Anda di halaman 1dari 7

Geuning Mulih Rurusuhan

Kok Pulang buru-buru


Kénging Aam Amilia

SN1511910514.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

DINA kaca méja rias aya kalangkang diri. Nyobaan nyieun sagurat imut. Kalah nu kagambar téh cipanon ngeyembeng dina kongkolak.
Asa kasuat-suat ku kacapi suling Cianjuran ti patamanan.
‘Di cermin meja rias ada bayangan diri. Mencoba membuat segaris imut. Malah yang kegambar air mata yang terkumpul di kelopak mata
bawah. Seperti teriris-iris oleh kecapi suling cianjuran dari patamanan.’
Untuyan kembang malati nu ngarumbay dina taktak, lalaunan digiwarkeun ka tukang. Karasa tungtungna nepak tonggong. Seungitna
nyelesep kana ati. Boro tadina mah ditolak sapadamayan basa jururias rék ngongkoyangkeun untuyan malati dina lebah dinya. Asa geus
teu merenah, umur sakieu kakolotan, didangdanan kawas barudak ngora.
‘Untaian bunga melati yang menguntai di pundak, pelan-pelan dikibaskan ke belakang. Terasa ujungnya menepuk punggung. Wanginya
menyusup ke dalam hati. Sebelumnya ditolak sapadamayan ketika juru rias mau ngongkoyangkeun untaian melati di sebelah situ. Seperti
sudah tidak pantas, umur segini ketuaan, didandanin seperti anak muda.’
Tapi geuning bet mawa diri kana rasa kagagas. Seungitna nu leleb, bodasna nu nyacas, wangunna mencenit. Sesebutan keur sorangan,
mangsa rumaja. Cenah kuring mencenit siga malati. Cenah kuring bodas kawas malati.
‘Tapi kok membawa diri ke rasa kagagas. Wanginya yang leleb, putihnya yang jernih mencolok, bentuknya mempesona. Panggilan untuk
diri sendiri saat remaja. Katanya aku mempesona seperti melati. Katanya aku putih seperti melati.’

Dina kaca méja rias aya kalangkang diri. Nyoba deui nyieun sagurat imut. Aya imut séjén ngalangkangan jero dada. Imut manéhna
kasimbutan ku halimun. Cenah katresna nu langgeng mah, lamun henteu laksana ka balé nyungcung. Tapi cenah ogé katresna nu
nyampay dina ati, moal kawagu ku waktu, moal laas kasarad jaman. Bakal ngagurat natrat dina jalan-jalan liliwatan kahirupan. Éndahna
cinta ngagedur dina lamunan. Manisna asmara nyampayna dina wangwangan. Horéng waktu kaliwatan teu karasa. Mangsa jeung mangsa
siliudag teu katara.
‘di cermin meja rias ada bayangan diri. Mencoba lagi membuat segaris imut. Ada kecantikan lain membayang-bayang dalam dada.
Cantiknya ia terselimuti oleh halimun. Katanya katresna yang langgeng, kalau nggak terlaksana ka balé nyungcung. Tapi katanya
kecintaannya juga nyampay di hati, tak lekang oleh waktu, tidak pula terseret zaman. Akan tergaris natrat di jalan-jalan yang dilewati
kehidupan.’
"Enung, nuhun tos kiat ngayonan adat pun adi." Sora dahuan, asa ngajelengéng kénéh dina ceuli. Harita ukur imut minangka némbalan.
Kecap anu ditepikeun ku sababaraha urang. Cenah kuring téh tahan uji nyanghareupan adat salaki. Nu matak poé ieu maranéhna
hayangeun ngareuah-reuah, taun kasalawé pernika han kuring, ku pésta nu rada rohaka. Sanajan kéképéhan nolak, henteu kudu kikieuan,
tapi maranéhna keukeuh peuteukeuh hayang pésta. Narima sotéh pédah cenah sakalian mestakeun milangkala tepungtaun Mamih, mitoha
kuring.
