Diterbitkan oleh
Proyek Penerbitan Buku Sastra
Indonesia dan Daerah
Hak pengarang dilindungi undang-undang
TIDAK DIPERJUALBELIKAN
Proyek Bahan Pustaka Lokal Konten Berbasis Etnis Nusantara
Perpustakaan Nasional, 2011
SI K A B A Y A N
Oleh
MOH. AMBRI
Perpustakaan Nasional
Republik Indonesia
Balai Pustaka
KATA PENGANTAR
Bahagialah kita, bangsa Indonesia, bahwa hampir di setiap daerah di
seluruh tanah air hingga kini masih tersimpan karya-karya sastra lama,
yang pada hakikatnya adalah cagar budaya nasional kita. Kesemuanya
itu merupakan tuangan pengalaman jiwa bangsa yang dapat dijadikan
sumber penelitian bagi pembinaan dan pengembangan kebudayaan dan
ilmu di segala bidang.
Karya sastra lama akan dapat memberikan khazanah iimu pengetahuan yang beraneka maeam ragamnya. Penggalian karya sastra lama
yang tersebar di daerah-daerah ini, akan menghasilkan ciri-ciri khas
kebudayaan daerah, yang meliputi pula pandangan hidup serta iandasan
falsafah yang mulia dan tinggi nilainya. Modal semacam itu, yang tersimpan dalam karya-karya sastra daerah, akhirnya akan dapat juga
menunjang kekayaan sastra Indonesia pada umumnya.
Pemeliharaan, pembinaan, dan penggalian sastra daerah jelas akan
besar sekali bantuannya dalam usaha kita untuk membina kebudayaan
nasional pada umumnya, dan pengarahan pendidikan pada khususnya.
Saling pengertian antardaerah, yang sangat besar artinya bagi
pemeliharaan kerukunan hidup antarsuku dan agama, akan dapat tercipta pula, bila sastra-sastra daerah yang termuat dalam karya-karya
sastra lama itu, diterjemahkan atau diungkapkan dalam bahasa Indonesia. Dalam taraf pembangunan bangsa dewasa ini manusia-manusia
Indonesia sungguh memerlukan sekali warisan rohaniah yang terkandung dalam sastra-sastra daerah itu. Kita yakin bahv/a segala sesuatunya
yang dapat tergali dari dalamnya tidak hanya akan berguna bagi daerah
yang bersangkutan saja, melainkan juga akan dapat bermanfaat bagi
seluruh bangsa Indonesia, bahkan lebih dari itu, ia akan dapat menjelma
menjadi sumbangan yang khas sifatnya bagi pengembangan sastra
dunia.
Sejalan dan seirama dengan pertimbangan tersebut di atas, kami sajikan pada kesempatan ini suatu karya sastra daerah Sunda, yang berasal
dari PN Balai Pustaka, dengan harapan semoga dapat menjadi pengisi
dan pelengkap dalam usaha menciptakan minat baca dan apresiasi
masyarakat kita terhadap karya sastra, yang masih dirasa sangat terbatas.
Jakarta, 1983
Proyek Penerbitan Buku Sastra
Indonesia dan Daerah
D A F T A R ISI
PNRI
PNRI
PENGANTAR PENYUNTING
Tokoh cerita Si Kabayan sangat populer di kalangan masyarakat Sunda dari zaman tempo dulu hingga sekarang. Orang menganggap sejajar dengan tokoh klasik Abu Nawas dari Persia. Pengarang terkenal Utuy T. Sontani menyebutkan individu yang
sudah tidak apa-apa oleh apa-apa, karena Kabayan tak pernah
kecil hati karena mengalami kesukaran hidup dan tidak pula lupa
daratan dan sombong, bila bertemu kebahagiaan. Suka-duka baginya adalah permainan hidup.
Achdiat K. Miharja pernah mengisi kumpulan Cerita Rakyat
dengan beberapa cerita Kabayan dalam gaya dan versi baru. Peminat sastra masa kini juga tak melupakannya. Di Bandung ada
perkumpulan lawak yang menggunakan nama 'De Kabayan' dan
rasanya tepat pula, bila pengisi pojok salah satu harian menamakan dirinya Kabayan, karena pojok itu berisi sentilan (kritikan)
bergaya 'humor'.
Moh. Ambri, yang oleh generasi muda diberi julukan Bapak
Realisme Sastra Sunda, mencoba menghidupkan kembali salah
satu cerita Kabayan dengan diberi judul "Si Kabayan jadi Dukun " dalam versi baru dan berhasil.
Ambri tetap memegang teguh ciri-ciri khas Kabayan: jujur,
polos, sering terlihat seperti dungu (tolol), tapi tiba-tiba menjadi
cerdas seperti pemikir ulung, dapat dirasakan dalam dialog-dialog
yang mewarnai tiap bagian cerita, membawa kita ke dunia fantasi
cerah-ceria, dapat melupakan sejenak dunia nyata yang selalu
penuh kesibukan dan ketegangan.
