Anda di halaman 1dari 14

Perkenalan

AA : “SAMPURASUN”

NENG : “RAMPES”

NENG : “Assalamualaykum”

AA : “Walaykum sallam”

Dialog part #1

• NENG : “Punten leres, ieu sareng bumina IBU Kokom??”

(Maaf benarkah, ini dengan rumahnya IBU Kokom??)

• I’Kokom : “Muhun leres,”

(Ya, benar)

• NENG : “Ouh leres, perkenalkeun/ nepangkeun bu abdi (/ sim kuring ) IIS ti ITB sareng ieu rerencangan
abdi.”

(Ouh betul, perkenalkan bu, saya

IIS dari ITB dan teman saya)

• AA : “Sumuhun bu, abdi Asep ti ITB oge”

(Ya betul bu, saya Asep dari ITB juga)

• NENG : “Janten kanggo 5 dinten kapayun abdi sareng sadayana bade ngiring mondok di bumi IBU”

(Jadi untuk 5 hari kedepan saya dan semuanya mau ikut tinggal di rumah ibu)

I’Kokom : “Sok mangga, punten teu gaduh nanaon”

(Silahkan, maaf tidak punya apa- apa)

• AA : Eh ibu, anu aya hatur nuhun atos ngengingkeun abdi sareng sadayana tiasa mondok dibumi ibu

(Eh ibu, yang ada terima kasih sudah memperbolehkan saya dan semuanya bisa tinggal di
bumi ibu)

• NENG : Punten upami ngarepotkeun ibu

(Maaf, jika merepotkan ibu)

• I’Kokok : Teu nanaon neng, anu aya ibu bungah kumargi aya tamu

(Tidak apa- apa neng, yang ada ibu bahagia soalnya ada tamu

• B’Ujang : Sadayana asli mana?

(Semuanya asli mana?)

• AA : Abdi mah orang JAWA

(Saya orang JAWA)

• NENG : Abdi orang Bandung asli pa

(Saya orang Bandung asli pa)


Dialog Part #2

• AA : Ibu ieu aya sembako kanggo ibu sakeluarga, sareng aya oge tuangeun kanggo 5 dinten kapayun

(Ibu ini ada sembako untuk ibu sekeluarga, sama ada juga makanan untuk 5 hari kedepan

• I’Kokom : Hatur Nuhun

(Terima Kasih)

• AA : Ibu punten upami sadidinten kagiatanna naon?

(Ibu maaf kalau sehari- hari kegiatannya apa?

• I’Kokom : Ngajait, masak. Upami bapa mah ngebon. Murangkalih ibu sakola sareng damel

(Menjahit, masak. Kalau bapa berkebun. Anak ibu sekolah sama kerja)

• NENG : Ouh upami ibu gaduh sabaraha murangkalih?

(Ouh kalau ibu punya berapa anak?

• I’Kokom : 2 neng,

(2 neng)

• AA : Pameget atanapi istri?

(Laki- laki atau perempuan?)

• I’Kokom : Pameget sareng istri

(Laki- laki dan perempuan)

• NENG : Dua- duana sakola atanapi damel?

(Dua- duanya sekolah atau kerja?)

• I’Kokom : Anu istri sakola, anu pameget atos damel teras nikah

(Yang perempuan sekolah, yang laki- laki kerja langsung nikah)

• AA : Sakola sareng damel dimana bu?

(Sekolah sama kerja dimana bu?)

• I’Kokom : Sakola di SD Muncang sareng anu ageung mah janten buruh pabrik

(Sekolah di SD Muncang sama yang besar

jadi buruh pabrik)

(Anaknya datang)

• AA : Ade, atos uih sakola?

(Ade, sudah pulang sekolah?)

• Rosalinda : Muhun A

(Ya A)

• NENG : Kelas sabaraha?


(Kelas berapa?)

• Rosalinda : 2 teh

• NENG : Umurna sabaraha taun?

(Umurnya berapa taun?)

