Anda di halaman 1dari 104

SARATUS PARIBASA JEUNG BABASAN

jilid ka-I

TIDAK DIPERJUALBELIKAN Proyek Bahan Pustaka Lokal Konten Berbasis Etnis Nusantara Perpustakaan Nasional, 2011

SARATUS PARIBASA JEUNG BABASAN


karangan

Mas Natawisastra
Mantri Guru Sakola Klas II No. I Handung jilid ka-I

Perpustakaan Nasional
Republik Indonesia

Balai Pustaka

KATA PENGANTAR Pembangunan di bidang kebudayaan adalah bagian integral daripada Pembangunan Nasional. Pembangunan bidang kebudayaan tidak terlepas dari pemikiran dan usaha pengembangan dalam bidang sastra. Karya sastra yang merupakan manifestasi kehidupan jiwa bangsa dari abad ke abad akan menjadi peninggalan kebudayaan yang sangat tinggi nilainya. Karena itu karya sastra perlu digali dan digarap untuk diresapi dan dinikmati isinya. Karya sastra memberikan khasanah sejarah ilmu pengetahuan yang beraneka macam ragamnya. Hasil penggalian dan penggarapan karya sastra akan memberikan rasa kepuasan rohani dan kecintaan pada kebudayaan sendiri yang selanjutnya akan merupakan alat ampuh untuk membendung arus masuknya pengaruh kebudayaan asing yang tidak sesuai dengan kepribadian dan kepentingan pembangunan bangsa Indonesia. Penghayatan hasil karya sastra akan memberi keseimbangan antara kemajuan ilmu pengetahuan dan teknologi modern di satu pihak dan pembangunan jiwa di lain pihak. Kedua hal ini sampai masa kini masih dirasakan belum dapat saling isi-mengisi, padahal keseimbangan atau keselarasan antara kedua masalah ini besar sekali peranannya bagi pembangunan dan pembinaan lahir dan batin. Melalui sastra diperoleh nilai-nilai, tata hidup dan sarana kebudayaan sebagai saran komunikasi masa lalu, masa kini dan masa depan. Para pemakai dan peminat bahasa dan sastra Daerah, khususnya bahasa dan sastra Sunda, baik di dalam masyarakat maupun di sekolah dan di perguruan tinggi, sudah lama merasakan kekurangan akan buku Sunda sebagai bacaan maupun sebagai penunjang pengajaran bahasa dan sastra Sunda. v

Selain itu sesuai dengan semboyan 'Bhinneka Tunggal Ika sepatutnya kita memelihara segala ragam kebudayaan dan bahasa daerah yang hidup dan digunakan dalam masyarakat kita, agar keanekaragaman kebudayaan dan bahasa di negara kita itu tetap 'terpelihara dengan segala keindahan dan kelincahannya. Bahkan perlu disebarluaskan ke seluruh pelosok Nusantara kita sehingga dikenal, diterima dan dirasakan sebagai milik kita bersama. Dengan tujuan itulah dan untuk mengisi kekurangan tersebut di atas, Proyek Penerbitan Buku Bacaan dan Sastra Indonesia dan Daerah Departemen P dan K, bekeija sama dengan PN Balai Pustaka sebagai penerbit buku sastra yang telah dikenal sejak sebelum Perang Dunia ke-II, menerbitkan kembali buku-buku sastra Sunda. Bagi yang tidak menguasai bahasa Sunda, tetapi ingin memahami isinya, telah kami supun ringkasan ceritanya dalam bahasa Indonesia. Semoga dengan terbitan-terbitan ini kekayaan sastra bangsa kita yang sudah begitu lama terpendam itu dapat dikenal oleh khalayak yang lebih las serta dapat menambah pengertian dan apresiasi terhadapnya.

vi

RINGKASAN ISI : BUKU BACAAN SARATUS PARIBASA JILID I Karangan : Mas Natawisastra, Mantri Guru Sekolah Klas Dua, Bandung Dibuat oleh : Haksan Wirasutisna. Seperti dikemukakan dalam kata 'bubuka' jilid I, bahasa Sunda mengenal peribahasa, ungkapan, seloka dan sindir. Peribahasa kata pengarang - membandingkan atau mengkaitkan tingkah laku manusia dengan binatang, pohon, air dan lain sebagainya. Misalnya, 'pacikrak ngalawan merak' (burung kecil melawan burung merak), yang berarti 'yang kecil melawan yang besar' atau 'rakyat jelata melawan pembesar.' Babasan tidak mengatakan hal yang sebenarnya, jadi boleh dikata bohong, tetapi mempunyai arti kiasan. Contohnya : panjang leungeun (tangan), liat birit (berat pantat). Siloka berarti kata-kata yang tidak terus terang atau nyata, melainkan hanya mengutamakan artinya saja. Umpamanya : nyukcruk leuwi neangan cai (mengarungi lubuk mencari air), ngala seuneu kundang damar (mencari api sambii membawa lampu). Sindir ada dua macam; yaitu : a. sindir bangbalikan : di sini yang diutamakan, ialah rangkapannya. Misalnya : hampelas raraga ati (ampelas rangka hati). Isinya : iklas raga jeung pati (iklas raga dan jiwa). sindir yang mementingkan kesamaan bunyi pada akhirnya. Misal : daun tuhur di tangkalna (daun kering pada pohonnya), artinya kararas. Jika akhiran ras digunakan, maka jadilah : henieu ras ka diri kuring (tidak ingat kepada diriku) Sekarang marilah kita mengambil beberapa contoh dari tiaptiap jilid.

b.

J I L I D 1. DIPIAMIS BUAH GINTUNG

Artinya : Orang yang merasa disayangi oleh orang tuanya, sahabatnya atau majikannya. Contoh : Artayim selalu mengatakan, bahwa ia disayangi oleh pamannya, yang bernama Tata. Kata Ubin, "Artayim, kau akan membeli baju?" Artayim, "Aku akan bertanya dulu kepada Tata, sebab aku tak boleh berbuat sesuka hatiku, selalu terserah kepada orang tua." Kata Ambas, "Artayim, maukah kau ikut menangguk ikan di danau besok? Ikannya akan kita berikan kepada pamanmu." Artayim, "Tata tak pernah mengizinkanku keluyuran tak menentu, sebab Lebaran nanti aku tidak akan dibelikan ikat kepala yang bagus." Pada suatu waktu Ubin bertemu dengan Tata. Tanya Ubin, "Mengapa paman begitu sayang kepada Artayim?" Tata, "Siapakah yang sayang? Aku sama sekali tidak sayang kepada anak malas yang suka berdusta. Jangankan aku, bapaknya sendiri pun tak sayang kepadanya." Ubin, "Oh, kalau begitu Artayim dipiamis buah gintung." 2. MAPAYKA PUHU LEUNGEUN Arti : melibatkan orang tua, majikan atau guru Contoh : Miming bertengkar dengan Nono. Kata Miming, "Kau jangan sombong, mentang-mentang berbaju dan berikat kepala baru, Aku tak peduli, sebab tidak akan meminjam viii

apa-apa darimu." Jawab Nono, "Tutup mulutmu! Bukan karena pakaianku barn, tapi karena kau merogoh kantongku. Mau mencopet uangku barangkali?" Miming, "Sudah berapa kalikah aku dipenjara ? Pantaslah aku melarat, sebab tak bisa menipu scperti bapakmu. Bukankah baru-baru ini ia dipenjara, karena menipu orang?" Nono, "Sudah, sudah, kau jangan berkata begitu! Kalau berani, marilah kita bertarung di padang rumput. Tak pantas mapay ka puhu leungeun!" NYEUNGEUT DAMAR DI SUHUNAN Artinya : sifat ingin disebut kaya dan murah terhadap orang lain, tapi pelit terhadap kerabat sendiri. Contoh : Mastur dan Jibja asyik mempercakapkan abangnya, yang bernama Bapak Musti. Kata Mastur, "Jibja , aku merasa heran akan abangku. Aku meminta baju buat mengganti bajuku yang sobek, tapi tak berhasil. Tapi kepada orang lain, ia amat murah, sebab ingin dipuji. Kepada orang Garut ia menghadiahkan pakaian seperangkat, malah anaknya pun diberinya kalung perak." Jawab Jibja, "Lumrahnya orang bodoh memang begitu. Murah kepada orang lain, karena ingin dipuji kaya. Tapi kepada saudara atau anak saudara bersikap kikir. Itulah orang yang dinamakan nyeungeut damar di suhunan."

ix

KATERANGAN Upama-upama dina ieu buku, henteu ditetepkeun ngan kitu bae, tapi dina hiji-hijina paribasa atawa babasan, beunang ruparupa diupamakeunana, ieu mah ngan dipilih sakur nu gampang, nu sakira babari kahartina bae.

xi

BUBUKA Meureun sarerea oge geus ngadenge sok aya nu nyebut, paribasa, babasan, siloka jeung sindir. Naon bedana hiji-hijina ? l e . P a r i b a s a : nya et pikeun ngabandingkeun atawa nyanggetkeun, lalampahan jelema kana sato kana tangkal atawa kana cai jeung sajaba ti et; saperti : p a c i k r a k n g a l a w a n m e r a k : = pacikrak minangka cacah, merak minangka menak agung; hartina : nu leutik (cacah) ngalawan ka pangagung. 2 e . B a b a s a n : = a. Babasan lain basa saenyana sarua jeung bohong. Upama : panjang leungeun hampang leungeun, liat birit, leuleus awak jeung rea-rea deui. b. Panganteb. Dina hiji losmen aya hiji anjing gede, ceuk babasan mah bangusna oge wani sagede seeng. Ku et babasan urang ngarti, moal enya aya bangus anjing nepi ka sagede seeng, tapi urang percaya kana gedena anjing, atawa nuduhkeun anjing gede. Atawa : Kamari kuring nenjo nu keur nguseup golong di Citarum, rea beubeunanganana kancra galede pisan, matana oge ceuk babasan mah wani sagede-gede peureup. Tah moal enya aya mata kancra sagede peureup, ieu mah ngan babasan bae, panganteb ku bawaning gede. 3 e . S i 1 o k a : = sual, hartina caritaan anu henteu sawakcana atawa sabuktina, ngan diarah hartina bae saperti : nyukcruk leuwi neangan cai, ngala seuneu kundang damar jeung rea-rea deui. 4e. a. b. S i n d i r : sindir aya dua rupa : sindir bangbalikan, anu diarah rangkepanana saperti : hampelas raraga jati; eusina : ikelas raga jeung pati; sindir anu dipambrih supaya sarua sadana dina tungtungna omongan saperti : xiii

daun tuhiij di tangkalna = kararas, nu diarah r a s ana diunikeun = henteu r a s ka diri kuring. leu di handap diterangkeun hiji-hijina paribasa jeung babasan sarta diupamakeun.

xiv

BUKU

BACAAN

SARATUS PARIBASA JEUNG


karangan

BABASAN

Mas Natawisastra
Mantri Guru Sakola Klas II No. I Bandung

jilid ka-I

PNRI

PNRI

PNRI

Kaca. 92. 93. 94. 95. 96. 97. 98. 99, 100. Sabuni-buni nu ngising Seukeut tambang manan gobang Tugur tundan cuntang gantang Tamplok batokeun Tamiang meulit ka bitis Tiis ceuli herang mata Teu beunang dikoet ku nu keked Tamplok aseupan Tuturut munding 79 80 81 82 82 82 83 84 84

6
PNRI

1.

ALAK-ALAK CUMAMPAKA

rasa sarua jeung nu pinter, atawa nu bodo nyeta-nyeta pinter. Upamana : Hadi anak tukang tani teu wudu rada cukup, ti bubudak nepi ka kolot sok ningkah pisan, unggal-unggal poe cetaan niru-niru menak, nya kitu deui sok sumolondo, ngawawuhkeun maneh jeung menak, lamun papanggih jeung menak, tuluy bae nanya, bari cetaan ieu aing menak, malah lamun pareng reujeung leumpang jeung menak tea, leumpangna sok ngarendeng bae, malah sakapeung mah sok miheulaan tina boga rasa aing oge menak, atawa lamun papanggih jeung jelema anu kasebut pinter, sagala tingkah polahna diturutan malah papakeanana diturutan. Omot adi beuteungna ngomong ka lanceukna pokna, "Eteh! Cing Akang bejaan, eta kituh ari leumpang teh ulah sok ngarendeng jeung Juragan Pangsiun, da eta mah bangsa menak, tur turunan Bopati, isin, batur-batur mah ari nenjo Akang kitu teh, geus jarebi bae jeung eta ari nyarita teh, petana montong sok nyangkok nu palinter, geura ku eteh awaskeun ari ngomong, jeung ana make papakean, kudu bae nurutan Kiai Jenal jeung Raden Sastra, nu pinter di Kaum tea, ari kahayang kuring ulah kitu era, ieu mah pepetaan teh, dideuleu-deuleuna, geunggeureuhkeuneun batur batur bae, jelema nu kitu pepetaanana disebutna alak-alak cumampaka." 2. ATI MUNGKIR, BEUNGEUT NYANGHAREUP

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu palsu, siga ngagugu, jiga suka di hareupeun, ari di tukangeun mah atina teu suka, atawa teu ngagugu. 7
PNRI

Upamana : Hiji poe Nyi Inting dititah ku salakina nyeuseuh papakean nu geus kotor, pokna; "Nyai geura seuseuhan papakean sing beresih." WangsuLna; "Mangga." Tapi Nyi Inting henteu milampah kana titahan salakina tea. Sorena ditanyakeun ku salakina pokna, "Kumaha Nyai pakean teh enggeus diseuseuhna ?" Wangsulna, "Aeh Kang poho." Isukna dititah deui pokna, "Cing Nyai ayeuna mah geura pek seuseuh." Nyi Inting tuluy nyokot pakean nu kotor tea tapi jeung jamedud ban indit ka cai, ari datang ka cai nyeuseuhna oge ngan lamo (dapon) baseuh bae. Kitu deui upama diparentah naon bae ku salakina sok nurut, tapi ari di tukangeun mah sok ambek-ambekan. Salakina ngambek omongna, "Beu Inting, sarupa kitu mah sia ngawulaan aing teh, a t i m u n g k i r b e u n g e u t n y a n g h a r e u p." 3. ADEAN KU KUDA BEUREUM

H a r t i n a : agul ku banda batur atawa ginding ku beunang nginjeum. Upamana : Nyi Irah pasosore indit ka pasar make karembong lokcan, samping puger, sarta make selop, di jalan ngahaja sumpang-simpang ka barayana jeung ka sobatna, hayang kanyahoan yen manehna ginding. Sobatna nu ngaran Umi ngomong ka anakna pokna, "Nyai! 8
PNRI

Tadi ema kaget nenjo Nyi Irah katenjona ginding pisan, naha da ari sasarina mah tara kitu." Ceuk anakna, "Puguh geus sababaraha minggu ngan gigindinganan bae, tur eta nu dipake teh lain anuna, kagungan Agan Siti putra Juragan Wadana Parung, malah nginjeumna oge keur aya kuring." Omong indungna, "Atuh r e u m." 4. adean ku kuda beu-

ASA AING UYAH KIDUL

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu boga rasa aing panggindingna, pangkasepna, pangtegepna. Upamana: Dina hiji poe Ujang Kaimpis dipangmeulikeun kuda sandel sararangkenna ku mitohana, barita keneh eta kuda pek dimandian, demi geus tuhur pek diroskam, talapokna dikeureutan. Pasosore Ujang Kampis dangdan makena sing sarwa weuteuh, niatna rek pelesir tumpak kuda, barang geus sadia, clak tumpak, mapay-mapay jalan gede, mimitina kudana dileumpangkeun bae, lila-lila disina adean, tuluy disina congklang leutik jeung sina torolong. Geus kitu hayang nyaho disina nyirig, ana pek dikenyedkenyed, kuda teh tuluy bae nyirig, atuh Ujang Kampis beuki nyaaheun bae kana kudana teh sarta boga rasa yen moa] aya deui nu boga kuda sakitu pangabisana jeung hidengna. Kacaritakeun Ujang Kampis pasosore tumpak deui kuda make-make leuwih ti kamari ieu tea, malah ayeuna mah make tarumpah bordel, barang clak, tuluy disirigkeun bae, Ujang bungah, katurug-turug waktu harita rea nu nenjo awewe lalaki, sarta pada muji, hade kudana, pantes nu tumpakna. Nu tumpak beuki nyeta, laya-leye, luak-lieuk, rarat-reret sar-

PNRI

ta henteu petot nilik maneh. Tatanggana nu ngaran Ujar ngomong ka baturna pokna, "Bawi, geura tenjo itu nu tumpak kuda, aya cetaan, luhak-lehek, jeung kumasep, ieu aing ginding sorangan bae." Bawi, "Enya! Dewek mah kakara nenjo nu sakitu ningkahna, dideuleukeunana t e h : a s a a i n g u y a h k i d u l bae." 5. ANAK MERAK KUKUNCUNGAN

H a r t i n a : kahadean, kagorengan anak, tangtu ngala ka indung bapa. Nyimas Enos kasohor jelema amis budi, hade lampah jeung alus awak hade leumpang; dina hyi poe pasosore keur meneran hade poena, Nyimas Enos leumpang ka pasar, di jalan katenjo ku ambu Tamsih emongna ka anakna, "Nyai itu teh saha, jelema alus teuing awak jeung bisa leumpang, geura tenjo kumaneh aya lungguh timpuh, leumpang tungkul henteu luak-lieuk cara nu rea." Wangsul anakna, "Eta mah Nyimas Enos, kapan nyaeta putra Nyimas Arum teh, geuning mangkukna ema carita, anu majar alus angkatna." Ambu Tamsih olohok sakeudeung, geus kitu pok ngomong, "Euleuh! Euleuh! Paingan teuing ari putra eta mah, atuh teng manuk teng " a n a k m e r a k k u k u n c u n g a n." 6. BATOK BULU EUSI MADU

H a r t i n a : nyolong bade, di luarna goreng, di jerona alus, atawa siga bodo tapi pinter. Dina lelang buku, aya hiji buku jilidna goreng jeung kotor tur soek, nepi ka euweuh hiji jelema nu daek muka sumawonna meuli, da kaharyangna meuli buku nu aralus keneh jilidna sarta 10
PNRI

weuteuh, nepi ka eta buku nu kotor tea, dipaparinkeun ka jelema nu meuli buku pangreana. Barang datang ka imahna, tuluy buku teh dibacaan, sanggeus maca buku-buku nu aralus jilidna, pangangguran muka buku nu goreng jilidna tea, barang dibaca, rea caritaanana nu matak resep, sarta rea hasilna, kitu deui sagala aturan nu perlu di dinya aya; jadi eta buku beunang disebut : b a t o k b u l u e u s i m a d u . Atawa : Dina hiji kumpulan, aya jelema tatamu ti sejen nagri saurang, sarta pasemonna siga bodo; ku sabab kitu eta jelema (tatamu) ku sakur nu aya di dinya, henteu ditarik ditakon, tina rupana siga bodo jeung henteu ginding, tapi sanggeus pok ngomong, kabeh pada bengong sabab kaget, ngadenge omongan sakitu perlentena, bisa kana sagala aturan, kecap-kecapna lemes sarta beres ngomongkeunana, tingkah polahna hade henteu tinggal aturan; jadi ayeuna jelema-jelema pada reseppada asih, tina nenjo kapinteranana sarta pada ngaromong pokna, "Aeh! Aeh! Teu sangka, jelema sakitu bangunna, henteu nyana pinter, ieu mah beunang disebut : " B a t o k b u l u e u s i m a d u." 7. BALUNGBANG TIMUR, CAANG BULAN OPAT WELAS, JALAN GEDE SASAPUAN H a r t i n a : nuduhkeun iklas, rido, suka pisan. Upamana : Hiji poe Arjim nganjang ka sobatna ngaran Ece, ceuk Ece, "Haturan Kang! Bet geus lami pisan henteu patepang?" Arjim, "Nuhun! Lah akang teh tara aya di rorompok unggalunggal poe ngan ngider bae neangan imah sewaeun, demi nu ayeuna disewa, geus resak teuing." Ece, "Kumaha geus kenging?" Aijim, "Nu mawi teu acan." Ece, "Atuh eta bae rorompok kuring, geura parageuh keneh 11
PNRI

pisan." Arjim, "Sabaraha Akang kedahna nyewa?" Ece, "Montong nyewa, kuring suka rido pisan, dicalikan ku Akang, balikan kosong kuring risi, sareng et ayeuna mah henteu kenging ngosongkeun imah lami-lami. Arjim, "Atuh nuhun sarewu gerah salaksa, ari aya piwelas mah ka akang, nanging akang teh moal luput, sasasih sarupia mah meureun nyanggakeun." Ece, "Eta montong dimanah, najan Akang aya manah rek maparin, ku kuring moal ditampi, ku dicaketanana oge ku Akang, kuring teh geus atoh nanakeran, ari perkawis et imah mah, insa Allah kuring teh b a l u n g b a n g t i m u r , c a a n g b u l a n o p a t w e 1 a s j a l a n g e d e s a s a p u a n , hartosnaiklasrido pisan." 8. BATU TURUN; KEUSIK NAEK.