'Si Kabayan Jadi Dukun' juga menampilkan tema pelengkap,
mengakhiri tema klasik 'kawin paksa' a la Siti Nurbaya dengan
melanjutkan idea 'Darah Muda dan Asmara Jaya Adinegoro, bahwa dalam pertentangan antara 'kaum kolot' dan 'kaum muda',
dalam masalah perkawinan, kaum mudalah yang harus dimenangkan.
v
PNRI
Rusman Sutiasumarga
10
PNRI
Ringkasan Cerita
I. BERTENGKAR
I I .D E N D A M
III.
TERBALAS
n
PNRI
14
PNRI
V. BERUNTUNG
VI.
AKIBATNYA
Si Kabayan tak tahu Saudagar mengamuk, sampai di rumah tenang-tenang saja, tidur lelap hingga pagi.
Pagi-pagi ribut, rumahnya didatangi polisi, Lurah setempat,
malah tuan Asesor. Ia ditangkap, akan diborgol dan dibawa ke kota (atas pengaduan Saudagar).
"Mengapa saya ditangkap, salah apa?" katanya kepada polisi.
"Perkaranya di pengadilan, sekarang ikut jangan banyak tanya," jawab polisi sengit.
Kepada Lurah, "Mas Uwu, kan kita sudah kenal lama
"
Lurah: "Kenal atau tidak, ini tugas, perintah 'menak' (sambil
menunjuk kepada Asesor).
Kepada Asesor, "Batur naas, sagala kese ka juragan mah sagala sor (orang lain naas, segala sukar, kepada tuan segala diberikan).
"Apa Kabayan?"
"Tuan mempunyai nama sangat bagus."
Asesor: "Hahahahay, betul, betul, nih paneker lumayan!
Lurah, buka borgolnya!"
Ketika akan berangkat, Kabayan mendahuiui.
Asesor: "Hai, itu tidak sopan! Menak yang harus diiring!"
Kabayan: "Kalau ada kerikil tajam, bila ada banteng ngamuk
bagian Kabayan, menak selamat di belakang."
Asesor : "Hahahahay, benar, benar ! Lurah berikan jas-hitam
itu kepada Kabayan, nanti saya ganti!" . . . .
Akhir cerita, Kebayan tak jadi ke pengadilan dibela oleh Agus.
Agus kawin dengan Hasanah. Saudagar kini, tak keberatan menerima lamaran Agus, karena Agus, tiba-tiba jadi kaya, dapat warisan
dari uaknya. Kabayan sekeluarga ikut berbahagia (dengan istrinya sudah rukun kembali).
17
PNRI
PNRI
SI KABAYAN
JADI DUKUN
PNRI
PNRI
I. CEKCOK
Ripuh, da puguh jelema kedul. Lain ripuh ku gawe, ripuh
kurang sandang-pangan. Sumawonna keur anak-rabi, keur manehna pribadi ngandelkeun ladang kesang pamajikan. Nya rajeun
daek sakali-kalieun baiangsiar, awahing ku digonggorokan jeung
dicarekan laklakdasar. Los ka leuweung ngala suluh, suluhna dijual ka dayeuh, ladangna beak ku sorangan. Ngirim ka nu di imah
ngan bejana. Meunang saanu, beak kana anu sakitu, kana anu
sakitu sesana sakieu deui keur aing. Majar maneh makayakeun
eta teh, cenah.
Sakali mangsa datang tas udar-ador, Kakara cek pisan ka golodog geus gawawak pamajikanana, timah bijil bari nyenyekel
tulak, omongna : "Rek naon inantog ka dieu? Lalaki teu gableg pucus, nurus tunjung, tayoh teuing ka patutna. Mantog deui
ka ituh! Hayang dipepeg ku tulak?"
"Aeh-aeh, cape deuleu ieu aing teh", tembal si Kabayan.
Cat unggah, rek asup ka imah dipegatan ku pamajikanana.
"Montong! montong ka dieu!" cek pamajikanana., "Leuh
euleuh sia." Tulak geus ulang-ulangan, kari bek kari bek. Anu
keur ngambek beungeutna beureum, panon buncelik, huntu kekerot, biwirna geus menyeng-menyeng bae.
"Halik, bisi didupak, aing t u n d u h " cek si Kabayan."Pek
pek
digebug sia ku tulak,"
cek pamajikanana.
"Na hulu aing teh pancir kitu?" tembal si Kabayan.
"Naha atuh, kena-kena ka awe we ka aing teh."
"Ah, pedah hengker wae awewe oge sia mah."
"Notorogan! wani teh ka nu hengker, ndeh."
"Salah wani ka nu bedas mah, bisi eleh."
"Njucud si burung, siah!"
21
PNRI
"Rek meujeuhna rek henteu, paduli teuing, da di dieu nu ngarasa," omong Saikem.
"Puguh wae," tembal tatanggana.
"leu teh perkara di dinya?"