• Rosalinda : 8 taun

(8 taun)

Dialog part #3 Edukasi

• NENG : “Assalamualaykum, wilujeng enjing ibu- ibu sadayana”

(Assalamualaykum, selamat pagi ibu- ibu semuanya)

• AA : “Kumaha damang??,”

(Bagaimana sehat??)

• Ibu- ibu : “Muhun damang,”

(Ya, sehat)

• AA : “Yuk sadayana ibu- ibu sareng bapa- bapa kempel dilapangan, acarana bade dikawitan”

(Yuk semuanya ibu- ibu dan bapa- bapa kumpul dilapangan, acaranya mau di mulai)

• NENG : “Janten acara dinten ayeuna nyaeta palatihan mini kompos, mayet sareng recycle ”

(Jadi acara hari ini/sekarang yaitu pelatihan mini kompos, mayet dan recycle)

I’Kokom : “Upami eta teh nanaonan A? ”

(Kalau itu ngapain A?)

• AA :” Janten ibu-ibu acara eta teh nyaeta ngalatih ibu sareng bapa kanggo ngadamel kompos dibumi masing-
masing”.

(Jadi ibu- ibu acara ini yaitu melatih ibu sama bapa untuk membuat kompos di rumah masing- masing)

• NENG : “Muhun leres pisan ibu bapa, janten didieu teh dipasihan contohna kedah kumaha ngadamelna “

(Ya benar sekali ibu bapa, jadi disini dikasih contoh harus gimana membuatnya )

• I’Kokok : “Ouh, upami recycle naon neng? “

(Ouh, kalau recycle apa neng?

• Neng: “Upami recycle mah nyaeta ngalatih ibu- ibu kanggo mendaur ulang atanapi ngagunakeun deui barang-
barang anu tos teu dianggo misalna bungkus kopi, aqua sareng anu sanesna”

(Kalau recycle yaitu melatih ibu-ibu untuk mendaur ulang atau menggunakan kembali barang- barang yang sudah tidak
digunakan misalnya kemasan kopi, aqua dan yang lainnya)

• Ibu- ibu : “Ouh kitu neng, wah rame sigana”

(Ouh gitu neng, wah rame sepertinya)


• NENG : “Muhun, yuk sasarengan ibu- ibu nyandak barang- barang anu tos teu dianggo “

(Ya, yuk bareng- bareng ibu- ibu membawa barang- barang yang sudah tidak terpakai )

Dialog Part #4

• AA : “Ayi- ayi anu karasep sareng gareulis, yuk ka lapangan kanggo ngiringan lomba”

(Adik- adik yang ganteng dan cantik, yuk ke lapangan untuk ikutan lomba)

• Rosalinda: “Hayu kang, tapi lomba naon kang?”

(Yuk kang, tapi lomba apa kang? )

• AA : “Aya lomba milah sampah, puzzle sareng anu sanesna”

(Ada lomba milah sampah, puzzle sama yang lainnya)

• Fernando: “Wah, eta teh kang sampahna dipilah sapertos kumaha?”

(Wah, itu teh kang sampahnya dipilah seperti apa?)

• NENG : “Teteh anu ngajawabnya, janten engke sampahna dibagi- bagi, aya anu dilebetkeun ka wadah anu isina
organik sapertos sayur-sayuran, tanaman teras aya oge anu anorganik sapertos bungkus mie, jajanan dll “

(Teteh yang menjawab ya, jadi nanti sampahnya dibagi- bagi , ada yang dimasukkan ke wadah yang isinya
organik seperti sayur- sayuran, tanaman terus ada juga yang anorganik seperti kemasan mie, jajanan dll )

• AA : “Eh, ayi- ayi salain lomba aya oge diajar sasarengan, anu ngajarna teteh sareng akang anu didieu. “

(Eh, adik- adik selain lomba ada juga belajar bareng, yang ngajarnya teteh sama akang yang disini)

• Titin :” Wah rame, tabuh sabaraha kang diajarna?, kumargi Titin sakola dugi tabuh 4”