H a r t i n a : bangsa menak teu jareneng, ari bangsa somah jareneng. Upan-ana: Umar nanya ka Gatot pokna, ' T o t ! Dewek sok ngadenge kieu: batu turun keusik naek; eusina : itu purun kuring daek, na enya?" Gatot, "Kitu ge beunang, asupna et mah kana sisindiran, nu diarah kalangkangna, tapi ari saenya-enyana mah kieu: batu turun keusik naek, turunan menak teu jeneng, ari turunan somah (cacah) jareneng, batu minangka menak gede, demi lumbrahna nu jareneng teh turunan menak, tapi ayeuna batu teh turun, = menak teh teu cicing dina kajenengan; ari keusik minangka cacah tea, keusik naek = somah teh jenng, geura ayeuna urang buktikeun, tuh geuning Juragan Kanduruan, turunan menak ti ibu ti rama, putrana salapan, tapi mana nu jeneng, naha ari anak tukang kai bet jadi Camat, tuh anak paledang bet jadi Wadana, tah nu sarupa kitu ari saenyana mah, b a t u t u r u n k e u s i k n a e k 12
PNRI

teh." 9. BENGKUNG NGARIUNG, BONGKOK NGARONYOK

H a r t i n a : sauyunan, sapapait samamanis, untung atawa cilaka bareng. Upamana : Dina hiji distrik Lurah-lurah geus diparentah ku Wadana kudu iang mawa somahanana ka gunung baris ngipuk kopi, demi aturanana, kumaha Tuan Opsender kopi bae. Lurah-lurah distrik eta tuluy arindit jeung sawatara somahanana, barang datang ka gunung, meunang beja yen Tuan Opsender moal datang, sabab datang bisluit dipindahkeun ka sejen nagri, ngan nitah ka mandorna, dina hiji Lurah kudu dibagi sakitu binih, ngan henteu diterangkeun kumaha aturanana kawantu ribut tina rek pindah tea. Lurah-lurah pada boga kahayang, aya nu hayang ngipuk dina ruas, aya nu hayang dina carangka jeung aya nu hayang dina taneuh bae. Hiji Lurah nu geus kolot tuluy ngomong pokna, "He baturbatur! Ayeuna ulah salia ulah pada mawa karep sorangan, coba urang ngipuk dina ruas bae sarerea, kamanah bae ku nu ti payun, atuh kamanah kabeh, diseuseul, diseuseul kabeh, kapan ceuk paribasa oge b e n g k u n g n g a r i u n g , b o n g k o k n g a r o n y o k." Lurah-lurah 10. rempug, sanggeusna tuluy pada marulang.

BIWIR NYIRU ROMBENGEUN

H a r t i n a : adat nu cerewed sagala rasiah diomongkeun (dicaritakeun deui). 13


PNRI

Upamana : Si Juhan nyaba ka Armu, barang gok papanggih tuluy ngomong pokna, "Armu! Enya bapa silaing diarah ku Pai?" Armu, "Ceuk saha?" Juhan, "Ceuk Kang Emid." Armu, "Naha ku naon diarah?" Juhan, "Kapan eta bapa silaing jeung Bp.Erot ngaromongkeun Pani, pajar Pani ceuk bapa silaing sok nyusugan balong Emid, malah sok mindeng kapanggih ku bapa silaing." Armu, "Aeh! Aeh! Kutan kitu, dewek mah poekkeun." Barang si Juhan keur balik, di jalan gok deui jeung si Epeng pokna, "Ti mana Peng?" Wangsulna, "Ti pasar euy, ari silaing ti mana?" Juhan, "Ti si Armu, eta hayang nyaho, na enya bapana rek diarah ku Pai, ari dosana nya eta sok daek ngomongkeun batur, ngalayan jeung Bp. Erot, eta dua jelema beunang disebut ciduh jeung reuhak, hartina saruana, pada daraek ngomongkeun batur, katambah jarulig." Sabot keur nyarita kitu, kadenge ku baraya Bp. Erot, tuluy dibejakeun kitu deui Armu bebeja ka bapana yen tadi si Juhan ngomong kitu. Bp. Armu jeung Bp.Erot tuluy arindit ka imah si Juhan, bar tuluy dicarekan pada ngarentog, tina duanana henteu rumasaeun, malah harita rek dikelak ka Lurah. Bapa si Juhan tuluy sasadu menta dihampura ka Bapa Armu jeungBp.Erot, supaya eta budak ulah dikelak. Sanggeus dihampura sarta geus baralik, bapana ngomong ka si Juhan pokna, "Tah Juhan mana ari jelema ulah sok biwir aweweeun, sagala rasiah diomongkeun, kunaha ari kitu, benerna manggih nu kieu-kieu oge keun bae, ulah sok b i w i r n y i r u r o m b e n g e u n."

14
PNRI

11. 29

BOBOT PANGAYON, TIMBANG TARAJU

H a r t i n a : hukuman nu adil (pangadilan); bobot, nya eta beungbeurat timbangan; pangayon, ukuran takeran; timbang, nyaruakeun beurat hampangna; taraju timbangan kapas, ari nu dipake beungbeurat ku duit baheula atawa picis, upama aya nu nanya : bobot sabaraha? Ana dijawab : bobot sareal, atawa bobot sasuku, bobot tilu uang. Ceuk anu ngomong, "Sadaya-daya bobot pangayon timbang taraju geus aya di jurangan." Martina : hukuman nu adii geus aya di menak. Upamana : Bp. Sair disaur ku Camat, barang datang ceuk Camat, "Bp. Sair! Maneh didawa ku Pa Saad, majarkeun maneh geus malingan batu, nu aya di kebonna naha enya?"

Wangsul Bp. Sair, "Henteu pisan pisan, ngan kuring mali ngabantun soteli t at ti kebonna, rumaos batu kuring, nu tadina dijieun wates lcebon manehna sareng kebon kuring, barang ditingal et batu geus patulayah aya di kebonna, duka kunaon, tuluy ku kuring dicokoian dibenerkeun deui kana urutna, et mah sadayadaya, b o b o t p a n g a y o n t i m b a n g t a r a j u geus aya di menak." 12. BUR BEUREUM, BUR HIDEUNG, HURUNG NANGTUNG, SIANG LEUMPANG

H a r t i n a : nuduhkeun nu boga banda dipake. Upamana : Raden Sarwa ngomong ka Mas Wira pokna, "Edas bae euy

PNRI

bejana Raden Dita mah geus beng deui bac ka Singapur, rek meuli deui pakean kareta." Mas Wira, "Enya kuring ge ngadengc, tapi puas et mah beunghar teh dipake, kamari ieu memehna ka Singapura pelesir, mimiti make kareta milor, pakean kudana beureum make poles, kusirna make baju toro paul kuda hideung; kadua kalina geus ganti'deui, karetana amerikan, kuda bodas pakean hideung, kusirna make baju toro koneng, et mah paeh ge teu panasaran, nya mi kitu sok disebut b u r b e u r e u m , b u r h i d e u n g , h u r u n g n a n g t u n g , s i a n g l e u m p a n g." 13. BUBURUH NYATU DIUPAH BEAS

H a r t i n a : nu nyiar pangarti keur manehna sorangan, tur dibayar atawa diburuhan. Upamana : Arba dipikanyaah ku bibina, papakeanan rea jeung wareuteuh aralus, barang hakanna sok dipupujuhkeun nu rgareunah ku bawaning asih. Dina hiji poe diomongan ku bibina pokna, "Ujang ayeuna geura sakola, lamun daek mangke ku bibi di gajih dina sabulan dua rupia, jaba bekel ka sakola, unggal poe." Wangsul Arba, "Mangga." Isukna tuluy abus ka sakola sarta dibekelan, ari balik ti sakola geus disadiakeun kahakanan nu ngareunah; barang sakolana geus tamat sarta geus meunang piagem, bibina ngomong pokna, "Ujang! Da ayeuna geus kaluar ti sakola, geura boga pamajikan ka nu panuju, tuh ka anak Bapa Nirem, lamun Ujang daek, mangke ku bibi dipangmeulikeun erloji emas jeung lembur katut imahna." Aspan tatanggana ngomong ka Dipa pokna, "Dipa, naha ari Arba jelema bagja-bagja teuing, geura pikir ku silaing, ti leuleutik diurus, tuluy diskkolakeun, di sajero sakola digajih, ari geus kaluar dikawinkeun ka nu kabeneran, sarta diburuhan erloji emas 16
PNRI

jeung lembur katut imahna, tur eta teh, bibi oge bibi nurut ti salakina." Wangsul Dipa, "Nya kitu ari nu keur mujur mail, jadi eta Arba asup kana paribasa : b u b u r u h n y a t u d i u p a h be as." 14. DITIUNG GEUS HUJAN

H a r t i n a : ati-ati sanggeus cilaka, jadi kadongdora. Upamana : Pa Bairun jelema kaya, loba munding, embe, domba, jeung kuda, leuitna parinuh ngajajar hareupeun imahna, ngan hanjakal tara ati-ati ngajaga bandana, lamun ti peuting panto lawang pakaranganana tara ditulakan, panto leuitna tara dikunci. Dina hiji peuting datang bangsat, maling mundingna datang ka beak tina gampang asupna, isuk-isuk Pa Bairun kaget sarta ngeneseun pisan, tapi sakitu gcus kapalingan, tara kcneh bae meundeutan lawang jeung leuitna tara dikunci. Kira enggeus tilu bulan ti sanggeus mundingna dipaling, jol deui bangsat maling embe jeung dombana, isuk-isuk kanyahoan yen embe jeung dombana aya nu maling manehna kaget, turug-turug barang nenjo kana panto leuitna geus molongo sarta di hareupeun leuitna pinuh ku heucak, barang ditempo ka jero leuit, parena aya nu ngunjal. Pa Bairun gugup geuwat lumpat ka imahna bari bebeja ka pamajikanana pokna, "Euy cilaka deui bae, domba embe jeung pare aya nu maling, beak pisan, cing ayeuna mah urang meuli awi jeung sosi, awi keur mageuhan pager sosi keur nguncian lawanglawang." Pamajikanana nembal bari gudad gadog pokna, "Wah kadongdora maneh mah d i t i u n g g e u s h u j a n."

Buku bacaan jilid ka I. (Sund.)

17
PNRI

15.

DIHURUN SULUHKEUN, DIKOMPET DAUNKEUN

H a r t i n a : nu goreng saurang, ari disebutkeunana mah goreng kabeh bae. Upamana : Kardun, Sadi, Daeng jeung Pian arulin ka pagunungan, di jalan manggih kebon bonteng di tcngah sawah, Pian hayangeun bonteng, tuluy ngomong ka batur-baturna pokna, "He baturbatur! Saha nu wani ngala bonteng?" Wangsul batur-baturna, "Ah embung bisi kumaha onam." Pian keukeuh ngajak ngala, tapi batur-baturna teu daraekeun, tungtungna Pian indit sorangan ka tengah sawah (kebon) ngalaan bonteng ngora, wani pinuh sakuna sarta kebon lebur diidek, sanggeusna tuluy lumpat muvubatunia. Teu lila datang nu boga kebon, barang ditenjo kebonna lebur, tuluy luak lieuk, bet nenjo aya nu lumpat, geuwat disusui, barang geus nepi tetela Pian, keur ngambeng bonteng, tuluy dicarekan ditutunjuk, dibabangsat, malah baturna dicarekan kabeh. Omong Kardun, "Kang! Kuring mah ulah diseuseul da teu pipilueun." Ceuk nu boga kebon, "Montong nyapluk sia, kabeh ge bangsat, lamun enya oge bageur sala saurang, meureun dicarek, aya nu ngaruksak kebon batur." Batur-baturna Kardun caricing bae henteu nembal, nu boga tuluy balik bari gegelendeng. Omong Daeng, "Ceuk dewek oge ulah! Ulah! Da ari cilaka mah geuning maraawa ka batur." Carek Sadi, "Enya bae da Pian mah tara beunang diharu18
PNRI

haru coba ieu sarerea d i h u r u n s u l u h k e u n d i k o m p e t d a u n k e u n b a e, tur nu goreng mail ngan sorangan." 16. DIPIAMIS BUAH GINTUNG

H a r t i n a : jelema nu boga rasa dipikanyaah ku kolotna atawa ku sobatna atawa ku juraganana. Upamana : Artayin unggal-unggal nyarita kudu bae ngaku-ngaku yen manehna dipikanyaah ku pamanna nu ngaran Tata. Ceuk Ubin , "Artayin silaing moal meuli baju?" Artayin, "Mangke rek bebeja heula ka Tata, da eta dewek mah henteu bisa mawa karep sorangan, kumaha sepuh bae." Carek Ambas, "Artayin isuk urang nyair hurang ka situ geura aya rea, sugan meunang urang bikeur ka paman silaing." Artayin, "Ah embung da tara kaidinan ku Tata, lamun dewek luas leos, mangke ari lebaran moal dipangmeulikeun totopong alus." Dina hiji waktu Ubin papanggih jeung Tata, ceuk Ubin, "Mang! Naha ari Emang nyaah-nyaah teuing ka Artayin teh?" Tata, "Naha saha nu nyaah? Aing mah teu nyaah teusing, budak ngedul jeung sok rahul, mun deuk nyaaheun oge bapana, aing-aing ku nyaah." Ubin, "Euleuli atuh ari kitu mah Artayin teh d i p i a m i s b u a h g i n t u n g." 17. JOGJOG NEUREUY BUAH LOA

H a r t i n a : lalampahan nu moal kasorang, nuduhkeun ka jelema nu tara ngukur ka kujur nimbang ka awak.

19
PNRI

Upamana : baca buku pieunteungeun no. 1 (Manuk garuda jeung gagak). 18. JATI KASILIH KU JUNTI

H a r t i n a : pribumi kaelehkeun ku semah (nu heubeul ngelehkeun ka nu anyar). Upamana : Pa Saleh jalma tani, harita keur nyabut sampeu di kebonna. Ki Jaya nanya ka Bapa Saleh pokna, "Emang ieu sampeu teh rek dikumahakeun ku Emang?" Pa Saleh, "Rek dijual Jang, ka panggilingan Babah Tiamhok." Jaya, "Rek dipake naon ku babah?" Pa Saleh, "Hih ongkoh rek dijieun aci, eta aci ku babah dijual ka Batawi." Jaya, "Naha mun ku Emang bae damel aci?" Pa Saleh, "Puguh Ujang baheula mah mamang oge sok nyieun aci sorangan, tapi ayeuna mah leuwih hade dijual ka babah sabab gancang jadina duit, ayeuna mah urang Sunda geus meh teu aya nu ngaci hiji-hiji acan, sampeuna dijualan ka babah bae, ari nu matak kitu saperkara kurang parabot, kadua kaburu ku butuh. Jaya, "Hih Mang nu untung tell Cina bae nu galede modal bisa nyieun panggilingan, paingan baleunghar : lamun urang Sunda boga panggilingan sorangan, sarta terus dijual ku maneh meureun baleunghar." Pa Saleh, "Hih Ujang ongkoh aya paribasa j a t i k a s i 1 i h ku junti." 19. CURAT CAI.