“Enung, terima kasih sudah kuat menghadapi perilaku buruk adikku.” suara dahuan, masih terngiang-ngiang di telinga. Waktu itu cantik
ketika menjawab. Kata yang disampaikan oleh beberapa orang. Katanya aku tahan menghadapi sikap suami. Yang hari ini mereka ingin
ngareuah-reuah, tahun seperempat (ke 25) pernikahanku, oleh perta yang agak mewah. Walaupun bersikeras menolak, tidak perlu seperti
ini, tapi mereka bersikukuh berpesta. Ya menerima karena katanya sekalian mengadakan pesta memperingati (syukuran) ulang tahun
mamah, mertuaku.
Méh kabéh sobat-sobat diondang. Maké balandongan sagala. Buruan bumi mitoha disulap jadi patamanan nu éndah. Diwuwuhan saung-
saung ditiungan fitrase bodas. Kateringna gé hayang nomer hiji, nu keur meujeuhna kajojo.
Biar semua sahabat diundang. Memakai hiasan pernikahan. Teras rumah mertua disulap jadi taman yang indah . bangunan dipakaikan
(ditambahi) tutupan kain putih (kelambu). Kateringnya ingin yang nomor satu, yang pas kajojo.
Dina kaca méja rias aya kalangkang diri. Aya ramo nu nyampay dina taktak. Dilieuk, nyéréngéh. Salaki. Cék saréréa manéhna téh raspati,
Arjuna di patama nan haté para wanoja. Cenah kuring gedé milik. Putra panengah Pandawa téh kapimilik ku kuring, malati ti pasisian.
Moal aya nu sanggup ngawawaas rajétna haté salila welasan taun. Méh taya mojang lenjang teu kabandang, randa hérang teu kaiwat.
Jengléngan diri kuring nu cenah boga rupa nandingan Dewi Sinta, jeung Drupadi, taya hartina. Ti taun ka taun nu geulis piligenti ngeusian
haté salaki. Tapi kuring geus teu ngarasa deui raheut. Taya nu surti yén kuring boga pamuntangan. Cék manéhna, Geulis, hujan gé aya
raatna.
Di kaca meja rias ada bayangan diri. Ada jari yang hinggap di pundak. Dilihat, senyum meringis. Suami. Kata kebanyakan orang dia
rupawan, Arjuna di patama di hati para gadis. Katanya aku bagus rezekinya. Putra penengah (ketiga) Pandawa dimiliki olehku, melati di
sisi. Tidak akan ada yang sanggup ngawawaas rusaknya hati selama belasan tahun. Biar tidak ada gadis lenjang yang tidak tertarik, janda
cantik tidak tertarik. Jenglengan diriku yang katanya punya rupa yang menandingi Dewi Sinta dan Drupadi, tidak ada artinya. Daru tahun
ke tahun yang cantik itu silih berganti mengisi hati suami. Tapi aku sudah tidak merasa sakit (kebal). tidak ada yang surti bahwa aku punya
tampat berpegang. Kata dia itu, cantik, hujan juga ada berhentinya.
"Kang Sunar tos nyaur, urang kaluar," pokna. Tapi terus ngaléos deui.
Keteg jantung ngarandeg, basa ngadéngé ngaran Sunar. Ngaran nu teu weléh nyantél dina jajantung. Ngaran nu sanggup mépéndé haté
tina karudet mikiran kalakuan salaki. Sorana nu halimpu asa ayun ambing indung, miwarang tibra sina lila kana nyaring. Tibra haté téh,
sanajan sarébu béja silung ditiupkeun ti unggal madhab. Béwara yén salaki geus ganti deui gandéngan. Taya rasa nu ngahéab, najan
cenah salaki aya di hotél, keur paduduaan jeung nu dénok, jeung nu montok, jeung nu lenjang, jeung nu hérang. Sora Kang Sunar, lir
cikahuripan nu mareuman sagala kahareneg.