(Wah rame, jam berapa kang belajarna?, karena Titin sekolah sampai jam 4)

• AA : “Muhun rame, diajarna tabuh 4 sonten tin “

(Ya rame, belajarna jam 4 sore tin)

• Roni: “Yuk barudak ka lapangan anu teu sakola dinten ayeuna, anu sakola engke nyusulnya”

(Yuk anak anak ke lapangan yang tidak sekolah hari ini, yang sekolah nanti nyusul ya)

• Barudak : “Yuuuuuk, “

(Yuuuuuk,)

Dialog part #5 Lomba

• NENG : “Assalamualaykum, wilujeng siang ibu- ibu sadayana”

(Assalamualaykum, selamat siang ibu- ibu semuanya)

• AA : “Alhamdulillah, dinten ayeuna bade aya perlombaan kanggo ibu- ibu, bapa- bapa sareng murangkalih ”

(Alhamdulillah, hari ini akan ada perlombaan untuk ibu- ibu, bapa- bapa dan anak- anak)

• NENG : “Muhun leres pisan A, kan kamari atos kerja bakti sasarengan ayeuna lomba”

(Ya benar sekali A, kemarin sudah kerja bakti bareng- bareng sekarang lomba)
• Ibu- ibu : “Lombana naon wae Neng?”

(Lombanya apa aja Neng?)

• AA : “Janten kanggo ibu- ibu aya lomba masak, kanggo bapa- bapa sareng murangkalih lomba 17an”

(Jadi untuk ibu- ibu ada lomba masak, untuk bapa- bapa dan anak- anak lomba 17an)

• NENG : “Kanggo ibu- ibu pesertana tiluan pertim ditambih mahasiswi dua janten limaan pertimna ”

(Jadi ibu- ibu pesertanya 3an petim, ditambah mahasiswi 2 jadi 5an pertimnya)

I’Kokom : “Upami masakna menuna naon neng? ”

(Kalau masaknya menunya apa neng?)

• NENG : “Janten menuna anu bahan dasarna tahu”

(Jadi menunya yang bahan dasarnya tahu )

• Ibu- ibu : “Siaap”

(Siap)

• NENG : “Janten engke upami atos rengse lombana, masakanna di tuang sasarengan ”

(Jadi nanti kalau sudah selesai lombanya, masakannya di makan bareng- bareng)

AA : “Yuk ngiringan ibu, bapa, ayi- ayi engke aya hadiahna”

(Yuk ikutan ibu, bapa, adik- adik nanti ada hadiahnya)

Semuanya : “Hayuuuuuu “

Penting !
Pengucapan É, E, dan EU
É : témpé, Rancaékék, pélét, hésé, tétéh, Palémbang, motor bébék, céngék, pépés ikan, kasép, korék api,
héhéhéhé
E : Sumedang, pedang, gelas, Jember, kebon, ganteng, Semarang, balsem
EU : Leuwipanjang, Cibeureum, heureuy, geulis, hideung, beuteung,
beuheung, beungeut, seuneu

Ok? Jika sudah fasih, bedakan pengucapan kalimat berikut:


Tétéh caket treuk hideung (artinya: ‘Teteh dekat truk hitam’)
Tétéh cakeutreuk hideung (artinya: ‘Teteh sangat hitam sekali’)

Dalam percakapan bahasa Sunda sehari-hari dikenal penggunaan undak usuk basa atau lebih dikenal
dengan naik-turunya penggunaan ragam kata yang dipakai. Hal ini berhubungan dengan konteks situasi
percakapan yang kita hadapi. Bicara dengan orang tua atau baru dikenal biasanya menggunakan bahasa halus.
Berbicara dengan orang yang seumuran atau biasa sudah bertemu bisa menggunakan bahasa sedang. Adapun
bicara dengan orang yang umurnya di bawah kita, sudah sangat kenal, atau sedang marah biasanya
menggunakan bahasa kasar. Konteks percakapan juga disesuaikan dalam situasi ragam formal atau nonformal.