"Lain," cek tatanggana.
"Na atuh make pipilueun?"
"Tarima salah lebah dinyana mah."
"Hilik atuh. Rek naon cicing wae?"
Tatanggana nyereng : "Teu diparentah oge, moal burung nying
kah!"
Si Kabayan cengkat. diuk, nangoh kana bilik cabol, omongna:
"Naon deui eta teh?"
"Maap wae Kabayan, bisi kudu dibantuan, dewek ge daek."
"Teu rek nyiksa pamajikan."
"Kajeun, da teu nitah." Tatanggana malik rek ngaleos.
"Ke heula!"
"Rek naon?"
"Dengekeun, Eta teh pamajikan dewek, disiksa ku dewek,
ceurikna ku dewek, upahaneun dewek, nya Ikem," cek si Kabayan.
"Nyao!" cek pamajikanana.
"Kumaha tah ari kitu?"
Si Kabayan: "Dewek nyiksa pamajikan, moal ngenta dibantuan ka silaing. Dewek ngupahan pamajikan, moal ngengken ka
silaing,"
"Sukur," jawab tatanggana.
"Barina ge keur naon menta tulung ka batur," omong Saikem.
Si Kabayan ngamonyongan jeung ngancunan ka tatanggana:
"Kadenge tah, hoyah! ancun."
"Karo-karo gelo, ngalayanan nu gebleg," omong tatanggana
bari ngaleos.
Si Kabayan nyengir, omongna: ' 'Ari eleh ngaleos bari gegelendeng, woyah!"
* * *
25
PNRI
II. NGUNEK-NGUNEK
Barudak geus arulin deui di pipir, tingcikikik suka, ngadu undur-undur. Pamajikanana indit ngelek boboko buntung, ngajingjing congkrang. Kadeuleueun ku si Kabayan geuwat digeroan:
"Wah ! eta nu ngelek boboko! Congkrang kami rek dibawa ka mana?"
Pamajikanana malik morongos : " l e u ! " Congkrangna rek dipalengpengkeun.
Si Kabayan ngageuwat : "Kop-kop-kop bae. Ji bae bawa !'"
Tuluj ngomong sorangan : "Na aja awewe bangkawarah teuing,
lalawora. Congkrang makeanan rek dipalengpengkeun. Kumaha
mun keuna, idih."
Ti tepas si Kabayan pindah ka imah, reket panto dipeundeutkeun. Di tengah imah goledag wae dianggel ku leungeun, guher
hees. Tibra, da euweuh nu ngagimbreung-gimbreung. Lilir-lilir
geus deukeut ka burit wanci tungganggunung, kageuingkeun ku
anakna keur nyaratu hareupeun hawu, silihsegag parebut beuleum
bogo.
Cek indung barudak : "Repeh, bapa sia bisi kagandengan."
Si Kabayan jongjon kekerekan, dina hatena mah keuheul ka
pamajikan, omongna : "Bangkawarah, ka salaki muatkeun teu
mere kejo. Harayang seubeuh sorangan bae behna mah, padahal
aing tunggu imah ti isuk. Sapoe jeput teu dibere cai-cai acan.
Keun siah,"
Korejat si Kabayan hudang, mata beureum kawantu hudang
hees, bubuncelikan bari rarat-reret, butuk ngarewig jeung gugutrut gagaro, da loba kutu, cuplak-ceplak, ngomongna teu uni,
26
PNRI
tuur, gado nyangheuy kana lebah tuur, buuk ngarewig, atuh ditotopong jangji red, teu pati pageuh deuih, ma'lum totopong
geus teu boga tungtung, tara pati ditaiik-tarik, bisi merean.
"Sakieu disenangkeunana, pamajikan ambek-ambekan. Keun
siah, rek sina ripuh, sina loba uruseun, aing rek cape," cek si
Kabayan. Jut turun ka taneuh, poek keneh, ngan di wetan geus
caang, geus balebat.
"Meujeuhna indit ka leuweung," cek si Kabayan. Cat deui
ka imah, ngageuingkeun pamajikanana, nanyakeun congkrang.
Tara-tara ti sasari indit make bebeja heula ka pamajikan, da
rek makayakeun ayeuna mah. Turun ti imah ngajingjing congkrang, tempa-tempo ka tepas batur, rek nginjeum asahan, teu awas
da poek keneh. Tuluyna unggal tepas diunggahan, aya nu dua tilu
kali. Manggihna mah ti nu deukeut wae. Kop dicokot teu bebeja
ka nu boga. Gusrek di cai ngasah. Barang bijil poyan, congkrang
geus seukeut, jung indit rek ngala suluh. Asahan cul wae di dinya,
teu dipulangkeun deui.
"Keur naon, kudu dipulangkeun, diteanganana oge tadi hese. Keun sina diteangan ku nu gablegna," omong si Kabayan bari
baeud keuheul kana asahan jeung ka nu bogana.
