Anda di halaman 1dari 1

Nami : Muhammad Reyhan Buchori

Kelas : XI IPA 3

GAGAK JADI HIDEUNG

Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel
kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang
dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi
lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh
buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu
baradagnamah.

Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah
beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang
diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum,
gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol
oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik
hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”

Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”.
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Analisis Cerponna:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray
Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

Anda mungkin juga menyukai