Anda di halaman 1dari 3

LAPORAN HASIL WAWANCARA BAHASA SUNDA

ANGGOTA

IHZA ARSYAPUTRA (08)

NANDA JUANDA (19)

RIKEU WIDYAWATI (24)

SALSHABILLA ZHAFIRAH N. (26)

SITI KIREINA (30)


HASIL WAWANCARA

TOPIK: KARAKTER MURID SMA N 2 TASIKMALAYA

Karakter anu dimaksud didieu nyaeta berkaitan jeung tingkah laku murid-murid SMA N 2
boh nu ayena atawa anu kapungkur. Contona wae kana taatna peraturan di sakola,atawa sopan
santun(tatakrama) boh ka sapantareun atawa saluhureun. Sopan Santun nyaeta pangetahuan anu
berkaitan jeung penghormatan tina sikap,perbuatan,atau tingkah laku,budi pekerti anu alus,sesuai
jeung tatakrama,peradaban,kasusilaan.

Hasil wawancara

Waktos wawancara: Senin, 14 Januari 2019

Tempat: SMA Negeri 2 Tasikmalaya

Narasumber: Pak Nia Kurniawan

Umur: 28 taun

Alamat: Jalan Sukaratu

Pekerjaan: Guru Sejarah

Proses tanya jawab

”Assalamualaikum wr.wb”

“Waalaikumsalam wr.wb”

“Punten pak,abdi sareng rerencangan bade ngawawancara bapak,tiasa pak?”

“Muhun mangga,ari kitu bade ngawawancara naon?”

“Topiknamah Tentang karakter murid ayena sareng kapungkur”

“Muhun mangga”

“Sateu acan na bade tumaros,ari bapak atos sabaraha taun janten guru di SMA N 2 teh?”

“Nembe sakedap,nembe 2 taun”

“Oh muhun pak,Karakter murid SMA N 2 katingalina pasti beda beda,pendapat ti bapak murid ayena
jeung kapungkur sopan santun na sae anu mana nya pak?”

“Kieunya ari saur bapak mah,saeaan anu kapungkur,pangna kunaon ari murid kapungkurna tiasa
pisan ngabenteunkeun tatakrama kanu sapantareun atawa anu saluhureun,salain eta oge murid
kapungkur mah tiasa pisan taat kana peraturan teh,benteun sareng murid anu ayena mah”

“oh muhun pak,ari pendapat bapak kana karakter murid anu ayena kumaha?”
“Ari kana sopan santun mah te aya benteuna sami sami sae,tapi seuseurna murid ayena kirang taat
kana peraturan teh,contona wae murid ayena mah seueur anu kasiangan,ngangge atribut anu teu
beraturan jeung sajabina”

“Oh muhun pak,ari kahoyong bapak kapayunna SMA 2 sareng murid hoyong kumaha?”

“Anu pastinamah hoyong sakolana tetep jaya,maju,berprestasi,pami muridna mah hoyong saterasna
lewih sae deui daripada anu ayena contona teras ningkatkeun kana sopan santunna,taat kana
peraturan,ngan sakitu we nu dipikahoyong ku bapak mah”

“Oh muhun pak,hatur nuhun nya pak,punten kawagel waktosna”

“Oh muhun mangga,teu sawios”

“Assalamualaikum wr.wb”

“Waalaikumsalam wr.wb”

Anda mungkin juga menyukai