Kacaritakeun geus rada beurang, pamajikan si Kabayan balik
ti cai ngagandong kele, lebah buruan imahna papapag jeung
lalaki duaan.
"Punten embok," cek lalaki nu saurang.
"Ih, ka dieu wae ka tepas, kuring rek neundeun kele heula,"
omong Saikem. Bus ka imahna, ari bijil deui pek ngamparkeum
samak, samak buruk cadu mandi paragi sapopoe, da teu boga deui.
Semah arunggah ka tepas, ngawayahnakeun maneh dariuk
dina samak, nu saurang sila, nu saurang deui sidengdang, nyarande kana tihang.
"leu teh baraya ti mana, tara-tara ti sasari aya ka dieu." cek nu
boga imaii.
"Jauh, kuring teh ti dayeuh. Ari maksud aya pisan, pang ka
dieu lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja. Kuring
teh ieu duaan manggul piutus dunungan. Indit-inditan geus beng
ka dieu beng ka ditu, aya nu disungsi."
"Lain kitu, na naon pikersaeun tuang dunungan teh?"
"Kieu, embok", cek semah nu sidengdang, "supaya babari
29
PNRI
"Hah siah, rasakeun Kabayan, wawalesna nyiksa ka aing," ka semah meta rek nepak omongna: "Lailah ieuh, lain na mun ti tadi.
Asa kabeneran teuing baraya, lunta ka dieu. Nya di dieu lemburna dukun sakti teh, dukun panglepus-lepusna, pangmatih-matihna, satangkarak lemah moal manggih dua."
"Tah-tah-tah, kumaha embok kamatihanana?" omong semah
duanana, "supaya terang, ulah ham-ham mawa."
Pamajikan si Kabajan : "Alah, moal aya bangsana. Kapan geus
aya meureun genep bulan katukang, aya awewe gering payah,
ditambaan ku ieu-ieu kasakitna kalah beuki angot. Kaliasan nu
gering nepika losna liilang. Waktu nu gering keur engkak-engkakan keneh, ahli-ahlina meunang beja, yen di dieu aya dukun aheng.
Gancangna diala, tapi cek sarerea geus lain milikna, nu gering kasampak geus diulesan. rek disalatkeun. "Ke heula," cek dukun,
"buka beungkeut-beungkeutna". Kapas tutup beungeutna dilaan.
Pek mayit teh dipeureuhan, biwirna ditetesan cai ubar. Kunyamkunyem dukun ngajampe, peuh-peuh mayit ditanapas beungeutna. Lam kaget sakur nu nyaksian? Bray mayit beunta, gular-giler
panonna. Eeeh cenah, nguliat, nyah cengkat. Atuh raong nu careurik bawaning atoh. Harita keneh nu hudang gering menta dahar. Hih, teu sakara-kara nepi ka ayeuna jagjag waringkas."
Semah duanana gogodeg : "Ambu-ambu, bener ieu mah,
sakti, lain matih deui."
Pamajikan si Kabayan : "Aya deui nu aneh, tacan lila ieu
mah, kakara heuleut tilu minggu kituh. Aya budak lalaki, kirakira umur
lah, tuh sarua jeung anak kuring,
"
Semah: "Sarua jeung itu nu panggedena, embok?"
Saikem : "Enya, sarua jeung eta . Ragrag tina tangkal nangka,
luhur, ninggang kana batu gede. Lah ieuh,
geprok
cenah sirahna, polo jeung getih ulaweran
iij
remuk
pisan atu da. Leungeun suku rikes, tulang tonggong pasehsoh,
nyarengsol. Indungna budak kapiuhan,"
Semah : "Moal boa."
Saikem : "Bapana riwih-rawah samar polah.
Kabeneran aya nu hideng, lumpat ngala dukun ka dieu. Etah
ieuh, budak geus ayud kitu
"
Semah : "Cara nangka asak murag meureun."
Saikem : "Enya, tah cara kitu. Dikedengkeun, leungeun suku
dibeberes, rup dirurub ku kalakay jeung dangdaunan. Pek dijam31
PNRI
33
PNRI
III. KABALES
"Geus meujeuhna sakieu ge," cek si Kabayan ngomong sorangan, "leuwih ti sakieu mah moal kabawa." Leos ka beh lebak,
keplas nilas awi pitalieun; korosok-korosok, gubrag, sora awi rubuh. Teukteuk sapotong, kesrek-kesrek diberesihan, wak dibeulah. Nu sebeulah dipasian, dimeujeuhnakeun keur tah, nu sabeulah deui diantep bae sina ngagoler.
"Keun keur batur, moal hese nuar," omongna, tuluy ka saung
bari mawa awi beunang masian tea rek dihuaan. Keur jongjonjongjon suik-suik bet, ngahua, jol utusan tea datang ka
ah
dinya, si Kabayan can awaseun, da nonggong.
Cek utusan nu saurang : "Tu geuning, moal salah itu embah
teh."
Omong baturna : "Enya sigana."
