Anda di halaman 1dari 5

Nama : Kalisha Anira

Kelas : 7c
Sajak Sunda Bertema Alam
Kaendahan Alam
Cahaya panonpoė
Nyaangan kana hate
Hiliwirna angin tiis kana hate
Tatangkalan tinggarupay
Nambah ėndahna alam
Lemah cai negeri nu can ku polusi
Alam ėndah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu dipusti
Supaya tetep asri lestari
Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur


anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu
kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji
ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita
Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang
Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang.
Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka
andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan
Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji
waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu
nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka
Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan?
Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet
kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang
nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna
manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh
gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring
bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa
Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang
Landak!”
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui
dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji
guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang
Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek.
Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong
kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun
engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek
nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge
geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean
teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning
katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun,
nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae
sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna.
Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.”
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun
aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura
ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun.
Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang
Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak
teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna
Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina
sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna
nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka
dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui
ninggalkeun Sakadang Bagong.

Anda mungkin juga menyukai