Kata Ganti
Berikut ini kata ganti dalam bahasa Sunda secara lebih lengkap sesuai dengan ragam bahasa/situasi:
Orang Ke-1:
Tunggal: Jamak:
- sim kuring (halus, resmi) - sim kuring sadayana (halus, resmi)
- abdi (halus, tak resmi) - abdi sadayana (halus, tak resmi)
- kuring / déwék / urang (biasa/sesama) - kuring saréréa (biasa/sesama)
- aing (kasar)

Orang Ke-2
Tunggal Jamak
- Bapa / ibu (sapaan/dianggap saudara) – (halus, - aranjeun (halus)
orang yang dihormati - maranéh (biasa/sesama)
- anjeun (lemes, sesama) - hidep saréréa (halus, ke usia yang lebih rendah
- manéh / silaing (biasa/sesama) dari kita)
- sia (kasar)

Orang Ke-3
Tunggal Jamak
- anjeunna (halus) - aranjeunna (halus)
- manéhna (biasa/sesama) - maranéhna (biasa/sesama)

Kata Kerja

1. Abus, asup (BK) - Lebet (BS) - Lebet (BL)

- "Maneh rék asup sakola moal?" tanya Rahmat ka Dédén.


(Kamu mau masuk sekolah gak?" tanya Rahmat kepada Deden.

- "Abdi moal waka lebet ka bumi, badé balanja heula ka warung," ceuk Bu Imas ka Bu Sri.
(Saya tidak akan masuk rumah, mau belanja dulu ke warung," kata Bu Imas kepada Bu Sri.

- "Ku margi Bu Titin henteu lebet ngawulang dinten ieu, barudak dipasihan tugas," ceuk Pa
Iwan ka Bu Nita.
(Karena Bu Titin tidak masuk ngajar hari ini, nanti anak-anak diberi tugas," kata Pak Iwan kepada Bu Nita)

2. Acan, can (BK) - Teu Acan (BS) - Teu Acan (BL)

- "Ari manéh geus nyaho can Kebon Binatang Bandung?"


(Kamu sudah tahu belum Kebun Binatang Bandung?)

- "Abdi mah teu acan terang kumaha nganggo Android téh."


(Saya belum tahu bagaimana cara menggunakan Android.)

- "Saur Bu Nunung, Ibu téh teu acan uninga rupi pun adi abdi, leres éta téh Bu?"
(Kata Bu Nunung, Ibu belum tahu wajah adik saya, betul itu Bu?"

3. Datang (BK) - Dongkap (BS) - Sumping (BL)

- "Kuring karék datang ti Sumedang isuk-isuk tadi."


(Saya baru datang dari Sumedang pagi tadi.)
- "Abdi nembé dongkap ti Tasikmalaya."
(Saya baru datang dari Tasikmalaya.)

- "Néng Tini saurna nembé sumping ti Garut, nya?"


(Neng Tini katanya baru datang dari garut ya?)

4. Dahar (BK) - Neda (BS) - Tuang (BL)

- "Kuring mah tadi dahar jeung asin peda."


(Saya tadi sudah makan sama asin peda.)

- "Abdi mah parantos neda tadi di réstoran."


(Saya sudah makan tadi di restoran.)

- "Bapa tos tuang teu acan?"


(Bapa sudah makan belum?"

5. Indit (BK) - Mios (BS) - Angkat (BL)

- "Kuring indit tiheula nya? Bisi kabeurangan sakola."


(Saya berangkat duluan ya? Takut kesiangan sekolah.)

- "Abdi mios ti bumi téh tabuh tujuh énjing-énjing."


(Saya berangkat dari rumah pukul tujug pagi.)

- "Ibu sareng Bapa badé angkat ayeuna atanapi énjing?"


(Bapa sama ibu mau berangkat sekarang atau besok?"