Geus deukeut ka si Kabayan, nu duaan ngadehem. Si Kabayan
ngalieuk, pok ngomong : "Bagea baraya. Rek ka marana?"
Cek utusan nu saurang, ngaharewos ka baturna : "Deuleu itu.
geus uningaeun ka urang."
Nu diharewosan unggeuk, tuluy ngajawab ka nu nanya jeung
ngabageakeun : "Seja ka dieu pisan, embah."
Si Kabayan rungah-ringeuh, omongna : "Na da euweuh embah
ngulampreng ka dieu ti tadi oge."
Nu duaan silih reret, isarah pada ngarti, ngabenerkeun ka
omong awewe nu ngabejaan. Salnasik, nu perceka caritana tea,
ngawalon : "Kapan eta nu sasauran, sanes embah?"
Si Kabayan : "Enya lain, Kabayan ieu mah."
Salnasik ka b a t u r n a : "Sidik nya euy, ieu nu diteangan t e h . "
Ceh baturna : "Cocog sabeja tea."
34
PNRI
Cek si Kabayan : "Asana teu mintul-mintul teuing ngahartikeun omong batur, tapi na ieu mah bet baliwet naker, teu kaharti."
Cek batur Salnasik : "Embah, singgetna carios mah kieu.
Kuring jeung ieu Salnasik dijurung ku dunungan ka Embah, neda
tulung hayang dipangjiadkeun anakna, pireu ngadak-ngadak."
Salnasik : "Na aya carita kawas kejo heucak wae pabaur jeung keusik."
Batur Salnasik : "Jengkel ngadengekeun carita euweuh lajuna.
Ngulibek wae di dinya keneh."
Si Kabayan : "Bener jang, hade kitu pondok, kaharti, tapi
Batur Salnasik : "Nyaho! bet nu dipoyok nu kamanah tea
mah ku Embah."
Si Kabayan : "Enya, tapi teu bisa nulungan, da lain dukun di
dinya keneh."
Si Kabayan : "Bener jang, hade kitu pondok, kaharti, t a p i . . ."
Batur Salnasik : "Nyaho! bet nu dipoyok nu kamanah tea
mah ku Embah."
Si Kabayan : "Enya, tapi teu bisa nulungan, da lain dukun di
dieu mah, tara ngajiad, teu nyaho jampe tutung-tutung acan."
Salnasik : "Beu, Embah, pisakumahaeun dunungan, upami
putu wangsul lengoh, turta Embah kasungsi kaungsi."
Cek si Kabayan dina hatena : "Lain nu garelo geuning ieuh,
jelema kasalahan." Pok bedas : "Ki sanak, ari dipen'taan tulung
kitu mah luput, teu bisa. Lamun rek meuli suluh; kop tah, genep
baru satanggungan."
"Moal sae Embah, kapan kedah nulung ka nu butuh, kedah
nalang ka nu susah," cek nu duaan.
"Ari teu bisa," cek si Kabayan.
"Moal diparuntangan, upami Embah teu kapendak talna."
"Na dipuntangan naon?"
"Kapan awewe nu parantos dibungkus kari ngaruang, dijiad
ku Embah menyat deui."
"Ambu-ambu, iraha tea?"
"Aya panginten genep sasih kapungkur."
"Astaga teu nyaho-nyaho."
"Lali deui panginten."
36
PNRI
PNRI
dibilang heula."
"Milang mah bari angkat wae, Embah," cek Salwasim, "ieu
cangkeul, mangkaning jauh keneh lalakon."
"Sangeuk leumpang ti tadi ge," tembal si Kabayan.
"Sumuhun, urang bari ngeureuyeuh maju," cek Salwasim.
"Embung-embung, ari embung, embung," cek si Si Kabayan
bari reureundeukan. "Kumaha. milang kaliru jeung lengkah, keh."
"Ih, ih," cek Salwasim bari ngajarigjeug.
"Dongko ka inyah, b o d o ! " cek si Kabayan. "Hiji, dua, tilu,
opat, lima," Milang sen hiji-hiji, dipocelan tina torosna, ditungtut
diasupkeun kana saku. Geus aya welasna, dibalikan deui, majar
teh kaliru cenah, nu ngagandong ugag-igeug. Unggal malikan kudu
tina hiji deui, terus dua, tilu jeung satuluyna.
Barang kadenge nyebut lima puluh, Salwasim ngarahuh : "Aduh cangkeul, parantos Embah?"
Si Kabayan : "Ah, tukeuran heula totopong, nya?"
"Mangga, Embah," tembal Salwasim.
Salnasik : "Engke oge meunang deui nu weuteuh, Cim."
Salwasim : "Mana diturut oge."
Si K a b a y a n : "Tukeuran heula baju jeung eta, ah." Ngomong
baru nunjuk kana baju Salnasik.
Sakahoyong Embah diturutkeun. Jung maju. Ari geus ngaliwat kebon, geus deukeut ka lembur. "Eureun !" cenah, cek si
Kabayan. "Hayang dikukudungan. Bisi aya nu nanya, jawabna
teu ku nanaon, kitu nya !"