“Kang Sunar sudah memanggil, ayo keluar” celetuknya. Tapi terus pergi lagi.
Degub jantung ngarandeg, waktu mendengar nama sunar. Nama yang tidak mengait di jantung. Nama yang sanggup menidurkan hati dari
jengkel memikirkan kelakuan suami. Suaranya yang merdu seperti buaian ibu, menyuruh nyenyak agar lama terbangun. Nyenyak hati,
meskipun seribu omongan dibisikkan di tiap madhab.berita kalau suami sudah berganti gandengan. Tidak ada rasa yang panas (cemburu)
walaupun katanya suami ada di hotel, lagi berduaan sama yang cantik, yang montok, yang langsing, yang bening. Suara Kang sunar ibarat
cikahuripan yang memadamkan segala kahareneg.
"Sing sabar, Geulis," haréwosna, hiji mangsa.
Naha atuh ari salaki teu kawas Kang Sunar? Cacak dipasihan cocobi sakitu beuratna, angger satia satuhu kana sumpah, di payuneun
Gusti Allah. Cenah jangji satia satuhu. Moal jalir kana jangji, moal cidra kana subaya. Jangji satia salaki téh ngan saumur jagong, horéng.
Apan Kang Sunar mah taun-taun nungguan goarna orok, teu kungsi pisan. Tapi anggur beuki nyaah ka garwana. Sanajan pada ngahatéan,
ngukut budak, milari deui pigarwaeun, da sidik garwana nu gabug. Pokna gé, lain dosa pamajikan. Geulis. Naha Akang kudu baha kana
takdir ti Anjeunna. Komo teuing dirina, kabita ningal batur ngais orok, ningal batur ngagorah ngadongéng lucuna budak.
“Yang sabar, cantik,” bisiknya, satu waktu.
Kenapa suamiku tidak seperti kang sunar? Meskipun diberi cobaan segitu beratnya, tetap setia dengan sumpah, di depan Gusti Allah.
Katanya janji setia. Tidak akan ingkar janji, tidak akan menghianati terhadap subaya. Janji setia suamiku cuma seumur jagung, nyatanya.
Kan Kang Sunar bertahun-tahun menunggu hadirnya bayi, teu kungsi pisan. Tapi malah tambah sayang ke istri. Walaupun saling mengasihi,
merawat anak, mencari lagi calon pasangan, da sidik garwana nu gabug. Celetuknya. “bukan dosa istri. Cantik. Apa akang harus melawan
takdir Tuhan. Apalagi dirinya, tergoda melihat orang menimang bayi, melihat orang bercerita mendongen kelucuan anak.
Cacak Akang lalaki, kacida hayangna aya nu nyebut Apa. Tapi da lain salah Euceuna, pokna.
Ngan peuting harita, basa rérés nyaksian seminar di kantor, manéhna nyegruk di hareupeun. Sorana dumareuda, naha cenah ari salaki
kuring sakitu sagalana geus boga, bet kitu. Beurat beunghar, pamajikan geulis, satia, jaba jeneng cekel gawé. Anak boga dua, sajodo.
Kurang naon? Bet masih kénéh gupuy-gapay kumareum bing nyungsi nu rancunit, ngalanglang nu lenjang, nyaliksik nu geulis. Kuring teu
némbalan. Leungeunna diusapan, angger nyampay na lahunan. Méh baé bobor karahayuan, cacak taya iman nu ngabénténgan haté
duaan. Bareng istigfar, dina kulawuna peuting.
Meskipun kamu lelaki juga, ingin sekali ada yang menyebut ayah/bapak. Tapi bukan salah kamu (si cewek), celetuknya.