H a r t i n a : jelema nu sok cidra kana jangjina 20


PNRI

Upamana : Bp.Sajum datang ka dununganana ngaran Mas Jaya, ngabejakeun sawah nu dicekel ku manehna, ayeuna geus meujeuhna dipibuatan. Ceuk Mas Jaya, "Bp. Sajum hade geura mitembeyan bae, hadena pageto poe Senen, maiali kaula oge tangtu datang." Sanggeus kitu Bp. Sajum tuluy balik ka imahna sarta sasadiaan, baris nyadiakeun dununganana, nyaeta dahareun leueuteun, malah meuncit hayam, kawantu rek kadatangan dunungan. Isuk-isuk sawah teh prak dipibuatan, dahareun leueuteun geus dibawaan ti imahna : tinaa sawahna lega sarta pibuateunana alus, loba kacida nu dibuat, di saung ngaguruh tatabeuhan nya et kendang penca jeung hadro. Bp. Sajum ngarep-ngarep Mas Jaya tapi euweuh bae, datang ka pukul dua welas, ti dinya Bp. Sajum salempangeun sieun dununganana teu datang, karana lamun teu datang, kadaharan nu beunang nyadiakeun tea moal kanyahoan : teu lila jol Mas Nurhadi tunggal panyawah Mas Jaya keneh, carek Bp. Sajum : "Mas! Teu tepang jeung juragan bieu? Et anjeunna rek sumping, tapi wayah kiwari teu acan jol keneh bae." Wangsul Mas Nurhadi, "Hih! Kuring mah teu kaget da ka kuring oge nya kitu, ngan jangji wungkul, coba bareto basa ngabedahkeun, pajar teh rek sumping, atuh kuring saaya-aya sasadiaan sumping mah henteu, ayeuna mah montong diarep-arep, adatna juragan mah sok g u r a t c a i . " 20. GURAT BATU

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu tukuh kana peijangjian. Juragan Rangga miwarang ka upasna nukeurkeun duit kertas sapuluh rupia, saurna, "Pas! leu tukeurkeun duit, kudu meurang : ringgitna tilu, tengahan tilu, rupia hiji." 21
PNRI

Upas tuluy indit, teu lila geus jebul deui, mawa ringgit tilu, perak dua, tengahan hiji, tuluy disanggakeun. Barang geus katingali, juragan tuluy nyeuseul saurna,"He upas liwar! Naha perakna dua? Ceuk aing oge perakna mah ngan hiji, tengahan kudu tilu, hayoh tukeurkeun deui!" Upas gancang mawa perak hiji, ana datang, meunang tengahan hiji, talen dua, juragan nyeuseul deui bae sauma, "He upas liwar! Bawa deui eta talen, kudu tukeurkeun kana tengahan." Upas geuwat deui lumpat nukeurkeun; ari geus meunang pek disanggakeun, ayeuna kakara ditarima, tapi narimana juragan teh kerung. Baturna nanya pokna, "Ku naon euy silaing wani cara kikinciran bae?" Wangsulna, "Lah! Dewek mah moal kuat kieu-kieu teuing mah, kakara bae boga dunungan tukuh-tukuh teuing", sarta tuluy dicaritakeun ti asalna. Baturna seuri ban ngomong pokna, "Puguh adatna juragan mah sok g u r a t b a t u . " 21. GINDING KEKEMPIS

H a r t i n a : jelema ginding beubeungharanan, teu boga duit saduit, katurug-turug di imahna teu boga beas-beas acan. Upamana : Jaham jeung Kusna arindit pelesir, Jaham ginding make baju tariko, totopong satria, samping gerusan jeung make tarumpah buatan Surabaya, ngan sakitu-kituna pakeanana, ari Kusna mah teu ginding. Barang nepi kana pang eureunan, di dinya aya nu dagang cikopi, Jaham ngaharewos ka Kusna pokna, "Kusna! Silaing henteu mawa duit? Lamun mawa cing urang ngaropi!" Wangsulna, "Kuring-kuring ku mawa, naha enya anjeun 22
PNRI

teh teu mawa duit?" Wangsulna, "Daek keked, lain teu mawa bae tapi di imah oge teu boga sapeser-peser acan." Carek Kusna, "Atuh urang balik bae ari teu boga duit mah, keur naon atuh tadi ngajak, sugan teh tadi mah eusian." Ti dinya bral balik pada halabhabeun, isukna geus ngajak deui ka Sarip dulurna pilanceukan pokna, "Kang! Urang nyaba ka pasar!" Sarip, "Ah embung dewek mah teu boga duit, jeung tacan boga balanja keur nu di imah, rasa dewek tinimbang pelesir mah mending digawe, geuning pamajikan silaing mah kamari ceurik, da teu boga kejoeun cing lampah silaing ulah kitu, unggal-unggal poe dideuleukeunana teh, bet ngan gigindinganan bae, mending mun boga deui papakean sejcn, ginding ge cumah ari g i n d i n g k e k e m p i s mah " Jaham cicing bae henteu ngajawab tina rumasa. 22. GENTENG KADEK LEGOK TAPAK.

H a r t i n a : geus loba kanyahona atawa luangna. Upamana : Dina hiji mangsa si Enji datang ka indung bapana bari baketut, beungeutna beureum pokna, "Bapa, Erna, kuring ayeuna mah teu sudi dipatuhkeun di Ua Kerta, bet teu meunang pisan nyeunghap, sumawonna lamun ulin wani popolotot, kudu ngahantem bae ngaji, ari enggeus hayoh dititah, beberesih imah, pakarangan jeung rea-rea deui, coba bieu ka kuring nyarekan pedah ngosok lampu teu pati beresih, naha aya kolot gangas teuing, keun ayeuna mah lamun nyarekan deui rek dilawan ku kuring." Bapana ngomong pokna, "Hih Ujang! Ulah kitu teu hade, ua maneh mah bener, ngajar maneh supaya tuman, lamun ditumanan ti leuleutik, mangke ari geus kolot jadi biasa, bisa kana sa23
PNRI

gala gawe, mangke di ahir urang jadi senang, jeung ulah waniwani ngalawan ka kolot matak doraka, kapan dina paribasa oge kolot mah g e n t e n g k a d e k n a , l e g o k t a p a k n a." 23. HANTANG, HANTUNG, HANTIGONG, HANTRIWELI

H a r t i n a aya opat rupa : a. H a n t a n g = buah kalayar, hartina nuduhkeun ka jelema nu palsu, nurutkeun kaayaanana buah kalayar, demi buah kalayar tea lamun ditenjo, rupa kulitna beureum wani euceuy semu amis, tapi di jerona nya pait nya kesed; nuduhkeun ka jelema jiga hade ati tapi saenyana goreng ati. b. H a n t u n g = jantung; hartina nuduhkeun ka jelema nu lengus, adigung, ieu aing beunghar, menak, pinter, gagah, lilalila ngarasa, adat kitu teh goreng, tungtungna ngulahek ruksak; nurutkeun kaayaanana jantung nu kakara bijil, henteu nenjo ka mana-mana, nenjona cumagug ka langit, lila-lila ngulahek nenjo asal. c. H a n t i g o n g = goong atawa bangbara, hartina: nuduhkeun ka jelema nu sok gede omong, ngomongkeun kamenakan, kabeungharan, kapinteran, nya kitu deui, upama boga duit saperak, sok dibawa kabeh, dipanyabaan sok ewar-ewur duitna dimonyah-monyah, teu boga ingetan keur engke atawa keur isuk, tapi ari datang ka imahna, kacida susahna, nurutkeun kana kalakuan bangbara, keur waktu di luar mah huang-hiung, kawas nu euweuh kasusah, ari datang kana liangna, sakitu sesekna. d. H a n t r i w e l i = paria; hartina nuduhkeun ka jelema nu goreng rupana, goreng ka hate-hatena, nurutkeun kana kaayaanana paria, rupana goreng, rasana oge pait tur pahang.

24
PNRI

24. 1. HUNYUR MANDEAN GUNUNG 2. CECENDET MANDE KIARA 3. CILEUNGCANG MANDE SAGARA H a r t i n a : cacah nyaruakeun maneh ka menak; nu miskin ka nu beunghar. Upamana : Raden Dora kaasup jelema henteu cukup boga anak hiji lalaki, tapi ari kalakuanana sok nurutan nu sugih. Kacaritakeun dina hiji mangsa manehna lalajo ka nu kariaan, eta nu boga hajat teh jelema beunghar, rea peupeuncitanana, tatanggapan dua tilu peuting. Raden Dora kabiteun pisan nenjo nu kariaan sakitu ramena, pikirna, "Ah aing oge mo burung bisa nurutan." Barang nepi kana usum ngabersihan anakna, tuluy manehna ngabersihan imah dikapur, diomean dideudeulan kawantu rek kariaan sarta geuwat nginjeum duit, demi nu ditandonkeun, sawali jeung lemburna. Ari geus meunang, ger kariaan hajatna nurutan nu beunghar tea, atuh ongkosna teu beunang saeutik. Duitna beak pisan malah kurang, sarta sabada kariaan, Raden Dora rumahuh tina ngingetkeun hutangna gede barang nepi ka usumna mayar, henteu bisa, tungtungna sawah pakarangan katut imahna dicokot diala milik ku nu boga duit sarta tuluy dijual. Nu sarupa kitu disebut : h u n y u r m a n d e a n g u nung, c e c e n d e t m a n d e kiara, cileungcang mande sagara.

25.

HAMBUR BACOT, MURAH CONGCOT

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu goreng carek tapi be25


PNRI

rehan. Upamana : Dina hiji poe Juragan Aria miwarang ka tukang kuda ngabersihan pamakanan, barang eta tukang kuda enggeus ngabersihanana, tuluy dironda (dipariksa) ku Juragan Aria, sanggeusna bujang disaur, terus diseuseul ditutundung, sabab dina eta pamakann aya keneh nu kotor. Barang entas nyeuseul tukang kuda, ningali di tukangeun bumina kotor, tukang kebon disaur terus diseuseul diweweleh. Isukna tukang kuda jeung tukang kebon disaur ka bumi, sarta tuluy dipaparin lungsuran udeng hiji sewang jeung dipaparin duit saurang sarupia keur balanja. Kebeh badega Juragan Aria geus diseuseul ku anjeunna sarta geus ditundung, tapi bujang teh suka betah bae, sabab adatna Juragan Aria asup kana paribasa h a m b u r b a c o t , m u r a h c o n g c o t. 26. HALODO SATAUN, LANTIS KU HUJAN SAPOE

H a r t i n a : kahadean nu sakitu lilana leungit ku ngalampahkeun goreng sakali. Upamana : Ki Hamid nyobat dalit pisan jeung Marsain, sagala kasusah Marsain dicukup ku Ki Hamid, kayaning : teu boga samping, atawa totopong, sumawonna lamun kakurangan pare atawa balanja sok ditulungan. Nya kitu deui lamun Hamid boga pagawean ku Marsain dibantu, diuruskeun, dilampahkeun tina ngingetkeun kahemanan Ki Hamid. Barang geus meunang tilu atawa opat taun Marsain dibayuanana ku sobatna, henteu aya kakurangan naon-naon, tara pisan dipogogan sakasusahna. 26
PNRI

Dina hiji poe Marsain ngumaha ka Hamid, yen manehna teu boga calana keper, ceuk Ki Hamid, "Ayeuna euweuh calana keper, sugan isuk bae urang meuli heula, lamun hayang lian ti keper mah aya." Tapi Marsain teu daekeun kajeun nunggu isuk bae. Ari isukna Hamid pohoeun tacan keneh meulina keper teh, barang Marsain datang geuwat sasadu yen acan kaburu. Marsain indit jeung gorerg budi, ari sorena diondang ku sobatna henteu daekeun maiali ngomongkeun ka anu ngondang pokna, "Kacida teuing Ki Hamid dipentaan calana keper henteu metu, mana kaula mah ti ayeuna moal deui-deui daek tembong ka Ki Hamid teh." Nu dititah ngondang teh balik, tuluy ngabejakeun omongna Marsain tea, ceuk Ki Hamid, "Keun bae ari kitu mah, adat jelema kitu asup kana pari basa, h a l o d o s a t a u n l a n t i s k u h u j a n s a p o e." 27. HAMPANG LEUNGEUN

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema gakang. Upamana : Ayah unggal poe bae ngarangketan incuna nu ngaran Ipi, tina budakna gakang ka dulurna. Dina hiji poe Ipi ulin jeung dulurna taragon di buruan, Ipi nu eleh tuluy mecing, tapi ku dulurna teu dibere, henteu tata pasini deui, habek bae diteunggeul sirahna, dulurna midangdam ceurik. Ayah geuwat muru, Ipi ditewak tuluy dibarogod, terus dirangket bari dicarekan, "Sapeuting ieu sia moal dibere nyatu, jeung dicangcang dina tihang ieu, minangka hukuman nu sok h a m p a n g l e u n g e u n."

27
PNRI

28.

HAMPANG BIRIT

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema daekan. Upamana : Titi jeung Umi anak Nyi Dasima, Titi umur 9 taun, Umi 10 taun. Demi Nyi Dasima asih pisan ka Titi, sabab budakna daekan, ari Umi mah enya oge lanceukna, lamun dititah, talangke pisan, enya indit tea mah, tapi sok matak jengkel. Ari Titi mah henteu kitu, lamun pok dititali, jung indit ngalaimpahkeun titalian indungna. Dina hiji mangsa Nyi Dasima nyalukan Umi, pokna, "Umi! Umi!" Wangsulna, "Nun." Dasima, "Ka dieu!" Umi, "Mangke!" Harita keneh tuluy nyalukan Titi, pokna, 'Titi!" Wangsulna, "Nun!" Bari nyampeurkeun. Dasima, "Keur naon Umi teh?" Titi, "Keur ngaromong bae jeung Nyi Sakem." Dasima, "Nyai ieu meuli bako jeung gambir." Titi, "Mangga"; tuluy indit. Dasima, "Umi! Umi! Ka dieu." Umi,. "Mangga", tuluy nyampeurkeun bari haseum budi. Dasima, "Geura balanja ka warung geus meujeuhna ngejo." Umi, "Lah rada rieut, Ema bae ka ditu," bari kerung. Dasima, "Keun bae ari teu daek mah, mangke bae ngadagoan Titi sugan daekeun." 28
PNRI

Barang Titi geus datang, gek diuk bari ngasorkeun bako jeung gambir, ceuk indungna, "Nyai wayahna bae cape oge, geura meuli angeuneun jeung sambeleun keur nyampakkeun bapa tereh datang, jeung meuli kalapa urang nyobek oncom." Titi, "Mangga", tuluy indit ka warung, henteu lila geus datang deui, ti dinya prak mirun seuneu, ngala cai, tuluy ngejo mantuan indungna; ari Umi mah jongjon bae ngomong jeung seuseurian, sukan-sukan jeung barudak tatanggana. Barang nyangu geus asak, sarta bapana geus datang, brak dalahar,. Ceuk bapana, "Ka mana Umi?" Dasima, "Keun bae, montong dibere nyatu, budak liat birit, bet dititah balanja ka warung wani luput, henteu cara ieu, dititah gancang, kana gawe singer." Bapana, "Heueuh! Bener Titi nya kitu Nyai, kudu h a m pang birit!

29.

KURUNG BATOK

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema anu saeutik kanyahona atawa saeutik panyabaanana, karcsepna cicing bac di imahna, kajadianana saeutik kanyahona. Upamana : Arpin teu aya deui panyabaanana ngan ka Sapen, anak tukang sisir, ngan lamun keur embungeun nyaba, plek bae tara tembong-tembong. Sapen nanyakeun ka bapana, pokna, "Naha Bapa, ari Arpin bet teu tembong-tembong?" Wangsul bapana, "Hih! Datang deui kasakitna, sok r u n g b a t o k." k u -

29
PNRI

30.

KALAPA BIJIL TI CUNGAP

H a r t i n a : rasiahna bijil ti sorangan atawa ngomongkeun rasiahna sorangan. Upamana : Si Sartain jelema culika, lamun nyaba ti peuting sok maledogan imah batur, ngarah guyurna, sumawonna kana imah kangewa manehna, wani unggal peuting bae maledoganana teh, tina bisana si Sartam henteu bisa katangen. Dina hiji mangsa manehna nyaba, reureujeungan jeung anak Lurah, sajalan-jalan seuseurian pada nyaritakeun sakaresep karesepna. Omong si Sartam, "Cing naon karesep silaing Doen?" Wangsul Doen,"Dewek mah ari ti peuting resep nyumpitan kalong." Ceuk Sartam, "Ari dewek mah lain, nya eta resep maledogan imah batur, sumawonna lamun nu bogana keur hees, pck ku urang dibaledog, wani guyur nyararing, malah peuting kamari oge nu maledog imah Bapa Duyeh teh dewek." Eukeur mah Lurah neangan katerangan, katurug-turug kabejaan ku anakna, atuh atoheun, tuluy si Sartam dirawat. Tali omongan si Sartam disebutna : c u n g a p. kalapa b i j i l ti

A t a w a : baca dina buku pieunteungeun No. 47. 31. KAHIEUMAN BANGKONG

H a r t i n a : ginding ku banda titipan, lamun dicokot ku nu boga tinggal di imahna kosong. 30


PNRI

Upamana : Ki Sani katitipan barang ku juraganana, kayaning : meja, korsi, kenap jeung rea-rea deui. Tatanggana nu ngaran Mclan teu nyahoeun yen et barang titipan nanyakeun ka bapana, pokna, "Bapa, naha Ki Sani mana beunghar-beunghar teuing, coba tingali di imahna wani peretek ku parabot, naha et teh warisan atawa beunangna meuli?" Jawab bapana, "Lain, Ki Sani mali ngan k a h i e u m a n b a n g k o n g bae, et barang kagungan Juragan Camat Lembang, dununganana." 32. KATEMPUHAN BUNTUT MAUNG

H a r t i n a : ngagantian kasusah batur. Demi asalna nu matak aya paribasa kitu, kieu : Jaman baheula aya hiji jalma keur lumaku, barang nepi ka hiji saung, tuluy ngiuhan, ari ngareret ka luhur aya buntut maung ngambay, tina sela-sela sarang para saung, marukan buntut maung nu geus misah ti nu boga, sihoreng dina et para saung, aya maung ngdon hees, buntutna moncor kana sarang. Ari ku nu eureun tea, kek dicekel, dibetot-betot bet pageuh nu boga nguliat bari ngaherengan; pikir nu nyekel, "Lamun ku aing dilesotkeun, tangtu ka aing ngudag; geuwat ku manehna dipageuhan, bari rada didonca ka handap." Teu sabaraha lilana, jol aya nu ngaliwat ka dinya, ceuk nu nyekel buntut, "He kisilah! Ka dieu heula sakeudeung, ieu kaula tulung, pangnyekelkeun ieu, kaula aya nu perlu." Nu ngaliwat geuwat nyampeurkeun sarta kek dicekel, jalma nu tadi indit, omongna, "Sing pageuh nyekelna, mangke lamun leupas tangtu ngegel urang." Maung jongjon gegerungan di luhur para, teu bisa indit, sabab dibetot buntutna tea; demi jalma nu tadi les bae henteu da31
PNRI

tang deui." Jadi ieu jelema anyar (nu liwat anyar) : katempuhan buntut maung; lain kudu ngaganti jinisna buntut, tapi katempuhan nyekelan. Upamana : Nyimas Enor dina hiji sore katatamuan hiji awewe, tukang barang sarta sanget panuhunna hayang ditarima ngarereb sapeuting harita, isuk-isuk rek indit deui. Ku Nyimas henteu panjang dipikir tuluy ditarima bae. Subuh-subuh semah balik, sarta ninggalan ka Nyimas Enor hiji karembong weuteuh, minangka pamulang tarima dipcndokkeun. Heuleut dua poe jol aya jalma datang ka imah Nyimas, maksudna neangan barangna leungit, barang nenjo kana kelir aya karembongna, harita keneh Nyimas didawakeun, barang datang ka pangadilan, nu boga pok ngomong, "Nun Juragan, wuri-wuri barang kuring leungit, ayeuna aya kabuktian karembong di ieu jelema, mana kitu oge nya ieu nu maling barang-barang teh." Hakim nyaur, "Enor! Enya maneh geus maling?" Nyimas Enor geuwat ngawangsul, nyaritakeun ti purwa datang ka wekasan. Saur hakim, "Eh Enor! Atuh maneh b u n t u t maung." 33. k a t e m p u h a n