"Mangga Embah," jawab nu duaan.
Salnasik leumpangna pandeuri, ngiringkeun anu digandong.
Ngaliwat ka sisi lembur, kanyahoan ku pamajikan si Kabayan :
"Deuleu ituh, nu burung teh menta digandong. Tapi ah, bisi kuma
onam Gijrig ngabigbrig nyusul nu laleumpang, henteu gegeroan,
sieun kadengeun ku salakina. Geus deukeut, ngaharewos ka Salnasik : "Naha mana digandong Embah teh?"
Jawab Salnasik : "Teu ku nanaon, kahoyongna."
Saikem : "Kungsi kacabok?"
Salnasik : "Kersaeun soteh ditampiling heula."
Saikem malik, seuri sorangan, puas ku aya nu mangmaleskeun.
***
39
PNRI
Ki Sudagar dijuk ngahenen dina korsi males suku direngkolkeun cara nu sila, leungeun kenca ditindihan ku sirah, leungeun
katuhuna nyampay kana tangan-tangan korsi, nyekelan tasbe bahar. Budina mesum, pantes jelema keur susah teh. Geus salila-lila
tasbe ngambay angger bae, teu maju-maju. Ki Sudagar mujina teu
daek husu, kabengbat deui kabengbat deui ku mikiran kasusah,
mikiran ar.ak geura cageur. Ngarep-ngarep titahanana tacan datang
keneh bae.
Nyi Hasanah, nu keur ditamba-tambakeun tea, aya di dinya,
diuk dina dipan, sila jungkung naggeuy gado ku katuhu, sikuna
diganjel ku anggel sutra hejo, anggel dipan. Nu hiji deui anggelna
disarandean. Nyi Hasanah beda mesumna jeung bapana. Nyi Hasanah mah mesum lain susah, da kaciri boga ulat bantahan.
Sudagar : "Emh na, budak tegep-tegep cacad"
Ah-eh, luhlah teh Ki Sudagar dina hate bae, tara kedal.
Nyi Hasanah manyun, pikima ngalamun : "Jeung daek dikawinkeun ka si eta mah, mending paeh, teu hayang lakian ka banda."
Keur kitu jol babu inang nyi Hasanah, gek diuk dina alketip
di handap, ceklek-ceklek ngacipan jambe, keur ngeusian wadah
seupaheun.
Sudagar humandeuar : Ya Allah cing nyuhunkeun pitulung,
ulah kieu-kieu teuing." Tuluy nanya ka babu inang : "Poe naon,
nya embok, Salnasik teh inditna?"
"Duka da ti dieuna mah Senen asana, basa aya Mas Haji Latip," jawab babu inang.
Sudagar : "Aeh, enya harita, nya. Coba Senen, Salasa, Rebo,
Kemis. Tuh geus kaopat poe ieu, can embus-embus. Benerna ku
40
PNRI
naon jelema teh boga pamilih, ari ngan rek nganteur kasukaan
bae mah? Lebar boga anak ngan hiji-hijina, rek dibikeun ka si eta.
Naon kabogana, naon harkatna, jelema jadi kutiplak batur? Nya
meunang wae rneureun rejeki sapeser saduit, buruh nagihan.
Mahi kana nanahaon? Na embok, teu karunya si Hasanah engke
dibawa sangsara? Indungna oge di kasucian moal sukaeun. Pikahareupeun embok, nu kudu dipikir teh, ulah ngingetkeun saayeunaeun wungkul."
Suyimah teu ngajawab deui, jung nangtung rek ngaleos, tapi
teu tulus inditna, dan Nyi Hasanah pepeta nitah cicing. Hatena
ngentab, nu dipisuka ku manehna dicacampah ku bapana. Hatena
beuki masket ka dinya. Ka Haji Latip beuki geuleuh alah batan
neuleu bangke. Piomongeun mani nyedek kana tikorona, hayang
nambalang ka bapana, tapi teu pok.
Ki Sudagar karareuheul, pusing teu puguh, nyeueung anak
leuwih asih ka babuna ti batan ka manehna. Leos ti kamar bijil,
bari ngageber-geber baju. baju takwa bodas, sampingna poleng
samarenda, kopeah bodas nyengcle dina sirah lenang, kakara
beunang nyukur keur isukan Jumaah. Losna ka emper tukang,
gurayot kana korsi lamak. Si Manis, balaster geus jadi, mani
ngunggut disada, kawas ngahormat dunungan nyampeurkeun.
"Kulhu-kulhu," kadengena ku dununganana mah. Kurungna ngagantung kana pamikul.
"Aya naon Manis, beger-beger teuing?" cek sudagar. clekclek sora tasbena.
Keur kitu jol Salnasik ka buruan tukang. Ku dununganana digupayan. Srog ka golodog, diuk anggekeng.
"Kumaha nyaba teh, Iko?" cek dununganana.