Keterangan:

BK = Bahasa Kasar
BS = Bahasa sedeng/sedang
BL = Bahasa lemes/halus

Beberapa Kata Kerja Lainnya:


Ibak= mandi Eureun= berhenti
Nyeuseuh= nyuci Hiber= terbang
Moe= menjemur Hitut= kentut
Mapah= jalan Hudang= bangun
Asup = masuk Indit= pergi
Beunta= membuka mata Kahampangan= mau pipis
Ceurik= nangis Kabeungbeuratan= mau bab
Datang= datang, tiba Labuh= jatuh
Dibaju= memakai baju Lumpat= lari
Digawé= kerja Luncat= lompat
Diuk= duduk Maju= maju
Malédog= melempar Nyampeurkeun= nyamper
Naék= naik, manjat Nyarékan= memarahi
Nangkarak= tidur terlentang Nyekel= menggenggam
Nangtung= berdiri Nyokot= mengambil
Ngaliwat= lewat Seuri= senyum
Ngégél= menggigit Teurab= sendawa
Nginum= minum Turun= ke bawah
Nulis= menulis Ngenyot= nyedot
Nyagap= memegang diatas permukaan Keur = sedang

Kata Sifat
Baik : damang,sae(untuk Berat : beurat Berani : wani
menjawab kabar) Dekat : caket /deukeut Sulit /susah : sesah/hese
Bagus : sae,alus (untuk Kiri : kenca Mudah :
barang) Kanan : katuhu gampil/babari/gampang
Rusak : ruksak Panjang : panjang Bersih : bersih
Baru : anyar Pendek : peundek/pondok Kotor : kotor/ledok
Bekas : tilas/kurut Dingin : tiris Malas : males
Besar : ageung/gede Panas : panas Rajin : rajin
Kecil : alit/leutik Gemuk : gendut/bureuteu Jujur : jujur
Naik : naek Kurus : begang Bohong : bohong
Turun :turun Manis : amis Kaya : beunghar
Tinggi : luhur/naek (untuk Pahit : pait Miskin : miskin
harga) Tenang : tenang Cantik : geulis
Pendek : peundek Ribut : raribut Cakep /ganteng : kasep
Betul : bener Berisik : gandeng/garandeng Jelek : butut
Salah : salah Murah : mirah/murah Merendah : ngarendah
Sedikit : saalit (baca: sa-alit) Mahal : awis /mahal Bangga : bangga
Kurang : kurang Senang /gembira : Teliti : taliti
Lebih : leuwih bingah/bungah/bagja Ceroboh : caroboh/sagawayah
Laki- laki : pamegeut /lalaki Muda : anom /ngora Cerewet : cerewet
Perempuan :istri/awewe Tua : sepuh/kolot Gelap : poek
Dalam : lebet/jero Pandai : pinter Terang :caang (baca :ca-ang)
Dangkal : deet (baca:de-et) Bodoh : bodo/boloho Pelit /kikir : kopet/koret/pelit
Wangi : seungit Cepat : tereh Ramah : amis budi
Bau : bau Perlahan- lahan : lalaonan Judes : judes
Ringan : hampang Takut : sieun

Kata Tanya
- naon untuk menanyakan barang, hal, binatang, tumbuhan
Contoh: Tangkal naon nu runtuh di Jalan Dago basa hujan kamari téh? (Pohon apa yang rubuh di Jalan Dago
waktu hujan kemarin?)

- saha untuk menanayakan orang/subjek


Contoh: Saha waé nu milu ulin ka Bandung? (Siapa saja yang ikut main ke Bandung?)

- mana untuk menanyakan tempat atau hal


Contoh: Rencanana ka tempat mana waé urang ulin di Bandung téh? (Rencananya ke tempat mana saja kita
main di Bandung?)
Contoh: Mana waé gawéan nu kuurang dilakukeun? (Mana saja kerjaan yang harus saya lakukan?)
- iraha untuk menanyakan waktu
Contoh: Iraha atuh manéh ulin ka imah urang téh? (Kapan dong kamu main ke rumah saya?)