Cuman malam itu, waktu habis menyaksikan seminar di kantor, dia sesenggukan di hadapan. Suaranya dumareuda, kenapa suamiku
seperti itu padahal aku punya segalanya. Kaya banget, istri cantik, setia, bisa mengerjakan segala hal. Anak punya dua, sejodoh (laki-laki
dan perempuan). Kurang apa? Masih aja mau mencari yang rancunit, ……………… aku tidak mau menjawab. Lengannya diusap, masih
menempel di pangkuan. Biar bobor karahayuan, meskipun tidak ada iman yang membentengi hati keduanya. Bersama beristighfar, di
kulawuna malam.
Teu kateguh naon maksudna manéhna ngajakan milu ulubiung dina Panglawu ngan Seni Tradisional. Sabaraha taun kaliwat, manéhna
nu usul ka pingpinan, sangkan nyadiakeun anggaran pikeun ngabina seni tradisional. Pédah nyaksian renungna generasi ngora anu
micinta kasenian Sunda warisan karuhun. Sapantesna maranéhna dihiap, sawadina dibayuan. Usulan ditarima. Manéhna ka ditu ka dieu,
nyungsi pakumpulan nu raresep kana seni. Panglawungan nanjung, sajalan jeung nanjungna kadeudeuh. Sanajan dihuripkeun ukur ku
haréwos, tapi kanyaah téh meulit muhit. Cintana mekelan kakuatan dina diri, nepi ka bisa ngabangbalérkeun kalakuan salaki anu
beuki kadungsang-dungsang dina keukeupan angkarana asmara.
Tidak tertebak apa maksudnya dia mengajak ikut bergabung di Panglawaungan Seni Tradisinal. Beberapa tahun terlewat, yang yang
mengusulkan ke pimpinan, supaya menyediakan anggaran untuk membina seni tradisional. Karena menyaksikan menurunnya generasi
muda yang mencintai kesenian sunda warisan leluhur. Seantasnya mereka diajak, sawadina dibayuan. Usulan diterima. Dia kesana
kemarin, mancari perkumpulan yang menyukai seni. Panglawungan nanjung, sejalan dengan kecintaannya. Meskipun dihidupkan hanya
oleh bisikan, tapi rasa sayang mengikat. Cintanya memberikan kekuatan dalam diri, sampai bisa mengabaikan kelakuan suami yang
semakin menjadi-jadi dalam dekapan lingkaran asmara.
Jentréng kacapi jeung gelik suling beuki atra, kadéngé ti patamanan. Ah, lagu Lampuyangan, Saléndroan, karesep manéhna. Karesep
kuring. Eta duriat kana késétan rebabna. Ti tadi gé pan geus kadéngé. Ti mimiti Laras Pélog, terus kana Sorog. Lebah Saléndro, nguniang
haté téh. Sora panembang asa nyosoéh batin.
Petikan kecapi dan suara suling semakin jelas, terdengar di taman. Ah, lagu Lampuyangan, Salendroan, kesukaan dia. Kesukaanku. Itu
duriat gesekan rebabnya. Daritadi juga sudah terdengar. Dari awal laras pelog, terus ke Sorog. Pas di Salendro, terusik hati. Suara
penembang seakan menyobek batin.

Unggal poé dilanglangan, sapoé saratus kali


Bari mawa kekembangan, kekembangan nu sareungit
kembang eros jeung malati jeung kembang campaka susu.
Sugan aya kadar awak, nu manis keresa nampi
Setiap hari membayangkan, sehari seratus kali
Sambil membawa bunga-bungaan, bunga yang wangi
Bunga mawar dan melati dan bunga cempaka susu
Siapa tahu ada bagian badan, yang manis mau menerima.

Cék manéhna kuring téh kembang malati. Cék manéhna kuring téh kembang ati, nu sanggup nyiptakeun sajatining asih. Lain Akang teu
nyaho di temahwadi, Geulis. Kumaha ieu rasa hésé ngabangbalérkeunana. Nyana-nyana rék disapirakeun mah, baréto téh moal ngéléhan.
Rék geuwat waé dipetik kembang ati nu geus nyayang dina haté Akang ti rumaja mula," pokna, dina tulisan.