"Aya pangestu, hasil. Bagja juragan, teu kapaineng rnujur,
kabantun dukunna oge, di pengker keneh sareng pun Entim.
Simkuring ti heula ngawartosan, supados engke di mana jol dongkap, juragan ulah kaget. Jelemana mahiwal, adat-adatanana teu
sami sareng batur, seueur minculakna, nanging wewesenna, lah
engke oge kauninga."
Sudagar : "Boa Iko, jelema kurang saeundan?"
Salnasik : "Ih, juragan mah, ulah sok sasaur-saurna, jelema
karamat, bilih aya matakna."
Sudagar : "Heueuh sukur, pek atuh, bisi rek ka cai heula."
Inasik tuluj indit ka sumur, beberesih, sibeungeut, ngumbah
42
PNRI
leungeun, ngumbah suku. Tidinya nyampeurkeun deui ka dunungnana. Derekdek carita, sakur nu inget mah, teu aya nu kalarung, anu kurang surup, disusurup, dipapantes ku manehna. Lebah nyaritakeun kamatihanana, ki sudagar munggah unggutunggutan tasbe ragrag ngolocrak kana ubin, teu kanjahoan bawaning saregep ngabandungan Salnasik.
"Eta tasbe kagungan murag," cek Salnasik bari nuduhkeun
ku indung leungeun.
"Eum, keun wae ieu mah. Geus kitu, kumaha?"
Sabot dunungan ngarongkong, nyokot tasbe, Salnasik nyokot
dompet tina sakuna. Bret-bret nyogat daun kawung rek nyieun
roko.
"Kabeneran Iko, aja keneh surutu yeuh, hiji deui, heh," cek
Sudagar, nu tara tea mere surutu, najan enja oge Salnasik mandor
sawah kadeuheus. Serebung Salnasik udud suratu, roko jieunna
mah diselapkeun kana dompetna.
Sabot Salnasik udud, cetaan ngeunah, ki Sudagar ka jero nempo nu keur beberes, ampar-ampar di kamar tengah beulah kidul, sadia keur ngahormat narima dukun.
Salnasik : "Surutu nanahaon ieu teh, kalah kabeubeur wae
burahay? Beuleum kasir onaman ngeunah, matak hayang dahar."
Dununganana jol deui : "Naha udud teh geus dipareuman deui?"
Salnasik : "Lebar sumun, keur engke bada neda."
Sudagar : "Euh . Tapi naha teu geura jol dukun teh?"
Qho-oho sada nu batuk.
Sudagar : "Tah, lain eta Iko?"
Salnasik : "Sumuhun, hadena juragan
Tu Geuning."
Sadagar : "Tuluy wae ka dieu, Cim!"
Salwasim : "Mangga, bade ngumoali suku heula."
Embah dukun ngajanteng di buruan, didudukuy toroktok
weuteuh. Baju kampret bodas : nyacas luareun samping, ti luar
baju kidril, ti Sailnasik tea, ngaliglag teu dikancingkeun. Sampingna samping poleng geus belel jeung beyetuk, semet tuur. Calana
komprang lolo katembong, kawasna ti saprak dipake tacan ngambeu cai, ari ipis-ipisna siga balacu. Batur ka cai ngumbah suku,
embung nuturkeun, jeung teu tuman rek ka imah ngumbah suku
heula.
43
PNRI
Sudagar ngageuwat turun, moro ka buruan, mapagkeun Embah, song sasalaman. "Mangga, Embah teras wae ka rorompok."
Dukun : "Man ti heula, teu nyaho kudu ka mana."
"Mangga Embah ti payun," cek Sudagar.
"Haar, naha atuh dibawa ka dieu, ari kudu ti hareup mah?'
"Mangga Embah angkat ku putu diiring," cek Salnasik.
"Euh kitu, incu teh ngalilieur!"
Tuluy arunggah, dukun ti heula didudukuy ka imah, teu di
cuplak pohoeun. Gek diuk dina ubin.
Sudagar : "Moal sae Embah, itu di ditu, parantos disajagikeun.
"Ripuh jadi embah teh ieuh," cek dukun. "Teu meunang ne
angan kangeunahan."
Sakur nu ngadenge arimut, nyeueung dukun kuleuheu, se
ngar-sengir, leumpang raga-rogo, tempa-tempo ka kamar.
"Di mana diuk teh, di dieu teu meunang di dieu teu mei
nang? Bet asa di gedong larangan."
"Eta parantos disayagikeun pramedani," walon Sudaga
Embah dukun geus calik dina alketip, teu eureun-eureun rerat-reret, ka luhur ka handap, ka gigir mah sumawonna. Kag
ku parabot imah hurung-herang. Eunteung satangtung-satan
tung ngagalebir dina tembok. Geus neuleu kalangkangna ma
dudukuyna dicuplak, disarandekun gigireunana.