- naha untuk menanyakan sebab atau kelakuan


Contoh: Naha maneh bet ngambek ka urang? (Kenapa kamu jadi marah pada saya?)

- kumaha untuk menanyakan cara atau keadaan


Contoh: Kumaha carana nya supaya urang lancar ngomong basa Sunda? (Bagaimana caranya ya agar saya
lancar bicara bahasa Sunda?)

- sabaraha untuk menanyakan jumlah atau bilangan


Contoh:
- Mang, sabarahaan batagor samangkokna? (Mang, berapa batagor semangkoknnya?)
- Lamun tilu ditambah lima sabaraha hiji nya? (Kalau tiga ditambah lima berapa, ya?)

Angka
1 = hiji 9 = salapan
2 = dua 10 = sapuluh
3 = tilu 11 = sabelas
4 = opat 12 = duabelas (13 – 19 tinggal pakai pengucapan
5 = lima angka 1 – 9 + belas)
6 = genep 20 = duapuluh
7 = tujuh 100 = saratus
8 = dalapan 5000 = lima rebu

Warna
Merah = beureum
Hitam = hideung
Putih = bodas
Hijau = héjo
Biru = biru
Kuning = konéng
Merah muda = kayas

Binatang
Kucing = ucing Kelelawar = lalay
Tikus = beurit Kupu-kupu = kukupu
Kecoak = cucunguk Nyamuk = reungit
Cecak = cakcak Lalat = laleur
Ulat = hileud Kodok = bangkong
Capung = papatong Lintah = léntah
Burung = manuk Kerbau = munding
Ikan = lauk Sapi = sapi
Ular = oray Itik/bebek = entog/meri
Kunang2 = cika-cika

Anggota Badan
biasa – halus Mata = mata – soca
Kepala = sirah – mastaka Dahi = tarang – taar
Bibir = biwir – lambey Pipi = pipi – damis
Dagu = gado – angkeut Tangan = leungeun – panangan
Leher = beuheung – tenggek Pantat = bujur – imbit
Telinga = ceuli – cepil Dengkul = tuur – tengku
Rambut = buuk – rambut Kaki = suku – sampéan
Hidung = irung – pangambung

Buah-Buahan/Sayuran
Pisang = cau Mentimun = bonténg
Pepaya = gedang Kangkung = kangkung
Rambutan = rambutan Bayam = bayem
Mangga = buah Kentang = kentang
Durian = kadu Kelapa = kalapa
Manggis = manggu Kelapa muda = dawegan

Alam/Sekitar/Lingkungan
Matahari = panonpoé Ribut = gandéng
Bulan = bulan Basah = baseuh
Pelangi = katumbiri Pantai = basisir
Sungai = walungan Langit = langit
Petir = gelap Asap = haseup
Guntur = guludug Tanjakan = tanjakan
Gelap = poék Turunan = pudunan
Api = seuneu Telaga = talaga, danau, situ
Dingin = tiis Kebun = kebon
Panas = panas Keruh = kiruh
Udara = hawa Bening = hérang
Sepi = sepi, jempling Rumah = imah, bumi (hls.)

Hari
Senin = Senén Kemarin = kamari
Selasa = Salasa Kemarin lusa = mangkukna
Rabu = Rebo Esok lusa = pagéto
Kamis = Kemis Hari = poé, dinten (hls.)
Jumat = Jumaah Jam/pukul = jam, tabuh (hls.)
Sabtu = Saptu Pagi-pagi = isuk-isuk, énjing-énjing (hls.)
Minggu = Minggu – Minggon, Ahad ((hls.) Siang = beurang, siang (hls.)
Sebulan = sabulan, sasasih (hls.) Sore = soré, sonten (hls.)
Setahun = sataun Malam = peuting, wengi (hls.)
Seminggu = saminggu, saminggon (hls.) Waktu = waktu, waktos (hls.)