Tiluan sosobatan, Kang Sunar, salaki jeung Kang Giwang. Tiluanana neundeun haté ka kuring. Kawasna nu duaan téh ngéléhan. Salaki
kuring, putrana bos saréréa, nu unggul. Teu wasa ngaléngkahan putra dunungan. Padahal dina dada geus nanceb ngaran Kang Sunar.
Sorana nu halimpu, dedeganana nu gagah. Tapi buleudan panonna bangun pinuh kaasih. Imutna nu sok ngageterkeun haté. Kabéh
disidem dina haté nu pangjerona. Basa datang panglamar ti sepuhna salaki, kuring teu bisa baha, da Ema sareng Apa bingaheun pisan.
Kata dia aku itu bunga melati. Kata dia aku itu bunga hati, yang mampu mencitakan sejatinya kasih. Bukan Akang (sebutan) tidak tahu di
temahwadi, cantik. Bagaimana ini rasa susah mengabaikannya. Nyana-nyana mau dibandingkan, dulu itu tidak akan mengalah. Ingin cepat
dipetik bunga hati yang sudah bersarang di hati Akang dari awal remaja,” celetuknya, dalam tulisan.
Tiga orang bersahabat, Kang Sunar, suami dan Kang Giwang. Mereka bertiga menyimpan hati ke aku. Sepertinya yang dua lainnya
mengalah. Suamiku itu anaknya bos bersama, yang unggul. Tidak kuasa melangkahi anak atasan. Padahal dalam dada sudah menancap
nama Kang Sunar. Suaranya yang merdu, badannya yang gagah. Tapi bulatan matanya seperti penuh cinta. Parasnya yang menggetarkan
hati. Semua dipendam dalam hati yang paling dalam. Waktu datang pelamar dari orang tua suami, aku tidak bisa menolak, karena ibu dan
ayah senang sekali.
Salaki norojol deui. Ayeuna mah nungtun leungeun, ngajak kuring ka luar. Basa anjog ka patamanan, haté rumandeg. Naha Kang Sunar
keresa jadi MC? Maké nyérédét haté téh. Geus teu aya haté deui kitu ka kuring? Geus janglar ayeuna mah bisa mopohokeun kuring?
Jeung naha salaki make milih Kang Sunar? Apan aya kapilanceukan salaki nu séjén, tur biasa nga-MC-an. Naha maké manéhna? Jeung
naha ngan ukur lebah acara milangkala poé pernikahan kuring? Da cenah lebah milangkala kalahiran ibuna mah ku nu séjén.
Suami datang lagi. Sekarang menuntun tangan, mengajakku keluar. Saat sampai di taman, hati rumandeg. Kenapa Kang Sunar mau jadi
MC? Menelusup ke hati. Apa sudah tidak ada lagi perasaannya ke aku? Sekarang sudah ikhlas melupakan aku? Terus kenapa suami itu
memilih Kang Sunar? Kan ada kakak sepupu suami yang lain, yang biasa menjadi MC. Kenapa harus dia? Terus kenapa hanya pas acara
peringatan hari pernikahan aku? Kan katanya pas peringatan kelahiran ibunya sama yang lain.
Kahayang mah Kang Sunar nolak. Da piraku kuat nempo kuring papangantén mindo. Atawa pedah geus taya kabeubeurat nanaon? Nu
keprok handaruan, tapi kalah nambahan sebér kana haté. Geuning éta mani tatag manéhna pidato. Sugan téh moal kuateun. Naon atuh
hartina sok ngupahan lamun diri marojéngja. Naon atuh hartina haréwos deudeuh unggal rék saré. Wilujeng bobo, Geulis, candak Akang
'na impénan, pokna, najan dina tulisan. Naon hartosna, ari rék laas ku jaman mah. Ka saha kuring ngadoni, mun pareng salaki ngobral
pasini, ka sababaraha wanoja deui.
