Anda di halaman 1dari 3

Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya


bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae
bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta
manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta
masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung.
Harita Sakadang Bagong ceurik.
Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh
geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae,
engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka
andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung
teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui,
nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna
kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun
anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing
teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir,
neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida,
Sakadang Bagong? Sakadang Peucang nanya. Gorolang
Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna
baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita:
Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang,
keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki
Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula
di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui
dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka
hiji guha.

Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna.


Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu
rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun.
Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun
Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna
kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti
kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong.
Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong? cek
Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan:
Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge,
ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan
jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae
sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun,
kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae
katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu
kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh
dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb
manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna
baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun
kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang
Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina
sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet.
Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus
mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge
manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui
ninggalkeun Sakadang Bagong.

Hafiz Muhammad Irsyad N.


14

Anda mungkin juga menyukai