
“Eta saha pak? Jangkung pisan” ceuk Daru nanya ka masinisna
“Jalmi luar negri” Saur masinis sabari nuang pelumas kana bagian penggerak.
Si jalma anu jangkung leumpang kaditu-kadie bari motret Loko-Loko nu aya di depo.
“Gening urang heunte di foto?” saur Daru “lain ge maneh teu resep di poto” saur masinis bari seuri
“leres… tapi teu adil ari nu lainmah aya dina poto, sedangken urang heunte”
“jadi... maneh teh timburu? Tanya Masinis
“enya” jawab Daru sabari ningali fotografer luar negrina cengkat
“Foto mah bisa keneh lain waktu Dar” ceuk masinis bari ngusap dek hareup. Daru henteu ngomong
nanaon ngan saukur ngalihken pandangannya ka rel
“toslah, teu kudu sedih” ceuk masinisna sabari ngelus dek hareupna “Hayu, urang narik rangkayan
Heula”
Daru buburu ka emplasement stasion sareung ngalangsir rangkayan lokalna. Unggal Daru eureun di
hiji stasion, di mana-mana katingali sahenteuna hiji jalama anu nyekel kamera. Tapi teu aya pisan hiji
oge jalma anu motret si Daru. Daru beuki lila beuki muak tina kajadian ieu. Saengges mutar arah dina
turntable jeng nempelkeun ka rangkayan karetana, Daru ngadeheus di stasion Padalarang. Manehna
ningali jurnalis nuju nyiapkeun kamerana.
“nuju naon mang?” Tanya Daru bari panasaran.
“moto, kangge surat kabar” jawab si jurnalisna teh.
Daru reureuh sakedap, saterasna seuri ka arah kamera. Nalika jurnalis arek moto, Kunto Si Loko
Diesel langsung nyalip Daru ti tukang. Eta jurnalis langsung ngarahkeun kamerana ka arah si Kunto
“Cekrekkk!”
“Hahaa! Akhirna urang di poto oge!” ceuk Kunto sabari jalan gancang ka arah Jakarta
“Uhh... Punten Kang, tiasa moto abdi teu? Tanya Daru ka Jurnalis
“Punten” Saur si jurnalis “Abdi keudah ngangkat. Panginten iraha deui wenya” Manehna langsung
beberes sareng gera gera berangkat. Daru ngarasa kacewa.

Sore eta, Daru datang ka depo kalawan parasaan sedih. Sanajan manehna teu resep di poto, tapi
manehna hoyong ngalakukeun hal anu bertentangan sareung naon anu heunteu Daru reuseup
“kunaon Lokomotif anu lain di poto, sedeungkeun abdi heunteu” Saur Daru bari nadana laun
“Tong neangan perhatian deh” jawab Ivar, adikna sabari kasar “Komo deui, maneh geus loba
perhatian ti kabeh kru di dieu. Naondeui anu maneh hayang?”
“memangna urang ngomong ka maneh?” tanya Daru
“ngajakan ribut ieu budak!!” ceuk Ivar bari keuheul
“maneh ti heula!” Daru ngagorowok
“maneh anu tiheula neangan perhatian!” saur Ivar bari Nyentak
“geus-geus! Manehmah hayoweh gelud wae!” Saur Doni, lokomotif anu sepuh dina depo.
Kaisukan poena, Daru ngabawa rangkayan Ka lokalna ka jalur 1 nyalinggih sabari nungguan
kaberangkatan. Daru masih keneh kapikiran sareung fotografi pas poekamari. Akhirnaman Daru
ngalepaskeun masalahna sadayana sareung ngaikhlaskeun. Pas Daru bade cengkat, Aya masalah.
“kahuruan-kahuruan! Buruan cokot ember!” Ngagorowok salah sahiji pagawe
“Kahuruan!?” gereunteus dina hate Daru bari ngerem ngadadak.
Aya kareta panumpang kahuruan di salah sahiji jalur stabling stasion. Di hareup gerbong penumpang
anu kahuruan aya gerbong anu eusina bensin. Pagawe lulumpatan kaditu kadie kos sireum, satakeur
polah mareuman eta seune.
“Pak..! tulung leupaskeun rangkayanna!” ceuk Daru.
Salah sahiji juru langsir ngadatangan sabari ngaleupaskeun Daru tina rangkayanna
“maneh arek nanaonan?” tanya juru langsir
“arek nyingkirkeun Garobak Pertamina eta! Bisi cilaka lamun di cicingkeun!” ceuk Daru
“E-Enya siap!” ceuk juru langsir bari ngamandu kana eta gerbong. Daru sadar tindakanna
ngabahayakeun, tapi manehna kudu gancang nyokot tindakan. Lalaunan, Daru nyampeurkeun eta
gerbong bari langsung nyambungkeun. Bari teu ngarangkai rantai pengaman, Daru langsung tarik eta
gerbong bensin jeung ngabawa ka tempat anu aman. Teu lila tidinya, Suneu teh pareum, untung pisan
teu aya anu tatu. Sakabeh pagawe, tur panumpang-panumpang jeung babaraha lokomotif di Depo
sarurak
“Cekrekk..!”
Daru ngadenge sora jepretan foto sabari malik ka arah datangna sora. Tidinya, salah sahiji jurnalis
moto, pikeun ngadokumentasikeun di surat kabar
“Alhamdulillah, di foto oge maneh Dar” ceuk masinis bari seuri.
Daru nganbisa ngagelenyu
-TAMAT-

Anda mungkin juga menyukai