KUKUK SUMPUNG DILAWANAN DADA LEWAH (LEWAY)

H a r t i n a : nu burung dilawanan gelo atawa nu keur ngambek dilawanan. Upamana : Dina hiji lembur aya jelema tukang rahul, katambah gede ambek ngaranna Sajim. Pareng dina hiji waktu, manehna ririungan jeung batur-baturna, sili genti carita ngomongkeun sapamanggih32
PNRI

pamanggihna. Barang keur nuju Sajim carita, kabeh pada ngabandungan, sabab geus pada nyaho yen manehna tukang rahul. Omong Sajim, "Keur waktu bapa dewek hirup keneh mah, euweuh nu wanieun, sabab jelema gagah; nepi ka bisa niir beuteungna sorangan ku halu terus parat kana tonggongna, tapi anjeunna anggur seuseurian henteu nyerieun." Hiji jelema nu ngaran Ajah, henteu percayaeun, tuluy ngomong, "Wah moal enya kapan urang oge lamun kacugak, atawa sakalieun kasura oge nyeri." Sajim molotot sarta ngambek, pedah henteu dipercaya, pokna, "Naha sia teu ngandel? Meureun bae bapa sia mah euweuh kaberekna." Ajah nyeri hate disebut kitu, tuluy nembal bari nyarekan. Sajim jeung Ajah pada singkil rek garelut, kabeneran datang Lurahna di dinya, tuluy disapih. Omong Lurah, "Ajah montong sok ngalawanan Sajim, puguh ge Sajim mah tukang bohong jeung gede ambek, lamun ngalawanan nu kitu paribasana : k u k u k s u m p u n g d i l a w a n a n d a d a l e w a h." 34. KAWAS ANJING KADEMPET LINCAR

H a r t i n a : nu leutik dikaniaya ku dununganana, ari rek ngalawan teu bisa, ngan bati humandeuar bae. Upamana: Nyimas Rebung boga hiji manuk cangkurileung, anu geus lindeuk pisan sarta beger, unggal poe sok dicocoo bae, ku bujangna nu ngaran Sard. Nyimas geus remen nyarekna ka Sarci, tapi tara digugu, jadi juraganana neupdeun hate ka Sarci. Pareng dina hiji poe, eta manuk dicokot tina kurung, tuluy dikencarkeun bari dicetrekan, diparaban, sabot manehna bongoh, Buku Bacaan jilid ka I. (Sund.) 3 33
PNRI

gabrug dirontok1 ucing tuluy dibawa lumpat; Sarci gegeroan menta tulung, tapi lapur henteu beunang deui. Nyimas ambek kacida, ti harita Sarci tara dipalire, hutangna kudu dilunasan sarta lamun henteu dilunasan, Sarci rek diperkarakeun. Ku sabab manehna rumasa dosa sanduk-sanduk ka dununganana, tina henteu bisa ngalunasan hutangna, ku Nyimas tuluy disiksa, unggal-unggal poe dipentrang di buruan sina tunggu poe pare, pibiniheun, isuk-isuk kudu minuhan sakabeh wadah cai, henteu meunang dibantuan ku nu sejen. Karnol batur sasama bujang ngomong ka Enja, pokna, "Enja! Ari kula ku watir nenjo Sarci, disiksa ku juragan, wani geus pias tina kurang sare jeung cape, ari rek menta ka luar da rea keneh hutangna." Enja, "Heueuh! Wani cara a n j i n g k a d e m p e t l i n car bae kawawang-keweweng." 35. KAWAS ANJING TUTUNG BUNTUT

H a r t i n a : ku bawaning atoh atawa ku bawaning susah teu ngeunah cicing di imah udar ider bae. Upamana : Ambu Haer keur nandangan kasusah, nya et hayangeun geura boga minantu, tina nenjo anakna geus lanjang gede. Pareng dina hiji mangsa jol aya nu nanyaan ku hiji anak nu beunghar tur budakna bageur, atuh jol dibikeun bae. Samemeh nepi kana waktu nikah, ambu Haer unggal poe tara aya di imah, los ka duluma, nyaritakeun rek boga minantu, los ka sobatna nyaritakeun kaatohan yen rek boga minantu. Bapa Haer ngomong ka Ambu Haer pokna, "Cing euy maneh montong atoh-atoh teuing, rek boga minantu teh, unggal-unggal poe dideuleukeunana teh ngan utrafc-atrok ka lembur batur, ieu 34
PNRI

mah k a w a s cing." 36.

a n j i n g t u t u n g b u n t u t baeteu daek ci-

KOKORO MANGGIH MULUD, PUASA MANGGIH LEBARAN

H a r t i n a : nuduhkeur ka jelema anu mangpang meungpeung. Upamana: Si Saju boga dulur awewe ngaranna Anis, duanana kasangsara, hakan pakena kurat-karet pisan, unggal-unggal poe Anis ngalaan genjer jualeun, ari Saju ngarit. Kacaritakeun Bapa Aman dulur Bapa Saju jelema beunghar di lembur Cikupa, ayeuna maot henteu boga ahli waris, jadi sagala raja kayana ka milik ku Saju jeung ku Anis. Sanggeus nampa warisan eta dua jelema royal kacida, meuli papakean nu aralus, barang daharna kudu loba sarta ngareunah. Unggal-unggal poe Saju jeung Anis dodokaran dua tilu kali dina sapoe, sarta ganti-ganti pakean nu aralus. Si Amsin baturna balang siar ngomong ka akina pokna, "Aki kuring kaget ku Anis jeung ku Saju, ayeuna mah jadi beunghar, papakeanana jadi loba jeung aralus." Ceuk akina, "Kapan anyar meunang warisan ti uana, coba geuning sakitu royalna, tumpak dokar oge, dua tilu kali sapoe, eta moal burung kitu, ceuk paribasa oge: k o k o r o m a n g g i h mulud, puasa manggih lebaran." 37. LODONG KOSONG NGELENTRUNG

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu rea omongna tapi teu aya pangartina, eta jelema tea sok ngaku-ngaku bisa kana sagala 35
PNRI

rupa gawe, ana prak digawe, kieu luput kitu luput, ngan omongna bae harus, ngaku-ngaku bisa, nu kitu sok discbut : L o d o n g kosong ngelentrung. Upamana : Baca dina buku pieunteungeun No. 34. Bangkong jeung sidat. 38. LEUTIK CAHAK GEDE COHOK

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu ngaluarkeunana rejeki, leuwih rea ti batan pangasilanana. Upamana : Arkum jadi mandor di hiji toko, bayaranana dina sabulan f 25, manehna nyewa imah dina sabulan f 6, mayar dua bujang, nu bayaranana hiji bujang f 3, jadi dua bujang f 6. Geus nganjuk hiji kuda harga f 50, baris mayar nungtut dina hiji bulan f 10; mayar tukang ngarit dina 1 bulan f 3, balanja dina sapoe kurang leuwih f 1, meuli surutu jeung susu dina sabulan beak f 3.50. Jadi Arkum dina hiji-hijina bulan, kudu ngaluarkeun duit leuwih tina kauntunganana nu tangtu; demi kauntunganana ngan f 25. Ari ngaluarkeunana : kanasewaimah mayar dua kuli hutangkuda tukangjukut balanja hutang surutu jeung susu jumblah dina hiji bulan Jadi
*)

f f f f f f f

6. 6. 10. 3. 30.3.50 58.50*)

unggal-unggal

>

dina

tutup

bulan, kakurangan duit

f = gulden, duit Walanda = Rupia

PNRI

f 58.50 f 25 = f 33.50, gcuwat manehna nginjeum duit renten, dina f 30 kudu mayar f 36. Lila-lila hutangna beuki loba, tina ngarasa ripuh kudana dijual deui dipisekeun, tina ku bawaning butuh, tungtungna kluar tina pagaweanana, tuluy ngencul ka nagara sejen ninggalkeun pamajikanana; jadi Arkum disebut dina paribasa : 1 e u t i k c ahak gede cohok. 39. MORO TAYA TINGGAL KAYA

H a r t i n a : pakaya nu geus mukti nu taya kakurangna ditinggalkeun, hayang pindah ka tempat nu sing sarwa euweuh, ari maksudna mah hayang leuwih ti nu tadi. Upamana : Kaka Inang jelema teu wudu rada kaya, boga imah alus pinuh ku paparabotan, pakaranganana lega dipelakan rupa-rupa cangkok. Dina hiji waktu manehna meunang beja, yen dina hiji kontrakan nu kakara dibuka, rame kacida, jeung rea kauntunganana, malah lamun aya nu daek bubuara di dinya tangtu tereh kaya. Kaka Inang geuwat nyalukan dulurna disina nungguan lembur imah jeung paparabotan; kitu deui upama aya nu rek meuli, hade jualan bae, serta dibere surat kawasa baris ngajualan raja kayana. Isukna bral manehna pindah, saanak' bojona ngajugjug kontrakan anyar tea, barang datang, tuluy nyieun imah luareun kontrakan sarta tuluy ngebon. Teu sabaraha lilana ti saentas Kaka Jnang pindah, di lemburna rajol jelema nu mareuli paparabotan, malah imah jeung pakaranganana payu. Demi dulurna geus nampa duit, ladang barang-barang tea, tuluy ngencrud ka Deremayu. 37
PNRI

Kacaritakeun Kaka Inang sanggeus pindah, bet henteu betaheun tina sabab metakeun tani teu jadi, dagang kalah ka rugi, katurug-turug anak jeung pamajikanana geringan. Geus kitu imah jeung lemburna tea dijual deui sapayuna, ari geus beres, tuluy balik ka jamanna, tapi imahna jeung lemburna, geus dijual ku dulurna nu ngencrud tea; Kaka Inang hookeun, tuluy ngomong ka bojona pokna, "Bo! Pamajikan, kalakuan urang asup kana paribasa : m o r o t a y a t i n g g a l k a y a , tungtungna lapur pisan." 40. MANUK HIBER KU JANGJANGNA

H a r t i n a : jalma hirup ku akalna. Upamana : Subuh-subuh Pa Erot geus nyampeur ka Tasmad rek ngala suluh ka leuweung, sajalan-jalan ngaromongkeun Rd. Arju. Ceuk Tasmad, "Heueuh Bapa, kuring mah sok heran ku Rd. Arju, kapan manehna teh jelema ngalegig teu dagang teu kuli, tapi ginding bae, dahar ngeunah, imah gede jeung senang katenjona." Wangsul Pa Erot, "Ih Tasmad, eta maneh montong heran ari babagian jelema teh teu sarua, aya anu paeh poso cara urang, geuning teu mahi, aya anu sahayura bae kana gawe, cara Rd. Arju geuning senang, jeung montong ngaharu-haru ka nu euweuh gawe, .biheung teuing akalna leuwih ti urang, da buktina ngalegig tapi cukup, imahna gede, duitna loba, geuning carek paribasa oge : m a n u k h i b e r ku j a n g j a n g n a , j a l m a h i r u p oge ku akalna." 41. MAREBUTKEUN BALUNG TANPA EUSI

H a r t i n a : marebutkeun nu teu aya pihasileunana. Upamana : 38


PNRI

Aki Ujid ngomong ka pamajikanana pokna, "Nini, lamun urang nimu duit sarewu atoh temen nya?" Wangsulna, "Atuh puguh bae." Aki, "Kami mah meureun geuwat bae meuli kuda Sandel baris pelesir, selana oge kudu sela Inggris." Nini, "Wah maneh mah kana kuda Sandel, tumpakna oge moal berek, kumaha mangke lamun dibawa kabur, kami mah lamun nimu rek meuli suweng inten nu gede, meureun ginding, jeung moal maraban sapopoe cara kuda." Aki, "Wall kumaki hayang disuweng inten, nu neuleu oge meureun nyeungseurikeun, aya nini-nini beberenjen." Nini, "Naha kumaki? Da make mah euweuh larangan, masi boga inten sagede peureup oge, teu naon-naon, balikan maneh make hayang tunggang kuda Sandel, meureun ceuk nu nenjo oge, "Naha aya aki-aki ningkah cetaan teuing, mending mun pantes, atuh aki-aki tujuh mulud mali, ngajedog bae hareupeun hawu." Aki Ujid ngambek tuluy nyentak pokna, "Meugeus montong nyacapek kitu relie." Nini ngambek disentak tuluy ngomong bari nunjuk kana irung aki, pokna, "Deuleu ituh ngambek! Bet teu boga ka era, naha saha tadi nu ngamimitian, kapan nu kitu cucungikna." Aki beuki ambek tuluy indit bari ngomong pokna, "Ambuambu sia cucungak cucungik, bari nini ditajong datang ka ngajumpalik; nini ceurik midangdam pokna, "Tulung! Tulung! Aya akiaki edan!" Teu lila Lurah datang morongos pokna, "Ku naon asalna?" Ku nini dicaritakeun ti awalna, sanggeus tamat, Lurah morongos deui pokna. "Hih, ieu mah kolot pada gejul, bet m a r ebutkeun b a i u n g t a n p a e usi, a t a w a mareb u t k e u n p ai s a n k o s o n g . "

39
PNRI

42.

MONYET KAPALINGAN JAGONG

H a r t i n a : tukang maling kapalingan atawa tukang nipu ka tipu. Upamana : Si Artiman geus mashur yen manehna tukang maling ti leuleutik, nepi ka kolot euweuh deui gawena ngan maling bae; malah dibuangna oge geus dua kali, lantaran maling kuda jeung ngabongkar. Dina hiji peuting manehna badami jeung pamajikanana nya et rek nyundatan anakna, pokna, "Pamajikan! Minggu hareup urang nyundatan si Ujang tea, da papakean jeung duit geus sadia, geura cokot urang pariksa." Ti dinya tuluy pamajikanana nyokot pakean budak rawuh duit, barang diroris, pakean aya sapuluh pangadeg, duit aya tilu ratus perak, sanggeusna pakean jeung duit diteundeun kana kompor tengah imah, henteu diampihkeun deui, ka urutna tadi, tina boga rasa, moal aya nu wanieun ganggu, sabab manehna geus sohor jadi bangsat, tuluy bae harees. Isuk-isuk Artiman jeung pamajikanana kaget, sabab komporna ayeuna euweuh, ari diteangan, bet kapanggih ti kebon, ari pakean jeung duit geus euweuh, pamajikanana gero bae ceurik, ari Artiman geuwat lapor ka Lurah, barang geus nepi tuluy dicaritakeun yen manehna kapalingan. Ceuk Lurah bari seuri, "Artiman maneh mah asup kana paribasa, m o n y e t k a p a l i n g a n j a g o n g . " 43. MAUNG OMPONG, KARETA KOSONG, BEDIL KOSONG

H a r t i n a : henteu weleh risi atawa sieun; nurutkeun lum40


PNRI

brahna jaman baheula, lamun aya kareta, di jerona dititihan ku pangagung, (nu tunggangna pangagung) ; ari ku pangagung tea kudu bae isin, atawa maung najan geus ompong kudu bae gila, tina ngingetkeun kana adat maung sok ngahakan (galak); nya kitu deui bedil, najan kosong henteu weleh risi bisi eusian. Upamana : Armin ngomong ka akina pokna, "Lah Embah! Aya reuwas tadi di alun-alun, kuring papanggih jeung si Junan, ari prok teh, tuluy ngasong-ngasong bedil bari ngomong pokna, "Hag! Sia dibedil ku aing." Atuh kuring ngajerit bari tulung-tulungan; sihoreng bedil kosong. Akina seuri bari ngomong, "Atuh puguh bae matak reuwas mah, sabab bisi eusian, anu nuduhkeun herteu weleh-weleh risi nya eta dina paribasa : M a u n g o m p o n g , k a r e t a k o song, b e d i l k o s o n g ; geura k u maung sumawonna kakara ompong, hingga geus paeh teu weleh gila." 44. MEUNGPEUN CARANG

H a r t i n a : puguh manehna nu maling, api-api milu neangan atawa nyaho-nyaho api-api teu nyaho. Upamana : Endor budak panjang leungeun, ana maling henteu tolih ka baraya atawa ka dulur. Hiji mangsa adina nyaba ka pasar, barang Endor nyahoeun yen adina ka pasar, geuwat asup ka imahna, nyokot kurabu jeung geulang, tuluy disumputkeun. Teu lila dulurna datang ti pasar, barang mariksa bandana teu aya, gero bae ceurik. Tatanggana rajol bari milu neangan, disingkaban, dina handapeun samak, ka handapeun lampit jeung ditempoan ka kolong, malah Endor oge milu neangan tempa-tempo sungkab-singkab. 41
PNRI

Ambu Jumat noel ka Jimah ban ngaharewos pokna, "Boa ku Endor." Walon Jamah, "Wah moal enya, kapan manehna oge milu neangan jeung semu milu susah, geuring nyarekan bae ka nu malingna, pokna lamun kapanggih rek dicabok." Ceuk Ambu Jumat, "Hih atuh meureun, c a r a n g bae." 45. meungpeun

MAPAY KA PUHU LEUNGEUN

H a r t i n a : mamawa ka kolot, atawa ka dunungan, nu dicarekan manehna mamawa ka kolotna, atawa nu dicarekan muriridna, mamawa ka guruna. Upamana : Miming pasea jeung Nono, ceuk Miming, "Nono sia montong kumaki teuing, pedah eta sia make baju alus, totopong weuteuh? Kajeun teuing da aing moal datang ka nginjeum ka sia." Carek Nono, "Montong miwir kitu sia, lain pedah aing make papakean weuteuh, tapi eta sia sok kadak-kodok kana saku aing, mana kitu oge sia rek maling." Miming, "Sabaraha kali aing dibui? Deuleu aing mail malarat oge pantes da teu bisa nipu cara bapa sia, geuning kamari ieu oge bapa sia mall dibui da tukang ngarinah." Nono, "Meugeus deuleu, montong nyapluk kitu, wani mah hayu urang ka tegal, galungan jeung aing, ieu mah bet (m a p a y k a p u h u l e u n g e u n ) , siturunan belengong sia!" 46. MIHAPE HAYAM KA HEULANG

H a r t i n a : mihape atawa titip duit, atawa barang ka bangsat, tangtu rereana lapur dipake, cara heulang kabeukina hayam, 42
PNRI

ayeuna diserenan, nya tangtu dihakan. Kitu deui adat bangsat, sumawonna dititipan barang atawa duit, najan teu kitu oge sok hayang bae ka banda batur teh. Upamana : Asiani hiji jelema geus mindeng diabuskeun ka bui, tina sabab sok daek maling banda batur. Demi Apen tatanggana meunang warisan ti dulurna duit dua puluh mpia, manehna atoheun pisan, tuluy ka pasar rek meuli totopong. Barang datang ka pasar prok papanggih jeung Aslam. Omong Apen, "Aslam! Cing dewek anteur rek meuli totopong, pangmilihkeun ku silaing nu alus, ulah nu dusun." Ceuk Aslam, "Apen ari hayang nu alus mah atuh isuk deui bae isuk-isuk, ari ayeuna mali cumah geus beurang teuing." Carek Apen, "Heug bae isuk oge asal ulah bohong, kudu isuk-isuk pisan, maiali ieu duitna dewek mihape tah dua puluh perak." Omong Aslam "Ka dieuh," bari ditampanan, isuk-isuk pisan ku dewek disampeur ka imah silaing." Isukna pukul genep Apen nunggu, tapi Aslam euweuh bae, tuluy disampeur ka imahna, barang ditanyakeun ka Ambu Aslam pokna, "Erna ka mana tuang putra?" Wangsul indungna, "Nyao teuing da ti kamari oge teu datang, keur udar ider bae neangan duit keur bekel ka Surabaya." Apen reuwaseun tuluy neangan bari namanyakeun ka unggal jelema, tapi weleh teu aya nu papanggih, jadi duit Apen lapur henteu katampa deui. Carek baraya Apen, "Apen eta bongan manch, naha atuh mihapekeun duit ka Aslam, kapan nyaho'eta teh bangsat, jadi maneh asup kana paribasa : m i h a p e h a y a m k a h e u l a n g .