Pengennya Kang Sunar menolak. Masa iya sih kuat melihat aku jadi penganti kedua kalinya. Atau karena sudah tidak ada yang
memberatkan? Yang berpetuk tangan handaruan, tapi malah menambah seber ke hati.Dia berpidato dengan jelas. Dikira tidak akan kuat.
Kenapa artinya selalu ngupahan kalau diri marojéngja. Apa artinya bisikan sayang setiap mau tidur. Selamat tidur, cantik, bawa Akang ke
dalam mimpi, celetuknya, meskipun dalam tulisan. Apa artinya kalau akhirnya termakan zaman. Kepada siapa aku mengadu, kalau
diizinkan suami mengobral pasini, ke beberapa gadis lagi.
Apan harita kuring kungsi balaka. Salaki kanyahoan rék kawin deui. Bareng pisan jeung manéhna meunang penghargaan ti nagara, pédah
geus gedé jasana ngabina kasenian tradisional di Tatar Sunda. Kuring gé kudu nyaksian, salaku papada karyawan di ieu kantor. Haté
ngentab. Lain, lain mikiran salaki nu rék kawin deui, tapi ngahéab nénjo manéhna ngaréndéng jeung pamajikanana, narima piagem
penghargaan jeung hadiahna.
Kan dulu aku pernah murka, suami ketahuan mau nikah lagi. Bertepatan dengan dia (Kang Sunar) mendapatkan penghargaan dari negara,
karena sudah besar jasanya membina kesenian tradisional di Tatar Sunda. Aku juga menyaksikan, selaku jajaran karyawan di kantor ini.
Hati ngentab. Bukan, bukan memikirkan suami yang mau nikah lagi, tapi gerah melihat dia (kang Sunar) berdampingan dengan istrinya,
menerima piagam penghargaan dengan hadiahnya.
Kawas sasari ukur dina sms, balaka téh. Manéhna malesan, sing percanten, Geulis gé aya dina haté Akang. Sing percanten? Maké seuri
sorangan. Maké kudu sirik da maranéhna mah salaki pamajikan nu sah. Hakna, nu bogana. Kuring nu teu boga cedo. Kasadaran téh
datang sorangan norojol tina sanubari, nerejel nyuaykeun sagala kadugalan. Norobos angen-angen nu ngajaul. Cék kuring dina tulisan,
hapunten anu kasuhun. Urang tutup lalakon urang duaan. Keun lalangsé haté sina lungsur nutupan ieu panggung sandiwara. Meungpeung
urang teu kantos mangprung. Meungpeung kaimanan nyarengan kénéh urang.
Seperti sasari hanya di sms, marah. Dia membalas, harus percaya ya, cantik juga ada dalam hati Akang. Harus percaya? Senyum sendri.
Kenapa harus sirik, kan mereka itu suami istri yang sah. Haknya, yang punya. Aku yang tidak punya bekas kesalahan. Kesadaran itu
sendiri muncul dari sanubari, memunculkan nyuaykeun segala kadugalan. Menerobos angan-angan yang ngajaul. Kataku dalam tulisan,
sungguh meminta maaf. Kita tutup kelakuan kita berdua. Biarkan lalangse hati supaya turun menutupi panggung sandiwara ini. Mumpung
kita tidak pernah mangprung. Mumpung keimanan masih menyertai kita.
Pileuleuyan, cék haté sotéh, da leungeun geus teu wasa nulis deui. Teuing sabaraha usum, tara aya deui aksara ngelemeng dina HP
kuring. Tara aya deui haréwos ngawilujengkeun bobo, ngawilujengkeun emam. Tara aya kecap ngalengis, nitipkeun haténa sangkan ulah
dipopohokeun ku kuring. Bareng jeung lekasanana ieu carita, salaki rada euih-euih tina karesepna, sanajan can eureun pisan. Tapi aya
kakuatan dina haté, moal nyeri. Moal kabawa ku rajétna haté, komo tepi ka hayang ngudar gelung, ménta dianteurkeun ka Ema sareng
Bapa di pasisian.
