Anda di halaman 1dari 2

Jawaban Terbaik

Assalamualaikum Wr Wb

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,


Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok
jonghok dina ieu acara,nyaeta acara sukuran binikmah.
Mugi ieu acara th lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,


salaku mukmin urang gaduh kawajiban, anu mana eta kawajiban teh lewih penting
tinimang kahirupan urang ,nyaeta ibadah
wama kholaqtul jinna wal insa illa liya'budun " teu pati pati nyiptakeun jin jeung
manusa anging supaya piken aribadah", manusa jeng jin pada dasarna ewueuh nilai
mulyana tanpa ahlaqul karimah dina raraga ibadah,jeung nilai ibadah eta lewih
mulya tinimang mahluk jeung harta sabab mahluk jeng harta aya kusabab ayana
nilai nilai agama jeung misi ibadah
hiji waktos malaikat naros keun ka kangjeng nabi rehna mana nu paling mulya
antara rasulullah jeung agama ,maka rasulullah ngawaler rehna agama eta lewih
mulya tinimang kami sabab kami diutus pikeun nepikeun ieu agama,

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,


salah sahiji kawajiban anu kacida pisan pentingna pikeun urang sadaya nyaeta
sukuran
Allah nguningakeun " laingsakartum laazidannakum, walaingkafartum inna adzabi
lasyadid '
saupama aranjeun sukuran, maka bakal namahan ka aranjeun , jeung lamun kalufur
aranjeun, maka saestuna azdab kami kacida pisan beratna,.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,


sukuran eta alat penting pikeun urang soson soson dina ibadah ka Allah
sabab sukuran mahluk ka khaliq lir ibarat mayar hutang ku hutang
urang dek mayar syukuran ka Allah ku perkara anu di paparin ti Allah deui
contona sukuran soca , ari soca ti Allah , sukuran nana ku maca qur'an jeung teu
ningal kana perkara nu diharamkeun ku Allah,,, cobi kuurang emut ari tiasa maca
eta padhalna saha, Allah atawa mahluk, ari kersa macana kana qur"an eta kersana
taofekna Allah atawa mahluk
Allah nguninhakeun "walaolafadhlullahi warahmatihi lakuntum minal
khasirin'.....lamunmah lain sabab kautamaan jeung kanyaah kami pasti aranjeunteh
bakal jadi jalma anu rarugi "

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,


tina eta ayat urang sadar rehna urang ibadah lain ku somong , tapi ku tunduk taat
,smi'na wathana
istilahna muslim ,istilahna taqwa

mudah mudahan ku ayana di laksanakeun acara syukuran ieu urang sadayana sing
tamih tamih beukel taqwa dina manah ,sarta salawasna kaasup ti jalmi jalmi anu
kaaku muslim ku Allah....insya allah

sakitu nu kapihatur
pamugi ngahampunteun kana sagala kakirangan nana

Rabbana atina fidunya khasanah wafil akhirati khasanah waqina adzabannar


wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh...

Anda mungkin juga menyukai