Anda di halaman 1dari 2

BABAT TIMBANGANTEN Oleh : Cicih Sunengsih Raja padjajaran kawentar jenengan prabu siliwangi kagungan garwa ka Dewi Maharaja

Inten, putrana dalem prasehan nu nyepeng ka kawasaan di nagara Mandala Puntang. Ari dalem pasehan teh putrana prabu panayaan, putrana prabu pancara, putana prabu galuh. Hiji mangsa dalem pasehan dating ka prabu siliwangi rek menta jalma nusakirana bias dijadikeun pamingpin pangganti dirina, ku sabab kitu, prabu siliwangi masrahkeun putrana nu namina Burung Baok. Saenggeus Burung Baok nyepeng katangguhan kalawan gelar sunan Burung Baok, timbanganteh beuki maju tur makmur. Lila lila mah sikap jeung panpolahna Burung Baok the robah. Maneh na geus poho kana nasehat bapana, tindakanna teu adil sarta nyangsara rakyatna. Pagaweanna ngan haying ukur senang senang jeung pestaan bae. Ningali ka ayaan kitu, rakyat the barempug jeung dalem pasehan yen Burung Batok kudu dipateni. Dina waktu anu ges ditangtukeun, dalem pasehan jeung rahayat tibanganten ngayakeun pesta disisi walungan bari marak. Sunan Burung Balok datang ka eta tempat, manehna terus dirempu, saenggeus awakna di borogod Burung Balok di asupkeun ka jero guha, geus kitu lawang guhana ditutupan supaya Burung Baok tilar dunya. Kusaktianana, Burung Baok bisa kaluar ti jero eta guha ku jalan nerus bumi, tuluy muru ka pajajaran seja bebeja ka prabu siliwangi yen dirina dianiyaya ku rahyat timbanganten anu dipimpin kudalem pasehan, ngadangu kitu the prabu siliwangi kacida benduna, teras nyaur dalem pasehan. Samemeh nyiang ka pajajaran, dalem pasehan nepungan heula sunan sandi. Ku sunan sandi di beukeulan cai tilu kukuk. Di satengah perjalanan, persisina di kueng tiis, dalem pasehan mahekeun eta cai, sesana anu hiji kukuk

deui di bahekeun dina gapura pajajaran. Sedangkeun anu hiji kukuk dipasrahkeun ka dewi waharja inten supaya eta cai di inum ku eta prabu siliwangi. Ku tarekah kitu, prabu siliwangi the janteun teu bendu ka dalem pasehan, malahan prabu siliwangi mutuskeun yen anu bakal nyekeul ka lungguhan di timbanganten the nyaeta putrana ti Dewi Maharja Inten atawa incu dalem pasehan. Dalem pasehan ngutus batara pipitu pikeun mapagkeun dewi maharaja inten ngalahirkeun, putrana di namian Permana Puntung. Sanggeus sawawa, permana punting di istrenan jadi pamingpin di timbanganten gelar sunan permana punting, sunan permana punting kagungan putra sunan rama dewa anu teumeuteup di sangjang wayak. Sunan putra raman dewa kagungan sunan putra sunan darwan kingking anu migarawa ka putra sunan dayeuh manggung serta gaduh putra sunan rangga lawe ieu sunan rangga lawe the nagrundaykeun dewi tirunan, diantarana sunan gordah anu rundayanana jaradi bapa ti bandung jeun sunan demang wiranata kusumah anu nurunkeun menak menak darah leles, seperti raden haji Abdullah umar kepala desa sarang jadi.

Anda mungkin juga menyukai