43
PNRI

47.

MORO JULANG, NGALEUPASKEUN PEUSING

H a r t i n a : nu kamanigan, ninggalkeun kauntungan nu geus tangtu, moro nu cacan puguh. Upamana : Abid mandor toko boga bayaran dina sabulan dua puluh. Hiji poe papanggih jeung pamanna nu pulang ti Batawi, sarta nyarita yen di Batawi nu jadi mandor galede gajihna, lipet dua tilu kali ti batan di dieu. Abid kabita pisan ngadenge carita pamanna, harita oge geuwat bae menta ka luar ti dununganana. Isukna bral arindit ka Batawi jeung bojona, barang datang, manehna asup ka toko-toko menta jadi mandor, tapi teu aya nu ngasupkeun tina geus aya, aya oge hiji-hijieun nu rek ngajadikeun mandor, tapi bayaranana ngan ukur lima belas rupia. Abid hanjakaleun pisan, tuluy balik deui kalemburna, arigeus datang, menta deui asup ka dununganana, tapi teu ditampa sabab geus aya gantina. N u kitu disebut : p e u s i n g. Baca 48. dina morojulang, ngaleupaskeun

buku

Pieunteungeun

No.

66.

MELENGKUNG BEUKAS NYALAHAN

H a r t i n a : nu ditaksir hade jadina, tapi goreng jadina. Upamana : Aya hiji budak ngaranna Embun, ku bapana tuluy disakolakeuh tina kataksir eta budak bageur. Barang Embun geus abus ka 44
PNRI

sakola, maju pisan, malah dipikanyaah ku unggal guru. Unggal taun Embun naek kelas, kolot-kolotna nyaraaheun kacida. Ku sabab Embun sakitu getolna jeung seukeutna, tuluy dipindahkeun ka sakola luhur, wates sataun budak teh terus bae maju, maiali guruna oge geus ngira yen Embun bakal jadi budak hade sarta mo burung lulus. Ka dua taunna mimiti Embun ngedul, ku sabab ngedul tea, ayeuna mundur, lila-lila manehna embung pisan indit ka sakola, tungtungna dilepas ti sakolana. Tina sabab henteu nurut ka kolot, ku bapana ditundung. Embun tuluy indit, utrak-atrok nurutkeun napsuna; tina sabab kurang sandang pangan, balik ka kolot era, tungtungna maling, datang ka katangkep tuluy diabuskcur ka bui. Nu sarupa kitu disebut dina paribasa : m e l e n g k u n g beukas nyalahan. 49. NAHEUN BUBU PAHAREUP-HAREUP

H a r t i n a : pahutang-hutang. Upamana : Sastra ditanya ku Jaya pokna, "Sastra kumaha Arta geus ditagil ku silaing, jeung totopong silaing geus dipulangkeun?" Sastra, "Acan." Jaya, "Naha kapan geus lila naker?" Sastra, "Saenyana dewek teu pati wani nagih ka Arta, da bareto dewek boga hutang, jeung nginjeum baju ti manehna, nepi ka ayeuna tacan keneh bae." Jaya, "Kumaha Arta henteu nanyakeun?" Sastra, "Henteu." Jaya, "Euh! Paingan atuh, ari kitu mah : n a h e un b u b u p a h a r e u p - h a r e u p." 45
PNRI

50.

NU BURUNG DIANGKLUNGAN, NU EDAN DIKENDANGAN nu salah dibener-bener, diheueh-heueuh, di-

H a r t i na : enya-enya. Upamana :

Bace, Amus jeung Dase ngaromong. Carek Bace, "Merak mah bangsa manuk ranca, maiali kabeukina wungkul lauk cai." Omong Amus, "Aeh! Aeh! Naha silaing nyalio bener eta nya pinter." Bace ngomong deui bae, pedah dipuji pokna, "Malah ceuk ema oge merak mah kukuncungan da ratu sakabeh manuk sarta nyabana ti peuting, tara ti beurang." Carek Dase, "Heueuh bener eta, da ceuk bapa dewek oge nya kitu." Omong Bace, "Merak lamun keur usum gering sok jadi jurig, ceuk nini." Ceuk Amus jeung ceuk Dase, "Atuh puguh bae sarerea oge geus pada terang"; terus Bace pada ngaheueuh-heueuh. Barang geus baralik ka sa imah-imahna, Amus bebeja ka bapana bar seuseurian nyaritakeun omong Bace. Ceuk bapana, "Atuh ari kitu mah : nu b u r u n g d i a n g k l u n g a n n u e dan dikcndangan." 51. NU ASIH DIPULANG SENGIT, NU HAAT DIPULANG MOHA

H a r t i n a : nu ngalampahkeun kahadean disangka goreng (kahadean dibales ku kagorengan). 46


PNRI

Upamana : Bapa Kerta boga munding tilu siki, paranti migawe sawahna, unggal-unggal poe sok diangon ka tegal ku si Ambal. Dina hiji waktu munding teh diangon ka tegal sisi sawah Bapa Jali, sabot si Ambal keur mandi, munding tiluanana turun kana sawah Bapa Jali, ngahakanan pare beunang ngarambet. Ti dinya jol si Muna datang ka dinya, barang nenjo munding Bapa Kerta keur nyatuan pare, geuwat dipanggebahkeun, tapi munding teh lain lalumpatan ka tegal, lumpatna ka tengah sawah, atuh sawah Bapa Jali lebur. Henteu lila jol Ambal entas mandi, nenjo mundingna aya di tengah sawah, tuluy ngomong bari molotot ka si Muna pokna, "Naha sia ngagiring-giring munding ka tengah sawah?" Wangsulna, "Hih lain digiring-giring ka tengah, ku dewek dipanggebahkeun, tapi munding teh anggur lalumpatan ka tengah." Si Ambal kukulutus nyarekan si Muna, bari tuluy ngagiringkeun mundingna ka tegal. Geus kitu datang Bapa Jali, barang nenjo sawahna geus ruksak, tuluy indit ka Bapa Kerta menta diganti karugian. Si Ambal geuwat dicalukan, barang geus datang tuluy diweweleh, dinaha-naha ngangon munding lalawora, ari jawabna, "Bener et munding ngaruksak sawah, tapi digiring-giring ku si Muna." Carek Bapa Kerta, "Hade kaula ngaganti karugian, tapi hayang duaan jeung Bp. Muna, ari misti qnah kaula henteu kudu, nya Bp.Muna bae, da bongan digiring-giring ku anakna, tapi tina ngingetkeun munding kaula kajeun ku duaan bae." Harita keneh Bp.Muna diala sarta tuluy dicaritakeun ti asalna, najan si Muna teu rumasa, keukeuh bae ku si Ambal dituding bari dicarekan. Ceuk Bp. Muna, "Keun bae ngagantian sakitu-kitu bae mah, nam geura balik, jadi kalakuan maneh et asup kana paribasa : 47
PNRI

nu

a s i h d i p u l a n g s e n g i t , nu (h a a t) d i p u l a n g m o h a." 52.

n y aah

NU TITEULEUM DISIMBEUHAN

H a r t i n a : nu keur cilaka dipupuas, atawa nu keur dipite nah diwuwuh dienya-enya. Upamana : Dina hiji poe Ambu Sarija pada ngariung, kapitenah maling suweng ku Nyi Merat; omong Nyi Merat, "Ayeuna mah Ambu Sarija aku bae, da moal ku saha deui." Ambu Sarija, "Kuring henteu, saumur oge kuring mah palias tara.daek cukat-cokot ka nu batur, jeung kakara ayeuna bae ku Nyai, kuring dituding teh, bet naha diri kuring apes-apes teuing, nepi ka kieu", bari ceurik. Ceuk tua kampung, "Wah Ambu Sarija, montong ceurik, da euweuh deui nu pinyokoteun teh lian ti maneh, geuning kamari maneh talanja loba ka pasar, duitna meureun ladang suweng." Ambu Sarija bari ceurik, "Rumaos kamari kuring balanja, tapi lain nu kuring, dipiwarang ku Juragan Lurah istri." Ceuk Jurutulis, "Ari tadi maneh ngais naon, geuning gagancangan, mana kitu ge rek ngajual eta suweng, ari teu lila maneh mawa duit, lamun henteu ladang suweng meureun beunang maling." Ambu Sarija, "Enya tadi kuring leumpang gagancangan, dijurung ku pun adi ngagadekeun geulang, meunang dua perak, malah suratna aya di pun adi." Carek Lurah, "Meugeus! Meugeus! Montong pada nuduh teuing, kumaha buktina bae, jeung henteu hade, puguh nu keur t i t e u l e u m , hayoh d i s i m b e u h a n . "

48
PNRI

53.

NGAJUL BULAN KU ASIWUNG, MESEK KALAPA KU JARA

H a r t i n a : karep nu moal kajadian (hese kajadianana). Upamana : Pepe ngomong ka indungna pokna, "Ema kuring mah ku hayang boga imah ku perak wungkul, ari pantona ku emas sarta pepentolna ku inten sagede-gede peureup, leuh alus temen." Wangsul indungna, "Karep nu moal kajadian diomongkeun, sumawonna boga imah perak wungkul, panto emas pepentol inten, kapan boga imah sagede kieu oge pamere paman maneh; kahayang maneh kitu asup kana paribasa : n g a j u l b u l a n k u asiwung, m e s e k k a l a p a ku jara." 54. NGADU-NGADU RAJAWISUNA

H a r t i n a : maradukeun. Upamana : Dina hiji poe Nyi Nasi ocon jeung bibina ngaran Nyi Ubi, nya et sili poyok gelung, waktu harita ayatatanggana ngaran si Suh. Barang nu arocon geus rada reureuh, tuluy Nyi Ubi balik bari gegelendeng ka Nasi pokna, "Boga alo nurustunjung, benerna lamun manggih gelung penjol saeutik mah keun bae, montong diera-era, henteu rumasa, geuning gelung manehna oge jueung, ngadon nyongclo dina embun-embunan kawas nu nyuhun aseupan." Si Suli geuwat nyampeurkeun Nyi Nasi mupulihkeun omong bibina tea, atuh Nyi Nasi ngambek pokna, "Paduli teuing masih disebut nyuhun aseupan oge, da manehna oge teu geulis, henteu, kalah kacetaan bae make jabing, rarasaan teh jadi Punianjung."
Buku bacaan jilid ka I. (Sund.) 4

49
PNRI

Si Suli geuwat indit deui ka Nyi Ubi ngomongkeun sakumaha ceuk alona, Ubi tambah ambekna pokna, "Paduli da manehna ge teu geulis henteu, keur tenggeng teh katambah jiga kedok bakal." Teu lila jol indung si Suli, nyekel leungeunna bari ditungtun pokna, "Euleuh-euleuh naha sia kit gawe, goreng biwir, geus ngajedog d i imah, bet n g a d u - n g a d u r a j a w i s u n a . " 55. NYANGGAKEUN SUKU GENTENG BELOKKEUN, BEUHEUNG TEUKTEUKEUN, DISIKSIK DIKUNYIT-KUNYIT, DICACAG DIWALANG-WALANG H a r t i n a : nu tomada masrahkeun badan sakujur rek dikieu-kieu ge sumangga tina rumasa dosa. Upamana : Ajam dipihapean duit f 10 ku Tasmud keur ka dulurna ngaran Ahe, di satengah jalan aya nu dagang totopong harga f 10, tina ditaksir ku Ajam eta totopong, lamun dijual deui payu f 15, ku sabab kitu duit piliape tea tuluy dibeulikeun. Ari datang ka imahna geuwat nawar-nawarkeun totopong tea, tapi weleh euweuh nu rek meuli, aya oge nu nawar ngan ukur nepi ka f 6. Ajam beuki bingung, ku sabab sieun kaburu katanyaan, geuwat sasadu (tomada) ka Ahe, pokna, "Jang! Sadaya-daya kuring tch geus gasab kana kagungan, nya eta duit ti tuang raka 10 rupia, ku kuring dibeulikeun kana totopong, satadina sugan payu f 15, ari ditawarkeun henteu aya nu wani, jadi ayeuna kuring nyanggakeun badan sakujur, n y a n g g a k e u n s u k u g e n teng b e l o k k e u n, ceuk wiwila ngan disiksik dikunyit-kunyit dicacag diwalang-wal a n g iklaspisan."

50
PNRI

56.

NYA DI HURANG, NYA DI KEUYEUP

H a r t i n a : boh menak boh kuring, wiwirangna jeung kateungeunahan hate sarua bae. Upamana : Ki Jalidin boga hiji anak lalaki geus jadi Lurah, eta Lurah bengis kacida, upama aya somahan salah, sumawonna gede kasalahanana, najan saeutik, terus dicarekan atawa diteunggeulan. Dina hiji mangsa aya hiji somah maling pare, katangkep, tuluy dibawa ka desa jeung parena, barang dipariksa ku Lurah, somah trus trang bae teu aya pisan matak keuheulna. Ku sabab Lurah bengis, tuluy nyokot iteuk, bangsat teh dihantem diteunggeulan datang ka bijil getih. Waktu harita katenjo ku Jalidin, tuluy Lurah dicalukan ka jero imah, barang geus datang, Jalidin ngomong pokna, "Ki Lurah! Maneh ulah kitu, kapan eta bangsat teh geus mangaku, rasa bapa teu aya matak pusingna, naha make disiksa, masing inget ari kanyeri hate tea, n y a d i h u r a n g , n y a d i k e u y e u p , hartina taya menak taya kuring taya kolot taya budak sarua bae." 57. NGAHURUN BALUNG KU TULANG

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu keur susah. Upamana : Kawapi nganjang ka Empet, kasampak Empet keur nangkeup tuur bari ngeluk semu aya nu dipikiran, barang ngareret ka Kawapi, tuluy ngomong, "Calik Kang." Kawapi tuluy diuk di tepas bari nanya, "Naha euy kawas keur susah teuing?" 51
PNRI

Empet, "Atuh pugiih Kang, lah geus teu bisa nyarita, tina ku bawaning rea." Kawapi, "Naon ka susah teh, cing wakcakeun ka akang, sugan bae akang bisa nulung?" Empet, "Nya ! Lamun sakira ditulung mah mangga." Ti dinya pok Empet nyarita, "Beu! Kang, dina mangsa ayeuna kuring teh keur prihatin pisan, babakuna nomer hiji kasusah kuring ku lantaran katinggal ku pun anak;kadua pamajikan geus balik ka Majalengka; katilu teu gaduh pagawean, tina repot ngurus barudak nu ditinggalkeun ku indungna tea; kaopat kuring teh nyewa sawah dua bau, ayeura teu kaala saranggeuy-ranggeuy acan ku hama mentek; tali sakitu kasusah teh." Kawapi, "Ari ayeuna kieu, coba sing janglar ulah dipake nguluwut, barudak teundeun di akang sawareh, jeung cokot beas di imah sapikul, baris jualeun, mayarna nungtut, batina keur dahareun barudak, jinisna beulikeun deui, ulah ngan n g a h u r u n b a l u n g k u t u l a n g bae." 58. NYALINDUNG TI CAANGNA

H a r t i n a : ngajepit barang abdina, atawa ngagedean pajeg, ngadakukeun piwarangan nu Agung. Upamana : Ki Asmali jadi kawasa nguruskeun sawahna Haji Arip, ditangtukeun sewaanana sawah dina sabau sacaeng. Jadi Ki Asmali boga pirang-pirang rahayat, kitu deui gawena ngan muter bae ngaronda sawah jeung nyokotan sewaan. Ki Asmali mikir di imahna hayang meunang kauntungan ti rahayat-rahayatna; barang geus kapikir, tuluy panyawahna dicalukan kabeh, ari geus kumpul Asmali ngomong pokna, "Sakabeh panyawah, saur nu kagungan ieu sawah, saha-saha nu daek nyewa dina sabau sacaeng salawe, geura sarambut, lamun teu daek rek di 52
PNRI

Ka nu sejenkeun." Tina panyawah-panyawah tea barutuheun, tuluy pada sanggup bae, ti nimbang jeung dicabut mah. Di mana usum dibuat Ki Asmali untung pisan tina leuleuwihanana jeung nampa persen ti dununganana. Jadi kalakuan Ki Asmali, kaasup kana paribasa : n y a 1 i ndung ti caangna. 59. NGAGEDAG BARI MULUNGAN

H a r t i n a : nanyakeun hiji masallah, nu manehna tacan nyaho (ngarti) tuluy dipake nyual ka batur, ari manehna mah api-api nyaho bae. Upamana : Arma ririungan jeung baturna tuturucingan sili tempas pada ngabarijilan. Ceuk Ahi, "Turucing, ari barang hakan katenjo, ari teu barang hakan teu katenjo?" Batur-baturna euweuh nu ngajawab, malah Arma oge teu bisaeun (teu nyahoeun) teu lila bubar riunganana. Arma ngunek-ngunek bae hayang nyaho, ari rek nanya era, tuluy bae nyampeurkeun ka bibina, barang datang Arma pok ngomong, "Lah Bi bieu kuring mentas tuturucingan, malah kuring boga tuturucingan nu model, batur sakitu.lobana euweuh nu bisa nimukeun." Bibi, "Naon tuturucingan teh?" Arma, "Ah moal enya Bibi ge nyaho," Bibi, "Cing pok sugan bae bisa." Arma, "Lamun barang hakan katenjo, lamun teu barang hakan teu katenjo." Bibi, "Hih babari eta mah : seuneu!" 53
PNRI

Anna, "Naha seuneu?" Bibi, "Geura pek maneh udud, lamur seuneu henteu ngahakan daun kawung jeung bako, moal katenjo, atawa nu neker jeung nu ngotretkeun kerekan, da seuneu nyatu lunglum, atawa nyatu kayu api geuning tembong. Anna, "Bener Bi, sarua eta jeung kuring nya kitu." Eta kalakuan Anna : 60. ngagedag bari mulungan.