Nama Peralatan
- Séndok = sendok - Rantang - Simbut = selimut
- Garpuh = garpu - Bogem = rantang yang lebih - Méja
- Gelas besar - Kulkas/Lomari és = kulkas
- Panci - Asbak - Lampu
- Korsi = kursi - Popoéan = jemuran - Sabun
- Elap = kain lap - Lomari = lemari - Odol = pasta gigi
- Tatakan = tatakan, untuk alas - Péso = pisau - Mangkok
gelas - Bantal - Émbér
- Talenan = talenan, untuk alas - Guguling = guling - Jolang = biasa dipakai untuk
memotong bumbu - Eunteung = kaca cermin memandikan bayi
- Kamocéng = kemoceng - Parud = parutan - Anduk = handuk
- Coét = ulekan, cobek - Térmos - Katél = wajan
- Mutu = pengulek - Toplés - Kompor
- Sapu - Téko - Gunting
- Taplak - Siwur/gayung

Istilah Tempat
1. Deukeut = dekat

a. Bahasa akrab = Deukeut


Contoh kalimat:
Imah kuring mah deukeut Terminal Leuwipanjang.
(Rumah saya dekat Terminal Leuwipanjang)

b. Bahasa halus untuk diri sendiri = caket


Contoh kalimat:
Rorompok abdi mah caket Terminal Leuwipanjang.
(Rumah saya dekat Terminal Leuwipanjang)

c. Bahasa halus untuk orang lain = caket


Contoh kalimat:
Bumi Pa Dédi saurna mah caket Dago.
(Rumah Pak Dedi katanya dekat Dago.)

2. Hareup = depan

a. Bahasa akrab = hareup


Contoh kalimat:
Engké mun numpak mobil, urang hayang diuk di hareup deukeut supir.
(Nanti kalau naik mobil, saya ingin duduk di depan dekat sopir.)

b. Bahasa halus untuk diri sendiri = payun


Contoh kalimat:
Abdi nuju ngobrol sareng tamu di payun.
(Saya sedang ngobrol dengan tamu di depan.)

c. Bahasa halus untuk orang lain = payun


Contoh kalimat:
Ibu sareng Bapa nuju di payun bumi, nuju nyébor kembang.
(Ibu dan Bapak sedang di depan rumah, sedang menyiram bunga.)

3. Jero = dalam

a. Bahasa akrab = jero


Contoh kalimat:
Tadi duit téh asa disimpen di jero pésak. Tapi naha euweuh, nya?
(Tadi uang perasaan disimpan di dalam saku. Tapi kenapa gak ada, ya?)

b. Bahasa halus untuk diri sendiri = lebet


Contoh kalimat:
Abdi mah titadi teu kamamana, aya di lebet rohangan.
(Saya dari tadi tidak kemana-mana, aya di dalam ruangan.)

c. Bahasa halus untuk orang lain = lebet


Contoh kalimat:
Mang Jéjén teu tiasa lebet kana mobilna, koncina kakantun.
(Mang Jejen tidak bisa masuk mobilnya, kuncinya ketinggalan.)
4. Tukang = belakang

a. Bahasa akrab = tukang


Contoh kalimat:
Tadi nu nangtung tukangeun urang saha, nya?
(Tadi yang berdiri di belakang saya siapa, ya?)

b. Bahasa halus untuk diri sendiri = pengker


Contoh kalimat:
Abdi tadi nyimpen motor di pengkereun bumi.
(Saya tadi menyimpan motor di belakang rumah.)

c. Bahasa halus untuk orang lain = pengker


Contoh kalimat:
Pa Lurah calikna naha di pengker, nya?
(Pak Lurah kenapa duduknya di belakang, ya?)