Perpisahan, kata hati, karena tangan sudah tidak kuasa untuk menulis lagi. Tidak tahu berapa musim, tidak ada lagi aksara kata-kata
terkumpul di HPku. Tidak ada lagi bisikan yang mengucapkan selamat tidur, mengucapkan selamat makan. Tidak ada kata-kata ngelengis,
menitipkan hatinya supaya tidak dilupakan olehku. Bersamaan dengan berakhirnya cerita ini, suami agak berkurang dari kesukaannya,
meskipun belum berhenti sepenuhnya. Tapi adak kekuatan di hati, tidak akan sakit. Tidak akan terbawa rusaknya hati, apalagi sampai
ambyar, minta diantarkan ke ibu dan ayah di pesisiran.
Lain, lain pédah salaki beurat beunghar. Lantaranana aya kayakinan dina diri, Kang Sunar moal miharep kuring najan diri lalagasan.
Kasatiaan kana ucap jangji dina poé panganténan jeung garwana, geus dibuktikeun. Keur naon maké kudu ngoléséd ti salaki? Da teu
hayang dipihukum ku nu séjén mah. Cék adi beuteung, rék méakkeun kasabaran Ceuceu téh? Dijawab ku unggeuk. Unggeuk nu pinuh ku
kapalsuan. Salawé taun lain sakeudeung, Geulis, miara kasabaran, karidoan jeung kasatiaan, keur salaki anu can eureun ngaberung
karesep sorangan, cék lanceuk salaki. Ieu gé dijawab ku unggeuk.
Bukan, bukan karena suami berat karena kaya. Sebab ada keyakinan dalam diri, Kang Sunar tidak akan mengharapkanku meski aku
lalagasan. Kesetiaan terhadap ucapan janji dari hari pernikahan dengan istri, sudah dibuktikan. Kenapa harus ngolesed dari suami? Aku
tidak ingin dihukum oleh yang lain. Kata adik kanding, mau menghabiskan kesabaran kak? Dijawab dengan anggukan. Anggukan yang
penuh kepalsuan. Dua puluh lima tahun tidak sebentar, cantik, memelihara kesabaran, keridhoan dan kesetiaan, buat suami yang belum
berhenti ngaberung kesukaan sendiri, kata kakak suami. Ini juga dijawab dengan anggukan.
Kacapi suling dipérénan, diganti ku gamelan. Sababaraha kawih dihaleuangkeun Gamelan dikebojirokeun, basa Mamih sareng Apa
digéndéng ka luar. Pangantén istri nu yuswana geus 60 taun téh pada ngabagéakeun. Anak minantu, incu-incu guligah bungah. Panon
néangan nu saurang. Keur rabul ngantay nu sasalaman ngawilujengkeun, panon eunteup ka nu indit. Katara tonggongna, ngagedig. Aya
kénéh keris nyalagréng dina cangkéngna. Ka mana bangun rusuh? Ku hayang ngageroan. Ulah, ulah indit. Jeung saha kuring di dieu?
Apan anjeun nu ngupahan unggal waktu. Naha atuh anjeun make nitah salaki, ngolo kuring. Apan cék anjeun, olo pamajikan sina narima
kahayang kulawarga méstakeun taun kasalawé pernikahan téh, basa nyaho yén kuring nolak. Keur naon atuh rumahtangga awét rajét
maké dipéstakeun?
Kecapi suling diberhentikan, digantikan gamelan. Beberapa tembang didendangkan Gamelan dikebojirokeun, waktu ibu dan ayah
digandeng ke luar. Pengantin perempuan yang umurnya sudah 60 tahun saling membahagiakan. Anak menantu, cucu-cucu senang. Mata
mencari seorang. Waktu banyak antrian yang bersalaman memberi selamat, mata hinggap ke orang yang pergi. Terbaca punggungnya,
dengan tegas. Masih ada keris nyalagreng di pinggangnya. Ke mana seperti terburu-buru? Inginku memanggil. Jangan. Jangan pergi.