NGALIARKEUN TALEUS ATEUL

M a r t i n a : ngomongkeun, atawa ngabeja-bejakeun omongan anu tcu hade, anu matak cilaka, atawa matak era. Upamana : Ambu Ernes ngomong ka Sakum pokna, "Kami boga hiji buli-buli, gawena : lamun maneh hayang beunghar asal dikukusan bae, geura mangke poe Jumaah maneh datang ka dieu, asal mawa duit bae kcur meuli rujakeun." Wangsulna, "Mangga, tengah poe kuring rek ka dieu." Si Iwik tatanggana nyahoeun, geuwat bebeja ka batur-baturna, pokna, "Mangke poe Jumaah Ambu Emes ngajangjian si Sakum, rek ngukusan buli-bulina supaya si Sakum beunghar, asal mawa duit bae keur meuli rujakeun, cing hayu urang marilu sugan bae urang baleunghar." Keur waktu ngomong, kadenge ku indungna. Ceuk Ambu Iwik, "Hih Iwik, sia sok ngomong teu puguh, ieu mail didenge-dengena, n g a l i a r k e u n t a l e u s a t e u l , geus geura balik." 61. NANGKEUP MAWA EUNYEUH

H a r t i n a : nu menta ditulungan, ahir mawa cilaka ka nu 54


PNRI

nulungan tea. Upamana : Si Epeng pada nyusul ku pulisi, sabab manehna geus maling hiji erloji perak ti baturna, si Epeng kenceng lumpatna, ngajugjug ka pamanna ngaran Bp.Oher, barang datang tuluy ngomong pokna, "Mang! Kuring tulungan, hayang disumputkeun ku Emang, jeung lamun aya nu nyusul, ku Emang kudu dikilungan." Ceuk Bp.Oher, "Na ku naon dosa?" Wangsulna, "Geuwat! Nya kumaha mangke bae dosa mah?" Si Epeng geuwat ka para, sarta ngarimbunan maneh ku kadut. Teu sabaraha lilana jol pulisi-pulisi datang sarta nanyakeun si Epeng, pokna, "Ka mana bieu si Epeng?" Bp. Oher, "Duka! Teu aya ka dieu mah, geus heubeul teu nenjo-nenjo." Pulisi panasaran pok ngomong, "Eh Bp. Oher! Montong dikilungan mending mana mangke dirahrah ku kaula." Bp.Oher, "Mangga dirahrah oge, da enya euweuh." Pulisi-pulisi tuluy arasup ka jero imah sarta hantem ditempoan ka pangkcng-pangkeng teu aya, barang dirahrah ka para beh bae si Epcng keur ngagulung maneh ku kadut, gancang dibawa turun, kitu deui Bp. Oher ayeuna karawat ku pulisi sabab wani-wani nyumputkeun bangsat. Jadi kalakuan si Epeng : n y e u h. 62. n a n g k e u p m a w a e u -

NEPAK CAI MALAR CERET

H a r t i n a : anu hasud ka batur (manehna hayang dipihade). Upamana : 55


PNRI

Di lembur Sadang aya hiji jelema ngaranna Amang, loba sobat-sobatna tina jelemana bageur, beber tangan, someah, akuan ka nu kieu-kieu teh, lamun dianjangan resep suka bae. Kitu deui lamun sobat-sobatna tea aya pangabutuhna atawa karerepetna, ku Amang sabisa-bisa ditulungan. Ti antara sobat-sobat Amang, aya hiji jelema nu ngaran Durji, manehna kurang suka atina, tina Amang loba sobat tea, pikirna, "Lamun Amang loba teuing sobat tangtu ka aing moal sakumaha hadena, atawa kurang asihna atawa pitulungna, ayeuna leuwih hade ku aing dibengkahkeun, supaya Amang henteu nyobat jeung nu sejen. Hiji mangsa Durji tuluy nyaba ka Astu jeung Warta, sobatna Amang keneh, barang datang tuluy ngomongkeun pokna, "Lah hanjakal ku Amang, ari jelemana sampe cukup, bageur, akuan, bear budi mere maweh, ngan hanjakal ku sok daek ngomongkeun tukangeun, lamun manehna mentas nulling, atawa barang bere, kudu bae diambeng, diomong-omongkeun ka aim sejen, jeung eta nu rehe leli pamajikanana, ku sok kukulutus tukangeun, malah basa urang mentas nganjang tea, pasea, jeung Amang, tina sabab sok loba teuing gawe ngalalayanan semah. Astu jeung Warta hookeun tina kaget, henteu nyana yen Amang sok daek kitu. Ceuk Astu, "Atuh paingan teuing basa dewek ka ditu pamajikanana baeud bae, henteu nyana goreng hate." Ceuk Warta, "Kamari ieu ge dewek rek nganjang ka Amang teu aya, sarta omong pamajikanana heuras, pokna, "Euweuh," tur Amang mah aya bae di imah, ari ayeuna mah keun bae moal dianjangan deui da geus kitu sipatna. Ti liarita Astu jeung Warta tara nganjang-nganjang deui ka Amang, ngan Durji bae nu rcmen teh, bari ngecewis ngomongkeun Astu jeung Warta, pokna, "Amang montong sok hade jeung eta dua jelema, sabab sok daek ngomongkeun ka anjeun jeung ka tuang rayi." Jadi ayeuna Amang malang hatena ka Astu jeung ka Warta, tapi ari ka Durji mah asih, kitu deui Durji hade bac ka Astu jeung 56
PNRI

ka Warta. Tah lampah Durji beunang disebut c e r e t. 63. nepak cai m a l a r

NUNGGUL PINANG

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu gens teii boga pisan baraya. Upamana : Hasan dipariksa ku Juragan Pansiun saurna, "Hasan! Ari bapa maneh aya keneh?" Hasan, "Sumuhun parantos tilar dunya." Pansiun, "Kuma ema aya keneh?" Hasan, "Pun biang oge parantos hilang, saheulaeun pun bapa." Pansiun, "Ari dulur, maneh boga sabaraha?" Hasan, "Sumuhun gaduh opat, namung sadayana parantos teu aya, dupi pun adi mah sapandeurieun pun bapa, pun lanceuk duanana saheulaeun pun bapa sapandeurieun pun biang; jadi awitna pun biang, ti dinya pun lanceuk-lanceuk tras pun bapa geus kitu pun adi kaulanun." Pansiun, "Kumaha baraya-baraya ti indung atawa ti bapa boga keneh?" Hasan, "Sumuhun teu aya, sadayana oge parantos ajal kaulanun." Pansiun, "Euh Hasan, atuh maneh mah geus n u n g g u 1 p i n a n g."

I
PNRI

57

64.

NGUSIK-NGUSIK ULA MANDI, NGOBAHNGOBAH MACAN TURU

H ar ti n a : ngomongkeun deui perkara nu geus jempe nu matak cilaka ka manehna. Upamana : Kamsad jelema bcunghar boga pirang-pirang bau sawah sarta manehna boga dua anak lalaki, lanceukna ngaran Sueb, adina ngaran Suen; Sueb boga sobat ngaranna Sarwa. Barang Kamsad maot, barang-barangna diwariskeun ka Sueb jeung ka Suen. Samemeh diwariskeun Sueb karunyaeun ka sobatna tea, geuwat dibere sawah wariskeuneun dua bau, tina sawahna rea, jadi Sueb mere sawah ka sobatna henteu katara. Barang geus beres diwariskeunana Sueb jeung Suen sakamakama, tuluy et sawah dijualan datang ka beak. Lila-lila Suen nyahoeun yen Sarwa dibere sawah wariskeuneun ku Sueb, tuluy ditanyakeun pokna, "Kang! Enya Sarwa dibere sawah wariskeuneun dua bau?" Wangsulna, "Enya bareto ku akang dibere, tapi keun bae karunya, jeung et jelema bageur, geuning ka urang oge sakitu nurutna jeung hadena." Omong Suen, "Keun bae atuh Kang, asal kuring dibere nginjeum duit bae lima rupia." Ceuk Sueb, "Nya geura cig bae moal burung dibere." Ti dinya los Suen ka Sarwa, ana pok ngomong jol dibere bae ku Sarwa pokna, "Mangga ieu duit f 5 tapi ulah lila teuing ngan ukur sabulan." Wangsul Suen, "Hade." Barang geus meunang sabulan, Sarwa nagih, tapi teu meunang 58
PNRI

bae, Sarwa jengkeleun tuluy indit ka Sueb, sarta bebeja pokna, "Suen hese pisan ditagihna, malah poe isuk mah bakal terus didawakeun, pedah et kuring dibere sawah wariskeuneun." Omong Sueb, "Sarwa atuh duit sakitu mah keun bae, lamun manehna didawakeun, meureun panaseun hatena ka silaing, kumaha mangke sawah silaing anu ti dewek tea lamun didawa ku Suen, tangtu beunang, da enya et sawah bagikeuneun; ari ayeuna keun bae, ulah sok n g u s i k - n g u s i k u l a m a n d i n g o bah-ngobah macan turu." 65. NGADAGO UNCAL MAPAL

H a r t i n a : nunggu nu henteu tangtu datangna. Upamana : Ujang Ais ditanya ku Ipar pokna, "Ais enggeus meuli t o t o pong teh?" Ais, "Puguh acan Kang'" Ipar, "Naha?" Ais, "Minggu tukang kuring geus badami jeung tukang barang, urang Solo nu pulang ti Batawi, pokna : "Lamun pareng ka dieu dui, rek mawa rupa-rupa model." Ipar : "Ari kapakena iraha?" Ais, "Tilu poe deui." Ipar, "Et tangtu datangna ka dieu?" Ais, "Nya et atuh teu puguh, da pokna oge, lamun pareng ka dieu deui." Ipar seuri, "Ari silaing ti nimbang ngadago nu henteu tangtu mah, anggur itu di imah geus aya, rupana hade, jeung hargana murah, ieu mah bet n g a d a g o u n c a l m a p a 1."

59
PNRI

66.

NGAWUR KASINTU, NYIEUHKEUN HAYAM

H a r t i n a : asih ka deungeun-deungeun, ari ka dulur atawa baraya ditundung atawa dibengisan. Upamana : Ambu Sabi tukang datang ngider ka kampung-kampung icons parigel pisan, daganganana henteu ngabaku, nya eta digantiganti bae, naon nu sakira laris jeung aya batina. Lila-lila Ambu Sabi boga imah gede, lembur lega, jadi di salembur eta mah jadi pangmahina. Demi barayana atawa dulurna rea, tapi henteu cukup cara Ambu Sabi; eta barayana anu sakitu teu cukupna, euweuh hiji nu cicing di manehna, sabab upama embal-embol ka imah Ambu Sabi, sok dibengisan bae, sakalieun ngiderkeun daganganana, anggur nyiar deungeun-deungeun, pikiranana, lamun aing nitah baraya atawa kacicingan, kuriak ngagasab, kana daganganana atawa duitna ladang kahakanan tea. Ari deungeun-deungeun mah rayap caricing di Ambu Sabi, sarta dipikanyaah, ari barayana mah euweuh hiji-hiji acan. Bp.Nirem nu ka pernah ua ku Ambu Sabi jol nganjang, barang geus diuk, tuluy ngomong pokna, "Nyai, ua ngeunah kacida nenjo maneh bia ngarali rejeki, tapi coba itu baraya maneh petakcun sina dagang jeung sina cicing di dieu, bawa baris nulungnulung kana gawe maneh, barang bere moal nyaah da kabaraya, ulah ngantep ari ka kulit daki, geura deungeun-deungeun mah sabot aya pamere urang suhud ngawulaanana, lamun teu kitu mah lapur; ari baraya, aya teu aya suhud ngawulana." Jawabna : "Ah Ua, kuring mah moal ngarawatan, da eta ari baraya mah sok wani ngagasab, tina boga rasa ka baraya tea, kajeun dipikangewa, ngarawatan mah mending deungeun-deungeun."

60
PNRI

Bapa Nirem, "Hih ari kitu mah maneh teh : n g a w u r k a sintu nyieuhkeunhayam." 67. NGARAWU KU SIKU

H a r t i n a : hayang teuing loba, tungtungna teu beubeunangan. Upamana : Nyi Nati dikukut ti leuleutik ku Lurah pareman, barang Lurah pareman geus maot, banda-bandana diwariskeun ka ahli warisna, malah Nyi Nati oge dibere ku ahli waris sawah dua bau. Nyi Nati henteu narima dibere sawah ngan dua bau, pikirna saeutik teuing, coba aing ngawulaan ti leuleutik bet ngan dibere sawah sakitu, tuluy Nyi Nati ngadeuheus ka hakim, barang datang, pok unjukan, "Nun Juragan, kuring teu narima dibere sawah ngan dua bau, margina kuring ngawulaan ti leuleutik, ti nimbang dibere salci tu mah langkung sae montong bae." Hakim tuluy nyaur ahliwaris, sanggeus datang, tuluy dicaritakeun ku hakim ka hayangna Nyi Nati. Tapi ahliwaris henteu bisa mere deui, tina Nyi Nati henteu narima kana pangasih ahliwaris, tuluy dicabut deui dibagikeun kumaha biasa. Jadi lalampahan Nyi Nati, n g a r a w u loba tungtungna lapur pisan. 68. ku s i k u , hayang

NGEPLEK JAWER NGANDAR JANGJANG, MIYUNI HAYAM KABIRI

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu kecing. Upamana : Anglar jelema kecing teu wani nyaba-nyaba acan, da sieuneun 61
PNRI

aya nu maseaan, demi ti beurang ulukutek di buruan atawa di pipir, najan diajak ku baturna. Anglar tara daekeun. Barang geus kolot, tetep bae sieunanana; dina hiji waktu aya tatanggana pasea jeung pada baturna nepi ka gelut, kanyahoan ku Anglar, tapi manehna anggur geuwat lumpat, lain teu aya pikiran bans misah, ngan sieun bae, pikiranana bisi jadi ngambek ka manehna. Meneran dina poe Minggu, datang Asju tatanggana keneh pokna, "Anglar! Hayu urang ngahurup si Jail." Anglar, "Ah embung sieun, da eta si Jail mah bejana lenglengan jeung bisa mempo." Asju seuri, pokna, "Behna mah ari silaing kecing ti bubudak teh nepi ka kolot, komo lamun diajak nangkep nu edan, ieu mah diajak ngahurup ka-nu sahandapeun gedena make teu wani, nurustunjung mun d i hayam mah, n g e p l e k j a w e r n g a n d a r jangjang, miyuni hayam kabiri." 69. NGODOK LIANG BUNTU

H a r t i n a : balangsiar henteu beubeunangan, ka ditu luput ka dieu luput, henteu hasil. Upamana : Pa Eon ngomong ka bojona jeung ka anak-anakna, "Banidak! Mangka hade di imah, aing rek balangsiar ka Manonjaya jeung ka Banjar, nya eta rek nagih ka Ki Edod jeung rek menta dimodalan ka Seca." Sanggeus ngomong kitu isukna bral indit, barang geus meunang opat poe Pa Eon geus datang deui ti panyabaanana. Omong Pa Eon, "Barudak! Aing nyaba teh cilaka henteu beubeunangan, los ka Edod nyampak keur gering, boro-boro mekelan atawa mayar hutang, sakalieun manehna balanja ge teu bogaeun; los deui ka Seca euweuh di imahna, keur di gunung mangkalan ngebon kopi 62
PNRI

jeung bako, atuh aing nyaba teh istu kabalangsak, naha da basa nyaba bareto mah wani angkaribung, demi ayeuna bet n g o d o k liang buntu. 70. NYAEURAN GUNUNG KU TANEUH, SAGARA KU UYAH

H a r t i n a : mere untung ka nu beunghar. Upamana : Haji Surti jelema kaya, lega sawah kebonna, sumawonna ari duitna mah, sakabeh tatanggana pada dibere nginjeum, mayar mingguan tina dua perak rentenna opat puluh sen. Lamun tatangga-tatanggana tea mentas dagang, sok ngaririm rejeki ka Haji Surti, aya nu ngirim kacang, aya nu jagong, hui jeung sajaba ti dinya, et tatangga-tatanggana nu ngarinjeun tea, lain leuwihan, pikirna ngan supaya babari nginjeum duit bae. Jadi nu kitu disebutna n y a e u r a n g u n u n g k u t a n e u h , s a g a r a k u u y a h. 71. NYEUNGEUT DAMAR DI SUHUNAN

H a r t i n a : adat jelema nu hayang ka sohor beunghar ka deungeun-deungeun mere maweh, ari ka baraya koret. Upamana : Mastu guntreng bae jeung Jibja, ngomongkeun kakana Bp. Musti pokna, "Jibja, ari dewek sok heran ku Kaka, dipentaan rebig keur paranti nyaba, pedah baju dewjk geus soeh, wani luput, lain cara ka urang manyang-munyung bet berehan naker, da hayang ka puji, coba ari ka urang Garut mah, wani mere papakean oge sapangadeg, malah anakna dibere kongkorong perak. Carek Jibja, "Hih adatna jelema bodo mah, ari ka deungeun63
PNRI

deungeun mere maweh da hayang ka puji beunghar, tapi ari ka dulur, ka anak-anak dulur cedik, nu kitu asup kana paribasa : nyeungeut damar di suhunan." 72. NYIDUH KA LANGIT