5. Gigireun = di samping

a. Bahasa akrab = gigireun


b. Bahasa halus untuk diri sendiri = gigireun
c. Bahasa halus untuk orang lain = gédéngeun

6. Katuhu = kanan

a. Bahasa akrab = katuhu


b. Bahasa halus untuk diri sendiri = katuhu
c. Bahasa halus untuk orang lain = tengen

7. Kénca = kiri

a. Bahasa akrab = kénca


b. Bahasa halus untuk diri sendiri = kénca
c. Bahasa halus untuk orang lain = kiwa

8. Palebah = menunjukkan tempat/lokasi

a. Bahasa akrab = palebah


Contoh kalimat:
Palebah mana tadi tabrakan motor jeung mobil téh?
(Di mana tadi tabrakan motor dan mobil?)
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = leresan
c. Bahasa halus untuk orang lain = leresan

Istilah Waktu

1. Baréto = dahulu
Contoh kalimat:
Basa jaman bareéto cenah di Bandung pernah aya badak.
(Zaman dahulu katanya di Bandung pernah ada badak.)

a. Bahasa halus untuk diri sendiri: Kapungkur


Contoh kalimat:
Kapungkur waktu masih anom, abdi kantos kuliah di ITB.
(Dulu waktu masih muda, saya pernah kuliah di ITB).

b. Bahasa halus untuk orang lain: Kapungkur


Contoh kalimat:
"Ibu kapungkur saurna linggih di Papua?" tanya Pa Iwan ka Bu Deti.
(Ibu dahulu katanya pernah tinggal di Papua? tanya Pa Iwan ke Bu Deti)

2. Beurang = siang
Contoh kalimat:
Engké beurang urang rék ulin ka imah manéh nya?
(Nanti siang saya mau main ke rumahmu ya?)

a. Bahasa halus untuk diri sendiri: siang


Contoh kalimat:
Abdi siang ieu moal tiasa ngiringan rapat kumargi aya kaperyogian.
(Saya siang ini tidak bisa mengikuti rapat karena ada keperluan.)

b. Bahasa halus untuk orang lain: siang


Contoh kalimat:
"Pa, énggal gugah. Tos siang!" saur Ibu ka Bapa.
("Pak, cepat bangun. Sudah siang!" kata ibu ke Bapak)

3. Soré = sore
a. Bahasa akrab = sore
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = sonten
c. Bahasa halus untuk orang lain = sonten

4. Heubeul = lama
a. Bahasa akrab = heubeul
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = lami
c. Bahasa halus untuk orang lain = lami

5. Isukan = besok
a. Bahasa akrab = isukan
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = énjing
c. Bahasa halus untuk orang lain = énjing

6. Isuk-isuk = pagi-pagi
a. Bahasa akrab = isuk-isuk
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = énjing-énjing
c. Bahasa halus untuk orang lain = énjing-énjing

7. Kakara/karék = baru (bedakan dengan baru untuk barang = anyar)


a. Bahasa akrab = kakara
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = nembé
c. Bahasa halus untuk orang lain = nembé

8. Lila = lama
a. Bahasa akrab = lila
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = lami
c. Bahasa halus untuk orang lain = lami

9. Bulan = bulan
a. Bahasa akrab = bulan
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = sasih
c. Bahasa halus untuk orang lain = sasih

10. Taun = taun


a. Bahasa akrab = taun
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = warsih
c. Bahasa halus untuk orang lain = warsih

11. Poé = hari


a. Bahasa akrab = poé
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = dinten
c. Bahasa halus untuk orang lain = dinten

12. Sakeudeung = sebentar


a. Bahasa akrab = sakeudeung
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = sakedap
c. Bahasa halus untuk orang lain = sakedap

13. Saminggu = Satu minggu/7 hari (bedakan dengan nama hari Minggu yang tetap, tidak ada halus/kasar)
a. Bahasa akrab = saminggu
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = saminggon
c. Bahasa halus untuk orang lain = saminggon

Sumber:

http://www.informasi-bandung.com/search/label/Belajar%20Bahasa%20Sunda?max-results=22

http://cepsalse.blogdetik.com/2011/04/26/belajar-bahasa-sunda-part-12/#more-120

http://guswanto.wordpress.com/2010/05/15/belajar-bahasa-sunda/

Anda mungkin juga menyukai