Sama siapa aku disini? Kan kamu yang ngupahan setiap waktu. Kenapa kamu menyuruh suami, membujukku. Kan katamu, bujuk istri
supaya menerima keinginan keluarga mengadakan pesta ulang tahun ke dua lima pernikahan, ketika tahu aku menolak. Buat apa
pernikahan awet namun bobrok harus dipestakan?
Asa rumanggieung awak téh. Panon dibolotot-bolototkeun, ngarep-ngarep manéhna balik deui. Lebeng. Dadaku hayang ka cai, ka salaki
ngaharéwos, kuring ménta dianteurkeun ku pembantu ka kamar. Gék diuk dina biwir ranjang. Kadéngé sora gamelan mirig jurukawih
ngahaleuangkeun lagu Kembang Tanjung Panineungan, karesep Apa, mitoha pameget. HP diteuteup. Maké hayang nelepon, hayang
nyarita yén kuring mah teu hayang direuah-reuah kawas kieu téh. Rumasa ku kaayaan, ngabobodo manéh. Sms waé kitu. Api-api
nanyakeun teu sareng Euceuna? Ah, basa basi, cenah meureun. Tanyakeun waé kitu, aya di mana? Salaki néangan. Kumaha engké,
lamun némbalan mah.
Serasa rumanggineung awak teh. Mata dipelototkan berharap dia kembali lagi. Sudah jauh terlewat. Dadaku ingin ke belakang (WC),
suami berbisik, aku minta diantarkan oleh pembantu ke kamar. Duduk di pinggir ranjang. Terdengar suara gamelan mengiringi sindennya
mendendengkan lagu Kembang Tanjung kesukaan bapak mertua lelaki. HP ditatap, ingin menelepon, ingin bercerita, bahwa aku tidak
mau dilebih-lebihkan seperti ini. Sadar pada keadaan, membodohi diri. Apa di sms ya. Pura-pura menanyakan tidak bersama tetehnya?
(istrinya) Ah, basa basi, mungkin katanya. Tanyain aja ada di mana? Suami mencari. Bagaimana nanti kalau membalas.
Hayang ngajéntrékeun yén teusing ngarasa bagja dipéstakeun téh. Bagja kénéh basa paduduaan diuk handapeun tangkal, di Kebon
Binatang, ngawaskeun manuk nu macokan parab. Bagja kénéh basa leumpang paduduaan sapanjang jalan ka pasir. Aya angin nu
ngahiliwir ngaharéwoskeun kadeudeuh urang duaan. Bagja kénéh basa ngabandungan barudak Panglawungan, latihan Cianjuran. Aya
wirahma katineung dina unggal laguna. Bagja kénéh nyaksian kabungah barudak yatim, basa milu ngabagikeun sidqoh di Panti Asuhan.
Pengen menjelaskan serinci mungkin bahwa tidak merasa senang di dalam pesta. Lebih senang pas berduaan di bawah pohon, di kebun
binatang, mengawasi burung yang mematuk makanan. Lebih senang ketika jalan berdua sepanjang jalan berpasir, ada angin yang
berhembus, ada angin yang berhembus membisikkan rasa cinta kita berdua. Lebih sennag ketika memperhatikan anak-anak
Panglawungan, latihan Cianjuran. Ada birama yag terlihat di tiap lagunya. Lebih senang menyaksikan rasa senang anak yatim ketika ikut
membegikan sedekah di panti asuhan.
HP ngageter, satengah digabrug. Aya aksara ngelemeng. Gusti. Ti manéhna.
"Hapunten Akang wangsul rurusuhan," cenah. ***
HP bergetar, setengah digabruk. Ada aksara yang muncul. Gusti. Dari dia.
“Maaf Akang pulang buru-buru,” katanya

Anda mungkin juga menyukai