H a r t i n a : mapatahan ka saluhureun. Upamana : Aki Imang geus katinggal ku bojona, cicing di anakna lalaki nu ngaran Bohim, aki sok ngomong bae ka Bohim pokna, "ujang! Cing bapa pangmeulikeur imah nu leutik bae, bapa hayang ngahenang-ngahening sorangan, bage nyatu bage henteu oge, da bapa teu ngeunah saimah jeung anak." Bohim ngawalon pokna, "Bapa geura dangukeun; ari bapa teh geus sepuh, lamun imah-imah, ngan nyalira, kumaha mangke ari galingging panas tiris, saha nu ngagugulung, geura ari jeung anak mah, tuang lcueut ka urus, dina teu damangna kamumule, aya tatamu nu bade ka bapa, meureun kasuguhan moal matak jadi walurat, kapan ku kuring geus disadiakeun tuangeun leueuteun, henteu kudu sasapu ku anjeun, teu kudu nyeungeut damar ku anjeun, geura upami nyalira mah tangtu ripuh; demi ayeuna wayahna bae teu betah teu rgeunah oge, mangga manali ku bapa, kuring mah kajeun disebut n y i d u h k a l a n g i t . " 73. ULAH UNGGUT KALINDUAN, GEDAG KAANGINAN

H a r t i n a : ulah beunang ka gebrag batur. Upamana : Dina hiji waktu Utam datang ka Wija pokna, "Wija! Tina kaula loba anak, hayang kacida boga sawah, lamun rido mali sawah andika nu tilu bau dibeuli bae ku kaula genep ratus rupia." 64
PNRI

Wija atoheun pisan sawahna tilu bau rek dibeuli genep ratus, ari meulina tadi nu tilu bau ngan tilu ratus, tuluy ngomong pokna, "Mangga bae ari dipikahoyong ku anjeun mah, ari kuring rek nyiar deui bae nu sejen, jeung iraha urang ngajadikeun jual meuli?" Utam, "Mangke minggu hareup." Wija, "Mangga", harita oge Wija'geuwat bebeja ka pamajikanana bakal meunang untung tilu ratus rupia. Barang Utam geus balik jol Ambu Amem pokna, "Ujang bejana rek ngagaleuh sawah Wija, naha keur naon ngagaleuh sawah sakitu gorengna, jeung sakitu mahalna, eta teh unggal taun oge tara ka ala; ari teu ku beurit kapan sok katoran; geura mun sawah ema mah digaleuh kabehna opat bau, jeung sawah alus, kajeun dihaturkeun opat ratus rupia, kitu oge lamun enya rek ngagaleuh." Utam, "Di mana sawahna, sarta jauh mana jeung sawah Wija?" Ambu Arnem, "Tah dina lembur eta, atuh sawah Wija mah jauh mela-melu." Utam, "Kajeun atuh ari kitu mah kuring rek ngabadakeun bae ka Wija." Ambu Arnem, "Sae, geura badakeun bae keur naon sawah kitu." Isukna pasosore, Utam datang deui ka Wija pokna, "Wija, gagal teu tulus meuli sawah teh, sabab jauh teuing, sarta teu rempug jeung pamajikan, jeung eta bejana sawah tara kapuluk beubeunanganana jeung sok ku beurit." Wija, "Ceuk saha jauh kapan eta, ngan kahalangan ku salembur, jeung tara ku beurit, unggal-unggal taun beubeunanganana tara kurang ti 10 caeng, anjeun mah kitu, tangtu kaomongan ku batur, benerna ari geus jadi mal jual beuli, ulah sok u n g g u t kalinduan gedagka anginan."

Buku bacaan jilid ka I. (Sund.)

5 65
PNRI

74.

UTEUK TONGO DINA TARANG BATUR KATENJO, ARI GAJAH DEPA DINA PUNDUK TEU KARASA

H a r t i n a ; kagorengan batur nu sakitu saeutikna dikanyahokeun atawa dijajadikeun, ari kagorengan manehna nu sakitu gedena teu karasa. Upamana : Isma unggal-unggal poe sok dadapangan bae di garduh, ban mawa-mawa beas, lamun aya hayam ka dinya, tuluy diawur, di mana euweuh jelema, geuwat ditewak bari tuluy diharuduman, kakara balik ka imahna, lamun geus beubeunangan; atawa lamun nyaba ka lembur-lembur, manggih naon bae di buruan batur, lamun teu aya nu nenjo, sok geuwat dicokot, disumputkeun. Kajaba ti kitu Isma sok jail, henteu kari balong batur sok dijejekan tambakanana diarah bedalina, ti peuting sok ngakatan golodog batur, nu diarah, lamun nu boga imah turun supaya labuh. Ambun anak tukang rujak ditangkep ku pulisi, pedah manehna ngumbali kecrik di balong lebe, dipajarkeun maling lauk. Barang katenjo ku Isma, tuluy ngomong ka lebe, pokna, "Kang! Ayeuna mah tetela anu jahat kana lauk teh si Ambun, malah dina minggu tukang mah manehna niir lauk emas loba kacida, meureun ngarungkup ti balong akang, kajaba ti manehna, aya deui batuma tuh anak tukang lahang, eta mah leuwih jahat, jail kacida, lamun entas ngarungkup lauk, balongna sok dibedahkeun." Lebe, "Isma! Maneh montong ngomongkeun batur, batur mah kagorenganana moal aya saperpuluh ti maneh, ari si Ambun, jeung anak tukang lahang mah ngan ukur ngarungkup balong batur, jeung acan dibui, ari maneh jaba ti maling teh, katambah ku culika sarta hasud, geus a h teu resep, u t e u k t o n g o d i n a t a r a n g b a t u r k a t e n j o , a r i g a j a h d e p a dina 66
PNRI

punduk 75.

teu

k a r a sa."

UNDUR KADEULEU PUNDUK, DATANG KADEULEU TARANG

H a r t i n a : jelema nu terus terang. Upaman : Nyi Ukun datang ka bapana bari ceurik, pokna, "Bapa! Kuring geus teu kuat cicing di Ajengan, sabab putrana unggalunggal poe sok neunggeulan bae ka kuring, ayeuna mah kuring moal balik deui." Ceuk bapana, "Enggeus maneh uiyukan?" Wangsulna, "Teu acan." Bapa, "Hih Nyai! Ulah kitu, kudu terus terang ulah cara si Mijem bisi aya leuleungiteun, carek paribasa oge u n d u r k u d u k a d e u l e u punduk, datang kadeule tarang." 76. UYAH TARA TEES KA LUHUR

H a r t i n a : kapinteran kahadean, kitu deui kagorengan indung bapa, tangtu turun ka anakna. Upamana : Sura jelema rajin pisan, loba pangabisana babakuna Sura resep ngareka imah jeung beberesih di pakaranganana, saperti imahna beda jeung imah tatanggana, batur disontogkeun, manehna mah dihurang-hurang, sarta make sirit teuweul (gado bangkong), di lawang lemburna diatur dihade-hade^dina kebon jero pakaranganana, butbat jalan laleutik sarta dikeusik, kekembanganana aralus, eukeur mah alus imahna, turug-turug bisa memeres pakaranganana, atuh matak betah kacida. Sura boga anak lalaki hiji, kira umur 14 taun, dibere imah 67
PNRI

jeung pakaranganana di lembur sejen; barang geus dipindahan, eta imah jeung. pakarangan tea, tuluy dibeberes, sakumaha aturan bapana, beh kebon kembangna, beh balongna, jeung rea-rea deui, meh mapakan bae ka lembur bapana. Dina hiji poe menak ngaronda diiring ku Lurah, barang nepi ka lemburna anak Sura, menak mariksa saurna, "leu imah saha alus, pakaranganana beresih?" Wangsul Lurah, "Sumuhun anu seuweuna pun Sura, anu gaduh imah alus di lembur girang tea." tara Saur menak, "Euh! Paingan atuh rajin, da u y a li t e e s k a l u h u r , tangtu k a handap." 77. UNGGAH BALE WATANGAN mah

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu keuna perkara. Upamana : Aki Raksa umurna geus 80 taun. Dina hiji poe disaur ku hakim ka paseban, barang datang saur hakim, "Aki! Enya Aki geus ngaruksak tangkal buah Ambu Naga?" Aki Raksa, "Henteu pisan-pisan, rumaos jisim kuring nilasan dahan buahna, nya eta nu ngaroyom kana lahan jisim kuring kaulanun." Hakim, "Eta titilasanana atawa dahanna di ka manakeun?" Aki, "Sumuhun dipake suluh bae ku barudak." Hakim, "Naha henteu dialungkeun ka kebon Ambu Naga? Lamun kitu salah, jadi maneh ka asup maling, ayeuna maneh didenda tilu rupia, cig geura balik, isuk anteurkeun duitna ka dieu." Aki tuluy balik sarta geuwat nyadiakeun duit tilu rupia, ari geus sadia geuwat nitah anakna nganteurkeun. 68
PNRI

Tina Aki Raksa loba sobatna, pada ngalayad jeung nanyakeun ku naon disaur ka paseban. Wangsul Aki Raksa, "Heh sobat-sobat didawa ku Ambu Naga, pedah kaula nilasan dahan tangkal buahna nu ngaroyom kana lahan kaula, ari regangna diparake suluh ku barudak, ngan sakitu bae masalah teh, ari benerna eta regangna kudu dipiceun kana lahanna, jadi kaula disebut maling; lah kakara bae kaula saumur nyunyuhun hulu u n g g a h b a l e w a t a n g a n." 78. PANJANG LEUNGEUN

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu sok daek maling. Upamana : Si Dewal budak bangor tara beunang dipapatahan ku kolotna, babakuna manehna sok daek maling; tina henteu nurut, tuluy ditundung, dikumaha karepkeun, si Dewal indit sakarep-karepna. Ayeuna geus pada nyaho yen si Dewal budak tukang maling, sakur nu kaanjangan pada caringcing bae. Hiji mangsa si Dewal eureun di waning, nu boga geuwat nyalukan anak-anakna, sina aya di dinya bari diharewosan dititah nalingakeun si Dewal, ku tina rea jelema manehna henteu bisa kop maling, tuluy indit. Sanggeus si Dewal balik, anak tukang warung nu hiji nanya pokna, "Naha Ema, unggal-unggal si Dewal aya di dieu, Ema sok nyaur kuring jeung dulur-dulur?" Jawab indungna, "Dikumpulkeun soteh gawena, lamun si Dewal rek nyokot naon-naon tangtu kanyahoan ku sala saurang, naha maneh teu nyaho kapan si Dewal mah jelema p a n j a n g 1 e u n g e u n. Anakna teu ngomong deui, olohok bari unggeuk-unggeukan.

69
PNRI

79.

PANJANG LENGKAH

H a r t i n a : jauh panyabaanana. Upamana: Nyi Arinem ditanyaan ku Asta, tapi teu daekeun, malah upatanana sugai pokna, "Teu sudi teuing dipikahayang ku Asta, nya goreng patut, nya malarat, ti nimbang jeung daek ka nu kitu mah, anggur ngagantung maneh." Omonganana kitu kadenge ku indungna, carek indungna, "Nyai! Kahayang ema ulah kitu, lamun embung, enggeus montong susumbar, bisi kadenge ku cakcak, sabab ari lalaki tea, henteu cara awewe, lamun manggih kangenes sok sabudi akal, nyiar ciduh batur, teu manggih ti dieu, meureun ti ditu, kawantu ari lalaki mah p a n j a n g l e n g k a h n a." 80. PUPULUR MEMEH MANTUN

H a r t i n a : nu menta buruhan memeh digawe. Upamana : Bp. Unni dicalukan ku Lurah, barang datang gek diuk, dat nyembah. Lurah, "Bp.Urmi! Coba maneh digawe di dieu, omean dapur, geura wuwungna wani geus mamragan, mangke maneh dibayar dina sapoe 20 sen. Bp.Urmi, "Mangga, iraha mimitina?" Lurah, "Isuk bae isuk-isuk, geus ayeura mah geura balik, kami rek ngaronda jalan." Bp. Urmi tuluy balik, ari pasosore, kira pukul 5 ngajurung 70
PNRI

anakna ka Lurah sugan dibere menta buruhna heula sabab butuh, barang datang, tuluy ditanya ku Lurah pokna, "Aya naon sia Urmi?" Wangsulna, "Dijurung ku pun bapa, manawi aya pasihan, nyuhunkeun buruhna ti heula, margi butuh." Lurah, "Hih teu umum bae digawena tacan, buruhna menta ayeuna, bejakeun ka bapa sia, ulah : p u p u l u r m e m e h m a n t u n kituh." 81. PAIT DAGING, PAHANG TULANG

H a r t i n a : mulus euweuh kasakit. Upamana : Nyimas Uning lakian ka urang Kudus ngaranna Mas Dipo, boga anak dua lalaki kabeh, keur waktu barudak laleutik keneh, Mas Dipo maot, jadi Nyimas Uning ripuh kacida mulasara eta dua budak. Henteu sabaraha minggu ti waktu Mas Dipo maot, gurudag bae dulurna ti Kudus, karepna nyokot eta dua budak, rek dipulasara hade-hade. Tina dipikir ku Nyimas Uning yen eta wajibna, sarta kataksir bakal nyaah ka barudak, harita oge tuluy dipasrahkeun bae, barang rek jung eta dua budak digalekan heula, diciuman bari ceurik pokna, "Eh Ujang! Kasep! Anak ema! Buah ati ema! Ayeuna pisah jeung ema, asep ulah nyareri hate, najan enung hayang reureujeungan oge jeung ema, ari sangsara mah cumah, anggur di ditu bae di Kudus, eta oge tunggal bapa asep keneh, sugan mangke geus tawekal bisa papanggih deui jeung ema, ayeuna mah didungakeun bae k u ema sing p a i t d a g i n g p a h a n g t u l a n g."

71
PNRI

82.

PACIKRAK NGALAWAN MERAK

H a r t i n a : nu leutik ngalawan ka nu gede, atawa cacah ngalawan ka menak, pacikrak minangka cacah, mcrak minangka menak. Upamana: Si Mohr magang di Juragan Patih meunang bayaran lima rupia sabulan, dina hiji poe manehna diSeuseul tina pagaweanana gagabah, saur Juragan, "Hayoh pigawe deui ku sia sing hade." Si Mohr teu ngeunah dina atina, tuluy baeud ngewa ka dununganana, harita keneh si Mohr balik, teu ngagugu kana piwarangan juraganana. Meunang dua poe si Mohr henteu migawe pagaweanana, lainun disaur tara daekeun ngadeuheusan. Ku sabab unggal-unggal disaur tara nemonan, Juragan Patih kacida benduna, tuluy miwarangan Jurutulis sina ngaweweleh si Mohr. Sorcna Jurutulis indit ka imahna si Mohr, barang datang si Mohr kasampak keur ngadaweung bae. Ceuk Jurutulis, "Mohr cing maneh ulali sok baha ari disaur ku dunungan teh, sing rumasa bae kana kasalahan urang, cig ayeuna geura deuheusan, pertobat, kudu ngarumasakeun maneh da urang mali cacah, Iamun maneh kitu ka asup ngalawan ka juragan, eta teu hade, lamun maneh teu nyaho nya nu sarupa kitu nu disebut p a c i k r a k n g a l a w a n m e r a k t e h." 83. PIIT NGEUNDEUK-NGEUNDEUK PASIR

H a r t i n a : cacah hayang nyilakakeun ka menak, (nu leutik 72


PNRI

hayang ngarubuhkeun nu Agung). Upamana : Kaswan ngomong bae ka Sarpi pokna, "Naha Pi ari dewek sok nyerian hate, saperti kamari dewek diseuseul ku Juragan Demang, pedah acan mayar pajeg dokar, keun isuk mah rek didawakeun bae ka Kangjeng Tuan Resident sina diseuseul atawa dilepas. Wangsul Sarpi bari seuri, "Hih Man! Ceuk dewek mah moal hasil masing didawakeun oge, rasa dewek ti nimbang itu cilaka, anggur silaing meunang bebendu, ceuk paribasa oge p i i t n g e u n d e u k - n g e u n d e u k p a s i r , moal enya datang k a rubuh." 84. PUCUK AWIAN

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu tara puguh perjangjianana (luak-leok). Upamana : Kuswa ngomong ka Wana pokna, "Wana! Poe isuk dewek rek marak di Cihonje, silaing rek milu?" Wana, "Hayu, tapi dewek kudu dibere nginjeum bubu." Kuswa, "Hade, isuk-isuk dewek sampeur." Ti dinya Wana balik, ari datang ka imahna geus nyampak Sarip, ceuk Wana, "Rek naon Rip kawas aya beja?" Sarip, "Puguh bae, eta lamun silaing daek isuk-isuk urang ka sawah, da bapa rek ngakut, ti sawah urang naranggung rengkong, geura euy resep pisan da loba batur." Wana, "Kumaha dewek geus jangji isuk rek marak jeung Kuswa ka Cihonje." Sarip, "Hih resep ka sawah, geura ti sawah nanggung rengkong, ari datang ka imah barang hakan." Wana, "Heueuh! Ke dewek rek ka Kuswa heula rek bebeja, 73
PNRI

moal tulus marak." Wana lumpat barang datang pok ngomong, "Kuswa! Dewek moal tulus marak teh, da hayang milu ngakut jeung Sarip." Kuswa, "Aeh! Aeh! Naha silaing bodo, milu jeung Sarip mah rek digawekeun nanggung rengkong, coba jeung dewek mah, wungkul suka-suka ngalaan lauk, ari enggeus meunang lauk tuluy nyaratu jeung ema. Wana ngahuleng sakeudeung, pokna, "Ke atuh dewek rek bebeja heula ka Sarip, moal tulus milu ngakut." Geuwat Wana lumpat deui, barang datang pokna, "Rip!Dewek mah moal tulus, rek milu jeung Kuswa bae." Sarip, "Hih silaing mah bodo, marak mah tanda wuruh biheung teuing aya laukna, biheung euweuh, jeung bejana di dinya mah sanget, kumah'a mun ka badi." Wana ngahuleng pokna, "Ke ah dewek rek bebeja deui ka Kuswa moal tulus marak." Sarip, "Cing atuh sing puguh ka mana silaing rek milu teh, ditenjo-tenjona ieu mah p u c u k a w i a n luak-leok." 85. PEUREUM KADEULEU, BEUNTA KARASA