Salnasik jeung Salwasim diukna ngarendeng, milu ngadeul
us di dinya, tapi anggang, teu dina alketip dina ubin bae, tapi
beresih ubin oge mani ngagarenclang herang.
Sor susuguhna dua baki. Salnasik jeung Salwasim sejen de
ajangna, wadahna oge baki kuningan.
Haturan Embah mah dina baki perak.
Sudagar : "Mangga Embah nyanggakeun, ngaleueut saaaya."
"Ambu-ambu, ieu teh keur embah kabeh?" cek dukun.
Sudagar : "Sumangga teuing masing seep oge sadayana. Ma
disanggakeun oge tuangeun." Geus kitu malik ka nu duaai
"Hempek ka dinyah, ulah diarantep bae."
"Mangga," cek nu duaan.
"Jauh-jauh kaula diala teh rek sina kieu? Kahakanan euwe
nu mirasa, top amis-top amis, arasin paleuheur kieu, heug
sebel. Euweuh nu patri ih," cek dukun.
"Atuh urang tuang bae sakalian," cek sudagar.
44
PNRI
50
PNRI
V. UNTUNG
Geus rada jauh ti imah Sudagar si Kabayan aya nu ngagerogero. Ari dilieuk aya nu ngabigbrig menta didagoan. Deregdeg si
Kabayan lumpat, samping diporosotkeun, dipake ngagembol
buntelan. Didukuy Clok kana tonggong, talina nyekek kana beuheungna.
"Sot ieuh!" cek si Kabayan bari ngalieuk, samarukna katewak.
Nu ngudag ngabigbrig nuturkeun geus rada deukeut omongna:
"Cing eureun heula, pa Dukun!"
"Moal." tembal si Kabayan.
"Aya perlu saeutik!"
"Beuki komo moal."
"Aya piuntungeun!"
"Keur saha?"
"Keur pa Dukun!" cek nu ngudag geus deukeut pisan.
"Enyaan?"
"Moal enja diudagkeun bohong mah."
"Hiap tuturkeun!" cek si Kabayan bari leumpang. da geus
teu kuat lumpat, ambekanana nyengek.
"Urang carita bari leumpang bae ieu teh?"
"Bari lumpat mah cape."
"Nu matak nyusul-nyusul teh, kuring rek neda pitulung,
pedah bapa kamashurkeun dukun matih."
"Rek ngenta diubaran?"
"Enya, kuring teh gering."
"Teu mawa piubareun ayeuna mah jeung kasakit niahal katembongna."
"Bener pisan pa, kasakit mahal."
51
PNRI
* * *
56
PNRI
VI. BALUKARNA
PNRI
Suyimah ceurik balilihan mewok di dapur, melang ka nu euweuh, ku Sudagar sieun jeung nyeri, dicarekan mani tigogolenceng.
Si Kabayan teu nyaho nu ribut, da tuluy ngencis balik, datangdatang dug sek, cape meureun.
Isukna burubul pulisi, kapala-kapala desa jeung menak ti dayeuh rek nangkep si Kabayan, geus ngalingkung imahna.
Kulisi : "Si Kabayan aya?"
"Aya, ieu keur siduru."
Kulisi : "Bijil aya pulisi!"
Si Kabayan : "Teu baraya!"
Kulisi : "Teu nurut silaing ka menak?"
Si Kabayan : "Nurut naon? Nyatu nginum ku sorangan, pamajikan nu ngasakan."
Kulisi : "Eeh baha silaing ka menak?"
Si Kabayan : "Baha, teu baha, acan ngarasa dititah ku menak."
Kulisi : "Heueuh, ayeuna deuleu!"
Si Kabayan : "Eta nu ngomong?"
Kulisi : "Lain, kulisi ieu mah."
Si Kabayan : "Ka bau-bau sungut, mun repeh."
Kuwu : "Buka panto, Kabayan ! bisi dirujad."
Si Kabayan : "Sada Mas Uwu?"
Kuwu : "Heueuh."
Si Kabayan : "Mangga nun. Calik Mas Uwu!"
Kuwu : "Timbalan menak ti dayeuh, silaing kudu ditangkep.
Kadieuh eta leungeun duanana rek dibangkol."
Si Kabayan pias, ngadak-ngadak muriang teu kawayaan,
omongna haroshos : "Naha Mas Uwu?"
Kuwu : "Teu nyaho, perkarana mah, kumaha engke di da
dayeuh."
Si Kabayan : "Eh, na wawuh jeung Mas Uwu lain anyar-anyar
nepi ka
"
Kuwu : "Dina ngajalankeun perkara, moal kahalangan ku wawuh, moal kahalangan ku kabarayaan."
Si Kabayan : "Sanes eta. Ieu Mas Uwu kagungan nu kieu,
sabaraha digaleuhna?"
Kuwu : "Teu nyaho. Taroskeun tah ka juragan Asesor."
Si Kabayan : "Matak kabita."
Asesor : "Naon alusna?"
58
PNRI
63
PNRI
64
PNRI
PNRI
PNRI