Anda di halaman 1dari 5

DRAMA SUNDA

1. HARTI DRAMA

Dumasar wangunna sastra kabagi jadi tilu nyaeta:

1. Prosa, basa mu digunakeun umumna basa lancaran.

2. Puisi, basa nu digunakeun umumna basa ugeran.

3. Drama, basa nu digunakeunna umumna kalimah langsung dina wangun

paguneman.

Istilah drama asalna tina basa yunani nyaeta draomai hartina berbuat,

berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika mimiti muncul dina kasenian Indonesia

disebat toneel. Istilah eta dibawa ku urang walanda, dina basa walanda drama

teh toneel nu hartina pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG

Mangkunegara VII jadi sandiwara.

Sandiwara asalan tina basa jawa, sandi hartina symbol atawa rusiah,

wara/warah miboga harti pangajaran. Jadi secara etimologis mah sandiwara teh

pangajaran tina simbol-simbol nu sipatna rahasiah. Aya deui istilah sejenna nu

padeukeut jeung drama nyaeta Teater. Teater asalna tina kecap theatron nu

hartina tempat pintonan/panggung. Istilah teater oge digunakeun pikeun nyebut

drama modern.

Drama teh kasenian nu mindocipta maksudna aya dua kali proses.

Kahiji ayana naskah drama, kadua eta naskah teh dipintonkeun. Nu

ngalaksanakeeun pintonan drama teh actor/aktris/palaku nu baris merankeun

karakter anu aya dina drama, hartina maranehna ngalakukeun acting. Kusabab
ngalakukeun acting tangtu mikabutuh dialog/paguneman, ari dialog teh

wangunna kalimah langsung.

2. UNSUR-UNSUR DRAMA

Unsur-unsur anu aya dina drama nyaeta:

1. Babak

Babak dina drama biasana ditandaan ku setting tempat. Hartina mun ganti

setting eta tandana ganti babak.

2. Adegan

Adegan mangrupa bagian babak biasana nu ditandaan ku nambahan jeung

ngurangan palaku.

3. Dialog/Paguneman

Dialog nya eta paguneman antara salah sahiji urang sareng palaku nu sejen.

Dialog mangrupa bagian utama drama.

4. Pituduh Teknis

Pituduh Teknis nyaeta pituduh laku lampah palaku sarta ngagambarkeun

kaayaan dina carita.

5. Prolog

Prolog nyaeta bubuka panganteur kana eusi drama.

6. Epilog

Epilog mangrupa panutup drama eusina biasa kacindekan atawa amanat,

henteu tiap drama aya epilog.

7. Solilokui
Solilokui mangrupa bagian carita eusina paguneman nu dikedalkeun ku

palaku ka diri sorangan

8. Tema

Tema nyaeta puser carita anu ngajiwaan sakabeh isi cerita.

9. Galur Carita

Galur nyaera Runtuyan kajadian dima drama.

10. Latar/setting

11. Palaku

12. Amanat
3. CONTO TEKS NASKAH DRAMA

JUDUL “NGARONDA”

Pemeran:
Bondan salaku ketua RT
Sandi salaku wargi
Herman salaku wargi
Yanto salaku wargi
Heru salaku wargi

Setting drama aya di pos kamling waktos maranehna berlima keur giliran
Ronda.

Bondan: wah masih keneh aya nu absen nyak peuting ieu


Sandi: ngeus biasa pak... jarang sakali tim ronda jeung formasi jangkeup.
Yanto: padahal leumbur sabelah ngeus 4 (opat ) dinten berturut – turut aya nu
kamalingan
Heru: loh, nu leres yeuh kang Yanto. Mak nyak nepikeun opat dinteun berturut -
turut?

Yanto: semuhun leres....baturan abdi sekantor nyak aya nu mondok dileumbur


sabelah

Sandi: sanes leumbur sabelah boga 4 (opat) hansip nu digilir beurang nepikeun ka
peuting?

Bondan: wah, naon we alasanana urang teu bisa ukur ngagawekeun kerja hansip
wae yeuh

Sandi:lain eukeur ngabela diri, tapi hansip pan jeulma oge. kadang aya balagahna
oge. janteun musti kudu didampingi jeng wargi kecuai jika dalam satu shift jaga
terdiri dari minimal 2 orang hansip
Bondan: urang pribados kirang setuju jeung kabijakan ngegantiken acis kuwargi
nu teu ronda yeuh, kesanna siga ngaremehkeun kaamanan leumbur penting pisan.

Heru: sumuhun leres pak RT. Nu beughar jeung loba acis janten
menggampangkeun tugasna kanggo ngiluan ronda

Herman: janten era urang. soalna saberaha kali urang memilih mayar
dendakatimbang ngiluan ronda

Bondan: nyak ngeuslah Kang Yanto, teu nanaon. Nu ngeus nyak ngeus we. Nu
penting sa ngeus ieu urang kudu sareng- sareng berpartisipasi dalam
njagakeamanan leumbur

Anda mungkin juga menyukai