H a r t i n a : henteu weleh inget. Upamana : Nyi Kencir indit ka pasar, rek meuli encit, mawa duit tilu talen; barang datang ka pasar, manehna nenjo panitih mamanukan teuing ku alus. Barang ditanyakeun ka nu dagang pokna, "Kudu tilu rupia," Nyi Kencir ngarahuh, tina hanjakal, ari panitih hayang, tapi duit ngan boga tilu talen. Nyi Kencir henteu tulus meulina encit, da hayang kana panitih, tuluy balik bari bebeja ka indungna hayang meuli panitih. Ceuk indungna, "Nyai boloampar meuli panitih, ema mah teu 74
PNRI

boga keur balanja-balanja acan, cing Nyai masing wayahna da urang mah jelema miskin." Ku sabab teu dibere ku indungna, Nyi Kencir ceurik, tina ngenes henteu bisa meuli panitih harga tilu perak. Unggal-unggal poe euweuh deui nu dipiinget ngan panitih mamanukan, gawena ngan hulang-huleng bae. Ceuk Nyi Minah, "Nyi Kuncir, ku naon ari maneh unggalunggal poe ngan hulang-huleng bae?" Wangsulna, "Lah Nyi Minah puguh kuring teh hayang panitih mamanukan, unggal poe unggal peuting inget bae, wani ceuk paribasa mah: p e u r e u m k a d e u l e u b e u n t a k a r a s a . " 86. SEREG DI BUANA, LOGOR DI LIANG JARUM

H a r t i n a : adat jelema jahat teu betah di nagara, resep di leuweung atawa di nu suni, tina rea teuing dosa. Upamana : Ki Jail karesepna ngadu, unggal poe unggal peuting, tara cicing di imah ngan ngacaclang, di tempat pangaduan bae, papakeanana geus rawek, bajuna butut pinuh ku tambal. Dina h'i peuting Ki Jail menta duit ka bapana keur pimodaleun, tapi ku bapana teu dibere, anggur tuluy diomongan pokna, "Jail cing meugeus ngadu teh da euweuh nu beunghar tina ngadu, nu puguh mah matak ruksak bae, geura pikir ku maneh, ti babareto euweuh pisan kabubuatan, geus beak naon-beak naon, ngahantem keneh bae. Jawabna, "Ah keun bae kapalang, digawe embung kuli nyuhun nanggung teu bisa : bari tuluy indit." Tina Ki Jail teu boga keur ngadu, tuluy maling domba sarta tuluy dijual ka jauhna, tina kencengna pulisi Ki Jail teu burung katangkep, tuluy dibui. 75
PNRI

Sanggeus ka luar, lampahna beuki jahat, malingan banda dulur-dulurna, sumawonna banda deungeun, malah nepi ka wani maehan." Ku sabab geus kacingcirihi, Ki Jail geus pada ngarah, ku unggal jelema sarta dihantem ditungtik ku pulisi, ayeuna beuki sieun cicing di nagara, tungtungna los ka leuweung, ari ti peuting bisa nyaba susulumputan ban neangan palingeun, ari ti beurang lumpat ka jero leuweung, tuluy hees di nu bala, kitu bae kalakuanana." Dina hiji peuting Ki Jail teu bisa balangsiar sabab gering muriang di leuweung, manehna ceurik tina inget ka indung bapa, jeung hanjakal henteu nurut ka papatah kolot, manehna ngomong sorangan pokna, "Eh kalakuan aing ieu, asup kana paribasa : sereg di buana logor di liang jarum." 87. SEUNEU HURUNG CAI CAAH

H a r t i n a : keur napsu keur sarusut. Upamana : Agus Apid nyaba ka dulurna inditna ti imah pukul tujuh sore, balikna pukul dua peuting. Barang datang ka imahna, pamajikanana hese ngalaan tulak, sabab boga terka yen Agus lain ti dulurna meureun entas nyaba teu puguh. Isukna pamajikanana baeud bae, henteu someah cara sasari; ceuk Agus, "Naha ari maneh ngan baeud bae, pedah eta kami nyaba ka dulur-dulur atuh da di ditu oge lain ngomongkeun nu teu puguh, kapan nguruskeun sawah, lamun ngurus kitu mah, geuning maneh oge kamari, nyaba ka indung maneh, wani meakeun poe." Pamajikanana tuluy ceurik bari menta dipisah, tina Agus henteu boga dosa, pamajikanana dicarekan di weweleh. Ti harita Agus bendeng bae, isukna jol aya semah pup un ten an, tapi teu aya nu nembalan. Semah nanyakeun ka tatanggana pokna, "Ka mana ari Agus? Ieu kuring aya perlu nu kudu dibadamikeun." 76
PNRI

Wangsul nu ditanya, "Duka da tadi mah araya, emutan kuring najan perlu oge, langkung sae isuk deui bae, margina ayeuna mah keur sarusut, bisi kumaonam bae, kawantu keur s e u n e u h u r u n g cai caah." Semah tuluy balik deui. 88. SAGALAK-GALAKING MACAN, MOAL DATANG KA NYATU ANAK

H a r t i n a : sakumaha gorengna bapa, ka anak mah moal datang ka niwaskeun. Upamana : Hiji Lurah ngadekul bae ti isuk nepi ka asar digawe apik, sabab isukna dina poe Rebo rek lapor pajeg ka dayeuh. Barang geus anggeus Lurah teli hayangeun mandi tuluy ka cai sarta pagaweanana dibukakeun dina meja tulisna. Sabot di cai, anakna nu lalaki ngaran Ujang Sali ulin dina panulisan, nyoo wadah mangsi, nu urut bapana nulis, teu lila wadah mangsi teh bahe tamplokna kana buku nu dipigawe beunang ngapik-ngapik tea; budak lumpat bebeja ka bapana yen wadah mangsi didupak ucing, datang ka tamplok kana buku. Lurah geuwat neang kana meja tulis, tetela bukuna pinuh ku mangsi, tina keuheulna geuwat marentah ka bujang-bujangna neangan ucingna rek diteunggeulan sarta murang-mareng bujangna dicarekan, pedah nu neangan ucing teu timu. Bujang anu nyahoeun yen eta wadah mangsi lain ku ucing ngomong ka Ujang Sali pokna, "Ujang! Atuh bebeja bae ka rama ambeh teu ngaguyurkeun, ku kuring kitu, lain ku ucing! " Wangsulna, "Ah' embung, sieun diteunggeulan, da bapa mah bengis naker." Bujang, "Wah moal enya, s a g a 1 a k - g a l a k i n g m a can, m o a l d a t a n g k a n y a t u anak." 77
PNRI

89.

SIRUNG NGALIWAT TUNGGUL

H a r t i n a : anak darajatna ngaliwat bapa atawa anak ninggalkeun paeh ka bapa. Upamana: Raden Cakra budak bageur, nurut kana piwuruk sepuhna; di sakola tara daekeun heureuy, malah diasih ku guruna, tina kamajuanana. Barang geus kaluar ti sakola tuluy magang, lila-lila dikersakeun jadi Jurutulis. Tina katemenanana jeung rajin ayeuna Rd. Cakra diangkat jadi-Mantri Ulu di Jampang. Samemeh indit ka Jampang, ngadeuheus heula ka sepuh-sepuh nyuhunkeun pidungana; dina Mantri Ulu henteu lila, terus kunu Agung dikersakeun jadi Camat di Lewo. Ayeuna diangkat jadi Wadana di Nagara; ari ramana mah tetep bae jadi Mantri Cacar di Sindang. Jadi Rd. Cakra asup kana paribasa : t u n g g u l. 90. sirung ngaliwat

SADOM ARANING BARAJA, SAKUNANG ARANING GENI

H a r t i n a : sanajan sapeser ari kagungan Pamarentah (Nagara) ulah digasab matak cilaka. Upamana : Raden Sena jadi Lurah Cijeruk, unggal-unggal taun teu aya ka kurangan naon-naon. Dina hiji mangsa bojona gering payah, manehna kapaksa kudu make duit, baris mulasara nu gering, tuluy make duit pajeg, mimitina make ngan lima rupia, ti dinya make 78
PNRI

deui genep rupia, tuluy tujuh, tina mindeng nyokotna lila-lila jadi tea, nepi ka beak saratus tilu puluh rupia. Barang geus deukeut kana waktuna lapor pajeg, Sena kupangkapeng neangan duit bans ngaganti duit pajeg, tapi teu meunang. Ti dinya jol Kontrolir sumping ka imah Lurah (desa) mariksa duit pajeg, ana dibuktikeun, kurang saratus tilu puluh rupia. Saur Kontrolir, "Lurah di kamanakeun eta duit?" Lurah tungkul henteu bisa ngawalon tina rumasa dosa. Saur Kontrolir, "Ayeuna maneh dilepas sarta kudu ngaganti eta duit"; bari tuluy mulih. Bapana ngalayad bar ngaweweleh pokna, "Bap heran kacida ku maneh, kapan geus kagurnita, maneh teh jelema ati-ati da buktina sakitu taun jadi Lurah, salamet, naha ari ayeuna nepi ka wani make duit pait sakitu gedena, kapan hingga sapeser teu beunang diganggu, geuning ceuk paribasa : S o d o m a r a n i n g b a r a j a , s a k u n a n g a r a n i n g g e n i , tangtumatakcilaka. 91. SAREUNDEUK SAIGEL, SABOBOT SAPIHANEAN, SABATA SARIMBAGAN

H a r t i n a : kudu sarua, sauyunan, rempug, saati, sabagja, sacilaka. sabobot = satimbangan; bobot = beungbeurat timbangan; sapihanean = mun ninun, kudu hiji pihanean; lamun nyieun bata, kudu sacitakan. rimbangan = citakan bata (citakan bata ngaranna rimbangan). 92. SABUNI-BUNI NU NGISING

H a r t i n a : sakumaha bunina lampah goreng mah, kudu bae 79


PNRI

kanyahoan, Upamana : Si Atip jeung si Sanglir, unggal-unggal poe gawena sok ngajualan jukut, taktakna wani geus sasanggaleun. Dina hiji poe eukeur areureun di sisi jalan, Atip ngomong pokna, "Sanglir, kumaha ari urang, unggal-unggal poe ngan nananggung jukut bae, bet henteu senang cara si Adim, cing atuh urang milu bae maling da si eta mah maling oge tara kanyahoan jeung tacan dibui ti bareto. Jawab Sanglir, "Ah Atip! Dewek mah ripuh-ripuh oge mending kieu bae, bener si Adim kagorenganana acan kanyahoan, lila-lila m?Ji kudu bae, ceuk paribasa oge s a b u n i b u n i n u ngising." 93. SEUKEUT TAMBANG MANAN GOBANG

H a r t i n a : tambang minangka pulisi, gobang minangka penjahat, jadi sakumaha dugalna atawa sakumaha gagahna penjahat kudu bae, ku pulisi mah beunang. Atawa : sakumaha gagahna jelema, lamun ngalawan ka marentah (Nagara) tangtu katangkep.. Upamana : Si Patang,. ngomong ka Juhi pokna, "Juhi, urang guguru kawedukan, jeung ka bedasan ka Aki Dira." Juhi, "Di mana imahna Aki Dira teh, jeung naha bisaeun?". Patang, "Atuh puguh bae, geura ari urang weduk mah jeung bedas, moal ay a nu wanieun ka urang. Sarta urang kudu wayahna, kudu daek bubujang di manehna dua tilu taun." Juhi, "Mangke atuh rek bebeja heula ka bapa." Harita keneh tuluy bebeja ka bapana pokna, "Bapa! Kuring rek bubujang di Kai Dira jeung si Patang, anu dimaksud ku kuring, 80
PNRI

Pa-

hayang gagah, nya et hayang weduk jeung bedas; ambeh bisa sagalakarep." Bapana nyentak pokna, "Wah montong anggur mah diajar digawe nu bener; najan gagah perkosa ge ari teu bageur mah mo burung cilaka, naha maneh teu nyaho, sanajan sakumaha gagahna, lamun ngalampahkeun jahat tangtu diraponan ku pulisi, henteu kurang-kurang nu gagah rosa, tapi lamun salah teu burung beunang ditangkep ceuk paribasa oge : s e u k e u t t a m b a n g m a n a n g o b a n g." 94. TUGUR TUNDAN CUNTANG GANTANG

T u g u r : hartina nu ngalampahkeun gawe nagara jaman baheula, tutunggon dina tempatna pagawean, saperti : urang distrile ka nagara, nepi ka dua tilu bulan lilana teu balik-balik, lamun pagaweanana tacan anggeus, atawa lamun dititah ngala kai, nyieun sasak jeung salianna, tacan bisa balik lamun tacan anggeus. T u n d a n : asalna tina tundaan, hartina barang bawa parentali nagara, teu tuluy dibawa ku manehna, upama hiji jalma mawa hiji barang ti Sumedang ka Singaparna, leumpangna ti Sumedang ngan nepi ka Cikadu, terus ditema ku urang Cikadu nepi ka Dannaraja satuluyna, malah nelah aya kuda tundan. C u n t a n g , g a n t a n g et ngaran takeran kopi atawa beas, ari sagantang beuratna 50 kati (60 pon ) cuntang sahandapeun gantang, kawasna bae nyaosanana cuke kopi (beas) ditakerna ku gantang. Jadi maksudna tugur, tundan, cuntang, gantang, nuduhkeun kawajiban nu leutik ngalampahkeun papagon nagara; geuning kolot sok ngomong kieu : "Barudak ulah sok baha kana parentah nagara, maneh kudu ngalampahkeun, tugur, tundan, cuntang, gantang sarta sing rumasa geuning : n a n c e b k e u n t i h a n g k a b u m i , n g a l a c a i ka tampian, ngala suluh ka rapuhan, ku 81
PNRI

menak tara diharu-haru." 95. TAMPLOK BATOKEUN

H a r t i n a : barang atawa duit urang, dibikeun kabeh ka batur henteu pisan nyesakeun, ari bans kaperluan urang teu aya. Upamana: Pa Bacin boga duit satalen, ti dinya jol adina nganjang, barang adina balik, dibekelan duit tilu baru. Sanggeus sore Pa Bacin dipentaan duit ku pamajikanana keur meuli minyak, teu bogaeun, udar ider nginjeuman teu aya nu mere. Ceuk pamajikanana : "Kapan tadi boga duit satalen, naha di ka manakeun?" Wangsulna, "Dibikeun kabeh ka adi aing." Ceuk pamajikanana, "Eta atuh ari barang bere tea sok t a mp l o k b a t o k e u n." 96. TAMIANG MEULIT KA BITIS

H a r t i n a : pagawean keur nyilakakeun batur, malik ka sorangan. Ari asalna anu matak aya paribasa kitu, kieu : "Hiji jelema naheunkeun (masangkeun) weleng, barang welengna keur dipasang, tali eta weleng meulit kana bitis nu keur masangkeun, sesetilna mecat, tamiangna milepas, keuna ka jelema n u keur masang tea; t i harita nelah t a m i a n g m e u l i t k a b i t i s , jadi lain tamiangna nu meulit, tapi talina. 97. TIIS CEULI HERANG MATA senangna, pen-

H a r t i n a : geus lepot tina kasusahan kari dekna euweuh pikiraneun. 82


PNRI

Upamana : Carek Bp. Abir ka anakna, "Nyai, na ku naon ari Kara, beurang peuting teh ngan humandeuar bae?" Wangsul anakna, "Eh Pa! Meureun bae humandear oge, da loba kasusah, coba ditenjo reuay anakna sundataneur, awewe gusaraneun katurug-turug pamajikanana ngan ririwit bae, jadi manehna henteu bisa walakaya, nya ngurus budak, nya kudu nyiar pihakaneunana. Bp. Abu, "Heueuh paingan atuh ari kitu mah, bet henteu cara Ambu Aiju jeung Bp. Aiju, ngahenang-ngahening pisan, dideuleu leuitna pinuh, dideuleu imahna gede jeung hade, bujangna rea, anak teu boga, boga oge hiji kapan geus jeneng; istu eta mah : t i i s c e u l i h e r a n g m a t a teh." 98. TEU BEUNANG DIKOET KU NU KEKED

H a r t i n a : nuduhkeun jelema koret, teu beunang dipentaan tulung, ku nu keur meunang kasusahan atawa katiwasan. Upamana : Ace nanya ka Kastim pokna, "Tim! Bejana Pa Saman tadina malarat pisan, naha ayeuna jadi pangbeungharna di lembur ieu?" Kastim, "Heueuh! Jadina beunghar kieu; dina hiji poe dititah ku aki dewek, ngajual kuda harga saratus, ari geus payu, manehna dipersen saringgit, ti dinya pek ku manehnar dipake meuli kebon bonteng, sanggeus bontengna galede tuluy di jual, ladangna dina sausum kebon bonteng, lima ringgit beresihna, kitu bae akalna, lila-lila ngebon sorangan sarta beuki rea bae duitna, beuki rea tarekahna, tina duit saringgit, ayeuna jadi puluhan bau sawahna, pirang-pirang imah sewana, tapi koretna nataku, sumawonna nulung ka nu malarat mah tara, najan ka nu make boroh (borig) oge, luput tara mere, kapan kamari karunya pisan ku Asju wani kokolopokan nyiar duit lima rupia, rek nyalametkeun anakna, 83
PNRI

tuluy ka Pa Saman nginjeum, ngaborohkeun imahna, wani luput teu dibere; tadi Bibi Sakem ngeclok duit dua pcrak, isuk diganti deui gawena keur mulasara alona hilang, weleh teu dibere, tali nu sarupa kitu n u asup kana paribasa t e u b e u n a n g d i k o e t k u n u k e k e d." 99. TAMPLOK ASEUPAN

H a r t i n a : nuduhkeun bapa beleke nurun ka anak dedeg pangadegna jeung tingkah polahna. Upamana : Ahmid anak Ki Embing nu pangnurunna ka bapa, nya et adeg pangadegna, gedena, jangkungna, tingkah polah jeung adatna. Bp. Muad nu geus rada dongko leumpangna, ppanggih di jalan jeung Ahmid, ceuk Ahmid, "Mulih ti mana Aki?" Bp. Muad, "Aeh! Aeh! Sugan teli tadi mah Ki Embing, nalia euy bapa teh ceples-ceples teuing nurun ka silaing, tali bisi maneh teu nyalio didedeg pangadeg sorangan, ingkig maneh jeung tingkah polah maneh, tenjo bae bapa, estu bapa maneh mah t a m p l o k a s e u p a n." 100. TUTURUT MUNDING

H a r t i n a : nu nurutkeun batur, teu nyaho sebabna, salali bener diturutkeun bae. Upamana : Hiji Kuwu dikelak ku somahanana. Barang dina hiji poe, dipariksa kasalahanana ku Wadana sarta dikumpulkeun jelema-jelemana sa desa et. Demi nu mimitina dipariksa hiji jelema perlente ngaranna Patra, terus nyaritakeun kalakuanana et Kuwu tea; demi batur-baturna saperti : 84
PNRI

Askim, Alhiam, Nasiam, Wanam, malah Ki Nurudin oge nu anyar cicing di eta desa, nyumuhunkeun bae, sakumaha piunjukna Patra, tur saenyana, batur-baturna mah henteu nyaho enyaan, sakumaha pamanggih Patra, sumawonna Ki Nurudin, eta mah ngan t u t u r u t m u n d i n g bae.

85
PNRI

PNRI

Anda mungkin juga menyukai